Bahan ajar 9.5

7
BAHAN AJAR-5 Drama Baca sempalan drama komédi (bobodoran) di handap kalawan bener lentongna, luyu jeung pituduh guru ! HAJAT Isuk-isuk Juragan pameget sareng juragan istri karalang-kuriling, teu daék cicing bangun bingung. Juragan Istri : “ Tah… meungpeung teu acan aya tamu, meungpeung rineh, ibu hoyong sasanggem ka Apa!” Juragan pameget : “ Nyarita naon? Rék naon ? Aya naon, Bu? Naon ieu teh, naon ?” Juragan Istri : “ Ké..ké ..ké..Bapa, tenang heula..tenang! Yeuh Bapa urang téh pan nuju hajat, Cik atuh, Pa.. sing gumbira, sing cénghar! Ieu mah ditingali-tingali ku Ibu ti tatadi ngan baeu..d baé ambek-ambekan! Ku naon, Pa, cik.. ku naon? Aya naon ? Naon atuh” Juragan pameget : “ Tenang atuh, Bu! Rék teu ambek- ambekan kumaha, geus pugur rék hajat, der, suku kacugak ku paku. ?” Juragan Istri : “ Teu kedah ambek-ambekan atuh, Pa,kedahna mah Bapa téh ngaraos syukur kacugakna téh ku paku, cobi upami kacugakna ku linggis, badé kumaha ?!” Juragan pameget : “ Eu.. kamana wae Ibu mah nyarita téh!”

description

Bahan ajar 9.5

Transcript of Bahan ajar 9.5

Page 1: Bahan ajar 9.5

BAHAN AJAR-5Drama

Baca sempalan drama komédi (bobodoran) di handap kalawan bener lentongna, luyu jeung

pituduh guru !

HAJATIsuk-isuk Juragan pameget sareng juragan istri karalang-kuriling, teu daék cicing bangun

bingung.

Juragan Istri : “ Tah… meungpeung teu acan aya tamu, meungpeung rineh, ibu

hoyong sasanggem ka Apa!”

Juragan pameget : “ Nyarita naon? Rék naon ? Aya naon, Bu? Naon ieu teh, naon ?”

Juragan Istri : “ Ké..ké ..ké..Bapa, tenang heula..tenang! Yeuh Bapa urang téh pan nuju

hajat, Cik atuh, Pa.. sing gumbira, sing cénghar! Ieu mah ditingali-

tingali ku Ibu ti tatadi ngan baeu..d baé ambek-ambekan! Ku naon, Pa,

cik.. ku naon? Aya naon ? Naon atuh”

Juragan pameget : “ Tenang atuh, Bu! Rék teu ambek-ambekan kumaha, geus pugur rék

hajat, der, suku kacugak ku paku. ?”

Juragan Istri : “ Teu kedah ambek-ambekan atuh, Pa,kedahna mah Bapa téh ngaraos

syukur kacugakna téh ku paku, cobi upami kacugakna ku linggis, badé

kumaha ?!”

Juragan pameget : “ Eu.. kamana wae Ibu mah nyarita téh!”

Juragan Istri : “ Atuda lepat, Apa mah, tos terang badé hajat, der ieu mah riweuh

ngoprék kandang domba! Pakuna pabalatak, pan janten kacugak!”

Juragan pameget : “ Ngoméan kandang domba sotéh , pedah panto kandangna rék lésot!

Teu dioméan mah paur atuh, Bu, kuma lamun keur parasmanan domba laleupas! Pan

riweuh, atuh! Mangkaning domba adu wungkul, kuma lamun domba diadu jeung sémah?”

Juragan Istri : “ Bapa mah upami diajak nyarios téh sok teu puguh, Ibu mah lieur!”

Juragan pameget : “ Atuda enya, eu..keur mah suku kacugak, jol deui piambekeun séjén!”

Juragan Istri : “ A..ya naon deui, Bapa..?”

Juragan pameget : “ Tingal ku Ibu!… (némbongkeun surat ondangan) Tah, surat ondangan!

Gara-gara si Kudin, jelema atah adol, di sadunya gé moal aya jelema

Page 2: Bahan ajar 9.5

ceuleupeung siga si Kudin, ka mana deui ayeuna jelemana? Udin!…

Udin!.. Udin..!” (ngagorowok tarik)

Juragan Istri : “ Pa, teu kedah gogorowokan nyauran Si Udin mah! Lalaunan wé! Udin

! (lalaunan)”

Udin : “ Kulan ! (tarik)

Juragan Istri : “ Nya, saur abdi ogé!”

Udin : “ Badé aya naon, Juragan?

Juragan pameget : “ Udin! Silaing dititah nyieun ondangan ku déwék, di mana silaing

nyieun ondangan ieu ? ”

Udin : “ Di Si Ték An, Gan.. réréncangan abdi.”

Juragan pameget : “ Terus nanaonan, di..na surat ondangan, ngaran déwék tukangna maké

ésha (SH)? Pan silaing gé nyaho, déwék mah lain sarjana hukum!

Era ..deuleu ku batur!”

Udin : “ Emm…Ieu mah kieu, Gan, basa abdi ka Si Tek An, di ditu tos aya

jalmi duaan, sami badé ngadaramel serat uleman, tah duanana ogé, anu

garaduh hajatna gé ngaranggo SH, kitu! .. Kitu, Gan!.. Tah..eu.. abdi

gé nurutan wé! Jenengan Juragan dipengkerna nganggo SH, da émutan

abdi mah, SH téh pasti singketan tina Sohibul Hajat!

Juragan pameget : “ Nya…! Si éta mah kitu da, dasar jelema celeupeung Si Kudin mah!”

Juragan Istri : “ Na.. ari maneh..atuh Kudin…aya-aya..waé!”

Juragan pameget : “ Terus nanaonan, ieu, ngaran dewek suminta, kunaon euy di hareupna

teu maké R.. Raden Suminta kituh!”

Juragan Istri : “ Lah..atuh, Pa, sawios teu nganggo R ogé, teu aya sahurup mah moal

aya pangaruhna!”

Juragan pameget : (langsung nempas)“Is..ceuk saha? Bu, ceuk saha euweuh pangaruhna?

Leungit sahurup gé béda harti atuh ! Geura wé..ucing, leungitkeun

hurup G- na, jadi ucin! Jelas beda atuh! Ari ucing mah sato, ari si Ucin

mah tukang cukur! Maenya aya Ucin dahar beurit? Teu kira-kira,

dimana aya tukang cukur dahar beurit? ”

Udin : “ Teras, Bandung Gan, teu aya hurup G-na, janten Bandun, Bandun kota

kemban, pan ngalaguna ge hoyong seuri, Gan!”

Juragan pameget : “ Montong ngabodor, siah! Lieur ka aingna gé!”

Juragan Istri : “ Geura..wé, ucing, upami teu aya hurup G-na janten ucin!”

Juragan pameget : (némpas) “Eta mah bodoran Bapa, bieu! Asa lalieur aing mah!”

Page 3: Bahan ajar 9.5

PANGAWERUH DRAMA

Drama dina istilah sunda sok disebut sandiwara atawa pintonan anu ngawengku adegan-

adegan jeung obrolan antara pamaénna. Ulikan dina pangajaran basa jeung sastra Sunda

ngeunaan drama teu ngutamakeun ngeunaan naskah wungkul, tapi ogé ngulik kumaha

prakprakan mintonkeun drama luyu jeung naskah nu aya.

Upama niténan naskah drama, ku hidep bakal kapanggih aya sababaraha hal nu patali

jeung eta eusi naskah.

1. Aya nu disebut prolog, nyaéta gambaran ti pangarang naskah ngeunaan kaayaan atawa

paripolah palaku. Tujuanana sangkan nu maca atawa nu rék merankeun éta drama bisa

neuleuman maksudna.

Contona:

1) Isuk-isuk Juragan pameget sareng juragan istri karalang-kuriling, teu daék

cicing bangun bingung.

2) Di tengah imah Si Sabar jeung indungna keur uplek ngobrol ngalér ngidul bari

nyanghareupan cai entéh nu masih kénéh ngebul. Lalawuhna kulub sampeu

anu kakara meunang nyait tina aseupan. Si Sabar diuk bangun ajrih

nyanghareupan indungna anu ngagelendut baé mapatahan ka manehna.

2. Aya nu disebut dialog, nyaéta obrolan antara hiji palaku jeung palaku séjénna.

3. Aya nu disebut epilog, nyaéta panutup catur ti pangarang.

Contona: Lantaran Si Sabar budak nu soléh tur taat kana piwuruk indung, nya ti harita

manehna jeung indungna tetep renggenek di karajaan. Indungna dipercaya

pikeun mingpin paraemban, atuh Si Sabar diangkat darajatna jadi minantu

raja.

Maca naskah drama béda jeung maca karya sastra séjénna saperti sajak, carpon atawa

dongéng. Saméméh maca drama kalawan bedas, hidep kudu maca jero haté heula. Gunana

pikeun nangtukeun lentong jeung gaya dina maca. Sajaba ti éta ogé pikeun niténan bisi aya

kecap anyar nu can nyaho hartina. Lentong dina maca naskah drama kacida lengkepna.

Upamana baé aya lentong kalimah pananya, lentong kalimah panyeluk, jeung lentong

kalimah wawaran.

Page 4: Bahan ajar 9.5

Dina sempalan naskah drama di luhur aya sababaraha conto kalimah wawaran, kalimah

panyeluk jeung kalimah pananya. Titénan ku hidep tuluy pok baca sing bedas kalawan bener

lentongna !

1. “ Udin! Silaing dititah nyieun ondangan ku déwék, di mana silaing nyieun ondangan ieu ?

2. “ Di Si Ték An, Gan.. réréncangan abdi.”

3. “ Terus nanaonan, di..na surat ondangan, ngaran déwék tukangna maké ésha (SH)?

Pan silaing gé nyaho, déwék mah lain sarjana hukum! Era ..deuleu ku batur!”

4. “ Na.. ari manéh..atuh Kudin…aya-aya..waé!”

LEMBAR KERJA SISWA

UJI KOMPETENSI

Sabada niténan conto sempalan naskah drama di luhur, cing jieun ku hidep naskah drama

singket. Sing ngaguluyur saperti conto naskah drama di luhur! Eusina bisa nyaritakeun

kajadian di sakola.

1. ................................................................................................................................................

2. ................................................................................................................................................

3. ................................................................................................................................................

4. ................................................................................................................................................

5. ................................................................................................................................................

6. ................................................................................................................................................

7. ................................................................................................................................................

8. ................................................................................................................................................

9. ................................................................................................................................................

10. ................................................................................................................................................