Jurig Beungkeut Tilu Carita Misteri

7
Jurig Beungkeut Tilu Carita Misteri Teuing ti iraha jeung saha mimitina nu méré ngaran éta tegal ku ngaran Tegal Mati téh. Teuing duméh lahan pangureban, teuing cenah baheula mah taya nu wani cacab-ceceb tutuwuhan kajeun ngajejembrung paselang reujeung tutunggul. Heueuh mati tea, alias teu ngahasilkeun. Manasina ayeuna moal-moal acan wawuh ka nu ngaranna amit sun. Ketang dirarab mah teuing ku sarerem ngaran wewengkon Bandung pawetanan harita. Coba wé Leuwi Boéh, Seke Jurig, Bojong Dedemit, Bojong Podol jeung naon deui lah. Harita usum katiga, reup peuting tiis comrék. Salelembur numpi taya nu pirajeunan ngulampreng, kalah ka pos ronda wéh ngajalegir tengah lembur jeung di wates tungtung lembur. Ari simanahoréng aya anu maot anyar dikurebkeun di Tegal Mati. Nu matak hélok tur ngondang kapanasaranan téh cenah saban tos ngurebkeun kudu wé kabéjakeun némbonganana jurig beungkeut tilu. Kitu baréto mah nelahna, mun ayeuna mah pocong tea. Jurig béntang filem pangngetrenna, sumber bobojegan dunya bobodoran malah jadi bobondelan dunya intertainment nu boéhna waé dijarieun busana pikalucueun carek maranéhna mah. Padahal naon pikalucueunana? Nu sidik mah nyiptakeun borangan massal ti kelas bebenjit tepi ka aki-aki jeung nini- nini. Teuing kumaha pipikiranana. Lembur sabudeureun Tegal Mati harénghéng cakueum, Mang Ejeng teu sirikna neumbrag panto imahna bari walahwah-weuleuhweuh moal ngaliwat deui ka jalan Tegal Mati da katangen pisan dina saung pasaran aya nu sidengdang ucang-ucangan, makhluk sarwa bodas kukuncungan. Mang Jamprang kitu deuih. Mas Nasro tukang baso nyakitu dipegat jurig kukuncungan cenah. Atuh Kang Juju ginggiapeun tepi ka ayeuna, cenah pas nyukang sasak awi anu nepungkeun Tegal Mati reujeung palemburan. Dina tangan-tangan sasak kasampak jurig kuncung beungkeut tilu keur ucang anggé. Malah kungsi geunjleung basa jalanan Tegal Mati dipaké shooting filem horor peuting-peuting, ana diroris dina monitor bet aya anu aclok-aclokan nutur-nutur artisna. Isukna gancang pupuhu kru filem ngadatangan Bah Aih sabalad-balad nu kapeto kuncén ngarangkep pawang lelemes alias dunya lain. Ku kituna pésak si Abah tangka merekis, encan peperet sasajén nu disayagikeun sababarah nyiru mah. Ditambah sasajén karuhun modern kayaning inuman teurab, inuman nyereng jeung ci enen sapi. Si Abah gé tara hawek, urusan peperet mah sok diémbratkeun ka para anak buahna; Kang Oyong, Kang Saridi jeung Si Obos, grup lengger ‘pembasmi’ sasajén. Lumayan kaala tanaga maranéhna téh disagedéngeun kurad-koréd ogé biro jasa dunya lian. Ngan nyéta ku ngalalonyéngna, Kang Oyong dititah adan mapag mayit kalah ka ngaréngkol di jero bangkarak pasaran. Kang Saridi masket pisan kana kuda lumping. Aturan keur ngali kuburan gé, ngaliwat wéh abringan kuda lumping, na da ngabelecet nuturkeun, ngadon

Transcript of Jurig Beungkeut Tilu Carita Misteri

Page 1: Jurig Beungkeut Tilu Carita Misteri

Jurig Beungkeut Tilu Carita Misteri

Teuing ti iraha jeung saha mimitina nu méré ngaran éta tegal ku ngaran Tegal Mati téh. Teuing duméh lahan pangureban, teuing cenah baheula mah taya nu wani cacab-ceceb tutuwuhan kajeun ngajejembrung paselang reujeung tutunggul. Heueuh mati tea, alias teu ngahasilkeun. Manasina ayeuna moal-moal acan wawuh ka nu ngaranna amit sun. Ketang dirarab mah teuing ku sarerem ngaran wewengkon Bandung pawetanan harita. Coba wé Leuwi Boéh, Seke Jurig, Bojong Dedemit, Bojong Podol jeung naon deui lah.

Harita usum katiga, reup peuting tiis comrék. Salelembur numpi taya nu pirajeunan ngulampreng, kalah ka pos ronda wéh ngajalegir tengah lembur jeung di wates tungtung lembur. Ari simanahoréng aya anu maot anyar dikurebkeun di Tegal Mati. Nu matak hélok tur ngondang kapanasaranan téh cenah saban tos ngurebkeun kudu wé kabéjakeun némbonganana jurig beungkeut tilu. Kitu baréto mah nelahna, mun ayeuna mah pocong tea.

Jurig béntang filem pangngetrenna, sumber bobojegan dunya bobodoran malah jadi bobondelan dunya intertainment nu boéhna waé dijarieun busana pikalucueun carek maranéhna mah. Padahal naon pikalucueunana? Nu sidik mah nyiptakeun borangan massal ti kelas bebenjit tepi ka aki-aki jeung nini-nini. Teuing kumaha pipikiranana.

Lembur sabudeureun Tegal Mati harénghéng cakueum, Mang Ejeng teu sirikna neumbrag panto imahna bari walahwah-weuleuhweuh moal ngaliwat deui ka jalan Tegal Mati da katangen pisan dina saung pasaran aya nu sidengdang ucang-ucangan, makhluk sarwa bodas kukuncungan.Mang Jamprang kitu deuih. Mas Nasro tukang baso nyakitu dipegat jurig kukuncungan cenah. Atuh Kang Juju ginggiapeun tepi ka ayeuna, cenah pas nyukang sasak awi anu nepungkeun Tegal Mati reujeung palemburan. Dina tangan-tangan sasak kasampak jurig kuncung beungkeut tilu keur ucang anggé.

Malah kungsi geunjleung basa jalanan Tegal Mati dipaké shooting filem horor peuting-peuting, ana diroris dina monitor bet aya anu aclok-aclokan nutur-nutur artisna. Isukna gancang pupuhu kru filem ngadatangan Bah Aih sabalad-balad nu kapeto kuncén ngarangkep pawang lelemes alias dunya lain. Ku kituna pésak si Abah tangka merekis, encan peperet sasajén nu disayagikeun sababarah nyiru mah. Ditambah sasajén karuhun modern kayaning inuman teurab, inuman nyereng jeung ci enen sapi.Si Abah gé tara hawek, urusan peperet mah sok diémbratkeun ka para anak buahna; Kang Oyong, Kang Saridi jeung Si Obos, grup lengger ‘pembasmi’ sasajén. Lumayan kaala tanaga maranéhna téh disagedéngeun kurad-koréd ogé biro jasa dunya lian. Ngan nyéta ku ngalalonyéngna, Kang Oyong dititah adan mapag mayit kalah ka ngaréngkol di jero bangkarak pasaran.Kang Saridi masket pisan kana kuda lumping. Aturan keur ngali kuburan gé, ngaliwat wéh abringan kuda lumping, na da ngabelecet nuturkeun, ngadon ririgigan sajajalan. Atuh Si Obos nalika bapana sorangan keur papanganténan jeung indung téré anyar teu kireum-kireum ngadon ngintip, ngahéphép di kolong risbangna.

Enyan aya ku leuwih Si Obos mah, éta wé basa keur kerja bakti padat karya, kurumuy ti nu bala diabring balad-baladna bari ngagigiwing cenah ceuk manéhna anak kelenci beunang bebedil, mémang enya da bari nyorén bedil cuklis. Geus disisit jaba geus euweuh huluan diasongkeun ka ibu-ibu sina disiksikan laju ditaliiran ajangkeuneun bapa-bapa nu keur digarawé ngecor jalan kampong. Sawatara kaom ibu ngagebér saté, nu digarawé arerror pating laliud. Kang Otoy tangka ngacay bakat ku uruy, Kang Moses nu geunteul tikorona elok-elokan, kari ngadudut gé piraku teu ngagorolong.

Bayangkeun wé, keur capé bari lapar tengah poé éréng-éréngan ngambeuh girinyih saté, piraku teu kokosodan. Teu salabar, brak wéh dalahar dina daun cau. Kéjona beunang ngeduk ti dapur RW, da pan prinsip rayat Endonésia mah; banda RW banda rayat, banda rayat cadu banda RW.Ana soréna sanggeus leleson di arimahna masing-masing, sakur nu ngahempol sate taya nu babalongkéngan da sihoreng nu disaté téh… beurit.

Peuting keur reyem-reyem , Bah Aih rerencepan ka pakuburan Tegal Mati, ngingkig sorangan teu mawa balad. Biasa job nyekar pleus nyebor hirasan kulawarga nu kapapaténan tilu poé katukang. Lain teu ngadéngé harénghéng isu jurig pocong, lain pédah teuneung ludeung  ogé lain teu ngahodhod katirisan duméh tukuh wé

Page 2: Jurig Beungkeut Tilu Carita Misteri

kana pancén. Ari srog ka jajalaneun lebah saung pasaran. Gebeg ! sidik pisan hareupeunana aya nu ngagaclok sing sarwa bodas lebah sirah wéh kukuncungan.“Deuleu ituh, ieu geningan jurig kuncung téh!” kagét-kagét ogé Bah Aih ngagerenyem. Teu burung jantungna eundeur, guyan gayun badis jam bandul buatan Walanda. Sakilat awakna malik bari matek aji lengkah sarébu ngan teu sadar botol orson nu dieusi cai kapangpengkeun meneran pisan kana beungeut si jurig beungkeut  tilu. Bareng jeung soara ngowowong, Bah Aih ngabelesat di tempat alias kokoséhan.

Pangrasana geus dina  golodog imahna. Jigahna ajian léngkah sarébuna teu metu, camal gara-gara tamarakan ngahakan saté beurit. Bah Aih ngarandeg, anéh… aya jurig bet ngagoak? Pudugdug kawanina bijil, serebét jekok-jekok peureup kahotna ngareuceuh awak jurig si kuncung, teu kaliwat beungeut jeung palangkakanana. Enya gé peureupna teu sagedé peureup Chris Jhon tapi ari mindeng kaasahna ku citakan bata mah, jurig beungkeut tilu gé tangka ngarihreuh kocéak dengék.“Ampuun… ampuun, uing ieu mah!”

Bah Aih teu ngawaro beuki wani, posisina asa di atas angin. Ceuk pikirna éta si jurig kuncung téh geus leungit kasaktianana. Heueuh pan meureun bisa ngaleungit pantesna gé, cenah ditonjok gé sok ngeplos jaba kudu cicikikikan lain aduh alah. Si jurig kuncung dadayagdagan, kudawet gebru weh nambru. Sedeng Bah Aih ngawangun kuda-kuda ala si Burusli, kadé lain pamajikan Pa Rusli.Aing moal méré hojah deuleu ceuk keretegna. Da jeung enyana peresis Mik Tisen ngaragragkeun si Toni Tubb atawa Muhamad Ali nganfaskeun si Joe Norton. Kerewek kana talutug nu nanggeuh dina tihang saung bari kabayang isuk beurang baris guyur salelembur éar sajajagat; Bah Aih pawang sakti nalukkeun jurig pocong Tegal Mati. Dina kover Koran Pe er jeung Gala baris ngajeblag panggedena; Bah Aih penakluk pocong. 

Atuh Kang Eca ti Mangle moal cicingeun bakal ngamuat carita silat jawara sakti ti Tegal Mati. Kang Aan MP geus pasti nulis sasakala Pocong Keok. Jigana Ceu Aam ge moal kakantun ka-inspirasi nyieun novel; Cinta Dalam Seutas Tali Pocong. Paling heunteu upama si jurig kuncung geus teu walakaya rék digusur ka buruan imahna dibeungkeut dihijikeun jeung tangkal kalapa sedeng si Rw Fajar sina ngumumkeun kana sapiker masigit tapi saméméhna geus disiapkeun kéncléng saridona lima rébu ka luhur. Teu kabayang mun sapoena saratus pangunjung kali lima rébu, saminggu sabulan sataun kali lima rébu, samilieur wé pokona mah. Komo ayeuna usum internet, kari ngiklankeun. Kabina-bina teuing, moal éléh ku si Ponari urang Jawa. Inget ka dinya, Bah Aih teu ngengkékeun, rikat ngaheumbatkeun talutugna. Tapi….“Ampuuun Bah!... Ampuuun, ieu mah uing!”Si jurig kuncung ngaweuleuhweuh kenceng naker bari nguniang hudang, leungeunna pakupis ngudar taregos kuncungna. Bah Aih ngarego, nyentok paneunggeulna ngan baé rada nyangkiweng, gebro weh kana tangkal jarak.“Hahh!... Silaing Obos?”... pokna reuwas kareureuhnakeun, bréh beungeut si Obos, tarangna nu nongnong ti kudrat tangka nyorondoy sababaraha senti, atuh irungna jadi mancung ka jero. Biwir wéh ngabulaéh kawas keur nyeupah, nya teu aya kajaba korban “keganasan” peureup kahot bogana Bah Aih.“Jadi…jadi…nu geus ngageunjleungkeun lembur téh, silaing nyah?”Nu ditalek merekpek unggeuk. Kituna bari lewa-lewé sawatara leungeun kéncana nyangkéh palangkakan, paur ngageclik sigana mah.“Ari silaing… Obos… Obos!” ***

Page 3: Jurig Beungkeut Tilu Carita Misteri

Dedemit Guha Cinta Cerita Misteri

Kangaranan nu keur pelesiran, saréréa padabungah, sukan-sukan negrakkeun kasuka ati, nyieuhkeun kariweuh jeung capé gawé di kantor. Nya kitu deui rombongan karyawan jeung karyawati PT Sugih ogé saruka bungah.Puguh pelesiran ka tempat nu éndah, aya di lelewek suku gunung nu hawana seger, beresih tina polusi kota nu matak eungap. Cai cur-cor, tatangkalan ngémploh héjo, angin taya reureuhna ngageberan awak. Pugu baé itu ieu téh sarwa mecak.

Di lapang hareupeun panginepan nu jukutna héjo kandel, sababaraha urang karyawan aranteng sesedekan maké bal palastik, mani sarumanget nyéta-nyéta pamaén propésional. Karyawati tingcikikik jeung baturna silipotrét ku kaméra HP lebah backround kekembangan, lebah pancuran jeung tempat éndah séjénna. Demi para pucuk pingpinan aruplek ngawangkong. Lain, lain wangkongan beurat siga di kantor, kitu wé semet wangkongan énténg, semu siligonjak. Enya, satékah polah kariweuh di kantor mah ulah nepi kacaturkeun dina wangkongan nyalsé. Pati-pati kudu diadurenyomkeun ogé engké dina waktuna nu peresun.Aya deui nu misahkeun diri ti balaréa, bangun embung kaganggu duméh aya maksud-maksud nu tangtu nu narah katohyan ku batur. Dua insan lawan jinis, enya awéwé jeung lalaki nu keur sumedeng diasruk galura asmara. Duanana tingsalingker néangan tempat anu rinéh, anu leuwih éndah, anu romantis!Teu hésé manggihan da puguh di tempat rékréasi. Kakayon, kekembangan, warna-warni jeung asri bisa ngahudang rasa nu keur kasandingan jaladri asih, kapentang panah katresna. Geus puguh deui hiliwir angin ririh nu matak seger ngusapan awak. Puguh baé duanana wuwuh tumaninah, dunya milik kita berdua siga ceuk barudak ngora karasa enyana.Duanana teu kabitaeun ku nu salusurakan saruka bungah najan harita wanci geus nampeu ka soré. Teu kungsi lila jempling marengan raja poé tunggang gunung tur teu kungsi lila ngong adan magrib ti pilemburan.Jaba rék sarolat magrib barjamaah, rombongan téh rék reureuh heula da apan bada solat isa rék ngayakeun riungan geusan adu rényom ngeunaan kamajuan pausahaan.Demi Yanto jeung Yayah, dua insan nu misah ti rombongan téh bangun baretah kénéh nyingkur. Duanana keur nganteur geter asih séwang-séwanganNajan kitu, basa ngadéngé adan magrib mah maranéhna gancang sadar, teu hadé kalalanjoan nganteur kereteg napsu. Duanana sapuk carengkat seja ngampih aub jeung rombongan. Aya kénéh poé isuk keur sukan-sukan padsuduaan mah."Yu Yang ah urang mulih," ajak Yanto bari ngabedol pigeulang Yayah nu bangun kalékéd rék nguniang téh.Barang duanana carengkat bari ngeprukan kokotor urut diuk na jukut, maranéhna digareuwahkeun ku nu ceurik ngadingdiut bangun kanyenyerian."Kukupingan téh  aya nu nangis nya Kang Yan?" tanya Yayah bari teu sadar nangkeup awak Yanto."Muhun, sora istri," témbal Yanto bari nyekel pageuh nu keur tipepereket nahan kasieun.  "Kumaha atuh, wangsul  baé yu tos magrib!" punduk Yayah dumadak kukurayeun, angot barang ngadéngé nu ceurik  bangun nandangan kanyeri. Teg deuih nyangka nu lain-lain heug wanci geus sareupna, boa-boa jurig nyiliwuri sétan mindarupa mangkaning di tempat nu kawilang sanget."Hayu Kang ah bilih..." Yayah teu werat ngedalkeun nu dipikasieun."Ké lanan. Bilih enya jalmi," kituna téh Yanto bari ngabedol leungeun Yayah muru datangna sora nu sakapeung ngiles sakapeung atra. Duanana ngeteyep ngadeukeutan rungkun, bras ka guha nu ceuk urang dinya mah disarebut Guha Cinta. Puguh baé jajantung Yayah beuki ngageter, sieun kumaonam.Nepi ka riungan dibuka mah saréréa teu maliré kaayaan Yanto jeung Yayah téh. Malah saréréa yakin duanana ngilu ngariung jeung nu araya. Ngan basa riungan rérés, dipindo balakécrakan, mimiti kadéngé nu tingkecewis ngeunaan Yanto jeung Yayah."Lain, asa teu nénjo Yanto jeung Yayah euy!" ceuk Irfan ka baturna."Keur aradus meureun," témbal Doni."Si, ngomong téh!" Irfan jebi, taksiran tugenah batur sadivisina disangka milampah teu uni."Cik atuh nya ari keur dines kieu mah acara bogoh enyaan téh dikénsel heula." Boim nyenggakan bari haténa rada mentegeg. Meujeuhna, neundeun haté ti baréto ka Yayah téh ari galéong disantok pagawé anyar, Yanto"Bobogohan meureun seblu!" Doni nyureng."Bobogohan mah bobodoan, jurig! Pan ieu mah sidik enyaan, teu aleucreug." Boim beuki nyeuneu."Minggeus lah lain urusan urang!" aya nu ngagebés.Antukna tepi ka tengah peuting pahibut nyaritakeun nu leungit tanpa raratan. Duloh minangka kaamanan mimiti cakah-cikih bari tugenah da Pa Diréktur baketut."Na teu sina lapor heula Dul?"

Page 4: Jurig Beungkeut Tilu Carita Misteri

"Numawi jol ngereles," témbal Duloh nu padahal manéhna geus ngawanti-wanti ulah jarauh ti rombongan jeung lamun rék ka mamana kudu bébéja.Kusiwel Duloh ngodok HP, klik mencét nomer HP bogana Yanto. Taya jawaban, teu aktif. Klik mencét nomer HP Yayah, nyambung ngan teu diangkat."Beu!" Duloh gegetun. Ibur wéh. Diréktur ngeprik wadiabalad karyawan sangkan néangan nu duaan bisi meunang musibat nu teu dipikahayang. Biur ngencar ka ditu ka dieu di sabudeureun lelewek pelesiran, lebeng. Duloh gasik laporan ka nu boga panginepan di dinya. Atuh no boga panginepan cakah-cikih."Ké urang nyauran nu tiasa," ceuk urang panginepan."Sanés sakali dua kali kajantenan kitu téh. Nanging teu kedah salempang, insyaalloh moal nanaon," pokna deui. Duloh jeung batur-baturna rada teteg.Teu kungsi lila nu disebut jelema pinter nu diangkir urang panginepan geus datang, aki-aki cetuk huis, janggotna rambay. Ceuk katerangan manéhna, di lelewek ieu pangpangna deukeut Guha Cinta mindeng kajadian jelema leungit atawa kasarung teu pupuguh. Éta téh cenah ganguan arwah nu marakayangan saurang mojang jeung jajaka nu tiwas tikunclung ka curug tukangeun guha nu lungkawing."Sok aya sora nu ceurik melas-melis menta tulung," ceuk ki dukun. "Ku kituna ulah wani-wani ngadeukeutan Guha Cinta bari boga niat teu uni, sok cilaka!""Dupi réréncangan abdi, muhun pun Yanto sareng Yayah?" Duloh geus teu sabar hayang geura meunang kacindekan kitu kieuna. Najan dina haténa yakin Yanto jeung Yayah boa enya meunang musibat sakumaha katerangan ki dukun.Ki dukun kalah ngabigeu. Keur meleng sugan, teuing ku naon."Antosan dugi ka énjing, urang paluruh di Guha Cinta," pokna deui.Geus kitu mah Duloh saparakanca nepungan atasanana bari nyaritakeun katerangan jalma bisa téa. Sakur nu ngadéngé tingpuringkak, anging nu panceg imanna.Isukna enya baé saréréa paciweuh néangan nu ilang can mulang. Nu dikulikbek lelewek nu disebut Guha Cinta nu ceuk urang dinya kaasup tempat sanget. Loba nu arulin carilaka duméh ngalakukeun teu uni. Aya nu labuh, aya nu kaleungitan barang berharga, tepi ka anu paraséa rongkah jeung pasanganana."Ah rupi-rupi wé," ceuk ki dukun nu teu eureun-eureun kunyam-kunyem. Teuing mapatkeun jangjawokan, teuing jampé. Nu sidik, saréréa gé boga angkeuhan ku tarékah manéhna nu leungit téh mulang deui dina kaayaan salamet. Ning buktina mah can tinekanan. Nu néangan Yanto jeung Yayah geus ngasruk rungkun jeung ruyuk. Ngungkab nu bala-bala, nu turun tuturubun ka walungan landeuheun Guha Cinta, jeung tempat-tempat séjénna."Lain Loh, geus ditelepon atawa SMS?" saur Pa Direktur nibgkin hariwang."Atos Pa ti wengi gé.""Hasilna?""HP Yanto teu aktif, HP Yayah aktif tapi teu aya waleran," témbal Duloh."Beu, kumaha atuh? Urang lapor wé ka nu wajib," saur Pa Diréktur."Muhun, saé kitu waé," Duloh nyaluyuan.Satadina, saréréa boga angkeuhan kana tarékah ki dukun. Ning, taya hasilna, nya ditepikeun ka manéhna rék lapor ka nu wajib."Muhun énggal lapor baé supados dipiliarianana gampil ari ku ahlina mah," ki dukun sapuk.Tepi ka tabuh sapuluh nu leungit can kapaluruh. Saréréa boga kacindekan nu leungit diganggu dedemit Guha Cinta sakumaha ceuk katerangan ki dukun da cenah lain sakali dua kali kajadian kitu téh. Najan kitu, tetep kudu kapaluruh, sukur-sukur salamet. Atuh lamun nepi ka hanteuna kudu kapanggih layonna. Ku kituna Pa Diréktur deui-deui ngeprak para karyawan sangkan néangan nu leungit tepi ka aya hasilna. Sedengkeun Duloh sina buru-buru lapor ka nu wajib keur ménta bantuan.Sajungeun pisan Duloh miang, ana ronghéap aya nu datang bari cocorowokan."Héy, héy, ieu abdi mah!"Nu datang téh tina sela-sela ruyuk jalan satapak. Ana bréh...Yayah jeung Yanto diiringkeun bapa-bapa. Saréréa hareugeueun, ngabarigeu, siga keur ngumpulkeun pangacian. Antara percaya jeung henteu. Nu geus kapangaruhan béja ayana dedemit Guha Cinta pajar téh nu datang ririwa Yanto jeung Yayah, heuy deuh. Nu panceg kana iman gasik ngedalkeun puji sukur ka Gusti Alloh ku kedalna alhamdulillah nu leungit baralik sorangan bari dina kaayaan salamet."Yanto, Yayah, tas ti marana atuh?" Pa Diréktur ngabagéakeun bari kebek ku kabungah."Hapunten ka sadayana tos ngarépotkeun," tembal Yanto. Yayah padangarangkul ku babaturan awéwéna.Derekdek Yanto ngadongéng cenah kamari soré téh basa rék mulang tas ulin jeung Yayah deukeut Guha Cinta ngadéngé aya nu ceurik. Panasaran disampeurkeun sieun-sieun ogé. Ana bréh enya baé aya nu ceurik