Serah tarima panganten

3
Nama: Toni Fajar H Kelas : XII-IPA 4 SMAN 22 BANDUNG MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET Bismillaahirrahmaanirrahiim, Assalamu'alaikum Wr.Wb. Alhamdulillahi rabbil 'alamiin, washalatu wasalamu ala asrofil anbiyai walmursalin wa'ala alihi washohbihi ajmain. Robbisrohli sodri, wayasirli amri wahlul ukdatamillisaani yafqohu qouli. Dulur-dulur anu sami kumpul, sanak baraya nu pada aya, sepuh anom jaler istri, kalayan asmana sepuh miwah kulawargina cep____Tipayun mugi sih panghaksami, reh sim kuring saabringan, cunduk rusuh datang geura, tanding walik muru pasir, tanding julang muru rangrang, tanding jogjog moro mondok, moro panonobanana. Dupi anu dimaksad, ieu nganteur nu teu ludeung, nu hoream datang nyorangan, pun anak wasta_____ Inyana, mun peuting teu genah cicing, mun beurang teu puguh lampah, suda dahar suda polah, henteu puguh rarasaan. Singhoreng sabada dititenan, cenah katiir jamparing asih, karuncang panah asmara, bareuh asa nyanyautan. Kantos nyobi-nyobi diheureuyan, nguji pamadegannana.disisilihan wanoja lian. Singhoreng gilig pikir buleud tekad, teu kalis ku nu gareulis, teu sadrah ku dibeberah, majarkeun teh, mun abdi pareng jadi jeung anjeuna, bangun moal pegat son, ari margi, duriat mandean gunung, cinta mandean sagara, kembang cinta terus mangkak, leleb moal manggih ganti, geus saati geus sapikir. Kumargi sakitu atuh mangga ieu nyanggakeun pun anak, mugi kebesan keresa nampi. Mung hatur uninga, pun anak teh badag soteh warugana, elmuna mah hejo tur bangbangan keneh, masih didikeun atikeun kalayan kasobaran. Kalih ti eta deuiah, cundukna ieu si utun datangna ieu si ujang, estu lugag-legog bari lengoh datang bari keupatnampah, teu aya jingjing bawana. Sakadar ugal egol nyoren pestol, mamanggul talutug nahun, aseuk maneuh pancir waris, nini aki. Bahanna ti paku jajar, waja perak beusi akas, disipuh ku kayu garui dipancaran ku samida, matih beunang nganaatan. Hatur lumayan, keur ngaseukeun bibinihan, binih asih tangkal duriat, di huma leuweung larangan nu aheng kabina-bina tayan kagadabah jalama. Kibesan! Dalah dikumaha atuh, sakieu geuning buktina, dibeber- beber kalah soeh, dikenyang-kenyang karah bedah, lieuk euweuh ragap taya mung tekad ngakar maneuh jero manah meleuleuheungkeun tuang putera, rek dipetik dipimilik, dipajang dina jambangan, didamel jimat paripih. Mung tamba pamali teuing, nyanggakeun saaya-aya, batok kohok, piring semplek, beas sasiki, gula sapasi, paris ipis tamba tiris, sendal capit keur ka cai. Sanes teu nyaah sanes teu hormat ka si Ujang ka si nyai, sakieu geuning buktosna, tumamprak sadaya-daya.Mungguh sepuh sakadar sumambung du’a, dahupna ieu barudak aya dina akajanglaran, sial

Transcript of Serah tarima panganten

Page 1: Serah tarima panganten

Nama: Toni Fajar HKelas : XII-IPA 4SMAN 22 BANDUNG

MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGETBismillaahirrahmaanirrahiim, Assalamu'alaikum Wr.Wb.Alhamdulillahi rabbil 'alamiin, washalatu wasalamu ala asrofil anbiyai walmursalin wa'ala alihi washohbihi ajmain. Robbisrohli sodri, wayasirli amri wahlul ukdatamillisaani yafqohu qouli.Dulur-dulur anu sami kumpul, sanak baraya nu pada aya, sepuh anom jaler istri, kalayan asmana sepuh miwah kulawargina cep____Tipayun mugi sih panghaksami, reh sim kuring saabringan, cunduk rusuh datang geura, tanding walik muru pasir, tanding julang muru rangrang, tanding jogjog moro mondok, moro panonobanana.Dupi anu dimaksad, ieu nganteur nu teu ludeung, nu hoream datang nyorangan, pun anak wasta_____ Inyana, mun peuting teu genah cicing, mun beurang teu puguh lampah, suda dahar suda polah, henteu puguh rarasaan. Singhoreng sabada dititenan, cenah katiir jamparing asih, karuncang panah asmara, bareuh asa nyanyautan. Kantos nyobi-nyobi diheureuyan, nguji pamadegannana.disisilihan wanoja lian. Singhoreng gilig pikir buleud tekad, teu kalis ku nu gareulis, teu sadrah ku dibeberah, majarkeun teh, mun abdi pareng jadi jeung anjeuna, bangun moal pegat son, ari margi, duriat mandean gunung, cinta mandean sagara, kembang cinta terus mangkak, leleb moal manggih ganti, geus saati geus sapikir. Kumargi sakitu atuh mangga ieu nyanggakeun pun anak, mugi kebesan keresa nampi. Mung hatur uninga, pun anak teh badag soteh warugana, elmuna mah hejo tur bangbangan keneh, masih didikeun atikeun kalayan kasobaran.Kalih ti eta deuiah, cundukna ieu si utun datangna ieu si ujang, estu lugag-legog bari lengoh datang bari keupatnampah, teu aya jingjing bawana. Sakadar ugal egol nyoren pestol, mamanggul talutug nahun, aseuk maneuh pancir waris, nini aki. Bahanna ti paku jajar, waja perak beusi akas, disipuh ku kayu garui dipancaran ku samida, matih beunang nganaatan. Hatur lumayan, keur ngaseukeun bibinihan, binih asih tangkal duriat, di huma leuweung larangan nu aheng kabina-bina tayan kagadabah jalama. Kibesan! Dalah dikumaha atuh, sakieu geuning buktina, dibeber-beber kalah soeh, dikenyang-kenyang karah bedah, lieuk euweuh ragap taya mung tekad ngakar maneuh jero manah meleuleuheungkeun tuang putera, rek dipetik dipimilik, dipajang dina jambangan, didamel jimat paripih. Mung tamba pamali teuing, nyanggakeun saaya-aya, batok kohok, piring semplek, beas sasiki, gula sapasi, paris ipis tamba tiris, sendal capit keur ka cai. Sanes teu nyaah sanes teu hormat ka si Ujang ka si nyai, sakieu geuning buktosna, tumamprak sadaya-daya.Mungguh sepuh sakadar sumambung du’a, dahupna ieu barudak aya dina akajanglaran, sial dangkalna, sue naasna, geus ditalangan ku apana ku emana, barudak mah mugia laki rabina dipareng panjang punjung panjang yuswana ginuluran karahayuan, negrak di hanjuang siang.Pungkas asur, beurat hate hese kacap, teuleum teu werat ka dasar, ka leuwi tangeh rek nepi, nyanggakaun sadaya-daya, cag dugi kadinya.Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Panampian Calon Panganten PamegetAsalamu’alaikum Wr. Wb.Bismillah, alhamdulillah, lahaula wala quwwata illa billaah,Sabada simkuring ngahaturkeun salam ka sugri nu hadir, rohmat sareng salam urang haturkeun ka jungjunagan alam Rosulullah SAW, ka kulawargina miwah para sohabatna. Purwa pamaksadannana, sim kuring

Page 2: Serah tarima panganten

seja sasanggem, kedal lisan panampian, ngawakilan mutlak keresana Bapa... miwah ibu. Ka para sesepuh hormateun sim kuring, ka nu weruh di tempatna, ka nu reugreug dipageuhna, utamina ka kersana besan sarombongan. Tinangtu anu bakal kapihatur, estu tebih ti utami, anggang ti kasampurnaan ari margi, sim kuring sanes ahlina dina widang ieu, mung piraku ari kedah medal sila onaman. Kukituna mugia sih hampurana ti sadayana. Pangersa besan jaler istri , tamu-tamu nu sami dimulyakeun ku Allah. Tadi sami-sami nyakseni, pamaksadan ki tamu nu didugikeun ku wawakilna, nganggo runtuyan miwah ungkara basa nu ngabujangga, leubeut ku rekaan basa nu merenah, beuneur eusina jembar pedarannana, atra anu dipimaksadna. Paingan aya kila-kila, si jalak ngelak, si kate beger, kukupu ngier ngiberan titingalan sing rarikang. Sihoreng baris cunduk tamu nu ditunggu-tunggu tikapungkur, undur taun datang bulan, ayeuna ugana datang.Alhamdulillah, kabingah sesah bangsana, suka ati pilih tanding, ringkesna mah ditampi sapamaksadan. Ki Besan, naha anduk-anduk teh bet kalalanjoan, di dieu ge sami-sami, sakieu geuning buktina, sanes teu nyaah, sanes teu hormat ka si ujang ka ki besan, dalah dikumaha atuh sami nyanggakeun sadaya-daya.Ka si Kasep, deudeuh teuing hidup anaking, cunduk dituyun ibu, datang dijajap ku rama, kalih diabring ku kadang wargi. Ieu hiji tawsi , maksad hidep kenging pang rujuk ti sepuh, pidu’a ti kadang warga. Apa sareng ema di dieu, teu ngahero jonghok rebo ku gembolan, ringkid kerid ku jingjingan, kulit awi sesebitan, nu diantio jinis jisimna sawiji, jasad tunggalna nu saurang, ujamng wasta cep...... jajaka nu titih surti ngaji rasa, nu duduga tur peryoga, teu renjagan teu gembangan, estu teguh pamadegannana.Ditampi kasep, mola rek disaha-saha, diangken anak pituin, heg geura pelakan tuh gunung nu masih gundul, pasir nu masih bulistir, sawah anu lawas ngahgar, ku madu ka asih, muga-muga hejo lembok, lir ibarat bibit tumuwuh di tanah subur. Mung eta nu ulah kakantun teh, parabot nu boga pamor, senjata nunggal talutug nahun tea, seukeut teu karana diasah, keur mencug batu nugar cadas, di dieu geus sayagi pihumauen asukaneun.Mangga urang sami-sami ngadu’a, dahupna ieu barudak muga manjing wanci ninggang uga, diparengkeun camperenik buncir eusi, ngarandah mamanggaran, renung sirungna, mayakpak cangkokannana.Amin ya Robbal ‘alamiin.Sakali deui ditampi sapamaksadan.Cag.Wassalamu’alaikum Wr.Wb