SAJAK 2

3

Click here to load reader

description

sajak 2

Transcript of SAJAK 2

Page 1: SAJAK 2

A. Watesan SajakSajak nya éta karya wangun ugeran (puisi) anu teu pati kauger ku patokan jumlah padalisan dina sapadana, jumlah engang dina unggal padana, atawa sora tungtung dina unggal padalisan.

B. Wanda SajakDitilik tina wangunna, aya tilu wanda sajak téh di antarana:a. Sajak épik nya éta sajak anu sipatna ngadadarkeun kajadian/carita kapahlawanan.b. Sajak lirik nya éta sajak anu ngagambarkeun rasa panyajakna, sipatna leuwih

subjektif.c. Sajak dramatic nya éta sajak anu ngébréhkeun hiji kaayaan tokoh nu dipilih ku

panyajakna.C. Kumpulan sajak jeung pangarangna, di antarana:

Lalaki di tegal pati (Suyudi, 1963)Janté Arkidam (Ajip Rosidi,1967)Nu ngaronghéap mangsa surup ( Eddy D Iskandar,1975)Jagat Alit (Godi Suwarna, 1979)Nu mahal ti batan inten ( Yus Rusyana,1980)Urang naon di Cinaon (Wahyu Wibisana,1992)Blus kéré lauk (Godi Suwarna, 1992)

D. Tehnik maca sajakSalian ti maham eusi sajak, aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun dina maca sajak, nya éta:a. Lenyepan

Saméméh maca hiji sajak urang kudu bisa ngalenyepan heula kana eusi sajak sagemblengna.

b. VokalSorana kudu béntés tur buleud dina harti tétéla kadéngéna

c. Nada jeung rasaAnu dimaksud nada jeung rasa didieu aya patalina jeung sikep dina nepikeun éta sajak. Naha nadana sinis,nyungkun, mikamelang jsb. Ari rasana pikabungaheun, pikakeuheuleun atawa nu séjénna.Sikap urang dina maca sajak kudu saluyu jeung nada katut rasa anu dikandung dina éta sajak.

d. WirahmaWirahma nya éta anca-gancangna dina maca sajak. Kaasup randegan jeung lentongna.

e. EksprésiAnu dimaksud éksprési nya éta ébrehan jiwa anu diantarana baé katémbong sacara fisik dina paroman (mimic) jeung pasang peta (gesture).

Dina maca sajak téh kudu diluyukeun jeung eusi katut karakter sajakna. Anu puguh mah, upama maca sajak téh haying dijadikeun pintonan nu narik ati, jelas mikabutuh latihan anu daria.

Page 2: SAJAK 2

E. Conto sajak judulna do’a karya Apip Mustopa

D O’ A

(haturan pa oto iskandar di nata)

jungjunganpangnankeupkeun éta nyawanu indit taya nu nanyataya tapakna di dunya

anginpangusikkeun sapangeusi buanayén aya sinatria nu perlayadi wewengkon langit sunda

bulanbaturan éta nyawa nu ditundungdi tempat baktina taya nu daék ngajungjung

hé panonpoégeura awurkeun panas nu ngaduruk sagalasangkan ieu dadasakumna nyawa sundanyaho boga pahlawan digjaya

(dicutat tina Saratus Sajak Sunda,1997)

Page 3: SAJAK 2

Kuningan, 2 Oktober 2012Praktikan Dosen Pembimbing Guru Pamong

Yani Suryani Ariyanto, M.Pd Dra. Hj. Siti Julaeha