Perkara Pakakas Urang Sunda

20
Pedaran perkara pakakas urang sunda

Transcript of Perkara Pakakas Urang Sunda

Page 1: Perkara Pakakas Urang Sunda

Pedaran perkara pakakas urang

sunda

Page 2: Perkara Pakakas Urang Sunda

Pangleak

Page 3: Perkara Pakakas Urang Sunda

Pangleak nyaeta salah sahiji pakakas sunda anu dijieunna tina awi leutik anu geus garing, kira-kira panjangna 15 cm, biasana sok dibungkus ku palastik sangkan teu rapet waktu dipake ngopak. Gunana mah geus puguh pikeun ngopak. Cara makena, janggel dileakkeun make pangleak sangkan kandelna rata, teu kandel sabeulah. Jaman ayeuna mah pakakas ieu teh biasana dijieun tina paralon tur geus jarang anu makena oge.

Page 4: Perkara Pakakas Urang Sunda

Dudukuy

Page 5: Perkara Pakakas Urang Sunda

Dudukuy nyaeta pakakas sunda anu dijieunna tina awi tuluy dianyam, gunana pikeun ngiuhan sirah tina panas panon poe jeung hujan. Salain ti eta sok dipake pikeun ngawadahan hasil tatanen saparti cengek, cengkeh, tomat jsb. Ilahharna dudukuy teh dipakena ku patani disawah atawa dikebon. Aya sababaraha rupa dudukuy, diantawisna aya nu disebut dudukuy payung jeung aya oge dudukuy cetok. Dudukuy payumg mah biasana dipake ku buruh metik enteh, ari dudukuy cetok mah dipakena ku patani.

Page 6: Perkara Pakakas Urang Sunda

Boboko

Page 7: Perkara Pakakas Urang Sunda

Boboko nyaeta salah sahiji pakakas sunda anu dijieunna tinu awi terus dianyam, biasana dihandapna sok make soko, luhurna dibengket ku hoe sangkan lewih kuat jeung awet dipakena. Boboko gunana pikeun ngisikan beas, pikeun wadah sangu atawa dipake pikeun ngawadahan hasil tatanen saperti bonteng, tomat, cengek, jsb. Aya sababaraha ukuran boboko teh, anu leutik biasana sok dipake sangu, loba dipake diwarung-warung sunda, anu gede sok dipake pikeun mawa palawija.

Page 8: Perkara Pakakas Urang Sunda

Emrat

Page 9: Perkara Pakakas Urang Sunda

Emrat nyaeta salah sahiji pakakas sunda anu dijieunna tinu seng. Emrat biasana digunakeun ku patani pikeun ngawadahan cai lamun bade nyiram pepelakan atawa kekembangan. Biasana digunakeun ku patani dina waktu halodo. Bentukna sapertos cere pedah emrat mah jangkung jeung teu ditutupan sabab ngarah gampang ngeusian caina.

Page 10: Perkara Pakakas Urang Sunda

Pasegan

Page 11: Perkara Pakakas Urang Sunda

Pasegan nyaeta boboko gede anu dijieunna tina awi anu dianyam, bentukna sarua pisan jeung boboko, handapna make soko, luhurna diwengku ku tali hoe, sangkan kuat jeung awet dipakena, ngan nu ngabedakeunna teh, ukuran pasegan lewih gede tibatan boboko. Biasana pakakas ieu dipake ngawadahan hasil tatanen atawa palawija.

Page 12: Perkara Pakakas Urang Sunda

Korang

Page 13: Perkara Pakakas Urang Sunda

Korang nyaeta salah sahiji pakakas sunda anu dijieunna tina awi nu dianyam kerep, diluhurna diwengku ku tali hoe atawa tali rapia anu kandel, sangkan leuwih pantes tur kuat. Biasana aya sababaraha bentuk kumaha ka ahlian anu nyieunna. Pakakas ieu gunana pikeun ngawadahan lauk meunang ti walungan atawa ti balong. Biasana mah sok dipake ku nu ngecrik atawa nguseup diwalungan.

Page 14: Perkara Pakakas Urang Sunda

Kored

Page 15: Perkara Pakakas Urang Sunda

Kored nyaeta salah sahiji pakakas

sunda anu dijieunna tina besi, bentukna

hampir sarua jeung pacul, gagangna

tina kai leutik anu buleud, panjangna

kira-kira 20 cm, kagunaanana pikeun

meresihan jukut dikebon atawa

dipakarangan. biasana oge digunakeun

ku patani pikeun mersihan suuk di kebon.

Page 16: Perkara Pakakas Urang Sunda

Gasrok

Page 17: Perkara Pakakas Urang Sunda

Gasrok nyaeta salah sahiji pakakas sunda anu dijieunna tina besi tapi lolobana mah tina kai, bentukna siga kuya, ukuranna kira-kira 20 x 30, handapna mak paku nu di elas. Gagangna tina besi oge, gunana pikeun meresihan jukut leutik atawa eceng antara pelak pare anu umurna kira-kira mah 1 bulan atawa leuwih samemeh pare dirmbet.

Page 18: Perkara Pakakas Urang Sunda

Hihid

Page 19: Perkara Pakakas Urang Sunda

Hihid nyaeta salah sahiji pakakas sunda anu dijieunna tina awi anu dianyam, sisina make awi panjang pikeun gagangna, ditalian ku tali hoe sangkan pageuh. Hihid gunana pikeun ngipasan sangu anu karek asak, atawa pikeun ngageberan seuneu ku tukang sate mah, bisa oge dipake pikeun gegeber lamun hareudang.

Page 20: Perkara Pakakas Urang Sunda