Paturay Tineung

2
Paturay Tineung Bismilaahirrohmanir rohim, Assalaamualaikum wr. wb. Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun, saupami dina ieu biantara aya pisanggem anu kirang merenah, boh basana boh tatakrama. Ibu Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru, Kitu deui sakumna réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta. Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelas salapan, tipayun mangga urang sasarengan manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci, réh maparinan taufik sareng hidayah-Na, dugi ka danget ieu urang sadaya aya dina séhat wal afiat. Pamugi ku kasumpingan urang sadaya kénging ridho ti Alloh SWT. Solawat sinareng kasalametan mugia dilélérkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW., ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka urang sadaya dugi ka terang mana anu haq sareng mana anu bathil. Mugia urang sadaya kalebet umat anu taat kana ajaran mantenna. Bapa sareng Ibu Guru,sareng réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta, Sim kuring atas nami wakil murid kelas salapan, seja ngadugikeun katineung, kedal lisan dina raraga paturay tineung. Bapa sinareng ibu guru anu dipikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa, tilu taun teu karaos sim kuring saparakanca diatik dididik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yén salami tilu taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak musingkeun sareng pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim

description

bahasa

Transcript of Paturay Tineung

Paturay Tineung

Bismilaahirrohmanir rohim,Assalaamualaikum wr. wb.

Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun, saupami dina ieu biantara aya pisanggem anu kirang merenah, boh basana boh tatakrama.

Ibu Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru,Kitu deui sakumna rrncangan sakola sadaya anu dipikacinta.

Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelas salapan, tipayun mangga urang sasarengan manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci, rh maparinan taufik sareng hidayah-Na, dugi ka danget ieu urang sadaya aya dina shat wal afiat. Pamugi ku kasumpingan urang sadaya knging ridho ti Alloh SWT.

Solawat sinareng kasalametan mugia dillrkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW., ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka urang sadaya dugi ka terang mana anu haq sareng mana anu bathil. Mugia urang sadaya kalebet umat anu taat kana ajaran mantenna.

Bapa sareng Ibu Guru,sareng rrncangan sakola sadaya anu dipikacinta,

Sim kuring atas nami wakil murid kelas salapan, seja ngadugikeun katineung, kedal lisan dina raraga paturay tineung. Bapa sinareng ibu guru anu dipikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa, tilu taun teu karaos sim kuring saparakanca diatik dididik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yn salami tilu taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak musingkeun sareng pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca seja neda sih hapuntenna tina samudayaning kalepatan.

Kalih ti ta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa, ibu guru supados tiasa neraskeun diajar ka sakola nu langkung luhur kalayan prestasi anu nyugemakeun. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih knh aya di bangku sakola ti kelas hiji dugi ka kelas dua mugi sing getol diajar, sing sareng taat kana piwuruk bapa sareng ibu guru. Salajengna simkuring sarerencangan ngadoakeun mudah-mudahan sakola SMP Al-Azhar Syifa Budi nu dipikacinta ku urang ieu,aya dina panangtayungan gusti Allah tur aya dina kamajuan,

Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta.Sakitu katineung ti sim kuring, kirang langkungna hapunten anu kasuhun.Wabillahi taufik walhidayahWassalaamu alaikum wr. wb