Pupuh

9
Pupuh Pupuh téh nya éta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa , katelah ogé macapat ) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding , luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung. Guru wilangan; aturan jumlah larik dan jumlah suku kata, guru lagu; aturan rima akhir, serta watak tujuh belas Pupuh Sunda yang meliputi Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula, Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, dan Wirangrong beserta contoh dan lagunya. Pupuh téh mangrupa ugeran (puisi) anu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan (jajaran) dina unggal pada (gundukan) sarta lobana engang (suku kata/vokal) dina unggal padalisan. Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa “dang- ding-dung”-na sora vokal dina engang panungtung.

description

Pupuh

Transcript of Pupuh

PupuhPupuh th nya ta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah og macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modrn, pupuh ilahar dipak dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh th kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyata patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyata patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.Guru wilangan; aturan jumlah larik dan jumlah suku kata, guru lagu; aturan rima akhir, serta watak tujuh belas Pupuh Sunda yang meliputi Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula, Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, dan Wirangrong beserta contoh dan lagunya.Pupuh th mangrupa ugeran (puisi) anu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyata patokan jumlah padalisan (jajaran) dina unggal pada (gundukan) sarta lobana engang (suku kata/vokal) dina unggal padalisan. Guru lagu nyata patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.Pupuh Sunda kabhna aya tujuh belas (17). Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nyata Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (KSAD), jeung sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyata Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek swang-swangan.Anapon karangan pondok dina wangun ugeran anu dianggit mak patokan Pupuh disebutna th Guguritan atawa Dangding. Kecap gurit asalna tina basa Sangsakerta, grath, anu hartina nyusun karangan. Kecap ngagurit miboga harti anu sarua jeung ngadangding, nyata nuduhkerun kana pagawan ngarka atawa nyusun karangan winangun Dangding atawa Pupuh.Macam-macam pupuhPupuh aya tujuh welas rupa:1. Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah. Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-i, 8-a, 8-/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a). Watekna silihasih, silih pikanyaah, nashat, atawa mplingan1. ling-ling mangka ling [8-i]2. rumingkang di bumi alam [8-a]3. darma wawayangan ba [8-]4. raga taya pangawasa [8-a]5. lamun kasasar lampah [7-a]6. napsu nu matak kaduhung [8-u]7. badan anu katempuhan [8-a]2. Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol. Sapada diwangun ku 3 (tilu) padalisan (15-, 15-, 19-). Watekna pikaseurieun, banyol, atawa lulucon.1. Aya warung sisi jalan ram pisan, Citamng [15-]2. Awwna luas-luis geulis pisan, ngagorng [15-]3. Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyt, nyangrng [19-]3. Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan. Sapada diwangun ku 10 (sapuluh) padalisan (10-i, 10-a, 8-/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a). Watekna kabungahan atawa kaagungan.1. Mga beureum surupna geus burit [10-i]2. ngalanglayung panas pipikiran [10-a]3. cikur jangkung jah konng [8-]4. naha teu palay tepung [7-u]5. simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]6. ari ras cimataan [7-a]7. gedong tengah laut [6-u]8. ulah kapalang nya bla [8-a]0. paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]10. kacipta salamina [7-a]4. Durma, ngagambarkeun rasa ambek, ged hat, atawa sumanget. Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i). Watekna ngambek, pasa, gelut, atawa perang.1. Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a]2. geus dipasti ku jangji [7-i]3. mun tacan laksana [6-a]4. numpes musuh sarakah [7-a]5. henteu niat seja balik [8-i]6. najan palastra [5-a]7. mati di mdan jurit [7-i]5. Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri. Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u, 8-o). Watekna bingung, samar polah, tambuh laku.1. Ngahuleng banget bingung [7-u]2. henteu terang ka mana nya indit [10-i]3. turug-turug harita th enggeus burit [12-i]4. panon po geus rk surup [8-u]5. keueung sieun aya mong [8-o]6. Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung. Sapada diwangun ku 8 (dalapan) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna pangangguran, tamba kesel, pikalucueun.1. Hayang teuing geura beurang (8-a)2. geus beurang rk ka Sumedang (8-a)3. nagih kanu boga hutang (8-a)4. mun meunang rk meuli soang (8-a)5. tapi najan henteu meunang (8-a)6. teu rk buru buru mulang (8-a)7. rk tuluy guguru nembang (8-a)8. jeung diajar nabeuh gambang (8-a)7. Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun. Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u). Watekna kaprihatinan, kaduhung, atawa hanjakal.1. Mungguh nu hirup di dunya [8-a]2. ku kersaning anu Agung [8-u]3. geus pinasti panggih [6-i]4. jeung dua rupa perkara [8-a]5. senang paselang jeung bingung [8-u]8. Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah. Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i). Watekna miharep atawa prihatin.1. Budak leutik bisa ngapung [8-u]2. babaku ngapungna peuting [8-i]3. nguriling kakalayangan [8-a]4. nangan nu amis-amis [8-i]5. sarupaning bungbuahan [8-a]6. naon ba nu kapanggih [8-i]9. Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana. Sapada diwangun ku 4 (opta) padalisan (10-i, 8-a, 8-i, 12-a). Watekna banyol, atawa pikaseurieun1. Aya hiji rupa sato leutik [10-i]2. ngkang-ngkang, ngkang-ngkang [8-a]3. sok luluncatan di cai [8-i]4. ari bangun ark sarupa jeung lancah [12-a]10. Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan. Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o). Watekna piwuruk, prihatin, sarta kalucuan.1. Majalaya Ciparay Banjaran Bandung [12-u]2. Kopo reujeung Cisondari [8-i]3. Cicalngka Ujungberung [8-u]4. Rajamandala Cimahi [8-i]5. Lls Limbangan Tarogong [8-0]11. Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes hat. Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-i, 6-a, 8-i, 8-a). Watekna prihatin, sasambat, atawa nalangsa.1. H manusa mana kaniaya teuing [12-i]2. teu aya rasrasan [6-a]3. kaula mak disumpit [8-i]4. naha naon dosa kula [8-a]12. Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari ged harepan. Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u). Watekna susah, sedih, cilaka, tiiseun, atawa jempling.1. Mesat ngapung puta sang Arimbi [10-i]2. jeung mga geus awor [6-o]3. beuki lila beuki luhur ba [10-]4. larak-lirik ningali ka bumi [10-i]5. milari sang rayi [6-i]6. Pangran Bimanyu [6-u]13. Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat. Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-a). Watekna lumampah, napsu, sadia rk perang.1. Seja nyaba ngalalana [8-a]2. ngitung lembur ngajajah milang kori [12-i]3. henteu puguh nu dijugjug [8-u]4. balik paman sadaya [7-a]5. nu ti mana tiluan semu rarusuh [12-u]6. Lurah bgal ngawalonan [8-a]7. Aing ngaran Jayapati [8-i]14. Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju hat. Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-u, 6-a, 8-/o, 12-a). Watekna piwuruk, wawaran, kaget, atawa ling.1. Lutung buntung luncat kana tunggul gintung [12-u]2. monyt lorng leupas [6-a]3. luncat kana pager dngdk [8-]4. bajing kuning jaralang belang buntutna [12-a]15. Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh. Sapada diwangun ku 9 (salapan) padalisan (8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a/8-a, 8-i, 12-a). Watekna gumbira1. Warna-warna lauk mpang [8-a]2. aya nu sami jeung pingping [8-i]3. pagulung patumpang-tumpang [8-a]4. Ratna Rengganis ningali [8-i]5. warnaning lauk cai [7-i]6. lalawak pating suruwuk [8-u]7. sepat patingk(ar)ocpat [7-a (8-a)]8. julung-julung ngajalingjing [8-a]9. sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a]16. Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, ra ku polah sorangan. Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a). Watekna kawirang, karaan, karugian, kaapesan.1. Barudak mangka ngalarti [8-i]2. ulah rk ka dalon-dalon [8-o]3. enggong-enggon nungtut lmu [8-u]4. mangka getol mangka tigin [8-i]5. pibekeleun sarra [8-a]6. modal bakti ka nagara [8-a]17. Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran. . Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna banyol, atawa pikaseurieun.1. Nawu kubang sisi tegal [8-a]2. nyair bogo meunang kadal [8-a]3. atuh teu payu dijual [8-a]4. rk didahar da teu halal [8-a]

Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nya ta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyata Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong.