Kakawihan Barudak

48
DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK Yukeu Yuliani Mustofa DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 1

Transcript of Kakawihan Barudak

Page 1: Kakawihan Barudak

DIAJAR DINA KAKAWIHAN

BARUDAK

Yukeu Yuliani Mustofa

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 1

Page 2: Kakawihan Barudak

Kakawihan Barudak

Kakawihan asal kecapna tina kawih. Kawih

dina kamus basa Sunda miboga harti lagu sora

jelema anu euweuh pupuhna, taya patokanana.

Sedengkeun kakawihan nyaéta nyorakeun rupa-

rupa kawih, biasana nu sok ngawih téh barudak

di luhur tangkal bari eundeuk-eundeukan

tandaning bungah, kakawihan mah tara aya anu

dihariringkeun.

Dina Danandjaya (1997 : 147) kakawihan

barudak disebutna nyanyian permainan (play

song).

Nyanyian permainan (play song) yakni nyanyian yang mempunyai irama gembira serta kata-kata lucu dan selalu dikaitkan dengan permainan bermain (play) atau permainan bertanding(game).

Kakawihan barudak ieu kaasup kana

wangun folklore lisan anu ka asup kana nyanyian

rakyat. Nyanyian rakyat nyaéta wangun lagu

tradisional anu boga sababaraha wangun

gumantung kana tempat nyebarna éta lagu.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 2

Page 3: Kakawihan Barudak

Definisi ieu sarua jeung definisi anu dipaparkeun

ku Jan Harold Brunvand.

“Nyanyian rakyat adalah salah satu genre atau bentuk folklore yang terdiri dari kata-kata dan lagu, yang beredar secara lisan di antara anggota kolektif tertentu, berbentuk tradisional, serta banyak mempunyai varian.” (Brunvand dalam Danandjaja, 1997 : 141)

Folklor sorangan asal kecapna tina folk

jeung lore. Folk hartina sakelompok manusa anu

miboga cirri-ciri fisik, social, jeung kabudayaan

anu bisa dibedakeun jeung kelompok anu

sejenna. Sedengkeun lore nyaéta tradisi folk

atawa tradisi masarakat. Hartina sabagian tina

kabudayaanna anu diwariskeun turun temurun.

Danandjaja maparkeun definisi folklore nyaéta:

Sebagian kebudayaan suatu kolektif, yang tersebar dan diwariskan turun temurun, diantara macam kolektif apa saja, secara tradisional dalam versi yang berbeda, baik dalam bentuk lisan maupun contoh yang disertai dengan gerak isyarat atau alat pembantu pengingat (mnemonic device). (Danandjaja, 1997 : 2)

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 3

Page 4: Kakawihan Barudak

Lamun ditilik-tilik kakawihan barudak ieu

téh aya hubunganna jeung kaulinan barudak

jeung sipatna dwitunggal teu bisa dipisahkeun

antara kakawihan jeung kaulinan barudak. Ku

sabab kakawihan barudak ieu sok di paké dina

kaulinan barudak, sok sanajan teu kabéh

kakawihan barudak ieu aya kaulinanna atawa teu

kabéh kaulinan barudak aya kakawihanna.

Tapi, ti waktu ka waktu, kakawihan geus teu

dipaké deui ku barudak nu keur arulin. Loba

pisan barudak anu geus teu wanoh kana naon

anu disebut kakawihan barudak ieu. Kakawihan

jeung kaulinan barudak saeutik-saeutik

kagantikeun ku kaulinan nu lain nu sifatna

modern siga video-game atawa game-watch.

Ngan aya sababaraha kakawihan barudak anu

masih kénéh dipikawanoh ku barudak jaman

ayeuna jeung masih katinggali sok dipaké ulin.

Dunya budak jaman ayeuna jadi pasif. Anu

kuduna lamun aya waktu téh budak bisa

sosialisasi jeung batur-baturna, kalahkah dipaké

keur ulin sorangan dina video-game, game

watch, PS2, atawa ngan dipaké keur lalajo tivi

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 4

Page 5: Kakawihan Barudak

wungkul. Ku kituna budak jadi leuwih egois jeung

individulistik, komo lamun aya nu ngaganggu

manéhna anu keur sibuk jeung kaulinanna.

Éta jadi salah sahiji faktor kakawihan

barudak teu di paké deui. Barudak jaman ayeuna

geus teu wanoh kanu kakawihan jeung kaulinan

barudak anu sifatna tradisional, tepi ka

ngahambat kamajuan kaulinan tradisional.

Kurangna peran serta ti nu jadi kolot ogé jadi

faktor kakawihan barudak teu dipikawanoh deui.

Kolot leuwih milih kaulinan anu praktis keur

budakna, anu instan jeung bisa dibeli di

bandingkeun kudu nyieun atawa ngajarkeun ka

budakna.

Ku kituna, ngan aya sababaraha kakawihan

barudak anu masih kénéh dipikawanoh jeung

rajeun dipaké kénéh keur kaulinan maranéhna,

diantarana:

Pérépét jéngkol Pérépét jéngkol jajahéan Kadempét kohkol Jéjérétéan

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 5

Page 6: Kakawihan Barudak

JaleuleujaJaleuleujaAtulak tu ja émangogSeureuh leuweungbayJambé kolotbugUcing katinggang songsongNgék

Oray-orayan (versi 1)Oray-orayanOray naonOray bungkaBungka naonBungkalautLaut naonLaut dipaDipa naonDipandeuri ………..

Oray-orayan (versi 2)+ Oray-orayan luar léor mapay sawah

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 6

Page 7: Kakawihan Barudak

- Entong ka sawah paréna keur sedeng beukah+ Oray-orayan luar léor mapay kebon- Entong ka kebon loba barudak keur ngangon + Mending ka leuwi di leuwi loba nu mandi- Saha anu mandi – anu mandina pandeuri

CingcangkelingCingcangkeling manuk cingkleung // Cindeten // Blos ka kolong bapa satar buleneng

Ayang-ayang GungAyang-ayang gungGung goongna raméMénak Ki Mas TanuNu jadi wadanaNaha manéh kituTukang olo-oloLoba anu girukRuket jeung KumpeniNiat jadi pangkatKaton kagorénganNgantos Kangjeng DalemLempa lempi lempongNgadu pipi jeung nu ompongJalan ka Batawi ngemplong

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 7

Page 8: Kakawihan Barudak

Bang kalima lima gobang (versi 1)Bang kalima lima gobang (bang)Bangkong di tengah sawah (wah)Wahéy tukang bajigur (gur)Guru sakola désa (sa)Saban poé ngajar (jar)Jarum paranti ngaput (put)Putri nu gareulis (lis)Lisung kadua halu (lu)Luhur kapal udara (ra)Ragrag di Jakarta (ta)Taun tujuh hiji (ji)Haji rék ka Mekkah (kah)Kahar tujuh rébu (bu)Buah meunang ngala (la)Lauk meunang nyobék (bék)Béker meunang muter (ter)Terus ka Cikampék (pék)Pékna dagang kalam (lam)Lampu eujeung damar (mar)Mari kuéh hoho (ho)Hotél panglédangan (ngan)Ngantos Kangjeng Dalem (lem)Lempa lempi lempongNgadu pipi jeung nu ompong

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 8

Page 9: Kakawihan Barudak

Bang kalima lima gobang (versi 2)Bang kalima lima gobang (bang)Bangkong di tengah sawah (wah)Wahéy tukang bajigur (gur)Guru sakola désa (sa)Saban poé ngajar (jar)Jarum paranti ngaput (put)Putri nu gareulis (lis)Lisung kadua halu (lu)Luhur kapal udara (ra)Ragrag di Jakarta (ta)Taun dua rébu (bu)Buah menang ngala (la)Lauk menang nyobék (bék)Békleun menang muter (ter)Terus ka cikampék (pék)Pék ngadukeun kuda (da)Dahar sangu goréng (réng)Réngkod aki ngaringkuk dibekok

Sursér-sursér (versi 1)Sursér sursérAmis cauAmis kembangHileud sitaTarungambangYéy iyéyTai manukanYéy iyéy

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 9

Page 10: Kakawihan Barudak

Tai manukan Sursér-sursér (versi 2)

Sursér sursérAmis cauAmis kembangBalakbak buah bungbulangJol sémah Ngajak nyeupah ku papaganPapagan kadongdong nyemplong

Trang-trang koléntrangTrang-trang koléntrangSi londok paéh nundutantikusruk kana durukanmesat gobang kabuyutanTrang-trang koléntrangSi anggar nyingkah sing anggahjeung gancang muntahkeun bulancaang bulan didurukanTrang-trang koléntrangsi nini urang tulunganimahna téh kapoékanbulan tempur nabrak siang

CingciripitCingciripitTulang bajing kacapitKacapit ku bulu pareBulu paré méméncosnaJol pa Dalang

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 10

Page 11: Kakawihan Barudak

Mawa wayang jrék-jrék nong… Olé-olé Ogong

Olé-olé ogongmelak cabé di tarogongdihakan ku embé ompongditeang kari sapotongau au ahéngbeuleum cau tutung géhéngembé embé dombaanak sapi tutunggulanema ema weyasi sahi kabuhulanhayang geura diinumanembé embé dombaanak sapi tuntunggulanema ema weyasi sahi pupundukanku baturna ditumbukan

Paciwit-ciwit Lutung (versi 1)Paciwit-ciwit lutung ari gog gog ka luhurPaciwit-ciwit lutung ari gog gog ka luhur

Paciwit-Ciwit Lutung (versi 2)Paciwit-ciwit lutung si lutung pindah ka tungtungPaciwit-ciwit lutung si lutung pindah ka luhurPaciwit-ciwit lutung nu ti handap pindah ka luhur

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 11

Page 12: Kakawihan Barudak

Cak CungCak cung bakowékKukuruyukAnak careuhKa kowétBujurna bareuh

Pacici PociPacici-cici pociAnyang-anyang bidadariJalélé jakuwéJa minta kembang apa?(milih ngaran kembang)Ba nona ba nonaBa (ngaran) ménta kembang erosKabogohna ka Mang Eros

Pacici PutriPacici cici putriSelerek kembang celempungAli-ali pamadatanGoréng adat digurubasKalau mau kembang apa? Kembang pacarManoné-manoné hayang kembang pacarKabogohna mantri cacar!

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 12

Page 13: Kakawihan Barudak

Eundeuk-eundekan Lagoni (versi 1)+ Endeuk-eundeukan lagoni - Meunang peucang sahiji + Leupas deui ku nini - Beunang deui ku aki + Leupas deui ku ninina nini nini - Beunang deui ku akina aki-aki + Leupas deui ku ninina ninina ninina nini nini - Beunang deui ku akina akina akina akina aki-aki + Leupas deui ku ninina ninina ninina ninina ninina ninina nini nini………… - Beunang deui ku akina akina akina akina akina akina akina akina aki-aki ……..

Eundeuk-eundeukan Lagoni (versi 2)Eundeuk-eundeukan lagoniMeunang peucang sahijiLeupas deui ku nyaiBeunang deui ku abdiEundeuk-eundeukan lagoniMeunang peucang sahijiLeupas deui ku niniBeunang deui ku aki

Endog-endoganEndog-endogan pepes hiji pepes kabéh Endog-endogan pepes hiji pepes kabéh Endog-endogan pepes hiji pepes kabéh

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 13

Page 14: Kakawihan Barudak

Goléang-goléang mata sapi bolotot

Aya hiji kurungpinuh ku japatijapati kaluardisada uok uokanAlim karamanaalim ka ibunahoyong kaputrananu centik bulu socana

Hiji sareng hiji sami sareng duaLamun bisa ngaji pasti bisa ngadoaDua tambah dua sami sareng opatLamun ngadoa pasti meunang berkatOpat sareng opat sami sareng dalapanLamun meunang berkat pasti dihakanDalapan sareng dalapan sami sareng genep belasLamun geus dihakan tanaga jadi bedaGenep belas sareng genep belas sami sareng tilu puluh duaLamun geus bedas bisa mantuan indung bapa

Blung BlongBlung blongtampélét tampa gelomlalamis bulu maungcerentél cantélpakuong doblus

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 14

Page 15: Kakawihan Barudak

Tat tit tutdaun kanyere (kaliki)saha nu hitut budak awewe (lalaki)dibawa kasaung bututbalikna ngaburusut

Punteun-ManggaPunteun, manggaAri ga, gatot kacaAri ca, cau ambonAri bon, bonténg asakAri sak, sakit perutAri rut, rujak asemAri sem, sempal sempilAri pil, pilem raméAri mé, méja makanAri kan, kantong kosongAri song, song-song lampuAri pu, puak paokAri wok, wok berewok

Sepdur Sepdur, sepdurMantra-mantri naam jadurKalung-kalungKahijinaKaduanaKatilu boleh ditangkap

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 15

Page 16: Kakawihan Barudak

Cang ucang anggéCang ucang anggéMulung muncang ka paranjéDigogog ku anjing gedéAnjing gedé nu Pa LebéAri gog gog cungunguuuung

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 16

Page 17: Kakawihan Barudak

Interpretasi Kakawihan Barudak

Dina rumpaka kakawihan ieu loba pisan anu

bisa ku urang diteuleuman. Aya sababaraha anu

narik pikeun diinterpretasi ku urang ngenaan

kakawihan barudak ieu. Boh dina segi maknana

atawa dina segi fungsi kakawihan ieu keur

barudak.

Unggal kakawihan barudak miboga makna

sewang-sewangan anu bisa ditingali dina

rumpaka-rumpakana. Salah sahiji contona anu

maparkeun yén dina kakawihan barudak miboga

makna-makna nyaéta dina kakawihan Jaleuleuja,

Ayang-ayang Gung, Oray-orayan, Bang Kalima

Gobang, Pérépét Jengkol, jeung lianna.

Makna-makna dina kakawihan barudak

diantarana:

1. Gerentes haté

Kakawihan dina Jaleuleuja mangrupa alat

anu digunakeun ku masyarakat, sangkan naon

anu aya dina gerentes haténa anu teu kaharti ku

batur anu aya di luar komunitasna bisa

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 17

Page 18: Kakawihan Barudak

dibéjérbéaskeun ku bahasa sandi dina kakawihan

barudak.

Contona, Jaleuleu ja. Lagu ieu téh cenah

dijieun dina mangsa tatar Sunda diserang ku

Mataram. Lagu Jaleuleu Ja aya anu nyurahan siga

kieu :

Jaleuleu ja ( aya Jawa)

Atulak tu ja éman - gog (Nitah ka jang Éman

lamun aya Jawa kudu nyadiakeun tulak (keur

panakol) sarta nagog atawa pasang kuda-

kuda, anu miboga harti kudu siap-siap)

Seureuh leuweung - bay (seureuh leuweung

téh biasa ogé disebut gebay, bentukna siga

taméng, kukituna lamun aya Jawa, salian ti

kudu siap téh, anu dina harti rumpaka tadi

nagog téa, ogé urang kudu nyiapkeun taméng)

Jambé kolot - bug (jambé kolot téh di Sunda

mah disebut jebug, jadi lamun musuh datang

kudu digebug)

Ucing katinggang songsong - Ngék

(ngagebugna nepi ka siga ucing katinggang

songsong – ngék …….)

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 18

Page 19: Kakawihan Barudak

Dina kakawihan Ayang-ayang Gung ogé aya

makna anu sarua jeung Jaleuleuja, nyaéta pikeun

nunjukeun gerentes haté ku bahasa sandi téa.

Lagu Ayang-ayang Gung ieu nyaritakeun

masyarakat di hiji wilayah anu sahéng (Ayang-

ayang gung Gung goongna ramé) nyaritakeun

kalakuan pamingpinna nyaéta ménak Ki Mas

Tanu nu jadi wadana. Pangna diaromongkeun téh

kusabab kalakuanana olo-olo (naha manéh kitu –

tukang olo-olo), giruk ruket (ngabalad jeung

kumpeni). Tujuanana mah taya lian sangkan bisa

naék pangkat, sanajan bari jeung (kalakuan kitu

téh) goréng. Ningali wadana anu kitu petana,

saenyana rahayat ngaharepkeun dalem – tapi

dalem ogé sarua misleukna (Ngantos kang jeung

dalem, Lempa lempi lempong, Ngadu pipi jeung

nu ompong) Ngeunaan jalan ka batawi

ngemplong bisa dihartikeun yén pamingpin

jaman baheula ogé leuwih oriéntasi ka luhur alias

ka batawi.

2. Kaayaan atawa Kajadian

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 19

Page 20: Kakawihan Barudak

Tina kakawihan barudak urang ogé bisa

ngagambarkeun kaayaan. Lamun analisa di luhur

bener, kakawihan téh bisa jadi dijieunna patula-

patali jeung hiji kajadian (aya faktor waktu).

Contona, Jaleuleu dikira-kira dijieunna dina jaman

Dipati Ukur, nya kitu ogé Ayang-Ayang Gung

dikira-kira dijieunna dina jaman penjajahan.

3. Ngaramalkeun ka harep

Aya ogé kakawihan barudak anu hartina téh

ngaramalkeun ka hareup. Nyaéta waktu Sukarno

tibeubeut tina kalunguhanana, anu kababawa téh

lain ngan ukur manéhna, tapi ogé anték-antékna.

Ninggali kaayaan kieu aya nu nyarita, cenah

kakawihan Oray-orayan ngajelaskeun kajadian

éta. Dimana oray bungka dina rumpaka Oray-

orayan téh nyaéta Bung Karno téa jeung naon

anu dinyanyikeun dina rumpaka kakawihan éta

jadi kanyataan, kabeh anu nutur-nutur

(dipandeuri) Bung Karno kalaut nyaéta turun dina

kalungguhanna.

4. Kritik Sosial

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 20

Page 21: Kakawihan Barudak

Makna tina kakawihan Paciwit-ciwit Lutung,

di jerona aya makna kritik sosial. Rumpaka dina

kakawihan ieu lain ngan saukur ngagambarkeun

aktivitas paciwit-ciwit leungeun, tapi kecap

lutung tina rumpaka éta jadi konci maknawi

kapongahan jelema anu hayang boga

kalungguhan. Si Lutung boga kahayang aya waé

diluhur leungeun batur. Paciwit-ciwit Lutung ogé

mangrupakeun ekspresi hiji rasa ihwal ngenaan

kajujuran jeung takdir yén jadi juragan atawa

bawahan kudu bisa sanasib sapanggungan.

5. Ulin Kecap

Dina kakawihan Bang Kalima Gobang jeung

Punteun-Mangga mah makna na ngan ukur

ngajelaskeun ulin kecap. Nyaéta dina rumpakana

katinggali padalisan anu tungtung dijadikeun

padalisan anu anyar.

6. Heureuy atawa Kagumbiraan

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 21

Page 22: Kakawihan Barudak

Aya ogé anu rumpakana téh ngan ukur

heureuy biasa, saperti dina Pérépét Jéngkol jeung

Cingcangkeling fungsi kakawihan ieu murni

pikeun rekreatif barudak anu keur arulin. Tapi

dina kaulinanna, Pérépét Jéngkol boga makna

husus nyaéta kagumbiraan jeung guyonan

ngenaan kasusah hirup, dimana barudak anu

keur maénkeun kaulinan Pérépét Jéngkol ieu

bisa ngarasa gumbira padahal anu dipaénkeun

ku maranéhna téh pinuh ku rasa kasakit.

7. Étika

Kakawihan barudak anu ngandung makna

étika nyaéta kakawihan Punteun-Mangga. Dina

kakawihan ieu fungsi awalna pikeun namu.

lamun urang rék namu ka imah batur kudu

nyebut punteun anu hartina sarua jeung

sampurasun, jeung nu boga imahna kudu

nembalan mangga ka nu rék namu.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 22

Page 23: Kakawihan Barudak

Diajar dina Kakawihan Barudak

Kakawihan barudak mangrupakeun salah

sahiji bagéan tina sastra lisan anu miboga fungsi

lain ngan ukur pikeun rekreatif wungkul, tapi ogé

kakawihan barudak téh boga fungsi-fungsi atawa

manpaat anu lainna, diantarana:

1. Ngembangkeun Intelektual

Kakawihan barudak boga fungsi

ngembangkeun intelektual budak nyaéta pikeun

pangajaran keur barudak.

Dina sababaraha kakawihan barudak aya

anu nawarkeun pikeun nambah kapinteran dina

widang pangajaran matematika. Lagu-lagu tina

kakawihan barudak ieu lain ngan ukur rumpaka

anu dikawihkeun ku barudak, tapi dina

kakawihan barudak ieu aya narasi carita

dongéng jeung wangun sastra anak lianna,

nyaéta budak bisa diajar matematika dina

kakawihan. Dina ngawih atawa nyanyi ku teu

sadar budak keur diajar matematika.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 23

Page 24: Kakawihan Barudak

Conto kakawihan barudak anu aya patula-

patalina jeung pangajaran matematika nyaéta

Sepdur jeung Eundeuk-eundekan Lagoni.

Sepdur

Sepdur, sepdurMantri-mantri naam jadurKalung-kalungKahijinaKaduanaKatilu boleh ditangkap

Dina kawih sepdur ieu budak diajar

ngurutkeun angka ti hiji nepi ka tilu. Ku

ngapalkeun dina kakawihan budak bakalan

gancang apalna.

Eundeuk-eundeukan Lagoni

+ Endeuk-eundeukan lagoni

- Meunang peucang sahiji

+ Leupas deui ku nini

- Beunang deui ku aki

+ Leupas deui ku ninina nini nini

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 24

Page 25: Kakawihan Barudak

- Beunang deui ku akina aki-aki

+ Leupas deui ku ninina ninina ninina nini nini

- Beunang deui ku akina akina akina akina aki-

aki + Leupas deui ku ninina ninina ninina

ninina ninina ninina nini nini…………

- Beunang deui ku akina akina akina akina

akina akina akina akina aki-aki …….

Kakawihan Eundeuk-eundeuk Lagoni éta

lamun dirumuskeun ngahasilkeun pola bantun-

tambah ku soal carita. Ku kakawihan samodel

kieu budak dibeukeulan kamampuan pikeun

mereskeun soal anu aya patalina jeung

kukurangan ogé jeung tatambahan. Lamun

kakawihan éta dipolakeun kanu angka bakal siga

kieu :

0 + 1 = 1 1 – 1 = 0 0 + 1 = 1 (nepi ka beres)

Conto anu lianna ngajarkeun budak

tatambahan jeung ngajarkeun moral ka budak.

Diantarana moral budak ka indung bapana jeung

moral budak ka Gusti Allah.

Hiji sareng hiji sami sareng dua

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 25

Page 26: Kakawihan Barudak

Lamun bisa ngaji pasti bisa ngadoaDua tambah dua sami sareng opatLamun ngadoa pasti meunang berkatOpat sareng opat sami sareng dalapanLamun meunang berkat pasti dihakanDalapan sareng dalapan sami sareng genep

belasLamun geus dihakan tanaga jadi bedaGenep belas sareng genep belas sami sareng

tilu puluh duaLamun geus bedas bisa mantuan indung bapa

Salian ti kakawihan anu aya di Sunda anu ka

asup kana Sastra Sunda, dina Sastra Indonesia

hususna sastra anak ogé ngabogaan leuwih loba

kakawihan atawa lagu-lagu budak anu dijerona

boga fungsi pangajaran matematika keur budak,

diantarana :

Dua mata saya hidung saya Satu dua kaki saya pakai sepatu baru.Dua tangan saya yang kiri dan kanan

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 26

Page 27: Kakawihan Barudak

satu mulut saya tidak berhenti makan

Tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turun sepuluh, mati satu tinggal sembilan, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turun sembilan, mati satu tinggal delapan, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turun delapan, mati satu tinggalah tujuh, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turunnya tujuh, mati satu tinggalah enam, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turunnya enam, mati satu tinggalah lima, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turunnya lima, mati satu tinggalah empat, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turunnya empat, mati satu tinggalah tiga, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turunnya tiga, mati satu tinggalah dua, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turunnya dua, mati satu tinggalah satu, tek kotek-kotek-kotek,

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 27

Page 28: Kakawihan Barudak

anak ayam turunnya satu, mati satu tinggal induknya,

Empat anak bebek pergi berenang,Naik ke Gunung lalu menghilangInduk bebek mencari wek,, wek,,Hilang satu tinggalah tigatigat anak bebek pergi berenang,Naik ke Gunung lalu menghilangInduk bebek mencari wek,, wek,,Hilang satu tinggalah duadua anak bebek pergi berenang,Naik ke Gunung lalu menghilangInduk bebek mencari wek,, wek,,Hilang satu tinggalah satu

Satu sepatuDua durianTiga mentegaEmpat ketupatLima delimaEnam tanamanTujuh maju mundurDelapan naik papanSembilan orang bulanSepuluh kue boluSebelas naik kelasDua belasmenjadi patung

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 28

Page 29: Kakawihan Barudak

Aya ogé lagu anu langsung tina wangun tatambahan

tapi ku barudak sok dinyanyikeun, teu maké carita. Fungsi

dinyanyikeun didinya méh budak bisa leuwih babari apal

kusabab aya fungsi rekreatif dina lagu.

Satu ditambah satu, sama dengan duaDua ditambah dua, sama dengan empatEmpat ditambah empat, sama dengan delapanDelapan ditambah delapan, sama dengan enam belas

Terus aya lagu Balonku anu salian ti

ngajarkeun matematika ngenaan kukurangan,

ogé ngenalkeun ka budak ngenaan warna-warna.

Jeung lagu Sayang Semuanya ngajarkeun

matematika ogé ngajarkeun budak boga rasa

silih mikanyaah.

Balonku ada limaRupa-rupa warnanyaHijau, kuning, kelabuMerah muda dan biruMeletus balon hijau (daarrr)Hatiku sangat kacauBalonku tinggal empatKu pegang erat-erat

Satu-satu aku sayang ibuDua-dua juga sayang ayahTiga-tiga sayang adik kakakSatu, dua, tiga, sayang semuanya

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 29

Page 30: Kakawihan Barudak

Salian ti fungsi pangajaran matematika,

kakawihan barudak ieu boga fungsi pedagogies

anu sejénna. Diantarana budak bisa diajar fungsi-

fungsi barang, tempat cicingna sasatoan, atawa

ngenaan sipat-sipat jeung lianna. Conto na dina

kakawihan Bang-bang Kalima Gobang

rumpakana ngajarkeun budak naon nu can di

pikanyaho ku maranéhna.

Bangkong di tengah sawah (tempat cicingna) Guru sakola désa Saban poé ngajar (fungsi

guru) Jarum paranti ngaput (fungsi) Putri nu gareulis (sipat) Lisung kadua halu (sipat) Buah menang ngala (cara) Lauk menang nyobék (cara) Békleun menang muter (fungsi)

Dina Sastra Indonesia leuwih loba deui

fungsi lagu-lagu barudakna diantarana lagu

Pelangi ngajarkeun budak ngenaan warna-warna

jeung religiusitas anu nyiptakeunna. Aya ogé

lagu-lagu ngenaan ngaran-ngaran poé pikeun

barudak wanoh ka ngaran-ngaran poé.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 30

Page 31: Kakawihan Barudak

Pelangi-pelangiAlangkah indahmuMerah, kuning, hijauDi langit yang biruPelukismu agungSiapa geranganPelangi-pelangiCiptaan Tuhan

Senin, selasa, rabu,kamisJum’at, sabtu, mingguItu nama-nama hari(aya ogé anu nambahan rumpakana pikeun ngamotivasi barudak)Rajin belajarCepat pintarAnak yang pemalasTidak akan naik kelas

2. Pamahaman Kahirupan Sosial

Fungsi atawa manpaat anu séjénna nyaéta

pamahaman ngenaan kahirupan social. Ieu

ditunjukeun dina kaulinanna anu bisa ngadidik

budak pikeun jadi budak anu sportif, bisa gawé

bareng jeung nu lianna, numbuhkeun solidaritas,

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 31

Page 32: Kakawihan Barudak

kapercayaan ka diri na sorangan, jeung nu lainna

anu hubunganna jeung perkembangan psikologi

anak.

Dina kaulinan barudak anu sipatna siasat

fungsina pikeun ngembangkeun daya pikir

budak, jeung anu sipat kaulinanna katerampilan

fisik bisa ngembangkeun kacekatan gerakna

otot-otot (saraf motorik).

Contona dina kakawihan Cingciripit,

kaulinanna nyaéta di paénkeun ku duaan atawa

leuwih, cara maénkeunna nyaéta leungeun salah

sahiji budak ditangkarakeun tuluy manéhna

jeung nu lianna leungeun panunjukna

diacungkeun bari digerakeun-gerakeun méh

leungeunna teu katéwak ku babaturanna bari

ngawih Cingciripit, tulang bajing kacapit, kacapit

ku bulu paré, bulu paré méméncosna, jol pa

dalang mawa wayang jrék-jrék nong.

Dina kaulinan Cingciripit éta budak diajar

percaya ka dirina sorangan pikeun bisa nyieun

strategi palebah mana manéhna kudu ngangkat

leungeunna méh teu katewak ku baturna.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 32

Page 33: Kakawihan Barudak

Lamun dina kaulinan Pérépét Jéngkol, budak

bisa diajar gawé bareng nu hiji jeung nu lianna

ngarah teu nepi ka labuh keur maénkeunna.

Salian ti éta, kakawihan ogé boga fungsi

pikeun ngaguyubkeun. Dina faktana, unggal

kakawihan barudak anu aya kaulinanna,

dipaénkeunna sok ku lobaan, paling saeutik ku

dua budak. Ieu ngajarkeun budak pikeun guyub,

daék gawé bareng, ogé diajar interaksi jeung

batur-baturna. Budak ogé bisa diajar sosialisasi

jeung lingkunganna, utamana méré pangaweruh

yén hirup téh teu bisa sosorangan, pasti

ngabutuhkeun bantuan batur. Intina, dina

kakawihan, budak diajar sangkan bisa hirup

guyub jeung nu sejenna, teu individulistis jeung

egois.

Dina kakawihan ogé bisa ngadeukeutkeun

nu jadi indung atawa kolotna ka budakna.

Contona dina kakawihan Sursér, urang bisa

ningali kadeukeutan budak jeung indungna

utamana mah. Hal éta alus pikeun psikologi

perkembangan keur budak. Budak bakalan

ngarasa dipikanyaah ku indungna nu bisa nyieun

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 33

Page 34: Kakawihan Barudak

budak geus gedé gé tetep deukeut jeung

kolotna.

3. Ngembangkeun Imajinasi

Masa kanak-kanak mangrupakeun masa

keur mejeuh-meujeuhna budak ngembangkeun

imajinasina. Sastra pikeun hiji karya seni anu

ngandeulkeun kakuatan imajinasi nawarkeun hiji

panglaman imajinasi ka budak. Dina kakawihan

budak bisa ngaimajinasikeun naon anu ku

manéhna keur dikawihkeun.

Contona dina kakwihan Trang-trang

Koléntrang. Rumpaka dina éta kakawihan

nawarkeun ka barudak pikeun ngimajinasikeun

naon anu dikawihkeun ku maranéhna. Kusabab

dina rumpaka Trang-trang Koléntrang loba pisan

ngandung makna anu bisa diimajinasi ku

barudak. Misalna dina kecap Si londok paéh

nundutan, budak anu kreatif sabisa-bisa bakal

ngaimajinasikeun kecap éta.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 34

Page 35: Kakawihan Barudak

4. Ningkatkeun Kamampuan Basa

Kakawihan boga manpaat pikeun

ningkatkeun kamampuan budak dina basa. Ku

barudak ngawihkeun kakawihan sadar teu sadar

geus ngembangkeun basa barudak, kekecapan

jadi nambahan, ogé katerampilan budak dina

ngomong jadi leuwih ningkat. Sanajan basa anu

digunakeun dina kakawihan barudak teu kabéh

babari jeung basajan keur barudak.

5. Pamahaman Estetika

Dina kakawihan, barudak bisa diajar

ngenaan nilai estetika atawa kaéndahan,

diantarana kaulinan kecap, purwankanti, jeung

pilihan diksi anu éndah.

6. Ngawanohkeun Budaya

Budak diwanohkeun kanu kabudayaan

Sunda ku wanoh kana kakawihan. Kakawihan

barudak salah sahiji wangun dina kabudayaan,

hususna kabudayaan Sunda. Ku cara nyieun

budak resep kana kakawihan, urang geus nyieun

budak resep ogé kana kabudayaan sorangan.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 35

Page 36: Kakawihan Barudak

Rék saha deui anu bisa ngamumulé budaya

urang sorangan, lamun lain ku barudakna mah.

Budak ayeuna nyaéta cikal bakal generasi

penerus urang engké. Kusabab kitu, wawasan

ngenaan kabudayaan tradisional penting pikeun

budak. Kakawihan jadi salah sahiji alat pikeun

nambahan wawasan budak ngenaan kabudayaan

éta.

7. Fungsi Rekreatif

Dina genep mangpaat éta, manpaat atawa

fungsi anu paling utama jeung pang lobana dina

kakawihan barudak mah nyaéta fungsi

rekreatifna. budak bakalan ngarasa bungah

jeung meunang kanikmatan ngawihkeun

kakawihan dina kaulinanna. Daya tarik dina

kakawihan barudak ogé bisa meungkeut émosi

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 36

Page 37: Kakawihan Barudak

budak tepi ka budak bisa kabandang ku

kakawihan anu lianna.

DAPTAR PUSTAKA

Ampera, Taufik. 2010. Pengajaran Sastra, Teknik Mengajar Sastra Anak Berbasis Aktivitas. Bandung : Widya Padjadjaran.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 37

Page 38: Kakawihan Barudak

Nurgiyantoro, Burhan. 2005. Sastra Anak: Pengamtar Pemahaman Dunia Anak. Cetakan Pertama.

Yogyakarta: Gajdah Mada University Press.

Danadibrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Citakan II. Bandung : PT Kiblat Buku Utama.

Danandjaja, James. 1997. Folklor Indonesia Ilmu Gossip, Dongeng, Dan Lain-lain. Cetakan VII. Jakarta : PT Pustaka Utama Grafiti.

Hidayat, Rachmat Taufik., dkk. 2005. Peperenian Urang Sunda. Bandung. PT Kiblat Buku Utama.

BIOGRAFI

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 38

Page 39: Kakawihan Barudak

Yukeu Yuliani Mustofa

dibabarkeun di Bandung, 07

Januari 1992. Namatkeun

sakolana ti MI (SD) nepi ka

MA (SMA) di Pesantrén

Persatuan Islam 24

Rancaékék ti taun 1998-2010.

Satamatna ti SMA (2010),

Yukeu Yuliani Mustofa

ayeuna keur nyuprih élmu di

Sastra Sunda Universitas

Padjadjaran.

Salian ti kuliah, aktip ogé di Himpunan

Mahasisiwi Persis UNPAD ti taun 2010 nepi ka

ayeuna. Salian ti éta aktip ogé di organisasi

Pemudi Persis Rancaékék.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 39