Unsur Intrinsik Dongéng Prabu Kéan Santang

2
Jonathan Abraham H 6C/17 Unsur Intrinsik Dongéng Prabu Kéan Santang Judul : Prabu Kéan Santang Téma : Asal – usul Prabu Kéan Santang Tokoh : Kéan Santang Watak : Kéan Santang : Wanian Prabu Siliwangi : Nyaah ka budak Latar : Waktu : Unggal poé Tempat: Di Ciamis, Mekah, Tasikmalaya, Garut. Alur (jalan carita) : Prabu Kéan Santang téh salah sahiji putra Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran anu kawéntar kasaktianana. Sapulo Jawa mah kasaktian Kéan Santang téh geus taya tandingna. Keur nambahan élmuna, Kéan Santang terus tatapa. Ari tempatna di Patilasan Dépok Sukamulya, Ciamis. Tina tapana meunang pituduh, mun hayang sakti kudu miang ka Mekah nepungan Bagénda Ali. Di Mekah, tepung jeung Bagénda Ali. Kéan Santang téh ku Bagénda Ali disina nyabut iteuk, tapi teu kadugaeun. Tina sabulu – bulu awakna kalah kaluar getih. Geus tuntas diajar élmu Agama Islam, Kéan Santang mulang ka Pulo Jawa di Pajajaran. Kéan Santang nyebarkeun Agama Islam. Réa rayat Pajajaran nu arasup Islam, iwal ramana nu henteu. Kéan Santang maksa Prabu Siliwangi lebet Islam, tapi tetep nolak. Prabu Siliwangi kabur ka Palabuan Jayanti tapi katéwak. Prabu Siliwangi teu kersaeun ngalawan ka putrana. Teras ngahiang balad – baladna ngawujud maung sarta nyarumputna dina leuweung Sancang, Pameungpeuk, Garut. Prabu Siliwangi jeung baladna anjog ka wewengkon pakidulan Banten, ayeuna katelah urang Baduy téa. Sanggeus kanyahoan yén ramana ngahiang, Kéan Santang terus nyebarkeun agama Islam di daérah Tasikmalaya dibaraengan Syéh Haji Kudro

description

tugas bahasa sunda prabu kean santang

Transcript of Unsur Intrinsik Dongéng Prabu Kéan Santang

Page 1: Unsur Intrinsik Dongéng Prabu Kéan Santang

Jonathan Abraham H

6C/17Unsur Intrinsik Dongéng Prabu Kéan Santang

Judul : Prabu Kéan Santang

Téma : Asal – usul Prabu Kéan Santang

Tokoh : Kéan Santang

Watak :

Kéan Santang : Wanian Prabu Siliwangi : Nyaah ka budak

Latar : Waktu : Unggal poé

Tempat: Di Ciamis, Mekah, Tasikmalaya, Garut.

Alur (jalan carita) :

Prabu Kéan Santang téh salah sahiji putra Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran anu kawéntar kasaktianana. Sapulo Jawa mah kasaktian Kéan Santang téh geus taya tandingna. Keur nambahan élmuna, Kéan Santang terus tatapa. Ari tempatna di Patilasan Dépok Sukamulya, Ciamis. Tina tapana meunang pituduh, mun hayang sakti kudu miang ka Mekah nepungan Bagénda Ali. Di Mekah, tepung jeung Bagénda Ali. Kéan Santang téh ku Bagénda Ali disina nyabut iteuk, tapi teu kadugaeun. Tina sabulu – bulu awakna kalah kaluar getih. Geus tuntas diajar élmu Agama Islam, Kéan Santang mulang ka Pulo Jawa di Pajajaran. Kéan Santang nyebarkeun Agama Islam. Réa rayat Pajajaran nu arasup Islam, iwal ramana nu henteu. Kéan Santang maksa Prabu Siliwangi lebet Islam, tapi tetep nolak. Prabu Siliwangi kabur ka Palabuan Jayanti tapi katéwak. Prabu Siliwangi teu kersaeun ngalawan ka putrana. Teras ngahiang balad – baladna ngawujud maung sarta nyarumputna dina leuweung Sancang, Pameungpeuk, Garut. Prabu Siliwangi jeung baladna anjog ka wewengkon pakidulan Banten, ayeuna katelah urang Baduy téa. Sanggeus kanyahoan yén ramana ngahiang, Kéan Santang terus nyebarkeun agama Islam di daérah Tasikmalaya dibaraengan Syéh Haji Kudro Tuloh, ieu Syéh téh ayana di Cihaurbeuti, sanggeus pupus layon Kéan Santang dikurebkeun di daérah Gadog, Garut.

Amanat : Urang kudu usaha ngarah naon nu di cita – citakeun kalaksana.