BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data...

16
Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi. BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan Nurutkeun Arikunto (2010:129) sumber data tina panalungtikan nya éta subjék anu ngahasilkeun éta data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta hasil diajar nulis résénsi novél ngagunakeun model Mind Mapping siswa kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI taun ajaran 2012/2013 anu jumlahna aya 26 siswa, ngawengku 19 urang awéwé jeung 7 urang lalaki dina pangajaran basa Sunda semester 2 taun ajaran 2012/2013. 3.2 Desain Panalungtikan Dina ieu prosés panalungtikan, kamampuh murid ngeunaan pangaweruh ngarésénsi novél diukur dua kali, nya éta saméméh jeung sabada siswa dibéré perlakuan ngagunakeun model Mind Mapping. Cara ngukur kamampuh siswa nu dilakukeun saméméh dibéré perlakuan disebut tés awal (pratés). Sedengkeun ngukur kamampuh siswa sanggeus dibéré perlakuan tés ahir (postés). Pola desain panalungtikan bisa dititénan dina tabél ieu di handap. Tabél 3.1 Desain Panalungtikan O1 X O2 (Arikunto, 2010:123) Katerangan: O1 = Pratés (hasil obsérvasi saméméh perlakuan). O2 = Postés (hasil obsérvasi sabada perlakuan). X = Perlakuan (ngajar nulis résénsi novél ngagunakeun modél Mind Mapping).

Transcript of BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data...

Page 1: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010:129) sumber data tina panalungtikan nya éta

subjék anu ngahasilkeun éta data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta

hasil diajar nulis résénsi novél ngagunakeun model Mind Mapping siswa kelas XI

IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI taun ajaran 2012/2013 anu jumlahna

aya 26 siswa, ngawengku 19 urang awéwé jeung 7 urang lalaki dina pangajaran

basa Sunda semester 2 taun ajaran 2012/2013.

3.2 Desain Panalungtikan

Dina ieu prosés panalungtikan, kamampuh murid ngeunaan pangaweruh

ngarésénsi novél diukur dua kali, nya éta saméméh jeung sabada siswa dibéré

perlakuan ngagunakeun model Mind Mapping. Cara ngukur kamampuh siswa nu

dilakukeun saméméh dibéré perlakuan disebut tés awal (pratés). Sedengkeun

ngukur kamampuh siswa sanggeus dibéré perlakuan tés ahir (postés). Pola desain

panalungtikan bisa dititénan dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.1

Desain Panalungtikan

O1 X O2

(Arikunto, 2010:123)

Katerangan:

O1 = Pratés (hasil obsérvasi saméméh perlakuan).

O2 = Postés (hasil obsérvasi sabada perlakuan).

X = Perlakuan (ngajar nulis résénsi novél ngagunakeun modél Mind Mapping).

Page 2: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

27

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

3.3 Metode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi

ékspérimén. Métode kuasi ékspérimén nya éta métode anu nyokot sabagian

variable, tujuanana pikeun meunangkeun informasi kalawan maké métode

ékspérimén (Suyatna, 2002:17) kalawan desain pratés jeung postés.

Jadi, tujuan dipakéna métode kuasi ékspérimén dina ieu panalungtikan nya

éta pikeun ngukur atawa nguji kamampuh siswa dina pangajaran nulis résénsi

novel.

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional

3.4.1 Variabel Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010:161) variabel nya éta objék panalungtikan atawa

naon-naon anu jadi puseur perhatian dina hiji panalungtikan. Aya dua variabel

dina panalungtikan nya éta variabel bébas (independent variabel) jeung variabel

kauger (dependent variabel).

Dumasar kana babagian variabel anu ditétélakeun di lihur, Modél Mind

Mapping dina ieu panalungtikan kaasup kana variabel bébas (variabel X), sabab

mangrupa variabel anu mangaruhan kana variabel séjén (variabel Y). Sedengkeun

nulis résénsi novél dina ieu panalungtikan kaasup kana variabel kauger (variabel

Y), sabab mangrupa variabel anu dipangaruhan ku variabel séjén atawa variabel

bébas (variabel X).

3.4.2 Wangenan Operasional

Sangkan henteu nimbulkeun rupa-rupa tapsiran, leuwih ti heula baris

dijéntrékeun sacara operasional variable-variabel dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) Modél Mind Mapping

Modél Mind Mapping nya éta hiji téhnik nyatet anu didasarkeun ku tiori-tori

gawé uteuk katuhu jeung uteuk kénca dina pamahaman, ngatur, ngaorganisir,

jeung nyimpen informasi. Modél ieu ogé mibanda tujuan pikeun

ngamaksimalkeun poténsi pikiran manusa kalawan ngagunakeun uteuk katuhu

jeung uteuk kéncana sacara stimulan. Dina model Mind Mapping ngagunakeun

Page 3: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

28

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

kelir jeung gambar, anu dipiharep bisa ngirut siswa dina pangajaran nulis hususna

nulis résénsi novél.

2) Résénsi Novél

Nulis résénsi nya éta kagiatan meunangkeun kaparigelan nulis dumasar kana

hasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi

novél, siswa dituntut sangkan bisa nepikeun gagasan, pikiran, sarta ajén kana

novél nu geus dibaca.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta lembar soal tés

atawa tés tulis. Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés préstasi anu

tujuanana pikeun ngukur kamampuh hiji jalma sabada diajar hiji hal. Pikeun

ngukur kamampuh siswa dina nulis résénsi novél ngagunakeun modél Mind

Mapping digunakeun dua kali tést nya éta pratés jeung postés. Pratés digunakeun

pikeun mikanyaho kamampuh siswa dina nulis résénsi novél saméméh meunang

’perlakuan’ (treatment). Postés digunakeun pikeun mikanyaho kamampuh siswa

dina nulis résénsi novél sabada ngagunakeun modél Mind Mapping. Format tésna

saperti ieu di handap.

PETUNJUK

1. Kerjakeun soal ieu di handap kalawan gemet!

2. Jawaban ditulis dina kertas nu geus disadiakeun.

3. Aspék-aspék nu dinilai:

a. Kelengkepan sakabéh kriteria;

b. Tehik panulisan

c. Gaya: pilihan struktur jeung kosa kata

d. Pamakéan éjahan.

SOAL

Tulis résénsi novél nu geus hidep baca kalayan nyantumkeun hal-hal ieu di

handap:

Identitas novél.

Pembahasan eusi novél.

Penilaian kana novél nu geus dibaca.

Méré saran jeung koméntar kana novél nu geus dibaca.

Page 4: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

29

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Tés nya

éta saruntuyan patalékan atawa latihan anu digunakeun pikeun ngukur

kaparigelan, pangaweruh, kamampuh atawa bakat nu dipibanda ku sorangan

(individu) atawa kelompok (Arikunto, 2001:139).

Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta pratés jeung postés anu

dibikeun ka siswa nu jadi sumber data panalungtikan.

Léngkah-léngkah dina téhnik ngumpulkeun data ngawengku sababaraha

tahapan ieu di handap.

1) Siswa ngerjakeun pancén anu mangrupa pratés nulis résénsi novél pikeun

mikanyaho pangaweruh awal siswa kana nulis résénsi novél.

2) Sanggeus mikanyaho pangaweruh siswa kana nulis résénsi novél ngaliwatan

pratés anu geus dilaksanakeun, panalungtik nangtukeun pakakas-pakakas anu

digunakeun pikeun nerapkeun model Mind Mapping. Saperti nyiapkeun

matéri pangajaran jeung modél Mind Mapping.

3) Ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun model Mind Mapping

kana matéri nulis résénsi novél.

4) Sanggeus ngalaksanakeun pangajaran ngagunakeun model Mind Mapping

saterusna dilaksanakeun postés pikeun mikanyaho kamampuh siswa sanggeus

dibéré perlakuan naha ngaronjat atawa henteu.

3.7 Téhnik Nganalisis Data

Data anu geus dikumpulkeun diolah pikeun néangan jawaban-jawaban anu

jadi masalah dina ieu panalungtikan. Data anu utama dina ieu panalungtikan nya

éta data hasil pratés jeung postés siswa.

Data tina hasil panalungtikan anu diolah ditujukeun pikeun mikanyaho

masalah-masalah ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nulis résénsi novél siswa kelas XI IPS 2 SMA

Laboratorium (Percontohan) UPI taun ajaran 2012/2013 saméméh

ngangunakeun modél Mind Mapping?

Page 5: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

30

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

2) Kumaha kamampuh nulis résénsi novél siswa kelas XI IPS 2 SMA

Laboratorium (Percontohan) UPI taun ajaran 2012/2013 sabada

ngangunakeun modél Mind Mapping?

3) Naha aya béda anu signifikan kamampuh nulis résénsi novél siswa kelas XI

IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI taun ajaran 2012/2013

saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Mind Mapping?

Pikeun maluruh masalah-masalah di luhur, aya sababaraha léngkah ngolah

data dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) Mariksa hasil pratés jeung postés.

2) Meunteun hasil tés siswa dina nulis résénsi novél ngagunakeun pedoman anu

geus ditangtukeun saperti dina tabél 3.2.

Tabél 3.2

Format Peunteun Nulis Résénsi Novél Siswa

No A B C D E F G P Katégori

Katerangan:

No : Nomer urut siswa

A : Idéntitas Novél

B : Pembahasan Umum

C : Penilaian Novél

D : Saran jeung Komentar

E : Téhnik Panulisan

F : Gaya: pilihan struktur jeung kosa kata

G : Éjahan

P : Peunteun

Page 6: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

31

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

Katégori:

Peunteun ≥ 60 siswa dianggap mampuh nulis résénsi novél kalawan bener.

Peunteun ≤ 60 siswa dianggap can mampuh nulis résénsi novél kalawan bener.

Dina kriteria meunteun, panalungtikan ieu ngagunakeun pedoman penilaian

nulis numutkeun Nurgiyantoro (2004:307)

Tabél 3.3

Kritéria Meunteun Nulis Résénsi Novél

No. Aspék nu dipeunteun Bobot Skor

1. Idéntitas Novél 15

2. Pembahasan Umum 20

3. Penilaian Novél 25

4. Saran jeung Koméntar 15

5. Téhnik Panulisan 5

6. Gaya: pilihan struktur jeung kosa kata 15

7. Éjahan 5

Jumlah 100

Katerangan aspék nu diajén sarta skorna:

1) Eusi tulisan

a) Idéntitas novél

Skala Peunteun Kriteria Peunteun

11-15

6-10

1-5

Identitas buku fiksi memuat ketepatan yang ditentukan,

yaitu judul, pengarang, penerbit, tempat terbit, tahun

terbit, tebal/jumlah halaman, dan harga buku (identitas

buku dicantumkan lengkap).

Identitas buku memuat tiga sampai lima unsur yang

ditetapkan, sehingga kurang begitu lengkap.

Tidak memuat identitas buku atau identitas buku hanya

memuat kurang dari dua unsur yang ditetapkan.

Page 7: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

32

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

b) Pembahasan Umum

Skala Peunteun Kriteria Peunteun

16-20

8-15

1-7

Pembahasan buku fiksi (sinopsis cerita, tema, berapa sub

judul dalam novel) dikembangkan maksimal, sehingga isi

pembahasan terasa lengkap.

Pembahasan umum buku fiksi ada, tetapi kurang

dikembangkan secara maksimal.

Tidak memuat pembahasan umum buku fiksi,

pembahasan umum buku fiksi terasa dangkal.

c) Penilaian Novél

Skala Peunteun Kriteria Peunteun

21-25

11-20

1-10

Terdapat penilaian terhadap unsur intrinsik dan

ekstrinsik, keunggulan, dan kelemahan (bahasa,

penulisan, cover, cetakan, atau tema) buku fiksi dilakukan

secara menyeluruh.

Penilaian terhadap unsur-unsur intrinsik dan ekstrinsik

hanya sebagian, tetapi memiliki kedalaman dalam

penilaian.

Tidak memuat penilaian, penilaian buku fiksi hanya

sebagian dan tidak memiliki kedalaman dalam penilaian.

d) Saran jeung Koméntar

Skala Peunteun Kriteria Peunteun

11-15

6-10

Saran atau komentar yang diberikan mencerminkan

pemahaman buku, ditujukan cocok dibaca untuk siapa,

dan mengungkapkan kegunaan buku.

Saran atau komentar yang diberikan hanya sebagian, dan

kurang meyakinkan.

Page 8: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

33

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

1-5

Tidak memuat saran atau komentar, saran atau komentar

yang diberikan tidak mengungkapkan kegunaan buku.

e) Téhnik Panulisan

Skala Peunteun Kriteria Peunteun

5

3-4

1-2

Tulisan ditata dengan baik, ada bagian judul resensi,

identitas buku, pembahasan buku, penilaian buku, saran

dan komentar.

Tulisan sudah ditata dengan baik, walaupun ada bagian

yangs edikit kurang lengkap.

Tulisan tidak ditata dengan baik, urutan isi kacau,

kekurangan dalam penataan tulisan seimbang, dengan

hal-hal yang sudah baik.

f) Gaya: pilihan struktur jeung kosa kata

Skala Peunteun Kriteria Peunteun

13-15

9-12

5-8

1-4

Struktur bahasa yang digunakan tidak satu pun yang

salah dan penggunaan kata-kata dan istilah tepat dan

bervariasi..

Terdapat sedikit kesalahan struktur bahasa, tetapi

mungkin karena kekeliruan penulisan dan penggunaan

kata dan istilah tepat hanya tidak bervariasi.

Masih terdapat kesalahan struktur bahasa, tetapi secara

umum masih dapat dianggap baik dan beberapa

penggunaan kataatau istilah yang kurang tepat, tetapi

tidak menggangu pemahaman.

Terdapat banyak kesalahan struktur bahasa, baik karena

pengaruh bahasa ibu, bahasa dialek, dan bahasa

pergaulandan terasa bahwa penulis memiliki kosakata

yang minim.

Page 9: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

34

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

g) Éjahan

Skala Peunteun Kriteria Peunteun

5

4

3

1-2

Tidak terdapat satu pun kesalahan ejaan (tanda baca,

dan penulisan kata).

Terdapat sejumlah kecil ejaan, tetapi tidak mengganggu

pemahaman.

Terdapat kesalahan dalam jumlah kecil, sehingga

mengganggu pemahaman.

Banyak terdapat kesalahan ejaan yang mencerminkan

ketidaktahuan maupun ketidakperdulian siswa.

3.7.1 Uji Sipat Data

Pikeun nguji sipat data dilakukeun ku cara uji normalitas jeung uji

homogénitas.

1) Uji Normalitas

Uji normalitas nya éta uji sipat data anu miboga tujuan pikeun

ngayakinkeun yén kamampuh siswa téh miboga distribusi anu normal. Pikeun

nangtukeun yén éta data miboga sipat normal atawa henteu bisa ngagunakeun

rumus chi kuadrat (X2).

Dina ieu panalungtikan, uji normalitas ngaliwatan sababaraha léngkah, nya

éta:

1) Nangtukeun nilai panggedéna jeung pangleutikna.

2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu dihandap:

3) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:

4) Nangtukeun panjang kelas interval

r = peunteun pangluhurna-peunteun panghandapna

k = 1 + 3,3 log n

Page 10: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

35

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

5) Nyieun tabél frekuensi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun

tabél ieu di handap:

Tabél 3.4

Format Frékuensi Peunteun Pratés jeung Postés

No Kelas Interval fixi 2

1

2

6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun pratés jeung postés kalayan ngagunakeun

rumus ieu di handap:

Katerangan:

= rata-rata (mean)

∑ = jumlah

Fi = jumlah data

Xi = nilai tengah

(Sudjana, 2005:70)

7) Ngitung standar deviasi, carana nya éta

8) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi. Carana nya éta:

a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi.

Page 11: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

36

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

Tabél 3.5

Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés

Interval Oi BK

Handap

BK

Luhur Z1 Z2 L Ei X

2

b) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi)

c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

d) Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas)

e) Nangtukeun Ztabel

f) Ngitung lega kelas interval (L)

g) Ngitung frékuénsi ékspéktasi, ku cara:

h) Nangtukeun nilai X2

(chi kuadrat)

L = Ztabél1 – Ztabél2

Ei = n x L

Page 12: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

37

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

(Sudjana, 2005:273)

i) Nangtukeun darajat kabébasan (dk)

(Sudjana,2005:293)

j) Nangtukeun harga X2

tabél

k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap:

(a) Lamun X²itung < X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina

normal.

(b) Lamun X²itung > X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina teu

normal.

Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas, sarta data nu dihasilkeunana

normal, hal anu kudu dilakukeun satuluyna nya éta uji homogénitas varian nu

fungsina pikeun nangtukeun uji paramétrik nu luyu.

2) Uji Homogénitas

Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu tujuanana pikeun mikanyaho

homogén henteuna sampel tina populasi anu sarua.

Léngkah-léngkah pikeun nangtukeun homogénitas nya éta:

1) Ngitung variasi masing-masing kelompok

Variansi tés awal

Variansi tés ahir

dk = k - 3

S1 =

S2 =

Page 13: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

38

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

(Sudjana, 2005:95)

2) Ngitung harga variasi (F)

3) Ngitung derajat kabébasan (dk)

4) Nangtukeun harga

5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap.

Saupama Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén.

Saupama Fitung > Ftabél hartina variasi sampel teu homogén.

(Sudjana, 2005:250)

3.7.2 Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan

antara hasil pratés jeung postés. Hasil tina uji gain, bisa meunangkeun gambaran

ngeunaan pangaruh digunakeunana modél Mind Mapping dina nulis résénsi novél

siswa kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI taun ajaran

2012/2013.

Léngkah-léngkah dina uji gain nya éta ngagunakeun tabél ieu di handap.

Tabél 3.6

Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Nulis Résénsi Novél

No Peunteun Pratés Peunteun Postés d d2

1.

2.

dk = n - 1

Page 14: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

39

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

3.7.3 Uji Hipotésis

Dina uji hipotésis aya dua cara. Kahiji, saupama data hasil uji normalitas

nuduhkeun yén éta data miboga distribusi data anu normal, dina nguji éta data

hipotésisna ngagunakeun statistik paramétris kalawan ngagunakeun uji t-tés.

Kadua, saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga

distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun

statistik nonparamétris kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.

1) Statistik Paramétris

Statistik paramétris digunakeun nalika data miboga distribusi anu normal.

Léngkah-léngkah dina statistik paramétris nya éta saperti ieu di handap.

a) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peuteun

tés ahir. Rumusna nya éta:

b) Ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna nya éta:

c) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta:

d) Ngitung t, rumusna nya éta:

Katerangan:

t = tés signifikansi

dk= n-1

Page 15: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

40

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir

∑x d = jumlah kuadrat déviasi

n = jumlah subyék dina sampel

e) Ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu dihandap.

Lamun > hartina hipotésis ditarima, yén modél Mind

Mapping éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh nulis résénsi novél

siswa kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI taun ajaran

2012/2013.

Lamun < hartina hipotésis ditolak, yén modél Mind

Mapping teu éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh nulis résénsi novél

siswa kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI taun ajaran

2012/2013.

2) Statistik Non-Parametris

Statistik Non-Paramétris digunakeun saupama data hasil uji normalitas téh

nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data

kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.

Numutkeun Sudjana (2005:450) léngkah-léngkah uji Wilcoxon, diantarana

nya éta:

a) asupkeun peunteun pretés siswa kana kolom ka-2 (XA1);

b) asupkeun peunteun postés siswa kana kolom ka-3 (XB1);

c) itung bédana antara pretés jeung postés ku cara XB1-XB1 tuluy asupkeun

hasilna kana kolom ka-4;

d) nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti

nilai béda anu pangleutikna nepi anu panggedéna;

e) sanggeus diurutkeun (misalna aya nilai nu sarua), pikeun nangtukeun

jenjangna, éta nilai téh dijumlahkeun tuluy dibagi dua. Nilai tina hasil ngabagi

téh mangrupa hasil jenjangna;

f) sanggeus diurutkeun, asupkeun nilai jenjang JB kana kolom ka-5;

Page 16: BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data …repository.upi.edu/2775/6/S_BD_0900076_Chapter3.pdfhasil maca novél, drama atawa buku nonfiksi. Dina pangajaran nulis résénsi novél,

41

Ginanjar Pamungkas, 2013 Modél Mind Mapping Dina Pangajaran Nulis Résénsi Novél (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium (Percontohan) UPI Taun Ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.

g) ngasupkeun nilai jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya nilai béda

anu négatif asupkeun kana kolom ka-7;

h) tingali kana tabél harga-harga kritis uji Wilcoxon, misal jumlah n = 23 kalawan

ngagunakeun taraf kasalahan 5% Wtabél = 73;

i) data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji Wilcoxon ieu dihandap.

Tabél 3.7

Tabél Uji Wilcoxon

No XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang

XA1-XB1 Jenjang + -

Katerangan:

XA1 : Peunteun pratés

XB1 : Peunteun postés

a) ditarima henteuna hipotésis dina uji Wilcoxon ngagunakeun kriteria ieu

dihandap.

Saupama Witung(-) < Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha

ditarima, yén modél Mind Mapping éféktif pikeun ngaronjatkeun

kamampuh nulis résénsi novél siswa kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium

(Percontohan) UPI taun ajaran 2012/2013.

Saupama Witung(-) >Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha

ditolak, yén modél Mind Mapping henteu éféktif pikeun ngaronjatkeun

kamampuh nulis résénsi novél siswa kelas XI IPS 2 SMA Laboratorium

(Percontohan) UPI taun ajaran 2012/2013.