BAB III MÉTODE PANALUNGTIKANrepository.upi.edu/29396/6/S_DB_130199_Chapter3.pdf · (Arikunto,...
Transcript of BAB III MÉTODE PANALUNGTIKANrepository.upi.edu/29396/6/S_DB_130199_Chapter3.pdf · (Arikunto,...
24
Diah Ulfa, 2017 KASENIAN GONDANG BUHUN DI KAMPUNG KUTA DÉSA KARANGPANINGAL KACAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
Métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina
ngumpulkeun data panalungtikan. Métodena mangrupa angkét, wawancara,
pengamatan atawa obsérvasi, tés,jeung dokuméntasi (Arikunto, 2013, kc. 203).
Nurutkeun Sugiyono (2015, kc. 3), métode panalungtikan nya éta cara ilmiah
pikeun nyangking data anu miboga udagan jeung mangpaat nu tangtu.
Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kualitatif
déskriptif. Métode kualitatif nurutkeun Bogdan jeung Taylor (dina Basrowi jeung
Suwandi, 2008, kc. 21), nya éta prosedur panalungtikan anu ngahasilkeun data
déskriptif, mangrupa kekecapan anu ditulis atawa sacara lisan mangrupa omongan
ti jalma-jalma jeung paripolah nu bisa ditalungtik.
Kecap déskriptif asalna tina basa Inggris to describe nu hartina
ngajéntrékeun hiji hal, misalna kaayaan, kondisi, situasi, peristiwa, kagiatan, jrrd
(Arikunto, 2013, kc.3). Moleong (2011, kc. 11) nétélakeun yén déskriptif nya éta
data anu dikumpulkeuna mangrupa kecap-kecap, gambar, lain angka-angka.
Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun
ngadéskripsikeun unsur semioik nu aya dina Kasenian Gondang Buhun
ngagunakeun modél Charles Sanders Pierce. Ieu panalungtikan museur kana
sajarah Kasenian Gondang Buhun, prak-prakan Kasenian Gondang Buhun, jeung
ngalarapkeunana dina bahan pangajaran maca artikel di kelas XII SMA.
3.1 Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan nya éta rarancang kabéh hal jeung kagiatan anu
dilakukeun ku panalungtik ti saacan panalungtikan, keur dilaksanakeun
panalungtikan, sarta nepika aya kacindekan jeung laporan panalungtikan.
Sacara gurat badag, desain dina ieupanalungtikan miboga udagan pikeun
ngadéskripsikeun sajarah Kasenian Gondang Buhun, prak-prakan pintonan
Kasenian Gondang Buhun, unsur semiotik nu nyampak dina Kasenian Gondang
Buhun, jeung larapna pikeun bahan pangajaran maca di kelas XII SMA. Saupama
digambarkeun, desain dina ieu panalungtikan saperti ieu di handap.
25
Diah Ulfa, 2017 KASENIAN GONDANG BUHUN DI KAMPUNG KUTA DÉSA KARANGPANINGAL KACAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Bagan 3.1
Desain Panalungtikan
TUJUAN PANALUNGTIKAN
Ngadéskripsikeun:
1. sajarahjeung kamekaran Kasenian Gondang Buhun;
2. prak-prakan dina Kasenian Gondang Buhun;
3. unsure semiotik nu nyangkaruk dina Kasenian Gondang Buhun;
4. ngalarapkeun hasil panalungtikan ngeunaan unsur semiotik dina gondang
buhun kana bahan pangajaran maca artikel di kelas XII SMA.
3.2 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan
3.2.1 Lokasi Panalungtikan
Lokasi anu dijadikeun tempat pikeun nyangking data ngeunaanKasenian
Gondang Buhun téh nya éta Kampung Kuta nu aya di Désa Karangpaningal,
Kacamatan Tambaksari, Kabupatén Ciamis, Provinsi Jawa Barat, Indonesia.
Lega wilayah désa Karangpaningal 84,5 héktar anu ngawengku 6 dusun, 7
RW jeung 33 RT. Désa Karangpaningal miboga wates wilayah administratif nya
éta:
• Beulah kalér : Désa Kaso Kacamatan Tambaksari
• Beulah kulon : DésaTambaksari Kacamatan Tambaksari
• Beulah wétan : DésaMatenggeng Kacamatan Dayeuhluhur
• Beulah kidul : Désa Bangunharja Girimukti Kacamatan Cisaga
Ngumpulkeun data
Talaah pustaka
Nganalisis jeung ngolah data
Ngadéskripsikeun hasil analisis jeung olah data
Nyieun kacindekan jeung nyusun laporan hasil panalungtikan
Obsérvasi
Wawancara
Dokuméntasi
26
Diah Ulfa, 2017 KASENIAN GONDANG BUHUN DI KAMPUNG KUTA DÉSA KARANGPANINGAL KACAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Gambar 3.1
PetaLokasi Panalungtikan
1) Kependudukan
Penduduk Désa Karangpaningal dumasar data ahir hasil sensus penduduk taun
2013-2015.
Tabél 3.1
Kependudukan
No Uraian Katerangan
1. Jumlah penduduk 3.185 jiwa
2. Jumlah kepala keluarga 1.198 KK
3. Jumlah penduduk taun saacanna 3.215 jiwa
4. Lega wilayah 984.55A
Tempat panalungtikan
Kantor Désa Karangpaningal
27
Diah Ulfa, 2017 KASENIAN GONDANG BUHUN DI KAMPUNG KUTA DÉSA KARANGPANINGAL KACAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(1) Jumlah Penduduk Dumasar Umur jeung Jenis Kelamin
Tabél 3.2
Jumlah Penduduk Dumasar Umur jeung Jenis Kelamin
No Golongan umur Jenis kelamin Jumlah
Penduduk L P
1. 0 - 12 bulan 47 59 106
2. 13 bulan - 4 taun 69 74 143
3. 5 taun – 6 taun 94 103 197
4. 7 taun – 12 taun 121 131 252
5. 13 taun – 15 taun 117 116 233
6. 16 taun – 18 taun 138 142 280
7. 19 taun – 25taun 127 157 284
8. 26 taun – 35 taun 134 139 273
9. 36 taun – 45 taun 154 162 316
10. 46 taun – 50 taun 156 158 314
11. 51 taun – 60 taun 163 168 331
12. 61 taun – 75 taun 106 126 232
13. ➢ 75 taun 114 110 224
Jumlah 1.540 1.645 3.185
(2) Tingkat Pendidikan Penduduk
Tabél 3.3
Tingkat Pendidikan Penduduk
Katerangan L P jumlah
1. Buta aksara jeung angka latin
a. Umur 7-12 taun 121 131 252
b. Umur 13-15 taun 117 116 233
c. Umur 16-20 taun 157 184 341
d. Umur 21-25 taun 108 115 223
e. > 25 taun 241 287 528
Jumlah 744 833 1.577
2. Tamat pendidikan umum
a. SD 993 954 1.947
b. SLTP 217 266 483
c. SLTA 59 68 8.127
d. Akademi 5 3 8
e. Universitas 9 5 14
Jumlah 1.540 1.645 3.185
3. Tamat pendidikan husus
a. Pasantren 17 21 38
b. SLB 1 - 1
c. Keterampilan 4 3 7
28
Diah Ulfa, 2017 KASENIAN GONDANG BUHUN DI KAMPUNG KUTA DÉSA KARANGPANINGAL KACAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
d. Paket A 17 14 31
Jumlah 39 38 77
4. Remaja putus sekolah
a. SD 39 51 90
b. SLTP 17 11 88
c. SLTA 6 5 11
d. Akademi - - -
e. Universitas - - -
Jumlah 62 67 129
Jumlah 1540 1645 3185
(3) Jumlah Tanaga Medis
Tabél 3.4
Jumlah Tanaga Medis
No Katerangan Jumlah
1. Dokter umum -
2. Dokter gigi -
3. Dokter spesialis -
4. Dokter hewan -
5. Bidan 1
6. Mantri -
7. Perawat -
8. Dukun bayi 5
Jumlah 6
(4) Lembaga Pendidikan
Tabél 3.5
Lembaga Pendidikan
No Kelompok Jumlah Anggota Katerangan
1. PAUD 46
2. TK 27
3. SD 1947
4. SLTP 483
5. SLTA 127
6. MADIN -
7. TPQ -
8. Kursus Basa Asing -
JUMLAH 2.670
(5) Basa
Basa anu digunakeun ku masarakat desa Karangpaningal nya éta basa Sunda.
Loba masarakat désa Karangpaningal nu sakola ka luar kota, ieu hal
29
Diah Ulfa, 2017 KASENIAN GONDANG BUHUN DI KAMPUNG KUTA DÉSA KARANGPANINGAL KACAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ngabalukarkeun asupna basa séjén. Najan kitu, masarakat désa Karangpaningal
tetep dominan maké basa Sunda salaku basa anu dipaké sapopoéna.
3.2.2 Sumber Data Panalungtikan
Nurutkeun Lofland jeung Lofland (dina Basrowi jeung Suwandi, 2008, kc.
169), sumber data utama dina panalungtikan kualitatif nya éta kecap-kecap jeung
paripolah, lian ti éta aya tambahan saperti dokumén jeung sajabana. Nurutkeun
Arikunto (2013, kc. 172), sumber data panalungtikan nya éta subjék data anu bisa
dipaké pikeun nyangking data. Sacara gurat badag sumber data ngawengu tilu
rupa, nya éta jalma (person), tempat (place), jeung kertas atawa dokumén (paper).
1) Jalma (person), nya éta sumber data nu bisa méré data mangrupa jawaban
lisan ngaliwatan wawancara atawa jawaban tinulis ngaliwatan angkét. Jalma
anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan, ditataan ieu di handap.
Tabel 3.6
Data Informan
No Data Informan
1.
Wasta : Sanmarno
Umur : 70
Jenis Kelamin : Lalaki
Pakasaban : Tani
Atikan : SD
Padumukan : Kampung Kuta
2.
Wasta : Surya
Umur : 53
Jenis Kelamin : Lalaki
Pakasaban : Tani
Atikan : SD
Padumukan : Kampung Kuta
3.
Wasta : Warsim
Umur : 54
Jenis Kelamin : Lalaki
Pakasaban : PNS
Atikan : -
Padumukan : Kampung Kuta
30
Diah Ulfa, 2017 KASENIAN GONDANG BUHUN DI KAMPUNG KUTA DÉSA KARANGPANINGAL KACAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.
Wasta : Idar Tarsih
Umur : 57
Jenis Kelamin : Awéwé
Pakasaban : Tani
Atikan : SD
Padumukan : Kampung Kuta
2) Tempat (place), nya éta sumber data tampilan nu mangrupa kaayaan cicing
atawa gerak.
3) Kertas atawa dokumén (paper), nya éta data nu mangrupa tanda-tanda hurup,
angka, gambar, atawa simbol-simbol séjén. Dokumén mangrupa objék pikeun
métode dokuméntasi (Arikunto, 2013, kc. 172)
Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta data ti sesepuh
Kampung Kuta, data ti ketua adat kampung Kuta, data ti ketua seni di Kampung
Kuta, data ti ketua seni gondang buhun, jeung hasil rekaman tina pintonan Kasenian
Gondang Buhun.
3.3 Téhnik Panalungtikan
3.3.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta téhnik talaah
pustaka, téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi.
1) Téhnik Talaah Pustaka
Nurutkeun Suyatna (dina Ropiah, 2013, kc.37), téhnik talaah pustaka nya éta
téhnik ngumpulkeun téori-téori pikeun bahan tulisan sangkan dijadikeun papagon
dina ngayakeun panalungtikan.
2) Téhnik Obsérvasi
Nurutkeun Fathoni (2006, kc. 104), obsérvasi nya éta téhnik ngumpulkeun data
ku cara mengamati sarta nyatet hasil tina obsérvasi. Jalma anu ngalakukeun
obsérvasi disebut pengobservasi (observer) jeung pihak anu diobsérvasi disebut
terobservasi (observee). Téhnik obsérvasi dipaké pikeun nyangking gambaran
ngeunaan Kasenian Gondang Buhun. Gambaran nu dipiharep lian ti kasenianana
ogé ngeunaan gambaran sosial masarakatna.
31
Diah Ulfa, 2017 KASENIAN GONDANG BUHUN DI KAMPUNG KUTA DÉSA KARANGPANINGAL KACAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3) Téhnik Wawancara/Interview
Margono (2004, kc.165) nétélakeun yén téhnik wawancara nya éta téhnik anu
digunakeun pikeun nyangking informasi ku cara ngajukeun pertanyaan sacara
lisan pikeun dijawab sacara lisan ogé.
Nurutkeun Esterberg (dina Sugiyono, 2009, kc. 72), wawancara nya éta
pertemuan dua orang untuk bertukar informasi dan ide melalui tanyajawab,
sehingga dapat dikonstruksikan makna dalam suatu topik tertentu.
4) Téhnik Dokuméntasi
Dokuméntasi nya éta téknik pikeun ngumpulkeun data ku cara ngulik jeung
nganalisis dokumén-dokumén anu mangrupa dokumén tinulis, gambar jeung
éléktronik (Fathoni, 2006, kc. 112). Dokuméntasi dipaké pikeun meunangkeun
data tina wangun gambar, vidéo, jeung data séjénna anu dianggap perlu pikeun
panalungtikan.
Objék dokuméntasi dina ieu panalungtikan, nya éta hal-hal nu patali jeung
Kasenian Gondang Buhun, boh anu sipatna tulisan boh nu lain tulisan.
Dokuméntasi dina wangun tulisan nya éta dokumén data tina hasil wawancara,
sedengkeun nu lain tulisan nya éta foto jeung vidio anu patali jeung Kasenian
Gondang Buhun.
3.3.2 Téhnik Ngolah Data
Sanggeus data hasil panalungtikan bisa dikumpulkeun, satuluyna
dilakukeun kagiatan ngolah data. Téhnik ngolah data dina ieu panalungtikan nya
éta:
1) mariksa data-data nu geus dikumpulkeun;
2) milah-milah data dumasar kana kaperluan panalungtikan;
3) ngadéskripsikeun data anu kacangking, hususna ngeunaan sajarah, prak-
prakan, jeung usur semiotic dina Kasenian Gondang Buhun;
4) nganalisis unsur semiotik nu nympak dina Kasenian Gondang Buhun kalawan
nyoko kana tiori Charles Sanders Pierce anu ngabédakeun tilu rupa tanda
nurutkeun sipat patalina antara pananda jeung petanda, nya éta: (1) ikon; (2)
indeks; jeung (3) simbol.
32
Diah Ulfa, 2017 KASENIAN GONDANG BUHUN DI KAMPUNG KUTA DÉSA KARANGPANINGAL KACAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
5) nyusun bahan pangajaran maca artikel budaya di kelas XII SMA;
6) nyieun kacindekan.
Bogdan & Biklen (dina Moleong, 2011, kc.248) nétélakeun yén analisis data
kualitatif nya éta “upaya yang dilakukan dengan jalan bekerja dengan data,
mengorganisasikan data, memilah-milahnya menjadi satuan yang dapat dikelola,
mensintesiskannya, mencari dan menemukan pola, menemukan apa yang penting
dan apa yang dipelajari, dan memutuskan apa yang dapat diceritakan kepada
orang lain”. Téhnik ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta:
1) Analisis Unsur-unsur Kasenian Gondang Buhun
Dina nganalisis unsur-unsur Kasenian Gondang Buhun diguar perkara
struktur Kasenian Gondang Buhun ti mimiti busana, pakakas/waditra,
pamaén, saméméh prak-prakan, waktu lumangsungna pintonan.
2) Analisis unsur semiotik
Analisis unsur semiotik dina ieu panalungtikan, nyoko kana tiori Charles
Sanders Pierce anu ngabédakeun tilu rupa tanda nurutkeun sipat patalina
antara pananda jeung petanda, nya éta: (1) ikon; (2) indeks; jeung (3) simbol.
3) Analisis Bahan Ajar
Kriteria Milih Bahan Ajar
Haérudin & Kardana (2013, kc 77) nétélakeun yén bahan nu kudu dipilih téh
dumasar kana lima hal, nya éta: (1) tujuan nu haying dihontal, (2), dianggap
miboga ajén pikeun kahirupan manusa, (3) dianggap mibanda ajén minangka
warisan ti entragan saméméhna, (4) aya gunana pikeun ngawasa hiji
paélmuan, jeung (5) luyu jeung kabutuhan katut minat siswa.
3.4 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku
panalungtik dina ngumpulkeun data ngarah pagawéanna bisa lumangsung leuwih
gampang jeung hasilna leuwih alus. Dina hartina leuwih taliti, lengkep, jeung
sisitematis anu ngajadikeun datana leuwih gampang diolah (Arikunto, 2013, kc.
203).
33
Diah Ulfa, 2017 KASENIAN GONDANG BUHUN DI KAMPUNG KUTA DÉSA KARANGPANINGAL KACAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.4.1 Instrumén Panalungtikan dina Ngumpulkeun Data
Instrumén anu digunakeun dina ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan
nya éta:
1) Instrumén Talaah Pustaka
Tabel 3.7
Instrumén Talaah Pustaka
No Tema Buku Judul Digunakeun Teu digunakeun
1. Kabudayaan
2. Sastra
3. Kabasaan
4. Pangajaran
2) Instrumén Obsérvasi
Tabel 3.8
Instrumén Obsérvasi
No Indikator Perkara nu diobservasi Kaobservasi Henteu
1. Prak-prakan 1. Prak-prakan Kasenian Gondang Buhun
2. Lila lumangsungna Kasenian Gondang Buhun
3. Tempat pintonan Kasenian Gondang Buhun
2. Pa palaku 4. Palaku dina pintonan Kasenian Gondang Buhun
5. Pakasaban pamaén Kasenian Gondang Buhun
3. Barang 6. Pakéan anu digunakeun dina pintonan Kasenian
Gondang Buhun
7. Waditra/ pakakas nu di gunakeundina Kasenian
Gondang Buhun
4. Ajén-injén 8. Ajén-inajén nu nyangkaruk dina Kasenian
Gondang Buhun
9. Simbol-simbol nu nyampak dina Kasenian
Gondang Buhun
3) Padoman Wawancara
Padoman wawancara mangrupa rumusan patalékan anu bakal ditanyakeun ka
narasumber waktu prosés wawancara. Padoman wawancara anu dipaké dina ieu
panalungtikan nya éta:
34
Diah Ulfa, 2017 KASENIAN GONDANG BUHUN DI KAMPUNG KUTA DÉSA KARANGPANINGAL KACAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Instrumén I:
Instrumén II:
Tabel 3.9
Padoman Wawancara
Sajarah
1. Ti iraha ayana Kasenian Gondang Buhun?
2. Kumaha kasang tukang ayana Kasenian Gondang Buhun?
3. Naon udagan Kasenian Gondang Buhun?
4. Naon sababna ieu kasenian dingaranan gondang buhun?
5. Kumaha kaayaan Kasenian Gondang Buhun jaman kiwari?
6. Kumaha kaayaan Kasenian Gondang Buhun jaman baheula?
7. KumahatarékahparasenimandinamertahankeunKasenianGondangBu
hunsangkantetepaya?
8. Kumaha pelestarian gondang buhun ti generasi ka generasi?
Prak-
prakan
9. Kumaha prak-prakan Kasenian Gondang Buhun?
10. Naha aya ritual husus saacan prakna ieu kasenian? Saha nu
mingpinna?
11. Naon waé waditra nu dipaké dina kasenian gondang guhun?
12. Dimana tempat mintonkeun Kasenian Gondang Buhun?
13. Lagu-lagu naon waé anu dipintokeun dina Kasenian Gondang
Buhun?
Ajén-
inajén
14. Aya ajén-inajén naon waé anu nyampak dina Kasenian Gondang
Buhun?
15. Simbol-simbol naon waé nu nyampak dina Kasenian Gondang
Buhun?
16. Simbol naon waé nu nyampak dina sasajén?
17. Simbol naon waénu nyampak dina waditrana?
18. Simbol naon waé nu nyampak dina pakakasna?
4) Handphone
Handphone digunakeun pikeun ngarékam, moto, ngarekam gambar waktu
wawancara ngeunaan Kasenian Gondang Buhun jeung pintonan lumangsung.
Data informan:
Wasta :
Umur :
Jeniskelamin :
Pakasaban :
Atikan :
Padumukan :
35
Diah Ulfa, 2017 KASENIAN GONDANG BUHUN DI KAMPUNG KUTA DÉSA KARANGPANINGAL KACAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.4.2 Instrumén Panalungtikan dina Ngolah Data
Instrumén 1: Kartu Data Analisis Unsur-unsur Kasenian Gondang Buhun
1) Sajarah
a. Asal-muasal Kasenian Gondang Buhun
..............................................................................................................

b. Struktur organisasi Kasenian Gondang Buhun
..............................................................................................................
..............................................................................................................
..............................................................................................................
2) Pakakas
a. Waditra anu digunakeun dina Kasenian Gondang Buhun
..............................................................................................................
..............................................................................................................
..............................................................................................................
b. Busana nu digunakeun dina Kasenian Gondang Buhun
..............................................................................................................
..............................................................................................................
..............................................................................................................
c. Sasajén nu disadiakeun dina Kasenian Gondang Buhun
..............................................................................................................
..............................................................................................................
..............................................................................................................
3) Prak-prakan Kasenian Gondang Buhun
a. Kagiatan saméméh pintonan Kasenian Gondang Buhun
...........................................................................................................

b. Kagiatan waktu lumangsungna Kasenian Gondang Buhun
...........................................................................................................
...........................................................................................................
...........................................................................................................
c. Lalaguan anu dipaké dina Kasenian Gondang Buhun
...........................................................................................................
...........................................................................................................
...........................................................................................................
36
Diah Ulfa, 2017 KASENIAN GONDANG BUHUN DI KAMPUNG KUTA DÉSA KARANGPANINGAL KACAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XII SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Instrumén 2: Kartu Data Analisis unsure semiotik dina Kasenian Gondang Buhun
1) Ikon
.............................................................................................................................

2) Indeks...........................................................................................................................
..
.............................................................................................................................
.............................................................................................................................
3) Simbol

Instrumén 3: Kartu Data Analisis Kritéria Milih Bahan Ajar
Tabel 3.10
Instrumén Kartu Data Analisis Kritéria Milih Bahan Ajar
No. Kritéria Milih Bahan Ajar Luyu Henteu
1. . Tujuan nu hayang dihontal
2. Dianggap miboga ajén pikeun kahirupan manusa
3. Dianggap miboga ajén minangka warisan ti
entragan saméméhna
4. Aya gunana pikeun ngawasa hiji paélmuan
5. Luyu jeung kabutuhan katut minat siswa
Pedaran/ uraian
Kasenian Gondang Buhun
........................................................................................................................
..................................................................................................................................