Post on 31-Jul-2015
1
PANGJAJAP
Bismillahirrohmanirrahim ..
sujud sukur ka gusti nu maha suci, sembah bakti ka ibu, mas fitri, lanceuk, rayi, sareng kulawargi sadayana nu ngarojong. Hatur nuhun anu kasuhun kanggo rerencarangan nu ngadeudeul kanu ieu novel.
Alhamdulillah, novel anu judulna “KATINEUNG KANU JADI BAPA”, novel nu eusina nyaritakeun salah sahiji wanoja anu hirupna pinuh ku perjuangan, ngalewatan bulan romadon, aya nu datang jeung aya nu mangkat. Tapi manehna teger nalika di tinggalkeun ku bapa na, di tinggalkeun lain keur sabulan dua bulan, tapi salilana. Tapi teu ngajadikeun Rina putus harepan pikeun nyumponan sagala cita-citana.
Mugia ieu novel aya mangpaatna kanggo simkuring, sareng anu maos ieu novel.
Hatur nuhun.
Katineung kanu jadi Bapa
( 11 syawal 1431 H )
Mimin Yuniar
2
1
Isuk kenéh panon poé nu karék bijil Rina gura
giru indit ka sakola, manéhna muru ka sakola isuk
kénéh sieun kabeurangan, pangpang na mah jarak ka
sakolaan na jauh ti imahna. Unggal poé manéhna mah
ngan ukur leumpang ngajugjug petempatan nu di paké
nyiar élmu. Rina ayeuna tèh keur diuk di bangku kelas
tilu SMA sakeudeung deui nyanghareupan ujian nu di
sebatna tèh Ujian Ahir Nasional.
Peuting-peuting keur manèhna ngerjakeun
tugas sakola na, di tanya ku indung jeung bapa na.
“néng kumaha sakola na lancar ?”, ceuk ibu na. Neng
Rina nu masih kénéh ngagutret nulis manéhna
ngajawab, “lancar bu, apan sakeudap deui gé baris
mayunan ujian ahir nasional”. Terus ibu na ngajawab
deui “ alhamdulillah sukur atuh néng ari kitu mah,
mugia di paparin kaséhatan, di mudahkeun tina sagala
rupina”. Bapa na teras nanya, nimbrung kana obrolan
indung jeung anak na, “ néng téh badé di teraskeun
3
kuliah atawa badé damel waé ? da bapa mah jujur waé
teu tiasa ari kedah nguliahkeun, terang meureun bapa
sapopoé na mung ukur gawé kuli macul di sawah, ari
kahayang mah aya, hayang pisan nguliahkeun budak
téh tapi da kumaha”. Rina nu masih kénéh ngerjakeun
tugas na eureun, nunda pulpén nu tadi dipaké
ngagutret waé, terus ngajawab omongan bapa na,
“wios pa, néng mah terang kaayaan bapa sareng ibu,
di sakolakeun dugi SMA ge tos sukur pisan tos
bungah, bangga ka usaha bapa sareng ibu sangkan
nyakolakeun nepi ayeuna ku ladang leuleutakan,
kukucuprakan di sawah, nya bari papanasan éréng-
éréngan jeung girimis nu kacida tirisna”.
***
Poé salasa jam kadua wali kelas tilu IPA hiji
ngumumkeun ka barudak kelas ngeunaan inpo
béasiswa kuliah ka perguruan tinggi negri, éta
beasiswa téh ngarana béasiswa bidik misi nyaéta
béasiswa nu di ayakeun ku pamaréntah keur
masyarakat nu kurang mampuh jeung boga poténsi nu
hadé dina di ajar. Neng Rina hayang ngiluan tapi sieun
4
ke aya hambatan-hambatanna boh dina biaya jeung nu
séjénna, pikirna najan béasiswa gé pasti aya waé nu
kudu ngaluarkeun biaya. Harita kénéh barudak kelas
ngadaptarkeun diri séwang-séwangan pikeun bisa
neruskeun sakola di universitas nu di tuju. Tapi Rina
mah teu ngiluan, “rin, naha teu ngilu daptar ? kan
lumayan, sugan wéh eta jalan urang keur neruskeun
sakola nu luhur, iraha deui éta kasempetan urang.”
Ceuk Eci batur sabangku Rina ti kelas hiji nepi
ayeuna. “bingung ci, saliwat mah hayang pisan
ngiluan daptar tapi kuring sieun aya halangan-
halanganna, boh tina pasualan biaya atawa naon, da
kuring teu nyaho ke kahareup teh bakal kumaha.”
Témbal Rina bari muka-muka buku novelna nu unggal
poé di kekeweuk.
***
5
2
Barang balik sakola Rina langsung asup ka
kamar, nepi ka peuting manéhna masih mikiran éta
béasiswa nu di béwarakeun ku wali kelasna basa di
sakola. Tapi manéhna can kungsi nyarita ka kolotna
masalah éta beasiswa. Teu lila ibu Rina
nyampeurkeun ka kamarna, kasampak Rina keur
ngalamun di juru kamar, “keur naon néng, teu di ajar ?
ngalamun wéh enggal geura kulem, tos wengi ieu
teh”. Ceuk ibu na bari diuk di sisi ranjang. “acan
tunuh bu”, tembal Rina bari imut. Rina bingung
hayang pisan nyarita ka ibu na, tapi ahirna manéhna
nyarita oge. “bu aya nu badé di dugikeun ka ibu, tapi
tong wawartos heula ka bapa nya, néng téh tadi di
sakola bapa wali kelas ngabéwarakeun masalah
béasiswa kanggo siswa nu kurang mampu saréng
pinter, néng hoyong ngiringan, tapi kumaha da sieun
aya halang harungan nu bisa nyusahkeun ibu sareng
bapa.” Ibu na langsung némbalan “nya wios, ari néng
6
hoyong pisan ngiringan, daptar mah daptar wéh sugan
tiasa katampi, komo ieu béasiswa, iraha deui
kasempetan keur urang masalah halangan atawa naon
keun wéh urang jalankeun baé.” . alhamdulillah
omongan ibu na saeutik nenangkeun haté Rina nu
bingung, manéhna ngahatur nuhunkeun ka ibu na
jeung rék ngiluan daptar béasiswa éta.
Sanggeus pelajaran kahiji Rina nepungan wali
kelas na di kantor ruang guru, manéhna langsung
ménta persyaratan-persyaratan pikeun ngadaptarkeun
béasiswa éta. Persyaratanna nyaéta poto kopian rapot
ti kelas hiji nepi kelas tilu, surat katerangan teu
mampu ti desa, kartu kulawarga, data penghasilan
orang tua perbulanna, jeung rekening listrik. Terus
Rina langsung ka desa nyieun surat katerangan teu
mampu di anteur ku Eci babaturanna. Nepi ti désa
manehna nyieun surat di jieun keun ku jurus tulis,
sanggeus rengsé malah di penta duit padahal mah
nyieun surat nu kitu mah haratis tapi pangurus desa
didinya mah hayangna di bayar wae boh ka
masyarakat boh ka budak sakola. Sarat-sarat pikeun
7
daptar béasiswa geus ka kumpul, tinggal nungguan
pangumuman nu katarima jeung henteu na.
***
Poé senén mimiti UAN (Ujian Ahir Nasional),
kaayaan sakola meuni jempling tiiseun da barudak na
keur karonsen kanu ujian nu keur dilaksanakeun.
Ujian di laksanakeun opat poe, alhamdulillah Rina
bisa ngalaksanakeun ujian tanpa aya halang harungan.
Ayeunna mah tinggal nungguan hasil kalulusan jeung
pangumuman beasiswa. Geus sabulan ngaléwatan
waktu ujian jeung bebas sakola ahirna pengumuman
kalulusan di umumkeun oge Rina lulus kitu oge jeung
babaturan sakolana, tapi aya oge nu teu lulus mung
sababaraha hiji. Barudak kacida bungahna aya nu nepi
nyorét-nyorét baju jsb. Tapi Rina jeung babaturan nu
séjén nu daptar beasiswa teu ngilu ngaramékeun
kalulusan da di panggil ku wali kelasna pikeun daptar
deui tapi daptar onlén ( internet ). Kalulusan geus
léwat tinggal ngalaksanakeun parpisahan kelas tilu.
Ibu sareng bapana kacida bungahna ningali anakna
lulus. Teu karasa geus sabulan ayeuna Rina geus lain
8
jadi budak sakola SMA deui, manehna langsung
nyieun lamaran kerja, geus sababaraha pabrik
manéhna ngasupkeun berkas-berkas lamaran sugan
wéh aya nu katarima hiji mah. Da eweuh pilihan deui
keur budak awéwé di lemburna ari lain di gawé di
pabrik sanggeus lulus téh. Daerah ( lembur ) na geus
pinuh ku pabrik-pabrik, boh pabrik garment, jeung
industri. Matak di sebutna gé kawasan industri, ayeuna
mah nepi ka ibu-ibu arasup pabrik jeung nini-nini ge
komo budak sakola nu karék lulus SMP atawa SMA
gé pasti di garawé didinya.
Pengumuman béasiswa bidik misi geus kaluar,
anu katarima téh mung lima urang tina dua puluh
urang nu daptar di SMA Rina, nu katarima di UPI aya
tilu urang, nu di UNPAD mung saurang, tapi Rina teu
asup tina daptar nu katarima éta. Lain milik meureun
jeung lain waktuna Rina bisa kuliah ayeuna, meureun
jalan Rina ayeuna kudu mulang tarima heula ka kolot
jeung saeutik eutikna mantuan biaya adi na sakola
SMP.
***
9
Ahirna Rina katarima di salah sahiji pabrik nu
aya di daerahna, teu jauh jeung imahna. Tapi di gawé
na beurat, sagala di cekel, teu adil pisan di pabrik mah
anu lulusan luhur SMA di saruakeun gawé na jeung
anu lulusan SMP jeung SD, kirang bara gaji na di
bedakeun ieu mah di saruakeun. Jeung deuih
pagawéan nu kudu di lakukeun ku lalaki ieu mah di
gawé an ku awéwé, bener-bener tanaga téh di
saruakeun pisan. Nepi ka unggal balik Rina sok
ngeluh sabab leungeunna sok barareuh balas
ngadorongan roda nu sakitu badagna nu eusina benang
gulung nu gareudé, mening ku lobaan ieu mah kudu
ku sorangan. Tapi da kumaha deui Rina geus eweuh
pilihan deui, rek ngalamar ka pabrik séjén gé pasti
moal bisa sabab ijasahna can di tebus ti sakola da éta
masing kénéh aya tunggakan, éta gé geus sukur bisa di
katarima digawé di tempat nu ayeunna teh pédah
maké surat kalulusan nu anyaran kénéh yén pabrik gé
masing ngama’lum. Unggal poé Rina ngajalankeun
pagawéan éta, awakna ngabegangan rasa capé mah
aya waé unggal waktu, komo capé haté di titahan waé
ku atasanna ceuk bahasa inggris na mah supervisor na,
10
abong budak anyar di titah-titah. Eweuh rasa ambek
jeung ngeluh manéhna ngajalankeun pagawéan éta
mung bisa iklas kanu geus di béré, ukur pasrah
ngajalankeunana meureun ieu nu geus di tangtukeun
ku gusti alloh, pikir Rina bari ngagulung gulung
benang nu sakitu badagna, kacapé ieu teu saimbang
jeung usaha kolotna nepi ayeuna, manéhna hayang
bisa mulang tarima ka indung bapa na.
Poé minggu, ahirna Rina bisa istirahat libur di
gawé na saminggu téh mung sapoé nyaéta minggu
wungkul. Jam lima an manéhna narima telepon,
kadéngé sora ibu-ibu kira-kira umur tilu puluh opat
tan mah aya, sora nu ngomong rada resmi nanyakeun
Rina.
“selamat sore, apakah benar ini dengan sodara Rina
Marina ?”
“iya benar, ini dengan siapa ya ?”
“saya dari Universitas Padjadjaran, mau
memberitahukan selamat kepada sodara Rina karena
telah lulus menerima beasiswa bidik misi di program
11
studi sastra daerah pada gelombang dua, untuk itu
saya selanjutnya silahkan anda melakukan registrasi di
bandung jln dipati ukur. Paling lambat pendaftaran
ditutup tanggal 20 agustus 2010.”
“oh iya bu, segera saya akan melakukan registrasi,
terimakasih ya bu.”
“iya sama-sama, selamat sore.”
“sore.”
Telepon di tutup, Rina masing teu percaya nu
tadi nelepon ngagunakeun basa indonesia, ceuk pikir
éta nu nelepon teh ti perusahaan nu ngabéjaan
manéhna katarima di gawé, tapi da lain éta telepon téh
di universitas padjadjaran, nu harita Rina ngiluan
daftar béasiswa téa. Teu sangka pisan manéhna
masing teu percaya jeung bingung, basa ngajawab éta
telepon gé rada teu jelas kudu nanyakeun naon deui,
nu di inget teh nyaeta katarima di unpad sastra daérah
jeng registrasi ka dipati ukur. Bingung ogé, da teu pati
jelas ngabandunganna sabab ku geumpeurna, teu inget
nepi ka tanggal sabaraha éta pendaptaran di tutup.
12
Dipati ukur ge teu jelas ngaran naon éta téh, ngaran
jalan atawa ngaran kampusna. Manéhna langsung
ngabéjakeun ka wali kelas na yén katarima di
perguruan tinggi negeri, “nya ntos kin enjing dintén
senén ka sakolaan nya, urang nyiapkeun sarat-sarat
kanggo régistrasi” ceuk pa wali kelasna. Ti dinya ibu
jeung bapana kacida bungahna ngadéngé anakna
katarima kuliah di perguruan tinggi negeri. Senén
Rina ka sakolaan nepungan wali kelasna manéhna
ngahaja bolos di gawé na, didinya manéhna
nyaritakeun deui nu kamari di telepon rada teu apal
oge batas régistrasi na nepi ka iraha, nyobaan nelepon
paké hapé ka nomer nu kamari tapi teu nyambung,
nyobaan deui nelepon paké nomer telepon sugan wéh
nyambung tapi keur kabeneran telepon nu di sakolana
keur ruksak nya daék teu daék kudu néang wartél keur
nelepon. Panas mentrang mentring Rina jeung wali
kelasna ngaranna pa Dikdik néangan wartél nu
deukeut, tapi teu nimu da ayeuna mah wartél ge geus
jarang da geus loba hape tea. Ahirna nepi ka soré keun
gé teu nimu wartél. “kumaha pa ieu teh, meuni tos
ngaririweuh bapa nepi ka néangan wartél tapi teu
13
panggih ogé.” Ceuk Rina. “nya kieu wéh sabab enjing
tujuh belas agustusan pasti libur, dinten rebo Rina
tabuh sapuluhan ka dipati ukur unpad DU nu di
Bandung, kin registrasi sugan wéh acan telat waktu
registrasi na, kin bapa di dieu badé ngadamel keun
heula surat rekomendasi sareng nambut ijasah ka pa
kapala sakola sapoé mah, biasana sok di idinan”.
Témbal wali kelasna. “muhun pa, hatur nuhun pisan
bapa”. Alhamdulillah ya alloh sing di lancarkeun tina
sagala rupina, untung pisan boga wali kelas bageur
kitu, daek nguruskeun ngabantuan muridna nepi ka
papanasan tengah poé néangan wartél. Pikir Rina na
jero haté na.
***
Tujuh belas agustus Rina jeung babaturanna
ninggal adi-adi kelasna nu keur tugas jadi pasukan
pengibar bendéra, inget basa sakola kénéh urang di
ajar, organisasi, unggal tujuh belasan téh sok kabagean
jadi pasukan keur ngibarkeun bendéra, maké seragam
jsb. Teu karasa geus dua bulan deui urang geus lain
budak sakola. Kamarana nu séjénna, aya nu langsung
14
karawin kaluar sakola téh, aya nu di gawé, aya nu
kuliah. Kamana waé ge nu penting mah urang bisa
mulang tarima heula ka kolot, hartina mah kaluar
sakola téh kudu aya tapak na.
15
3
Néléngnéngkung
néléngnéngkung
geura gedé geura jangkung,
geura sakola ka bandung,
geura makayakeun indung.
Primajasa beus jurusan Bandung-Bekasi
nganteurkeun Rina ka Bandung, nganteurkeun
ngajugjug patempatan anu bakal marengan hirupna,
marengan cita-cita na jadi jalma sukses. Di baturan ku
yanto batur Rina nu deukeut ti kelas dua. Ahirna nepi
ogé di bandung, Rina langsung tatanya tempat
registrasi keur mahasiswa bidik misi gelombang ka
dua, terus di tunjukeun ku patugas didinya. Rina asup
ka rohangan anu di tunjukeun tadi, didinya Rina
nyerahkeun berkas-berkas beasiswa na langsung di
16
foto pikeun nyieun kartu KTM (Kartu Tanda
Mahasiswa). Alhamdulillah geuning pendaptaran na
can telat, didinya Rina amprok jeung babaturan anyar
ngaranna Rini, Rini ogé teu beda jauh jeung Rina.
Manéhna ge sarua narima béasiswa gelombang kadua,
di telepon ogé. Rini asal ti Ciparay Bandung manéhna
di anteurkeun ku lanceuk na, Rini mah ti jurusan
sastra arab. Geus di bere KTM Rina jeung Rini di
piwarang ka bagean perlengkapan nyandak almamater
jsb. Alhamdulillah Rina geus sah jadi mahasiswa
universitas padjadjaran. Kasoré keun Rina jeung yanto
geus indit deui ka subang saméméh papisah jeung Rini
manéhna patukeur nomer hapé da poé kemis na geus
KRS an di kampus jatinangor nu aya di sumedang,
daék teu daék Rina kudu daék di dug dag Subang-
Bandung saméméh manéhna meunangkeun tempat
kos. Nepi deui di lembur jam dalapan peuting Rina di
baturan ku Yanto ka imah na bu Cucu nu jadi
pangurus tata usaha di sakolaan rék nganteurkeun
ijasah nu geus di paké pikeun sarat-sarat daptar
béasiswa. Padahal mah Rina geus di teleponan waé ku
nu di pabrik, di tanyaan naha teu abus-abus ?, didinya
17
Rina ngundurkeun diri, geus meunang sabulan na di
gawé di pabrik ukur gaji ngan lima ratus, lumayan
pikeun bekel keur di Bandung.
Capé tapi rasa capé ieu kaubaran kusabab poé
ieu Rina geus jadi mahasiswa di perguruan tinggi
negeri di bandung, kabeneran poé éta téh tanggal lahir
manehna kacida pisan bungahna di bulan romadon ieu
Rina meunangkeun hal anu teu di sangka pisan.
“alhamdulillah néng, bapa ngiring bingah meureun ieu
rejeki néng sing janten PNS kawas aki jeung nini
manéh, teu kawas bapa baheula na embung pisan di
sakolakeun téh, sugan wéh ayeuna turun ka incu-incu
na”, ceuk bapa na. “muhun bapa néng gé teu sangka
pisan, mugia ieu téh janten jalan kasuksésan urang ogé
sadayana, amiiiinn”. Tembal Rina. Rengsé paguneman
antara Rina, Ibu jeung Bapana Rina langsung istirahat
di kamarna da isukan isuk-isuk kudu geus indit deui
ka Bandung.
Isuk-isuk kénéh Rina geus sigap rek indit deui
ka Bandung di barengan ku Yanto, “rék kamarana
18
isuk-isuk tos rarapih kitu ?” ceuk bi Rasih tatangga
Rina.
“badé ka bandung bu”, tembal Rina. “
“émang aya kaperyogian naon kitu, na meuni jauh-
jauh teuing?.” Semu panasaran.
Obrolan Rina jeung bi Rasih kapotong da kaburu aya
mobil, langsung wéh Rina jeung Yanto naék ka mobil.
Sanggeus Rina indit, bi Rasih masing panasaran kénéh
naha Rina bet mamangkatan jauh kitu di barengan
Yanto, manéhna langsung nanya ka indung bapa na
Rina, bapa na mung ngajawab aya kaperluan wungkul.
Bapa na teu loba omong da geus apal bi Rasih mah
biang gosip jeung loba omong.
Katingali ti kajauhan kénéh ge bi Rasih geus pada
ngarumpi.
“éh nyaho teu ceu, tadi urang ningali si Rina jeung si
Yanto naék mobil duaan.” Ceuk bi Rasih.
19
“ah maenya ?, rék kamana ceunah éta teh ?” témbal
ceu Oha nu teu jauh pasipatanna kawas bi Rasih.
“ceunah mah rék ka Bandung, teuing rek naon mah.”
“ih kamari urang gé ningali maranéhna dua an turun di
mobil peuting jam salapannan mah aya, ihh bengal
nya budak téh ulin téh meuni nyampé ka peuting kitu,
kamalinaan naker, boa-boa.”
“boa-boa naon ceu ?”
“ah sok tara apal waé barudak jaman ayeuna lolobana
sok tekdung tiheula ning, ih amit-amit.”
Nepi ka kitu na terus waé tatangga-tatangga
Rina ngagarosip keun hal-hal anu can tangtu bener na.
***
Rina jeung Yanto nepi ka kampus unpad nu di
jatinangor bareng jeung Rini, teu nyangka ning
kampus nu di jatinagor mah leuwih gede pisan. Di
gerbang nepi ka pakultas sastra maranéhanna
laleumpang, mun nyaho éta di sadiakeun angkot
20
haratis mah naék angkot atuh ieu mah da can apal
nanaon nepi ka pakultas nu lumayan jauh urang
leumpang. Batur-batur mah geus mulai ospek ti poé
senén kénéh gé, tapi Rina jeung Rini mah pan bidik
misi gelombang kadua jadi telat, mung bisa ngilu
ospék sapoé éta gé bari KRS an. Can pati wanoh jeung
babaturan anyarna. Nya kieu nya kaayaan di jero
kampus téh béda jeung sakolaan, kaayaanna leuwih
luas komo ieu universitas negeri nu loba pakultas-
pakultasna, pikir Rina. Di luar Yanto nunggu Rina di
baturan ku lanceukna Rini anu sarua ogé nunggu adi
na, nungguan nepi ka bérés kagiatan éta ospék. Bérés
ospék sakabéh mahasiswa anyar di bubar keun, di
bekelan pikeun ké poé senen mulai épéktip ngawitan
di ajar, Rina, Rini. Yanto jeung lanceuk Rini néangan
kosan, nepi ma daérah cibeusi ahirna nimu oge ngan
perbulan heula sabab bisi teu betah. Biaya na tilu ratus
sabulan, sakamar duaan, ayeuna mah tinggal bebenah
wéh di kosan éta sagala rupa na, Untungna ibu
kosanna bageur.
21
Poé saptu Rina rék indit deui ka bandung rék
bebenah kosan, ayeuna mah bareng jeung ibu bapa na,
sagala parabot da bawaan, boh baju, béas jsb. Barang
bawaanna cukup loba. “rék kamarana dé ?” ceuk Ceu
Eem nu boga warung imahna pahareup hareup jeung
imah Rina. “rék nyaba ka Bandung ceu.” Tembal bapa
na Rina. Teu lila mobil nu di tungguan tatadi datang
ogé. Nepi di jatinangor Rina jeung kulawarga na ka
kosan nu anyar amprok jeung ibu bapa kosan, didinya
ngawarangkong. Rina ngajak Ibu jeung Bapa na ka
kampus tapi mung nepi ka gerbang wungkul da bapa
na hayang geura balik deui ka Subang, rasa bungah,
reueus jeng bangga ka anak na bisa kuliah di kampus
nu sakitu gedé na. Rina nganteurkeun bapa jeung ibu
na nepi ka tol cileunyi. “kadé ati-ati nya néng di
tempat rantauan téh sing bisa jaga diri, inget sing getol
ibadahna, sing pintér dina sagala na”, ceuk ibu na.
“muhun bu Néng bakal jaga diri bakal ngalaksanakeun
sagala amanah ibu sareng bapa”, témbal Rina. Ti
kajauhan mobil geus deukeut, ibu jeung bapa na
naraék, rina asa sedih pisan ieu mimiti manéhna hirup
sorangan jauh jeung kulawarga ayeuna nu deukeut
22
jeung manéhna téh mung Rini batur kosanna sakamar.
Isuk-isuk Rina mandi kacida tiisna cai di kosanna, na
béda pisan jeung di lembur hawa na gé atuh da didieu
mah daérah deukeut jeung pagunungan, belah ditu
belah dieu gunung, di beulah wetan aya gunung
geulis, di beulah kulon aya gunung manglayang meuni
katohyan éndahna, béda jeung di lembur dimana mana
aya pabrik nu matak ngaruksak kanu lingkungan, nepi
ka cai walungan gé ayeuna mah teu kawas baheula
hérang méncrang sok di paké guyang Rina jeung
baturna keur leutik kénéh.
***
Senén Rina jeung Rini arindit ka kampus rék
kuliah, éta mimiti dua wanoja asal di désa nu boga
modal sumanget ngawitan di ajar, ngarasakeun bangku
kuliah kawas kumaha, boga batur anyar ti ditu ti dieu,
babaturan nu asal na timana baé, alhamdulillah Rina
geus boga deui babaturan anyar salian ti Rini. Geus
meunang saminggu Rina kuliah sakeudeung deui gé
peré idul pitri, loba pisan nu marudik, boh mahasiswa
boh kayawan, poé saptu soré manéhna bébérés
23
sangkan isuk-isukna méh langsung indit mudik. Poé
minggu na Rina jeung Rini pamitan ka ibu jeung bapa
kosan ménta di hampura tina sagala rupa na, manéhna
papisah jeung Rini di terminal majalaya, Rina ka tol
cileunyi, Rini naék angkot nu ti majalaya.
Alhamdulillah Rina geus nepi deui di lemburna, waktu
perjalanan ti jatinangor ka subang aya tilu jam an, tapi
kusabab usum mudik kanu opat jam an, nepi ka
ongkos gé pada naék. Bapa na sok melang ari ningali
budak mamangkatan sorangan téh najan manéhna
geus apal jalan gé angger wéh melang ari nu jadi kolot
mah.
Puasa geus lilikuran, tereh ninggalkeun poé
tinggal mapag poé lebaran, geus jadi kabiasaan Rina
jeung bapana sok ka makam jarah jeung ngaberesihan
makam aki jeung nini na méh ke nalika lebarana geus
bareresih.
***
24
4
Lebaran..
Baju lebaran,
Kueh lebaran,
umat muslim di penjuru dunia ngalaksanakeun
lebaran, kitu oge di lembur Rina geus jadi tradisi isuk-
isuk pada indit ka masjid pikeun solat ied, réngsé solat
langsung silaturahmi ka tatangga-tatangga silih
hampura tina sagala kasalahan-kasalahan. Dulur-dulur
nu timana-mana dararatang, opor hayam geus sadia,
alhamdulillah lebaran ieu Rina masih di béré
kasempetan kumpul jeung kulawargana.
Teu karasa saminggu deui Rina geus mulai
kuliah, berarti indit deui ka kota rantauan na. Basa
Rina rék indit manéhna keukeuh hayang indit
sorangan, embung di jajapkeun tapi bapana gé
keukeuh hayang pisan ngajajapkeun, ahirna Rina di
jajapkeun ogé ku bapa na mung ukur nepi sadang
25
purwakarta. Didinya asa lila pisan nungguan beus
datang, bapa Rina teu poho pisan réwél méré amanah-
amanah keur Rina. Aya dua jam an manéhna nunggu
mobil beus can kénéh aya, teu lila mobil nu di anti-
anti datang ogé, Rina salaman pamit ka bapa na kitu
oge bapana ka Rina. Ti kajauhan di jero beus katingali
bapa na masih ngalambai-lambai keun pananganna,
asa aya nu leungit asa sedih pisan haté téh, padahal
ngan papisah samentara waktu.
Rina geus nepi deui di bandung, rarasaan téh asa
keueung di kosan, mana Rini can datang. Manéhna teu
gareunah haté. Poé senén geus mulai kuliah deui
amprok jeung babaturan anyar di kelas silih hampura
mung kitu deui diajar gé can épéktip da masing kénéh
suasana lebaran. Rina balik ka kosan jam hiji an, brek
kantong jeung sagala babawaan na di tunda, manéhna
langsung nelepon ka nu di lembur padahal karék gé
kamari manénha sosonoan jeung kulawarga na.
“halo ibu assalamu’alaikum ..”.
“wa’alaikumsalam néng ..”. témbal ibu na.
26
“ibu di bumi daramang ? bapa, ibu, si enéng daramang
?”
“alhamdulillah daramang, néng kumaha ?”
“damang bu, ari bapa kamana ?”
“tuh bapa nembé wéh mulih ti sawah, tadi téh da
girimis, badé nyarios jeung bapa ? pa pa ieu badé
nyarios jeung néng Rina moal ?” si ibu gogoroan ka
bapa na, kadéngé sora ti kajauhan némbalan “ké deui
wéh bu, bapa nuju salin heula, tiris hayang ngopi”.
“néng ké ceunah nuju riweuh kénéh bapa na.”.
“oh nya ntos atuh bu, néng badé nyeuseuh heula nya,
ké nelepon deui.”
“nya atuh néng, ibu ge ieu can bérés nyangu na.”
“muhun bu, assalamu’alaikum”.
“waalaikumsalam”
Telepon di tutup, tapi haté Rina asa kénéh can
geunah, panon na cirambay ngadak-ngadak teu nyaho
sababna. Ahh meureun pédah kakara jauh jeung
27
kulawarga matak kieu gé, pikirna. Manéhna langsung
nyeuseuh, méméh nyeuseuh nyangu heula méh ké
bérés nyeuseuh tinggal nuang, nyangu na di mejikom
alat nu praktis ari keur di kosan mah, da di imah mah
nyangu téh maké hawu di seupanan, éta nu matak
pulen kanu sangu na. Nyeuseuh geus bérés, kadéngé
sora telepon dina hapé na ku Rina di angkat.
“halo assalamu’alaikum, aya naon téh ?”
“kumsalam, néng ayeuna tiasa uih teu ka subang ?, uih
nya, poko na néng ayeuna kudu uih”.
“aya naon kitu téh, naha uih, kan kamari téh némbé
kadieu maenya ayeuna tos uih deui ?, nembé gé sapoé
kuliahna.”
“nya wios kuliah mah, poko na néng ayeuna kudu uih
nya geulis”.
“ahh tétéh mah sok ngareureuwas waé da, sabenerna
aya naon atuh”. Ceuk Rina semu panasaran.
28
“Bapa néng nuju teu damang, poko na ayeuna néng
kudu uih nya, wios kuliah mah ké angkat deui
kadinya.”
“muhun téh néng uih ayeuna gé, antosan téh,
assalamu’alaikum”
“waalaikumsalam.”
Rina langsung geuwat bébérés teu paduli
kamar acak-acakan kawas naon, sangu nu tadi di
asakan can kungsi di tuang, Rini sobat na gé can
datang ti kampusna. Manéhna pamitan ka Ibu kos, ibu
kos gé rada reuwas ningali Rina ceurik waé. “ati-ati
néng Rina mudah-mudahan teu aya nanaon nya”, ceuk
ibu kos bari nenangkeun Rina.
Rina ngaléwatan pasosoré, kaayaan asa
keueung béda jeung soré biasana, langit asa
ningalikeun gambaran kaayaan neundeun rasa duka,
haténa pabuliwet ampir-ampiran manéhna kasérépét
mobil keur meuntas jalan rék nyegat mobil beus nu
nganteurkeun manéhna ka lembur. “duh gusti mana
atuh mobil téh, di haja-haja mah asa lila” ceuk Rina.
29
Teu lila aya beus téh datang, manéhna langsung naék,
teu ningali éta beus nu di tumpakan téh lain jurusan nu
biasana. Bakating ku buru-buru na gurunggusuh
hayang geura nepi ka imah. Sapapanjang jalan
manéhna teu eureun-eureun ceurik, di tingaralikeun ku
ibu-ibu nu di beulah kénca jeung katuhu na. Naha
ngadéngé bapa geuring gé meuni asa rék di
tinggalkeun jauh waé, tapi éta nu di rasa Rina nepi ka
manéhna teu eureun ceurik. Asa lila mobil téh, teu
ngarti kitu kuring téh keur buru-buru pisan, pikir Rina.
Di tol jatiluhur Rina di turunkeun da mobilna
éta mah jurusan nu langsung ka jakarta, teu liwat ka
sadang purwakarta. Rina di turunkeun, padahal can
rada apal jalan éta téh, langsung tatanya ka tukang
dagang didinya téras di tunjukeun jalan ka sadang.
Rina langsung naék angkot ku supir angkot di tanya
kunaon tapi rina ceurik waé teu nembalan nu nanya.
Geus nepi sadang manéhna mayar tukang angkot tapi
ngan panggih lima rébu padahal nu kudu du bayar téh
lima belas rébu ningali kaayaan Rina nu teu puguh
ceurik waé untungna supir angkot bageur. Rina asup
30
ka mobil beus nu keur ngetém, manéhna teu apal yén
di sadang téh geus di tarungguan ku dulur-dulurna nu
ngajajapkeun di sadang tapi sukurna amprok aya salah
sahiji amangna ningali Rina, Rina di geroan di bawa
ka mobil, “naha bet lobaan kieu ngajajapkeun, aya
naon sabenerna ieu téh ?” bari ceurik ngageunggeuik.
Eweuh nu némbalan basa Rina nanya téh, malah bibi-
bina semu rada sedih, “teu aya nanaon néng, bapa nuju
teu damang,” ceuk bibi na nu umuran 27 taunan.
Sapapanjang jalan Rina can kénéh bisa répéh ceurik,
sakeudeung deui nepi ka imah, ngan naon nu di tingali
mimiti di hareup téh nyaéta loba batur nu di imahna
siga nu keur aya hajatan waé, ngan ieu mah naha bet
aya bandéra konéng nu di pasang di luhureun dreum.
Gusti aya naon ieu téh, moal mungkin jelema
geuring nepi ka di kieu na. Lain geuring ieu mah lain,
didinya Rina geus teu éling, acan turun di mobil kénéh
gé geus bisa nebak yén aya salah sahiji nu
ninggalkeun di anggota kulwargana. Rina teu éling,
geus di upahan ku naon-naon gé masing kénéh can
hudang, teu lila deui manéhna éling kasampak bapa na
31
ngagolér di kurimbun ku samping di sakurilingna aya
nu ngaraji yasin, Rina kacida peurih haté na manéhna
di keukeupan ku ibu na nu bari ceurik, ibu na gé can
bisa ngomong nanaon. Rina jeung kulawarga na
yasinan nepi ka isuk na keun, mandian bapa na. Haté
na sabenerna masing kénéh can bisa percaya, can
percaya bapa na ninggalkeun asa karék kamari kénéh
di ngajajapkeun manéhna. Rina paling deukuet pisan
ka bapa na, naon-naon bapa na matak di tinggalkeun
bapa na téh asa kawentar heulang, rarasaan mah bapa
na aya kénéh.
***
32
5
Tilu poe sanggeus di tinggalkeun bapa na di
imah Rina masing kénéh ramé ku nu ngalayad, dulur-
dulur na araya sangkan imah teu tiiseun. Nepi ka tujuh
poé keun imahna geus teu deui ramé, ngan aya ibu,
adina Rina, tétéhna, lanceuk iparna, jeung nini na.
Didinya Rina di tanya ku tétéh jeung lanceuk iparna
masalah kuliah Rina,
“néng, kuliah téh rék di lanjutkeun ?” cék tétéhna
“bade atuh téh, kunaon kitu ?”
“kan ayeuna mah tos teu aya bapa, kumaha geura ari
kitu?”
“nya teu kukumaha, justru éta nu ayeuna kudu di
sanghareupan ku néng ayeuna téh, kuliah nu bener-
bener.”
33
“nya kan ari masalah biayana kumaha ? da ayeuna
mah posisi na geus teu aya bapa, kolot tinggal mamah
wungkul,”, ceuk Iparna Rina
“nya kan béasiswa a sanés biaya sorangan”. Témbal
Rina
“yeuh néng, muhun aa gé terang béasiswa, tapi
sahenteu na pasti ke teh saeutikna aya biaya-biaya nu
teu du duga, kumaha tah mun geus kitu ?” lanceuk
ipar na saeutik negeskeun.
Rina ngahuleung di tanyaan kitu.
“jaba bapa téh ninggalkeun loba hutang, jeung
kawajiban urang ayeuna ngalunasan hutang-hutang
bapa, kan nu jadi anak bapa téh lain tétéh waé, aya
Rina aya tia, ari tétéh tos rumah tangga bisa mantuan
mayaran, tapi kan si Tia mah masing sakola kénéh.
Tah ayeuna mah kan anu katingali tos ageung
sahenteu na tos tiasa di damel téh kan neng, nya
ayeuna mah di pikir wéh geura sahenteuna tétéh, si aa,
jeung mamah urang babarengan ngabéréskeun hutang-
hutang bapa.” Ceuk tétéhna Rina maparkeun.
34
“insya alloh aa teteh, ari rezeki mah tos aya nu ngatur,
pasti aya jalanna, masing-masing jalma gé tos di
pasihan rezeki asal urang na teu kendat wéh ngadu’a
jeung usaha. Masalah néng kuliah mah insya alloh
badé di lanjutkeun da ieu kasempetan nu bener-bener
tos di pasihan. Kudu bener-bener di jalankeun nu
bakal jadi jalan kasuksésan urang sadaya, mun tos
suksés gé nu jadi adi gé néng Tia pasti bisa di sakola
keun. Rék aya halang harungan naon-naonna mudah-
mudahan aya jalanna, jeung masalah hutang bapa pasti
néng gé mantuan moal mungkin teu mantuan mah. Nu
penting ayeuna mah tétéh jeung aa tong hariwang ka
masalah ieu, insya alloh aya jalanna” tembal Rina
ngabela.
Didinya paguneman Rina, tétéh jeung iparna
masing lanjut, tapi Rina keukeuh kanu pendirianna
manéhna inget ka omongan almarhum bapa na, “néng
kudu rajin diajarna, komo mumpung aya kasempetan
tong mundur najan kaayaan nanaon gé, hidep kudu
jadi jalma nu bisa ngabagjakeun kolot dulur-dulur,
sing jadi jalma nu solehah satungtung nyaring, inget
35
ogé mudah-mudahan bakat-bakat nini jeung aki téh
turun ka incu-incu na sing jadi PNS”. Tah éta nu
matak nguatkeun Rina nepi ka manéhna keukeuh,
kudu optimis, Rina teu poho kanu amanah-amanah
bapana.
***
Saprak bapa na Rina pupus loba omongan-
omongan nu teu hadè ti tatangga-tatangga na, aya nu
ngomongkeun Rina teu pantes kuliah, jelema teu
gableg sagala kuliah, nu beunghar gè sakola teu luhur-
luhur teuing. Komo èta teu boga bapa jeung banda asa
teu kudu kuliah sagala. Unggal Rina balik ka imah di
jero beus kénéh gé geus di taringalikeun nepi ka panto
imah meuni asa kawas artis di tipi waé, anéh meureun
nempo jalma miskin bisa kuliah. Tapi Rina tara
nganggap unggal aya omongan-omongan nu teu hadé
kitu sabab éta téh jadi bahan nu bisa nyumangetan
manéhna méh bisa leuwih maju.
Teu karasa Rina di tinggalkeun ku bapana geus
nepi dua bulanna, tapi rarasaan Rina masih kénéh aya
36
bapa na. Manéhna ayeuna geus teu kos di ci beusi deui
tapi di daérah nu deukeut ka kampusna ngan lumayan
jauh ari di tempuh ku leumpang, tapi kumaha deui éta
kosan nu pangmurah-murahna di jatinangor. Sok inget
harita bapa na pernah ngomong rék nganteurkeun
manéhna pindah kosan tapi nya takdir bapa rina teu
kaburu nganteur manéhna. Ayeuna geus katingali ku
tétéh jeung aa na yén Rina ogé salian bisa kuliah,
manéhna bisa ngiriman unggal bulan ka lembur jeung
mantuan mayaran hutang bapana, mantuan ngabiayaan
sakola adi na. Manehna ge bisa ka beuli barang nu di
pikahayangna nyaéta léptop pikeun di paké sapopoé
ngerjakeun tugas-tugas kuliahna. Manéhna bisa kitu
nyaéta ngumpul-ngumpulkeun jeung nabung tina sésa
dana bulanan ti beasiswa.
Rina wanoja anu kuat, teger, pamikiranna
leuwih dewasa saprak di tinggalkeun ku bapa na, tugas
nu jadi kawajiban manéhna ayeuna nyaéta
ngajalankeun amanah bapa na, di ajar nu bener-bener,
ulah sasab pikir, ulah kasasar tina lengkah, jadi anak
nu bisa ngabagjakeun kolot, ulah mikanyeuri keun
37
kolot, jsb. Rina ogé ka hareup boga tanggung jawab
nyakolakeun adi na ka SMA.
***
38