Bahasa Sundaaa

download Bahasa Sundaaa

of 13

description

bahasa sunda

Transcript of Bahasa Sundaaa

B. SASAKALAGunung tampomasKacaritakeun, Gunung Ged anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas ark bitu. Rahayat Kabupatn Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun ta Gunung Ged bener-bener bitu?Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan ta bupati th pohara towksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan g anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras ngmutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatnaKu pangjurung kanyaah ka rahayat ta, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja mujasmdi neda pituduh ti paradwa. Susuganan ku jalan kitu, anjeunna tiasa mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna.Ku cengeng-cengengna nu mangadep, alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati tinekanan. Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpn kasumpingan hiji aki-aki. ta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas th, pok sasauran anca pisan, Putu yang anu kasp, yang geus terang kumaha kabingung hidep. yang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa leupas tina kahariwangna. ta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan putra dalem anu dijieun tina emas. Poma hidep ulah deuk ngortkeun. Tah, sakitu ba ti yang.Sabada sasauran kitu, ta aki-aki th les ba leungit tina impnan Kangjeng Bupati. Satampina ta ilapat, nggal ba Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta teras nyandak keris pusaka.nggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung Ged. Rurusuhan da sieun bitu mantn. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat ka puncak gunung mah, teu tgaeun ngantep. Bring ba naluturkeun.Sadugina ka puncak Gunung Ged, Kangjeng Bupati teu talangk, ngan lung ba ta keris th dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun th ngan bati colohok, da ta keris th stu kageugeut pisan Kangjeng Bupati. Barang ta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun th jemp. Lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagtna, timbul kabungah rahayat th. Ger ba surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun. Sakabh rahayat ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk dayeuh.ta maksud kasatiaan rahayat th ku Kangjeng Bupati ditampi kalayan dareuda, bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa nyingkahkeun balai, bingah lantaran bisa nyalametkeun rahayatna.Tah, nya ti harita pisan ta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun, malah mun pareng po per mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka puncakna.wewengkon pariwisata. Boh keur sukan-sukan, atawa ngadon tatamba pangpangna caina matih pikeun nu katarajang kasakit kulit. Nya kitu deui Tarogong ayeuna leuwih rame batan kampung Korobokan. Padahal samemehna mah Korobokan teh puseur dayeuh karajaan Timbanganten. Tapi ayeuna mah ukur ngaran kampung. Tarogong mah beuki lila beuki rame. Garut katelah jadi Kota Inten.Unsur intrinsik:-Tema:-Latar:-Alur:-Tokoh:-Amanat:C. Dongeng FabelSakadang kuya jeungmonyetIsuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya ta Sakadang Monyt.Sakadang Kuya! Sakadang Monyt ngageroan.Kuk! Tmbal Sakadang Kuya.Sakadang Kuya!Kuk!Sakadang Monyt nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.Keur naon Sakadang Kuya?Ah keur kieu w, keur moyan.Ti batan cicing kitu mah mending ngala cab, yu!Di mana?Di kebon Patani, mangka cabna geus bareureum.Embung, ah. Sakadang monyt mah sok gandng.Moal, moal gandng ayeuna mah.Nyaan moal gandng?Moal, nyaan moal gandng.Hayu atuh ari moal gandng mah.Bring atuh Sakadang Monyt jeung Sakadang Kuya th indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katmbong cab pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyt ngaluncatan pager. Terus ba ngaralaan cab, didalahar di dinya knh.Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah ba ladaeun. Kitu deui sakadang monyt. Keur kitu, ana gorowok th Sakadang Monyt ngagorowok.Seuhah lata-lata! Maksudna mah seuhah lada-lada.Ssst, Sakadang Monyt, ulah gandng atuh!Sakadang Monyt henteu ngawaro.Seuhah lata-lata!Sakadang Monyt! Bisi kadngeun ku Bapa Tani.Tapi Sakadang Monyt api-api teu ngadng. Gorowok deui ba.Seuhah lata-lata!Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyt anu tarik kadngeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katmbong aya monyt jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cab.Beunang siah nu sok malingan cab th! Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cab.Ngadng aya nu ngagebah, gajleng ba Sakadang Monyt ngejat, trkl kana tangkal kai.Sakadang Monyt, dagoan! Sakadang Kuya ngagorowok mnta tulung. Tapi Sakadang Monyt teu malir, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngaddod ba. Kerewek ba ditwak ku Bapa Tani.Beunang ayeuna mah nu sok malingan cab aing th. Ku aing dipeuncit! Ceuk Bapa Tani.Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rk dipeuncit.Peutingna, sakadang Monyt rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.Ssst, Sakadang Kuya, keur naon? Sakadang Monyt nanya.h, geuning Sakadang Monyt, Puguh kuring th keur ngararasakeun kabungah.Kabungah naon Sakadang Kuya?Nya ta, kuring th rk dikawinkeun ka anak Bapa Tani.Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?Enya.Nu bener Sakadang Kuya?Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.Ngadng omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyt ngahuleng sajongjongan.Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat? ceuk Sakadang Monyt.Tukeur tempat kumaha?Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.Ah, embung.Kuring mah karunya w ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani th.Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya th lh dt.Heug ba tukeur tempat, tapi aya saratna, ceuk Sakadang Kuya.Naon saratna?Saratna mah gampang. Sammh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.Enya, ntng atuh kitu mah.Heunteu talangk, Sakadang Monyt ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung ba Sakadang Kuya th dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyt buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup ba ngurungan manh ku kurung hayam. Ngadedemps ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.Kocapkeun isukna.Manhna, ka mana bedog th? Urang asah, ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.Rk naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?Itu urang meuncit kuya di pipir.Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana th kadngeun ku Sakadang Monyt. Manhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing th rk dipeuncit, lain rk dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rk kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang ba atuh Sakadang Monyt th papahan, ngabugigag kawas bangk.Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.Bapa! Bapa!Aya naon, Nyai?Ieu geuning nu dina kurung th lain kuya.Naon Nyai?Monyt, jeung siga nu geus pah deuih!Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya ba geuning dina kurung th aya monyt ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyt dialak-ilik.Naha bet jadi monyt? Jeung pah deuih.Enya, ta mani geus jeger kitu, ceuk pamajikanana mairan.Monyt th dicokot ku Bapa Tani, lung ba dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, korjat monyt th hudang, berebet lumpat, kalacat ba nak kana tangkal kai.Unsur intrinsik:-Tema:-Latar:-Alur:-Tokoh:-Amanat:

D. Dongeng MiteLutung kasarungKacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti pramswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbandah, nu katilu Purbadwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari.Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, bad tatapa di leuweung.Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara th lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.Atuh munasabah ba, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra dwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpn gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapiulah torojogan, anggo heula ieu raksukanlutung!Jangglk Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Lngsr kudu ments Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung.Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung nangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum og taya nu ngarayap ck wiwilanganana mah.Aki Panyumpit th mh pegat pangharepan. Barang rk mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rk disumpit, celengkeung th lutung nyoara: h, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring th rk ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton.Sukur atuh, sok geura turun, walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhorng Lutung Kasarung ta. Dwata minda rupa turun ka dunya.Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rk dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, Lngsr pasrahkeun ba ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.Nya atuh ku Lngsr dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna th bet: Dak soth ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing! Deregdeg lngsr ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu knh. Pajarkeun th, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tth.Lngsr mulang deui ka Purbararang, pokna th, Nya sok ba atuh, bisi pajar nampik pasihan rama.Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun.Keur jarongjong ninun, ari koloprak th taropong Purbararang moncor ka kolong bal.Cing Adi, pangnyokotkeun taropong!Ih, Tth, apan boga bujang lutung, Ck Purbaleuwih.Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong bal!Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari brwk th dibbkkeun mani jadi lima, sor disodorkeun!Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibbkkeun! Lngsr! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!Jut Lngsr turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari.h Mama Lngsr, geunig Si Tth aya knh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun gorng, tamba jemp nu nyorangan. Hatur nuhun bjakeun ka Si Tth.Tutas haturan, Lngsr mulang ka karaton.Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolr dina palupuh sabbk, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.Utun, urang sar jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!Oaah, Sang Putri, lutung mah tara sar jeung manusa, bisi geuleuheun!Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan.h, deudeuh teuing. Putri th nalangsa pisan. Aing rk nnda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung sar, gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.Raksukan digdogkeun, bray baranang siga bntang, kakaspan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajengglng karatonna, leuwih agrng ti nagara. Purbasari dipangku, dibogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Jangglk Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi bal kancana.Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu gorng budi ti leuleutik, nu gorng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.Mimitna Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan th laksana.Tuluy Purbasari dititah ngala bantng ti leuweung. Ku kasaktn Lutung Kasarung, bantng th katungtun ku Purbasari ka nagara.Purbasari dipents nyieun pakarang tatann tm bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahad-had ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibr pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu had. Tapi Purbasari unggul knh.Rupa-rupa kol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu welh Purbasari anu unggul.Tungtungna Purbararang pinuh ku hat dir jeung ujub, ngajak pakasp-kasp beubeureuh, Sagorng-gorngna beubeureuh manhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasp-kaspna beubeureuh Purbasari, lutung.Purbasari lh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk.Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagdogkeun raksukanana, baranyay hurung, jangglk jadi Guruminda deui.Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi pramswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadrkna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.Unsur intrinsik:-Tema:-Latar:-Alur:-Tokoh:-Amanat:

E. Dongeng parableSi Kabayan Ngala TututCek Ninina, Kabayan ulah hees beurang teuing. Eweuh pisan gawe sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.Cek si Kabayan, Ka mana ngalana?Cek ninina, Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.Leos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katembong tututna loba, lantaran caina herang, jadi katembong kabeh. Tututna pating goletak.Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katembong kalangkang langit dina cai. Manehna ngarasa lewang ningali sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero soteh kalangkang langit.Cek Kabayan dina jero pikirna, Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina. Kumaha dialana eta tutut teh? Lamun nepi ka teu beunang, aing era teuing ku Nini. Tapi eta tutut teh sok dialaan ku jalma. Ah, dek dileugeutan bae ku aing.Geus kitu mah Si Kabayan leos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyere, dijeujeuran ku awi panjang, sabab pikirna rek ti kajauhan bae ngala tututna moal deukeut-deukeut sieun ti kecebur.Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut meh sapoe jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua bae. Kitu oge lain beunang ku leugeut, beunang soteh lantaran ku kabeneran bae. Tutut keur calangap talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah eta leugeut teh teu daekeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleuran.Di imah ku Nini na didagoan, geus ngala salam, sereh jeung koneng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng ba, tuluy disusul ku Nini na ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.Cek ninina, na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?Cek Si Kabayan. kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katembong langit.Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun, brus ancrub ka sawah.Cek Si Kabayan, hehehey da deet.Unsur intrinsik:-Tema:-Latar:-Alur:-Tokoh:-Amanat:A. Dongeng sageBabad Layung LalungseGeus jadi sabiwir hiji, kakoncara ka mana-mana, lamun baheulana nagara urang th boga julukan nagara maritim. Karajaan-karajaan anu aya di Nusantara, Boh anu aya di tatar Pasundan atawa di luar parahyangan loba kacaritakeun kahbatanna. Ieu disalunyuan ku para ahli sajarah dunia, saperti Sejarawan Jepang anu ngaranna Sakurata San, dina buku nu judulna; Hoena Kasikati Pesoku ( Sajarah Pasifik), nulis dina basa Jepang : akinasohak mitsubishi takunaiki, dakunaiki jugata majuwae. Makanaku lariazha anu pihartieunna kira-kira, kuring boga bukti-bukti lamun salah sahiji karajaan geus pernah meuntas nepika palabuan Seizu nu aya di Jepang.Sajarawan Sunda sorangan kurang soson-soson ngayakeun panalungtikan ngeunaan karajaan mana anu pernah ka palabuan Seizu anu aya di Jepang th? Anu manghrankeun, lolobana anu bener-bener konsern kana hal kieu th malah ahli-ahli mancanagara saperti; Ricardo Pendi Sumphena (Spanyol), Adulof Herrypuddiencth (Jerman), Phepen Omant (Vietnam), Kereshek Gumaransev (Russia), jeung Van Ghuoblogh (Walanda). Para ahli mancanagara th ngagabung dina hiji lembaga panalungtikan sajarah Sunda, SHOUN = sundanesse historical organization for united nation.Aya hiji sajarawan Sunda nu ulubiung dina ta lembaga nyata Profesor DR Encuy Samsiddin, guru besar sajarah ti Hesehitouth University , California.Hasil gempungan jeung gaw Nu rancag ti para ahli th nyata kapanggihna hiji naskah sunda kuno anu umurna th leuwih kolot dibandingkeun naskah Amanat Galunggung anu ditulis ku Prabu Guru Darmasiksa. Naskah anu ditulis dina kulit waru th jumlahna ngan dua kaca (halaman), tapi jadi bukti jeung pituduh ngeunaan karajaan Sunda Kuno. Kabh ahli geus nangtukeun lamun ta naskah ditulis ku hiji Raja jauh samemeh ayana karajaan-karajaan di Nusantara saperti Kutai jeung Tarumanagara.Aya dua pada anu jadi lulugu utama naskah ieu nyata:Sing sang aha akuNu neuleuman babad layung lalungsehDia ge nyaho yen nu huninga neratingaing sri peucang kadut raja diKartunamarangga, ge sebutna Raja Waluh.Hartina; saha-saha anu ngaguar ieu naskah nu judulna Layung Lalungs, bakal ngarti yn anu nulisna th Raden Peucang Kadut, hiji Raja Kartunamarangga anu disebut og karajaan Waluh.Pada anu ka-dua dina ta naskah nguningakeunDia sing waspada, sri peucang akuna garwa nyimas gelung, anu putrana raden menak remehanbaya wastana raden keuyeup apu, anak lan incuna ngaing daradi menak kabeh.Anu hartina ( manh kudu bener, Raden Peucang boga istri nyata nyimas Gelung, tuluy boga putra nyata Raden Menak Remehanbaya anu katelah Raden Keuyeup Apu. Anak jeung incuna bakal jareneng jadi raja.Panalungtikan teu cukup nepika dinya, da diteruskeun ku panalungtikan arkeologis. Para ahli ngagali, di beulah wtaneun wewengkon kampung Waluh Resmi, aya hiji candi leutik anu dibr ngaran Candi Waluh dan bentukna Buleud tur buleneng kawas waluh.Kabh satuju, lamun Raja Peucang pernah meuntas lautan , patepung jeung raja Seizu, Pangeran Huizampeunahawu. Buktina mangrupa ayana sababaraha barang anu sarua umur jeung Bentukna antara Karajaan Waluh jeung karajaan Seizu.Hasil panalungtikan ieu, mukakeun deui hiji misteri, lamun urang Sunda kuno th jalma-jalma lampar, tukang lumampah jauh. Para ahli nyimpulkeun panalungtikanna dina hiji jurnal anu dibr judul The Journal of Waluh and Raden Peucang.Unsur intrinsik:-Tema:-Latar:-Alur:-Tokoh:-Amanat: