Rump Aka

19
Rumpaka Rumpaka mangrupi kakawihan anu biasa dihaleuangkeun ku juru kawih sareng ku alok. Nanging rumpaka aya oge anu kalebet rumpaka dalang nyaeta, kakawihan anu dihaleuangkeun ku dalang atanapi sok diangge dina bodoran. Panakawan biasa sempal kapiguyon sareng kakawihan. Kakawihan anu biasa diangge dina bodoran loba jenisna, ti kawit kakawihan klasik dugi kana lagu-lagu modern. Conto rumpaka dihandap, "Lagu Nu Nguseup" dikawihkeun ku Si Cepot dina lakon Jaya Renyuan garapan Dede Amung Sutarya: Barung herang liar mijah Clom kiriwil ari anclom ngagiriwil Mawa eupan rupa-rupa Clom kurunyud lamun anclom sok ngurunyud Plung kecemplung plung kecemplung Eupan teuleum kukumbul ambul-ambulan Kenur manteng jeujeur jeceng Leungeun lempeng panon mah naksir nu mandi Kop tah lauk mere dahareun Mangga mangga mangga geura tuang Geura raos ditanggung deudeuieun Mangga mangga ulah isin-isin Eupan cangkilung wungkul dilangkung Eupan papatong kalah dipelong Ku eupan colek kalah ngadelek Lekcom lekcom panon belek nyambel oncom

description

rumpaka

Transcript of Rump Aka

Page 1: Rump Aka

Rumpaka

Rumpaka mangrupi kakawihan anu biasa dihaleuangkeun ku juru kawih sareng ku alok. Nanging rumpaka aya oge anu kalebet rumpaka dalang nyaeta, kakawihan anu dihaleuangkeun ku dalang atanapi sok diangge dina bodoran. Panakawan biasa sempal kapiguyon sareng kakawihan.

Kakawihan anu biasa diangge dina bodoran loba jenisna, ti kawit kakawihan klasik dugi kana lagu-lagu modern. Conto rumpaka dihandap, "Lagu Nu Nguseup" dikawihkeun ku Si Cepot dina lakon Jaya Renyuan garapan Dede Amung Sutarya:

Barung herang liar mijahClom kiriwil ari anclom ngagiriwilMawa eupan rupa-rupaClom kurunyud lamun anclom sok ngurunyud

Plung kecemplung plung kecemplung

Eupan teuleum kukumbul ambul-ambulan

Kenur manteng jeujeur jeceng

Leungeun lempeng panon mah naksir nu mandi

Kop tah lauk mere dahareunMangga mangga mangga geura tuangGeura raos ditanggung deudeuieunMangga mangga ulah isin-isin

Eupan cangkilung wungkul dilangkung

Eupan papatong kalah dipelong

Ku eupan colek kalah ngadelek

Lekcom lekcom panon belek nyambel oncom

Atanapi kawih anu Bapa Dalang Asep Sunandar Sunarya anu biasana dihaleuankeun ku Si Cepot:

Dengdelet dengdeleteng

Page 2: Rump Aka

Tumbila reungit tumaDengdelet dengdeletengTumbila reungit tuma oh sayang

Boneka cantik

Dari Cibungur

Boleh dilirik

Ayeuna direbut batur

Rumpaka teh kekecapan dina lagu. Dina tembang sok disebut dangding, atawa guguritan. Dina lagu kapasindenan, sok disebut kata-kata. Dina lagu kawih sok disebut rumpaka. Dina lagu pop Sunda, sakapeung sok campur jeung istilah musik, sok aya nu nyebut lirik. Para sastrawan, sok aya nu nyebut sastra lagu. Pangpangna kana rumpaka karya para sastrawan.

Tina beda-beda sebutan jeung istilah, katingalina ayeuna mah nyoko kana hiji istilah nu dianggap sisniger tengah, nyeta rumpaka bae disebutna teh. Wangunan eta rumpaka rupa-rupa. Aya anu winangun sisindiran, puisi, wawangsalan, pupuh jrrd. Malah dina perkembangan ayeuna, pangpangna dina lalaguan anyar, sok make sajak bebas bae.

Dina lalaguan tembang Sunda, anu umumna sok make rumpaka/dangding tina pupuh, geus lawas jadi bahan ulikan para ahli sastra. Nu diulikna, lain kumaha tumapelna tur adumanisna eta dangding kana komposisi lagu, tapi leuwih nyindekel kana ajen sastrana. Teu aneh mun dangding dina tembang teh loba nu aralus, maklum seeur kenging para bujangga anu tos kawentar. Salah sawiosna guguritan lagu laut kidul kenging Kalipah Apo, anu terus disandingkeun kana lalaguan, anu manjing dina pupuh dangdanggula.

Lalaguan kawih, saperti barudak/lagu rakyat/kaulinan urang lembur, kapasindenan, kawih kacapian, sanajan jumlahna bisa jadi leuwih loba, masih langka kaguar pikeun jadi obyek penelitian para ahli sastra. Memang eta ge kungsi aya, tapi sipatna ngan teu saukur ngumpulkeun wungkul, henteu dibahas atawa dianalisa sacara gemet.

Padahal naon nu disebat rumpaka teh, sacara teu sadar geus loba andilna kana milu manjangkeun daya inget kana unina kekecapan, sabada awor jeung lagu. Saur Rd Mahyar Angga Kusumadinata mah, (ahli karawitan sunda/sastrawan) rumpaka teh tiasa namperkeun sarining basa, salian ti jadi pangaluwentah (bahan ajar pendidikan basa/sastra) kanggo barudak sakola.

Sigana guguritan laut kidul, budak leutik bisa ngapung, eling-eling mangka eling, pat lapat, trang-trang kolentrang, jaleuleu, jrrd moal

Page 3: Rump Aka

manjang dipiinget tepi ka ayeuna, upama henteu napel dina lalaguana. Beh dituna, sanajan eta kekecapan teh geus teu dipiterang hatina, anggeur we dihaleuangkeun, da geus napak dina laguna. Dangdingan dina wawacan anu dicutat jadi rumpaka lagu dina tembang, nyesakeun semplak ingetan sabada sabagian padalisan dina jalan caritana diinjeum jadi hiji lagu.

Rumpaka kawih ieu meunang ngundeur ti datasunda.org

Kudu ka saha urang ngumahaNa ka indung duh na ka bapakudu ka saha urang balakaPikeun nepikeun geuningDuka caritaKudu ka saha urang nyalindung ka papayungNyalindung na ka pangagungKudu ka saha urang nyuuhNeda dijait geuning tina bangbaluhDuh ieung tunggara teu euih-euihLah teu weleh nandangan peurihDiteangan saha nu haat nulunganDipaluruh di mana geusan balabuhKudu ka saha urang ngageuriIwal diri duh tahan ujiKudu ka saha urang nya muntangJalan utama geuningIman ka Gusti

Duh ieung tunggara teu euih-euihLah teu weléh nandangan peurihDitéangan saha nu haat nulunganDipaluruh di mana geusan balabuhKudu ka saha urang ngageuriIwal diri duh tahan ujiKudu ka saha urang nya muntangJalan utama geuningIman ka Gusti

Sajak Sunda nya eta salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu pati kauger ku patokan wangunan.[1]Ku lantaran kitu, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bebas,kungsi oge disebut sanjak.[1]Disebut bebas teh saenyana mah relatif, nya eta lamun dibandingkeun jeung puisi-puisi saheulaeunana, utamana upama dibandingkeun jeung dangding anu kabeungkeut pisan ku patokan guru wilangan jeung guru lagu.[1]Saenyana mah sajak oge mageuhan keneh rupa-rupa konpensi puisi, upamana lebah diksina jeung rakitan ungkarana.[1]Ari Taufik Faturohman mah nyindekkeun yen nu disebut sajak teh nya eta karangan ugeran anu ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna.[2]

Gelarna Sajak Sunda

Page 4: Rump Aka

Kakawihan, paparikan, jeung wawangsalan gelarna geus heubeul pisan,malah hese dipastikeun iraha gelarna da puguh nyebar ku lisan jadi apal-apalan balarea.[1]Ari sajak mah, nya eta sajak bebas tea, gelarna teh beh dieu, dina jaman sanggeus urang merdeka.[1]Eta wangun sajak teh mimitina mah henteu ujug ditarima da pagar lain wangunan sastra Sunda.[1]Padahal kakawihan oge anu wangunanana mah teu beda ti sajak, geus aya dina sastra Sunda.[1]Sajak Sunda gelar dina sabudeureun taun 1950-an,ti taun 1946 keneh geus aya nu nulis dina wangunan sajak, nya eta Kis WS.[3].Sajak teh samemeh dibukukeun jadi kumpulan sajak, sok dimuat heula dina sawatara media massa saperti majalah jeung surat kabar.[3]Sawatara majalah jeung surat kabar basa Sunda anu sok remen ngamuatkeun sajak sunda teh diantarana: Sipatahunan, Warga, Sunda, Kujang, Kiwari, Sari, Langensari, Hanjuang, Mangle, Galura, Giwangkara,jrrd.[4].Buku kumpulan sajak nu munggaran terbit nya eta [Lalaki di Tegalpati]] karya Sajudi (1963).[4]Ka behdieunakeun dituturkeun ku kumpulan sajak liana, saperti Ombak Laut Kidul karya Rachmat M Sas Karana (1966), Jante Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Surat Kayas karya Surachman R.M. (1967), Tepung di Bandung karya Rachmat M Sas Karana (1972), Katiga karya Yayat Hendayana (1975), Nu Ngarongheap Mangsa Surup karya Eddy D Iskandar (1978), Sabelas Taun karya Usep Romli HM (1978), Jagat Alit karya Godi Suwarna (1979), jeung Nu Mahal ti batan Inten karya Yus Rusyana (1980).[3]

Polemik Sajak Sunda

Dina mangsa mimiti gelarna sajak Sunda, anu ditaratas ku Kis WS dina taun 1946, waktu anjeunna ngajapapang dina ranjang SR Cideres Majalengka, timbul reaksi anu henteu satujueun kana wangun sajak, da cenah anu asli puisi Sunda mah ngan dangding wungkul.[5] Nya harita timbulna nu disebut “Polemik Sajak” utamana dina surat kabar Sipatahoenan.[6]Di dinya pisan polemik ngeunaan hak hirupna sajak Sunda anu munggaran teh. Hiji jalma anu nyumput satukangeun ngaran Ki Sunda nganggap yen wangun puisi urang Sunda titinggal karuhun anu kudu didama-dama mah dangding, anu dianggap wangunan puisi anu pangsampurnana jeung pangendahna.[7] Tangtu bae sikep kitu teh nembongkeun yen manehna henteu kungsi diajar sajarah bali geusan ngajadina, nepi ka henteu terangeun yen dangding teh lain warisan karuhun Sunda pituin, tapi pangaruh tina sastra basa Jawa. Nepi ka timbul polemik teh, nya kulantaran rea anu henteu satujueun kana pamadegan Ki Sunda. Henteu satujueun dangding dianggap hiji-hijina warisan karuhun Sunda. Henteu satujueun sajak disieuhkeun tina kahirupan sastra Sunda. Tapi rea deuih anu sapamadegan jeung Ki Sunda oge.[8]Sora-sora anu kontra, anu nolak kana ayana sajak Sunda utamana dating ti kalangan sastrawan entragan kolot. Sabalikna, ti kalangan sastrawan entragan ngora muncul sora-sora anu pro, anu ngadukung sangkan sajak meunang tempat dina kandaga sastra Sunda. Atuh lantaran ayana sora anu pro jeung kontra tea, nya muncul polemik deui antara sastrawan ngora ngalawanan sastrawan kolot, masualkeun hak hirupna sajak dina kasusastran Sunda.[9] Cara polemik anu munggaran dina Sipatahoenan,

Page 5: Rump Aka

geunaan hak hirupna sajak dina basa Sunda anu ditolak ku Ki Sunda saparakanca ti golongan sastrawan kolot, polemik anu kadua oge anu pangpangna lumangsung dina majalah Warga anu dibobotohan ku Yuyu Yuliati anu nolak sajak jeung Wahyu Wibisana saparakanca, ti kalangan sastrawan ngora anu ngabela sajak , henteu nepi ka jadi hiji kasimpulan anu cindek, sanajan leuwih rame tur jalma anu milu makalangana oge leuwih rea. Lamun polemic kahiji mah lumangsung dina awal taun 1950-an,polemic kadua mah lumangsung dina mangsa pertengahan taun 1950-an kira-kira dina mangsa taun 1955 tur henteu ngan wungkul dina majalah Warga wungkul tapi oge dina majalah jeung surat kabar sejenna oge ngamuat karangan boh anu pro kana sajak, boh ti anu henteu satujueun eta wangunan miboga hak hirup dina sastra Sunda. Jumlah anu ngabela hak hirup sajak Sunda dina polemik nu kadua mah beuki rea sabab harita geus renung barudak ngora anu narulis dina basa Sunda anu leuwih rea nuturkeun sastra basa Indonesia manan macaan wawacan atawa dangding dina basa Sunda anu harita geus hese kapanggihna ku sabab geus geus langka pisan pamedal anu ngaluarkeun buku basa Sunda.Eta barudak ngora the lian ti nembongkeun wawasan anu leuwih jembar ngeunaan sastra Indonesia, aya oge nu nembongkeun leuwih wanoh kana kabeungharan sastra karuhunna, saperti carita pantun, sisindiran, jangjawokan, kakawihan, jsb. Ti kalangan sastrawan ngora the diantarana Wahyu Wibisana, Rukasah SW, Kusnadi PS, Eddi Tarmidi, E. Permana, Hato’an Wangsasendjaja, jeung rea-rea deui. Ari pangarang nu teu kungsi pipilueun polemik, tapi sajak-sajakna nembongkeun ajen puisi anu luhur, anu nembongkeun yen basa Sunda mampuh digunakeun pikeun nulis sajak, atawa leuwih merenah: wangun sajakna the payus tur kupu ditulis dina basa Sunda oge. Hartina hak hirup wangunan sajak dina basa Sunda kudu diaku. Wangunan sajak kudu ditarima. Dina sajak-sajakna Sajudi nembongkeun yen salian ti ayana pangaruh tina sastra Indonesia,inyana oge pageuh ngakar kana tradisi puisi Sunda kayaning anus ok kapanggih dina carita pantun, sisindiran atawa kakawihan. Waktu sajak-sajakna dikumpulkeun tur dibukukeun dina Lalaki di Tegalpati (Kiwari, Bandung, 1963) – anu mangrupa kumpulan sajak munggaran dina basa Sunda – geus taya anu misoalkeun deui ngeunaan hak hirup sajak dina basa Sunda. Ku medalna eta buku khazanah sastra Sunda jadi leuwih beunghar,lain bae jumlah buku basa Sunda nambahan, tapi pangpangna mah ku lantaran sajak-sajak anu dimuat dina eta buku teh miboga ajen puisi anu luhur, nepi ka aya nu ngabandingkeun ajen puisi Sajudi jeung puisi Chairil Anwar dina basa Indonesia.[10]

Pangarang Sajak Sunda

Wangunan sajak dina sastra Sunda kiwari, kacida mekarna jeung kacida pentingna. Nu raresep kana sajak, hususna di kalangan para rumaja, prah di mana-mana. Kagiatan-kagiatan sabangsaning maca sajak nu diayakeun ku siswa-siswa sakola lanjutan atawa nu diayakeun ku pakumpulan-pakumpulan kasenian di masrakat geus jadi kailaharan. Kitu deui aktifitas kana nulis sajak. Sirung-sirung nu aya karep jeung aya pangaresep kana nulis sajak, renung di mana-mana.[11] Ti taun 1950-an keneh, anu nulis

Page 6: Rump Aka

sajak terus nambahan tug nepi ka kiwari.[12] Ti taun ka taun, ti generasi ka generasi nu narulis sajak beuki nambahan, beuki ngalobaan. Aya nu terus mayeng ngarang nepi ka katelah jadi pangarang sajak, aya oge nu nungtut marekplekan ninggalkeun. Nu narulis sajak dina rupa-rupa majalah jeung surat kabar the karyana kadokumentasikeun dina sawatara buku. Anu geus rea ngahasilkeun sajakna sok terus dikumpulkeun jadi buku kumpulan sajak sarta diterbitkeun. Atuh anu teu kungsi ngumpulkeun, kapilih tur kapeting ku editor buku nu nyusun antologi, boh antologi puisi wungkul, boh antologi prosa jeung puisi. Ti entragan taun 1950-an diterbitkeun dina antologi Kanjut Kundang, beunang nyusun Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga. Ti harita lila taya nu nerbitkeun deui, jebulna deui the dina taun 1992, dina raraga mieling 46 taun sajak Sunda nya eta dina buku antologi Saratus Sajak Sunda, anu dipilih jeung dikumpulkeun ku Abdullah Mustappa. Tilu taun ti harita, taun 1995 terbit antologi sajak dina raraga mapag 50 taun Indonesia merdeka dijudulan Sajak Sunda Indonesia Emas. Ajip Rosidi ge ngusahakeun ngumpulkeun jeung narjamahkeun kana 3 basa Indonesia, Inggris, jeung Perancis dina raraga ngabageakeun Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) taun 2001, terbit Puisi Sunda Modern dalam Dua Bahasa. Disusul ku seri medalna buku antologi panglengkepna anu ngawengku ti awal gelarna sajak tug nepi ka jaman mutahir, taun 2007. Sataun ti harita, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (Sunda) FPBS Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung, nerbitkeun antologi prosa jeung puisi Lir Cahya Nyorot Eunteung, anu ngamuat husus karya-karya alumni jurusan Sunda ti eta paguron luhur. Dumasar dokumentasi eta, ieu di handap kapidangkeun ngaran-ngaran pangarang sajak Sunda ti awal gelarna tug dugi ka kiwari:

A.Nu kadokumentasikeun dina antologi Kandjut Kundang (Taun 1950-an n.k. 1960-an)

1. KTS (Kadir Tisna Senjaya)2. Ki Umbara3. Utuy T Sontani4. Klara Akustia (A.S. Dharta)5. Kis WS (Kiswa Wiriasasmita)6. SJ.Bastaman7. Tan Bie Hun (Muh.Usman)8. Tien Wiradikusumah9. Ati WR (Tina Rochiati Wiriaatmadja)10. Tini Kartini11. Hasan Wahyu Atmakusumah12. Sajudi13. Kusnadi PS (Kusnadi Prawirasumantri)14. KS Widjaja (Koerdi Soekandawidjaja)15. Yus Rusamsi16. Wahyu Wibisana17. Eddi Tarmidi18. Surachman R.M. (Maman Surachman Radea).[13]

Page 7: Rump Aka

B.Nu kadokumentasikeun dina antologi Saratus Sajak Sunda (Taun 1950-an n.k.1990-an)

1. Kis WS2. Olla S Sumarnaputra3. Tini Kartini4. Hasan Wahyu Atmakusumah5. Sajudi6. Yus Rusamsi7. Surachman R.M.8. Ajip Rosidi9. Kusnadi (Edi) Prawirasumantri10. Wahyu Wibisana11. Eddi Tarmidi12. Apip Mustopa13. Ajatrohaedi14. Karna Yudibrata15. Habibun Wangsaatmadja16. Odji Setiadji AR17. Hikmat Sadkar18. Muhammad Santosa19. Yus Rusyana20. Us Tiarsa R21. Rachmat M Sas Karana22. Sayudin Natadisastra23. Agus Sur24. Eson Sumardi25. Abdullah Mustappa26. Karno Kartadibrata27. Yous Hamdan28. Yoseph Iskandar29. Beni Setia30. Iyas Heriyana31. Hadi AKS32. Dadan Bahtera33. Deddy Windyagiri34. Etti RS35. Usep Romli HM36. Nita Widiati Efsa37. Ade Kosmaya38. Acep Zamzam Noor39. Godi Suwarna40. Eddy D Iskandar41. Juniarso Ridwan42. Rosyid E Abby43. Tatang Sumarsono44. Taufik Faturohman45. Soni Farid Maulana.[14]

Page 8: Rump Aka

C.Nu kadokumentasikeun dina antologi 'Sajak Sunda Indonesia Emas' (Taun 1950 n.k 1995) Meh sarua jeung dina Saratus Sajak Sunda, tapi aya tambahna nya eta:

1. Teddy An Muhtadin2. Chye Retty Isnendes3. Darpan Ariawinangun4. Enas Mabarti5. Ano Karsana6. Risnawati7. Hidayat Suryalaga.[15]

D.Nu kadokumentasikeun dina Sajak Sunda (Taun 1950-an n.k. 2000-an, disusun alfabetis)

1. Aan Merdeka Permana2. Abdullah Mustappa3. Acep Zamzam Noor4. Achmad Roestandi5. Ade Kosmaya6. Agus Lukmanul Hakim7. Agus Suriamiharja8. Ajip Rosidi9. Aman10. Ano Karsana11. Apip Mustopa12. Asep Ganda Sadikin13. Asep Sunjaya Adhikerana14. Asikin Hidayat15. Asikin I16. Asri Arumsari17. Ayatrohaedi18. Beni Setia19. Chye Retty Isnendes20. Darajati21. Darpan Ariawinangun22. Deddy Anggadiredja23. Deddy effendie24. Dede Sukmadi Dukat25. Dede Syafrudin26. Deden Abdul Aziz27. Dedy Windyagiri28. Deni A Fajar29. Didi D30. Dodong Djiwapradja31. Dudum Sumarja32. Dyah Padmini33. Empu Surawinata34. Endang Supardi DS

Page 9: Rump Aka

35. Euis Balebat36. Eddi Tarmidi37. Eddo Sy38. Eddy D Iskandar

Teks sajak

BUDAK PAHATU LALIS

Dua budak pahatu lalisadi lanceuk awéwé lalakikasarung di leuweung ganggongadina ceurik ngalengismana jalan geusan balik.

Budak lalaki ngala kupaleungeunna parigel metikbuah kupa dialungkeundipulungan ku adina.

Tina rungkun buni kacidaluar-léor oray sancagep ngegél awak adinanu keur anteng murak kupa.

Jrut turun budak lalakiana rét ka sakurilingSi Nyai ka mana geuningreuwas kacida teuing.

Manuk Cukrik disada semu nalangsa“Cukrik, cukrik turih ku pucuk eurih”pucuk eurih bakal matihSi Nyai bakal kapanggih.

Geberan ku hihid ainghihid aing kabuyutanmawa bayu kahuripan.

“Geber-geber hihid ainghihid aing kabuyutantitinggal nini awaking”.

Usik ngulisik raga tangtunganparipurna hirup warasku saktina rasa asih.

Babasan

Page 10: Rump Aka

Babasan nya éta sawatara susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa,[1]atawa ucapan maneuh anu dipaké dina harti injeuman.[2]Babasan ogé sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nya éta ucapan-ucapan nu hartina henteu gembleng, teu jelas ogé miboga konotasi nu tangtu, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung ulah dihartikeun sabenerna.[3]

Conto Babasan

dulang tinandé (awéwé mah kumaha lalaki) kawas aul (ciciduh atawa sok cumiduh) dibeuweung diutahkeun (dipikir dibulak-balik sangkan keuna kanu

dimaksud) nyalindung ka gelung (ngandelkeun usaha pamajikan kolot sapeuting (kolot euweuh kanyaho) ngadu angklung (paréa-réa omong nu taya gunana) buntut kasiran (korét).[3]

Paribasa

Paribasa hartina sarua jeung ibarat, upama, biasana, baku, dadaku jeung saterusana.[1]Upama dina ungkara :

Ceuk paribasa, najan dahar karo uyah ogé ari ngariung jeung anak rabi mah ngeunah baé

Paribasa manéh mah ari geus ménta duit téh Paribasa nganyam samak neukteukan bari motongan, paribasa

néang anak ngadeukeutan popotongan.[3]

Paribasa dibagi jadi tilu, nya éta pangjurung laku hadé, panyaram lampah salah, jeung wawaran luang.[4] Salmun nétélakeun yén papasingan paribasa disawang tina rupa-rupa hal, saperti ditilik tina gelarna, ditilik tina basa kabujanggaan, tarjamah tina basa asing (basa Jawa, basa Indonésia, basa Arab, basa Inggris), disawang tina sumber babandingan (ngabandingkeun kana ngaran awak sakujur, ngaran sasatoan, ngaran tutuwuhan, ngaran kaayaan alam, ngaran barang, jeung ngaran laku lampah, saperti paribasa patali jeung tani, patalina jeung ingon-ingon, perikanan, dagang, seni, ninun, sistem kamasarakatan, basa, élmu pangaweruh, jeung kapercayaan).[5]Jadi boh babasan boh paribasa sarua pakeman basa nu umumna dipaké ku saréréa pikeun nyinggetkeun carita anu panjang maksudna, disusun mangrupa kalimah anu geus matok sarta ngandung pituah atawa piluangeun, susunannana ditetepkeun ku karuhun Sunda, teu meunang dirobah, dikurangan, dileuwihan atawa dilemeskeun, sabab lamun dirobah tangtuna hartina ogé jadi robah.[3]Bédana babasan jeung paribasa téh nya éta babasan mah ngawangun hiji kecap (kantétan), ari paribasa mah mangrupa kalimah.[3]

Conto Paribasa

Page 11: Rump Aka

Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan (anu gedebul dihaminan, ngarah tambah maceuh)

Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna (Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa)

Ari diarah supana, kudu dijaga catangna (ari aya barang anu diala hasilna kudu daék ngurusna)

Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed (najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora)

Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar (jaman geus robah, jalma ogé loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna)

Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket (taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh)

Cécéndét mandé kiara, cileuncang (cileungcang) mandé sagara (nu miskin hayang nyaruaan nu beunghar).[3]

Cacandran asalna tina kecap candra (basa Sanksekerta) hartina bulan atawa nataan. Cacandran mangrupa wangun rajékan, nyaéta tina kecap candra dirajék engang mimiti (dwipurwa) binarung ngararangkénan tukang -an, hasilna cacandran.

Cacandran hartina panataan kana pasipatan tempat, anu sabréhan mah siga nujum (ramalan). Pasipatan tempat anu ditataan téa henteu diébréhkeun sacéréwélna, tapi réréana disalindungkeun atawa disindirkeun. Cacandran ogé mangrupa bagian tina itungan palintangan kénéh. Contona:

Bandung heurin ku Tangtung Banagara Sor ka Tengah Ciamis amis ku manéh Cianjur katalanjuran Sumedang ngarangrangan Tasikmalaya sukapura ngadaun ngora Garut jadi pangirutan ciromed kampung beling

Mupunjung jeung ngagungkeun karuhun téh teu cukup ku kebul kukus jeung ngagul-ngagulna wungkul, tapi kudu dibarung ku kasadaran yén karuhun téh

ninggalkeun karya jeung hanca. Sarta mangka inget yén unggal entragan pasti jadi karuhun, demi kawajiban urang nya éta nuluykeun hanca karuhun, ngagarap tangtangan jaman sorangan. Nyieun karya nuluykeuneun entragan anu pandeuri.

Uga Tatar Sunda

Page 12: Rump Aka

Patali jeung éta, sabenerna masarakat Sunda mangpirang-pirang kawaris tradisi jeung kabudayaan ti para karuhunna. Wujud warisan karuhun Sunda, diantarana: karya sastra saperti pantun, babad, mitologi atawa folklore/carita ra’yat anu teu sepi tina ramalan-ramalan ngeunaan kajadian anu bakal kasorang jaga. Boh anu tinulis dina kitab kahot atawa anu dicaritakeun deui ku juru pantun, atawa ngaliwatan pituah ti para pini sepuh jaman baheula.

ramalan-ramalan di Tatar Sunda ieu téh kawentar disebut Uga, anu méh kapanggih disaantéro suklak-sikluk Jawa Barat.

Istilah Uga bisa jadi asal muasalna tina kecap “Yuga” atawa “Duga”. Di Jawa Tengah jeung Tatar Sunda remen aya ogé anu nyebutna: Ogan –saperti Ogan Lopian (gambar Lopian) jimat milik Batara Kresna, ari hartina mémper-mémper kana “Ramalan”.

Kaunggel dina Kamoes Basa Soenda (1948:149), kalimat Yoega hartina, naon-naon nu diwudjudkeun; ngayoegakeun berarti ngawudjudkeun, ngalahirkeun orok djeung ngadjaga kasalametannana.

Dina Kamoes Basa Soenda, dijéntrékeun: Oega nya éta waktoe parobahan, babakoena parobahan kaajaan nagara atawa bangsa. Moen geus nepi ka oegana, tangtoe tanah oerang merdéka. (Satjadibrata, 1948:249). Sedengkeun dina Kamus Basa Sunda, anu disusun ku Lembaga Basa dan Sastra Sunda (1980:547) disebutkeun yén uga berarti tujuan nu aya patalina jeung parobahan penting, babakuna parobahan kaayaan nagara atawa daérah; Geus nepi kana ugana, geus nepi kana waktuna nu ditujum ku karuhun.

KH. Hasan Mustafa (1890), dina hiji tulisanna méré pengertian Uga anu leuwih deskriptif kieu:

“Basa uga ditelahkeunana kana omongan anu méré béja piayaeun naon-naon kangeunahan atawa bancang pakéwuh (kasusahan) di ahir, tapi lain anu bangsa lahir, saperti kana tangkal cau, jaga bakal jantungan. Ieu jelema jagana bakal diruang; tapi kapakéna uga mah kanu moal kapanggih, tapi ku pikiran tahayulan jelema tangtu kapangih, ngan teu nyaho di urang kénéh atawa ku anak incu. Nu matak ari aya nu rada sarupa jeung taksiran sok diaromongkeun ‘geus tepi ka ugana’ atawa ‘samorong ceuk uga’

Kabudayaan Sunda

Budaya atawa kabudayaan asalna tina basa Sansekerta nya éta buddhayah, nu mangrupakeun wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun salaku hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal

Page 13: Rump Aka

manusa.[1] Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kécap Latin “Colere’, nya éta ngolah atawa ngerjakeun.[1] Bisa dihartikeun ogé salaku ngolah tanah atawa tatanén.[1] Kécap culture ogé bisa dihartikeun salaku “kultur” dina basa Indonesia.[1] Kabudayaan didefinisikeun salaku sakabeh pangaweruh manusa salaku makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi landasan dina tingkah-lakuna, ku kituna kabudayaan mangrupakeun sarangkaian aturan-aturan, pituduh-pituduh, rencana-rencana, jeung strategi-strategi nu ngawéngku sarangkaian model-model kognitif nu dipiboga ku manusa, jeung digunakeun sacara selektif Dina nyanghareupan lingkunganna sakumaha kawujudna dina tingkah-laku jeung tindakan-tindakanna.[1] Kabudayaan bisa didefinisikeun salaku sakabeh pangaweruh manusa salaku makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi pituduh pikeun tingkah lakuna.[1] Hiji kabudayaan mangrupakeun kabogaan babarengan anggota dina masarakat atawa golongan sosial, nu sumebarna ka anggota-anggotanna jeung pewarisna ka generasi saterusna dilakukeun ngaliwatan proses belajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud boh dina wangun ka ucap boh henteu (ka asup ogé sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa).[1] Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan kabudayaanna nu henteu sarua jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku pengalaman jeung proses diajar nu beda jeung lantaran lingkungan-lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua.[1] Sedengkeun Sunda nya éta istilah pikeun idéntitas hiji séké sélér nu nyicingan utamana bagian kulon pulo Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung bagian kulon Jawa Tengah), nyaéta urang Sunda, nu migunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut kabudayaanana.[2]

Page 14: Rump Aka

DAFTAR EUSI

1. A. Rumpaka kawih B. Teks rumpaka kawih

2. A. Sajak

Page 15: Rump Aka

B. Teks sajak3. Babasan jeung paribasa,

cacandran/uga4. Budaya sunda ( kesenian

sunda/ upacara adat

Makalah sunda

Kelompok 1

Page 16: Rump Aka

Anggota : Angela pengestu

Yulan

Mia amelia