KISI-KISI SOAL uts bahasa sunda kelas 5 smtr 2 SUDAH LENGKAP.doc

9
KISI – KISI SOAL ULANGAN TENGAH SEMESTER GENAP TAHUN PELAJARAN 2012-2013 SD NEGERI GRIYA BANDUNG INDAH (GBI) MATA PELAJARAN : BAHASA SUNDA KELAS/SEMESTER : 5 (LIMA)/ 2 (DUA) WAKTU : …………………… JUMLAH SOAL : 10 PG 10 ISIAN 10 .URAIAN No Standar Kompetensi/Kompete nsi Dasar Indikator Soal bentuk Soal Ungkapan Soal Kunci Jawaban 1. Menyimak pesan lewat tatap muka atau telepon dan mencatat hasilnya PESEN KEUR PA GUMBIRA Usum hajat ayeuna teh, kawantu bulan Rayagung. Sapoe ieu wungkul, Pa Gumbira nampa dua ondangan. Ari diimah kari Popi sorangan. Keur kitu kadenge telepon disada. “Hallo!” cenah, sora bapa- bapa. “Hallo!” tembal Popi. “Bade kasaha?” “Ieu teh Popi, nya?” “Muhun. Punten, ieu sareng saha? “Sareng Pa Wahyudin. Apa aya, Pi?” “Keleresan Apa sareng Mamah nuju ka uleman.” 1

description

KISI-KISI SOAL uts bahasa sunda kelas 5 smtr 2 SUDAH LENGKAP

Transcript of KISI-KISI SOAL uts bahasa sunda kelas 5 smtr 2 SUDAH LENGKAP.doc

Page 1: KISI-KISI SOAL uts  bahasa sunda kelas 5 smtr 2 SUDAH LENGKAP.doc

KISI – KISI SOAL ULANGAN TENGAH SEMESTER GENAPTAHUN PELAJARAN 2012-2013

SD NEGERI GRIYA BANDUNG INDAH (GBI)

MATA PELAJARAN : BAHASA SUNDAKELAS/SEMESTER : 5 (LIMA)/ 2 (DUA)WAKTU : ……………………JUMLAH SOAL : 10 PG 10 ISIAN 10 .URAIAN

No Standar Kompetensi/Kompetensi

Dasar

Indikator Soal bentuk Soal

Ungkapan Soal Kunci Jawaban

1. Menyimak pesan lewat tatap muka atau telepon dan mencatat hasilnya

PESEN KEUR PA GUMBIRA

Usum hajat ayeuna teh, kawantu bulan Rayagung. Sapoe ieu wungkul, Pa Gumbira nampa dua ondangan. Ari diimah kari Popi sorangan.

Keur kitu kadenge telepon disada.“Hallo!” cenah, sora bapa-bapa.“Hallo!” tembal Popi. “Bade kasaha?”“Ieu teh Popi, nya?”“Muhun. Punten, ieu sareng saha?“Sareng Pa Wahyudin. Apa aya, Pi?”“Keleresan Apa sareng Mamah nuju ka uleman.”

Pa Wahyudin teh sobat dalit apanan Popi. Mung didamelna di Jakarta. Nya kitu deui bumina, sami di Jakarta.

“Eleuh, mangkaning Apa mah teu kagungan HP nya,” siga nu handeueul.”Tiasa tip pesen?”

Kop Popi kana pulpen aku geus disadiakeun, lengkep reujeung keretasna. Kabeh pesen Pa Wahyudin ku manehna di catet kalayan gemet. Hasilna, yu geura urang baca:

1. Pa Wahyudin aya di Bandung dugi ka

1

Page 2: KISI-KISI SOAL uts  bahasa sunda kelas 5 smtr 2 SUDAH LENGKAP.doc

Dapat mencatat hal-hal pokok yang disampaikan orang lain

Dapat menuliskan isi pesan ke dalam beberapa kalimat

1 uraian2 uraian3 uraian4 uraian

5 uraian6 uraian7 uraian

8 uraian9 uraian

10 uraian

enjing.2. Kulemna di hotel Horison, kamar 122.3. Engke wengi Apa sareng Mamah kedah

nepangkeun Pa Wahyudin. Ulah lali nyandak proposal tea.

4. Sateu acan nepanhkeun,kedah nelepon heula Pa Wahyudin. Nomer-na: 081320259825. Ulah hilap deuih, ngagaleuh surabi bojong.

Waktu apa sareng mamahna daratang, pesenan Pa Wahyudin tea, langsung ditepikeun ku Popi. Peutingna, sabada nelepon heula, Pa Gumbira jeung Bu Gumbira, nepungan Pa Wahyudin di hotel. Teu poho sindang heula ka tukang surabi, meuli karesep sobatna.

Saha nu nelepon teh? Ku saha ditampana?Nuju kamana Pa Gumbira sareng istrina teh?Jeung saha Popi di imah?Naon sebabna Pa Wahyudin bangun handeueul?Naon sebabna Pa Wahyudin tetep pesen ka Popi?Naha di deukeut telepon disadiakeun pulpen jeung keretas?Naon bae eusi pesen Pa Wahyudin teh?Naon anu di maksud proposal teh?Aya anu kaliwat henteu, pesen ti Pa Wahyudin the? Naha?Mekel naon Pa Gumbira waktu nepungan Pa Wahyudin?

Si Kabayan Ngala Tutut

Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”

2

Page 3: KISI-KISI SOAL uts  bahasa sunda kelas 5 smtr 2 SUDAH LENGKAP.doc

Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?” Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura. Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”

Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut. Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?” Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.” Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun

3

Page 4: KISI-KISI SOAL uts  bahasa sunda kelas 5 smtr 2 SUDAH LENGKAP.doc

Menbaca dalam hati (intensif)

Dapat mengidentifikasi persoalan dalam wacana tertulis tentang lingkungan hidup

Dapat menjawab pertanyaan dari wacana

Dapat memberi tanggapan pada

1 PG

4 PG

2 PG

3 PG

1 isian

brus ancrub ka sawah. Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”

Tina Lima Abad Sastra Sunda. 

Si Kabayan dititah ngala tutut ku....    A. indungna   B. bapana   C. ninina   D. mitohana

Sawah anu sok loba tututna mah anu meunang....   A. ngagaru   B. macul   C. mupuk   D. nanduran

Basa dititah ngala tutut teh si Kabayan keur...   A. sare   B. gawe   C. ulin   D. dahar

Ngala tutut mah cenah di....   A.kebon   B. balong   C. laut   D. sawah

Dongeng anu eusina nyaritakeun asal usul kajadian tempat, barang sasaton jeung tutuwuhan disebutna....Nepikeun pamadegan teh carana kudu sopan, kudu dibarengan ku alesan anu kaharti ku....

Saanjogna ka sawah, Si Kabayan ningali tutut dina sawah teh....   A. euweuh

4

Page 5: KISI-KISI SOAL uts  bahasa sunda kelas 5 smtr 2 SUDAH LENGKAP.doc

wacana yang dibacanya

Dapat menyimpulkan wacana yang dibacanya

Dapat menuliskan cerita disertai tokoh-tokohnya

2 isian

5 PG

6 PG

7 PG

8 PG

9 PG

10 PG

   B. loba   C. jarang   D. saeutik

Tutut di sawah teh katingali lantaran....   A. tututna loba   B. sawahna deet   C. sawahna caang   D. caina herang

Lantaran ningali kalangkang langit di sawah, seuk Si kabayan mah sawah teh....   A. jero   B. deet   C. lega   D. saat

Ningali kalangkang langit di sawah, Si Kabayan ngarasa....   A. ambek   B. keueung   C. lewang   D. tunduh

Lantaran sieun ti kecebur ka sawah, Si Kabayan ngala tututna  ku cara.....   A. diuseup   B. dileugeut   C. dieurad   D. dikecrik

Si kabayan kakara apaleun yen sawah teh deet sanggeus....   A. dibejaan ku ninina   B. dititah turun ka sawah   C. dicontoan ku ninina   D. disuntrungkeun ka sawah

5

Page 6: KISI-KISI SOAL uts  bahasa sunda kelas 5 smtr 2 SUDAH LENGKAP.doc

Dapat memberikan tanggapan dan alasan tentang isi teks.

Dapat menyusun bacaan dengan kalimat sederhana

Dapat menuliskan pokok-pokok bacaan

3 isian

4 isian

5 isian

6 isian7 isian8 isian9 isian

10 isian

Carpon mah caritana sok kaharti ku akal, tara aya perkara anu pamohalan siga dina....Bagian anu nuduhkeun tempat jeung tanggal ditulisna hiji surat disebut....Paragraf anu eusina netelakeun maksud jeung tujuan ngirim surat teh nyaeta....Kudu kumaha nepikeun hiji pamadegan teh? naon anu disebut surat pribadi teh?Cing sebutkeun tilu judul dongeng sasakala! Kumaha biasana basa anu digunakeun dina surat pribadi keur babaturan!Nu kumaha ari nu disebut bagian panutup surat teh?

Mengetahui,Kepala Sekolah Dasar Negeri

Griya Bandung Indah (GBI)

……………………………….NIP. ………………………….

Bandung,,………………….. 2013Guru Kelas

……………………………….. NIP……………………………

6