Nadoman Rundayan Nabi Muhammad Saw

download Nadoman Rundayan Nabi Muhammad Saw

If you can't read please download the document

description

Nadoman silsilah Nabi Muhammad Saw dari ayah sampai dengan Adnan, baik dari pihak ibu maupun bapak Rasulullah Saw

Transcript of Nadoman Rundayan Nabi Muhammad Saw

1. Masjid Al-Muhyiddin Kp. Jati RT 05/06 Ds. Pasirbiru, Kec. Cibiru, Kodya Bandung, Jawa Barat Wajib ka jalma Islamna # uninga rundaian nana Jeung Nabi utusan Allah # Muhammad putra Abdulloh Abdulloh putra Mutholib # Mutholib putrana Hasyim 2. Hasyim putra Abdi Manaf # Abdi Manaf putra Qusoy Qusoy putrana Kilab # Kilab putrana Murroh Murroh putrana Kaab # Kaab putrana Luayy Luayy putrana Gholib # Gholib putrana Fihir Fihir putrana Malik # Malik putrana Nador Nadhor putra Kinanah # Kinanah putra Khuzaimah Khuzaimah putra Mudrikah # Mudrikah putrana Ilyas Ilyas putrana Mudhor # Mudhor putrana Nizar Nizar putrana Maad # Maad putrana Adnan Nu wajib dugika Adnan # Nu wajib dugika Adnan Ti Adnan dugika Adam # (sabab teu aya jalan soheh 2x) _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ _ Wajib deui uningana # Rundayana ti Ibuna Jeung Nabi utusan Allah # Muhammad putra Aminah Aminah putrana Wahab # Wahab putra Abdi Manaf Abdi Manaf putra Zuhroh # Zuhroh putrana Kilab Tepang deui ti Ramana # Ti kilab Jangkawarengna Jadi Ibu jeung Ramana # (Masih keneh sarundayan 2x) Wajib deui kedah terang # Nguningakeun putra Nabi Sadayana aya tujuh # Numutkeun kaol nu soheh Pamegetna aya tilu # Kahijina Sayid Qosim Ka dua Sayid Abdulloh # Nu dilandih Toyib Thohir Ka tilu Sayid Ibrohim # Putrana Siti Mariyah Da ari anu seueur mah # Putrana Siti Khodijah Dupi anu opat deui # Eta sadayana istri Kahijina Siti Zenab # Rayi Sayidina Qosim Ka dua Siti Ruqoyah # Nu kawentar pang geulisna Mung teu lamina yuswana # kabujeung seep ajalna Ka tilu Siti Fatimah # Putra anu pang sholehna Sareng nu dipika dedeuh # ku Ibu sareng Ramana Ka opatna Umu Kulsum # Nu pupus sabada hijrah Bada ngalih Rosulullah # (Dina tahun ka salapan 2x) Bandung, 15 Januari 2013 3 Rabiul Awwal 1434 H 3. . , 4. . __________________________________________________________________ _______ , , .