Contoh biantara pendek

download Contoh biantara pendek

of 2

Transcript of Contoh biantara pendek

Assalamu alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh Alhamdulillah Wassukru ala niamilah. Wassolatu Wassalam ala Rosulillah. Wa Ala Alihi Wa Sohbihi Wa maw walah amma ba du Girang pangajeng anu ku sim kuring dipihormat, Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya anu ku sim kuring dipikameumeut. Langkung tipayun mangga urang panjatkeun puja sinareng puji ka dzat Illahi Robbi, anu parantos nakdirkeun urang sadaya, tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu kasempatan anu sakieu mulyana. Mudah-mudahan Allah SWT tetep masihkeun pitulung sareng taufik-Na ka urang sadaya, dugi ka urang tiasa nyuprih hikmah, padilah sinareng manfaat, tina ieu acara sareng pamaksadan. Hadirin anu mulya, Alllah parantos ngagelarkeun makhlukna, tegesna umat manusa, kalayan rupirupi ras, bangsa, suku, sinareng golongan. Masing-masing ras, bangsa, sareng suku teh aya dipirangpirang tempat sareng wilayah anu beda, ngagaduhan adat, budaya, bahasa sareng kabiasaan sewang-sewangan. Didawuhkeun dina kitab-Na, sadaya eta teh sangkan tiap-tiap bangsa, ras sareng suku teh silih kenal, silih hormat, jeung silih ajenan. Litaarofu, kitu didawuhkeun dina Al-Qur an! Hadirin anu mulya, budaya anu tumuwuh di masing-masing bangsa sareng suku bangsa bangsa teh ngajenggelek jeung ngawujudna nyaeta dina basa, kasenian, pakean sareng adat kebiasaan sanesna. Sajaba ti eta, aya budaya anu langkung linuhung nyaeta budaya anu ngajenggelek dina wujud elmu pangaweruh, teknologi sareng anu sanesna. Urang sadaya salaku warga hiji suku bangsa, nyaeta suku sunda, kawaris ku para karuhun, hiji budaya nyaeta budaya Sunda. Kakoncara budaya anu linuhung, anu rembeuy ku seni anu luhur ajenna, waditra anu dipikawanoh ku sakumna jalma saperti angklung, kacapi, sareng sajabina. Seni sora anu kakocap ka manca nagasa saperti seni degung, kawih sareng cianjuran, diwuwuh ku alam anu endah, hejo lembok sugih mukti, subur tutuwuhan, beunghar pepelakan, eta sadayana anugrah ti Allah SWT kanggeurang sadaya, seuweu siwi pajajaran. Hadirin anu mulya, nya kawajiban urang sadaya ayeuna, nyaeta ngamumule, miara, ngajaga ngariksa sakumaha budaya warisan karuhun tea. Patarosanana kumaha carana urang ngajaga sinareng ngariksa budaya urang sunda?. Pamendak sim kuring mah, kahiji urang sadayasing rajin diajar, khususna tina rupi-rupi materi anu aya patalina sareng budaya sunda. Urang sing wanoh, sing kenal kana budaya sunda. Kadua, urang sing heman, sing nyaah kana budaya urang, kana basa sunda umpamana, urang kudu rancingeus bisi aya batur anu ngaruksak kana bas sunda, anu nyarita ku a basa sunda tapi teu puguh alang ujurna, sunda lain malayu lain. Urangna sorangan deuih ulah mirucaan nyarita basa sunda bari teu kantenan undak usukna. Pon kitu deui kana kasenian asli sunda, aya paribasa jati kasilih ku junti. Degung, kawih kahihilapkeun da moho teuing kana dangdut elektunan. Mudah-mudahan, ti ayeuna kapayun aya kereteg dina manah urang sadaya, hoyong ngamumule, ngajaga sinareng ngariksa budaya sunda, budaya urang sadaya, Amiin. Sakitu anu ka sanggakeun pamungkas pihatur, agung cukup lumur jembar pangampura, tina sadaya kakirangan sareng kalepatan. Wabillahi Taufik Wal Hidayah Wassalamu alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Iman Kana Kodo dan Qodar Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatna Amin.. Hadirin anu dipikahormat ! Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen saenyana sagala sesuatu anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt, hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni. Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt, kaimanan kana qoda sareng qodar bisangadorong kanggo bersikap tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah. Jeung upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta bacaan istirja Anu hartosna : saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya mulih. Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten wal affu mingkum