TUGAS WAWANCARA

3
TUGAS WAWANCARA B.INDONESIA Nama : - DINI ISLAMIANA - EGI PRATAMA Kelas : X-D Judul : Pengabdian Mulia Menjadi Seorang Dokter Narasumber : Dr. Bellathrix Dina Ong Egi : Wilujeng sumping bu dokter, Narasumber : Eh , wilujeng sumping jang, Dini : Punten bu tiasa nyungkeun waktosna sakedap, abdi sareng rerencangan gaduh pancen ti guru Basa Sunda kanggo ngawawancara. Manawi bu dokter kersa di wawancara ? Narasumber : Muhun magga neng Dini : Punten pami jenengan ibu teh saha ? Narasumber : Nami lengkep abdi Bellathrix Dina Ong , panggilanana bu Dina Egi : Dupi ibu tempat sareng tanggal lahirna dimana ? Narasumber : Ibu dilahirkeun di Jakarta , 23 Mei 1970 Dini : Ibu teh lulusan fakultas kedokteran universitas mana ? Jeung taun angkatan sabaraha ibu teh ? Narasumber : Ibu teh alumni fakultas kedokteran Universitas Gadjah Mada angkatan taun ‘93 Egi : Tos sabaraha tahun janten dokter ? Narasumber : Ibu janten dokter ti taun 1995 janten kirang leuwih tos 17 taun ibu janten dokter teh Dini : Ti taun sabaraha ibu di angkat janten dokter di RS Karya Bhakti teh? Narasumber : SK mah taun 1994 ngalaksanakeun tugas taun 1995 Egi : Visi misi ibu naon wae ? Narasumber : Saleresna mah panggilan hate we jang,ibu hoyong nulungan sasami jalmi anu meryogikeun tanaga ibu di bidang kasehatan Dini : Salain di RS ieu, ibu dinas dimana deui ?

Transcript of TUGAS WAWANCARA

Page 1: TUGAS WAWANCARA

TUGAS WAWANCARA B.INDONESIANama : - DINI ISLAMIANA - EGI PRATAMAKelas : X-DJudul : Pengabdian Mulia Menjadi Seorang DokterNarasumber : Dr. Bellathrix Dina Ong

Egi : Wilujeng sumping bu dokter,

Narasumber : Eh , wilujeng sumping jang,

Dini : Punten bu tiasa nyungkeun waktosna sakedap, abdi sareng rerencangan gaduh pancen ti guru Basa Sunda kanggo ngawawancara. Manawi bu dokter kersa di wawancara ?

Narasumber : Muhun magga neng

Dini : Punten pami jenengan ibu teh saha ?

Narasumber : Nami lengkep abdi Bellathrix Dina Ong , panggilanana bu Dina

Egi : Dupi ibu tempat sareng tanggal lahirna dimana ?

Narasumber : Ibu dilahirkeun di Jakarta , 23 Mei 1970

Dini : Ibu teh lulusan fakultas kedokteran universitas mana ? Jeung taun angkatan sabaraha ibu teh ?

Narasumber : Ibu teh alumni fakultas kedokteran Universitas Gadjah Mada angkatan taun ‘93

Egi : Tos sabaraha tahun janten dokter ?

Narasumber : Ibu janten dokter ti taun 1995 janten kirang leuwih tos 17 taun ibu janten dokter teh

Dini : Ti taun sabaraha ibu di angkat janten dokter di RS Karya Bhakti teh?

Narasumber : SK mah taun 1994 ngalaksanakeun tugas taun 1995

Egi : Visi misi ibu naon wae ?

Narasumber : Saleresna mah panggilan hate we jang,ibu hoyong nulungan sasami jalmi anu meryogikeun tanaga ibu di bidang kasehatan

Dini : Salain di RS ieu, ibu dinas dimana deui ?

Narasumber : Di RS ieu sareng di RS pamarentah PMI Bogor , ibu oge ngarangkap di puskesmas keliling

Egi : Bu,dupi Tugas janten dokter teh naon wae ?

Page 2: TUGAS WAWANCARA

Narasumber : Nya tugas utama na mah mere pelayanan kasehatan ka pasien anu ngagaduhan panyawat , nganalisa panyawat pasien , sareng mere pelayanan kasehatan nu meliputi promotif, preventif, kuratif dan rehabilitatif pikeun ningkatkeun darajat kasehatan masyarakat umum

Dini : Kabanggaan janten dokter teh naon bu ?

Narasumber : Ibu bangga janten dokter teh,lantaran tiasa nulungan papada jalmi

Egi : Susah seneng na janten dokter teh naon bu ?

Narasumber : Seneng na mah ibu tiasa nulungan papada jalmi,tiasa ngaleungitkeun panyawat. Susah namah lamun dina ngarawat pasien,sering aya pasien anu protes ku kinerja urang . Jadi dokter mah tong sieun ku getih, ulah bauan, kedah tahan banting.

Dini : Pangalaman naon wae anu kantos ku ibu salami janteun dokter ?

Narasumber : Pangalaman mah seueur nyaeta, sering latihan program kasehatan contona, pemberantasan penyakit, imunisasi, KB, terus sering keliling kota jeung ngadakeun seminar kasehatan.

Egi : Lamun dinas kaluar biasana dinas kamana wae?

Narasumber : Ka cianjur, kaluar daerah contona ka padalarang.

Dini : Naon wae kendala janteun perawat teh?

Narasumber : Kendalana nyaeta, ibu gaduh elmu tapi fasilitas ti pamarentah na terbatas,teu acan ka cukupan.

Egi : Kira-kira pasien anu dongkap dina sadinten aya sabaraha?

Narasumber : Tina sadinten aya kira-kira 250 orang, eta teh ka asup paseien rawat inap, pasien umum, jamkesmas sareng gakinda.

Dini : Panyawat naon wae nu sering di aleman ku pasien?

Narasumber : Panyawat nu seseuernamah biasana panyawat endemik contona muntaber, tifus, DBD, infeksi saluran pernapasan .

Egi : Panyawat parah naon anu pernah di alaman ku pasien?

Narasumber : Panyawat parah mah panyawat jantung sareng kolera.

Dini : Bu, kumaha pami aya pasien anu teu gaduh biaya?

Narasumber : Da tos aya jamkesmas ti pusat, terus aya deui gakinda, dana na aya ti pamarentah kabupaten, janteun mayarna gratis asal nyandak KTP sareng kartu kaluarga.

Egi : Naon wae kiat-kiat pamarentah kanggo ningkatkeun kasehatan masyarakat?

Narasumber : Kiat-kiat na nyaeta nyadiakeun fasilitas kasehatan di puskesmas atawa rumah sakit, minimal pamarentah promosi kasehatan supaya masyarakat teh sadar yen kasehatan teh penting

Page 3: TUGAS WAWANCARA

Dini : Bu, kiat-kiat naon wae sankan urang jauh tina panyawat?

Narasumber : Kiat-kiat na saklah sahiji na urang kedah nganggo masker, ngawasuh panangan pami bade tuang, ngajaga stamina,tuang tuangeun anu sehat, bersih, higienis, poko namah ngajaga leuwih alus tibatan ngobatan.

Dini&Egi : Panginteun sakitu patarosan ti urang sadaya, hatur nuhun kana waktos na bu .

Narasumber : Muhun sami-sami neng , jang.