Carpon Nguseup

19
Carpon Nguseup Kang Sabri ngingkig indit ka kidulkeun. Tuturubun ka handapeun jambatan di sisi walungan. Alak ilik, néangan tempat nu merenah keur nguseup. Maju ka beulah kulon, néangan tempat nu liuh. Deukeut rungkun sadagori eureun, didinya caina rada ngajumbleng teu nyéot teuing. Siga leuwi. Tuluy bebenah. Tali kenur nu rada kusut dibébérés, dipasangkeun kana jeujeur weregu. Useup dieupanan ku cacing kalung. Lung useup dialungkeun kana cai nu ngajumbleng. Diuk andéprak dina jukut nu semu reumisan. Tabuh salapan isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan. Langit lénglang. Angin ngahiliwir. Nyaksrak haneut matapoé kana tonggong, diusapan ku angin ngahiliwir, genah karasana. Poé ieu rék nguseup, rék mopohokeun karudet sapopoé. Mata dipaké manco kana tungtung jeujeur, mata manco kana kanur, mata manco kana kukumbul. Sakapeung panon lalajo budah cai nu silih udag, sakapeung panon lalajo runtah nu palid, sakapeung panon lalajo tungtung daun nu kaoyagkeun angin. Pikiran museur hayang meunang lauk gedé. Ngalelentuk nyekel jeujeur, karasa cangkeul. Jeujeur digolérkeun dina jukut, didempét ku keuneung, bisi jeujeur kagusur mun aya nu nyanggut. Muka kantong nu disoléndangkeun. Ngaluarkeun bebekelan, kulub sampeu jeung cai haneut dina termos leutik. Lemper dua siki jeung leupeut dua siki. Meunang meuli ti warung Ceu Enyi basa rék indit. Karasa ni’mat ngagayem kulub sampeu diguguntur ku cai haneut. Ditambah ku ngagayem leupeut hiji, pédah tadi isuk can sasarap. Séak jeujeur aya nu metot. Ngajol. Méh-méhan teu karawél. Jeujeur weregu melentung da ditahan terus semu dikenyedkeun, tuluy digolosor bari kenur ditarik, digolongan. Tah didieu ni’matna nguseup téh keur pabetot-betot jeung lauk, mun teu tapis ngulur jeung narik, lauk bisa leupas deui atawa kenur pegat. Gudibegna lauk kaciri dina cai nu rada ngambul mulek, meunang bibit yeuh. Lauk béak tanaga, nyanghap kaluhur, biwirna katiir ruruhit useup. Lauk engap-engapan ngahégak capé. Pasrah, kokoléaban dina beungeut cai. Enyaan bibit, mun ditimbang mah kira-kira aya sakiloeun, kitu gerentes kang Sabri. Kang Sabri muru ka sisi walungan, nu dicekel lain jeujeur deui tapi kenurna, dipulut ku leungeun. Lauk ngambang engap-engapan. Barang rék kep dicekel pisan, lauk ngagudibeg, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Bis baé leupas.

Transcript of Carpon Nguseup

Page 1: Carpon Nguseup

Carpon Nguseup

Kang Sabri ngingkig indit ka kidulkeun. Tuturubun ka handapeun jambatan di sisi walungan. Alak ilik, néangan tempat nu merenah keur nguseup. Maju ka beulah kulon, néangan tempat nu liuh. Deukeut rungkun sadagori eureun, didinya caina rada ngajumbleng teu nyéot teuing. Siga leuwi. Tuluy bebenah. Tali kenur nu rada kusut dibébérés, dipasangkeun kana jeujeur weregu. Useup dieupanan ku cacing kalung. Lung useup dialungkeun kana cai nu ngajumbleng. Diuk andéprak dina jukut nu semu reumisan. Tabuh salapan isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan. Langit lénglang. Angin ngahiliwir. Nyaksrak haneut matapoé kana tonggong, diusapan ku angin ngahiliwir, genah karasana.Poé ieu rék nguseup, rék mopohokeun karudet sapopoé. Mata dipaké manco kana tungtung jeujeur, mata manco kana kanur, mata manco kana kukumbul. Sakapeung panon lalajo budah cai nu silih udag, sakapeung panon lalajo runtah nu palid, sakapeung panon lalajo tungtung daun nu kaoyagkeun angin. Pikiran museur hayang meunang lauk gedé.

Ngalelentuk nyekel jeujeur, karasa cangkeul. Jeujeur digolérkeun dina jukut, didempét ku keuneung, bisi jeujeur kagusur mun aya nu nyanggut. Muka kantong nu disoléndangkeun. Ngaluarkeun bebekelan, kulub sampeu jeung cai haneut dina termos leutik. Lemper dua siki jeung leupeut dua siki. Meunang meuli ti warung Ceu Enyi basa rék indit. Karasa ni’mat ngagayem kulub sampeu diguguntur ku cai haneut. Ditambah ku ngagayem leupeut hiji, pédah tadi isuk can sasarap.Séak jeujeur aya nu metot. Ngajol. Méh-méhan teu karawél. Jeujeur weregu melentung da ditahan terus semu dikenyedkeun, tuluy digolosor bari kenur ditarik, digolongan. Tah didieu ni’matna nguseup téh keur pabetot-betot jeung lauk, mun teu tapis ngulur jeung narik, lauk bisa leupas deui atawa kenur pegat.Gudibegna lauk kaciri dina cai nu rada ngambul mulek, meunang bibit yeuh.Lauk béak tanaga, nyanghap kaluhur, biwirna katiir ruruhit useup. Lauk engap-engapan ngahégak capé. Pasrah, kokoléaban dina beungeut cai.Enyaan bibit, mun ditimbang mah kira-kira aya sakiloeun, kitu gerentes kang Sabri.Kang Sabri muru ka sisi walungan, nu dicekel lain jeujeur deui tapi kenurna, dipulut ku leungeun. Lauk ngambang engap-engapan. Barang rék kep dicekel pisan, lauk ngagudibeg, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Bis baé leupas.Lauk ngoléab deui. Kek ditéwak, beunang. Dibawa ka darat. Lauk teh buncir, siga keur endogan, boa-boa tereh megar.Kang Sabri neuteup lauk, lauk neuteup kang Sabri.Biwir lauk engap-engapan. Kang Sabri ngahuleng, engapna lauk siga nu ngajak ngomong. Lila-lila lauk limpeu, ku kang Sabri diwadahan kana koja bekelna, tuluy di kana caikeun..Lauk buncir hayang leupas, koja dicangreudkeun kana sadagori. Lauk buncir ngagudibeg, koja jadi panjara.

Kang Sabri ngalungkeun deui useup ka leuwi, dikenyed-kenyed sangkan kenurna merenah, panon manco ka tungtung kenur, kana jeujeur weregu.Lauk dina koja ngagudibeg, kang Sabri ngarérét. Enya buncir lauk téh, keur endogan, téréh megar.Mun ieu lauk diala, digoréng, dicobék make sambel jahé atawa dipésmol, endogna pasti pungkil jeung girinyih. Didahar sosoranganan bari sila andekak, nyetrok céngék, seuhah, ni’mat kabina-bina.Tapi saha nu rék masakna?, di imah ngan sosoranganan, imah gé ukur kamar kontrakan. Sabenerna gampil nu masak mah, tinggal dibikeun ka ceu Enyi, nu boga warung hareupeun kamar kontrakanana. Moal burung diasakan sapaménta. Bageur Ceu Enyi mah, mindeng ngirim deungeun sangu, mindeng méré nganjuk mun keur teu boga duit keur meuli deungeun sangu.Kang Sabri, lalagasan kénéh, gawé jadi guru sakola dasar, kakara dua taun diangkat jadi pagawé nagri. Mun pasosoré ka kamar kontrakanana, rajeun sok datang anak ceu Enyi, nu kakara kelas lima

Page 2: Carpon Nguseup

sakola dasar ngadon nanyakeun PR ti sakolana. Wekel budak téh, teu risi tatanya, pinter budak téh da teu weléh réngking di sakolana. Éta meureun pangna ceu Enyi jadi bageur. Keur kang Sabri mah resep wé ngajar ka barudak téh, da éta mah geus tugasna, prédikat guru téh teu leupas najan teu keur di sakola, dimana baé gé kudu tetep méré conto ka barudak.Ayeuna gé nguseup téh pédah wé keur poé peré, rék balik ka lemburna rada hororéam ma’lum ahir bulan, boga bekel téh ukur cukup keur dahar.

Lauk kokoléaban dina koja, enya gedé lauk téh, mun dijual bakal payu meureun dua puluh rébu mah, cukup keur ngabanjel dahar dua poéeun. Lauk diteuteup, buncir pisan.Endogna pasti loba, mun megar pasti ngarébu atawa saeutikna ngaratus burayak, anak lauk.Lauk engap-engapan, kang Sabri neuteup ka jauhna, kana budah cai nu kabawa palid, kana tungtung jeujeur, kana kenur nu keur manteng. Mun lauk digoréng, didahar jeung sambel jahé, ukur ni’mat saharita. Mun lauk dileupaskeun tuluy endogna megar, meureun bakal baranahan, lauk nu galedé bakal nambahan di ieu walungan. Kang Sabri inget ari keur méré pelajaran lingkungan hidup ka barudak. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk make sétrum. Sok nganaha-naha ka nu ngala lauk maké tuak. Sok nganaha-naha ka nu miceun runtah sahayuna. Sok nganaha-naha ka pabrik nu miceun cai kotor sahayuna. Sok nganaha-naha ka nu ngaranjah leuweung sahayuna.

Jeujeur nu dicekel diselapkeun jeung kenurna dicangreudkeun kana tangkal sadagori, Kang Sabri ngadeukeutan kana koja, pikiranana sabil leupaskeun atawa entong. Mun digoréng garing dicocolkeun kana sambel jahé, bakal ni’mat didaharna, mun dileupaskeun, endogna bakal megar jadi burayak sakitu lobana. Kang Sabri panceg, mending dileupaskeun. Kang Sabri inget ka kapiadina nu keur bureuyeung bulan alaeun, mun leumpang siga nu ngagégag, teu weléh nyekel beuteung. Kang Sabri inget kumaha cakah cikihna kulawarga waktu kapiadina brol ngajuru. Kang Sabri ngadéngé kumaha ngahégakna nu ngajuru. Kang Sabri milu ngarasakeun kumaha bagjana nu ngajuru kalawan salamet, orok diadanan, orok dimandian, orok dibagéakeun. Indung jadi papayung, indung tempat panyalindungan, kanyaah indung moal laas ku jaman.Koja dibuka, lauk disorong sina ngoloyong ka walungan bari pok ngomong lalaunan “Leungli jung geura ngajuru, sing baranahan, anak manéh sing loba minuhan ieu walungan, geura aping anak manéh nepi ka gedé. Bulan hareup uing rék nguseup deui didieu, meureun bulan hareup mah manéh téh kawajiban ngaping anak geus lekasan, manéh kudu nyantok deui eupan kami” kang Sabri nyebut leungli téh pédah inget kana dongéng Si Leungli, lauk nu sosobatan jeung budak awéwé lanjang.Keur kitu aya nu ngomong tukangeunana, teu kanyahoan ti mana jolna “Naha dileupaskeun jang guru?”.Ari dilieuk sihoréng mang Kanta, tukang béca nu sok mangkal di hareupeun sakola tempat kang Sabri ngajar.“Eu..sumuhun mang, karunya nuju buncir endogan”.“Lah jang guru mah, ari ka emang teu karunya kitu?. Mun di ka emangkeun mah cekap kanggo ngalironan beas tilu kiloeun”.Kang Sabri teu ngomong, ukur ceuleumeut bari sibanyo terus mérésan koja. Kang Sabri teu mikir nepi ka dinya, teu mikir lauk kudu dibikeun ka mang Kanta.“Muhun mang, engké upami kénging deui” ukur kitu omong kang Sabri.“Leres jang guru, da panginten urang mah benten paniatan nguseup téh. Éta emang mah sakapeung sok nongton nu nguseup di laut dina télévisi, geuning upami tos kénging téh laukna sok teras dileupaskeun deui”“Bénten paniatan kumaha mang?”“Ari emang mah nguseup téh teu bénten sareng usaha numbu umur, hasil tina nguseup téh kanggo barangdahar barudak, selang-selang tina ngabeca. Upami hasilna seueur tiasa digentoskeun kana béas, upami hasilna sakedik nya sok digoréng wé kanggo réncang sangu. Ari niat jang guru mah panginten nguseup téh mung sakadar kalangenan, mung resep nuju disanggutna, hasil laukna sanés udagan. Suka bungah téh nuju pabenyeng-benyeng kenur, melengkungna jeujeur, gudibegna lauk. Ari kanggo

Page 3: Carpon Nguseup

emang mah suka bungah téh ningali anak tiasa barang dahar, balakécrakan dahar lauk”.Kang Sabri unggut-unggutan, kang Sabri mulut kenur, kang Sabri memeres jeujeur.Mang Kanta ngajogo nungguan useup disanggut. Kang Sabri amitan mulang tiheula.

Sabulan ti harita dina mangsa poé peré, kang Sabri keur ngajogo sisi walungan, tempatna urut nguseup bulan kamari. Jeujeur weregu di lelempeng, tali kenur dibébérés, ruruhit useup make eupan cacing kalung. Niat nguseupna hayang meunang lauk gedé, mun meunang, laukna rék dibikeun ka mang Kanta.Useup dialungkeun kana cai nu liuh, nu caina semu muih lalaunan.Anteng manteng, neuteup tungtung jeujeur, anteng neuteup tungtung kenur, anteng neuteup budah cai.Cék sawaréh nguseup téh pagawéan tambuh laku, ngajejentul moé manéh. Cék sawaréh nguseup téh neundeun harepan, apan rijki mah tara pahiri-hiri. Kang Sabri salila-lila ngelelentuk neundeun harepan, hayang ningali barudak mang Kanta balakécrakan.Méh tengah poé, jedud useupna aya nu nyantok, gulusur kenur kadudut, jeujeur geuwat dikenyang ngagentak. Lauk karasa nyoloyong ngilu kana kenur nu dipulut, euweuh gudibeg, euweuh pabenyéng-benyéng kenur.Kaciri lauk badag, nyoloyong nuturkeun kenur. Kang Sabri olohok, di tukangeun lauk badag ting gurilap lauk leutik siga nu ngiringkeun, loba, loba pisan, ngaratus boa ngarebu. Laleutik kénéh sagedé-gedé cinggir budak.Lauk badag beuki nyoloyong nampeu kana biwir cai hareupeun kang Sabri.Subhanalloh cék kang Sabri. Kang Sabri turun ngadeukeutan lauk tuluy dirampa dihanjatkeun ka darat lalaunan, diangkat ku dua dampal leungeun. Lauk cicing, lauk ukur engap-engapan.“Ieu téh manéh leungli?” kang Sabri ngomong semu ngaharewos. Lauk ngagibeg lalaunan.Dina biwir cai anak lauk beuki ngaronyok, siga hayang ngajol ngadeukeutan ka lauk badag, ka indungna.Kagambar beungeut Mang Kanta nganaha-naha basa lauk dileupaskeun deui, kagambar barudak mang Kanta balakecrakan ngadahar goréng lauk.Lauk badag diusapan, lauk badag dirawu di ka caikeun deui.“Leungli kuring nganuhunkeun, anjeun geus nohonan jangji, anjeun tigin kana jangji. Jung geura aping anak manéh, sina galedé, sina ngabeungharan ieu walungan” kang Sabri ngaharéwos bari nepak cai, tuluy sibanyo meresihan ramo. Lauk ngoléab, nyoloyong ka tengah cai nu ngajumbleng, ngagedebeg rosa, cai muncrat kana beungeut kang Sabri. Kang Sabri seuri bari ngusap beungeut nu baseuh ku cai walungan. Lauk teuleum dituturkeun ku anakna nu laleutik kénéh.Kang Sabri bébérés, kenur digolongan, eupan diawurkeun ka walungan. Kang Sabri ngagedig ngingkig balik.

Carpon Ma Inung Ngarawu Taneuh

Imah téh pikabetaheun najan ayana di pasisian. Disebut di pasisian téh pédah wé deukeut wates kota. Imah camperenik, modél kaayeunakeun, minimalis téa cenah. Atuh da hayang imah di tengah kota Bandung mah beu pimanaeun, pisabaraheun hargana jeung geus euweuh lahan ongkoh. Meuli imah didieu gé meureun geus diitung, sakumaha anggangna ti tempat pagawéan, wayah kumaha macétna di jalan, wayah kumaha kudu nganteur budak ka sakola jeung sajabana ti éta. Tapi aya untungna lantaran padeukeut jeung pilemburan, padeukeut jeung pasawahan, disebut untung téh pédah wé hawana seger kénéh, teu cara di tengah kota, bayeungyang jeung haringhang.Keur Ma Inung mah genah wé nu aya, diangkir ka kota téh. Mangpuluh-puluh taun cicing di pilemburan, najan sapopoé jadi guru sakola dasar gé angger wé ulin ka Bandung mah arang langka. Can lila pangsiun tina guru téh aya kana lima bulan mah, sanggeus pangsiun asa euweuh cabak, kadangkala ngarasa kesel. Komo sanggeus salakina miheulaan mulih ka jati mulang kaasal. Hirup asa cuang cieung. Matakna waktu diangkir ka kota ku anakna, giak nyanggupan. Keur Ma Inung nu

Page 4: Carpon Nguseup

kaimpleng téh bakal resep ngasuh incu. Mangkaning incuna téh aya dua, nu hiji awewe kakarar sakola di SD kelas hiji, ari nu saurang deui lalaki kakara umur opat taun jalan. Keur meujeuhna kembang buruan, lucu ku capétangna.

Bageur boga minantu téh, karasa kanyaahna, ari ngobrol omhang teu weléh nyeuleukeuteuk seuri Geus aya kana sabulanna bareng jeung anakna téh. Sapopoé ngasuh incu, nu leutik nu gedé, ari nu gedé mah sanggeus balik sakola, malah apan dipapagkeunana ka sakola gé ku Ma Inung, kana béca nu geus ngalanggan.Ari kaprak keprek di imah mah aya nu babantu, budak lanjang ti Cilacap, alus deuih budak téh, gawéna getén, masak pinter, nyeuseuh beresih, sagala pagawéan kasiwer, kapaké deuih.Anakna jeung minantuna tara aya di imah da duanana digawé. Nyiar kipayah keur hirup jeung huripna kulawarga. Resep ngasuh incu téh, cék pikirna teu béda jeung ngasuh barudak di sakola jaman keur ngaguruan kénéh kelas hiji SD. Tapis pisan jeung apal kana lilingeranana ngasuh budak. Ongkoh deuih incuna mah euweuh nu bangor, euweuh nu pikakeuheuleun, sigana perbawa ti indung bapana nu bageur. Incuna mah tara nepi ka ceurik lolongséran pédah teu diturut kahayangna. Tara kaciri hayang jajan di warung, atawa hayang meuli cocooan, éstu barang dahar téh cukup ku nu aya di imah, kitu deui cocoan.Lain pédah di imah sagala aya, atawa owel ku duit keur jajan, tapi dibiasakeun ti leuleutik, dibiasakeun tara jajan, dibiasakeun tara barangbeuli sakahayang budak. Atuh da sok teu resep mun ningali budak leutik ngarenghik hayang jajan, teu kaop ningali warung, komo mun bari keur nyémah.

Bada isa, incuna nu leutik dipépéndé ku Ma Inung, dihariringan ku pupujian, digeberan ku tungtung samping, budak téh reup saré tibra, bari leungeunna nangkeup ka Ma Inung.Ma Inung neuteup beungeut budak, buukna diusapan, celengok dicium. Kasép budak téh.Anteb neuteup beungeut budak, teu karasa dina kongkolak panon Ma Inung aya nu hérang ngagéndang, celengok deui budak dicium. Majarkeun sok leuwih nyaah ka nu jadi incu, ieu pisan nu karasa ku Ma Inung. Ditahan téh naha kalah ka beuki merebey cimata.Kulutrak kana panto aya nu muka, minantuna rék mindahkeun anakna, ningali Ma Inung reumbay cimata téh kalah ngaheugeu, neuteup.

“Ka dieu geulis, yap kana pangkuan ema.”

Minantuna ngagoloyoh, “Ema téh teu damang?” pokna.

“Henteu geulis, ema mah reumbay cimata téh bakating ku bagja, kuduna mah…,” teu kebat ngomongna.

“Kedahna naon ema?”

Ma Inung ngahuleng, semu nu hanjakal kalepasan ngomong.

“Geulis, ieu kabagjaan téh lain milik ema sorangan, kuduna mah aya deui nu ngarasakeunana, nyaéta akina ieu si kasep,” ngomongna téh bari ngusapan incuna nu keur saré ngageubra.

Dikitukeun téh minantuna nangkeup ka Ma Inung, bet teu ku hanteu deuih kalah ngiluan merebey cimata. Aya nu nyedek dina angen, aya nu nu nyodok kana tikoro.“Ma,” cenah bari nangkeup beuki pageuh.

“Ema téh hayang norowéco, ema téh hayang sagala diomongkeun ka si jenat kumaha lucuna ieu si kasép, kumaha pinterna si geulis. Ema téh hayang nyarandé kana dadana, hayang ngadéngékeun keteg

Page 5: Carpon Nguseup

jantungna. Tengtrem nyarandé dina dadana mah, ema gé sok diusapan, bari manéhna murintil-murintil buuk ema. Ema téh hayang mencétan taktakna nu mindeng karasa cangkeul, ema téh hayang ngabalur tonggongna ku minyak gosok, waas ku teurabna. Mun inget ka dinya ema sok merebey cimata, inget ku bélana, inget ku heureuyna, inget ku poksangna.Mun ema rungsing ku pagawéan, manéhna sok ngabeberah, sok ngarancét pundak bari heureuy noélan iga. Ema mah asa diheulang.”

Enya kaharti ari kituna mah, salakina Ma Inung maot ngadadak, teu kungsi gering heula, keur solat subuh teu cengkat deui. Cék omong batur mah cenah serangan jantung, aya deui nu nyebutkeun kasakit angin duduk. Maotna téh sababaraha minggu sanggeus Ma Inung nampa SK pangsiun.Minantuna nginghak lalaunan dina lahunan.“Geulis urang du’akeun yu.” Ma Inung cengkat, bari nyengkatkeun minantuna, tuluy ka cai rék wudu. Minantuna mah regeyeng ngangkat anakna dipindahkeun saréna ka kamarna.

Biasa ari poé Saptu téh Ma Inung mah sok saged, maké baju olah raga, di topi, disapatu atuh incuna nu leutik gé sok dibawa, sarua maké baju olah raga, sarua sina maké topi, maké sapatu.Ari poé Saptu mah anakna jeung minantuna araya di imah, teu digawé, jadi nu nganteurkeun ka sakola atawa ngajemput incuna nu gedé téh bisa ku indung bapana. Ma Inung mah laluasa ngadon olah raga, ngurilingan komplék, leumpang wé bari ngasuh incuna nu leutikHarita gé kakara balik ka imah téh méh jam sapuluh, padahal inditna téh ti jam genep mula, rebun kénéh. Sapatu kalotor pinuh ku leutak, atuh bajuna gé sarua kalotor, malah sapatu olah raga nu Ma Inung mah dijingjing, incuna diiringkeun bari luut-léét késang.Puguh wé anak minantu reuwaseun, disangkana labuh ka solokan.“Resep, adé mah ameng di sawah,” kitu cek incuna Ma Inung, hariweusweus, ngomongna semu cadél.“Enya, tadi téh ema ngilu tandur, nu kasep mah ulukutek wé dina leutak,” cék Ma Inung, beungeut Ma Inung semu beureum, tayohna kapanasan, jeung cémong ku leutak.Anakna Ma Inung jeung minantuna teu lémék teu carék, ukur neuteup ka anakna jeung ka Ma Inung. Kudu ngomong naon atuh, rék nyalahkeun sieun Ma Inung kasigeung, rék nganaha-naha ma enya ka kolot.“Ibak yu,” minantuna Ma Inung ngajak budakna bari ngalaan sapatuna nu pinuh ku leutak.“Keun wé sina tuus heula késangna, engké we ibakna sareng ninung,” bari ngarérét ka budak.Ma Inung sok nyebut ninung, nénéhna tina Nini Inung.

Sangeus bérés mandi jeung ngamandian incuna, Ma Inung kaprak keprek di dapur mantuan minantuna masak, kacirina téh keur nyieun angeun haseum.Ma Inung ngomong ngarasa sono kana taneuh, ka sawah, ka kebon, kana pepelakan, kana paré, kana kekembangan kana tangkal peuteuy, kana tangkal rambutan.“Atuda di kota mah iraha ema nincak taneuh,” kitu pokna. Sapopoé maké sendal, maké sapatu, di imah, di pakarangan, di jalan, dina mobil, tara leupas ti sendal. Hirup siga nu embung wawuh kana taneuh.“Matakna, basa ningali aya nu tandur, ema mah gebrus wé ngilu tandur, ancrub bebelekukan.”Ma Inung norowéco, cenah karasa kumaha ngusapanana leutak kana dampal suku, kana keuneung, kana kulit suku. Karasa leutak ngabagéakeun tungtung ramo. Karasa taneuh ngabagéakeun getih nu ngamalir dina urat-urat, geterna nyaksrak kana tonggong, kana sirah, kana buuk. Taneuh méré ajén harti hirup, méré tanaga, méré énergi positip.Cék Ma Inung kénéh, awak urang téh kudu wanoh kana taneuh, ulah jéjérégéd mun nincak taneuh, tong poho awak urang téh asal-muasalna tina taneuh tur bakal balik deui kana taneuh. Kumaha rék mikacinta ka lemah cai mun suku gé salawasna maké dadampar, maké sapatu, maké sendal, tara antel pisan kana taneuh. Atuh moal karasa énergi positip tina taneuh kana awak téh. Di dayeuh mah hareupeun imah ditembok, di jalan maké aspal atawa dibeton, saincak-incak téh ukur aspal jeung beton, pimanaeun suku wawuh kana taneuh. Sakalieun budak teu make sapatu atawa sendal gé apan dinaha-naha, bisi kotor téa, bisi aya caing téa.

Page 6: Carpon Nguseup

“Ieu tahu téh rék digoréng?”“Muhun Ma.”Ma Inung ngagoréng tahu, dibulak-balik.“Mun ditilik-tilik ampir kabéh kadaharan asalna tina taneuh, nu matak kudu nyaah ka lemah cai, nyaah kana taneuh jeung cai téh ulah ngan ukur lalambé.” Terus Ma Inung ngomongkeun gegedén pamaréntahan nu bacéprot pidato kudu nyaah ka lemah cai, tapi sakalieun ngilu panén gé disapatu karét nu nengah bitis, da embung baseuh, embung keuna ku leutak, atuh leungeun maké kaos, sieun ateul meureun. Ucap jeung lampah patojaiah pisan. Moal enya nu kitu disebut mikacinta ka lemah cai?Minantuna nu keur nyiksikan bawang beureum ukur unggut-unggutan, teuing ngarti teuing henteu.“Ma, upami minggu payun urang ka Cangkudu, kersa?”“Ka Cangkudu?” Ma Inung neuteup ka minantuna semu teu percaya.“Muhun ma, abdi badé milarian nangka asak, aya nu pesen ti kantor, sareng kaleresan apan tétéh sakolana peré da beureum dina kalénder gé.” Incuna Ma Inung nu gedé sok disebut tétéh.Ma Inung jigrah, kaciri dina sorot panonna. Ma Inung gumbira kaciri dina ucapna. Ma Inung hayang geura indit.

Minggu hareupna mobil nyemprung ka wétankeun, Ma Inung diuk di hareup, gigireun supir, nu nyupirna anakna, di jok tukang incu-incuna jeung minantuna. Inditna poé Jumaah sanggeus baralik gawé, bada asar, ambéh nepi ka lembur bada magrib.Méméh Ciawi, méngkol ka kénca, brasna ka Cipanas. Di Cipanas eureun heula ngilu solat magrib, teu lila da hayang buru-buru nepi.“Ti dieu mah jandéla mobil téh tong ditutupkeun kabéh, tong maké AC ambéh karasa hawa seger, meungpeung teu kudu mayar pajeg nyeuseup hawa téh.”“Maksadna ma?”“Enya, baheula mah cai gé teu kudu meuli, di lembur mah apan unggal imah gé sok nyadiakeun téko jeung cangkir di hareupeun imah, bisi aya nu ngaliwat hanaang, apan ayeuna mah cai gé kudu meuli. Sigana kaheureup mah hawa gé kudu meuli, atawa dipajeg.”Ma Inung ngagorolang nyaritakeun cai, yén cai geus jadi barang komoditi, geus jadi inceran nu boga modal, siga nu ngabaékeun yén cai téh hak azasi, kuduna mah sumber cai téh dikokolakeun nu hadé, ulah sagawayah dijual ka nu boga modal keur dikomersilkeun. Kudu aya strategina ngokolakeun cai, jaganinggéto krisis cai beresih bakal karandapan. Hirup téh nangtung dina taneuh, nyeuseup hawa, nginum cai, ngasakeun dahareun maké seuneu. Nu encan maké duit téh ambekan, nyeuseup hawa.Teu kebat ngobrol dina mobil téh da kaburu nepi ka imah Ma Inung di lembur Cangkudu.

Isukna, pabeubeurang sanggeus ibun tuus, Ma Inung ngahiras tatanggana néangan nangka jeung kalapa ka kebon, ari Ma Inung ngabringkeun saanak incu rék meresihan kuburan salakina.“Bapa hidep téh keur ema mah pahlawan nu teu weléh méré inspirasi, nu teu weléh ngajurung ema sangkan betah jadi guru, nu teu weléh ngingetan sangkan hirup kudu jujur. Najan bapa hidep sapopoéna ukur tani, karasa kanyaahna, méré conto kudu disiplin, meureun karasa ku hidep gé.”Anakna Ma Inung unggut-unggutan, enya da karasa kumaha ngajurungna hirup kudu wekel, nu kadéngé kénéh téh sual disiplin cenah sakola téh teu béda jeung melak paré. Kudu nyaho iraha tandur, iraha ngagemuk, iraha ngayuman, iraha mindo, iraha mangkas, kitu deui sakola atawa kuliah, kudu nyaho iraha ngapalkeun, iraha ulin, iraha ulangan, ulah pacorok bisi hasilna gabug.“Ma urang témbok atuh kuburan apa téh.”Ma Inung ngarérét ka anakna “Keun wé heula, ayeuna mah cukup ku tetengger ieu, keur ciri mah apan ieu aya hanjuang jeung samoja. Hanjuang téh tanda sangkan urang inget hiji waktu mah urang gé bakal ngahanju, nu aya di jero taneuh ukur tulang semu bodas sarua jeung tangkal samoja nu semu bodas.”Sanggeus bérés meresihan kuburan, nyabutan jukut jeung ngadu’a, anak incuna mah dititah balik tiheula “Ema mah rék di dieu heula, sakeudeung deui,” bari ngelapan tetengger nu geus beresih.

Page 7: Carpon Nguseup

Ma Inung candukul kénéh, nyorangan, leungeunna ngagepluk-gepluk jeung noélan taneuh kuburan nu semu hideung. Loba nu hayang diomongkeun, loba nu hayang ditepikeun. “Lalucu, saréhat, geulis jeung kasép incu téh, bagja, bagja pisan Inung mah,” ngan ukur kitu nu kedal halon kaciri dina kunyem biwirna. Kerewek kana kantong kérésék urut wadah kembang nu dipake nyekar, leungeun Ma Inung ngarawu taneuh tina luhureun kuburan, sakantong kérésék pinuh. Lalaunan cengkat, ngucapkeun salam, indit lalaunan ngajingjing taneuh dina kantong kérésék bari nyusut cimata nu ngembeng.

Pasosoré, anakna Ma Inung bébérés babawaan dina mobil, rék mulang deui ka Bandung. Dina bagasi mobil pinuh ku nangka, kalapa, sampeu, hui boléd, taneuh sakarung jeung rupa-rupa deui.“Ma, ari ieu taneuh sakarung kanggo naon?”“Taneuh gemuk éta téh meunang ema nyokot ti kandang domba, bawa, keur melak kembang dina pot, apan di Bandung mah taneuh gé kudu meuli.”Ma Inung nyuruntul kana bagasi mobil “Éta gé taneuh dina kérésék ulah dikamamanakeun, ulah dihijikeun kana karung”Ma Inung ngaharéwos ka anakna:”Ulah geruh bisi jadi pitnah, ieu téh taneuh tina luhureun kuburan apa, ku ema rék dipaké melak kembang sedep malem dina pot. Kembang sedep malem téh kadeudeuh apa, ubar ema mun sono ka apa, kembangna rék disimpen di kamar ema, rek diambung, rék diajak ngobrol, mudalkeun kanyaah, mudalkeun rasa bagja.”Anakna ukur neuteup ka Ma Inung bari unggeuk, surti. Enya da ngajak emana ka Cangkudu gé, lain néangan nangka néangan nangka teuing, tapi hasil badami jeung pamajikanana keur panyombo. Ema siga nu kabungbulengan ku apa, kitu gerentes anakna.Mobil nyemprung ka Bandung, incu-incuna Ma Inung ribut, nu lalaki niup empét-empétan, tatarompétan tina jarami ditambahan ku janur ambéh disadana beuki harus. Nu awéwé ngamaénkeun wawayangan tina daun sampeu. Dina bagasi mobil aya kukudaan tina bagedor, aya upih keur sosorodotan, aya kélé keur wadah cai.Ma Inung ngabelenyéh imut “Nuhun kang, ku didikan akang barudak sakieu mulyana,” gerentes haténa.

Carpon Onyet Rumasa rada tambélar. Rumasa indit poék datang poék. Kitu téh pedah hayang gawé suhud. Kang Sabri ngahuleng, diuk dina korsi di hareupeun imah, bari ngararasakeun hawa tiis isuk-isuk.Jol pamajikanana, diuk gigireunana.“Kang, tong diemutan teuing atuh, namina gé budak, can gaduh wiwaha”.Kang Sabri ukur ngarérét ka pamajikanana, terus neuteup ka jauhna. Jung nangtung, babatek awak.Kang Sabri nitah pamajikanana nyokot sapatu olah raga.

Kang Sabri ngajigjirg, olah raga lulumputan di jalan komplék imahna. Bari lumpat lalaunan pikiranana uleng. Enya da lain teu ngarti ka budak, bener budak mah can boga wiwaha, komo ieu kakara umur tilu taun jalan ka opat taun, balita kasebutna gé.Kabisana kakara diajar ngomong capétang, lulumpatan di imah, ruwal rawél kana naon baé nu bisa dirawél. Ngarti, ngarti pisan, budak mah can boga wiwaha.Moal kitu mun diomongan ku bi Amah?. Atawa disingsieunan ku bi Amah?

Asa mustahil mun nepi ka kitu. Najan enya bi Amah téh ukur badega di imahna, asa pamohalan nepi ka kudu ngomongan budak nu teu pararuguh mah, jeung ongkoh pan budak mah can boga wiwaha.

Kang Sabri téh boga budak tilu, cikal mah awéwé geus kelas dua SMP, pangais bungsu gé awéwé, kakara kelas lima SD. Nu bungsu lalaki, umurna kakara opat taun jalan. Tadina mah ngarasa cukup boga anak dua téh, ngan hayang lalaki, kahayangna téh diparengkeun, borojol nu bungsu, matak

Page 8: Carpon Nguseup

umurna gé rada ganjor jeung lanceukna.Karasa bagja hirup téh, karir di pagawéan nérékél najan kakara kasubdin di pamaréntahan, pamajikan bageur, barudak séhat. Ngarasa tanggung jawab ka kulawarga, nepi ka gawé toh-tohan, indit subuh datang peuting téh enyaan. Urusan rumah tangga mah sagemblengna ku pamajikanana da teu digawé kantoran. Aya kagiatan mah, kitu wé kagiatan jeung tatangga sa-RT atawa sa-RW, osok rajeun ngilu kagiatan ibu-ibu di kantor kang Sabri. Lantaran boga si bungsu nu leutik kénéh, nya néangan nu babantu, nu kapeto téh bi Amah, urang Ciawi Tasik wedalan pasantren ti Sukapancar. Awéwé tengah tuwuh, sagala bisa jeung rapékan. Pamajikan kang Sabri mah kacida nyaaheunana ka bi Amah téh, malah geus teu dianggap badéga, tapi dianggap kolotna, nepi ka barudak ge dititah nyebut Enin, nenehna tina nini.

Kang Sabri ngemprid lumpat, ngurilingan taman di komplék imahna. Mimiti mah diajam hayang bari ngasuh si bungsu lulumpatan téh. Tapi budak magol, embungeun, dipaksa ge kalah ceurik bari montel ka indungna. Haté kang Sabri asa digerihan. Rumasa ari kituna mah, tambélar ka budak. Budak téh tara pisan nyebut ayah, da kitu dibasakeunana di kulawargana, ka bapa nyebut ayah ari ka indung nyebut ibu. Can kungsi kang Sabri digeroan ayah ku nu bungsu ti saprak budak diajar ngomong, Tong boro digeroan, dalah dideukeutan gé budak téh ngadon murengked, siga nu sieun. Pan ari batur mah budak lalaki jeung bapa teh sakitu sok ruketna, gegelutan téa, silih kélékéték téa. Ieu mah éstu siga nu embung wawuh. Tapi ari ka batur mah teu bauan, malah ku batur mah sok disebut wanter. Atuh jeung lanceuk lanceukna sakitu ruketna, lucu mun geus nyebut tétéh, bari rada cadél téa. Ka lanceuk nu panggedéna sok ménta dipanggambarkeun lauk emas atawa guramé, da karesepna kana lauk cai. Mun dahar jeung lauk emas atawa guramé sok cacamuilan siga nu ni’mat.

Sadar kana karumasaan sok tambélar ka kulawarga, kang Sabri ngarobah diri, unggal poé peré sok ngusahakeun aya diimah, ambih bisa babarengan jeung anak-anakna. Ngarobah kitu teh geus aya sababaraha bulan kaliwat, ngan can kaciri aya hasilna utamana ka budak nu bungsu.. Cara poé Saptu ayeuna. Bagja temen mun bisa olah raga bareng sakulawarga, nungtun budak, meuli surabi sisi jalan atawa meuli bubur hayam, dahar cacaleuhakan bari gogonjakan, sakalian mépés késang.

Keur kang Sabri nyigcrig leumpang gancang, bari rada ngahégak, hapéna disada, tuluy ditembalan. Tong boro keur olah raga, dalah keur mandi gé hapé téh kudu wé deukeut manéhna.“Pa, kadu tos dikintun opat puluh kilo, biasa ka jalan Buah Batu” cék nu nelepon.“Nuhun, tong maké istilah kadu atuh bisi KPK apaleun, ganti ku istilah guram锓Siap pa, asal proyékna nu sanés kénging deui ku abdi”“Bisa diatur, tos nya, nuhun” cék kang Sabri bari nutup hapéna.

Kang Sabri leumpangna beuki gancang, aya rasa bungangang, bari nyusut késang nu mimiti renung dina tarangna. Aya dua kuriling deui mah, ngurilingan taman, terus mulang.Di hareupeun imahna leumpang rerencepan da kadéngé budak nu bungsu ceuceuleukeuteukan, sigana keur diheureuyan ku lanceukna. Enyaan budak téh hégar, enyaan budak téh capétang, enyaan budak téh sonagar.

Kang Sabri teu kaampeuh hayang ngiluan ka nu keur heureuy, panto dibuka disakalikeun bari nyebut “Baaa…”. Angkanan mah budak téh rék tambah nyeuleukeuteuk, tapi kalah ngagoak tarik bari nyebut “Onyééét…” tuluy ngagbrug ka lanceukna, siga nu sieun. Kang Sabri ngarengkog, nu tadina hayang heureuy jeung budak téh jadi ceuleumeut. Jep imah jempling, nu bungsu ngingsreuk. Torojol pamajikan kang Sabri ti dapur “Aya naon?” cenah. Euweuh nu ngajawab, ngan budak wé nelenjeng ngagabrug ka indungna.Kang Sabri ngaléos, ucul-ucul baju olah ragana, gebrus mandi. Bérés mandi tuluy saged, ngaluarkeun mobil, ngaguluyur teuing kamana. Dina pikir kang Sabri naha budak téh nyebut onyét ka dirina, naon atuh onyét téh.Ampir tabuh lima soré kang Sabri kakara mulang bari rébo ku babawaan aya bubuahan, aya lauk

Page 9: Carpon Nguseup

guramé, aya kuéh jeung cocooan.

Di imahna kasampak Bi Amah keur ngajar ngaji ka barudak, kitu wé maca Qur’an, nu bungsu ge milu sila andekak deukeut bi Amah, maké sarung leutik jeung dipéci bodas. Pantes budak téh jeung kasép deuih.Kang Sabri gé ngilu diuk deukeut pamajikanana, babawaanana mah cul wé nambru di tengah imah.Bi Amah geus biasa ngajar ngaji, atuh kana maca buku umum gé dokoh, pokna gé “Maca mah naon wé, nu saé kanggo picontoeun, nu awon kanggo pieunteungeun”. Jeung ongkoh deuih ku pamajikan kang Sabri dipupujuhkeun pisan, supaya barudak diajar ngaji bari ngadagoan waktuna magrib.Geus kabiasaan mun bérés ngajar ngaji, bi Amah sok terus ngadongéng, tara lila paling gé saparapat jam. Mimindengna nu didongéngkeun téh monyét jeung kuya. Barang ngadéngé rék ngadongéng téh budak mani émprak, atoh sigana. Harita gé Bi Amah ngadongéng monyét jeung kuya, monyét nginjeum suling tulang maung nu kuya, tapi teu dibikeun deui.Cék Bi Amah “Tah urang mah teu kénging siga onyét, teu kenging hawek, teu kenging cilimit, teu kenging makmak mekmek, teu kenging ngaku barang nu batur, saur jaman ayeuna mah teu kénging korupsi, margi éta téh haram, komo upami mésér tuangeun tina artos korupsi mah dipahing pisan”.Celengkeung téh budak nu bungsu ngomong “Hi hi onyét…” bari nunjuk ka kang Sabri, terus budak téh maléngos bari ngajebian ka lanceukna.Lanceuk-lanceukna sareuri, ari Bi Amah jeung indungna mah ngabetem wé, kang Sabri seuri maur.

Peutingna sanggeus barudak sararé, kadéngé tinggerendeng obrolan salaki pamajikan, nu kadéngé téh omongan pamajikanana.“Kang urang candak hikmahna wé, da murangkalih mah suci bersih kénéh, boa urang nu kirang wiwaha, bilih urang kantos gaduh kalepatan boh saur agama boh darigama”.

Page 10: Carpon Nguseup

PANONPOE

Cahayana teu ereun-ereun nyaangan alam urangAri rek peuting panonpoe tilem

Nepi kiamat panonpoe moal bakal poho nyaangan alam urangDi langit ieu

Rumangsa takjub ku ciptaan gusti AllahAllah nu maha sagal-galana

   Sa tata surya ieu panonpoe nu jadi pusatna   Endahna ciptaan gusti nu maha agung

   Pikeun urang sadayana

   Tong hilap urang bersyukur   Isuk-isuk panonpoe terbit ti palih timur

   Aya amanah ti gusti Allah   Ngajaga jeung ngarawat anu geus di bikeun ka urang sadayana

KAMELANG (keur hiji ngaran)

Rumingkangna kalangkangngan sakolebat,bihari

rumenghapna katangen na poe nu simpe: duh ,tresna teh endah

mun diwincik ku iman jeung kaheman

Sanggeus midangdam katugenahbalebat ngincid ka landeuh,

aya hariring jempling peutingngageuing diri

pinasti patelak jeung harti

BATU HIU

Jumegurna ombakneumbag dadamasing parna,

taya soranganaha-nahabongan saha?!

Awak buligirbet asa keur budak

kokojayan silih simbeuhpoho waktu,nataku

Dicarek teu ditalekpoe isuk tangtu ...mulang!

Page 11: Carpon Nguseup

CIPEUCANG

Kacatur kacaritakeun cak kolot, dihiji tempat anu ayana di Kabupaten Bekasi, Kecamatan Bojongmangu, Desa Sukamukti aya hiji lembur nu ngarana Cipeucang. Kunaon eta lembur teh dingaranan Lembur Cipeucang, cak kolot baheula diieu lembur teh loba sasatoan terutama Peucang, Sato bangsaning embe anu awakna letikan ti embe.Di ieu tempat teh aya cai anu ngocor titungtung kidul nepi tungtung kaler nu di sebut Cipamingkis. Tah di Cipamingkis ieu bangsaning sasatoan ngarinum terutama Peucang. Kusabab cai teh jadi tempat kahirupan mahluk anu harirup sato, tatangkalan oge jalma kabeh ngabutuhkeun cai.Tah kusabab kitu ieu Lemburteh dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna tina ngaran sato nyaeta Peucang jeung cai anu ngalir di eta tempat, Ci = Cai anu ngalir di eta tempat, Peucang = sato anu loba baheula didinya. Disebut weh Cipeucang.Nepikeun kiwari oge masi aya keneh Cipamingkis anu ngalir di Cipeucang, jeung masi loba jalma lamun usum halodo kacarainateh ka Cipamingkis eta.Jeung hiji deui di ieu lembur teh lahir saurang jajaka nu ganteng ngalempereng koneng loba nu resep jeung nu bogoh. Tepatna kaping 16 sasih Mei warsih 1987 di lahir keunana. Dugi ayeuna eta jajakateh aya keneh ayeuna kuliah di UPI Kampus Purwakarta nu jenenganana Ojim Suryana tea.

KUYA NGAGANDONG IMAHNA

Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumateh indit isuk

Page 12: Carpon Nguseup

datang sore magrib.Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina.Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya teh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya teh ceurik.Keur kitu jol bae Monyet kolot. Monyet ngomong ka sakadang Kuya, “tong ceuri sakadang Kuya ngieun deui imahmah!”“Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah teh bareto kabawa angina. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?” cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero.Eta papatah teh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya teh sok dibabawa bae, digagandong.

SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU

Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu tos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atuh bendu pisan si anjeunanana. Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung gadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu

Page 13: Carpon Nguseup

kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.