Urang Sunda di Lingkungan Indonesia -...

2
o Sabtu o Se/as a o Minggu o Rabu Kamis 0 Jumat 45 20 67 21 22 8 9 10 11 23 24 25 26 12 13 27 28 14 15 16 29 30 31 ONov ODes o Mar OApr OMei OJun OJu/ 0 Ags Urang Sunda di Lingkungan Indonesia Biantara panampian gelar DR He ti Universitas Padjadjaran Tg. 31 Januari 2011 2 Ku Ajip Rosidi P amarentah Walanda dina taun 1919 ngadegkeun Volksraa-I (Dewan Rahayat) anu anggotana diwangun ku urang Walanda, urang pribumi jeung urang Asing Wetan (Cina, Arab). Volksraad lumangsung ti taun 1919 nepi ka pamaren- tah Hindia-Walanda bubar (1919-1942). Anggota Volksraad diganti saban taun. Jumlahna henteu angger. Anggota Volk- sraad anu munggaran (1919-1920) jumlah- na aya 39 urang, ~::'ang priburnina aya 17 urang, urang Sundana ngan saurang (RA.A. Ahmad Djajadiningrat, bupati Serang). Anggota Volksraad taun 1924- 1925, kabehna aya 53 urang, urang pribu- :nina aya 22 urang, urang Sundana aya duaan (R.A.f_ Ahrnad Djajad'ningrat jeung K-A.A. Wiranatakccsoemah, bupati Ban- dung). Anggota Volksraad taun 1929-1930 aya 65 urang, urang pribumina aya 26 urang, urang Sundana aya duaan (RA..A.. Ahmad Djajadiningrat, RA Wiranatakoe soemah jcung R. Idih nu ngaga.iti RAA. Djajadiningrat di satengahing jalan). Anggota Volksraad taun 1':134-1935aya 65 urang, pribumina aya 29 urang, urang Sundana aya tiluan (R Oto Iskandardinata, RT.A. Abas Soeria Nataatmadja, bupati Cianjur jeung RA Wiranatakoesoemah). Anggota Volksraad taun 1939-1940, aya 63 urang, urang pribumina aya 29 urang, urang Sun+ana aya tiluan (R Oto Iska- ndardinata, R.A.A. Soeria Kartalegawa jeung RT.A. Abas Nataatrnadja). Rata-rata urang Sunda ngan kl. 10% tina jumlah urang pribumi anu jadi anggota Volksraad saban taunna.Itr) Pamuda Sunda lain bae milu dina Kongres Pamuda boh anu diayakeun taun 1926 boh anu diayakeun taun 1928, tapi aktif ti anggalna keneh, Wakil ti organisasi Sekar Roekoen (i919-1928) milu aktif dina konperensi organisasi-organisasi pamuda ti sakuliah Indonesia dina tg. 15 November 1925 anu ngabadamikeun rancangan jeung 20 OSep OOkt ngawangun Komite pikeun ngalaksana- keun Kongres Pamuda 1926, sanajan hen- teu aya catetan naon bae hojahna. Cara nu geus kauninga, riungan anu ayeuna diseout Konzi es Pemuda teh diayakeunana ku organisasi-organisasi pamuda nu diadegke- un di lingkungan para pamuda hiji seler Langsa, kayaning Jong Java (pamuda Jawa), Jong Ambon (pamuda Ambon), Jong Batak (pamuda Batak), Sekar Roekoen (pamuda Sunda), Jong Celebes (pamuda Sulawesi), Jong Sumatranen Bond (pamuda Sumatra), Jong Islarnieten Bond (pamuda Islam), jeung lian-lianna. Sabada aktif dina pc:joangan kadaerahan sawatara taun timbul kasadar di kalangan para pamuda teh, yen maranehanana miboga cita-cita anu sarua nyaeta ngama- jukeun bangsa-bangsa (beh dieu jadi sel pr bangsa) masing-rnasing sarta nyangha- reupan rnusuh anu sarua deuih, nyaeta urang deungeun mu ngajajah (Waianda). Ku lantaran kitu timb»l kahayang pikeun ngayakeun konsolidasi di antara rnara- nehanana ku ngayakeun kongres (istilan anu digunakeun harita "kerapatan") pikeun ngarumuskeun cita-citana tea. Nya sabada ngayakeun dua kali kongres (30 April - 2 Mei 1926 jeung 27-28 Oktober 1928), para pamuda teh ngarumuskeun cita-citana anu ayeuna disebut "Sumpah Pemuda", nyaeta Karni putera dan puteri Indonesia me- ngaku bertumpah darah yang satu, Tanah Indonesia; Karni putera dan puteri Indonesia me- ngaku berbangsa yang satu, Bangsa Indo- nesia; Karni putera dan puteri Indonesia men- junjung bahasa persatuan, Bahasa Indo- nesia. Nya Sumpah Pemuda anu jadi pangindi- tan jeung pananjeuran bangsa jeung nagara Indonesia teh. Organisasi Sekar Roekoen anu dina Kongres Pamuda diwakilan ku A. Hamami (? - ?) jeung Waktoe (? - ?), ngawakilan urang Sunda dina ngarurnus- Kllplng Huma. anpacl 2011 keun jeung milu ngikrarkeun eta Sumpah Pamuda. Organisasi Sekar Roekoen jadi anu pangheulana ngabubarkeun diri luyu jeung kaputusan Kongre= Pernuda sangkan sakabeh organisasi pamuda nu aya ngahiji dina crganisasi Pemuda Indonesr-. Majalah Sekar Roekoen anu ti barang medal (1921) ngagunakeun basa Sunda, dina taun 1929 (sabada Kongres Pamuda 1928)jadi ngagu- nakeun basa Indonesia. Sabada organisasi Sekar Roekoen ngabubarkeun diri, majalah Sekar Roekoen ge henteu medal deui. Hanjakal para aktivis Sekar Roekoen teh henteu aya anu kapapay raratanana - da henteu aya nu nganggap perIu mapaykeun- ana, bubuhan urang Sunda mah henteu nganggap penting kana sajarah. (Ngan A. Hamami cenah kungsi jadi dokter di Sukaburni, tapi henteu kapaluruh naon aktivitasna salian ti ngurus nu gering atawa ngurus rumah sakit). Padahal dina majalah Sekar Roekoen teh katingal aya sawatara pokal anu merenah lamun meunang perha- tian anu daria, Myaning pokal ngayakeun gerakan anti titel via Pakumpulan Ann Titet anu dipingpin ku Moehammad Moehjiddin (?-?). Tujuanana antarana ngalcungitkeun gelar "Raden" anu dina mangsa harita jadi tanda kamenakan atawa turunan menak - sanajan eta gelar bisa dibeuli lamun nu hayangeunana nyumponan sarat-sarat nu geus ditangtukeun. Contona usahawan toko buku jeung parnedal M.I. Prawirawinata (? - ?)j(*'L.), beh uieu jadi R.I. Prawirawinaia nyaeta sanggeus ngarnajukeun permuhun- an sarta nyumponan sarat-saratna ka pamarentah - sanajan balarea mah angger bae nyebutna "toko buku M.I.", henteu "toko buku RI." Pokal anti titel teh - sana- jan aya nu henteu nyatujuan - nuduhkeun yen di kalangan urang Sunda harita aya nu geus miboga gagasan dernokrasi LlU ngang- gap yen manusa mah satata satahapan, da gelar teh timbulna di masarakat feodal anu ngabeda-bedakeun barkat manusa. Gagasan demokrasi teh ahirna jadi dasar Mangle No. 2310

Transcript of Urang Sunda di Lingkungan Indonesia -...

Page 1: Urang Sunda di Lingkungan Indonesia - pustaka.unpad.ac.idpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2011/02/mangle-20110217-u... · korban) mah rereana urang Sunda, ... tuluyna jaradi

o Sabtuo Se/as a o Mingguo Rabu • Kamis 0 Jumat4 520

6 721 22

8 9 10 1123 24 25 26

12 1327 28

14 15 1629 30 31ONov ODesoMar OApr OMei OJun OJu/ 0 Ags

Urang Sunda diLingkungan IndonesiaBiantara panampian gelar DR He

ti Universitas PadjadjaranTg. 31Januari 2011

2

Ku Ajip Rosidi

Pamarentah Walanda dina taun1919 ngadegkeun Volksraa-I(Dewan Rahayat) anu anggotanadiwangun ku urang Walanda,urang pribumi jeung urang

Asing Wetan (Cina, Arab). Volksraadlumangsung ti taun 1919 nepi ka pamaren-tah Hindia-Walanda bubar (1919-1942).Anggota Volksraad diganti saban taun.Jumlahna henteu angger. Anggota Volk-sraad anu munggaran (1919-1920) jumlah-na aya 39 urang, ~::'ang priburnina aya 17urang, urang Sundana ngan saurang(RA.A. Ahmad Djajadiningrat, bupatiSerang). Anggota Volksraad taun 1924-1925, kabehna aya 53 urang, urang pribu-:nina aya 22 urang, urang Sundana ayaduaan (R.A.f_ Ahrnad Djajad'ningrat jeungK-A.A. Wiranatakccsoemah, bupati Ban-dung). Anggota Volksraad taun 1929-1930aya 65 urang, urang pribumina aya 26urang, urang Sundana aya duaan (RA..A..Ahmad Djajadiningrat, RA Wiranatakoesoemah jcung R. Idih nu ngaga.iti RAA.Djajadiningrat di satengahing jalan).Anggota Volksraad taun 1':134-1935aya 65urang, pribumina aya 29 urang, urangSundana aya tiluan (R Oto Iskandardinata,RT.A. Abas Soeria Nataatmadja, bupatiCianjur jeung RA Wiranatakoesoemah).Anggota Volksraad taun 1939-1940, aya 63urang, urang pribumina aya 29 urang,urang Sun+ana aya tiluan (R Oto Iska-ndardinata, R.A.A. Soeria Kartalegawajeung RT.A. Abas Nataatrnadja). Rata-rataurang Sunda ngan kl. 10% tina jumlahurang pribumi anu jadi anggota Volksraadsaban taunna.Itr)Pamuda Sunda lain bae milu dina

Kongres Pamuda boh anu diayakeun taun1926 boh anu diayakeun taun 1928, tapiaktif ti anggalna keneh, Wakil ti organisasiSekar Roekoen (i919-1928) milu aktif dinakonperensi organisasi-organisasi pamuda tisakuliah Indonesia dina tg. 15 November1925 anu ngabadamikeun rancangan jeung

20

OSep OOkt

ngawangun Komite pikeun ngalaksana-keun Kongres Pamuda 1926, sanajan hen-teu aya catetan naon bae hojahna. Cara nugeus kauninga, riungan anu ayeuna diseoutKonzi es Pemuda teh diayakeunana kuorganisasi-organisasi pamuda nu diadegke-un di lingkungan para pamuda hiji selerLangsa, kayaning Jong Java (pamudaJawa), Jong Ambon (pamuda Ambon),Jong Batak (pamuda Batak), SekarRoekoen (pamuda Sunda), Jong Celebes(pamuda Sulawesi), Jong SumatranenBond (pamuda Sumatra), Jong IslarnietenBond (pamuda Islam), jeung lian-lianna.Sabada aktif dina pc:joangan kadaerahansawatara taun timbul kasadar di kalanganpara pamuda teh, yen maranehananamiboga cita-cita anu sarua nyaeta ngama-jukeun bangsa-bangsa (beh dieu jadi selprbangsa) masing-rnasing sarta nyangha-reupan rnusuh anu sarua deuih, nyaetaurang deungeun mu ngajajah (Waianda).Ku lantaran kitu timb»l kahayang pikeunngayakeun konsolidasi di antara rnara-nehanana ku ngayakeun kongres (istilananu digunakeun harita "kerapatan") pikeunngarumuskeun cita-citana tea. Nya sabadangayakeun dua kali kongres (30 April - 2Mei 1926 jeung 27-28 Oktober 1928), parapamuda teh ngarumuskeun cita-citana anuayeuna disebut "Sumpah Pemuda", nyaetaKarni putera dan puteri Indonesia me-

ngaku bertumpah darah yang satu, TanahIndonesia;Karni putera dan puteri Indonesia me-

ngaku berbangsa yang satu, Bangsa Indo-nesia;Karni putera dan puteri Indonesia men-

junjung bahasa persatuan, Bahasa Indo-nesia.Nya Sumpah Pemuda anu jadi pangindi-

tan jeung pananjeuran bangsa jeung nagaraIndonesia teh. Organisasi Sekar Roekoenanu dina Kongres Pamuda diwakilan ku A.Hamami (? - ?) jeung Waktoe (? - ?),ngawakilan urang Sunda dina ngarurnus-

Kllplng Huma. anpacl 2011

keun jeung milu ngikrarkeun eta SumpahPamuda. Organisasi Sekar Roekoen jadianu pangheulana ngabubarkeun diri luyujeung kaputusan Kongre= Pernuda sangkansakabeh organisasi pamuda nu aya ngahijidina crganisasi Pemuda Indonesr-. MajalahSekar Roekoen anu ti barang medal (1921)ngagunakeun basa Sunda, dina taun 1929(sabada Kongres Pamuda 1928)jadi ngagu-nakeun basa Indonesia. Sabada organisasiSekar Roekoen ngabubarkeun diri, majalahSekar Roekoen ge henteu medal deui.Hanjakal para aktivis Sekar Roekoen teh

henteu aya anu kapapay raratanana - dahenteu aya nu nganggap perIu mapaykeun-ana, bubuhan urang Sunda mah henteunganggap penting kana sajarah. (Ngan A.Hamami cenah kungsi jadi dokter diSukaburni, tapi henteu kapaluruh naonaktivitasna salian ti ngurus nu gering atawangurus rumah sakit). Padahal dina majalahSekar Roekoen teh katingal aya sawatarapokal anu merenah lamun meunang perha-tian anu daria, Myaning pokal ngayakeungerakan anti titel via Pakumpulan Ann Titetanu dipingpin ku Moehammad Moehjiddin(?-?). Tujuanana antarana ngalcungitkeungelar "Raden" anu dina mangsa harita jaditanda kamenakan atawa turunan menak -sanajan eta gelar bisa dibeuli lamun nuhayangeunana nyumponan sarat-sarat nugeus ditangtukeun. Contona usahawan tokobuku jeung parnedal M.I. Prawirawinata (?- ?)j(*'L.), beh uieu jadi R.I. Prawirawinaianyaeta sanggeus ngarnajukeun permuhun-an sarta nyumponan sarat-saratna kapamarentah - sanajan balarea mah anggerbae nyebutna "toko buku M.I.", henteu"toko buku RI." Pokal anti titel teh - sana-jan aya nu henteu nyatujuan - nuduhkeunyen di kalangan urang Sunda harita aya nugeus miboga gagasan dernokrasi LlU ngang-gap yen manusa mah satata satahapan, dagelar teh timbulna di masarakat feodal anungabeda-bedakeun barkat manusa.Gagasan demokrasi teh ahirna jadi dasar

Mangle No. 2310

Page 2: Urang Sunda di Lingkungan Indonesia - pustaka.unpad.ac.idpustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2011/02/mangle-20110217-u... · korban) mah rereana urang Sunda, ... tuluyna jaradi

nagara Republik Indonesia.Dina perjuangan saterusna enggoning

usaha ngaleupaskeun din tina pangjajahdeungeun, urang Sunda ge rea anti aktif,bubuhan rea organisasi perjuanu.. (I ka-bangsaan anu diadegkeun jeung tumuwuhdi Tatar Sunda kayaning PNf (PartaiNasional Indonesia), PNI Pendidikan,Partindo (Partai Indonesia) jeung lianna.Dalah Sarekat Islam anu diadegkeun di Solo,sumebama gancang pisan di Tatar Sunda.Mernang aya hal anu nimbulkeun tan-datanya, naon sababna anu ngaluluguanngaradegkeun partey-partey perjoangannasional di Tatar Sunda (Bandung) teh lainurang Sunda, nepi ka henteu aya urangSunda anu jadi pamingpinna anu urama.PNI diadegkeun ki: Sukarno, Sabada PiiIbubar hi sabab Sukarno ditangkep, Sjahrirjeung Hatta ngadegke.m PNI-Pendidikan,sarta Sartono ngadegkeun Partindo.Sanajan tangtu anggotana (sarta anu jadikorban) mah rereana urang Sunda, sartaaya urang Sunda anu diuk dina pingpinan,tapi lain anu utama. Di PNI aya GatotMangkoepradja (1898-1968), MaskoenSoemadiredja (1907-1986), ieung Soepria-dinata (7--7). Waktu PNI bubar, Gatot asup:u, Partindo, Maskoen jeung Soepriadinataka PNI Pendidikan. Tapi angger henteu jadipamingpinna anu utama. Di PNI Pendi-dikan, aya Sastra (1898-7) nu ku Sjahrir kuanjeun dianggap guru, tapi henteu munculdina kaparningpinau nasional.Pg).Para pamingpin Sunda umumna aktif

dina organisasi kasundaan jeung kaaga-maan. Di Pagoejoeban Pasoendan anudiadegkeun dina taun 1913, upamana ayaOtto Koesoemasocbrata (1995-7), LukmanDjajadiningrat (1891-1944), Oto Iskandar-dinata (1897-1945), Erna Poeradiredja(1902-1976), Ir. Djuanda, Ir. OekarBratakusuma, jeung sawatara urang deui.Di orgar.isasi PUI (Persatuan Umat Islam)aya KH. H. Abdoel Halim (1887-1962), di;,;:~rA l-Ittihcdiyatul Islamiyah) aya KH.Ahmad Sanusi (1888-1950)Rea partey anu diadegkeun dina taun-

taun 1930-an, tapi henteu aya urang Sundaanu jadi pamingpinna tur nembongkeunkapamingpinan anu pinunjul sartangalak'Ukeun tindakan-tindakan anu gede

, hartina dina enggoning merjuangkeunkamerdekaan bangsa ..

3Dina mangsa dijajah ku Jepang, Oto

Iskandardinata babarenganjeung BungKarno katut Bung Hatta ngagedurkeunsumanget kabangsaan ku jalan gawe barengJ~ung tentara Jepang. Tokoh urang Sundalianna anu muncul dina jaman Jepang tehGatot Mangkoepradja anu ngusulkeun kapamarentah balatentara Jepang sangkanpara pamuda Indonesia dilatih katentaraan.

Mangle No. 2310

Usulna ditarirna. Pamarentah balatentaraJepang ngadegkeun Peta (PernbelaTanahair) nu ngalatih para pamuda ti saku-liah Indonesia pikeun jadi perwira. PamudaSunda anu marilu dilatih di Peta aya anutuluyna jaradi perwira tinggi TNI diantarana Umar Wirahedikusumah (1924 --7), Akil Prawiradiredja (1924-2000),Ibrahim Adjie (192::;-1999), Amir Mahmud(1923-1995), jeung rea deui tapi prosentasi-najeung nu ti seler sejen henteu luhur. Paraperwira Peta jeung sawatara perwira KNILlulusan Breda teh beunang disebutkeun anusabada Republik Indonesia ngadeg ngawan-gun angkatan bersenjata urang, Penting per-anan Mayjen Didi Kartasasrnita (1911-1996)dina ngawangun katentaraan urang, tapihenteu lila kageser ku mane peuntas, nepika anjeunua pundung, medal sila ti kateu-taraar •.("4). Dina buku Siapa Dia? susunanHarsja W. Pzchtiar ngeunaan perwira tinggiTNI AD, tina jumlah kl. 1258 perwira tinggi

. TNI AD nu dimuat riwayatna dina eta buku,ngan aya kl. 74 urang Sunda.Pg).Parnarentah balatentara Jepang

ngadegkeun Chew Sangi-In (DewanPertimbangan Fuseur) nu ditugaskeun pike-un mantuan pamarentah di tingkat pusatjeung Shu . Sangi-In di tingkat daerah.Maksudna sangkan urang Indonesia aktifngalakukeun jJartisipasi dina ngaheuyeukpamarentahan. Aya 23 anggota anudiangkat ku Saiko Shikikan (PanglimaTertinggi), urang Sunaana aya opatan, nyae-ta KH. Abdoel Halim (1887-1962;, Prof.Hoesein Djajadiningrat (1886-1960), Mr. RSamsoedin, jeung R Oto Iskandarclinata -ngan kacek hijijeungjumlah urang Cina anudiangkat jadi anggota Chuo Sang In - tiluan.Hartina ngan kira-kira 15% .ina jumlahkabehanana, Beh dieu memang aya deuiurang Sunda anu jadi anggota Chfio Sangi-In nu ngawakilan daerah-daerah kayaningRL Singadilaga (7 -- 7, Jakarta), M.S.Sendjaja (1890-1961, Priangan), jeung RZSoeria Kanalegawa (? - ?, Banten). Tapisanajanjumlahna urang Sunda teh namba-han (jadi genepan) lamun diitung prosen-tasina mah malah turun, henteu nepi ka15%, da jumlah anggota kabehanana genarnbahan.jadi 43 urang.(*6).Sanajan dasar diangkatna jadi anggota

Chuo Sangi-In teh henteu dumasar kanaasal muasal selerna - cara KH. AbdoelHalim uparr.ana, diangkatna minangkawakil golongan Islam - tapi nu diangkat jadianggota Chuo Sangi In teh ngagambarkeunyen dinajagat kapamingpinan nasional hari-ta, urang Sunda nu manggung teh ngan eta-etana. Maksud teh harita henteu rea urangSunda di panggung nasional, nepi ka henteurea piliheunana lamun rek diangkat teh.Sanggeus parnarentah Jepang di Tokyo

netepkeunyen Indonesia bisa ngumumkeunkamerdikaanana iraha bae, diwangunBadan Penyelidik Usaha-usaha PersiapanKernerdekaan Indonesia (BPUPKf).Anggotana rereana anggota Chuo Sang-In

ditambah ku tokoh-tokoh masarakatantarana nu tadinajadi panasehat pamaren-tah Jepang. Anggota BPUPKr jumlahna 68urang, di antarana aya sawelas urang Sundanyaeta Dr. Mr.. R. Soelaiman EffendiKoesoemaatmadja (1903--?), R.AA M.Wiranatakusumah (1888-1965), KH.Abdoel Halim (1887-1962), Prof. Dr. PAHoesein Djajadiningrat (1886-1960), Mr.Maria Ulfah Santoso (1911-1988), KH,Ahmad Sanoesi (1888-1950), Prof. Dr. RDjenal Asikin Widjajakoesoema (1891-?),R Oto Iskandardinata, Mr. R. Samsoeddin,KH. Abdoel Fattah Hasan (1912-19497)jeung R Asikin Natanegara.Py), Tapi nunyusun eta buku ngan bisa ngumpulkeun 64urang anggota, Nu opatan deui henteukapaluruh, Ngan dina bukuna Deliar Noer,KNIP, Kornite Nasional Indonesia Pusat,Parlernen Indonesia 1945-195J, aya DaftarAnggota PPKr (Panitia Persiapan Kemer-dekaan Indonesia) nujumlahna 3C urang, diantarana aya 4 urang Sunda, tur dua diantarana urang Sunda anu henteu disebutdina buku nu disusun ku MPB Manus,nyaeta Wikana jeung Mr. Iwa Koesoe-masocmantri, Nu disebut ku Deliar NoerPPKr teh lemb=ga anyar anu diwangun kupara pejuang karnerdekaan Indonesia,ssbab aya nu nganggap yen BPUPKr mahjieunan Jepang. Diua BPUPKr nu jumlahanggotana 68 urang, lamun nu duaan teadiasupkeun urang Sundana jadi 14 urang,hartina kl, 20%. Dina PPKT aya 30 uranganggota, di antarana aya opatan urangSunda, hartina Id. 11'Al.(*8)

Katerangan:*1.Tingali Verhadelingen van den Volksraaci

nu medal saban taun*2. M dina-M'I. Prawirawinata teh pondok-..a tina "Mas'', gelar sahandapeun"Raden"

*3. Tingali "Makna Sjahrir untuk Sastra danSastra untuk Sjahrir", dina buku H.Rosihan Anwar (ed)Mengenang Sjahrir(Jakarta, Gramedia, 1980). .

*4. Tingali Tatang Sumarsono, DidiKartasasmita Pengabdian bagi Kerner-dekaan (Jakarta, Pustaka Jaya, 1993) ..

*5. Tingali Harsja Bachtiar, Siapa Dia?Perwira Tinggi 1Nl AD (Jakarta.Djambata= 1988),

*6. Tingali Arniati Prasedyawati Her-kusumo, ChG..oSangi-In, Dewan Pertim-bangan Pusat pada masa pendudukanJepang (Jakarta, Rosda Jayaputra, 1984),k. 115-121.

*7. Tingali MPI3 Manus spk., Tokoh-tokohBadan Penyelidik Usaha-usaha PersiapanKemerdekaan Indonesia, dua jilid,(Jakarta, Depclibud, 1993).

*8. Tingali Deliar Noer & Akbarsyah, KNIPKornite Nasional .Indonesia Pusat,Parlemen Indonesia i945-1950 (Jakarta,Yayasan Risalah, 200S), k. 363.

21