carpon

29
Ilangna Mira Muslimah Malayanti Ku Rachmat Hidayat BEUKI teu kapikir ku kuring salaku urang kampung bau lisung. Naha pangaruh sakola luhur di kota bet sanggup ngarobah hiji jalma. Méh sagala bawa ti lembur ilang, salin jinis maké adat anu duka ti jurusan mana. Éstu papalimpang tina tatanan agama. Masih kénéh inget, harita kuring nganteur Mira daftar ka hiji paguron luhur di kota. Tangtuna ogé Mira hayang nambahan élmu pangaweruh pikeun pibekeleun hirup nyorang rumah tangga. Nyuprih élmu mémang lain kawajiban keur lalaki wungkul, tapi ditibankeun ka sakabéh manusa muslim. Angkanan téh sugan ari boga pangarti leuwih mah jagana bisa ngatik budak leuwih hadé. “A, abdi mah hoyong neraskeun heula sakola, meumpeung sepuh kiateun ngawaragadan...” kitu jawabanan, basa kuring ngajak laki-rabi. Atuh kuring ogé nyaluyuan paniatanana. Malah bagja, waas, pacampur dina rasa, boga pipamajikaneun anu bakal boga pangarti ti sakola luhur. Nya ti harita panggih beuki arang da manéhna kos di kota. Balik ukur dua minggu sakali, éta ogé diimah téh ukur sapoé. Kuring ngama’lum, da ceunah mahasiswa mah sibuk, loba tugas. Tapi nu matak héran, méh unggal balik, aya baé anu robah.Tina cara cumarita katut tingkah lakuna. Mimitina kuring surti, boa kitu cara hirup mahasiswa sapopoé. “Mira, iraha sumping?” Ceuk kuring dina hiji peuting, bada Isya. Papanggih di toko lebah pertélon.

Transcript of carpon

Page 1: carpon

Ilangna Mira Muslimah MalayantiKu Rachmat Hidayat

BEUKI teu kapikir ku kuring salaku urang

kampung bau lisung. Naha pangaruh sakola

luhur di kota bet sanggup ngarobah hiji

jalma. Méh sagala bawa ti lembur ilang,

salin jinis maké adat anu duka ti jurusan

mana. Éstu  papalimpang tina tatanan

agama.

            Masih kénéh inget, harita kuring

nganteur Mira daftar ka hiji paguron

luhur di kota. Tangtuna ogé Mira hayang

nambahan élmu pangaweruh pikeun

pibekeleun hirup nyorang rumah tangga.

Nyuprih élmu mémang lain kawajiban

keur lalaki wungkul, tapi ditibankeun ka

sakabéh manusa muslim. Angkanan téh

sugan ari boga pangarti leuwih mah

jagana bisa ngatik budak leuwih hadé.

            “A, abdi mah hoyong neraskeun heula sakola, meumpeung sepuh kiateun

ngawaragadan...” kitu jawabanan, basa kuring ngajak laki-rabi. Atuh kuring ogé

nyaluyuan paniatanana. Malah bagja, waas, pacampur dina rasa, boga

pipamajikaneun anu bakal boga pangarti ti sakola luhur.

Nya ti harita panggih beuki arang da manéhna kos di kota. Balik ukur dua minggu

sakali, éta ogé diimah téh ukur sapoé. Kuring ngama’lum, da ceunah mahasiswa

mah sibuk, loba tugas. Tapi nu matak héran, méh unggal balik, aya baé anu

robah.Tina cara cumarita katut tingkah lakuna. Mimitina kuring surti, boa kitu cara

hirup mahasiswa sapopoé.

            “Mira, iraha sumping?” Ceuk kuring dina hiji peuting, bada Isya. Papanggih di

toko lebah pertélon.

            “Kamari. Kunaon kitu?” témbal Mira, ngajawabna semu nu sangheuk.

            “Hayu atuh ngahadiran pangaosan, ajenganana saé ti kota?” ajak kuring.

            “Ah cararapé, jig waé sorangan...”

            Sajongjonan kuring mikir. Ongkoh capé, tapi naha ulin mah kaburu, lain

reureuh di imah.Kabiasaan urang kampung mun nyebut lungsé téh bari nyarandé.

            Kaanéhan beuki nambahan. Harita, Mira maké calana pondok, kaos merecet

ngepas awak, témbong bujal, buukna pirang siga walanda kajajadén, teu

Page 2: carpon

ngimbangan kana irung anu depek. Suku ogé maké génggé siga sapi kabur.

Katempona teu ngarasa éra ditempo ku batur, jadi tongtonan méh unggal panon

lalaki. Asana, sakainget, tacan aya di lembur mah, awéwé anu wani barang paké

modél Mira. Aya ogé taun kali, para pembantu rumah tangga anu baralik ti kota

salebaran sakali.

“Anjeun tetep Mira, kuring yakin, anjeun tacan poho kana papagon agama, ngan

mopohokeun naon rupa atikan agama...” ceuk kuring bari ngaléngkah, mawa

jingjingan dahareun.

            Bréh dina lamunan, tangtungan Mira saméméh kuliah. Dimimitian waktu

sakola, maké baju nutup aurat. Sapopoé éstu béda jeung batur anu sapantar, arang

gaul, tara ruang-riung atawa tingalabring bari juta-jeté. Éstu sarwa éra jeung lir anu

sieun jadi omong batur. Carang-carang baé mah osok kénéh ka masjid, mana komo

ari usum tarawéh mah, méh unggal peuting tara tinggaleun. Kitu deui ari aya

kagiatan di masjid Al-Ikhlas, Mira masih kénéh sok ngahadiran.

            Asana harita kuring siga manggih mutiara dina tumpukan runtah. Kageulisan

lain pupulasan, méncrang ku ahlak nu punjul. Disaksian cahya bulan, Mira Muslimah

Malayanti, bener-bener némbongkeun ciri muslimah. Kuring beuki pageuh

meungkeut nawaétu pikeun ngahijikeun haté ku laki-rabi maké cara Islami. Simpay

katresna beuki manteng.

            Ayeuna pribadi Mira nu baheula geus ilang duka ka mana. Éstu salin jinis

bawa ti kota. Duka kumaha atikan sakola luhur? sugan téh tadina mah beuki luhur

sakola, bakal mingkin jembar pangarti. Beuki ngawewegan tafakur, tasyakur,

takorrub ka Allah Swt. Ieu mah kakara jadi mahasiswa ogé, geus wani ngobral orat,

malah siga nyontoan ka urang lembur yén anu kitu ngarana mode. Duka kumaha

lamun isuk pagéto Mira kaparengkeun nyekel pancén jadi mentri peranan wanita.

Naha dék nitah sakabéh awéwé di ieu nagara sangkan lésot tina budaya jeung

paréntah agama, diganti ku pamér bujal?

            “Mira, naha teu isin nganggé raksukan kitu?” ceuk kuring, nyoba ngageuing

deui.

            “Ah... bet suka-suka saja! Barina didinya pirajeunan pisan geureuhan. Ieu

mah hak asasi, awak-awak urang, pakéan nu urang, nu penting teu ngahésékeun

batur...” témbalna, asa beuki bedang baé.

            **

            Panon poé karasa beuki nyongkab. Sababaraha kali kuring ngelap késang

nu luut-léét maseuhan awak. Maculan taneuh kebon, melakan sampeu jeung

mantang. Kitu pacabakan sapopoé, sebut baé tani.

            “Assalammu’alaikum. Punten ngaganggu, kang, dupi ieu sampeu naon?” aya

sora wanoja tukangeun. Puguh baé kuring ngarénjag, kalayan buru-buru malik bari

Page 3: carpon

cengkat. Bréh, aya lima urang budak ngora anu ngajaranteng. Maranéhna rengkuh,

sopan naker. Lalaki duaan jeung wanoja tiluan. Bajuna sarua, seragam.

            “Wa’alaikum salam... Sampeu biasa, Néng. Duka teuing naon namina mah,

pokona pulen. Aéh punten, dupi ieu téh ti Dinas Pertanian?”  kuring malik nanya.

Pangna nanya kitu téh pédah ningali nu awéwé  nempoan areuy mantang, dicekel,

disidik-sidik.

            “Sanes kang, abdi mah sarjana penggerak pembangunan désa...” témbalna.

            Leng, ingetan ngalayang ka Mira anu geus salin jinis.  Béda pisan jeung tilu

wanoja nu aya hareupeun kuring, anu sarua nyuprih pangarti di kota. Keur geulis téh

jaba pakéanana mani buni, soméah, daréhdéh. Malah  teu asa-asa barang cekel

dina taneuh, teu sieuneun belok, teu baueun deukeut kuring anu keur mandi késang.

            “Kang, badé permios... Assalammu’alaikum...” Ceuk nu lalaki,

ngaganggareuwahkeun kuring nu keur anteng ngahuleng. Mikiran mun seug kabéh

generasi muslim, geulis, kasep, pinter, weweg agamana, sigana ieu nagara bakal

gancang nyorang karaharjaan.***

           

Muktisari,  8 Fébruari 2007

 

Rachmat Hidayat,  padamelan sadidintenna wiraswasta, kiwari nganjrek di Jl.

Pahlawan No. 234, RT. 04/ 03, Babakan, Muktisari, Banjar, Jabar, 46343

Page 4: carpon

Bulan Wanci SareupnaKu Dadan Sutisna

Carita Pondok Dadan Sutisna

Bulan beuki pias di awang-awang. Ukur dibaturan

ku tilu béntang anu tingkariceup. Geus teu

kadéngé deui gebyurna lambak. Geus teu kaciri

deui runggunukna pilemburan jeung ngamparna

pasawahan. Bieu, pabuburit, kapal geus miang

ninggalkeun palabuan. Ninggalkeun salaksa

katineung di ditu, di bali geusan ngajadi.

Nya danget ieu pisan, lembur téh kari waasna.

Sampalan pangangonan, pasir eurih pamikatan,

jalan satapak ka mumunggang, boa moal

kasampeur deui. Enya, biheung bisa balik ka

lemah karuhun, tur geus dikayidkeun pamohalan

balik deui.

Asa cikénéh, tur asa detik bieu pisan, kuring nénjo marakbakna kembang samoja di

pipireun imah. Tangkal samoja gigireun kuburan bapa, anu ku ema mah dipiara

pisan. Malah saméméh ema ninggalkeun, nyusul bapa ka kalanggengan, ukur hiji

anu diamanatkeun téh; pangmiarakeun tangkal samoja. Ayeuna, amanat ema téh

kamomorékeun, lantaran kuring kaburu indit. Teuing saha nu bakal neruskeun miara

éta tangkal samoja.

Indit téh éstuning taya kereteg ti méméhna. Teu boga niat ti anggalna. Malah henteu

kungsi ngimpi-ngimpi acan. Isuk-isuk, basa kuring rék nyawang meletékna

panonpoé nu baris maturan hirup kabeurangnakeun, Pa Érté ngaronghéap.

Datangna teuing ti lebah mana, da ujug-ujug ngajanteng hareupeun. Katémbongna

mani geus saged, beberengkes, bangun rék indit-inditan.

“Hayu atuh!” pokna.

“Hayu? Ka mana?” kuring kerung.

“Har, apan kamari geus dibadamian. Urang téh rék nyaba ka jauhna, ka alas

peuntas. Urang nyiar kasenangan di ditu!”

“Asa kakara ngadéngé kuring mah?”

“Aéh-aéh, apan geus dibéjaan ti tangéhna ogé. Urang téh rék nyaba ka ditu. Matak

harita bapa omat-omatan, sing loba ngumpulkeun bekel. Sing bisa ngajeuhjeuhkeun

pakeun sarta ulah natambuh waktu. Bekel ieuh, kudu mawa bekel!”

“Kumaha atuh, da kuring mah teu boga nanaon?”

“Keun baé, kitu wéh. Buru-buru, bisi katinggaleun ku kapal!”

“Saha baé nu milu téh?”

Page 5: carpon

“Loba. Geus taruluy batur mah!”

Mani asa rurusuhan indit téh. Asana mah, henteu mandi-mandi acan. Da éta, Pa

Érté mani ngabebereg, henteu méré pisan témpo. Kuring nepi ka poho, henteu

ngonci heula imah, henteu maraban domba, atawa nitipkeun pakaya jeung tangkal

samoja ka nu aya di lembur.

“Keun baé da engké ogé aya nu ngurus!” cék Pa Érté sajeroning leumpang.

Nepi ka palabuan, enya baé geus ngagimbung loba jelema. Rombongan ti lembur

kuring, misah di beulah wétan. Pa Kuwu, Pa Olot, Pa Lebé, Ulis Odang, Hansip

Oding, Bah Wirya, katémbong keur ngabaredega. Panonna neuteup ka tengah

jaladri. Bangun nu keur nyawang pikahareupeun.

Kapal anu rék mawa kuring

Page 6: carpon

Pajaratan KasimpéKu Dadan Sutisna

Carpon Dadan Sutisna

Asup ka Pajaratan Kasimpé mah, saha baé ogé, moal

henteu gogodeg. Kana tangtu kituna téh, da puguh asa

aya di dunya anyar, dunya nu teuing aya di mana.

Sakurilingna dipager beusi beunang ngukir, dipulas

konéng emas. Panto pager digembok sababaraha hiji,

sarta henteu sagawayah jelema bisa nganjang ka dinya.

Legana moal kurang ti tilu héktar. Di jerona matak

hookeun. Pinuh ku kekembangan. Seungitna meleber

angin-anginan. Kuburan mérés, puguh jajaranana.

Wangunna paalus-alus, malah ceuk béja mah,

tutunggulna ogé aya nu ditapelan emas. Reup peuting,

da asa di taman kaputrén atuh. Lampu baranang di

unggal tetengger, warna-warni, patingburinyay. Henteu keueung di dinya mah.

Henteu geueuman. Ceuk paribasana, dipaké niis ogé moal teu matak betah.

Rek teu kitu kumaha, da puguh nu dikuburna ogé lain jalma joré-joré. Malah, anu

hayang dikubur di dinya mah, kudu pesen heula kavling. Hargana leuwih ti kavling

imah di real-éstate. Cenah mah, duitna téh asup kana kas pamaréntah daérah, turta

dipaké keur kagiatan sosial. Tapi, sanajan hargana mahal, tara kungsi aya nu

hoghag ngajak adu harga. Geus kitu lumbrahna. Matak pesen kavling di Pajaratan

Kasimpé ogé, manéhna téh lain jalma masakat, kana tangtu loba duitna.

Pagawé nu ngurus Pajaratan Kasimpé, aya puluhna. Ti mimiti tukang sasapu,

tukang ngurus kembang, tukang menerkeun lampu, jeung tukang ... milang kuburan.

Maranéhna cicing di dinya, dipangnyieunkeun wangunan méwah, sarta bisa hirup

senang jeung anak-pamajikanana. Gajihna leuwih ti guru golongan IV, ditambah ku

bonus saban bulanna. Nu ngagajihna, saha deui upama lain kulawarga nu

dikurebkeun di dinya, kulawarga jelema beunghar téa.

Di antara para pagawé Pajaratan Kasimpé, anu katémbong pangsenangna mah

Mang Ija, tukang milang kuburan. Digawé teu pati ripuh, tapi gajih sarua jeung

baturna. Geus lima taun manéhna digawé di dinya. Tina ladang ngitung kuburan téh,

Mang Ija geus bisa meuli sawah di lemburna jeung nyakolakeun budak-budakna.

Enya, mimitina mah Mang Ija kerung ku pagawéanana téh. Asa teu kaharti, ceuk

pikirna téh. Naha maké kudu dibilang unggal poé, da moal aya nu leungit. Dina

nambahanana ogé, apan puguh catetanana. Tapi, lantaran butuh ku duit téa,

dikeureuyeuh wé. Sapoé dua kali ngitungna téh, isuk-isuk jeung sareupna.

Page 7: carpon

"Ngeunah manéh mah digawe téh, Ija. Bisa bari héhéotan!" ceuk Mang Darman,

tukang ngurus kembang. Da jeung enyana atuh, jam tujuh isuk-isuk ogé, geus bérés.

Ka dituna mah bisa saré bisa lalajo televisi, ngan henteu wé ari ulin ka luar pajaratan

mah. Da apan kitu katangtuanana, unggal pagawé teu meunang kaluar, upama

euweuh idin ti Kepala. Komo deui, di lebah lawang dijaga ku satpam aya opatna, rék

kumaha bisana manéhna kaluar.

Peutingna, para pagawé téh sok ngariung, ngawangkong ngalér-ngidul.

"Saha baé euy, anu dikubur di dieu téh, déwék mah can apal?" ceuk Mang Ija,

ngarérét ka Mang Darman.

"Har, apan di dinya purah milangna?"

"Heueuh, da kuburan bisa diajak ngobrol!"

"Rupa-rupa cenah, ti mimiti pajabat, pangusaha, atawa nu disebut konglomerat téa.

Pokona mah tukang ngahambur-hambur duit. Tuh, anu dijuru mah, tutunggulna ogé

maké emas!"

"Kumaha lamun aya nu maok?"

"Matak dijaga ogé, bisi aya nu maok. Matak dibilang ogé, bisi aya nu leungit!"

"Heueuh, ari batur, nu geus maot ogé mani dipupujuhkeun. Naha da di lembur

déwék mah, astana téh diantep narikolot. Diberesihanana téh, ari rék lebaran wé,"

"Enya, di lembur kuring ogé. Ngan ceuk beja, teuing enya bohongna mah, anu

dikubur di dieu téh jalma beunghar nu keur hirupna boga lampah nirca,"

"Ulah suudon, ah!"

*

Isuk-isuk kénéh, Mang Ija geus kerang-kerung. Ngahuleng sakedapan mah, siga aya

nu dipikiran. Gorolang deui milang. Huleng deui.

"Ké, naha kuburan téh bet nambahan. Kamari aya 300 siki, ayeuna jadi 301. Aing nu

kérok kitu?" gerendengna. Dicobaan dibilang deui. Angger sakitu.

"Teu kudu héran, Jang!"

Gebeg téh, Mang Ija mani ngarénjag. Rét ka lebah datangna sora. Katémbong aya

aki-aki maké baju kucel, dikopéah, ngajanteng luareun pager. Sorot panonna teuing

ku seukeut, nepi ka Mang Ija semu ngadégdég.

"Mémang bener itungan Ujang téh. Peuting tadi, kuburan geus nambahan deui hiji.

Aki pisan nu boga ngagawéanana!" pokna, bari angger ngajanteng teu obah-obah.

"Naha Aki henteu laporan heula. Henteu sambarangan Ki, anu dikubur di dieu mah.

Kudu puguh idéntitasna, kudu puguh tata-tertibna,"

"Aki ogé apal. Tapi da éta mah aturan beunang manusa. Teu nanaon lin, dirempak

ogé. Barina ogé, ngurebkeun mah ngurebkeun wé, maké jeung kudu laporan heula

ka walikota. Sarua geus jadi mayit ieuh, naha maké jeung dibéda-béda, diwilah-

wilah!"

Page 8: carpon

"Enya, tapi kuring anu bakal disalahkeun. Nu dikurebkeun di dieu mah lain jalma

joré-joré, Ki. Jalma masakat kawas urang mah, pamohalan diidinan milu ngiuhan di

dieu!"

"Ah, naha maké teu bisa. Kawas maranéhna moal maot baé. Ari geus maot mah,

nya kumaha nu hirup atuh. Moal bisa hayang-hayangan. Barina ogé, Ujang mah

moal apal, anu dikurebkeun di dieu téh sabalikna tina téténjoan Ujang. Lain jalma

beunghar, tapi jalma masakat. Enya éta ogé, ari kuburanana mah hurung-hérang,

dipapantes, dibebenah. Tapi dina enas-enasna mah, maranéhna téh keur careurik

balilihan,"

"Na ari Aki, kawas nu bisa nganjang ka pagéto baé,"

"Ulah salah, Jang. Nu dikubur di dieu mah, kabéh ogé jalma anu simpé dina hirupna.

Jalma anu teu apal jeung teu hayangeun apal, yén aya deui kahirupan sanggeus

ngahenang-ngahening di alam dunya téh," pokna, bari terus ngaléos. Mang Ija

tibang olohok.

"Naha ari aing mani teu nanyakeun, eta aki-aki téh?" gerendengna.

Papanggihanana, henteu dicaritakeun ka sasaha. Disidem wé. Dicaritakeun mah,

kuriak diseungseurikeun, da puguh matak teu kaharti téa. Ngan isukna, Mang Ija

geus ngahuleng deui. Kuburan nambahan deui, jadi 302. Basa ngarérét ka luareun

pager, sugan aki-aki aya deui, teu manggih nanaon.

"Teu kaharti. Naha iraha waktu ngurebkeunana, mani euweuh tapakna. Saha jeung

lebah mah deuih dikurebkeunana ogé. Teu puguh jajaran mana anu nambahan téh!"

pokna, ngomong ka diri sorangan.

Kitu jeung kitu wé, nepi ka genep poé lilana. Saban isuk, kuburan téh nambahan hiji.

Ngan poé katujuh, Mang Ija teu katémbong milang kuburan. Puguh baé Mang

Darman kagét, gancang nepungan pamajikan Mang Ija.

"Ka mana salaki manéh?"

"Teuing, da basa hudang ogé geus teu kasampak!"

"Sok tara bébéja ari indit-inditan téh. Mana catetan ngitung kuburan, urang

pamilangkeun ku kuring,"

"Tah geuning ngagantung. Pulpénna ogé aya di dinya!"

Mang Darman nyokot keretas. Terus dibaca.

"Poé kamari, pabuburit, jumlah kuburan aya 306!" gerendengna. Berengbeng ka

luar. Terus milang kuburan, imeut naker. Meunang tilu balikan.

"Na ari Si Ija, digawé téh teu balég pisan. Pasti kérok tah ngitungna. Piraku poe

kamari 306, ari ayeuna aya 307. Ditegor siah ku aing mah!" ceuk Mang Darman bari

ngungkug, rék mikeun catetan ka pamajikan Mang Ija.

Page 9: carpon

Awéwé nu Ngais OrokKu A. Sundira

PAMAJIKAN keur marondok di kolotna. Bah Uju,

mitoha kuring, gering. Barudak dibawa kabéh, da

malem Minggu, isukna moal sarakola. Tadina kuring

gé rék milu, ngan melang ninggalkeun imah,

mangkaning kacaritakeun keur usum bangsat.

Di imah téh sorangan. Teu puguh gawé, bada isa gé

geus ngaringkeb di enggon. Jam sawelas lilir,

kakareuwahkeun ku sora ucing nu gugurudugan di

para. Keur ngudag beurit kawasna mah. Tapi terus

nyileuk teu bisa saré deui. Kalah ka bruh-bréh

pigawéeun poé isuk. Sawah nu can dipacul, ngoméan kandang domba, nutuhan

tangkal nangka nu ngahieuman buruan. Ras kana kajadian tadi beurang di saung

sawah Pa Haji... gebeg téh.

Dipeureum-peureum gé teu daék reup. Kuniang wéh hudang, ngadon udud di

tengah imah. Sora sindén tina radio di imah tatangga mani ngéar, siaran wayang

golék ti RRI Studio Bandung. Sorana semu kabawa angin, da puguh rada jauh ka

imah tatangga téh.

Keur sorangan kieu mah, rupaning lamunan téh mani pabuis minuhan sirah. Tamba

huleng jentul teu puguh, kojéngkang ka dapur, rék neruskeun nganyam carangka

pesenan Si Darmita. Lumayan keur nambah-nambah meuli deungeun sangu.

Poék di dapur téh. Barang bray ngahurungkeun lampu, nu pangheulana katénjo téh

calana panjang dina sasampayan. Lamokot kénéh ku leutak, urut ti sawah, can

kaburu diseueuh. Teuing ku naon, bulu punduk ngadadak muringkak nénjo éta

calana téh. Nganyam carangka nepi ka bedo. Ongkoh asa kabina-bina teuing deuih,

batur mah waktuna saré, ari ieu ngadekul kénéh digawé.

Balik deui ka tengah imah. Gék dina korsi hoé. Ngajentul deui. Siaran wayang ti

radio tatangga geus dipareuman. Kaayaan jadi pohara jemplingna.

"Tok, tok, tok..." panto hareup aya nu ngetrok lalaunan. Ampir-ampiran luncat tina

korsi awahing ku reuwas. Dédéngéan kitu? Tapi geus kadéngé deui nu ngetrok

panto téh, malah ayeuna mah dibarung ku sora nu pupuntenan.

"Punten..." cenah. Sora awéwé.

Najan jelema gedé kawani gedé kawani gé, kawasna ari aya nu nyémah tengah

peuting mah, tangtu mikir heula rék muka panto téh. Kuring gé kalah ka

hareugeueun, malah maké nyiwit leungeun sagala, bisi keur ngimpi. Nu ngetrokan

panto beuki kerep, nu pupuntenan beuki tarik.

Ti baheula teu sieun ari ku jurig mah, ngan kumaha lamun jelema jahat?

Mangkaning keur sorangan, mangkaning imah téh rada nenggang.

Page 10: carpon

Béhna mah, méméh ngadeukeutan panto téh ngajéwang heula bedog, bisi aya

bancang pakéwuh.

Henteu waka dibuka, ditoong heula tina sela-sela bilik. Katémbong aya nu keur

ngajengjen lebah golodog, kacaangan lampu lima wat. Awéwé ngora, ngais budak.

Bedog ditunda, angkeuhan téh, dina enyana gé manéhna boga niat culika, untupan

kénéh ari ka pantar awéwé mah. Tulak dilaan, panto dibuka lalaunan.

"Saha, nya?" pok téh, sora ujug-ujug ngadégdég.

"Abdi Ningsih. Kawengian, badé milari bumi Pa Érté." pokna bari tungkul siga nu éra.

Buukna nu panjang ririaban katebak ku angin nu ujug-ujug ngaliwat ka lebah

golodog.

"Mulih ti mana Enéng téh? Hawatos étah murangkalih katiisan!" cék kuring, neuteup

budak nu ukur katénjo réngkolna, da puguh dibulen ku samping.

"Nuju milari bapana budak. Tos tilu dinten. Ari tadi siang teu kiat capé, kalah ka tibra

di saung sawah. Barang lilir horéng tos wengi..."

Gebeg téh...

"Naha bet milari ka dieu? Di mana kitu bapa budak téh?"

"Duka..." pokna, tina panonna katémbong aya nu ngalémbéréh maseuhan pipina.

Ngagurilap kacaangan lampu.

Karunya, karunyana mah. Ngan piraku kudu ngampihan awéwé tengah peuting,

mangkaning keur euweuh pamajikan.

"Hayu ku Akang dianteur ka imah Pa Érté..."

"Wios atuh, bilih ngarépotkeun!"

"Ih, henteu. Piraku Akang ngantep Enéng sosoranganan."

Bedog dijéwang deui. Panto disosi ti luar.

"Hayu!"

Manéhna sina leumpang ti heula. Mapay jalan nu meulah kebon sampeu.

"Ari bumi téh di mana?" cék kuring, bari neges-neges nu leumpang hareupeun.

Cacakan di nu poék mah, tangtungan éta awéwé téh mani écés. Buuk panjang,

maké erok landung warna bodas nepi ka ngarungkupan keuneung. Leumpangna

éstuning tonggoy, teu ngarérét ka sisi ka gigir.

"Abdi mah teu gaduh rorompok..." pokna halon.

"Har, na cicing di mana atuh?"

Manéhna teu ngawalon. Teu ngomong deui nepi ka anjogna ka imah Pa Érté.

Kuring ngalacat kana golodog imah Pa Érté, keketrok rada tarik. Rada lila rék dibuka

téh. Malah méméh dibuka téh nanya heula ti jero.

"Saha?" cenah.

"Kuring... Dirja!"

Bray panto muka. Pa Érté katénjo lulungu kénéh. Pamajikanana gé kadéngé milu

nyaring. Henteu réa dongéng, derekdek baé dicaritakeun naon nu bieu kajadian.

Page 11: carpon

"Euh, yap atuh Nyai ka jero!" pokna bari ngarérét ka éta awéwé.

"Kuring mah rék terus amitan, Pa Érté. Imah euweuh nu nungguan!"

"Enya atuh..."

Barang rék ngaléos pisan...

"Kang..." cék éta awéwé. "Hatur nuhun pisan. Saréng punten deuih, aya nu kakantun

di bumi Akang. Nitip baé..."

"Kakantun naon kitu?"

"Di lancingan, Kang. Di dapur..."

"Pa Érté, dikantun heula!" pok téh bari terus ngagedig. Geus rada jauh ti imah Pa

Érté, biur wéh lumpat teu nolih nanaon, nepi ka labuh sagala lebah kamalir. Datang

ka imah, muka panto rurusuhan, gajleng ka enggon, terus ngaringkeb bari

ngahégak.

Beungeut éta awéwé, bet siga nu kamari kapanggih di saung sawah...

Poé kamari, urang lembur gujrud. Si Icah manggih mayit awéwé di saung sawah.

Awéwé ngora, sigana mah tas ngalahirkeun, da gigireunana aya budak, sarua deuih

geus maot. Pa Érté hideng lapor ka pulisi. Sabada ditalungtik, éta awéwé dibawa ka

rumah sakit. Kuring jeung Pa Érté mantuan ngagotong.

*

ISUK-ISUK, barang hudang, Pa Érté geus diuk dina golodog.

"Matak mun Dirja boga budak awéwé, kudu ditalingakeun." pokna, paromanna

ayem.

"Kumaha kitu?"

"Peuting téh éta awéwé ceurik mani kanyenyerian. Cenah kamusibahan, hubungan

jeung hiji lalaki nepi ka ngandegna, tapi lalakina henteu tanggung jawab.

Tungtungna indit sakaparan-paran, nepi ka anjogna ka saung sawah Pa Haji..."

"Deudeuh teuing..."

"Ngajuru di saung sawah, wanci janari, bari euweuh sasaha. Béakeun tanaga, nepi

ka hanteuna. Budakna ngoar sakeudeung, tapi terus nuturkeun indungna..."

"Mugi-mugi sing tingtrim di kalanggengan..." teu ku hanteu ujug-ujug carinakdak.

"Terus kumaha, Pa Érté? Naha nu ditepunganana kuring jeung Pa Érté?"

"Harita urang milu ngagotong mayit. Emang nu ngusap beungeutna. Ku Emang terus

baé dianteurkeun ka Cisurian, da di dinya lembur téh..."

"Aya ku ludeungan..."

"Dina calana Dirja aya getih sakeclak. Anteurkeun baé ka kuburanana engké tengah

peuting..."

"Jih, horéam teuing, Pa Érté!"

Pa Érté mésem. "Ka Emangkeun baé, urang ruang!"

Ti lebah buruan, katémbong pamajikan geus balik, ngiringkeun barudak.

Page 12: carpon

Sora Takbir Ngalanglaeu 

Pipiet Senja

          Peutingan lebaran di

wewengkon pilemburan Depok. Sora

takbir geus ngageder ti beurang

keneh, ti keur manehna nguprek di

dapur ngolahkeun asakan. Kupat

saukur welasan jeung angeun

nangka minangka kuahna. Daging

sapi pamasihan dununganana mah dibistik, da kitu kahayang Anisah.

Pawon kiwari simpe, imah leutik di tengah kebon awi karasana mingkin rehe.

Sanggeus solat isya, inyana kalah ngangin, sidengdang dina teras. Ret ka palebah

kulon, jalan satapak nu ngembat ti tungtung kebon awi ka imahna marakbrak caang.

Duka ti iraha lampu neon pating baranang di sabudeureun imahna. Padahal, nya

saha anu rek ngulampreng ka palebah dieu? Erte Danih sigana mah, boga pokal

nyaangan lembur dina peuting leubeut ku ampunan.

“Eeeh, Ema geuning di dieu keneh? Sanes de ngiring ka masjid?” Anisah

nyampeurkeun, jen nangtung hareupeun indung.

“Ema mah moal ka mamana da,” tembalna halon. Dadak sakala asa aya anu

ngagerihan hatena. Inget kana lalakon hirupna. Meh sataun inyana kudu ngalaman

papisah jeung anu jadi salaki, hirup kadua anakna di pilemburan batur. Kang Iman,

mana tega-tega teuing jalma anu mitenah  anjeun… Duuuh, Gusti!

“Takbiran di bumi oge teu sawios, Ema, malahan husu. Moal aya anu

ngabebereg, barudak tea maraceuh!”

“Iiih, teu kitu… Ngan ieu mah nyeta haroream ka mamana. Ari Nisah niat ka

mesjid mah henjig wae. Lin rek milu pawey dulag jeung barudak Rohis?”

“Muhun… Ema kumaha atuh?” Anisah neuteup nu jadi indung. Mojang

jekekan, kelas dua SMA keur meumeujeuhna aktip di masjid. Kapeto jadi pupuhu

akhwatna. Sumanget jihad fillahna ngagegedur mo bina ti bapana.

Saha anu teu apal ka Iman Wisesa anu kungsi ngageunjleungkeun lemah cai.

Mungguh aheng intrik politik di nagara ieu, gerentesna jadi kasuat-suat deui. Kang

Iman, pagawean purah nunggu masjid, guru ngaji, tukang minyak seungit

Page 13: carpon

ngurilingan kampung. Ujug-ujug dituding sabage teroris, tukang ngabom?  Salah

saha mun potret teroris teh siga Kang Iman atuh, salah sahaaa? Heg weh Kang

Iman ditibanan hukuman beurat… Ya Alloh, ya Rob!

“Haaar… nya teu kukumaha! Barina oge geus kolot, maenya rek miluan

pawey, matak disaleungseurikeun keh!” pokna buru-buru ngabeberah hate, sakuat

daya nyamunikeun sagala kapeurih.

Peuting ieu mah dipahing juuh cipanon!

Nyeh Anisah ngabelenyeh, imutna teuing ku nyari. Ceg nyekel leungeun

indung, celengok dicium kalawan deudeuh. “Moal lami da, ieu mah mung de

nyumangetan barudak we… sakedaaap!” cenah samemeh miang, dianteur ku

teuteup indung anu mikadeudeuh tan wangenan.

Gusti Alloh mah teuing ku Maha Asih, gerentesna sorangan. Sok sanajan

kapala kulawarga dibuang ka Nusakambangan, loba anu mikadeudeuh. Tatangga,

babaturan ngajina jeung barudak rumaja masjid, pangpangna ka Anisah loba naker

anu mikanyaah. Dipikanyaah ku dunungan, tug nepikeun ka nyanggupan ngabayuan

sakola Anisah nepi ka mana wae, cenah.

Teger hate, enyaan, hirup mah kudu ditawekalan. Kudu istiqomah, apan kitu

ceuk Kang Iman oge. Mawa pikiran kitu inyana ngaringkang, sup ka imah, rek

nungguan anak di jero wae.

“Dungakeun Nisah, Ema. Nisah hoyong janten mujahidah,” ngajelengeng deui

cita-cita anakna.

“Naon mujahidah teh, Geulis? Ema mah da… esde oge teu tamat.”

“Pahlawan, Ema… kawas Abah,” cenah mani matak dedengeeun.

Karek rengse solat subuh basa aya anu gegedor panto. Tibuburanjat,

dibarengan ku Anisah, inyana mukakeun panto. Sugan jeung sugan aya kaahengan.

Kang Iman, jungjunan hate dikaluarkeun ti LP Nusakambangan, dibebaskan tina

sagala tuduhan. Ongkoh taya buktina Kang Iman dalangna bom Bali. Ngaco we

tamah, Kang Iman dijadikeun tumbal nagara adidaya!

“Euh, patugas ti kapulisian geuning? Aya naon?”

“Iman Wisesa dieksekusi tengah peuting tadi. Bisi rek mapag layonna,” ceuk

Erte Danih. Sora takbir ngadadak asa ngalanglaeu dina ceulina.

Page 14: carpon

Angin KasumbaKu Annisa Wulandari

Kareta api nu indit jam tujuh peuting geus

ngadius ka wetankeun. Simpe deui kaayaan

di setatsion teh. Padahal aya keneh jalma nu

ngajanteng lebah peron. Tapi kabeh oge

jempling taya nu lemek. Taya nu batuk-batuk

acan. Sabudeureun setatsion masih keneh

dibanjur girimis. Ti sore keneh hujan teh can

raat bae.

Najan henteu gede, tapi matak wegah

rumingkang. 

Poe ieu mah, waktu teh beak dipake ngajentul di setatsion. Mun teu salah, mimiti anjog

teh jam dalapan isuk-isuk. Wanci haneut moyan. Teuing geus sabaraha hiji kareta api nu

datang jeung nu indit teh. Tapi nepi ka kiwari, tacan panggih keneh jeung nu didagoan.

Kuring neuteup ka jalma-jalma nu ngajanteng dina peron. Boa maranehna oge aya nu

saniatan jeung kuring, ngadagoan hiji jalma, nganti anu mere jangji. Beda we

patingharuleng, bangun hanjelu. Katembongna lieuk deui, lieuk deui, nenjoan kareta anu

datangna ti wetankeun.

Poe tadi, basa rek indit ka kantor, manehna nelepon. 

"Kang, dinten deui abdi ka Bandung. Kaleresan enjing teh ngawitan lebet kuliah.

Papagkeun nya, di setatsion!"

"Jam sabaraha angkatna?"

"Ayeuna oge tos bade jung!" 

Telepon ditutup. Kuring pindah mobil, kana angkot jurusan setatsion. Keun bae teu

miluan apel oge. Angkeuhan teh, engke we asup mah jam dualas. Nelepon heula ka

kantor, dadakuna mah ka rumah sakit, nganteur pamajikan kontrol. 

"Kade euy, mun aya pamajikan nelepon, ulah dibejakeun euweuh!" ceuk kuring, ka sobat

dalit di kantor, basa nelepon.

"Beres lah. Asal sing inget we!" 

Ceuk itungan, sajauhna oge Tasik-Bandung, kana kareta api mah dua jam oge nepi. Dina

elatna tilu jam. Tapi jam sabelas beurang, anu didagoan tacan ngurunyung. Padahal apan

ti Tasik-na mah jam tujuh isuk-isuk. Ari ngadagoan tea apan keselna teh leuwih-leuwih ti

nu didagoan. Dicobaan dikontak kana HP-na, henteu nyambung bae. Mailbox.

Udud mah teuing geus beak sabaraha batang. Tina awahing kesel ngadagoan, jadi terus

narawangan, nginget-nginget beungeut manehna. Geulis keneh kitu? Piraku ari robah

mah, enya oge sabulan teu panggih. Ongkoh apan manehna mah tara sabaraha dangdan,

basajan bae. Make tiung, diwedak ipis, dilipstik ipis. 

Sanggeus liburan semester, manehna tangtu sono ka kota Bandung jeung ka "nu aya" di

Page 15: carpon

Bandung. Lain hayang-hayang teuing panggih jeung babaturanana di kampus kawasna

mah. Atawa geus teu kuat kitu, hayang midang deui dina televisi, luyu jeung pancenna

jadi penyiar acara kasundaan.

Ceuk kitu ceuk kieu oge, ayeuna kuring keur mapagkeun manehna, keur nganti-nganti

manehna. Bongan geus dijangjian. Satungtung can tepung mah, kuring rek terus cicing di

dieu, di setatsion kareta api. Upama terus ngejat, heg manehna datang, meureun kuring

anu disebut jalir jangji teh. 

Kira-kira wanci asar, setatsion mimiti dibanjur cihujan. Bet jadi inget kana catetan

katukang. Enya, hujan teh apan bisa dijieun kasempetan. Bisa ngarendeng bari dipayung.

Kikicipritan kaluar ti kampus.

Tepung jeung manehna teh mimindengna mah di kampus. Da kitu ari ngajangjian teh,

sok di kampus bae. Ari kampus Unpad, apan almamater kuring. Aya alesan upama

mindeng jadi mahasiswa tanpa identitas teh. Ongkoh barudak Sanggar Seni masih keneh

ngagupayan kuring, ngajak ilubiung deui. Daek we, da dadakuna mah hayang nepungan

manehna, lain jadi aktivis kampus.

Teuing kumaha mimitina deuih, manehna bet bisa jadi penyiar televisi. Mawa acara

kasundaan saban poe Kemis. Nya dina televisi, kuring bisa neuteup manehna leuwih

eces, leuwih leleb, da euweuh nu ngaharu-biru. Ari lalajo televisi mah apan pagawean

anu lumbrah. Pamajikan oge moal nyarek, jeung moal apaleun upama anu keur dilalajoan

awewe anu mindeng ditepungan ku kuring.

Dina televisi, kuring sok ngadenge sorana anu halimpu. Puguh we, da diracik ongkoh

make sound system. Matak jadi penyiar oge, meureun sorana teh henteu kasebut goreng,

pon kitu deui rupana. Geus lain rusiah, hayang jadi penyiar mah kudu hade sora hade

tangtungan.

Basa geus kadenge adan asar, aya telepon ti pamajikan.

"Di kantor keneh, Pa?"

"Euh, sumuhun,"

"Tabuh sabaraha mulih?"

"Teu acan tangtos, Mah. Sigana mah aya lembur wengi ieu teh!"

"Oh, kitu nya. Mun uih, kade meser fried chicken tea. Si bungsu nanaroskeun wae. Geura

yeuh dangukeun!"

Telepon jempe sakeudeung. Teu lila aya sora budak. Moal salah Si Bungsu.

"Pa, meser ciken, nya!"

"Muhun!"

"Awas mun bohong!"

"Muhun!"

Angkeuhan teh, memeh magrib oge manehna bakal ngurunyung. Piraku elat-elat teuing.

Tapi nepi ka sareupna, malah nepi ka kiwari, teu katembong tiung-tiungna acan. Saban

aya kareta api eureun, kuring teu weleh neges-neges awewe nu make tiung. 

*

Page 16: carpon

Girimis masih keneh turun. Katembong patingborelak, kasorot ku lampu. Jalma di lebah

peron tinggal sababaraha urang deui. Teuing ka marana, teu kanyahoan inditna. Gebeg

teh, basa nenjo nu ngajanteng pangtungtungna. Sidik ditiung. Boa enya manehna, mani

teu kanyahoan datangna. Tapi basa disampeurkeun, horeng kasamaran, ukur sisigaan,

pedah sarua ditiung. 

Keur kitu hand-phone disada deui. Ti imah horeng teh. Moal dijawab tadina mah, sieun

ngabolaykeun acara. Tapi bisi penting deuih, bisi Si Bungsu gering, atawa aya mitoha

nganjang. 

"Pa!"

"Enya,"

"Di kantor keneh?"

"Sumuhun,"

"Kieu Pa, di bumi teh aya tamu!"

"Si Abah ti lembur?"

"Sanes!"

"Bejakeun we atuh, keur lembur kitu!"

"Parantos eta oge, tapi bade ngantosan cenah. Istri, Pa. Ari nyaurkeunana mah mahasiswi

Bapa. Abdi teh kerung, da raraosan, Bapa mah henteu kantos jadi dosen. Ngangge

kerudung, jangkung alit, nyandak tas ageung,"

"Saha cenah?"

"Teu acan ditaroskeun jenenganana mah. Ngan mani nyopan pisan, Pa. Resep abdi mah.

Atos we atuh, sina kost di imah urang, apan aya kamar kosong. Itung-itung purah ngasuh

Si Bungsu. Tuh, da mani ujug-ujug apet. Bapa bade nyarios sareng anjeunna?"

"Moal sigana mah,"

"Enya, enggal we mulih, bisi penting pisan. Kade fried chicken tea!"

Telepon ditutup. Ngahuleng sakedapan mah. Enya kitu manehna? Asa cangcaya. Lain,

lain manehna. 

Kuring angger ngajanteng. Ngadagoan. Sabab engke, kareta api nu ti wetankeun, bakal

cunduk jam dalapan peuting. Sugan bae manehna aya di dinya.

Cinta di Lamping Gunung Cakrabuana

Page 17: carpon

Teu dihaja kuring liwat ka ieu lamping deui, lamping di sisi gunung Cakrabuana, anu mere

kawaas mangsa sababaraha puluh taun katukang. Narembongan deui ngolebat dina sisi

lamping tingarudat siga muter film di bioskop. Kuring meungpeun beungeut asa wegah

jeung nyeblak basa kagambar hiji wanoja anu sok imut pikayungyuneun.

Duh, Nyai......gerentes dina jero hate asa ku teungteuingeun nasib diri naha bet urang kedah

papisah. Beuki lila, beuki kagambar jelas sagala katugenah, kawaas sareng kacinta urang

pagalo jeung ngahunyudna eurih katebak angin. Imut nu manis, biwir nu ipis jeung raray nu

pinuh kadariaan ka kuring asa teu guna harita geuning urang teu tiasa ngahiji. Tapi dalah

dikumaha, geuning waktu geus nunjukeun ka urang yen urang kedah papisah, salamina.

Anjeun teu salah, jiga langit diluhureun Cakrabuana anu salawasna warna bulao. Teu salah

salawasna jiga mega bodas nu tingarudat diluhureun urang mangsa harita. Moal lepat sabab

akang percaya ka Nyai yen gunung ieu, Gunung Cakrabuana salamina masihan kakuatan

ka akang kanggo nunjukeun saha akang anu saleresna. Kulantaran, kolot Nyai anu teu

panuju, kulantaran kolot Nyai anu poekeun ku dunya anu ngeusian jero hate jeung

kahawekan anu sakama-kama. Kolot nyai milih si Barja, anak Pak Karta juragan Jengkol

pikeun pisalakieun nyai sanggeus lulus sakola.

Asa masih keneh aya rasa ngagilisik ramo-ramo Nyai kana cangkeng waktos urang duaan

ngabius kana motor boga Nyai, motor bebek, motor anyar zaman harita. Ari akang mah

boro-boro boga motor apanan sakola SMA oge dipaksakeun bari jeung nganjuk ngahutang

ka tatangga. Beuh, kolot Nyai mah, bru dijuru bro dipanto teh lain babasaan. Asal Nyai daek

menta, moal burung teu dicumponan. Dalah Akang, kolot akang kudu dedegler heula

upamana rek bayaran sakola bulanan oge. Tapi Alhamdulillah pan waktos harita akang mah

meunang beasiswa di Depdiknas anu di usulkeun ku Nyai ka Kapala Sakola da Anjeuna

dulur Nyai. Balik sakola, Nyai lain langsung uih ka bumi tapi sok ngajak akang muter-muter

ka lamping Gunung ieu. Cenah, akang bari diajar motor di tanjakan di lamping Gunung

Cakra gigireun leuweung. Akang asa era ka Nyai, era ka diri sorangan, ngukur diri sorangan

sabab akang sieun. Sieun ditincak ku kaayaan. Nya akang sadar diri sabab moal kuat upami

Page 18: carpon

dituluykeun ieu hubungan. Sagalana geus beda di ieu lamping jiga kahirupan urang nu geus

beda teu kawas baheula. Huis mimiti neteep dina sela-sela buuk hideung kuring. Kumis

jeung janggot moal boa geus sarebu kali dikerok sangkan kuring katingli tetep ngora. Tapi

urang moal bisa ngabohongan kana diri sorangan yen urang geus teu bisa balik deui ka

mangsa waktu urang masih keneh boloho. Basa urang mimiti wanoh jeung kaget basa

kumis ipis mimiti mucunghul di luhureun biwir. Asa masih keneh kamari Nyai

nyeungseurikeun kumis akang jiga kumis beurit.

Sagalana ngolebat deui, minuhan pamikiran kuring anu celengeu disisi lamping ieu. Ayeuna

akang gaduh jabatan di kantor Pamarentah, jauh di luar Pulo Jawa. Anak geus rendey, aya

opatna kabeh sakola anu ku akang rek diproyeksikeun sina sakola luhur. Geus kuduna

akang boga pamajikan teh urang jauh, urang sabrang di Pulo Kalimantan. Lain teu hayang

boga pamajikan ka urang Sunda dalah dikumaha geuning jodo mah jorork geuning. Jalan

raya anu luar-leor jiga oray masih keneh jiga baheula, nya didinya urang duaan hese beleke

nungtun motor anu anu mogok. Nyai ngadodorong titukang matak pikarunyaeun, kuring

nyekel stang sangkan nuju ka hareup anu jalanna. Harita mah asa endah wae sagala anu

katingal ku urang. Nya kitu deui nyai, sok katangen imut ngagelenyu anu paling amis ka

kuring. Ah..hate nyeblak asa deg-degan deui. Motor teh motor nyai anu dibawa ka sakola.

Batur mah leumpang kaasup akang ka sakola teh, nyai mah geus mawa motor anyar deui.

Poe ieu Nyai hayang dianteur ka sisi lamping Gunung Cakra, teu meunang heunteu nyai

maksa pisan. Nya bius kuring teh mawa motor nyai ka sisi leuwung ngabonceng nyai di

tukang. Hate asa deg-degan jeung reuwas da bisa kumaha onam. Tapi rasa sieun jeung

kumaha onam ka eleh keun ku rasa cinta kuring ka Nyai. Nya diwani wanikeun wae. Lain

salah kuring sagalana kajadian. Kuring mah ngan ukur nganteur kahayang nyai. Di sisi

leuweung anu jauh kaditu kadieu nyai menta eureun. Nyai diuk cimekblek bangun lungse

jeung beak kacape. Motor dieureun keun disisi jalan.

Kuring luak lieuk kaditu kadieu, sieun. Sieun pisan saba ieu teh toangan pisan. Tapi anehna

nyai mah siga euwueh kasieun, pohara pisan ceuk pikir kuring. Malah neuteup telek kana

beunget kuring asa jiga hayang nu eces. Aya rasa ragab jeung dosa sabab saheunteuna ge

kuring teh ngan duaan di ieu tempat anu jauh kaditu kadieu jeung aranglangka kasorang ku

manusa. Kuring cicing sieun kajadian saterusna matak nyiksa kuring, tapi sigana ieu

kajadian teh geus direncanakeun ku nyai. Nyai ngagelehe ka kuring jiga nu ogo, kuring

ngingetkeun nyai sangkan urang pajauh bisa aya syetan asup ka diri urang nya ngalakukeun

nu teu bener. Tapi Nyai malah beuki liar jeung teu ngadenge naon anu kukuring dicaram.

Istighfar nyai, ceuk kuring bari ngos–ngosan nahan katugenah. Antukna kuring oge

manusa anu pinuh kalemahan. Kuring mawa kaperih sabab kudu nandangan kawirang ka

diri sorangan, tapi nyai mah siga anu bungah sanggeus sagalana lekasan. Reg, Mobil

Avanza kaluaran anyar dieureunkeun belah sisi lamping gunung, pas di tempat dariuk di

Page 19: carpon

lebah dinya baheula. Sanajan ayeuna geus rada lenglang kusabab tatangkalan beak

dituaran.

Asa masih kagambar sagalana kajadian didinya, kuring asa diperkosa sabab mimiti pisan

kuring nyaho sorga dunya, kitu deui nyai. Nyai, asa kamari urang di sisi leuweung eta, naha

geuning ayeuna urang geus jauh lekasan. Basa kamari kuring patepung deui jeung nyai di

sisi lembur. Kuring asa reuwas basa papangih jeung nyai anu kuleuheu jeung caludih.

Ah..asa teu percaya titingalian teh, baheula kulit anu hejo carulang ayeuna ngan kari

karijutna jeung semu hideung kapoe. Beungeut anu geulis lir Dewi Sri ayeuna loba gurat-

gurat kapeurih katara dina tarang. Teras, Nyai nuduhkeun anak nyai ngan hiji-hijina anu keur

sumedeng ligar umurna tujuh belas-taunan. Kuring moal tuker titingalian, kuring moal

bohong ka diri sorangan yen anak Nyai teh siga diri kuring mangsa keur ngora, nyeples

pisan. Dedegan, panon, irung, halis, biwir meh sarua. Kuring asa ningali diri kuring mangsa

jeung nyai. Teu di test DNA oge kuring mah bakal ngaku eta anak kuring. Ah asa peurih

hate teh geuning papanggih jeung sari pati sorangan anu teu ka roris mangsa keur jauh.

Deudeuh teuing anaking!

Page 20: carpon

Hate Anu Kabebenjokeun            “Beletak,,,” sora panghapus nu di alungkeun kanu meja harepeun Adi.

Adi langsung ngorejat hudang tina sarena, anjeunna beuki reuwas pas ningali Pa Dadang nu kasohor ku kagalakanana.

“Ari sorangan lamun keur diajar teh bet sare wae geuning?” Tanya Pa Dadang.      

“Hanteu Pa…” Jawab Adi bari ngagesek-gesek matana.

“Untung wae ieu panghapus ninggangna kanu meja, lamun ninggangna kana hulu maneh meren maneh geus benjol huluna” Barudak sakelas seuseurian ningali Adi diomongan  kitu ku Pa Dadang.

“Geura maneh cengkat sibeungeut jug ka cai!”Adi cengkat tina korsina, anjeunna kaluar kelas

bari leumpangna goloang-goleong siga nu mabok kusabab manehna masih tunduh keneh.

Saenggeus pelajaran Pa Dadang, Adi ngagoroan Euis menta anjeunna nyamperkeun manehna.

“Neng, mana atuh tugas Matematika tea tapi erek di pangerjakeun?” Tanya Adi ka Euis

“Oh…hilap teu dicandak.” Jawab Euis.“Ih, Neng mah lain candak atuh!” Adi ningali HP na bari leumpang

ninggalkeun Euis.Sabenerna mah tugas Matematika anu Adi teh aya dina kantong Euis. Euis

ngabelaan ngerjakeun eta tugas nepikeun ka jam satu peuting. Ngan hanteu dibikeun ka Adi kusabab ningali parubahan tingkah lakuna Adi anu ayeuna mah jadi sok telat datang ka sakola nepikeun ka anjeunna pernah sababaraha kali ditahan digerbang. Anjeunna sering sare di waktu lumangsungna palajaran. Geus tilu minggu anjeunna ngalakukeun kabiasaan eta, basa eta mah anjeunna mangrupakeun salah sahiji siswa anu rajin jeung pinter. Namung ayeuna mah kapinterana teh geus teu dipake deui ku Adi. Setiap aya tugas anjeunna sering menta pangerjakeun ka Euis.

“Cie,, kamari geus jalan-jalan kamana jeung si engkang?” Tanya Fitri“Ih, saha atuh anu jalan-jalan? Is mah kamari mah aya wae di bumi”

“Ah, teu kenging ngabohonglah Is, abi geu ningal Is nuju naek motor dibonceng ku Adi, sok ngaku waelah!” ceuk Agni

“Hanteu Is mah hanteu ngabohong, Is kamari mah aya wae di bumi”“Terus saha atuh nu kamari dibonceng ku Adi?” Tanya Fitri deui“Duka atuh, Is mah teu terang, rakana panginten”.

“Sanes Is, sanes rakana. Da kamari teh pas Adi ngalewat rakana Adi aya di bumi Agni. Jadi moal mungkinlah nu dibonceng ku Adi rakana Adi mah.”“Boa-boa selingkuhanna Adi.”

“Fit, ulah waka suudzon atuh.” Agni ngingetkeun Fitri“Uhun panginten selingkuhanna Adi.” Ceuk Euis bari ngaleos ninggalkeun

babaturanna.

Page 21: carpon

1Peutingna saenggeus sholat Isya, Euis nebrahkeun awakna kanu kasur,

pamikranna kumalayang ka waktu anu geus lewat. Euis nginget-nginget mangsa anjeunna keur mimiti asup SMA. Anjeunna sok diparoyokan ku babaturanna kabogohna Adi padahal sabenerna mah hanteu jadian. Kusabab seringna dipoyokan ahirna tinu poyokan eta jadi bogoh beneran.

Euis inget keneh harita basa layung ngahibar di jomantara, basa cai ngagalura di samudra, saperti aya panah ti Adi nu nanceub nyeuceb kana kantong hate Euis, ngetok-ngetok panto hate Euis, ngagedor-gedor ku gembok jajantungna Adi. Rasa eta beuki lila beuki ngalaksak kana kahirupan jeung pangimpenan Euis. Euis jadi sok era lamun papanggih jeung Adi, kitu deui sabalikna rasa eta dirasakeun oge ku Adi.

Ti saenggeus kitu, harita panonpoe edek ngampih dina dipan papandayan, bulan nu nyaangan di baturan kiceupna bentang jadi saksi mimitina cinta Adi jeung Euis, aranjeunna janji pasini ngarajut tali asih nu duaan.

Ayeuna geus sataun anjeunna ngarajut tali asih jeung Adi. Euis ngenang mangsa eta nepikeun ka anjeunna sare.

Isukna Euis saperti biasana indit ka sakola jeung babaturanana. Kitu oge balik sakolana Euis babarengan jeung babaturanana. Harita pas Euis jeung babaturanana balik ngerjakeun tugas di imahna Fitri, aya kajadian anu ngorejatkeun hate Euis.

“Is tingali geura ka belah kaler!” Pokna Agni“Emang aya naon kitu Ni?” Tanya Euis“Astagpirululoh aladzim, itu teh si Adi sanes?” Ceuk Fitri“Uhun, leres eta mah si Adi” Euis ngajawab bari anjeunna leumpang

nyamperkeun Adi anu keur babarengan jeung awewe.“Oh, kusabab kitu kalakuan engkang jadi benten teh?”Adi langsung ngorejat ningali Euis aya dihareupeunana, pipi Euis barereum,

cai matana ngucur tina panon sipitna, anjeunna lumpat ninggalkeun tempat kajadian. Adi oge lumpat nyusul Euis “Neng, antosan heula sakeudap, kupingkeun heula engkang nyaur!” Euis tetep lumpat hanteu midulikeun kabogohna ngomong.

Langit nu mendung, kalimpudan ku mega hidung. Geleger sora gelap, nyear lir anu dicicikeun ti langit. Angin ngahiliwir nyereset kana hate Euis. Keueungna matak nambahan peurihna hate Euis. Hate nu kabebenjokeun ku kalakuan Adi nu miduakeun asihna Euis. Sapeupeuting Euis ceurik, anjeunna inget wae kajadian tadi sore anu geter-geter rasa peurihna nganjang kana puserna kalbu netep nanceb nurih kana sajeroning hate Euis. Cimata nungumbara dina pipina ngalengkepan rasa kuciwana Euis ka jalma nu dipikadeudeuh jeung dipikaasih ku anjuenna.

Isukna di sakola Adi nyamperkeun Euis, namung pas Adi aya dihareupeunna, Euis ngaleos kitu wae.

“Naha geuning si Euis bet jadi kitu?” Adi nanya kababaturanna Euis.“Kitu kumaha atuh Di? Kudu na mah si Euis anu nanya kitu ka sorangan teh.”

Fitri ngajawab sinis patanyaaanna AdiTeu loba ngomong Adi langsung ngaleos kitu wae. “Tah kitu, jelema anu

rumasa salah mah, dasar jelema tukang sulaya.” Agni milu rujit ningali kalakuan Adi.2

Balik sakola Adi hanteu tuluy ka imahna, anjeunna kalahkah eureun di warung anu rada jauh ti sakolana. Di Warung eta anjeunna milu ngumpul jeung babaturan anyarna anu barangor. Saenggeus anjeunna barangdahar dahareun anu

Page 22: carpon

diduitan ku babaturanna, anjeunna ngahuleng mikirkan kaayaan anjeunna ayeuna. Anjeunna nu ayeuna jadi hanteu sumanget kana pelajaran, disakola sering sare jeung kabeurangan asup sakola, kitu deui ku masalah anjeunna jeung si Euis. Anjeuna kaduhung sagede gunung kusabab geus nganyenyeri hatekeun jalma anu dipikasaih ku anjeunna. Saenggeus lila Adi diuk, anjeunna cengkat, namung hese pisan Adi cengkat alatan labuh kasagara tresna, rek ngolengkah ngan bati ngojengkang, anjeunna bangrung rek balik kamana.

Di sakola Adi tetep nyamperkeun Euis, namung pas Adi aya dihareupeunna, Euis tetep ngaleos kitu wae. Kabiasaan eta terus ku Euis dilakukeun. Dina hiji poe saenggeus saminggu Euis ngalakukeun kabiasaan eta, Euis nyamperkeun Adi.

“Engkang….”“Neng? Alhamdulilah ahirna neng nyaur deui ka engkang. Neng, hapunten

sagala kalepatan engkang! Engkang rumasa salah pisan ka neng. Engkang kaduhung pisan tos nganyenyeri hatekeun neng.”

“Harita kieu janjina bumi jeung langit saksina, ceunah asih engkang keur neng sorangan. Tapi bumi langit eta keneh asihna duka kamana jeung kasaha. Mana engkang janji engkang rek satia teh? Engkang tos jalir janji, tega midua asih.”

“Uhun neng engkang rumasa salah pisan ka neng, tapi pireungkeun heula cariosan engkang!”

“Nyarios naon deui atuh engkang?”“Neng teurang teu kaayaan engkang ayeuna?”“hanteu” jawab Euis singkat“Neng, engkang teh keur loba masalah. Neng nyaho hanteu yen indung bapa

engkang teh papisah? Geus lewih ti sabulan neng, engkang teu balik-balik ka imah, lamun engkang aya di bumi engkang saperti aya di naraka, indung bapa engkang pasea wae tiap poe. Tah eta nu jadi sabab engkang hanteu sumanget ka sakola teh.”

“Emang aya kitu pakaitna masalah eta jeung masalah engkang midua?”“Aya neng. Engkang sabenerna mah hanteu midua, engkang sengaja

ngalakukeun kitu kusabab engkang percuma rek satia ka neng oge. Da ahirna mah engkang pasti ninggalkeun neng. Neng, enjing engkang bade angkat ka Surabaya sareng bapa. Neng  siga nateh engkang moal tiasa datang kadieu deui. Neng, tos leungitkeun wae engkang mah tina sagala ingetan neng mah. Neng, hapunten sagala kalepatan engkang! Engkang mihareup pisan neng tiasa muka panto hate neng kangge ngahapunten kalepatan engkang.”

“Uhun engkang ku neng tos dihapunten sagala kalepatan engkang. Neng oge nuhunkeun dihapunten tina sagala kalepatan neng ka engkang.”

“Pasti neng, pasti dihapuntun kalepatan neng mah. Tong hilap tuang nyah neng!”

Adi ngaahiri omongan anjeunna jeung Euis. Anjeunna lumpat satarikna ninggalkeun Euis. Cimata Euis nganterkeun inditna Adi ka Surabaya.