Assalamualaikum Wr.docx

4

Click here to load reader

Transcript of Assalamualaikum Wr.docx

Assalamualaikum Wr.Wb.Aujubillah himinassyaiton nirojim.Bismilah hirohman nirohim.Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama badu.Sampurasun nu kasuhun ka pupuhu SMPN 6 Sumedang, komite sakola, guru-guru SMPN 6 Sumedang, bagea ka siswa-siswi SMPN 6 Sumedang, ibu miwah bapak, saderek sadayana, kum ka dulur-dulur nu pengkuh mitra baraya nu satia kana basa jeung budaya sunda.Sateuacana sumangga urang sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti NuMaha Agung anu parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah ku jalaran nikmat ti manten-Na dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung diieu tempat dina raraga Paturay Tineung Kelas IX SMPN 6 Sumedang.Sholawat sinareng salam, urang sanggakeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW. , ka para kulawargana, para sohabatna, kalih urang salaku umatna. Amin.Langkung tipayun simkuring seja nyanggakeun pangwilujeng, rehna siswa-siswi kelasXII parantos lulus Ujian Nasional taun 2015.Sateuacana, didieun aya sababaraha rupi acara. Simkuring bade medarkeun heula runtuyan acarana diantawisna: 1. Bubuka2. Mapag Pupuhu3. Aosan Ayat Suci Al-Quran4. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMPN 6 Sumedang5. 6. Laporan ti pupuhu OSIS7. 8. Kedal lisan ti wawakil kelas IX9. 10. Kedal lisan ti pupuhu sakola11. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMPN 6 Sumedang12. Kedal lisan ti komite sakola13. 14. 15. 16. 17. 18. 19. 20. PanutupSupados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan wae ieu acara ku aosan basmallah sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim.Hadirin anu ku simkuring dipihormat, salajengna hayu urang nyakseni mangrupi pidangan prosesi mapag pupuhu SMPN 6 Sumedang miwah rengrengan. Mangga dilajengkeun ku panumbu catur kasenian.Hadirin, salajengna hayu urang sami-sami regepkeun aosan ayat suci Al-Quran anu seja didugikeun ku saderk ka saderekdihaturanan.Nincak kana acara nu kaopat. Urang nyakseni mangrupi pidangan lagu ti paduan suara SMPN 6 Sumedang.Lajeng, acara nu kagenep nyaeta laporan ti pupuhu OSIS. Ka saderekdihaturan.Salajengna, acara nu kadalapan nyaeta kedal lisan ti wawakil kelas IX. Ka saderekdihaturanan.Salajengna, acara nu kasapuluh kedal lisan ti pupuhu sakola. Ibu Lilis Toti Indriati,S.Pd., M.M. Pd anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.Nincak kana acara nu kasabelas mangrupi pidangan lagu ti paduan suara SMPN 6 Sumedang. Wilujeng nyakseni.Salajengna, acara nu kaduabelas kedal lisan ti komite sakola. Bapak anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.Ayeuna urang nincak kana acara puncak, mangrupi pidangan upacara adat prosesi paturay tineung kelas IX. Mangga dilajengkeun ku panumbu catur kasenian.Lajeng, acara nu kalimabelas nyaeta doa. Ka saderek..dihaturan kanggo mingpin doa.Ibu miwah bapak anu ku simkuring dipihormat. Runtuyan acara parantos dilaksanakeun. Mugi-mugi ieu acara teh aya mangpaatna. Rupina ieu acara teh urang pungkaswae, simkuring Lilis sareng Ranineda dihapunten samudaya kalepatan. Hatur nuhun kana perhatosannana. Mangga urang tutup ku aosan hamdallah sasarengan. Alhamdulillahirabbilalamin.Wassalamualaikum wr.wb