ACARA SUNGKEM

4
ACARA SUNGKEM TATA CARA Posisi diatur ku tura. Ka Ibu Rama Pangenten supados calik dina korsih anu parantos di sayogikeun. Oge pangenten panganten supados calik dipayuneun Ibu Rama masing-masing. 1.Asep ……….. euis ………… anaking coba perhatikeun ku anjeun hideup bari teuteup saha dihareupeun hideup the? Aya dua jodo hamba Allah anu jadi cukang lantaran Ayahideup di dunya ieu. 2.Anaking Asep….. jeung euis ….. kiwari hideup rek incah, mimiti rek rumah tangga tanda tas ningcak sawawa, leupas tina asuha sepuh. Najan geus bisa mandiri pepejeuh anaking ….. ulah rek poho kana wiwitan. Da mungguhing sareatna mun teu aya Ibu Rama hamo moal lahir-lahir acan ka alam dunya. Bismilahiramanirrahim. Anaking….. Ayena sasat hideup rek lunta-lanta ngambah alam rumah tangga…. Tong indit anaking ……. Tong indit bari teu amit….. Ngaleos kawas nu pundung….. Munjung heula ka indung anu ngandung…. Ka Bapak anu ngayuga? Sangkan mulus rahayu Salamet dunya akheratna…. Prak ayena pisan gera munjungan ngawitan ka IBu masing- masing. Mamah ieu abdi putra mamah….. Abdi neda pangapunten ka mamah…. Rumaos leber tur lokot ku dosa…. Mamah…. Belasan taun ka tukang Abdi dikandung di asuh di dama-dama Dituyun diajar lempang Teweleh mamah jeung bapak maksakeun

Transcript of ACARA SUNGKEM

Page 1: ACARA SUNGKEM

ACARA SUNGKEMTATA CARA

Posisi diatur ku tura.Ka Ibu Rama Pangenten supados calik dina korsih anu parantos di sayogikeun.Oge pangenten panganten supados calik dipayuneun Ibu Rama masing-masing.

1. Asep ……….. euis ………… anaking coba perhatikeun ku anjeun hideup bari teuteup saha dihareupeun hideup the? Aya dua jodo hamba Allah anu jadi cukang lantaran Ayahideup di dunya ieu.

2. Anaking Asep….. jeung euis ….. kiwari hideup rek incah, mimiti rek rumah tangga tanda tas ningcak sawawa, leupas tina asuha sepuh. Najan geus bisa mandiri pepejeuh anaking ….. ulah rek poho kana wiwitan. Da mungguhing sareatna mun teu aya Ibu Rama hamo moal lahir-lahir acan ka alam dunya.

Bismilahiramanirrahim.Anaking…..Ayena sasat hideup rek lunta-lanta ngambah alam rumah tangga….Tong indit anaking ……. Tong indit bari teu amit…..Ngaleos kawas nu pundung…..Munjung heula ka indung anu ngandung….Ka Bapak anu ngayuga? Sangkan mulus rahayuSalamet dunya akheratna….

Prak ayena pisan gera munjungan ngawitan ka IBu masing-masing.

Mamah ieu abdi putra mamah…..Abdi neda pangapunten ka mamah….Rumaos leber tur lokot ku dosa….

Mamah….Belasan taun ka tukangAbdi dikandung di asuh di dama-dama Dituyun diajar lempangTeweleh mamah jeung bapak maksakeun Nyumponan sagala kahayangTeweleh abdi ngabingungkeun ka mamahHapunten abdi ka mamah teu acan tiasa bakti

Mamah….Neda pidu’a anu di tedaAbdi seja diajak macakal Ngambah sagara rumah tanggaPamugi sapapaosna abdi aya dina Ridho Allah SWT.

Page 2: ACARA SUNGKEM

SUARA IBU

Dedeh teuing anaking …… anak mamah.Asep geulis buah hate kembang soca…Kutan eta anu jadi pikiranBoro-boro boga sang ka’an pedah kahayang te kacumponan.

Anaking ….. ieu mamah bageur…..Anu nuyun ti lelembut anu mayang ti bubudak Asa kamari hidep di kandung, te karasa ayena hideup geus sawawaKasep…. Geulis, mamah jeung apa ngarasa bagja…Hideup geus wakca balaka rek ngambah sagara rumah tangga Bral anaking rega lumampah diniatan ku Lahaula Wala Kuata

Pepejeuh anaking sing sabar bari tawakalUlah tamelar jeung joledar sing apik kana milik saeutik Sing ingeut mangsa isukan rek nuju ka pangbalikanAnaking …. Gelis kasep….Pangampura jeung do’a ti mamah ku hideup te kudu dipentaDihampura pisan anaking asep geulis lahir tumeuting batin Malah mamah sabalikna, kumasa tetiasa nyumponan kahayang hideup sakeu buktinaIwal do’a mamah anu bakal nyareungan salalawasna

PRAK GERA NGALIH KA PANGKONAN BAPA

Bapa ieu abdi putra bapa hampura bapa romaos leber tur lokot ku dosaBapa teu aya sanes pidu’a anu diteda tisaliraPamugi aya dina Ridho Allah bagja sapapaosna

SORA BAPA

Deudeuh teuing anaking anak bapa buah ati kembang sukma sesempalan raga jeung nyawaAnaking bapa oge nyakitu dei bageurPanghampura jeung do teu kudu dipenta kuhideup bageurDihampura pisan lahir tumeting batingMalah mah sabalikna anaking bapa kudu dihampura ku hideup….Rumaos te bisa jiga batur , teu bisa mahanan hideup kuharta baranaLain teu hayang ngan ka ayaan jeung kamampuanWayahna sing sabar bageur Jug gera lumaku bral gera lumampahDo’a bapa anu bakal nyareungan hideup salawasna

PEK NGALIH KA MERTUA MAMAH

Mamah ieu abdi tas janten putera mamah ku takdir nu maha suci Abdi diamprokeung kedah hirup babareungan sareng putra mamah Mamah ieu abdi sareng putra neda hapunten tina kakirangan sareng kalepatan Mugia abdi aya dina Ridhona Allah.

Page 3: ACARA SUNGKEM

IBU MERTUA

Anaking duh bagja teuing hideup te kudu hariwang Jeung honcawang dihampura pisan Anaking lahir batin Jeung bral anaking gera lumampah, mugia rumah tangga hideup sing barokah

PANGANTEN NGALIH KA BAPA MERTUA

Bapa ieu abdi ayena tos janten putra bapa Kalayan kadar nu maha kawasa Abdi resmi jatuk rami sareng putra bapaAyena hapunten ….. abdi tina sakur dosa sareung bapaOge pidu’a anu di teda kalayan rumah tangga nu bahagia

Sora bapa mertua

Anaking….Asep euis duh bagja teuing Buah ati kembang sukma Bapa ge nyakitu deiPangampura jeung do’a bapa ku hideup te kudu dipenta, dihampura pisan.Doa bapa ege suaka bakal nyareungan hidep salawasna

Amin Amin Ya Robal Alamin