Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan

5
URANG SUNDA KUDU NGAROJONG KANA ATIKAN PIKEUN SUKSESNA KAWAJIBAN DIAJAR 12 TAUN Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh Sampurasun….. Déwan yuri anu ku sim abdi di pihormat, ibu kalih bapa guru nu sami rawuh di ieu tempat, teu kakantun réréncangan sadaya anu ku sim abdi di pitresna. Bismillah wiwitan kedalna lisan kairing ku rasa sukur ka Alloh SWT nu Maha Ghopur tur mihéman, ngancikeun cahaya iman tina galeuh sanubari, mugi sing ulah pukah deui, komo kudu luncat mulang tali gadang, sing kukuh tur pengkuh teu unggut kalinduan teu gédag kaanginan. Sholawat salam nu jadi panyuat rasa tilam katresna, mugi tetep dilélérkeun ka kanjeng nabi Muhammad SAW, miwah kulawargana, sohabatna tug dugi ka umatna nu tumut turut kana ajaranana. Dina kasempetan nu saé ieu dina raraga lomba biantara basa sunda, sim abdi badé ngabantun judul “Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan, Pikeun Suksésna Kawajiban di Ajar 12 Tahun”. Déwan yuri nu ku sim abdi di pihormat, Masalah atikan mangrupikeun, salah sawios kawajiban kanggé urang sadayana, milari élmu téh dianjurkeun ku agama boh kupamaréntah, sabab ku ayana atikan manusa tiasa undak

Transcript of Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan

Page 1: Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan

URANG SUNDA KUDU NGAROJONG KANA ATIKAN

PIKEUN SUKSESNA KAWAJIBAN DIAJAR 12 TAUN

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh

Sampurasun…..

Déwan yuri anu ku sim abdi di pihormat, ibu kalih bapa guru nu sami rawuh

di ieu tempat, teu kakantun réréncangan sadaya anu ku sim abdi di pitresna.

Bismillah wiwitan kedalna lisan kairing ku rasa sukur ka Alloh SWT nu Maha

Ghopur tur mihéman, ngancikeun cahaya iman tina galeuh sanubari, mugi sing ulah

pukah deui, komo kudu luncat mulang tali gadang, sing kukuh tur pengkuh teu

unggut kalinduan teu gédag kaanginan.

Sholawat salam nu jadi panyuat rasa tilam katresna, mugi tetep dilélérkeun

ka kanjeng nabi Muhammad SAW, miwah kulawargana, sohabatna tug dugi ka

umatna nu tumut turut kana ajaranana.

Dina kasempetan nu saé ieu dina raraga lomba biantara basa sunda, sim

abdi badé ngabantun judul “Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan, Pikeun

Suksésna Kawajiban di Ajar 12 Tahun”.

Déwan yuri nu ku sim abdi di pihormat,

Masalah atikan mangrupikeun, salah sawios kawajiban kanggé urang

sadayana, milari élmu téh dianjurkeun ku agama boh kupamaréntah, sabab ku

ayana atikan manusa tiasa undak darajatna dibandingkeun jeung manusa nu teu

ngagaduhan atikan. Sakumaha pitutur sepuh “jalmi nu gaduh élmumah calikna

pangpayunna, cohokna pang panjangna iketna pangrubakna”.

Taun ajaran énggal ayeuna nu badé kasampeur, mangrupikeun salah sawios

tatapakan nu énggal pikeun seuweu-siwi tatar galuh Ciamis, pikeun neraskeun

sakola nu sakola dasar ka sakola lanjutan tingkat awal, boh nu ti sakola lanjutan

tingkat awal ka sakola lanjutan tingkat luhur, Déwan yuri nu ku sim abdi dipihormat,

Jawa Barat nu di sebat Pasundan sabagian ageungna urang sunda parantos ti

beh dituna kénéh wanoh kana atikan, sateuacan UNICEF. Dina kamandangna “long

life education” nuntut élmu téh sapanjang hirup, sepuh pini sepuh urang tos

Page 2: Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan

ngawanti-wanti supados seuweu-siwina teu jaranteun jalmi bodo, sateuacan aya

program kawajiban diajar 9 tahun ayeuna rek diundakeun jadi 12 tahun sepuh pini

sepuh sunda tos ngagaduhan kamandang ngeunaan filosopis dina atikan boh dina

wanda kawih, sisindiran, paribasa atawa babasan.

Dina rumpaka kawih anu kieu unggelna:

Néléngnéngkung Néléngnéngkung

Geura gedé geura jangkung

Geura sakola sing jucung

Sangkan jadi jelma luhung

Néléngnéngkung Néléngnéngkung

Geura gede geura jangkung

Mun hidep pareng geus luhung

Poma ulah rek adigung

Filosopis dina wanda kawih diluhur écés tur jéntré, urang sadaya kudu sakola

nyuprih élmu, bari jeung lamun parantos gaduh élmu teu adigung adiguna.

Dina rumpaka sisindiran anu kieu unggelna.

Aya manuk dina pager

Na sukuna aya bola

Lamun urang hayong pinter

Kudu getol kasakola

Baju kutud heureut pola

Dikelin teu dijalujur

Lamun teu cucud ka sakola

Arisin balik kalembur

Sihoreng mun urang hoyong pinter teh kudu getol kasakola sabalikna mun

urang teu junun kasakola bakal isin balik kaleumbur.

Déwan yuri nu ku sim abdi dipihormat, Bapa kalih Ibu anu sami rawuh di ieu

tempat, ogé réréncangan saperjoangan nu ku sim abdi dipikatresna,

Agama urang agama islam ngajarkeun umatna pikeun nyuprih élmu dina salah

Page 3: Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan

sawios hadits nabi Muhammad saw.

Hartosna :Nyuprih élmu téh wajib pikeun muslimin jeung muslimat ti kawit na

kandungan dugi ka alam kubur.

Ditegaskeun deui ku sepuh pini sepuh urang sadaya dina babasan “elmu

tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarnya”.

Filosofis nu nyangkaruk dina babasan diluhur, urang sadaya sanés mung

ukur nyuprih élmu wungkul tapi biayana gé kudu disiar, mun pareng geus linuhung

ku élmu kudu siger tengah.

Kumargi kitu hayu urang sukséskeun Wajar Dikdas 12 Taun, rarojong

program pamaréntah supaya urang sadaya janten murangkalih anu pinter bari jeung

bener, cageur bari jeung sing singer. Mun cageur, bageur, bener, pinter, tur singer

insya allah moal kabalinger.

Pamendak pitutur sepuh urang sunda, luyu jeung agama diarigama,

pamungkas:

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

Sing getol neangan élmu

Nu guna dunya akhérat

Cag, wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh