Kumpulan Puisi Bahasa Sunda
Hirup Ngan Ukur Cenah
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 07-12-2010 |
Sajak IWAN M. Ridwan
Cenah hirup teh jalan nu pagaliwota
Sedeng cinta ngan saukur teteguhan
Urang bebas leumpang mapay nu can kasorang
Nyorangan atawa babarengan teu jadi sual
Di mana aya kacinta di dinya urang bakal ngalalana
Cenah hirup teh kabel nu pakuranteng
Sedeng cinta ngan sakadar layar monitor
Sing nyalse. Sing daria. Tumaninah.
Sabab jaga teuing kumaha boa
Di mana aya tunggara di dinya urang eureun ngalalana.
Cenah hirup ayeuna teh di dunya
Sedeng cinta teuing di mana ngancikna
Bandung, 11 Juli 2010
Dimuat dina Galura edisi Minggu ka I Agustus 2010
Handapeun Sora Sit-uncuing
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 07-12-2010 |
Sajak IWAN M. RIDWAN
Sit-uncuing ngelak maseuk kota
Nyelangan gerung kored mesin
Memeh pindah kana gurat jukut sejen
Handapeuneunana balawiri nu ngulon ngetan
Tuturubun ngudag jeung diudag waktu
“Bisi teu kasampeur nu lebah pengkolan!” ceuk hatena
Ngomong ka panon poe nu teu malire
Renghap ranjug dayeuh beuki sumpeg
Katarajang panyakit mengi sabab paru-paruna geus karancang
Dina tikorona menet reuhak peradaban
Ngagulung jeung teknologi
Jeung runtah
Handapeun sora Sit-uncuing manglaksa kacangcaya teu kungsi mulang
terus ngamalir ka rorotek jalan nu brasna ka poe kiamat
Bandung, 24 Mei 2010
Dimuat dina Galura edisi Minggu ka I Agustus 2010
Suci Dulife ‘10
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 25-02-2010 |
Da cinta nu saéstuna tara laas ku robahna mangsa
Rongkah, rohaka tumerap na dadasar kalbu
Nu bisa ngarungkup gunung,
ngojayan jaladri, meuraykeun jaladra
Urang suaykeun rupaning lalangsé
Urang halingkeun aling-aling
Wilujeng milangkala, jungjunan…
Panjalu – Cibiru – Pulogebang, 1978-2010
Bulan Masih nu Baheula
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |
Sajak RIZAL SABDA
Karasa ayeuna mah Yan
lalampahan téh geus natrat
kajeueung di péngkolan
bulan béngras kénéh
nyaangan léngkah gejed urang
nu ngandelkeun gandeuang basajan
Yan bulan masih nu baheula
najan cahyana dicangkalak katunaan
wirahmana angger marengan réngkak urang
nu éstu rimbil ku harepan nu can kalakonan
Dimuat dina Mangle No. 2196
Puisi Sunda ini pemberian dari sahabat saya selama 2 1/2 tahun berchatting ria di dunia maya dengan orang2 yang benar2 ada. Terima kasih untuk SIKABAYAN.____________________________________
Anjeun miang kaalam kalanggengan taya pangyuga jeung pangdoahoncewang...............
menceriterakan kesedihan di-tinggal ortu yg telah tiada, tanpaada yg menjaga & mendo'akan
Anjeun indit.......... taya beja jeung carita anu can tangtu panggih da anjeun geus dipibogacangcaya................
mengisahkan kesedihan di-tinggal seseorang yg telahdimiliki orang lain
Kuring sorangan taya panutan jeung kacintaan taya pangdeudeuh jeung pamuntangan bongan aranjeun mariang ninggalkeunduh diri...............
menceritakan nasib kesendirian tanpakekasih tanpa pelindung, karena merekameningalkannya.
*******Dan ........ Alhamdulillah, sebetulnya kita tidak sendirian, karena DIA yang Maha Pengasih dan Maha Penyayangselalu bersama dengan mahluk ciptaanNYAdengan cinta yang murni dan hakiki.
PAHLAWANRachmat M. Sas Karana
Prajurit nu teu mulang ti danalagaperang'na jalan nu dipirido Allah Ta'alatong dianggap palastralantaran maranehna, langgeng hirupna
NganBisa jadi urang teu sadarpoho lantaran tambelarkana pahlawan nu ngancik `na sanubarinu meunang ganjaran tan wangenanti Gusti Nu Maha Suci
Bandung, _1965(bada maca Q.S. 2 :154)
Kahirupan Mak AnahEddo Sy
Mak Anah tukang surabisore subuh satia nganti nu meulisatuhu usaha ngadago rijkiceuk paribasa najan ngan payu sasiki
Ma Anah dagang surabiteuing geus ngaliwatan pirang rewu janariaya rame aya sepikauntungan heunteu pasti
“Ema oge lin teu hayang jiga baturema yakin rijki mah aya Nu Ngaturku kituna heunteu kudu jadi caturgede leutik ema tetep ngucap sukur”
Ma Anah tukang surabisatia usaha nganti nu meulirek rame rek sepitetep sumujud ka Gusti.
IndungAyatrohaedi
Iuh tanjung seungitna marganing wuyungliuh indung perbawa nu cadu nundung
mun di dunya ngan aya indung jeung bapabakal bisa ngawasa sajagat raya
Ngan indung memeh miang dielingan,“Lamun hirup ngan ngumbar karep sorangan
temahna poho ka indungkaduhung nunggu di tuntung
nya hanjakal bakal jadi incu cikal.”
2001:88
PamanggihAyatrohaedi
Salapan bulan ngakandungMoal aya hiji jalma
leuwih ti indung micintaindung gudang hampuraSalapan bulan dikandung
Moal aya hiji jalmaleuwih ti anak rumasa
anak gudang dosaSalapan bulan ngakandungPinuh rasa jeung rumasaSalapan bulan dikandungPinuh dosa jeung rumasa
2001:84
Lagu PujaYous Hamdan
Gusti,Ingkeun ieu kalbu sina ngalagungawihkeun kangen ka AnjeunTiap renghap sadami-sadamidihejah asma Anjeun hiji-hiji
Ya Rohman, Ya RohimYa Basyir, Ya HakimYa Wahid, Ya MajidYa syahid, Ya Rosyid
Dina Angin di Pucuk-pucuk daunKakuping lirih galindeng dawuhAbdi tanggah neuteup pamenteu gaib
Dina ramat cahaya burit
Ya Gofar, Ya QohharYa Jalil, Ya KarimYa Zahir, Ya BatinYa Awwal, Ya Ahir
Dina kangen abdi sumujudJero kangen abdi nyaluuhBari ngedeng bari diukBiwir ngunyem panon kucup.
Sumber : Kumpulan Sajak Sunda "Kalakay Budah"
Tanah SundaHikmat Sadkar
Kawih tingtrim nu kamarisuling jeung jentreng kacapihaleuang paku sarakan galindeng bujang jeung lanjangkiwari geus ilang musnageus tilem ku mangsa
Guruminda Sangkuriang geus jauh ti kacapanganpohaci jeung widadari lir impian nu geus bari
aheng keneh dongeng sabrangdatang ti pentas lautan
deudeuh tanah gumelarti taun ka taun kalantar
Garut 1978Tina Mangle No. 694, Taun XXII 2 Agustus 1979
NGAGEURI DINA SUJUD IEDUL FITRI
Sajadah titilam hate nu pasrahnyuubkeun cirumasa nu murubut tina panon rasasarta nitipkeun kalaip dirinu salilana paanggang jeung sanubaridina sela-sela du'akuring tamada:
"Gusti Nu Maha Wisesa,pareumkeun ieu nu ngabebela dina dadaku hujan kaheman nu rohakasarta leyurkeun ieu batu dina kalbuku gada pangriksa nu tohaga"
Sajadah titilam sukma nu leahjadi saksinu ngageuri merih susucining diri
Bandung, Iedul Fitri 1995
BONGAN KITUJuniarso Ridwan
Bongan kitu disebutna, puguh megadipapay di awang-awang: cek aing angin
Bongan kitu karasana, nyerina raheuttatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi
Bongan kitu digambarna, geulis kabina-binaditepungan unggal wayah: cek aing werejit
Bongan kitu pandena, nyarita soranganditataan di rs jiwa: cek aing eling
Bongan kitu ayana, beda jeung nu liandiguliksek dina kamus: cek aing ibadah
Bongan kitu itunganana: Gusti
1992
TAPAK SANGKURIANGDadan Bahtera
Talaga Bandung, Canembrang herangMojang, geura midang memeh kuring miangAnterkeun semet rawayan
Citarum; oray geulis beuki manisTapi di mana pangbalikanTangkubanparahu asa beuki anggang
Bandung, Pebruari 1989Tina Galura No. 45, Minggu 1 Januari 1990
CIKARACAK
Cikaracak ngarakacakleuweung dibukbakhuluwotan ngoletrakcaina teu ngeclakkampung burakrahayat ngoceakpara kglomerat: curak-curaksila andekak
Naha kudu nungguan rahayat barontaklamun cikaracak caina hayang ngeclak, atawa:kudu aya tangkurak dekokdibeletak batu cikaracaknu lawas teu manggihtiisna keclak cai :cikaracak
Lamun rahayat ngoceakCikaracak ngarakacakpamingpin milu andekaknaha urang ge cukup calawak
TUKEURAN IEU SAJAK
Tukeuran ieu sajak
Ku salambar simbut atawa samak saheulay
Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay
Pating golepak dina trotoar
Tukeuran ieu sajak ku beas wuluh atawa heucak
Heug sidkahkeun kanu haropak
Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak
Tukeuran ieu sajak
Ku sababaraha siki pelor
Heug tembakkeun kana genggerong koruptor manipulator
Sina enya kalojor
Tukeuran ieu sajak
Ku beubeutian tina kalbu anu rido
Keur nyebor anu balangsak
(Lamun teu kitu sasaak)
(Yus Rusyana, Ciliwung, 19 Juli 1966)
WASIAT KONGLOMERAT
Lamun Apih paeh
pangbungkuskeun ku salambar boeh
ladang ngeleketek
tina rupa-rupa proyek
Lamun Apih nemahan pati
pangmesenkeun padung jati
ladang ngumpulkeun komisi
jeung rupa-rupa korupsi
Kontrak-kontrak nucan diteken
Jeung SPK-SPK nu can dilaksanakeun
awurkeun luhureun paesan
na tetengger heug tulisan
: parantos mulang ka kalanggengan
Apih, konglomerat tuladan
(Taufik Faturahman, 1992, Galura No.38)
PANGBALIKAN
Iuh, iuh gunung kuring
angin ulin dina embun-embunan
sawaktu-waktu kuring kudu nepungan
dumeh hirup halabhab cinta
di maranehna nya ayana
Aya sababna kuring tibelat
aya sababna kuring pegat
tapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina hate ngawih deui
Iuh,iuh gunung kuring
nyata, nyata tanda-tanda
ngabalungbung jalan hirup
nepi ka nyawa rek asup
ka maranehna kuring rek balik
ka maranehna kuring rek pamit
(Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, tina Kanjutkundang)
LEUWI
sora nu tinggerendeng
teu weleh saheng
di leuwi aing
laut nu tan istirah
teu weleh motah
di leuwi aing
di leuwi aing
sagala teu weleh betah
sagala teu weleh motah
(Abdullah Mustappa, Tina Mangle No.217)
LALAKON I
Mangsa budak resep ulin
ngarucu bulan
mangsa rumaja resep wanoja
ngumbar asmara
nincak sawawa narik jangkar
ngambah sagara
geus kolot mah kari tapakur
isuk sore ngitung
umur!
(Hadi AKS, Tina Galura No.39)
LAGU HIRUP
Unggal poe unggal lengkah
nataan tanggal dina kalender
angger aya nu diarep-arep
ari umur melesat henteu kajeueung
Dina beja dina carita
teu weleh aya nu miheulaan
warna-warni kajadian. Teu kapireng
da puguh katalimbeng rusiah
Dina sakeclak cimata. Aya kasedih
nu teu kedal. Dina kongkolak
kahirupan. Aya nu miang
teu mulang deui
(Eddy D. Iskandar, 1992)
BONGAN KITU
Bongan kitu disebutna, puguh mega
dipapay di awang-awang: cek aing angin
bongan kitu karasana, nyerina raheut
tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi
bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina
ditepungan unggal wayah: cek aing werejit
bongan kitu pandena, nyarita sorangan
ditataan di rs jiwa: cek aing eling
bongan kitu ayana, beda jeung nu lian
diguliksek dina kamus: cek aing ibadah
bongan kitu itunganana: Gusti
(Juniarso Ridwan, 1992)
PADUNGDUNG DANGDUT
“Hidup! Hidup! Hidup!” cek peureup mani baruleud ngahaja nonjokkan
angin nu keur tibra lebah liliuh caringin. Angin teh tibuburanjat nyusul
manuk nu ti heula ngagarapak tina dahan kana dahan. Barengong
angin jeung manuk mireungeuh mangpirang peureup tinggorowok
nyentakan beurang bayeungyang. Beurang tembong rerenjagan tuluy
kabur sakur pangacianana. “Hidup aing! Hidup aing! Hidup aing!”
cek peureup beuki tararik bari tembong aya seuneu ngabebela tina
sela-sela ramo. Ngadegdeg angin jeung manuk nenjo beurang beuki
soak gogobrot juuh kesangan. Keur kitu, panonpoe ngagilerkeun
cahayana nyorot peureup nu ngabring ti peuntas ditu “Aing ge hidup!
Aing ge hidup! Aing ge hidup!” cek peureup nu karek cunduk sarta
teu tata teu titi ujug-ujug ngajorag nu keur sesentak. Ger campuh
peureup jeung peureup nu sarua pada-pada sareuneuan ngabebela
Peureup diadu jeung peureup deui. Tinggorowok. Tingjarekok sora nu
patonjok-tonjok. Angin mabal. Manuk mabur. Beurang geheng. Getih
peureup boborot nyiram sampalan. Kacaturkeun tengah peuting,
disaksian imut bulan, dua peureup nu baradag sasalaman handapeun
tangkal caringin. Nu itu nyiwit ceuli saeutik. Nu ieu bet ngeleketek.
(Godi Suwarna, Kotakidul, 92, Galura No.16)
Burit Geus Reupreupan
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |
Sajak YOUS HAMDAN
Layung, ka mana layung
basa girimis nyandet urang di saung
satengahing pajaratan
basa réngsé ngurebkeun layon
Diriung parentul batu tutunggul
sakapeung urang pating gerendeng
mimindengna ukur ngaheneng
diranggeum keueung
Jeung burit beuki reupreupan
-Saha heula
anjeun heula kuring heula? cék anjeun harita
-Teu kudu paheula-heula
dawuh cunduk mun pareng giliranana, -tembal kuring
asa-asa
Basa angin ngahiur ngawurkeun sawér cihujan
jeung seungit kembang samoja
bulu punduk naha bet muriding
geuning urang paheula-heula bingbrit
norobos hujan nu beuki ngerepan
Jeung burit beuki reupreupan
Katineung ka Odji Seiadji AR almarhum, mugia ginanjar rohmat kawilujengan ing dalem kubur.
Dimuat dina majalah Cupumanik/April 2008
Nu Lumampah Peuting
Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |
Sajak TONI LESMANA
Ngimpleng-ngimpleng pangreureuhan
Sabot damar sakarat. Boa lebah janari
Dina dzikir reumis
Lebah sora ajag nu pamungkas
Ngimpleng-ngimpleng pangreureuhan
Sabot damar sakarat. Boa lebah balébat
Dina salambar halimun
Lebah sora manuk munggaran
Ngimpleng-ngimpleng pangreueruhan
Damar saukur dadamaran
Da léngkah geuning tuluy lumampah
Boa moal kungsi reureuh: apan tatu tacan kénéh liput!
Dimuat dina Mangle No. 2164
Katresna anu pernah Katunda
junjunan…
upami salira ngintun wartos .. sok aya.. peraosan nu nambih…
nambih nyaah.. nambih sono.. nambih mikatresna..
duh panutan hate
iraha tiasa patepang..
tiasa nyarios..seueur..
tiasa silih pihapekeun rasa anu tos lami teu dugi
..
-oOo-
duh.. junjunan…
ieu hate moal kamana-mana
moal bakal nyapirakeun..
kana katresna anu kantos dititipkeun ku salira ..
jungjunan…
rasa sono …
rasa yaah …
katrensna anu beuki dieu beuki tamplok kasalira..
moal aya tandinganna..
moal aya babandingannana
..
ningali salira nu tos lami teu katingal dedeganana..
nu tos lami teu karaos asihna..
nu tos lami diimpen-impen…
disapirakeun ..
dikantunkeun..
duh..
jungjunan hate..
..punten..
tos lami ieu hate teu ngartos kana kaayaan ati salira..
..
ahh..
moal ningali kapengker..
nu penting mah ayeuna..
geter hate teh ngan ukur kanggo salira..
kasono teh.. bet moal aya bandingannana..
bungah.. endah..
.. dugi ka ngeclak cipanon bakating ku bungah sareng sonona….
ka salira
katresna ka salira moal liren dugi kairaha oge..
dugi kamana oge.. dituturkeun..sanaos teu ditungtun..
Sebuah rasa yang sudah lama tersimpan kini terungkap kembali…..
Begitu indah sebuah rasa cinta yang sejati
———-=———–=—–=
Kanggo Salira
jungjunan
wengi ieu karaos pisan sonona..
beuki lami..
beuki dieu..
unggal usik
unggal malik..
duh..
geuningan rindat salira nu karaos..
..
aya anu gumuruh dina lebet dada ..
tos lami teu kedal..
mung ukur dibuni-buni..
disimpen dinu pangnyingkurna..
geuning ayeuna..
..
kuring bagja pisan
anu karaos teh endah..
duh..
iraha atuh tepang..
iraha atuh nyarandekeun kadeudeuh ka salira..
ngaraoskeun seungitna cinta ti salira..
ngaraoskeun cai soca anu lungsur bakatku bagja..
ngaraos bungahna..
basa gugah teh geuning aya salira
bari neutuep geugeut..sono..deudeuh.. nyaah..tresna..
kasono teh ngan ukur kagungan salira.
..
salam sono sareng katresna..
-0-0-0-0-0-
Katresna Kanggo Salira
jungjunan…
kacinta
katresna
kadeudeuh
kanyaah
kasono
kaheman
ka salira…
beuki…. muka….
lawang katresna ka salira… beuki muka
panto ka sono kasalira beuki… molongo
jandela ka kanyaah beuki muka
0-0-0-0-0-
Dina Impenan
Jungjunan…
unggal dinten ..
nu diantosan wartos salira
nu diimpen mung salira
sanaos tara nyarios dina impenan..
mung ukur gumujeng bari ningalikeun..
deudeuh pisan..
duh..
jungjunan
..
tapi geuningan nyata..
salira geuning nyaah pisan..
deudeuh pisan..
tresna pisan..
ah..
kuring bade teras gugah..
bade nguping wartos ti salira
bade merhatoskeun salira..
bade nyiar impenan anu katunda..
..
duh..
pamugi leres..
ieu teh bakal wujud..
masing teu terang iraha waktosna..
iraha jantena
duka atuh..
meni hese..
..
kabungah teh geuning aya hahalangna..
..
0-0-0-0
Dinten Kemis
Dinten Kemis
nyaharita urang ngawitan petepang
teu nyana sami-sami ngemutan
Dinten Kemis
geuning katresna mekar na ati
teu walakayan kasiksa diri
antukna silih kedalkeun eusi ati
Kota katresna jadi saksi urang duaan silih kedalkeun katresna
Kota kaasih jadi saksi urang duaan silih tamplokeun ka sono
Dinten Kemis
Urang duaan silih pikanyaan
Top Related