uleman 2

download uleman 2

If you can't read please download the document

description

redaksi surat undangan syukuran pergi haji

Transcript of uleman 2

Ngipuk maksud ti beh ditu ngongkoak nembe ayeuna. Pamugi Nu Maha Suci ngarimbutan ku kaheman nyeboran ku karidloan malah mandar bijil buah kabagjaan. Maksud linuhung mugi tiasa kakandung torokoh nu jadi tarekah mugi Alloh mikabogoh sim kuring miwah pun bojo ngamaksad lumampah ka tanah Suci nohonan parentah Nu Maha Suci ku syareat ngalaksanakeun Ibadah Haji. Rarancang anu dipedar sakawitna sateuacan sim kuring miang, maksad hoyong anjang sono kedal lisan sasadu seja pamitan. Namung ku samporetna waktos tinangtos mo bakal tuntas. Numawi sakitu manawi teu janten kabarabean aya waktos pikeun nohonan mugia kersa rurumpaheun ka rorompok, anapon waktosna nyaeta dina, Dinten Rebo, 20 Oktober 2010 Ngawitan ti tabuh 08.00 dugi ka rengse Tempatna : ---------------------------------Kalawan Acarana : Tasakur bini'mah,Istithaa'ah oge Muwada'ah. Kalayan nu baris medar wincikan maksad nyatana : --------------------------------------------------------Timpah hatur nuhun sateuacanna,kana kaikhlasan manah pikeun angkat dina waktosna