Wawanohan Jeung Kacapi
-
Upload
yasfimaziya -
Category
Documents
-
view
3.114 -
download
13
Transcript of Wawanohan Jeung Kacapi
27
27
PangjajapBuku di ajar kacapi ieu dijieun jang panganteur
diajar kacapi leuwih singket. Ngabahas sakedik
ngeunaan kacapi, Kacapi kaasup jenis waditra alat petik,
sabab sora anu di hasilkeun tina waditra ieu sumberna
tibahan kawat atawa dawai anu dipaénkeun kucara
dipetik. Dina istilah music Sunda, teknik dasar petikan
kacapi ngabogaan cara-cara khas jiga ditoel, disintreuk,
jeung digembyang (diranggeum).
kacapi di Tatar Sunda aya sababaraha jenis, anu
bentuk jeung ukurana beda-beda. Anu paling kasohor ti
baheulamah nyaéta kacapi indung atawa kacapi gelung.
Ayeunamah Kacapi jenis ieu biasa di paké dina genre
Tembang Sunda Cianjuran. Di Daérah Rancakalong ogé
aya kacapi anu biasa dipaénkeun jeung Tarawangsa.
Nyaéta alat music gésék mangrupa Rebab. Tapi, kacapi
ieu biasa disebut Jentréng. Jentréng ngabogaan ukuran
leuwih leutik tinu kacapi rincik, jentréng ogé
nganngabogaan kawat 7–9. Aya ogé di Daerah Baduy
kacapi mirip jentréng. Tapi, biasa disebut Rendo. Kira-
kira taun 1950-an, aya seniman anu teu bireuk deui
27
dikalangan para seniman sunda mah, nyaeta Mang Koko
Koswara, anu nyieun kacapi leuwih lébar jeung leuwih
leutik tibatan kacapi gelung tadi. Nyaéta kacapi siter.
Kacapi jenis ieu biasa dipake mirig genre kawih. Kacapi
jenis ieu mimiti di kenalkeun di sakola kasenian anu
pang mimitina aya di Jawa Barat. Nyaéta, Konservatori
Karawitan (KOKAR). Ku kamajuan alat éléktronik,
kacapi ieu di kembangkeun make alat éléktronik, nyaéta
make sepul atawa alat jang ngabantu sora ngarah sora
leuwih kuat ogé leuwih tarik lamun maké sound system.
Teu di jawa barat waé aya waditra petik kacapi téh, di
nagara deungeun ogé aya nyaéta di Jepang jeung di Cina.
Aya alat music jiga kacapi disebutna Koto lamun di
Jepang mah, lamun di cina di sebutna Guz, tapi bentuk
namah kitu-kitu kénéh.
Bandung, Desember 2012
Nirwan Apandi
27
A. Jenis – jenis kacapi
1. Kacapi Indung
Kacapi Indung mangrupakeun kacapi anu ngabogaan
ukuran paling gedé tibatan kacapi anu séjénna. Biasana
dina pagelaran Kacapi Suling, Kacapi Indung di baturan
ku Kacapi Rincik anu ukurana leuwih leutik
Aya sababaraha istilah jang kacapi ieu. Anu paling
umum jeung mineng dipaké nyaéta: Kacapi Indung,
Kacapi Gelung, Kacapi Parahu, Kacapi Pantun jeung
Kacapi Tembang.
Istilah-istilah jang Kacapi Indung mineng
dikaitkeun jeung makna atawa istilahna.
a. Pengertian Istilah Kacapi Indung
Kacapi Gelung
Gelung hartina nyaéta sanggul. Masih kénéh aya
kaitanana jeung hiasan nu aya dina bagéan luhur kacapi,
27
palebah tungtung kénca jeung katuhu aya hiasan anu
ngabentuk buleud jiga sanggul.
Kacapi Parahu
Disebut Kacapi Parahu téh kusabab bentuk kacapi
ieu gedé mangrupa parahu. Di daerah Subang jeung
Purwakarta, aya oge anu nyebut Kacapi ieu téh Kacapi
Jukung, kusabab Jukung téh hartina Parahu.
Kacapi Pantun
Disebut Kacapi Pantun téh kusabab baheula saacan
di paké mirig Tembang Sunda Cianjuran, Kacapi ieu sok
di pake mirig pantun anu dilagukeun Ki Juru Pantun.
kacapi ieu mangrupakeun waditra poko anu di paénkeun
ku Ki Juru Pantun maké gaya jeung pinuh improvisasi.
Kacapi Tembang
Disebut Kacapi Tembang téh kusabab kacapi ieu
tetep atawa baku jang mirig Tembang Sunda Cianjuran.
Dina Tembang Sunda Cianjuran, kacapi ieu ngabogaan
peran jeung teu bisa diganti ku jenis kacapi anu séjén.
27
Jang mirig lagu-lagu Cianjuran, pangpangna wanda
Papantunan, Jejemplangan, Dedegungan jeung
Ranrancangan, lamun kacapi ieu diganti ku jenis kacapi
séjén, warna sora bakal béda, jeung suasana ogé moal
beunang. Kitu ceuk rasa panembang Sunda Cianjuran
mah.
b. Golosari Tembang Sunda Cianjuran
CACAG
Cacag nyaéta pola dasar tabeuhan pasieupan
Kacapi Indung anu dipaénkeun ku curuk katuhu
hungkul. Nada anu disorakeun ti nada anu mimiti kanu
kadua selang sanada.
BEULIT
Beulit nyaéta pola dasar tabeuhan pasieupan Kacapi
Indung anu umumna mah dipaké jang nuturkeun mélodi
lagu.
27
GOLOSOR
Golosor nyaéta pola tabeuhan pasieupan Kacapi Indung
anu umumna dipaké jang nyindekkeun melodi lagu.
GULUNG
Gulung nyaéta tabeuhan pasieupan jang ngeureunkeun
tabeuhan narangtang jeung ngeureunkeun lagu dina pola-
pola bagéan-bagéan anu ditangtukeun.
AMBAHAN
Ambahan nyaéta tabeuhan pasieupan Kacapi Indung anu
umumna dipaké jang ngamimitian asup lagu (vocal).
CINDEK
Cindek nyaéta tabeuhan pasieupan Kacapi Indung anu
umuna dipaké jang ngeureunkeun melodi lagu. Umumna
pola ieu dipake pas mirig lagu-lagu wanda Degungan.
LILIWATAN
Liliwatan nyaéta pola dasar tabeuhan Kacapi Indung anu
umuna dipaké jang méréan nada ditengah lagu.
27
TUTUP
Tutup nyaéta pola dasar tabeuhan Kacapi Indung anu
umuna dipaké dina tungtung lagu (vocal) Tembang.
KULINCER
Kulincer nyaéta pola dasar tabeuhan pasieupan dina
Kacapi Indung anu umuna dipaké pas meulit jeung
nungguan muragna lagu dina sora/atawa kenongan anu
dibutuhkeun.
2. Kacapi Rincik
Kacapi rincik nyaéta kacapi anu ukurana leutik tapi
bentukna ampir sarua jeung Kacapi Indung.
c. Pengertian Istilah Kacapi Rincik
kecap “Rincik” hartina leutik. Dicokot tina kecap
“ngaririncik” anu hartina hujan girimis.
27
4. Kacapi Siter
Kacapi Siter ngabogaan bentuk anu béda ti Kacapi
Indung, Kacapi Siter leuwih sederhana tina bentuk jeung
hiasanana tibatan Kacapi Indung. Hiasan anu dipaké dina
Kacapi Siter ngan ukiran make motif-motif sederana
misalna motif kembang atawa ngabuleud jiga Kembang
matahari. Matak di masayrakat, anu leuwih mineng
dipake pagelaran téh Kacapi Siter. Salain simple, Kacapi
Siter leuwih gampang dibabawa kamamana.
Kacapi Siter mineng disebut Kacapi Kawih. Sabab,
kacapi ieu dina pagelaranana mineng dipaké jang mirig
lagu-lagu kawih, anu témpo-témpona konstan/stabil.
d. Pengertian Istilah Kacapi Siter
Kecap Siter asal mulana tina gitar (bhs. Belanda) anu
hartina sebutan jang alat musik petik anu asalna ti nagara
Spanyol. Bentuk kacapi mangrupakeun perkembangan
anu di anggap leuwih praktis di bawana.
27
A. Bagéan - bagéan Dina Kacapi
1. Kacapi Indung
Photos:www.datasunda.org
Kacapi Indung ngabogaan 18 kawat ampir 4 oktap.
Ukuran Kacapi Indung kira-kira panjangna 1,5 M, lébar
30 cm, jangkungna 40 cm. Kacapi Indung ieu maké
kawat tinu kuningan anu ngabogaan gesture leuwih
lembut tibatan senar kawat anu biasa dipaké dinu gitar.
Aya sababaraha bagéan dina Kacapi Indung nyaéta :
1. Gelung hiasan bagéan kenca jeung katuhu kacapi
2. Beungeut bagéan luhur kacapi.
27
3. Papalayu nyaéta bagéan beungeut jeung tukang
kacapi.
4. Pongpok nyaéta bagéan bagéan kenca jeung katuhu
kacapi.
5. Bobokong nyaéta bagéan handap kacapi.
6. Susumuran nyaéta liang hawa anu aya di bagéan
handap kacapi.
7. Pureut alat paragi narikan senar dipasang di bagéan
beungeut kacapi.
8. Inang anu dijajarkeun dibagéan luhur beungeut
kacapi.
9. Tumpang sari/dadampar nyaéta beusi jang nahan
kawat-kawat anu dipasang dina paku-paku sekrup.
10. Kawat
Leuwih jelasna dina gambar di handap ieu:
27
27
2. Kacapi Rincik
Kacapi Rincik ngabogaan 13 kawat ampir 3 oktap.
bagéan-bagéanana mah masih sarua jeung Kacapi
Indung nyaéta:
1. Gelung hiasan bagéan kenca jeung katuhu kacapi
2. Beungeut bagéan luhur kacapi.
3. Papalayu nyaéta bagéan beungeut jeung tukang
kacapi.
27
4. Pongpok nyaéta bagéan bagéan kenca jeung
katuhu kacapi.
5. Bobokong nyaéta bagéan handap kacapi.
6. Susumuran nyaéta liang hawa anu aya di bagéan
handap kacapi.
7. Pureut alat paragi mantengkeun senar dipasang di
bagéan beungeut kacapi.
8. Inang anu dijajarkeun dibagéan luhur beungeut
kacapi.
9. Tumpang sari/Dadampar nyaéta beusi pikeun
nahan kawat-kawat anu dipasang dina paku-paku
sekrup.
Leuwih jelasna dina gambar dihandap ieu:
27
27
3. Kacapi Siter
Photos:www.datasunda.org
Kacapi Siter ngabogaan 20 kawat atawa 4 oktap.
Bagéan-bagéan Kacapi Siter nyaéta:
1. Papalayu, nyaéta bagéan beungeut jeung tukang
kacapi..
2. Susumuran, nyaéta liang hawa anu aya di bagéan
handap kacapi.
3. Pureut, alat paragi narikan senar dipasang di bagéan
beungeut kacapi.
4. Inang, nyaéta anu dijajarkeun dibagéan luhur
beungeut kacapi.
27
5. Tumpang sari/Dadampar nyaéta beusi jang nahan
kawat-kawat anu dipasang dina paku-paku sekrup.
6. Kawat
Leuwih jelasna dina gambar di handap ieu:
27
B. Teknik Diajar Kacapi
Notasi pangajaran dihandap ieu bisa nungtun diajar
kacapi leuwih babari, penjarian (ngalatih ramo) leuwih
kalatih.
ETUDE 1
KI 1 2 3 4 5 1 2 3 4 5 1 2 3 4 5 5
KA 1 2 3 4 5 1 2 3 4 5 1 2 3 4 5 5
KI 4 3 2 1 5 4 3 2 1 5 4 3 2 1 . .
KA 4 3 2 1 5 4 3 2 1 5 4 3 2 1 . .
KI 1 2 3 4 5 1 2 3 4 5 1 2 3 4 5 5
KA 1 2 3 4 5 1 2 3 4 5 1 2 3 4 5 5
KI 4 3 2 1 5 4 3 2 1 5 4 3 2 1 . .
KA 4 3 2 1 5 4 3 2 1 5 4 3 2 1 . .
27
ETUDE 2
KI 1 2 3 2 3 4 3 4 5 4 5 1 5 1 2 1 2 3 2 3 4 3 4 5
KA 1 2 3 2 3 4 3 4 5 4 5 1 5 1 2 1 2 3 2 3 4 3 4 5
KI 5 4 3 4 3 2 3 2 1 2 1 5 1 5 4 5 4 3 4 3 2 3 2 1
KA 5 4 3 4 3 2 3 2 1 2 1 5 1 5 4 5 4 3 4 3 2 3 2 1
KI 1 2 3 2 3 4 3 4 5 4 5 1 5 1 2 1 2 3 2 3 4 3 4 5
KA 1 2 3 2 3 4 3 4 5 4 5 1 5 1 2 1 2 3 2 3 4 3 4 5
KI 5 4 3 4 3 2 3 2 1 2 1 5 1 5 4 5 4 3 4 3 2 3 2 1
KA 5 4 3 4 3 2 3 2 1 2 1 5 1 5 4 5 4 3 4 3 2 3 2 1
KI 1 2 3 2 3 4 3 4 5 4 5 1 5 1 2 1 2 3 2 3 4 3 4 5
KA 1 2 3 2 3 4 3 4 5 4 5 1 5 1 2 1 2 3 2 3 4 3 4 5
27
ETUDE 3
KI 0 13 2 24 3 34 5 1 2 15 4 54 3 43 2 1 2
KA 0 13 2 24 3 34 5 1 2 15 4 54 3 43 2 1 2
KI 0 13 2 24 3 34 5 1 2 15 4 54 3 43 2 1 2
KA 0 13 2 24 3 34 5 1 2 15 4 54 3 43 2 1 2
KI 0 13 2 24 3 34 5 1 2 15 4 54 3 43 2 1 2
KA 0 13 2 24 3 34 5 1 2 15 4 54 3 43 2 1 2
KI 0 13 2 24 3 34 5 1 2 15 4 54 3 43 2 1 2
KI 0 13 2 24 3 34 5 1 2 15 4 54 3 43 2 1 2
27
PETIKAN DASAR KACAPI KAWIH
KI C 0 1 1 5
5 JP 0 3 3
KA JK 0 5 5 5 5
JP 5 0 2 5
KI C 0 1 1 1
4 JP 0 3 3
KA JK 0 4 0 4 4 4
JP 4 0 1 4
KI C 0 1 1 3
3 JP 0 3 3
KA JK 0 3 0 3 3 3
JP 3 0 5 3
27
KI C 0 3 3 2
2 JP 0 5 5
KA JK 0 2 0 2 2 2
JP 2 0 3 2
KI C 0 3 3 2
1 JP 0 5 5
KA JK 0 1 0 1 1 1
JP 1 0 3 1
\
27
NARANGTANG
Laras Pelog
KI 5 5 3 4 5
KA 2 3 2 345 5 5 5 5 5 5 55 1 2 215432 234 5
KI 2 2 5 3 5 3 2
KA 4 512 2 2 2 2 2 2 5 512 2345 43 32 215
Ki 3 5 5 3 2 3
KA 512 2 345 5 5 5 5 5 5 5 5 12 21 12 21
KI 2 3 5 5 5
KA . 1 2 2 1 5 5 2 1 5 5
27
KIDUNG
KI 0 5 0 5 1 5 0 5 1 5
KA 34 03 0 34 05 0
KI 0 5 0 5 2 5 0 5 2 5
KA 34 03 0 34 05 0
RAJAH
Salendro
KI 0 3 0 1
KA 3 3 3 1 1 0
pelog
KI 0 1 1 11 01 1 1 5 4 3
KA 0 4 1 4 1 4 1 4 1 4
27
PETIKAN DASAR KACAPI TEMBANG
KI JK 0 0 0 5
5 JP 0 0 0 0
KA C 5 3 5 0
JP 0 5 0 5 0 5 0 5 0 5
KI JK 0 0 0 4
4 JP 0 0 0 0
KA C 4 3 4 0
JP 0 4 0 4 0 4 0 4 0 4
KI JK 0 0 0 3
3 JP 0 0 0 0
KA C 3 2 3 0
JP 0 3 0 3 0 3 0 3 0 3
27
KI JK 0 0 0 2
2 JP 0 0 0 0
KA C 2 5 2 0
JP 0 2 0 2 0 2 0 2 0 2
KI JK 0 0 0 1
1 JP 0 0 0 0
KA C 1 5 1 0
JP 0 1 0 1 0 1 0 1 0 1
27
Daftar Fustaka
Effendi, Januar. 2004, Sekolah Menengah Kejuruan
Negeri 10, Bandung
Kubarsah R, Ubun: 1995, waditra. Bandung: CV.
Beringin Sakti.