BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG HASIL ANALISIS...
Click here to load reader
-
Upload
truonglien -
Category
Documents
-
view
283 -
download
0
Transcript of BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG HASIL ANALISIS...
Reni Nurhayati, 2012
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
BAB IV
DÉSKRIPSI JEUNG HASIL ANALISIS PANALUNGTIKAN
Dina ieu panalungtikan, éséy rubrik Balé Bandung dianalisis tina aspék
eusi nu ngawengku topik, judul, jeung mekarkeun eusi; aspék kabasaan nu
ngawengku éjahan jeung diksi; aspék téhnik panulisan nu ngawengku nulis
paragraf jeung struktur panulisan; sarta analisis rubrik Balé Bandung pikeun
bahan pangajaran nulis éséy di paguron luhur.
4.1 Analisis Eusi
4.1.1 Topik
Éséy dina rubrik Balé Bandung nu medal taun 2011 ngawengku kana 10
topik: 8 topik mandiri jeung 2 topik ngahiji. Di handap dipidangkeun rincianana.
Tabel 4.1 Topik-Topik Rubrik Balé Bandung nu Medal dina Taun 2011
No. Topik Kode Éséy Jml. Perséntase (1) (2) (3) (4) (5)
1 Sosial É1, É5, É9, É31, É35,É41, É43, É44, É45.
9 18,7%
2 Politik
É2, É3, É4, É6, É7, É8, É10, É15, É18, É20, É21, É22, É23, É25, É28, É29, É32, É33, É34, É37, É38, É39, É40, É46, É47.
25 52,2%
3 Kabudayaan É14, É17, É19, É24, É48. 5 10,2% 4 Basa É26, É36. 2 4,2% 5 Lingkungan É13. 1 2,1% 6 Kasenian É11, É16. 2 4,2% 7 Atikan É42. 1 2,1% 8 Sajarah É12. 1 2,1%
9 Kasenian jeung Lingkungan
É27. 1 2,1%
10 Kabudayaan jeung Politik
É30. 1 2,1%
Jml. 48 100%
73
4.1.2 Judul
Rubrik Balé Bandung dina majalah Manglé nu medal taun 2011 aya 48.
Tabel 4.2 Judul Rubrik Balé Bandung nu Medal dina Taun 2011
No. Kode Éséy
Judul Utama Subjudul
(1) (2) (3) (4)
1 É1 Lembaga mah Geus Aya Koordinasi Pamarentah
2 É2 Karek Sataun Amien Rais kumaha? 3 É3 Komunikasi Pamarentah jeung Masarakat Menkoinfo 4 É4 Ulah Nepi ka Telatna Moal Cukup Sakali 5 É5 Dana jeung SDM Teu cukup atikan formal wungkul
6 É6 Ngabahas Restorasi Meiji Kapamingpinan Sabada sawala
7 É7 Mesir jeung Urang 2014 Memang rea katugenahna
8 É8 Sabada Mubarak Turun Demokrasi kumaha? 9 É9 Catetan-Catetan Pakean 10 É10 Karep Rahayat? Tunduk kana karep massa
11 É11 Media Strategi Apresiasi Mere conto Hajat nagara
12 É12 Sajarah Kota Kapamingpinan 13 É13 Paris Sembiring Di widang séjén
14 É14 Dada Rosada jeung Kabudayaan Taya nu mirosea Leungiteun Gairah
15 É15 Harengheng Timur Tengah jeung Pemilu 2014 Etika pulitik Ari urang kumaha?
16 É16 Pameran, Pasar Malem, Pesta Seni, Gelar Elmu Pasar Malem Pesta Seni jeung Gelar Elmu
17 É17 Kamampuh Mekarkeun jeung Ngamangpaatkeunana
Museum Lain Pakakas Pisik Wungkul
18 É18 Dua Hal Penting Dipecat ku Rahayat Pancasila jeung Nagara Islam
19 É19 Sawala UPI Posisi Babandingan Ngagerung lajuning lakuna
20 É20 Pancasila Kompromi Stabilitas
21 É21 Pajabat Ti mana datangna pajabat? Talingakeun Kumaha atuh?
22 É22 Meureupan ti Kajauhan Ayeuna kumaha Geus waktuna
23 É23 Tagiheun Balaréa Nu Pangsalahna Pada nalek ku sarerea
24 É24 Anugerah Pakuan Naon Udagan Propinsi Jawa Barat?
Kumaha Jujutanana? Brukbrak
25 É25 Partey Pulitik Can Bisa Diandelkeuna Lelengkah halu deui Imbangan
74
26 É26 Kunaon Teu Kadenge Aweuhanana? Meakkeun anggaran
27 É27 Ti nu Babari Heula Kumaha ari di Masarakat? Jabar Go Green School
28 É28 Kang Tjetje 76 Taun Rea Kapanasaran
29 É29 Instruksi Kapamingpinan Di Daerah Kumaha?
30 É30 Révolusi Budaya Kapamingpinan hengker
31 É31 Kaderisasi Keurseus PR Regenerasi
32 É32 Oportunis Ngadéwakeun Duit Sistem Demokrasi Cangkang
33 É33 Pada Neunggeul ti Ditu ti Dieu Teu bisa diantep Untung Nazarudin katangkep
34 É34 6 Taun Budaya Mundur Taya robahan substansial
35 É35 Mudik Cukup ku surat, sms atawa telepon Bisa dina waktu Lebaran Iedul Adha
36 É36 Geus Leuwih ti Sawindu Hade ku Omong Goreng ku Omong LBSS Laporan mayeng ka masarakat
37 É37 Dalah Dikumaha Salah pilih Tetep kudu aya upaya
38 É38 Mundur salengkah - dua lengkah Pilkada langsung Parpul bereskeun
39 É39 Kiruh ti Sungapanana Ti mana Ngomeanana? Hulu wotanna.
40 É40 Muguhkeun Garapan Atikan pulitik
41 É41 Nulis Biograpi Diajar tina kasalahan Ngalengkepan sajarah
42 É42 Studi Kawasan Sunda Keurseus Kader kasundaan
43 É43 Lauk Kasaatan Nu bisa dilakukeun
44 É44 Silaturahmi Paradaban Ngetrokan panto Program aksi
45 É45 Mimiti Tatahar Usikna paradaban Program aksi
46 É46 Jadi Bangsa Indonesia Merlukeun waktu
47 É47 Kapamingpinan Program utama Meruhkeun tangtangan Kumaha Ngahudangna?
48 É48 Ti KIBS I ka KIBS II Kumaha hasil KIBS nu kahiji? Aya onjoyna Lajuning laku
Tina 48 judul éséy, kabéhanana (100%) ngagunakeun subjudul 1—3 siki.
Dina rubrik Balé Bandung judul nu digunakeun ku Karno Kartadibrata sacara
umum nohonan kana pasaratan judul nu alus, di antarana singget, padet, jelas,
75
proaktif, narik ati, sarta rélevan jeung eusi éséy. Sok sanajan sababaraha hiji judul
utama, nya éta “Karep Rahayat?” (É10), “Anugerah Pakuan Naon Udagan
Propinsi Jawa Barat?” (É24), “Kunaon Teu Kadenge Aweuhanana?” (É26), jeung
subjudul “Amien Rais kumaha?” (É2), “Demokrasi kumaha?” (É8), “Ari urang
kumaha?” (É15), “Ti mana Datangna Pajabat?” (É21), “Kumaha jujutanana?”
(É24), “Kumaha ari di masarakat?” (É27), “Di Daerah Kumaha?” (É29), “Ti mana
ngomeanana?” (É39), jeung “Kumaha hasil KIBS nu kahiji?” (É48) ngagunakeun
tanda tanya (?), sarta “Hulu wotanna.” (É39) nu ngagunakeun tanda titik (.) nu
saalusna mah dina padika nulis judul teu ngagunakeun tanda baca di ahir
tulisanana. Kitu deui éséy “6 Taun” (É34), judulna nu teu nohonan padika nulis
angka. Lian ti kitu, dina subjudul “Pakean” (É9), “Museum” (É17), “Pancasila
jeung Nagara Islam” (É18), “Cukup ku surat, sms atawa telepon” (É35), jeung
“Bisa dina Waktu Lebaran Iedul Adha” (É35) judul teu dicitak kandel.
Judul nu digunakeun dina rubrik Balé Bandung aya kalana dicokot tina
konklusi nu mangrupa kasimpulan tina eusi éséy, saperti dina “Ulah Nepi ka
Telatna” (É4), “Meureupan ti Kajauhan” (É22), “Ti nu Babari Heula” (É27),
jeung “Mundur salengkah - dua lengkah” (É38).
Judul dina rubrik Balé Bandung kabagi jadi tilu wanda, nya éta mangrupa
kecap, frasa, jeung kalimah. Di handap dipedar rincianana.
Tabél 4.3 Papasingan Wanda Judul Rubrik Balé Bandung nu Medal dina Taun 2011
No. Wanda Judul Utama Subjudul Jml. Per-sén- tase
(1) (2) (3) (5) (6) 1 Kecap Catetan-Catetan (É9)
Paris Sembiring (É13) Museum (É17)
Koordinasi (É1) Pamarentah (É1) Menkoinfo (É3)
31 23%
76
Pancasila (É20) Pajabat (É21) Instruksi (É29) Kaderisasi (É31) Mudik (É35) Kapamingpinan (É47)
Kapamingpinan (É6) 2014 (É7) Pakean (É9) Kapamingpinan (É12) Posisi (É19) Babandingan (É19) Kompromi (É20) Stabilitas (É20) Talingakeun (É21) Brukbrak (É24) Imbangan (É25) Kapamingpinan (É29) Keurseus (É31) PR (É31) Regenerasi (É31) Sistem (É32) LBSS (É36) Hulu wotanna. (É39) Keurseus (É42)
2 Frasa Karek Sataun (É2) Komunikasi Pamarentah jeung Masarakat (É3) Ulah Nepi ka Telatna (É4) Dana jeung SDM (É5) Mesir jeung Urang (É7) Sabada Mubarak Turun (É8) Karep Rahayat? (É10) Media Strategi Apresiasi (É11) Sajarah Kota (É12) Dada Rosada jeung Kabudayaan (É14) Harengheng Timur Tengah jeung Pemilu 2014 (É15) Pameran, Pasar Malem, Pesta Seni, Gelar Elmu (É16) Kamampuh Mekarkeun jeung Ngamangpaatkeunana (É17) Dua Hal Penting (É18) Sawala UPI (É19) Tagiheun Balaréa (É23) Ti nu Babari Heula (É27) Kang Tjetje 76 Taun (É28) Révolusi Budaya (É30) 6 Taun (É34) Geus Leuwih ti Sawindu (É36) Dalah Dikumaha (É37) Mundur salengkah - dua lengkah (É38) Kiruh ti Sungapanana (É39) Muguhkeun Garapan (É40) Nulis Biograpi (É41) Studi Kawasan Sunda (É42) Lauk Kasaatan (É43) Silaturahmi Paradaban (É44) Mimiti Tatahar (É45)
Moal Cukup Sakali (É4) Teu cukup atikan formal wungkul (É5) Sabada sawala (É6) Mere conto (É11) Hajat nagara (É11) Di widang séjén (É13) Taya nu mirosea (É14) Leungiteun Gairah (É14) Etika pulitik (É15) Pasar Malem (É16) Pesta Seni jeung Gelar Elmu (É16) Lain Pakakas Pisik Wungkul (É17) Pancasila jeung Nagara Islam (É18) Ngagerung lajuning lakuna (É19) Geus waktuna (É22) Nu pangsalahna (É23) Lelengkah halu deui (É25) Meakkeun anggaran (É26) Rea Kapanasaran (É28) Demokrasi Cangkang (É32) Teu bisa diantep (É33) Budaya mundur (É34) Taya robahan substansial (É34) Cukup ku surat, sms atawa telepon (É35) Bisa dina waktu Lebaran Iedul Adha (É35) Salah pilih (É37) Pilkada langsung (É38) Atikan pulitik (É40) Ngalengkepan sajarah (É41) Kader kasundaan (É42) Nu bisa dilakukeun (É43) Ngetrokan panto (É44) Program aksi (É44)
72 53,3%
77
Jadi Bangsa Indonesia (É46) Ti KIBS I ka KIBS II (É48)
Usikna paradaban (É45) Program aksi (É45) Merlukeun waktu (É46) Program utama (É47) Meruhkeun tangtangan (É47) Aya onjoyna (É48) Lajuning laku (É48)
3 Kalimah Lembaga mah Geus Aya (É1) Ngabahas Restorasi Meiji (É6) Meureupan ti Kajauhan (É22) Anugerah Pakuan Naon Udagan Propinsi Jawa Barat? (É24) Partey Pulitik Can Bisa Diandelkeuna (É25) Kunaon Teu Kadenge Aweuhanana? (É26) Oportunis Ngadéwakeun Duit (É32) Pada Neunggeul ti Ditu ti Dieu (É33)
Amien Rais kumaha? (É2) Memang rea katugenahna (É7) Demokrasi kumaha? (É8) Tunduk kana karep massa (É10) Ari urang kumaha? (É15) Dipecat ku Rahayat (É18) Ti mana datangna Pajabat? (É21) Kumaha atuh? (É21) Ayeuna kumaha (É22) Pada nalek ku sarerea (É23) Kumaha jujutanana? (É24) Kumaha ari di masarakat? (É27) Jabar Go Green School (É27) Di Daerah Kumaha? (É29) Kapamingpinan hengker (É30) Untung Nazarudin katangkep (É33) Hade ku Omong Goreng ku Omong (É36) Laporan Mayeng ka Masarakat (É36) Tetep kudu aya upaya (É37) Parpul bereskeun (É38) Ti mana ngomeanana? (É39) Diajar tina kasalahan (É41) Kumaha Ngahudangna? (É47) Kumaha hasil KIBS nu kahiji? (É48)
32 23,7%
Jml. 135 100%
Nalika judul nu digunakeun mangrupa kalimah, éta judul téh karéréaanana
mangrupa kalimah anu teu lengkep, nya éta kalimah nu diwangun ku jejer,
caritaan, objek, jeung katerangan sacara teu gembleng.
4.1.3 Mekarkeun Eusi
Pasualan-pasualan nu dipedar dina rubrik Balé Bandung mangrupa hal nu
patali jeung kahirupan masarakat ayeuna, boh masarakat Sunda boh masarakat
Indonesia. Sarta, lain waé ulukutek dina hal kasundaan wungkul nu nyababkeun
78
pamacana ngotok ngowo tur kurung batokeun patali jeung hal-hal kadaérahan di
Jawa Barat, tapi ogé pasualan nu kacida jembar, boh skala nasional boh
internasional. Ambahanana ogé lega, lain ngan saukur perkara basa, budaya, jeung
seni Sunda, tapi ogé pasualan-pasualan politik, sosial, lingkungan, atikan, sarta
sajarah. Ngaliwatan éséy-éséyna, Karno Kartadibrata ngémbarkeun sajumlahing
informasi sarta kajadian-kajadian faktual, up to date nu lumangsung di lemah cai,
kumaha pamadeganana kana hal nu dimaksud, tur méré solusi salaku jawaban
naon nu sakuduna dilakukeun pikeun ngaréngsékeun sajumlahing pasualan éta.
Dina hal ieu, Karno Kartadibrata lain waé midangkeun pasualan jeung
panggitikna kana naon-naon nu ditulis, tapi ogé mampuh méré solusina.
Kakritisan Karno Kartadibrata lain pikeun dirina pribadi wungkul, tapi ngaliwatan
ieu rubrik Balé Bandung pamaca diajak milu kritis jeung ngimeutan pasualan nu
ditulis sarta babarengan pokal pikeun ngungkulanana. Nilik tina eusina, nu jadi
sasaran rubrik Balé Bandung lain waé pamaca nu geus legok tapak genténg kadék,
tapi ogé para nonoman.
Eusi rubrik Balé Bandung ogé teu ngan nojo kana saurang pribadi
wungkul. Dina hal ieu, utamana para pangagung jeung jalma-jalma nu ngabogaan
kalungguhan penting, tapi ogé hayang ngaoptimalkeun peran jeung kalungguhan
rupaning lembaga katut instansi publik di Jawa Barat jeung di Indonesia dina
ngalaksanakeun pancénna séwang-séwangan.
Eusi rubrik Balé Bandung mangrupa hal anu up to date (kabiharian).
Pamaca disuguhan pasualan nu lumangsung dina sabudeureunana dina dangka
waktu teu pati lila tina kajadianana. Iwal ti dina éséy “6 Taun” dipedalkeun
79
sabada kajadianana lumangsung, jadi teu up to date sabab eusina ngeunaan
kamungkinan eusi pidato 17 Agustus présidén. Sakumaha catetan dina ahir
éséyna, “Ditulis piisukaneun 17 Agustus 2011, samemeh ngadangukeun pidato
kanagaraan presiden nu ditayangkeun dina tv.” Hal ieu ngajadikeun ieu éséy
dipedalkeun dina édisi 8—14 Séptémber 2011.
Sakumaha umumna sipat éséy anu unsur subjéktifitasna katingali, tapi
tetep dibarung ku fakta-fakta, nya kitu deui rubrik Balé Bandung. Karno
Kartadibrata midangkeun sajumlahing pasualan nurutkeun sawangan-sawangan
logis anjeunna tur direumbeuy ku fakta-fakta nu valid jeung faktual.
Sok sanajan unsur subjéktifitasna kacida nonjol, rubrik Balé Bandung teu
kaleungitan wanda analisis nu gemet sarta ayana interprétasi jeung réfléksi.
Rubrik Balé Bandung geus nohonan ciri éséy, di antarana, ngabéjérbéaskeun
sajumlahing pasualan sarta mangaruhan pamacana. Rubrik Balé Bandung kaasup
kana éséy préskriptif (arguméntatif-pérsuasif) nu tujuanana midangkeun hiji
pasualan ku ngayakinkeun ngaliwatan pamadegan nu ngabogaan alesan nu kuat
(arguméntasi) jeung ngajak sarta mangaruhan sangkan pamaca ngabogaan cara
pandang jeung kayakinan nu sarua jeung panulis (pérsuasif).
Rubrik Balé Bandung remen méré panggitik ka tokoh nasional, kayaning
Syafii Maarif, Amien Rais, présidén, jsb., misalna kaunggel dina:
1) “Rada kurang satuju kana sikep Syafii kitu teh,” (É2);
2) “Rada aneh, nu biasana pohara kerasna nyempad pamarentah, ayeuna
Amien Rais teu pati nyoara,” (É2);
3) Kunaon presiden SBY ngantep kasus Gayus diuruskeun ku kapulisian nu geus puguh kabaud kana kasus bieu, kunaon henteu ngadorong KPK supaya
80
tandang? Kunaon presiden henteu manggil Kapolri, Kejagung tuluy marentahkeun supaya kasus Gayus gancang dibereskeun? Atuh mun teu sanggup, kunaon Kapolri jeung Kejagung henteu dipecat wae? (É3);
4) “Ana kitu, jelas Presiden SBY kudu geuwat usik, gede bahlana mun nepi ka
telatna!” (É4);
5) “Matak rawing ceuli, ngadengekeun rahayat nu ngomongkeun talajak Tutut,
Tomi, Bambang jeung nu sejenna,” (É10);
6) “Saha mangkeluk Bupati Garut nu ngabukbak tangkal mahoni bari jeung
henteu diganti deui ku tangkal sejenna?” (É12);
7) “… tapi perlu kanyahoan oge saha mangkeluk walikota nu geus
ngalantarankeun kota Bandung ruksak saperti ayeuna?” (É12);
8) “… Dada Rosada kawas nu leungiteun gairah,” (É14);
9) “Pramono Anung, gegedug PDIP, cenah ayeuna keur studi S3 di Fikom
Unpad … cing urang hayang nyaho engke kumaha hasil ulikanana,” (É21);
10) “Pangpangna Anas Urbaningrum, minangka Ketum Umum PD, kudu
puguh tanggung jawabna,” (É33).
Dina eusi éséy réa pihak nu dijadikeun sasaran panggitik, utamana
pamaréntah, boh pamaréntah daérah boh pamaréntah puseur, lembaga-lembaga nu
aya di tatar Sunda kayaning Paguyuban Pasundan, LBSS, PPSS, paguron luhur
(utamana nu aya di Jawa Barat kayaning UPI, UI, ITB, Unpad, STPDN, STSI),
partéy pulitik, jsb., misalna kaunggel dina:
1) “Hanjakal Propinsi Jawa Barat teu ngabogaan program nu jelas enggoning
ngamajukeun panerbitan buku jeung ngawangun pabukon ….” (É5);
81
2) “Kantor Dinas Kebudayaan jeung Pariwisata teu jelas kumaha programna
enggoning ngamajukeun kasenian,” (É5);
3) “Tetela organisasi kasundaan nu aya ayeuna can mampuh ngahasilkeun
kader kasundaan nu masagi,” (É5);
4) “Kapamingpinan di urang ti mimiti tingkat nasional nepi ka lokal apan
sakitu hengkerna.Katambah deuih ku sistem pamarentahan urang ayeuna nu
ti saprak reformasi apan pohara teu eucreugna,” (É6);
5) Buktina, sanajan urang boga nagara jeung kalengkepanana( kabinet, DPR, pangadilan, jeung sajabana) tapi angger wae geuning kurang bisa kapetik hasilna ku balarea ari teu mampuh mekarkeun jeung ngamangpaatkeunana mah, (É17).
Karno Kartadibrata ogé remen nyempad polah anggota DPRD atawa DPR,
saperti kaunggel dina:
1) “DPRD aneh make ngagubragkeun walikota sagala,” (É7);
2) “… ulah ngaco kawas ayeuna, nepi ka presiden disandera ku DPR,” (É8);
3) “… kulantaran bakal diganggu ku jagoan-jagoan di Senayan!” (É8);
4) “Nu matak heran, kumaha ketak wakil rahayat? Wakil rahayat di DPR oge
geuning jempe wae ….” (É13);
5) “… polah anggota legislatip diantep sakarep-karep,” (É18);
6) “Polah anggota legislatip nu teu eucreug hese dirobahna ari ngandelkeun
Badan Kahormatan mah ….” (É18);
7) “Iraha aya anggota DPR nu mundur? Padahal rea UU nu dihasilkeunana
kudu diuji deui di mahkamah Konstitusi. Cirining gawe DPR teu matak
nyugemakeun. Sanajan kitu, ih polahna teh asa pangakangna wae,” (É34);
82
8) “Ceuceub soteh kana polah wakil rahayat nu teu eucreug!” (É23);
9) “Teu eucreugna gawe DPR lain wae dina fungsi legislasi, tapi kaasup oge
dina fungsi anggaran jeung pengawasan,” (É39);
10) “Polah para politisi nu matak ngerakeun saperti tembong dina ketak
sawatara anggota DPR apan pohara matak ngenesna,” (É41).
Teu kaci ku nyebutkeun lembagana wungkul, Karno Kartadibrata ogé
teuneung nyebut ngaran-ngaranna langsung, misalna dina:
1) … nu tembong legislatip pohara kumawasana. Ngajago asa aing pangakangna. Anggota DPR saperti Fahry Hamzah, Bambang Susatio, Maruarar Sirait, Akbar Faisal jeung nu sejenna sakitu pepedengkrengna! Pansus Bank Century apan sakitu ngajagona, nulak cangkeng …. (É8);
2) “… dicarekan, dijejeleh ku anggota DPR nu pepedengkreng, arogan,
peupeuleukeuk, saperti Fachry Hamzah sabalad-balad?” (É38).
Paguron-paguron luhur di Jawa Barat atawa di Indonesia ogé remen
dijadikeun sasaran saran jeung kritik, misalna dina:
1) “… pentingna apresiasi kasenian di gederkeun di kampus UPI,” (É11);
2) “… pohara alusna mun kagiatan kasenian digederkeun di STPDN,” (É11);
3) “Ari nu sakuduna getol mah nya tangtuna ogé STSI,” (É16);
4) “Hal kitu geus dibaladah ku UI,iraha nyusul paguron luhur sejenna?” (É16);
5) “Coba gera awaskeun lembaga atikan pamarentahan saperti STPDN. Nu
tembong apan mahasiswa-mahasiswana teh kawas calon birokrat nu kurang
ngahiji jeung masarakat,” (É21).
83
Partéy pulitik ogé remen dibéré panggitik. Sacara gembleng panggitik
ditepikeun dina salasahiji éséy nya éta “Partéy Pulitik Can Bisa Diandelkeuna”
(É25). Lian ti kitu, disebutkeun ogé dina sawatara sempalan éséy, di antarana:
1) “Atuda partey pulitik nu nyalonkeunana oge apan sakitu kaayaanana. Teu
eucreug!” (É21);
2) “… partey pulitik di urang saukur ‘gerombolan wungkul’ ….” (É28);
3) “‘Cobi sebatkeun, partey pulitik mana nu eucreug?’” (É32).
Lembaga séjén nu dibéré kritik, di antarana kaunggel dina:
1) “Upamana wae LSM, pers jeung paguron luhur pohara ditunggu ketakna
enggoning ngahirupkeun Pancasila,” (É23);
2) “Ormas, LSM, paguron luhur bisa diusikkeun sina mampuh ngahasilkeun
para pamingpin nu epektip,” (É25);
3) “… upaya kitu, tangtu wae bisa dilakukeun ku lembaga sejen saperti Damas,
Paguyuban Pasundan, Pusat Studi Sunda jeung sajabana,” (É31);
4) “… LBSS bareng jeung pihak pamarentah perlu dokdak ngupayakeun
Panggeuing Cipayung bisa kalaksanakeun ….” (É36).
Lian ti nengetan kaayaan di tatar Sunda jeung Indonesia, Karno
Kartadibrata ogé ngimeutan kaayaan nu lumangsung di luar nagri. Sarta kumaha
babandingan atawa patalina kaayaan di luar nagri éta jeung kaayaan di Sunda
katut di Indonesia, saperti dina éséy “Ngabahas Restorasi Meiji” (É6), “Mesir
jeung Urang” (É7), “Sabada Mubarak Turun” (É8), “Harengheng Timur Tengah
jeung Pemilu 2014” (É15), sarta sempalan-sempalan dina éséy séjénna kayaning:
84
1) “Saperti di Malaysia, pamarentah dina acara kanagaraan mieling
kamerdekaan, lain saukur ngondang pajabat pamarentah, tapi ngondang oge
sastrawan jeung tokoh masarakat lianna,” (É11);
2) “Jelas, nagara urang lain nagara Islam saperti Arab Saudi, Iran, Lybia,
Bahrain, Kuwait jeung nu sejenna,” (É15);
3) “Di Amerika Serikat,paguron luhur pohara aktipna lain wae dina widang
paelmuan, tapi dina widang kasenian oge,” (É16);
4) “‘Urang Jepang oge, kitu deui Singapura, geuning ngahontal masarakat adil
mamur, sanajan maranehna henteu ngapimilik Pancasila’,” (É20);
5) “… nya nagara urang paburencay teu beda jeung Pakistan nu misahkeun
maneh ti India,” (É20).
Lian ti luar nagri, Karno Kartadibrata ogé remen ngabandingkeun jeung
kaayaan di daérah séjén di Indonesia, misalna dina “… urang perlu nyaho kumaha
ketak urang Minang ayeuna,” (É19).
Hal nu jadi cutatan penting tina eusi éséy dina rubrik Balé Bandung,
Karno Kartadibrata lain waé parigel dina ngritik batur, tapi ogé neueulkeun
pentingna kalungguhan urang (pamaca) dina ngalaksanakeun parobahan sosial,
misalna dina:
1) “Tukang beca saperti Paris Sembiring, geuning mampuh singkil ngomean
kaayaan, ari urang nu ngaku kaom terpelajar, atawa bisa jadi kaasup kaom
elite, kumaha?” (É13);
85
2) “Nu penting, lain tuluy patorong-torong embung ngaku urang keur
nandangan krisis, tapi kumaha muguhkeun jalan kaluarna?” (É19);
3) Kelompok nu mikacinta lingkungan saperti T. Bachtiar saparakanca apan teu anggeus semet nyempad pamarentah, tapi pohara ditungguna teu eureun ngajorag pamarentah supaya ngalarapkeun kabijakan lingkungan nu samistina, (É22);
4) “Kitu deui Arthur Nalan sabalad-balad bisa babarengan ngusikkeun
masarakat jeung pamarentah enggoning ngalarapkeun pangwangunan nu
ngabogaan dimensi kabudayaan,” (É22);
5) “Geus nepi kana waktuna, urang anjog kana sikep jeung polah gotong
royong, ngahanca garapan babarengan. Cindekna, dina sarwa hal, urang
milih brukbrak adu hareupan, lain saukur meureupan ti kajauhan,” (É22);
6) … naon mangpaatna keur rahayat hayoh wae urang ngadongdolek kahengkeran SBY-Boediono? Mending ti ayeuna keneh dokdak nataharkeun pamarentahan ka hareup (ti 2014 ka ditu). Ulah diantep nepi ka nyantekna. Cik atuh, ulah cileureun wae saperti nu enggeus-enggeus! (É37).
Dina mekarkeun eusi éséyna, aya kalana Karno Kartadibrata nyutat tina
sajumlah kalawarta, kayaning Lembaran Budaya Khazanah (É1), Kompas (É10,
É23, É30), jeung Tribun (É29).
Lian ti alus dina mekarkeun eusi, katara yén Karno Kartadibrata mampuh
ngawangun éséy nu ngabahas hiji topik anu gembleng, sok sanajan sakabéh éséy
ngagunakeun subjudul. Ayana subjudul éta teu ngajadikeun eusi éséy terkotak-
kotak atawa misah antara hiji subjudul jeung subjudul séjénna atawa jeung judul
utama. Tapi, tetep ngawangun hiji beungkeutan ide nu gembleng tur teu méngpar
tina topik nu dipilih.
86
Ayana eusi nu dimekarkeun ngaliwatan subjudul mungkin waé hal ieu
salaku salasahiji tarékah Karno Kartadibrata pikeun ngahasilkeun tulisan nu
leuwih museur sarta midangkeun pasualan ditilik tina jihad sababaraha
pamarekan. Hal ieu, misalna katitén dina éséy “Lembaga mah Geus Aya” (É1).
Karno Kartadibrata mimitina medar ngeunaan perpustakaan laju ngébréhkeun
ngeunaan perluna koordinasi antara lembaga nu pakait pikeun optimalisasi
perpustakaan dina subjudul “Koordinasi”. Sarta, perlu ayana peran jeung
kalungguhan pamaréntah dina nyalametkeun kabeungharan karya sastra dina
subjudul “Pamarentah”.
Sedeng dina éséy “Ngabahas Restorasi Meiji” (É6), medar ngeunaan
sawala réstorasi Meiji nu pernah lumangsung di Jepang. Dina ieu éséy awalna
dibahas naon nu dimaksud réstorasi Meiji téh, laju dipedar hasil tina réstorasi
Meiji nya éta kapamingpinan di Jepang dina subjudul “Kapamingpinan”.
Satuluyna pikeun ngajawab pertanyaan, naon hal nu dipiharep sarta kudu
dilaksanakeun salaku lajuning laku tina éta sawala, Karno Kartadibrata
ngébréhkeun pamadeganana dina pedaran saterusna kalawan subjudul “Sabada
sawala”.
Dina mekarkeun eusi nu séjénna bisa dititénan tina éséy “Pameran, Pasar
Malem, Pesta Seni, Gelar Elmu” (É16). Eusi nu dimekarkeun dina ieu éséy kacida
jembar. Teu ngan saukur hiji téma, tapi nepi ka opat téma, nu ditandaan ku ayana
eusi dina subjudul “Pasar Malem” sarta “Pesta Seni jeung Gelar Elmu”. Sok
sanajan ngagabungkeun hal nu béda dina ieu éséy, ku katapisan nulisna, Karno
Kartadibrata mampuh midangkeun hal nu béda éta jadi beungkeutan ide nu tetep
87
narik ati sarta tetep aya dina leunjeuran ide nu ngahiji. Pola ngamekarkeun eusi
saperti kieu, kapanggih dina sakabéh éséy nu dianalisis.
Dina mekarkeun eusi, eusi rubrik Balé Bandung dilakukeun sacara logis,
sistematis, jeung runtut. Ogé, remen ngagunakeun kalimah-kalimah pertanyaan
salaku tarékah ngayakinkeun diri kana hal-hal nu ditulis, misalna:
1) “Piraku urang ngadongsok pamarentah supaya ngadenge, ari urang sorangan
meungpeuk ceuli embung ngadenge?” (É2);
2) “Saha, lembaga naon nu kapapancenan ngayakeun komunikasi jeung
masarakat teh?” (É3);
3) “Duka ari pamarentah Propinsi Jawa Barat ayeuna geus ngayakeun kitu
pameran pangwangunan?” (É16);
4) “Kumaha hirup rahayat atuh ari dasar nagara saban waktu dirobah-robah
wae mah?” (É20);
5) “Bakal kumaha kamekaran pribadina, mun di sakurilingna, di sabudeureun
hirupna, sakitu meuweuhna polah teu uni?” (É41).
Pertanyaan-pertanyaan nu diajukeun aya kalana ngabéréndél nepi ka
sababaraha hiji disakaliguskeun, misalna:
1) Kumaha carana matalikeun restorasi Meiji jeung upaya ngamajukeun kasundaan?Naha spirit kamajuan nu mangrupa roh restorasi Meiji sanajan sakumaha leutikna oge, nyampak dina budaya Sunda? Kumaha carana ngahurungkeunana supaya bisa ngajurung kamajuan?Atuh nu pohara nangtukeunana, restorasi Meiji bisa ngamajukeun Jepang kulantaran miang tina etika Bushido nu sakitu kuatna. Malah bisa kasebut ekstrim oge saperti lebah ngalarapkeun ‘budaya malu’ apan maranehna mah luas nepi ka mateni diri (harakiri atawa sepuku). Ari etika Sunda kumaha? Naha ngabogaan tatapakan etika nu sakitu kuatna? Atawa urang mah jajauheun kana bisa kitu, apan katelahna oge ‘soft state’? (É6);
88
2) … naha teu ganjor teuing ngabandingkeun jeung kaayaan kabudayaan urang nu ajen manusana kieu geuning kanyataanana? Naha teu leuwih hade saheulaanan mah ngabanding-banding jeung nu rada satata wae upamana jeung Malaysia? (É6);
3) Naha sarua Mesir bakal ngarandapan euforia reformasi saperti nu geus karandapan ku urang ayeuna, atawa bakal mampuh meper kaayaan? Saperti Malaysia geuning nu nepi ka ayeuna tenang wae memeres kaayaan, henteu nurutan gedebag-gedebugna reformasi di urang? (É7);
4) … kumaha dodol susu di Pangalengan, dodol ganas di Subang? Wajit nu gede tur rubak dibungkus ku upih ti Bungbulang, sakitu has jeung unikna, kunaon henteu dipasarkeun di kota sejen? Matak hanjakal, jeruk Garut jeung kesemek geus musnah. Naha bisa diparelak deui kitu? (É9);
5) Tapi ayeuna mah eta teh saukur panineungan wungkul kulantaran PTG geus lila carem. Naon nu jadi marga lantaranana? Kumaha ketak bupati jeung DPRD kota Garut harita?Naha aya upaya ngahirupkeun deui PTG? Tapi ari produksi dodol Garut mah nepi ka ayeuna tuluy jaya.Pabrik dodol Garut Picnic,upamana apan ngalegaan usahana. Naon marga lantaranana? Kitu deui dina widang pariwisata, apan kota Garut pohara sohorna. Ratu Wilhelmina (atawa Ratu Juliana?) ti nagri Walanda cenah kungsi lalayaran di Situ Bagendit. Tapi, ayeuna apan eta situ téh remen saat, kumaha rek bisana lalayaran, (É12);
6) Kunaon atuh Kongres Basa Sunda 2011 ayeuna kurang aweuhanana? Kunaon beda pisan jeung Kongres Basa Sunda di Cipayung baheula nu sumangetna sakitu ngabela-belana? Jigana kulantaran Kongres Basa Sunda di Cipayung mah sasatna prakarsa masarakat lain proyek pamarentah, (É26);
7) Kunaon, upamana, nepi ka kiwari tacan aya gupernur, bupati, walikota, di tatar Sunda nu nyongcolang, beda jeung para kapala daerah ti propinsi sejen?Kunaon propinsi Jawa Barat henteu kungsi boga gupernur nu nyongcolang saperti gupernur DKI Jakarta, Ali Sadikin, upamana? Kitu deui taya walikota,bupati, nu pada muji di tingkat nasional? (É41);
8) “Kunaon maranehna hayang misahkeun maneh ti NKRI? Tapi kunaon
deuih, ari etnis Jawa, Sunda, Minang, Batak, Bugis jeung nu sejenna
geuning teu boga karep saperti kitu?” (É46);
9) “Nu matak hemeng, ari dana Otonomi husus keur Papua nu trilyunan ka
mana atuh ragragna? Kunaon masarakatna angger teu raharja?” (É46).
89
Dina sababaraha éséy pertanyaan-pertanyaan éta dijawab ku panulis,
dimana Karno Kartadibrata nepikeun pamadeganana, misalna:
1) “Kunaon bisa kitu? Jelas, pajabat urang Jawa ngabogaan apresiasi kana
kasenian,” (É11);
2) “Satuluyna, ti mana datangna para pajabat? Paling saeutik nu jaradi camat,
umumna lulusan STPDN ….” (É11);
3) “Dina kaayaan kumaha budaya Sunda kiwari? Jelas, dina kaayaan nu tacan
nyugemakeun,” (É19);
4) “Ti mana datangna pajabat? Nya, ti sababaraha sungapan,” (É21);
5) “Kumaha atuh? Komunikasi pulitik, diantarana pohara pentingna,” (É21);
6) “Lamun aya hahalang sajeroning ngajalankeun roda pamarentahan, cing
kumaha ngadobrakna? Hal kitu apan perlu dibarempugkeun babarengan,”
(É21);
7) “Kumaha ari Maluku? Kuring can apal kasang tukangna,” (É46);
8) “Naha Aceh bakal mulus ngagabung gembleng ka NKRI moal ngadat deui
saperti nu enggeus-enggeus? Jigana urang dagoan sabada Aceh
ngalarapkeun sababaraha kali Pilkada,” (É46).
Dina nepikeun pamadeganana, ngaliwatan pertanyaan-pertanyaan éta
Karno Kartadibrata ngébréhkeun panggitik kana kaayaan naon-naon nu jadi
pasualan nu aya dina éséy. Lian ti ngagunakeun kalimah pertanyaan, dina
ngamekarkeun eusi salaku tarékah pikeun nandeskeun pamadeganana tur leuwih
harus panggitikna, Karno Kartadibrata remen ngagunakeun kalimah-kalimah nu
ngagunakeun tanda seru (!), misalna:
90
1) “Pan cara kitu leuwih episien, moal ngahahambur dana!” (É2);
2) “Piraku ari dikukuprak ti luar jeung ti jero mah pamarentahan nepi ka taun
2014 taya kamarasanana atuh!” (É2);
3) “Matak naon ari kitu mah para tokoh agama bareng jeung rahayat tuluy
ngepung istana oge!” (É4);
4) “Jadi mending tepung lawung sababaraha kali jeung presiden tibatan saukur
meureupan ti kajauhan!” (É4);
5) “Piraku hiji mangsa teu nepi ka jadina, ngarandakah leubeut buahna, pada
metik ku nu butuh enggoning ngalap kamajuan jeung karaharjaan!” (É6);
6) “Ulah kajadian deui kawas SBY ngajak para menterina lalajo siaran maen
bal dina tv nepi ka peuting pisan, apan isukna dina sidang kabinet para
menteri nundutan!” (É11);
7) “Teu eucreug!” (É21);
8) “Cindekna, dina sarwa hal, urang milih brukbrak adu hareupan, lain saukur
meureupan ti kajauhan!” (É22);
9) “Mun dijumlahkeun pangaluaran teu uni kitu, apan leuwih gede tibatan dana
talangan bank Century!” (É23);
10) “Eta wae hiji Pamingpin Redaksi koran nu medal di Bandung, nepi ka
waleh, teu apal cenah taun ayeuna bakal diayakeun Kongres Basa Sunda.
Beu!” (É26);
11) “… para pulitisi oge bakal paheula-heula ngangkat isu basa Sunda basa
panganteur di sakola-sakola jadi bahan kampanye Pilgub, Pilkot jeung
Pilbup!” (É36).
91
Kalimah-kalimah éta nuduhkeun harusna eusi jeung panggitik nu
ditepikeun sarta teuneung ludeungna Karno Kartadibrata dina nepikeun
pamadeganana sok sanajan nodél sawatara pihak nu dijadikeun sasaran panulisan.
Béda jeung éséy-éséy séjénna dimana Karno Kartadibrata nembrakkeun
pamadeganana ngaliwatan ungkara-ungkara sacara langsung, dina éséy “Lauk
Kasaatan” (É43), “Silaturahmi Paradaban” (É44), jeung “Mimiti Tatahar” (É45)
Karno Kartadibrata nulis éséy sacara leuwih nyantéy ku jalan ngasupkeun saurang
tokoh salaku panyatur, nya éta Sudjana. Sok sanajan Karno Kartadibrata
ngagunakeun ngaran Sudjana, tapi tina eusi éséy katitén Sudjana mangrupa
répréséntasi dirina pribadi. Dina éséy “Lauk Kasaatan” (É43) jeung “Silaturahmi
Paradaban”, (É44) Karno Kartadibrata ngagunakeun paguneman, boh nu
dilakukeun sorangan antara diri pribadina atawa jeung batur, kayaning:
1) ‘Umur kuring beuki ngorotan bari teu boga banda nanaon’, kitu gerentes hatena. Atuh hatena tambah seber. ‘ Naon nu geus dilakukeun ku kuring? Naon wae nu geus kapimilik ku kuring?Naha hirup kuring di tengah jalan bakal bobor karahayuan?’ (É43);
2) ‘Naha urang nepangan pihak sejen teh semet ngobrol pakumaha wungkul, Kang?’ ceuk Maman nu sapopoena jadi wartawan hiji majalah. ‘Ari kitu mah atuh moal aya dampak nanaon,’ ceuk Ahmad nu masih kuliah keneh di UIN. ‘Tangtu henteu samet kitu,’ Walon Sudjana, (É44).
Rubrik Balé Bandung ngandung ajén-inajén kahirupan nu kacida jembar.
Lian ti bisa nambahan élmu pangaweruh jeung ngalegaan wawasan, rubrik Balé
Bandung tina eusina ogé katitén bisa ngajadikeun wahana mikir pamaca sangkan
kritis, paduli, geten titén kana kaayaan di sabudeureunana, milu aub kana sakur
upaya ngaronjatkeun ajén masarakat dina rupaning aspék kahirupan. Sarta, bisa
tandang makalangan pikeun ngalaksanakeun parobahan-parobahan sosial geusan
92
ngahontal masarakat Sunda jeung Indonesia anu maju, raharja, jeung trengtrem
saupama dilarapkeun ku pamaca.
Nilik tina eusi, nya éta topik, judul, jeung cara ngamekarkeunana rubrik
Balé Bandung pantes dibaca ku sing saha jalma nu hayang nambahan
pangaweruhna ngeunaan hal-hal nu dipedar. Lian ti kitu, eusi rubrik Balé
Bandung nu kawilang munel cocok dibaca ku masarakat nu mibanda tingkat umur
jeung atawa tingkat pendidikan anu nyukupan.
4.2 Analisis Kabasaan
4.2.1 Éjahan
Rubrik Balé Bandung nu medal salila taun 2011 geus ngagunakeun éjahan.
Sok sanajan, kapanggih sawatara kasalahan dina ngalarapkeun éjahan nu teu luyu
jeung palanggeran éjahan basa Sunda. Lian ti kitu, rubrik Balé Bandung teu
konsistén dina ngagunakeun é (é téléng) nalika nuliskeun kecap. Di handap
dipedar kasalahan éjahanana.
1). Kasalahan Nuliskeun Aksara
Tabel 4.4 Kasalahan Nuliskeun Aksara
No. Aksara Ditulisna Kuduna Jml. (1) (2) (3) (4) (5)
1 Aksara Gedé (Kapital)
Dina Judul: Amien Rais kumaha? (É2) Ulah Nepi ka Telatna (É4) Teu cukup atikan formal wungkul (É5) Sabada sawala (É6) Memang rea katugenahna (É7) Demokrasi kumaha (É8) Tunduk kana karep massa (É10) Mere conto (É11) Hajat nagara (É11) Anugerah Pakuan Naon udagan Propinsi Jawa Barat (É24)
Amien Rais Kumaha? Ulah nepi ka Telatna Teu Cukup Atikan Formal Wungkul Sabada Sawala Mémang Réa Katugenahna Démokrasi Kumaha Tunduk kana Karep Massa Méré Conto Hajat Nagara Anugerah Pakuan Naon Udagan Propinsi Jawa Barat
60
93
Di widang séjén (É13) Taya nu miroséa (É14) Etika pulitik (É15) Ari urang kumaha (É15) Ngagerung lajuning lakuna (É19) Ti mana datangna pajabat (É21) Ayeuna kumaha (É22) Geus waktuna (É22) Pada nalek ku sarerea (É23) Kumaha jujutanana (É24) Lelengkah halu deui (É25) Kunaon Teu Kadenge Aweuhanana? (É26) Meakkeun anggaran (É26) Kumaha ari di masarakat (É27) Kapamingpinan hengker (É30) Teu bisa diantep (É33) Untung Nazarudin katangkep (É33) Budaya mundur (É34) Taya robahan substansial (É34) Cukup ku surat, sms atawa telepon (É35) Laporan mayeng ka masarakat (É36) Salah pilih (É37) Tetep kudu aya upaya (É37) Mundur salengkah - dua lengkah (É38) Pilkada langsung (É38) Parpul bereskeun (É38) Ti mana ngomeanana (É39) Atikan pulitik (É40) Diajar tina kasalahan (É41) Ngalengkepan sajarah (É41) Kader kasundaan (É42) Nu bisa dilakukeun (É43) Ngetrokan panto (É44) Program aksi (É44), (É45) Usikna paradaban (É45) Merlukeun waktu (É46) Program utama (É47) Meruhkeun tangtangan (É47) Kumaha hasil KIBS nu kahiji (É48) Dina Eusi: dalem bintang (É1) Ana kitu, Pasar malem oge (É16) akademi militer (É21) Dialog antar Generasi, kontribusi kita untuk Indonesia (É28) ( Pekerjaan rumah) (É31) Reformasi (É32) mangsa jabatan Presiden (É32) Pilgub, Pilkot jeung Pilbup (É36) Kongres (É36) RMS(Republik Maluku Selatan) (É41) Otonomi (É46)
Di Widang Séjén Taya nu Miroséa Étika Pulitik Ari Urang Kumaha Ngagerung Lajuning Lakuna Ti Mana Datangna Pajabat Ayeuna Kumaha Geus Waktuna Pada Nalék ku Saréréa Kumaha Jujutanana Léléngkah Halu deui Ku Naon teu Kadéngé Aweuhanana? Méakkeun Anggaran Kumaha ari di Masarakat Kapamingpinan Héngkér Teu Bisa Diantep Untung Nazarudin Katangkep Budaya Mundur Taya Robahan Substansial Cukup ku Surat, SMS, atawa Telepon Laporan Mayeng ka Masarakat Salah Pilih Tetep Kudu Aya Upaya Mundur Saléngkah—dua Léngkah Pilkada Langsung Parpul Béréskeun Ti Mana Ngoméanana Atikan Pulitik Diajar tina Kasalahan Ngalengkepan Sajarah Kader Kasundaan Nu Bisa Dilakukeun Ngetrokan Panto Program Aksi Usikna Paradaban Merlukeun Waktu Program Utama Meruhkeun Tangtangan Kumaha Hasil KIBS nu Kahiji Dalem Bintang Ana kitu, pasar malem ogé Akademi Militer “Dialog antar Generasi, Kontribusi Kita untuk Indonesia” (Pekerjaan Rumah) réformasi mangsa jabatan présidén pilgub, pilkot, jeung pilbup kongrés RMS (Republik Maluku Selatan) otonomi
94
2 Aksara Condong
(Lembaran Budaya Khazanah ….) (É1) wawacan Purnama Alam (É1) Muslimin-muslimat (É1) “babak belur” (É2) “aliran dana” (É2) “budaya malu” (É6) “soft state”? (É6) “penipisan kewenangan présidén” (É8) Sanggeus Umur Tunggang Gunung (É9) ”bermasalah” (É10) Babad Alas Amer (É11) “penggerak kesenian” (É13) elite (É13) “remang-remang” (É15) Novel nu judulna Bukan Pasar Malam (É16) majalah Cupu Manik (É17) jurnal Sundalana (É17) Diimpeach (É18) “Mekanisme dapat dimulai dengan pengumpulan petisi sebanyak 5 persen dari suara rakyat …. ” (É18) Money pulitik (É21) “hijau dan sejuk” (É22) “suri teladan” (É23) “tonggak” (É24) budgeting (É25) impeachment (É25) “Edi membangun persemaian tanaman keras di sekolah ….” (É27) Go green school (É27) virtue (É28) “habis-habisan” (É28) “sepak terjang” (É28) reshuffle (É29), (É37) “pressure” (É29) “membuang semua hiasan tidak perlu” (É29) “hidup dan bekerja keras bersama rakyat” (É29) “Sejumlah warga kampung Sukapura ….” (É29) “… perbaikan jalan yang rusak ….” (É29) “Belajar dari pengalaman China, revolusi budaya (cultural revolution) merupakan salah satu fondasi ….” (É30) “Desain sistem presidensial tidak didukung dengan jumlah partai politik yang sedikit ….” (É30) capita selecta (É31) “PR” (É31) ( Pekerjaan rumah) (É31) “good governance” (É31) “Tingkat intelektual dan integritas pemimpin bangsa saat ini cenderung
(Lembaran Budaya Khazanah ….) wawacan Purnama Alam Muslimin-muslimat babak belur aliran dana budaya malu soft state? penipisan kewenangan présidén Sanggeus Umur Tunggang Gunung bermasalah Babad Alas Amer penggerak kesenian elite remang-remang Novel nu judulna Bukan Pasar Malam majalah Cupumanik jurnal Sundalana Di-impeach “Mekanisme dapat dimulai dengan pengumpulan petisi sebanyak 5 persen dari suara rakyat …. ” Money pulitik “hijau dan sejuk” suri teladan “tonggak” budgeting impeachment “Edi membangun persemaian tanaman keras di sekolah ….” Go green school virtue “habis-habisan” “sepak terjang” reshuffle pressure “membuang semua hiasan tidak perlu” “hidup dan bekerja keras bersama rakyat” “Sejumlah warga kampung Sukapura ….” “… perbaikan jalan yang rusak ….” “Belajar dari pengalaman China, revolusi budaya (cultural revolution) merupakan salah satu fondasi ….” “Desain sistem presidensial tidak didukung dengan jumlah partai politik yang sedikit ….” capita selecta “PR” (Pekerjaan rumah) good governance “Tingkat intelektual dan integritas pemimpin bangsa saat ini cenderung
73
95
menurun ….” (É32) “Karut marut” (É32) “Gerakan besar-besaran”(É33) “Yang terjadi sekarang ini bukan hanya menyimpang, tetapi sudah mengkhawatirkan …. “ (É33) “Presiden Susilo Bambang Yudhoyono dinilai terbukti tidak mampu memimpin …. “ (É33) “Kita tidak bisa membiarkan bangsa ini lebih buruk lagi ….” (É33) “menguap” (É33) “pencitraan” (É33) “keberhasilan” (É34) “Kok gitu saja repot!” (É35) “jual tampang” (É36) “cuci tangan” (É36) “paham dan maphum” (É36) “keteladanan” (É36) “jajak pendapat ” (É37) “Jika gagasan reshuffle benar-benar dalam rangka memperbaiki kinerja pemerintah …. ” (É37) “keberhasilan” (É37) “perang antar suku” (É38) “Kinerja Dewan Perwakilan Rakyat pada tahun kedua ini kian buruk ….” (É39) “Dalam soal legislasi, produktivitas DPR rendah ….” (É39) “Politik anggaran DPR juga masih berorientasi proyek ….” (É39) Superbody (É39) Fit and proper test (É39) Novel Ladang Perminus (É43) “Tidak ada masalah yang tidak bisa diselesaikan dengan komunikasi” (É44) koran Kompas …. (É44) majalah Siasat (É43) “Melenyapnya Negara Perspektip Lenin” (É44) “pendampingan” (É46) “kekalahan demi kekalahan” (É48)
menurun ….” “Karut marut” “Gerakan besar-besaran” “Yang terjadi sekarang ini bukan hanya menyimpang, tetapi sudah mengkhawatirkan …. “ ”Presiden Susilo Bambang Yudhoyono dinilai terbukti tidak mampu memimpin …. “ “Kita tidak bisa membiarkan bangsa ini lebih buruk lagi ….” menguap pencitraan keberhasilan “Kok gitu saja repot!” “jual tampang” “cuci tangan” “paham dan maphum” keteladanan jajak pendapat “Jika gagasan reshuffle benar-benar dalam rangka memperbaiki kinerja pemerintah …. ” “keberhasilan” “perang antar suku” “Kinerja Dewan Perwakilan Rakyat pada tahun kedua ini kian buruk ….” “Dalam soal legislasi, produktivitas DPR rendah ….” “Politik anggaran DPR juga masih berorientasi proyek ….” Superbody Fit and proper test Novel Ladang Perminus “Tidak ada masalah yang tidak bisa diselesaikan dengan komunikasi” koran Kompas …. majalah Siasat Melenyapnya Negara Perspektip Lenin pendampingan “kekalahan demi kekalahan”
Jml. 133
2). Kasalahan Nuliskeun Kecap
Tabel 4.5
Kasalahan Nuliskeun Kecap
No. Kasalahan
Kecap Ditulisna Kuduna
Jml.
(1) (2) (3) (4) (5)
1 Kecap Asal Jatinanangor (É1) fomal (É5)
Jatinangor formal
20
96
Oto Iskandar di Nata (É6) Paguyub an (É6) na nggap (É11) Meneri (É11) jujut (É12) STSI (Sekolah Tinggi Kesenian Indonesia) (É16) ujud (É17) Majlelis (É18) -saperti (É18) Inggeris (É21) a tuh (É21) Panc asila (É23) nembogkeun (É23) beware (É24) Sabtu (É32) epetip (É34) sllaturahmi (É35) marakat (É40)
Oto Iskandardinata Paguyuban nanggap Menteri jukut STSI (Sekolah Tinggi Seni Indonesia) wujud Majelis saperti Inggris atuh Pancasila nembongkeun béwara Saptu épéktip silaturahmi masarakat
2 Kecap Rundayan
ngadomentasikeun (É1) disebarkeu (É4), (É5) gubrageun (É7) ngahejo lembokkeun (É13), (É27) Diandelkeuna (É25) ngarepeh rapihkeun (É24) pingpinananana (É25) instruskina (É29) kahirupanleuwih (É32) kaaneka ragaman (É42) Hulu wotanna. (É39)
ngadokuméntasikeun disebarkeun gubragkeun ngahéjolembokkeun Diandelkeunna ngarépéhrapihkeun pingpinanana instruksina kahirupan leuwih kaanekaragaman Huluwotanna
11
3 Kecap Rajékan
bukub-buku (É1) luhlah (É5) ngungngeng (É10) ajen inajen (É11) ajen inajeh (É28) dugdeg (É38)
buku-buku Luh-lah ngung-ngéng ajén-inajén ajén-inajén dug-deg
6
4 Kecap Pangantét
kukituna kunaon kulantaran diantarana
ku kituna ku naon ku lantaran di antarana
4
Jml. 41 3). Kasalahan Nuliskeun Angka jeung Lambang Bilangan
Tabel 4.6
Kasalahan Nuliskeun Angka jeung Lambang Bilangan No. Kasalahan Ditulisna Kuduna Jml. (1) (2) (3) (4) (5)
1 Angka 17Agustusan (É11) 50-60an (É12)
17 Agustusan 50—60-an
2
2 Bilangan Hamengkubuwono ka X (É6) Kongres Basa Sunda ka VIII (É31)
Hamengkubuwono X Kongrés Basa Sunda VIII
7
97
Minggu ka II, III, atawa IV (É35) Kongres Basa Sunda ka IX (É36) ka dua (É48) ka hiji (É48) ka tilu (É48)
Minggu ka 2, 3, atawa 4 Kongrés Basa Sunda IX kadua kahiji katilu
Jml. 9
4). Kasalahan Tanda Baca
Tabel 4.7 Kasalahan Tanda Baca
No. Tanda baca Ditulisna Kuduna Jml. (1) (2) (3) (4) (5) 1 Tanda Titik (.) Mutshuhito.Ti (É1)
upamana.Mun (É2) Pansus.Memeh (É2) Moh.Natsir (É3) kiwari.Syafii Maarif (É3) hadir.Alesanana (É4) bieu.Padahal (É4) agama.Tibatan (É4) kasenian.Kantor (É5) kaayaanana.Teu (É5) tradisional.Nu (É5) kabudayaan.Lulusanana (É5) kokojona.Nu (É6) teknologi.Atuh (É6) St.Takdir (É6) Restorasi Indonesia.Teu Kaliwat (É6) Budi Rukhayana MA (É6) kuatna.Malah (É6) teh.Kapamingpinan (É6) hengkerna.Katambah (É6) Restorasi Meiji, Malah Cenah (É6) hadir.Ngan (É6) Restorasi Meiji.Garapan (É6) sorangan.Piraku (É6) Jepang.Kuriak (É6) kaislaman.Atuh (É7) deui.Tapi (É7) deui.Sarua (É7) hareupna.Tapi (É7) digubragkeun.Nu (É7) anggeus.Tapi (É7) pamustunganana.Tapi (É7) … kitu Nu (É8) 1998.Ngan (É8) Presiden.Lebah (É8) deui.Tapi (É8) turun.Satuluyna (É8) hukum.Sabada (É8) … ngabarubahkeun Jaman (É10)
Mutshuhito. Ti upamana. Mun Pansus. Méméh Moh. Natsir kiwari. Syafii Maarif hadir. Alesanana bieu. Padahal agama. Tibatan kasenian. Kantor kaayaanana. Teu tradisional. Nu kabudayaan. Lulusanana kokojona. Nu téknologi. Atuh St. Takdir Réstorasi Indonesia. Teu Kaliwat Budi Rukhayana, M.A. kuatna. Malah téh. Kapamingpinan héngkérna. Katambah Réstorasi Meiji. Malah Cenah hadir. Ngan Réstorasi Meiji. Garapan sorangan. Piraku Jepang. Kuriak kaislaman. Atuh deui. Tapi deui. Sarua hareupna. Tapi digubragkeun. Nu anggeus. Tapi pamustunganana. Tapi … kitu. Nu 1998. Ngan Présidén. Lebah deui. Tapi turun. Satuluyna hukum. Sabada … ngabarubahkeun. Jaman
112
98
ngadalang.Kunaon (É11) sajabana.Ieu (É11) milu aub.Lian ti kitu (É11) jaya.Pabrik (É12) basket.Cindekna (É12) wewengkonna.Geus (É13) Jawa Barat.Piraku (É13) nyekelna.Naha (É14) sajabana.Naha (É14) kasenian oge.Rombongan (É16) STSI.Diantarana (É16) elmu.Saban (É16) panalungtikanana.Hal (É16) para pamingpin Geus nepi ka mana (É23) Jl.Garut (É17), (É26) Bandung.Tapi (É17) gunana.Pakakas (É17) sejenna.Jadi (É17) jeung sajabana.Geus (É17) mah.Buktina (É17) kalungguhanana.Presiden (É18) keneh.Kungsi (É18) rakyat.Stabilitas (É18) “… legislator benalu di parlemen kita” (É18) upamana.Kukituna (É19) Kartosoewirjo.Jelas (É20) jelas.Mun (É20) Kang Saini KM (É21) tea.Ti (É21) kitu.Arthur Nalan (É22) kamanusaan.Nu (É24) hasilna.Padahal (É25) epektip.Sakumaha (É25) Dr.Indra Prawira (É28) Dr.Yudi Latif (É28) Ir.Sarwono (É28) hasilna.Padahal (É35) deui.Mudik (É35) departemen.Kitu (É35) sejenna.Coba (É35) sarerea.Keun (É35) departemen.Kitu (É35) deui.Mudik (É35) sejenna.Coba (É35) wae.Ari (É35) wae.Kaasup (É36) (… September 2011) (É37) ribut.Naon (É38) Sunda.Ieu (É40) mah.Jeung (É40) Sunda.Upamana (É42) “… bobor karahayuan?”. (É43) bulan.Kang (É43)
ngadalang. Ku naon sajabana. Ieu milu aub. Lian ti kitu jaya. Pabrik baskét. Cindekna wewengkonna. Geus Jawa Barat. Piraku nyekelna. Naha sajabana. Naha kasenian ogé. Rombongan STSI. Di antarana élmu. Saban panalungtikanana. Hal para pamingpin. Geus nepi ka mana Jl. Garut Bandung. Tapi gunana. Pakakas séjénna. Jadi jeung sajabana. Geus mah. Buktina kalungguhanana. Présidén kénéh. Kungsi rakyat. Stabilitas “… legislator benalu di parlemen kita.” upamana. Ku kituna Kartosoewirjo. Jelas jelas. Mun Kang Saini K.M. téa. Ti kitu. Arthur Nalan kamanusaan. Nu hasilna. Padahal épéktip. Sakumaha Dr. Indra Prawira Dr. Yudi Latif Ir. Sarwono hasilna. Padahal deui. Mudik departemén. Kitu séjénna. Coba saréréa. Keun Departemén. Kitu deui. Mudik séjénna. Coba waé. Ari waé. Kaasup (… Séptémber 2011). ribut. Naon Sunda. Ieu mah. Jeung Sunda. Upamana “… bobor karahayuan?” bulan. Kang
99
lancar.Padahal (É43) Kang Ramadhan KH (É43) “… jero jugjugan pamikiranana”. (É43) ka mana-mana.Numpi (É45) tea.Kahiji (É45) jeung RI.Teu heran (É46) … ngagabung ka NKRI (É46) Presiden RI.Naha (É46) nu disalahkeun.Nya (É46) ngawujud.Atuh (É48)
lancar. Padahal Kang Ramadhan K.H. “… jero jugjugann pamikiranana.” ka mana-mana. Numpi téa. Kahiji jeung RI. Teu héran … ngagabung ka NKRI. Présidén RI. Naha nu disalahkeun. Nya ngawujud. Atuh
2 Tanda Koma (,)
Kaget tur prihatin cenah dina ….(É1) Jl. Dewi Sartika,Bandung (É1) restorasi Meiji,malahan (É6) “ … restorasi Meiji” kitu ceuk Iip Zulkifli Yahya (É6) Pa Danny Setiawan,upamana (É11) Picnic,upamana (É12) asri,apan (É12) “… kuring rek melak tatangkalan” kitu ceuk Paris Sembiring (É13) Tembang,kawih (É13) kasenian (tari, musik, filem) hiburan (sulap, tong setan) …. (É16) Amerika Serikat,paguron luhur (É16) saperti tembang Sunda Cianjuran galindengna Nyimas Saodah (É16) UI,iraha (É16) “… paalus-alus mobil, Yi” kitu ceuk almarhum (É21) walakayana,nya pohara (É23) Cindekna,sabagian (É26) tah,eta (É34) harungan,nya (É36) dijalankeun,seleksi (É38) Jaka Bandrayana,tokoh (É40) Tapi,tangtu (É40) datang,salila urang (É40) bieu,saeutik (É40) wae,bisa wae (É40) walikota,bupati (É41) “Kawas lauk kasaatan ayeuna akang teh” ceuk Kang Rustandi (É43) “… ngageremet dina hate” ceuk Sudjana (É44) “ … dina widang naon eta teh Kang” ceuk Gunawan (É44) “… ulah ngajul bentang ku asiwung” pokna (É44) Baturna,naon (É44) “… urang bakal ngawangun jaringan” ceuk Sudjana (É44) “… urang ngusikkeun masarakat jeung paradaban” pokna deui (É44) “… moal aya dampak nanaon” ceuk Ahmad (É44)
Kagét tur prihatin cenah, dina …. Jl. Dewi Sartika, Bandung réstorasi Meiji, malahan “… réstorasi Meiji,” kitu ceuk Iip Zulkifli Yahya Pa Danny Setiawan, upamana Picnic, upamana asri, apan “… kuring rék melak tatangkalan,” kitu ceuk Paris Sembiring Tembang, kawih kasenian (tari, musik, filem), hiburan (sulap, tong sétan) …. Amerika Serikat, paguron luhur saperti tembang Sunda Cianjuran, galindengna Nyimas Saodah UI, iraha “… paalus-alus mobil, Yi,” kitu ceuk almarhum walakayana, nya pohara Cindekna, sabagian tah, éta harungan, nya dijalankeun, seléksi Jaka Bandrayana, tokoh Tapi, tangtu datang,salila urang bieu, saeutik waé, bisa waé walikota, bupati “Kawas lauk kasaatan ayeuna akang téh,” ceuk Kang Rustandi “… ngageremet dina haté,” ceuk Sudjana “ … dina widang naon éta téh Kang,” ceuk Gunawan “ … ulah ngajul béntang ku asiwung,” pokna Baturna, naon “… urang bakal ngawangun jaringan,” ceuk Sudjana “… urang ngusikkeun masarakat jeung paradaban,” pokna deui “… moal aya dampak nanaon,” ceuk Ahmad
130
100
Nurutkeun Struktur Kalimah: Lembaga saperti LBSS, dirojong …. (É1) Hartina …. (É3), (É7) Menteri Penerangan Harmoko apan sakitu …. (É3) Upamana wae …. (É3), (É5), (É13), (É29), (É35) … upamana wae …. (É22) …, upamana waé …. (É11), (É13), (É27), (É30), (É38) Malah …. (É3), (É8), (É10) Atuh mun lain presiden nu ngajawab, nya bisa, …, atawa …. (É3), (É8), (É13), (É15), (É17), (É25), (É27), (É40), (É42), (É46) …, basa Presiden As George Bush, …. (É4) “… pendapat saya kepadanya” kitu kira-kira …. (É4) Jadi …. (É4), (É47) Padahal …. (É5), (É7), (É25), (É36), (É39) Hanjakal …. (É5) … boh … boh … …. (É5), (É36) … boh … boh …. (É17), (É19), (É25), (É31), (É41) … , kulantaran …. (É5), (É10), (É16), (É17), (É18), (É25), (É30), (É31), (É33), (É39), (É40), (É42), (É46), (É48) … saperti …, …, ….(É6), (É8), (É9), (É10), (É14), (É16), (É17), (É18), (É19), (É24), (É25), (É31), (É32), (É34), (É35) Katambah deuih ku …. (É6) Garapan babarengan upamana ..., …. (É6) … ku urang ayeuna, atawa bakal …. (É7) Bupati Garut nu dipilih ku masarakat, der …. (É7) Mesir, memang …. (É7) Tapi, urang nu geus boga pangalaman reformasi taun 1998, piraku …. (É7) … tapi …. (É8), (É9), (É10), (É16), (É17), (É19), (É30) Tapi …. (É8), (É10), (É27) Satuluyna …. (É8), (É10), (É18), (É30), (É32), (É38), (É39), (É45) …, nepi ka …. (É8), (É9), (É13), (É35), (É36) Nu matak …. (É8) ..., pohara alusna …. (É9) Ari batik Garutan, mana? (É9)
Lembaga saperti LBSS dirojong … Hartina, …. Menteri Penerangan, Harmoko apan sakitu …. Upamana waé, …. …, upamana waé, …, upamana waé, …. Malah, …. Atuh mun lain présidén nu ngajawab, nya bisa… atawa …. …, basa Présidén AS, George Bush, …. “… pendapat saya kepadanya,” kitu kira-kira …. Jadi, …. Padahal, …. Hanjakal, …. …, boh … boh …, …. …, boh … boh …. (É17) … ku lantaran …. …, saperti …, …, …. Katambah deuih, ku …. Garapan babarengan, upamana …, …. … ku urang ayeuna atawa bakal …. Bupati Garut nu dipilih ku masarakat der …. Mesir mémang …. Tapi, urang nu geus boga pangalaman réformasi taun 1998 piraku …. (É7) …, tapi …. Tapi, …. Satuluyna, …. … nepi ka …. Nu matak, …. … pohara alusna …. Ari batik Garutan mana?
101
Tempatna oge nyarahcalan, bari …. (É9) Tah, supaya para pajabat urang ngabogaan apresiasi kana kasenian, pohara alusna …. (É11) Nanggap kasenian saperti wayang golek dina upacara kanagaraan, tangtuna oge perlu ditataharkeun ti awalna. (É11) Akibatna apan SMPN I jeung II nu tadina boga pakarangan sakitu resikna, ayeuna mah …. (É12) Ka mana situ-situ di Tarogong, nu herang caina, breh tembong lukut harejo, nyawang Gunung Guntur nu ngalamuk paul? (É12) … nu ngawengku …, …, …. (É12) Jl. Buah Batu Bandung (É13) Nu geus aya Museum Sri Baduga, apan eta mah …. (É14) Beda jeung ngariksa lingkungan, nartibkeun PKL, nu tembong sakitu sumangetna (É14) Nu matak hariwang mun seug harengheng pulitik, karep masarakat ngayakeun reformasi, lumangsung oge di Arab Saudi. (É15) … aya faktor di jero (internal) nyaeta sistem pulitik jeung pamarentahan di nagara Islam sorangan …. (É15) Sanajan aya oge nu wangunna republik, tapi sistem pamarentahanana otoriter henteu demokratis. (É15) Festival Braga, tangtuna digederkeun beurang jeung peuting. (É16) Diantarana …. (É16), (É24), (É39), (É45) … aseupan, cukil, hihid, perlu diteundeun sing parimpen (É17) -saperti ceuk Azyumardi Azra merlukeun oge …. (É18) … iwal ti …. (É18) Ana kitu, budaya Sunda, kudu diaku aya dina kaayaan krisis. (É19) Padahal, para komedian mah, teu beda jeung seniman pop …. (É24) …, …, … tur …. (É24) Mun masarakat nganggap teu perlu deui make hiji basa dina hirup kumbuhna nya basa bieu teh geus deukeut kana tiwasna. (É26) Tibatan riweuh-riweuh barempug jeung masarakat. nya mending diuruskeun ku para pajabat wae. (É26) Ana kitu …. (É26), (É28), (É41)
Tempatna ogé nyarahcalan bari …. Tah, supaya para pajabat urang ngabogaan aprésiasi kana kasenian pohara alusna …. Nanggap kasenian saperti wayang golek dina upacara kanagaraan tangtuna oge perlu ditataharkeun ti awalna. Akibatna apan SMPN I jeung II nu tadina boga pakarangan sakitu resikna ayeuna mah …. Ka mana situ-situ di Tarogong nu hérang caina, bréh témbong lukut haréjo, nyawang Gunung Guntur nu ngalamuk paul? …, nu ngawengku …, …, …. Jl. Buah Batu, Bandung Nu geus aya, Museum Sri Baduga, apan éta mah … Béda jeung ngariksa lingkungan, nartibkeun PKL nu témbong sakitu sumangetna Nu matak hariwang mun seug harénghéng pulitik, karep masarakat ngayakeun réformasi lumangsung ogé di Arab Saudi. … aya faktor di jero (internal), nya éta, sistem pulitik jeung pamaréntahan di nagara Islam sorangan …. Sanajan aya ogé nu wangunna republik, sistem pamaréntahanana otoritér henteu démokratis. Féstival Braga tangtuna digederkeun beurang jeung peuting. Di antarana, …. … aseupan, cukil, hihid perlu diteundeun sing parimpen (É17) saperti ceuk Azyumardi Azra, merlukeun ogé …, iwal ti …. Ana kitu, budaya Sunda kudu diaku aya dina kaayaan krisis. (É19) Padahal, para komédian mah teu béda jeung seniman pop …. …, …, …, tur …. Mun masarakat nganggap teu perlu deui maké hiji basa dina hirup kumbuhna, basa bieu téh geus deukeut kana tiwasna. (É26) Tibatan riweuh-riweuh barempug jeung masarakat, mending diuruskeun ku para pajabat waé. Ana kitu, ….
102
Naha buku carita budak nu geus dileler Hadiah Samsudi, aya kitu? (É27) Hanjakal …. (É27) Hartina …. (É27) Lian ti kitu …. (É27) Ngagederkeun kasenian, memang rea banggana, kitu deui ngarawat lingkungan. (É27) “Hirup teh kompetisi” kitu ceuk Kang Tjetje (É28) Kungsi sababaraha puluh taun katukang dina riungan di kantor Pikiran Rakyat …. (É28) … Bupati Bandung Dadang Naser netelakeun (É29) Sabalikna mun Presiden dirurud (É30) Kaderisasi tangtu wae lain saukur upaya nambahan pangaweruh, sarta ngalegaan wawasan …. (É31) … jeung atikan nu unggul, apan nepi ka kiwari …. (É32) Kukituna, mun ayeuna SBY dilengserkeun nya atuh …. (É33) Teu bisa dijamin apan bakal babari ngagantina, tur cara kitu …. (É33) Jelas, saban pihak bakal teu panuju, mun SBY …. (É33) Tuluy netelakeun urang mah …. (É34) Jadi, weh, pulitikna transaksional wungkul (É34) Mudik nu maksudna pikeun ngalaksanakeun silaturahmi, dina prakna mah bisa pabentar jeung maksud nu sabenerna …. (É35) Malah …. (É35) kurban,tapi (É35) Teu heran, mun timbul …. (É36) “… persiapan Pemilu 2014” ( Kompas, Selasa, 27 September 2011) (É37) Akibatna …. (É38) Beaya pilkada sakitu mahalna, bari jeung hasilna teu kapuluk nanaon. (É38) dijalankeun,seleksi (É38) “… partai politik.” ( Kompas, Senen, 10 Oktober 2011) (É39) DPR moal beres-beres gawena, mun partey pulitik teu beres hirupna. (É39) … polontong, porenges, ngajago, kawas sawatara urang anggota DPR kiwari. (É39) bieu,saeutik (É40) Memang milu aktip dina panggung kanagaraan, teu kawatesanan …. (É40) wae,bisawae (É40)
Naha buku carita budak nu geus dilélér Hadiah Samsudi aya kitu? Hanjakal, …. Hartina, …. Lian ti kitu, …. Ngagederkeun kasenian mémang réa banggana kitu deui ngarawat lingkungan. “Hirup téh kompetisi,” kitu ceuk Kang Tjetje Kungsi sababaraha puluh taun katukang, dina riungan di kantor Pikiran Rakyat …. … Bupati Bandung, Dadang Naser nétélakeun Sabalikna, mun Présidén dirurud Kaderisasi tangtu waé lain saukur upaya nambahan pangaweruh sarta ngalegaan wawasan … jeung atikan nu unggul apan nepi ka kiwari Ku kituna, mun ayeuna SBY diléngsérkeun, atuh …. (É33) Teu bisa dijamin apan bakal babari ngagantina tur cara kitu …. Jelas, saban pihak bakal teu panuju mun SBY …. Tuluy nétélakeun, urang mah …. Jadi wéh, pulitikna transaksional wungkul Mudik nu maksudna pikeun ngalaksanakeun silaturahmi dina prakna mah bisa pabentar jeung maksud nu sabenerna …. Malah, …. kurban, tapi Teu héran mun timbul …. “… persiapan Pemilu 2014,” (Kompas, Salasa, 27 September 2011) Akibatna, …. Béaya pilkada sakitu mahalna bari jeung hasilna teu kapuluk nanaon. dijalankeun, seléksi “… partai politik,” (Kompas, Senen, 10 Oktober 2011) DPR moal bérés-bérés gawéna mun partéy pulitik teu bérés hirupna. … polontong, poréngés, ngajago kawas sawatara urang anggota DPR kiwari. bieu, saeutik Mémang milu aktip dina panggung kanagaraan teu kawatesanan …. waé, bisa waé
103
Lebah dieu nya tangtuna …. (É40) walikota,bupati (É41) Nya di dieu perluna biograpi hiji tokoh salawasna ditulis deui, supaya leuwih imeut …. (É41) “… budayana jeung sajabana” kitu ceuk Pia Alisyahbana (É42) Atuh masarakat bakal butuheun ku hiji program atikan, mun jelas mangpaatna keur kahirupanana. (É42) “… pamikiran akang kacow” walon pribumi (É43) … perlu kapanggih kinerja pamarentahan nu epektip nu bisa kapetik hasilna ku balarea …. (É45) Ari Aceh, memang milu kana proses ngadegna nagara Indonesia …. (É46) … Hasan Tiro ngadat tuluy ngadegkeun Gerakan Aceh Merdeka …. (É46) … kurang majuna paradaban Sunda, eta oge kulantaran hengkerna kapamingpinan. (É47) Jadi kapamingpinan mah muncul ti kalembagaan lain ti perorangan. (É47) Ngayakeun panalungtikan, apan boro-boro ku swasta …. (É48) Katambah deuih …. (É48) … ngadegna gedong-gedong kasenian, nepi ka kiwari tacan tembong ngawujud. (É48) …, … jeung …
Lebah dieu, nya tangtuna …. walikota, bupati Nya, di dieu perluna biograpi hiji tokoh salawasna ditulis deui supaya leuwih imeut …. “… budayana jeung sajabana,” kitu ceuk Pia Alisyahbana (É42) Atuh masarakat bakal butuheun ku hiji program atikan mun jelas mangpaatna keur kahirupanana. “… pamikiran akang kacow,” walon pribumi … perlu kapanggih kinerja pamaréntahan nu épéktip, nu bisa kapetik hasilna ku balaréa …. Ari Aceh mémang milu kana prosés ngadegna nagara Indonesia …. … Hasan tiro ngadat, tuluy ngadegkeun Gerakan Aceh Merdeka …. … kurang majuna paradaban Sunda éta ogé ku lantaran héngkérna kapamingpinan. Jadi, kapamingpinan mah muncul ti kalembagaan, lain ti perorangan. Ngayakeun panalungtikan apan boro-boro ku swasta …. Katambah deuih, …. … ngadegna gedong-gedong kasenian nepi ka kiwari tacan témbong ngawujud. …, …, jeung …
3 Tanda Titik Koma (;)
- - -
4 Tanda Titik Dua (:)
Widang, pulitik, ekonomi (É6) Widang: pulitik, ékonomi 1
5 Tanda Geret (-)
kabe- ungharan (É1) nembrakke- un (É2) wa-pres (É2) pi-keun (É2) ka-ayaan (É2) ne-pungan (É2) ba-dag (É2) di-rengsekeun (É2) pama-rentah (É2) jelegurke- un (É2) ka-bijakanana (É2) pamaren-tahan (É2) dip- ingpin (É3) kamenter-
kabeung- haran nembrak- keun waprés pikeun kaayaan nepungan badag diréngsékeun pamaréntah jelegur- keun kabijakanana pamaréntahan diping- pin kamenteri-
44
104
ian (É3) riun- gan (É4) partisan- (É4) dirund- ingkeun (É4) mim- iti (É6) babaren- gan (É6) sar- erea (É7) lahir-batin (É7) bun- gah (É8) man- grupa (É10) kasen- ian (É11) peut- ing (É11) kagili- ran (É16) -saperti (É18) rahay- at (É18) daer- ah (É21) geun- ing (É21) aye- una (É21) restorasi- (É25) hide- ung (É28) -dina (É28) nyanghare- upan (É28) ment- ingkeun (É29) pan- gaweruh (É31) 600an(É35) lajun- ing (É36) biograp- i (É36) padumu- kna (É36) dit- ulis (É41) 60an (É41) ingeta- nana (É44)
an riung- an partisan dirunding- keun mimi- ti babareng- an saré- réa lahir batin bu- ngah mang- rupa kaseni- an peu- ting kagilir- an saperti raha- yat daé- rah geu- ning ayeu- na réstorasi hi- deung dina nyanghareu- pan menting- keun pa- ngaweruh 600-an laju- ning biogra- pi padumuk- na di- tulis 60-an ingetan- anana
6 Tanda Pisah dua-tilu bulan sakali (É27) dua—tilu bulan sakali 6
105
(—) 28-30 Juni 2005 (É31) 11-13 Juli 2011 (É36) salengkah - dua lengkah (É38) Oktober 2010-Oktober 2011 (É39) 22-25 Agustus 2001 (É48)
28—30 Juni 2005 11—13 Juli 2011 saléngkah—dua léngkah Oktober 2010—Oktober 2011 22—25 Agustus 2001
7 Tanda Élipsis (…)
“ … berbangsa dan bernegara … ” (É30) “di pemerintahan….Alhasil perombakan kabinet ….” (É37)
“… berbangsa dan bernegara ….” “di pemerintahan ... Alhasil perombakan kabinet ….”
2
8 Tanda Tanya (?)
konstitusi?Naha (É3) kasundaan?Naha (É6) kamajuan?Atuh (É6) ayeuna?Geus (É7) harita?Naha (É12) pameran pangwangunan?Dina (É16) sajabana?Pasualanana (É25) wungkul?Upaya (É25) pingpinanana?Tina (É25) sejen?Kunaon (É41) ku kuring?Naha (É43) maranehna?Nu (É44)
Konstitusi? Naha kasundaan? Naha kamajuan? Atuh ayeuna? Geus harita? Naha pameran pangwangunan? Dina sajabana? Pasualanana wungkul? Upaya pingpinanana? Tina séjén? Ku naon ku kuring? Naha maranéhna? Nu
12
9 Tanda Panyeluk (!)
korup!Tapi (É8) eucreug!Piraku (É23) Wilujeng ulang taun, Kang ! (É28)
korup! Tapi eucreug! Piraku Wilujeng ulang taun, Kang!
3
10 Tanda Kurung ((…))
kalengkepanana( kabinet ….) (É17) ( berkelanjutan) (É19) (… Ahmad Wiranatakoesoemah)kitu (É28) (Emma Bratakoesoemah)teu pati (É28) ( Jawa Barat jeung Banten) (É31) lingkungan( kaaneka ragaman ….) (É42) pancenna( fungsina) (É47) (KIBS)nu kahiji (É48)
kalengkepanana (kabinét .…) (berkelanjutan) (… Ahmad Wiranatakoesoemah) kitu (Emma Bratakoesoemah) teu pati (Jawa Barat jeung Banten) lingkungan (kaanékaragaman ….) pancénna (fungsina) (KIBS) nu kahiji
8
11 Tanda Kurung Siku ([…])
- - -
12 Tanda Kekenteng (“…”)
Tahun Dukacita (É1) mottona teh restorasi Indonesia (É6) carpon Lauk Cimanuk (É9) Nagri Para Celeng (É23) Pancasila di Zaman Edan (É23) “ Edi membangun …. ” (É27) Dialog antar Generasi, Kontribusi Sunda Untuk Indonesia (É28) Dialog antar Generasi, kontribusi kita untuk Indonesia (É28) Warga Tanam Singkong di Jalan (É29) Revitalisasi Negara (É30) Sang Perda (É36) Pesan-pesan Islam (É32) Panggeuing Cipayung (É36) “ Naon nu geus dilakukeun ….” (É43) Oge kedah dipatalikeun ….” (É44)
“Tahun Dukacita” mottona téh “Restorasi Indonesia” carpon “Lauk Cimanuk” “Nagri Para Celeng” “Pancasila di Zaman Edan” “Edi membangun ….” “Dialog antar Generasi, Kontribusi Sunda untuk Indonesia” “Dialog antar Generasi, Kontribusi Kita untuk Indonesia” “Warga Tanam Singkong di Jalan” “Revitalisasi Negara” “Sang Perda” “Pesan-Pesan Islam” “Panggeuing Cipayung” “Naon nu geus dilakukeun ….” “Ogé kedah dipatalikeun ….”
15
106
4.2.2 Diksi
Diksi mangrupa pilihan kecap nu dilarapkeun panulis pikeun ngawangun
kalimah-kalimah nu satuluyna ngawujud jadi hiji wanda karangan. Dina milih
diksi nu digunakeun, katara yén Karno Kartadibrata mampuh ngalarapkeun
kekecapan nu kacida merenahna. Hal ieu ditandaan ku diksi-diksi anu kacida alus
sarta payus nu digunakeun dina kalimah. Lian ti kitu, diksi nu digunakeun
gampang dipikaharti sarta kecap-kecapna populér tur luyu nurutkeun padika basa
jurnalistik, di antarana sederhana, gampang kaharti, singget, padet, éféktif,
komunikatif, jeung ringkes. Sederhana sabab gampang dipaham, komunikatif nepi
ka teu nimbulkeun jarak (antara) panulis jeung pamaca.
Pikeun nandeskeun sarta nguatkeun pamadeganana ngeunaan pasualan anu
ditulis, aya kalana Karno Kartadibrata ogé ngagunakeun kekecapan anu rada
“kasar” sarta kekecapan nu dibubuhan ku tanda baca, upamana tanda tanya (?)
atawa tanda seru (!). Di handap dipidangkeun conto-conto diksi nu digunakeun
nepi ka ngawangun tulisan nu hadé.
13 Tanda Kekenteng Tunggal (‘…’)
… tuladeun, “keteladanan” …. (É41) … tuladeun, ‘keteladanan’ ….
1
14 Tanda Gurat Condong (/)
26/12 (É1) Senen (10/1/2011) (É4) 17/1/2011 (É4) 27/4/2011 (É18) 30/7 (É32)
26-12 Senén (10-1-2011) 17-1-2011 27-4-2011 30-7
5
15 Tanda panyingget (Apostrop) (‘)
65-66 (É32) 66 (É34) 98 (É34) mamur
‘65—‘66 ‘66 ‘98 ma’mur
4
Jml. 343
107
Tabel 4.8 Diksi nu Hadé
No. Kode Éséy
Diksi
(1) (2) (3) 1 É1 Bacacaran, ngageuri, mirosea, mitembeyan, kandaga sastra.
2 É2 Sahengna, neregteg, sasab, harusna, gesit, noyod, jelegurkeun, hujah, halangan harungan, meungpeuk, ngaleyek, bebeakan, jojorowokan, gedurkeun, gegedug, sing eucreug, ngagebug lasun, careuh, sireum kararange, kamarasanana.
3 É3 Teu parok, kerasna, tandang, manggil. 4 É4 Panggeuri, ngawaro, waleh, togmol, teu parok, miang.
5 É5 Luhlah, seug, dongsokan, gebraganana, ngagembrung, katurug katutuh, tohtohan, masagi, usik.
6 É6 Eucreugna, gebrakan, ngagederkeun, ngahucuhkeun, miang tina tatapakan, suwung, ganjor, ngareret, gegedug, pangkahotna, garapan, kuriak.
7 É7 Ketak, euyah-euyahan, ngadongsok, didikte, euforia, cacag nangkaeun, ngarawu ku siku, barubah, ngagulingkeun, polah bubudakeun, ngarurud, pamustunganana, asak jeujeuhan, eucreug, gehgeran.
8 É8 Serah bongkokan, ngagugujeg, geseh, ngajungkelkeun, dibajag, eucreug, pincang, pohara, pepedengkrengna!, nulak cangkeng, ngaco, hamham, jagoan-jagoan di Senayan.
9 É9 Kaimpungan, nerekabna, engeuh, ubyag, pohara, kalindih, prah.
10 É10 Tiis ceuli herang mata, nerekel, ngungngeng, talajak, eucreug, rawing ceuli, lengser ka prabon, ngekeak, bahula, euforia, ngajagragkeun, ngegel curuk, parok.
11 É11 Pamalirena, jeneng, ajen inajen, pohara, digederkeun, nerekel, hajat nagara, direuah-reuah, dokdakna, kaaripan, padika, tegepna, dipalar, heroy, dampakna, rancage, ngeprak.
12 É12 Patingrongheap, pacogregan, harengheng, carem, butrak-batrek, mangkeluk. 13 É13 Jorojoy, ngahejo lembokkeun, walagri, ketak, engap-engapan.
14 É14 Nyarahcalan, kateler-teler, gekgekanana, hirup teu neut paeh teu hos, ngagupay, pamustunganana, nalengteng, openan, ngusikkeun.
15 É15 Rerep, harengheng, genjlong pulitik, inggeung, guligah, eucreug, polah, balatak, saru, dipetieskeun, medah-meduh, tambal sulam.
16 É16 Rencedna, pohara, ngasruk, abrul-abrulan, kamonesan, digederkeun, ngamen, gelar elmu.
17 É17 Ngadurenyomkeun, karaman, ngageunjleungkeun, beurat beunghar.
18 É18 Eucreug, pohara, togmolna, ngarurud, aing pangjagona, bahlana, juragan wakil rahayat, andegleng, gegedug.
19 É19 Sapuk, kekepehan, patorong-torong, galingging panas tiris, onjoy, talobehna, belang betong, walagri, ngagalang.
20 É20 Ngawaro, parok, miang, meuweuhna, kagangasan, bahula, baruntak, bebeakan, diselongkeun, gegedugna, gedeg, ngagem, budak bolon.
21 É21 Eucreug, reugeujeug, sungapan, meuweuh, ngagalaksak, euweuh gadag, gegedug, ngadobrakna, metu, rurubed, rereged, meungpeuk, talajak, ulah sumput salindung haharewosan.
22 É22 Euyeubna, ngagulidag, rancage, biluk, ngajorag, jogol, galungan, ditalek, bebeakan,
23 É23 Saheng, dagdegdogna, rajakaya, kumelendang, totorosol, mikaceuceub, eucreug!, kekepehan, beunta, tandang, pohara, parok, dibongkar, bebeakan, kelakkeun, ngerekeb, engeuh, dirampas, dibajag, teu uni, bale watangan.
24 É24 Nulung nu butuh nalang nu susah, ngarepeh rapihkeun, pacogregan, meungpeuk.
25 É25 Ngahangkeutkeun, panyileukan, euwah-euwah, eucreugna, ngalalakon, ngabonsaykeun, lelengkah halu, kateler-teler, taya kamarasanana, sosoak, huluwotanna, beunta.
26 É26 Harusna, waleh, beu!, tiwasna, sakitu ngabela-belana, proyek pamarentah, makar!, tohtohan, riweuh-riweuh, barempug, dibantah, dibade, sing harus, diwalon.
27 É27 Giak, hojahna, dengdek topi, ngagederkeun. 28 É28 Polah hianat, totol-totol hideung, sumolondo, nguniangkeun.
108
29 É29 Ngung-ngeng, helok, diguliksek, pamustunganana, gadagna. 30 É30 Meungpeuk, katohyan, lalambe, digodog. 31 É31 Sarakanana, kapeungpeuk, nonoman, pohara, diancokeun, kapeungpeuk.
32 É32 Euwah-euwah, kajiret, wiwaha, huru-hara, balégna, mahabu, asa aing, eucreug, bulé hideungna, pangakangna, gagaléongan, cileureun.
33 É33 Ngalengserkeun.
34 É34 Ngawawadian, iatna, gebragan, harengheng, prahara pulitik, asa pangakangna, jelegur, ngagedur, walagri, kumelendang, kamarasanana, ngeuyeumbeu, katiban sial.
35 É35 Ngabarubahkeun, teu uni, pajonghok.
36 É36 Sang Perda, kelemengna, baroga hadas, moratorium Kongres Basa Sunda!, ngalegeg, brukbrak, gilig, saged, halangan harungan, dokdak, panggeuing Cipayung, ngocor ti ditu ti dieu.
37 É37 Titik nadir!, meulit ka bitis, ngababuk, degdegler, ngagulingkeun, marenna, gesit, ngadongdolek, dokdak, cileureun.
38 É38 Digariduskeun, ngagentak, dongsokan, digugujeg, dijejeleh, pepedengkreng, arogan, peupeuleukeuk, sasangkleng, ngacapruk, ngagalaksak, riab, cik atuh warah.
39 É39 Eucreugna, kekepehan, hulu wotanna. 40 É40 Haripeut, titincakan jeung pamianganana, heroy, matotoskeun, adab kamanusaan.
41 É41 Matak ngenesna, meuweuhna, teu uni?, kumelendang, nyongcolang, pancen mulya, lalangse aheng, nyangkaruk, ngajungkiring, ngalalakon.
42 É42 Miang. 43 É43 Pugag, siasat, implik-implik, seuseut-seuatna, ngagebeg, bobor karahayuan, nunggeulis. 44 É44 Ngageremet, galeuhna, jurus-jurusna, ngabeledugkeun, ngagempur. 45 É45 Udagan, ngambah, geprakan, ngagolontorkeun.
46 É46 Teu boga karep, manggung, karepna wae, ngadat, jetetet, pundung, dieundeuk-eundeuk, saheng, elite daerah, hemeng, ragragna?.
47 É47 Ketakna, nguniangna, runtuh, mahabuna, eucreugna, rurubed, weruh, ngusikkeun. 48 É48 Pleng les, melesat, ngabibisani, jaregud, haat, dugdegna, kabade, nista, maja utama.
Lian ti diksi anu hadé saperti di luhur, kekecapan nu digunakeun aya
kalana kecap serepan sarta asalna tina basa deungeun, misalna basa Indonesia,
Inggris, jeung Arab. Di handap dipidangkan rincianana.
Tabel 4.9 Daptar Kecap Serepan
No. Kode Éséy Kecap Serepan
(1) (2) (3) 1 É1 Khazanah. 2 É2 Neo liberalisme, dilemma, “kegaduhan politik”. 3 É3 “kebohongan publik”, neo liberalisme, “masukan”, “sigap”, “gesit”, kawenangan.. 4 É4 “bapak bangsa”, “patah arang”. 5 É5 Dinamika. 6 É6 Etika. 7 É7 Tolabul elmu. 8 É8 Rebut tawar, porsi, omong kosong, disandera. 9 É9 - 10 É10 Tempat tidur, sacara dramatis, jatuh bangun, opsi, 11 É11 Apresiasi.
109
12 É12 Kontribusina. 13 É13 - 14 É14 -
15 É15 Imperialistik hegemonik, otoriter, demokratis, gugatan, konstitusi, agresi, internal, ngaakomodasikeun, aspirasi.
16 É16 “budaya malu”, “soft state”, magis-romantis. 17 É17 Transfer. 18 É18 Dimakzulkeun, diimpeach, kontra-ideologi, integritas, ditolelir. 19 É19 Luar biasa, manajemen. 20 É20 Ideologi. 21 É21 Hedonisme, money politik. 22 É22 “urakan”. 23 É23 Neoliberalisme, konstitusionalna. 24 É24 Insan, kohesi sosial, “good governance”. 25 É25 Budgeting, impeachment. 26 É26 - 27 É27 Neraca diri. 28 É28 Konspirasi. 29 É29 Instruksina, reshuffle. 30 É30 Révolusi, instruksi, dilemma. 31 É31 “komitmen”, “PR”, “good governance”, evaluasi, regenerasi, capita selecta. 32 É32 Intelektualitas. 33 É33 Identitas. 34 É34 Transaksional, substansial. 35 É35 Kultur. 36 É36 “jual tampang”, “pencitraan”, “cuci tangan”, “paham dan maphum”. 37 É37 Reshuffle. 38 É38 Regresip, estapet kapamingpinan. 39 É39 Superbody, legislasi. 40 É40 Oportunis, integrasi, aliansi strategis, aspirasi. 41 É41 “keteladanan”. 42 É42 Komitmen, studi, rintisan. 43 É43 Potensi, didekonstruksi. 44 É44 Pers, festival. 45 É45 Potensi, potensial, “mendasar ”, kajanah. 46 É46 “pendampingan”. 47 É47 Revitalisasi, visi, mekanisme. 48 É48 Rekomendasi.
Lian ti mangrupa kecap, diksi nu hadé ogé dituduhkeun ngaliwatan
ungkara kalimah, saperti anu kaunggel ieu di handap.
Tabel 4.10 Kalimah nu Hadé
No. Kode Éséy
Kalimah nu Digunakeun
(1) (2) (3)
1 É10 Jaman Bung Karno rea ririweuhan, ti mimiti sahengna DI/TII, tuluy kajadian Bung Karno rek dipateni dina kajadian Cikini, jeleger inggeung kajadian G30S.
2 É20 Pancasila mangrupa pilihan kompromistis tina pagedrugna paham nasionalisme, komunisme, jeung islamisme.
110
3 É31
Ngahirupkeun kasenian, ngahirupkeun panerbitan, ngagederkeun perpustakaan, nalingakeun jalanna pamarentahan. Nambahan pangaweruh, sarta ngalegaan wawasan … nguatkeun komitmen …. Hade ku omong goreng ku omong. Ulah saukur ngageuing … henteu nyaring-nyaring.
4 É44 Nu gelo dilawan ku nu burung.
5 É46
Kunaon maranehna hayang misahkeun maneh ti NKRI? Tapi, kunaon deuih, ari etnis Jawa .… Ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara. Ngawawaas ka mangsa lawas. Cilakana, lain pamarentah daerah nu digeuing, tapi kalahka pamarentah puseur wae nu disalahkeun.
Sok sanajan sacara umum diksi nu digunakeun hadé, tapi dina sababaraha
kecap mah aya anu kurang merenah, kayaning kecap nu dipidangkeun di handap.
Tabel 4.11 Diksi nu Kurang Merenah
No. Kode Éséy Ditulisna Kuduna
(1) (2) (3) (4) 1 É6 Di bumi Di imah 2 É16 Nu matak narik Nu matak ngirut 3 É21 Ramah Soméah 4 É24 Panalitian Panalungtikan 5 É31 Upaya Tarékah 6 É34 Terang Nyaho 7 É46 Ngagabung Ngahiji
Dina nulis kecap aya nu teu konsistén, nya éta kecap kursus jeung
keurseus, khazanah jeung kajanah, politik jeung pulitik, pabukon jeung
perpustakaan, rahayat jeung rakyat, tehnologi jeung teknologi, sarta kecap jaman
jeung zaman.
Pikeun nandeskeun eusi nu ditulis, aya kecap has nu digunakeun ku Karno
Kartadibrata, nya éta kecap nya. Kecap nya remen digunakeun dina éséy-éséy
rubrik Balé Bandung, misalna:
1) “… nya jelegurkeun wae, tembrakkeun bebeakan di masarakat kumaha
sabenerna sasabna pamarentahan SBY teh,” (É2);
111
2) “Nya kementerian bieu nu nepikeun katerangan ka masarakat ngeunaan
lengkah-lengkah pamarentahan nu geus dilakukeun ku pamarentah,” (É3);
3) “Nya kulantaran kitu, pakakas nu geus diciptakeun ku bangsa urang perlu
dirawat, ulah diantep leungit kitu wae,” (É17);
4) “Nya lembaga bieu nu ngayakeun penataran Pancasila ka saban lapisan
masarakat. Kumaha hasilna? Teu jelas,” (É20).
Kecap nya dina hiji judul éséy kadang kala diulang sababaraha kali, misalna
dina éséy “Lembaga mah Geus Aya” (É1) 6 kali, “Pajabat” (É21) 4 kali, “Kunaon
teu Kadenge Aweuhanana” (É26) 5 kali, “Nulis Biograpi” (É41) 5 kali, jeung
“Jadi Bangsa Indonesia” (É46) 5 kali.
Lian ti pikeun nandeskeun eusi nu ditulis, kecap nya karéréanana
dilarapkeun salaku jawaban tina pasualan nu dibahas saméméhna, misalna:
1) “Nya lebah dieu kahengkeranana teh. Perpustakaan di urang kurang aktip
nyalametkeun buku-buku di masarakat ….” (É1);
2) “Nu kangaranan perpustakaan, nya sakuduna mampuh ngajalankeun
pancenna minangka pusat dokumentasi ….” (É1);
3) “Lebah dieu, nya sakuduna aya nu ngupayakeun supaya khazanah sastra
bieu aya nu haat nyalametkeun,” (É1);
4) “… nya mending ngamangpaatkeun lembaga nu geus aya wae ….” (É1);
5) “Nya lebah dieu, perlu aya lembaga nu boga pancen ngupayakeun .…” (É1);
6) “Ari nu sakuduna getol mah nya tangtuna oge STSI ....” (É16);
7) “Nya, taya jalan sejen iwal ti ngadongsok keras ka sawatara parpol supaya
ngawujudkeun gagasan bieu,” (É18);
112
8) “Nya pikeun ngarengsekeun pagedrug kitu ….” (É20);
9) “Ti mana datangna pajabat? Nya ti sababaraha sungapan,” (É21);
10) “Can tembong partey pulitik nu pujieun lebah nyalonkeun pamingpin
daerah. Hasilna nya saperti ayeuna,” (É21);
11) “Nya erongan jadi pajabat oge tangtu wae pangpangna mah keur ngahontal
kakawasaan jeung kakayaan,” (É21;
12) “Padahal geus jadi kacapangan basa teh ciciren bangsa. Nya atuh hirupna
basa moal bisa dipisahkeun ti masarakat nu ngawangun hadirna bangsa eta,”
(É26);
13) “Mun masarakat nganggap teu perlu deui make hiji basa dina hirup
kumbuhna nya basa bieu teh geus deukeut kana tiwasna,” (É26);
14) “Nya eta pisan sabenerna maksud ngayakeun kongres basa teh .…” (É26);
15) “Mun seug anggaranana oge geus disadiakeun ku pamarentah, nya keur
naon meureun kudu hese cape ngajak aub masarakat?” (É26);
16) “Kateupercayaan sabagian masarakat saperti kitu nya geus sakuduna
diwalon ku jalan bener-bener ngalarapkeun saban putusan kongres,” (É26);
17) “Nya sanggar kasenian nu aya wae diajak sina milu aub,” (É27);
18) “Nya saperti kasaksian ayeuna sagala rupa teu puguh bulé hideungna,”
(É32);
19) “Nya ayeuna mah pamarentah kudu tandes, paling henteu daek brukbrak,”
(É33);
20) “Nya lebah dieu perlu kapanggih kinerja pamarentahan nu epektip nu bisa
kapetik hasilna ku balarea mangrupa kahirupan nu raharja,” (É45).
113
Lian ti kecap nya, kecap has nu remen digunakeun ku Karno Kartadibrata
nya éta kecap ana kitu nu digunakeun pikeun ngébréhkeun pamadegan anjeunna,
misalna kaunggel dina sababaraha éséy, di antarana:
1) “Ana kitu, jelas Presiden SBY kudu geuwat usik, gede bahlana mun nepi ka
telatna!” (É4);
2) “Ana kitu, jelas Mesir ulah nurutan kitu wae reformasi nu kajadian
samemehna di Tunisia .….” (É7);
3) “Ana kitu, urang perlu ngawangun museum ….” (É17);
4) “Ana kitu, aya harepan upaya ngamajukeun kabudayaan Sunda estuning
mangrupa garapan lembaga atikan luhur bieu kalayan gembleng .…” (É19);
5) “Ana kitu, perlu kapanggih potret budaya nu jelas boh budaya urang boh
budaya batur,” (É19);
6) “Ana kitu, geus sakuduna pamarentah Propinsi Jawa Barat ngadorong
sakum warga masarakat nembongkeun prestasina ….” (É24);
7) “Ana kitu taun 2014 ogé can karuhan bérés. Iraha atuh anggeusna Reformasi
téh?” (É32);
8) “Ana kitu, perlu aya upaya rintisan di masarakat supaya ulikan ngeunaan
kasundaan dina ambahan nu gembleng bisa diajarkeun ka masarakat,”
(É42);
9) “Ana kitu, lahan pisik, gurun sahara oge, sabada potensi minyak saat, bisa
wae nyidem potensi sejen,” (É43);
Rubrik Balé Bandung geus ngalarapkeun palanggeran éjahan sarta
mangrupa salasahiji bagéan tina karya populér. Ku kituna, pilihan basa nu
114
digunakeunana ogé mangrupa basa populér nu hampang, gampang dipikaharti,
bébas, akrab, jeung teu pati serius. Sok sanajan eusi nu dipedar munel, ngaliwatan
diksi nu merenah, cocok larapna, ngajadikeun rubrik Balé Bandung gampang
dipaham ku pamaca. Tapi, diksi nu digunakeun mangrupa kekecapan nu cocok
pikeun pamaca nu ngabogaan tingkat umur jeung atawa tingkat pendidikan anu
nyukupan.
4.3 Analisis Téhnik Panulisan
4.3.1 Nulis Paragraf
Eséy-éséy dina rubrik Balé Bandung diwangun ku paragraf-paragraf nu
ngajanggélék jadi tulisan nu hadé. Jumlah paragrafna antara 6—12 paragraf. Di
handap dipidangkeun rincianana.
Tabel 4.12 Jumlah Paragraf
No. Jumlah
Paragraf Kode Éséy Jml. Perséntase
(1) (2) (3) (4) (5) 1 6 É2, É4, ÉÉ7, É14, É21, É23, É37. 7 14,7%
2 7 É6, É10, É11, É12, É13, É18, É25, É31, É38, É39, É40, É45, É46.
13 27%
3 8 É1, É5, É16, É19, É20, É22, É30, É32, É47.
9 18,7%
4 9 É3, É8, É9, É15, É24, É26, É28, É34, É36, É41, É42, É48.
12 25%
5 10 É17, É27, É29, É33, É35. 5 10,4% 6 11 É44. 1 2,1% 7 12 É43. 1 2,1%
Jml. 48 100%
Paragraf dina éséy rubrik Balé Bandung bisa diwincik jadi tilu bagian, nya
éta paragraf bubuka nu gunana pikeun nganteurkeun pamaca kana pasualan nu
dipedar, paragraf panghubung pikeun ngahubungkeun antara paragraf nu hiji
115
jeung nu séjénna sarta mangrupa eusi tina pasualan nu dipedar, katut paragraf
panutup pikeun mungkas hiji tulisan.
Sabada dianalisis, paragraf bubuka dina satiap éséy sacara umum jumlahna
ngan saparagraf, tapi aya nu diwangun ku dua paragraf nya éta dina É10, É12,
É13, É16, É17, É24, É26, É32, É41, jeung É48. Kitu deui dina paragraf panutup
umumna ngan saparagaf, tapi aya nu dua paragraf nya éta É3, É6, É21, jeung É32.
Sedeng dina É1 jumlah paragraf panutupna tilu paragraf. Lian ti kitu, dina
sababaraha éséy (É5, É9, É16, É18, É29, É31, É44, É45, jeung É46) hésé
ditangtukeun mana paragraf panutupna. Hal ieu dilantarankeun patali jeung
pangwangun paragraf panutup éta nu bisa dibagi jadi:
1) ringkesan tina ide-ide poko anu geus ditepikeun: É1, É33;
2) ébréhan harepan atawa pamadegan panulis ngeunaan hiji hal luyu jeung
naon nu ditulisna: É6, É14, É19, É22, É23, É24, É30, É34, É36, É40, É43;
3) panganteb hal-hal nu dianggap penting dina paragraf panghubung: É2, É3,
É4, É7, É8, É10, É11, É12, É13, É15, É17, É20, É21, É25, É26, É27, É28,
É32, É35, É37, É38, É39, É41, É42, É47, É48.
Dina sababaraha éséy aya nu ngandung sababaraha pasualan, misalna, dina
É5 dimana Karno Kartadibrata ngabahas pasualan dana jeung SDM. Paragraf
panutupna teu nyieun kacindekan atawa ringkesan tina paragraf panghubungna,
tapi dua hal anu béda. Kitu deui dina É9. Awalna Karno Kartadibrata
ngébréhkeun perkara rumah makan Sunda, tapi dina paragraf kagenep jeung
katujuh ngabahas pakéan jeung dina paragraf pamungkas ngabahas warisan
kageulisan karajaan Sunda. Kitu ogé dina É16, nu ngabahas opat hal nu béda nya
116
éta paméran, pasar malem, pésta seni, jeung gelar élmu, sarta dina É18. Dina É29,
paragraf panutupna masih katara “ngambang” sabab ngan saukur nyutat informasi
tina kalawarta wungkul, taya hal nu nohonan pasaratan paragaf panutup, boh
ringkesan, ébréhan harepan atawa pamadegan anjeunna, boh panganteb naon-naon
nu geus ditulis saméméhna. É31, paragraf panutupna masih mangrupa ébréhan
eusi tina subjudul “Regenerasi”. É44, paragraf panutupna teu ngaringkes,
ngébréhkeun pamadegan atawa harepan, tapi masih mangrupa bagian eusi tina
éséy, kitu deui É45 jeung É46. Jadi, hésé ditangtukeun paragraf panutupna.
Cara nulis paragraf rubrik Balé Bandung ngelok. Tapi, dina sababaraha
éséy cara nulis paragraf ieu aya nu kurang merenah nya éta dina:
1) É27, É34, É36, jeung É40 paragraf ditulis ngelok jeung dijarakan;
2) paragraf ka 7 É3, paragraf ka 7 É7, jeung paragraf ka 6 É8 ditulis ngelok
jeung dijarakan.
Panulisan spasi dina paragraf ogé aya nu salah, nya éta:
1) paragraf 7 É8 dijarakan saspasi tina paragraf saméméhna;
2) paragraf 2 É10 mangrupa sambungan tina paragraf kahiji;
3) antara subjudul jeung paragraf mimitina dijarakan, nya éta dina paragraf 4
É8, 4 É27, 6 É27, 4 É36, 7 É36, jeung 7 É40.
Nalika ngamimitian paragraf aya nu salah sabab ngagunakeun kecap atawa
frasa nu teu meunang aya dina awal paragraf. Di handap dipidangkeun rincianan:
Tabél 4.13 Kasalahan Ngamimitian Nulis Paragraf
No. Kecap Tempat Paragraf Jml. (1) (2) (3) (4)
1 Tapi 2 É1, 7 É5, 4 É10, 7 É17, 5 É20, 2 É23, 7 É27,
6 É33, 6 É34, 8 É34, 3 É40, 2 É43, 6 É43. 13
2 Jadi 6 É1, 7 É10, 5 É22, 4 É24, 7É32, 6 É35, 8 É35. 7
117
3 Ana kitu 6 É2, 6 É4, 4 É5, 3 É7, 6 É10, 9 É17, 6 É25, 8 É26,
8 É30, 2 É36, 9 É40, 2 É41, 6 É42, 10 É43, 6 É48. 15
4 Jelas 2 É7, 6 É8 2 5 Mémang 2 É8, 5 É8; 2 6 Nu matak 9 É8. 1 7 Antukna 2 É20. 1 8 Padahal 7 É26. 1 9 Lebah dieu 7 É30. 1 10 Tambahan deui 6 É37. 1 11 Satuluyna 6 É45. 1 Jml. 45
Patali jeung wangenan paragraf nya éta hiji beungkeutan ide anu panjang
jeung legana leuwih ti kalmiah sarta pamadegan Keraf (1980: 62) nu nyebutkeun
yén paragraf mangrupa kumpulan kalimah-kalimah nu raket patalina pikeun
ngawangun hiji ide, dina sababaraha paragraf nya éta:
1) paragraf ka 2 É1; ka 2, 3 É3; ka 6 É4; ka 7, 9 É15; ka 2, 8 É19, jeung
paragraf ka 2 É45 eusi paragrafna ngan sakalimah sarta parondok pisan
(2—3 baris);
2) paragraf ka 4 É5; ka 5 É6; ka 3, ka 6 É7; ka 8 É8; ka 6 É24; ka 7 É26; ka 8
É27; ka 4, ka 6 É33; ka 6, ka 7 É36; ka 8 É47; jeung paragraf ka 6 É48 sok
sanajan eusina paranjang tapi ngan sakalimah.
Patali jeung sarat-sarat ngawangun paragraf nu hadé nurutkeun Djago
(1995: 36), ditilik tina aspék eusi sacara umum paragraf-paragraf nu aya dina
rubrik Balé Bandung nu medal salila taun 2011 geus nohonan sawatara pasaratan,
di antarana museur kana hiji hal, eusi paragraf saluyu jeung eusi karangan, ayana
kohérénsi jeung unity, kalimah topik dimekarkeun kalawan jelas jeung sampurna,
ayana variasi dina nyusun paragraf, sarta ditulis dina basa nu digunakeun sacara
hadé jeung bener, dina hal ieu ngagunakeun basa Sunda. Lian ti kitu, paragraf-
paragraf nu ditulis ku Karno Kartadibrata gancang kacangkem jeung susunanana
118
hadé. Sok sanajan, dina sababaraha paragraf nya éta paragraf ka 5 É1, ka 2 É2
ngandung dua topik sarta paragraf ka 5 É28 kurang rélevan jeung paragraf séjénna
nu ngawangun hiji éséy.
Ditilik tina tempat kalimah utamana, karéréanana paragraf-paragraf nu aya
dina rubrik Balé Bandung ngagunakeun paragraf déduktif. Tapi, aya ogé nu
ngagunakeun paragraf induktif atawa déduktif-induktif, nya éta dina paragraf:
1) induktif: paragraf ka 7 É24, ka 5 É35, ka 5 É40, ka 5 É44, ka 4 É47;
2) déduktif-induktif: paragraf ka 5 É26, ka 1 É47.
4.3.2 Struktur Panulisan
Éséy diwangun ku tilu bagian. Kahiji, panganteur/bubuka nu biasana
diwangun ku paragraf nu ngawanohkeun topik nu baris dibahas. Dina bagian ieu
tempat ayana pernyataan tésis (thesis statement) salaku gagasan pangontrol éséy
sarta aya pernyataan-pernyataan umum nu ngawanohkeun kasang tukang
informasi ngeunaan topik. Kadua, eusi éséy nu ngembangkeun rupaning aspék
tina gagasan séntral nu disebut dina pernyataan tésis. Katilu, kasimpulan/konklusi
pikeun nyimpulkeun pamikiran nu dikembangkeun dina éséy.
Dina bagian panganteur, rubrik Balé Bandung karéréaanana lain hiji hal nu
“wah” atawa fundaméntal nepi ka ngawangun bubuka nu jadi hiji gebrakan
pikeun pamaca, misalna ku hal nu kontrovérsi, kajadian ahéng, fénoména nu teu
ilahar, atawa ajakan pikeun réfléksi. Hal ieu ditandaan ku kalimah munggaran nu
aya dina ieu bagian nu mangrupa kalimah pernyataan biasa, sok sanajan aya ogé
anu dimimitian ku pertanyaan, nya éta dina É5 jeung É14. Lian ti kitu, dina
119
nepikeun panganteurna Karno Kartadibrata remen nyutat pamadegan batur, boh
sacara langsung atawa teu langsung, misalna dina É1, É2, É4, É11, É16, É19,
É30, É31, jeung É32. Dina sababaraha éséy panganteur langsung patali
(nyambung) jeung judul nya éta dina É22 jeung É24. Anapon tempat kalimah
tésis, di handap dipidangkeun rincianana.
Tabel 4.14 Tempat Kalimah Tésis
No. Tempat Kalimah
Tésis Kode Éséy
Jml. Persén- tase
(1) (2) (3) (4) (5)
1 Awal paragraf É6, É9, É11, É14, É17, É18, É19, É20, É21, É24, É28, É29, É30, É31, É33, É34, É38, É39, É46.
19 39,6%
2 Tengah-tengah Paragraf
É2, É5, É8, É10, É12, É15, É22, É25, É26, É27, É40, É41, É42, É43, É44, É45, É48.
17 35,4%
3 Ahir Paragraf É1, É3, É4, É7, É13, É16, É23, É32, É35, É36, É37, É47.
12 25%
Jml. 48 100%
Éséy nu kalimah tésisna aya di awal paragraf, taya pernyataan umum
salaku panganteur, tapi langsung nojo kana poko pasualan. Lian ti kitu, éséy nu
ngabogaan paragraf bubukana leuwih ti saparagraf aya kalana tempat kalimah
tésisna dina paragraf kadua, nya éta dina É3, É9, É10, É12, É41, É44, jeung É48.
Patali jeung bagian eusi éséy, dina rubrik Balé Bandung eusi éséy nyoko
kana gagasan séntral tur bisa disebutkeun yén eusi éséy mangrupa pertélaan tina
kalimah tésis ngaliwatan kalimah-kalimah topik nu aya dina saban paragrafna.
Tiap-tiap paragraf nu ngawangun éséy ditulis sacara gembleng, saluyu, jeung
lengkep. Tiap-tiap paragraf museur kana kalimah topik jeung ngabogaan transisi
logikal nu ngamungkinkeun pamaca maham kana hubungan antar kalimah.
Anapon wincikan eusi éséy dipidangkeun di handap.
120
Tabel 4.15 Eusi Éséy
No. Wanda Panulisan Kode Éséy Jml. Perséntase (1) (2) (3) (4) (5)
1 Arguméntasi É2, É3, É5, É18, É21, É23, É26, É29, É30, É32, É33, É34, É36, É37, É38, É39, É40, É46.
18 37,5%
2 Conto É9. 1 2,1%
3 Éksposisi
É1, É4, É11, É12, É13, É14, É17, É20, É22, É24, É27, É28, É31, É35, É41, É42, É43, É44, É45, É47, É48.
21 43,7%
4 Klasifikasi É16. 1 2,1% 5 Perbandingan É6, É7, É8, É10, É15, É19, É25. 7 14,6%
Jml. 48 100%
Salian ti pamadegan sorangan, dina bagian eusi éséy, Karno Kartadibrata
ogé kadang kala nyutat pamadegan batur, misalna pamadegan para ahli dina hiji
disiplin élmu atawa pamadegan tokoh nasional, di antarana dina sababaraha
paragraf É4, É6, É18, É30, É32, É33, É37, É38, É39, jeung É40.
Dina panutup éséy, Karno Kartadibrata aya kalana nyebut ulang gagasan
pangontrol salaku tanda pikeun pamaca yén tulisan rék ditutup, terus dijieun
pernyataan umum sarta pernyataan final nu kuat, saperti dina É24.
Dina bagian konklusi, Karno Kartadibrata geus hasil mungkas tulisan
sacara hadé. Sok sanajan, dina sababaraha éséy nu ngabahas sababaraha pasualan,
konklusi masih “ngambang” atawa bisa disebutkeun euweuh konklusi sakumaha
disebutkeun dina bahasan paragraf panutup saméméhna.
Ditilik tina téhnik panulisan, sacara umum rubrik Balé Bandung
ngagunakeun paragraf-paragraf nu merenah. Sok sanajan, aya sawatara kasalahan
sarta struktur panulisan, nya éta panganteur/bubuka, eusi, jeung panutup/konklusi
geus ngawangun éséy anu hadé.
121
4.4 Analisis Rubrik Balé Bandung jeung Bahan Pangajaran Nulis Éséy
di Paguron Luhur
4.4.1 Rubrik Balé Bandung pikeun Bahan Pangajaran Nulis Éséy
Sabada dianalisis, rubrik Balé Bandung bisa dijadikeun bahan pangajaran
nulis éséy dina mata kuliah Menulis karya Populer di JPBD FPBS UPI lantaran.
1. Rubrik Balé Bandung nohonan sawatara karakteristik éséy salaku salasahiji
wanda karya populér nu diajarkeun dina mata kuliah Menulis Karya Populer;
2. Rubrik Balé Bandung luyu jeung kasang tukang budaya pamaca, dina hal ieu
luyu jeung kasang tukang budaya mahasiswa JPBD.
3. Ditilik tina aspék eusi:
a) topik nu ditulis mangrupa hal nu penting sarta patali jeung kahirupan
masarakat;
b) judul nu dipilih ku Karno Kartadibrata unik, kréatif, alus, tur saluyu jeung
eusi éséy;
c) dina mekarkeun eusi, Karno Kartadibrata mampuh nulis éséy nu nambahan
pangaweruh, ngalegaan wawasan, sarta ngajadikeun pamaca mikir kritis;
d) eusi rubrik Balé Bandung bisa dipertanggungjawabkeun dumasar kana
élmu jiwa/kamekaran psikologis mahasiswa;
e) eusi rubrik Balé Bandung valid jeung réliabel/bisa dipercaya.
4. Ditilik tina aspék kabasaan:
a) basa nu digunakeun mangrupa basa Sunda populér nu dipikaharti ku
masarakat sarta luyu jeung tingkat kamampuh mahasiswa. Lian ti kitu,
diksi dilarapkeun dina kalimah kacida payus tur merenah;
122
b) rubrik Balé Bandung ngalarapkeun palanggeran éjahan basa Sunda, sok
sanajan masih aya sawatara kasalahan.
5. Ditilik tina aspék téhnik panulisan:
a) sacara umum paragraf-paragraf nu aya dina éséy rubrik Balé Bandung
geus nohonan sawatara pasaratan paragraf nu hadé;
b) struktur panulisan rubrik Balé Bandung ti mimiti panganteur/bubuka, eusi,
sarta kasimpulan/konklusi geus ngawangun hiji éséy nu alus.
Rubrik Balé Bandung ogé nohonan kritéria milih bahan pangajaran, boh
nurutkeun Sujana (1982: 71) boh nurutkeun Hamalik (2007: 51), nya éta:
1) tujuan pangajaran. Eusi rubrik Balé Bandung luyu jeung tujuan mata kuliah
Menulis Karya Populer, nya éta sangkan mahasiswa mibanda pangaweruh,
kaparigelan, tur sikep nu positif patali jeung nulis karya populér (éséy);
2) urgénsi bahan. Eusi rubrik Balé Bandung téh mangrupa hal nu penting
dipikanyaho ku mahasiswa;
3) tuntutan kurikulum. Salaku bahan pangajaran, rubrik Balé Bandung luyu
jeung tuntutan kurikulum Menulis Karya Populer di JPBD FPBS UPI;
4) ajén gunana. Rubrik Balé Bandung mibanda mangpaat pikeun mahasiswa;
5) rubrik Balé Bandung mibanda ajén-inajén kahirupan nu linuhung pikeun
hirup kumbuh jeung papada manusa sarta masarakat sacara umum;
6) rubrik Balé Bandung luyu jeung pangabutuh saupama dilarapkeun salaku
bahan pangajaran nulis éséy.
123
4.4.2 Satuan Acara Perkuliahan Mata Kuliah Menulis Karya Populer
Rubrik Balé Bandung bisa digunakeun salaku bahan pangajaran nulis éséy
dina mata kuliah Menulis Karya Populer. Di handap dipidangkeun conto satuan
acara perkuliahan (SAP) pikeun pangajaran nulis éséy di Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah FPBS UPI.
SATUAN ACARA PERKULIAHAN (SAP)
1. Identitas Mata kuliah Nama Mata Kuliah : Menulis Karya Populer Kode Mata Kuliah : DR 428 Bobot SKS : 2 SKS Semester/Jenjang : IV/S1 Kelompok Mata Kuliah : MKK Jurusan/Program Studi : Pendidikan Bahasa Daerah Status Mata kuliah : - Prasyarat : - Dosen /Kode Dosen : - 2. Topik Bahasan : Menulis Esai 3.Tujuan Pembelajaran Umum : Mahasiswa Terampil dalam Menulis Esai 4. Jumlah Pertemuan : 2 (Dua) Pertemuan
Tabel 4.16
SAP Mata Kuliah Menulis Karya Populer
Perte-muan
Tujuan Pembelajaran
Khusus (Performansi/
Indikator)
Subpokok Bahasan dan
Rincian Materi
Proses Pembelajaran
(Kegiatan mahasiswa)
Tugas dan Pelatihan
Penilaian
Sumber dan Media
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) 1-2 1. Mahasiswa
dapat memahami dan menjelaskan konsep serta teknik menulis esai;
2. Mahasiswa mampu membuat esai.
1. Pengertian esai;
2. Ciri-ciri esai;
3. Jenis-jenis esai;
4. Struktur esai;
5. Langkah-langkah menulis esai.
Menyimak kuliah dari dosen, bertanya jawab, mengerjakan latihan, dan berdiskusi.
1. Membuat makalah mengenai esai secara berkelom-pok;
2. Bertanya jawab dalam diskusi;
3. Menulis esai.
1. Isi makalah;
2. Penyam-paian dalam presentasi kelompok;
3. Tulisan esai.
1.Berbagai buku mengenai esai;
2. Rubrik Balé Bandung;
3. LCD.
124