ogepustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2010/07/mangle-20100517-ay... · jeung 9 garis melintang,...

1
lima henteu make aturan. Ditulisan jeung aya tapak sampean katut tapak panangan jeung 9 garis melintang, 5 Garis membu- jur, silih potong ngabentuk 45 juru opat anu beda-beda. Bagian kenca kotak-kotak ieu aya tulisan singget nu unina "angana" atawa bisajadi kuduna mah "ajnana". Aya rupa-rupa panapsiran ngeunaan prasasti ieu. Aya anu ngahartikeun kecap "ajnana" nyaeta sorangan. Aya oge anu ngaharti- keun "datang" atawa "nyampeurkeun". Bisa jadi maksudna mah miharep kasumpingan anu dipuja (raja anu nyangking kakawasaan). Aya oge anu napsirkeun, kotak- kotak eta teh "kolenjer't.atawa kalender nasional keur ngi- tung poe hade jeung poe goreng, Prasasti Kawali 4; Mangrupa hiji tunggul batu andesit nangtung ajeg saperti menhir, unggelna "Sanghiyang Lingga Bingba" dina tradisi lokal, ieu prasasti sering disebut "batu panyan- daan (paranti nyanda sabada ngalahirkeun 40 poe sangkan gancang cageur). Prasasti Kawali 5; Aksarana dipahat dina tunggul batu, unggelna "Sang- hiyang Lingga Hiyang" Nurutkeun pamanggih saurang arkeolog, bisajadi ieu prasasti mangrupa lingga wujud arwah karuhun. Dina tradisi rayat disebut "batu panyandungan". Prasasti Kawali nu kapanggih panungtung, ben- tukna batu pasagi opat henteu jeung aturan, aya genep tulisan nu eusina mangrupa pernyataan ti pangawasa di puseur dayeuh, uar panyelukna, ulah resep ngadu atawa tatarohan, sabab ngan bakal ngabalukarkeun kasangsaraan wungkul. Batu Pelinggih (Pamuruyan); Mangrupa batu datar, jangkung 94 sentimeter, sisi kenca panjangna 88 Cm, rubak sisi handap 40 cm, rubak sisi luhur 57 cm. Rayat nyarebutna Batu Korsi sabab bentukna jiga korsi. Disebut oge Batu Pamuruyan, tempat neundeun sasajen. Aya oge anu nyebutkeun yen eta teh baheulana tempat ngistrenan raja. Menhir; Menhir nu kahiji jangkungna 70 cm, kandelna 16 cm, dijieun tina batu andesit. Menhir anu kadua jangkungna 130 cm, Mangle No. 2280 rubak 15 cm, kandel io cm. Aya anu nern- pel kana menhir kadua nyaeta batu jiga lulumpang juru tilu. Batu lulumpahg ieu teh bisa nyerep cai ti jero taneuh tepi ka caina tara saat-saat atawa ngurangan. Rayat nyarebutna "Batu pangeunteung- an" (kaca atawa eunteung). 8irah Cai Cikawali; Balong leutik legana ngan 10 mz, caina tara saat-saat sanajan tigerat. Perenahna 300 meter ti situs Astana Gede. Batu Sanghiyang Lingga Bingba Makam; Aya 11 makam di Asatana Gede teh. Nu kahiji Makam Pangeran Usman. Nurutkeun salahsahiji sumber mah, Pangeran Usman teh turunan Sultan Cirebon, mantu Maharaja Kawali (Pangeran Mahakusumah, nu marentah Kawali taun 1592-1643). Pangeran Usman jadi penyebar Islam di Kawali. Makam sejenna nyaeta makam Adipati Singacala, perenahna luhur punden berundak. Panjang makamna 2,93 meter. Ari Singacala teh turunan Pangeran Bangsit (ramana Maharaja Kawali). Adipati Singacala nikah ka putra Pangeran Usman Nyai Anjungsari, Adipati Singacala teh Bupati Kawali. Nurutkeun sumber anu tacan bisa dipastikeun bebenerannana, kungsi menta supaya situs pamujaan agama Hindu (anu engkena disebut Astana Gede) dibongkar, saterusna dipake pamakaman Islam, supaya jalma-jalma anu daratang ka dinya lain maksud muja berhala atawa wongwongan, tapi mawa niat jarah. Adipati oge amanat supaya mun mangke maot, sangkan dipendem di makam luhur punden umpak. Kusabab kitu sabada wapat, Singacala dipendem di makam luhur pun den umpak. Bisa jadi lain dumeh amanat Adipati, sabab mangsa harita mah geus jadi kabiasaan situs-situs sipatna man- jang terus tumerus, hartina situs mangsa prasajarah, jadi situs Hindu waktu Hindu geus jadi budaya agama masarakat, saterusna situs Hindu jadi situs Islam waktu Islam ngaganti tradisi Hindu. Di Astana Gede oge dipendem Pangeran Usman, Nyai Anjungsari para putrana saperti Baya Nagasari jeung Dalem Satya Merta (Darrna Wulan), guru ngaji Cakra Kusumah, penjaga kaaga- maan Eyang Sancang, lian ti eta aya tilu makam Kuncen Astana Gede. Angga Direja Yuda Praja jeung Sacapradja, jeung makam Surya Wiradikusumah. Jelas yen di Astana Gede, lian ti aya makam anu pan- jang, beda ti umumna makam, di dieu oge dipendem para menak jeung pangagung nagara, jadi henteu matak heran lamun ieu situs disebut Astana Gede. Astana Gede Kawali boga harti penting dina lalarnpahan sajarah Karajaan Sunda Galuh, boga pangalaman penting oge' dina lalampahan sajarah kabudayaan Priangan Timur. Artefak-artefak boh nu mangrupa menhir boh nu mamngrupa prasasti atawa makam, jadi ciri dinamika budaya, ti mimiti budaya prasajarah Hindu Budha jeung Budaya Islam. Dina waktu acara kabudayaan digelar di Astana Gede Kawali, diharepkeun Nyiar Lumar lain jadi arena gelar seni pintonan wungkul, tapi oge masing jadi parabot keur ningkatkeun kasadaran sajarah masarakat. Ngiring nganuhun- keun ka Gupernur Jawa Barat Ahmad Heryawan anu parantos ngabuktoskeun kamelangna ka para seniman, kabu- dayaan Sundajeung sajarah Sunda.*** Nu Nyerat Ketua Yayasan Masarakat Sejarawan Indonesia cabang Jawa Barat. 49.

Transcript of ogepustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2010/07/mangle-20100517-ay... · jeung 9 garis melintang,...

Page 1: ogepustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2010/07/mangle-20100517-ay... · jeung 9 garis melintang, 5 Garis membu- jur, silih potong ngabentuk 45 juru opat anu beda-beda. Bagiankenca

lima henteu make aturan. Ditulisan jeungaya tapak sampean katut tapak pananganjeung 9 garis melintang, 5 Garis membu-jur, silih potong ngabentuk 45 juru opatanu beda-beda. Bagian kenca kotak-kotakieu aya tulisan singget nu unina "angana"atawa bisajadi kuduna mah "ajnana". Ayarupa-rupa panapsiran ngeunaan prasastiieu. Aya anu ngahartikeun kecap "ajnana"nyaeta sorangan. Aya oge anu ngaharti-keun "datang" atawa "nyampeurkeun".Bisa jadi maksudna mah miharepkasumpingan anu dipuja (raja anunyangking kakawasaan). Ayaoge anu napsirkeun, kotak-kotak eta teh "kolenjer't.atawakalender nasional keur ngi-tung poe hade jeung poegoreng,

Prasasti Kawali 4;Mangrupa hiji tunggul

batu andesit nangtung ajegsaperti menhir, unggelna"Sanghiyang Lingga Bingba"dina tradisi lokal, ieu prasastisering disebut "batu panyan-daan (paranti nyanda sabadangalahirkeun 40 poe sangkangancang cageur).

Prasasti Kawali 5;Aksarana dipahat dina

tunggul batu, unggelna "Sang-hiyang Lingga Hiyang"Nurutkeun pamanggihsaurang arkeolog, bisajadi ieuprasasti mangrupa linggawujud arwah karuhun. Dinatradisi rayat disebut "batupanyandungan".

Prasasti Kawali nukapanggih panungtung, ben-tukna batu pasagi opat henteujeung aturan, aya genep tulisan nu eusinamangrupa pernyataan ti pangawasa dipuseur dayeuh, uar panyelukna, ulahresep ngadu atawa tatarohan, sabab nganbakal ngabalukarkeun kasangsaraanwungkul.

Batu Pelinggih (Pamuruyan);Mangrupa batu datar, jangkung 94

sentimeter, sisi kenca panjangna 88 Cm,rubak sisi handap 40 cm, rubak sisi luhur57 cm. Rayat nyarebutna Batu Korsisabab bentukna jiga korsi. Disebut ogeBatu Pamuruyan, tempat neundeunsasajen. Aya oge anu nyebutkeun yen etateh baheulana tempat ngistrenan raja.

Menhir;Menhir nu kahiji jangkungna 70 cm,

kandelna 16 cm, dijieun tina batu andesit.Menhir anu kadua jangkungna 130 cm,

Mangle No. 2280

rubak 15 cm, kandel io cm. Aya anu nern-pel kana menhir kadua nyaeta batu jigalulumpang juru tilu. Batu lulumpahg ieuteh bisa nyerep cai ti jero taneuh tepi kacaina tara saat-saat atawa ngurangan.Rayat nyarebutna "Batu pangeunteung-an" (kaca atawa eunteung).

8irah Cai Cikawali;Balong leutik legana ngan 10 mz,

caina tara saat-saat sanajan tigerat.Perenahna 300 meter ti situs AstanaGede.

Batu Sanghiyang Lingga Bingba

Makam;Aya 11 makam di Asatana Gede teh.

Nu kahiji Makam Pangeran Usman.Nurutkeun salahsahiji sumber mah,Pangeran Usman teh turunan SultanCirebon, mantu Maharaja Kawali(Pangeran Mahakusumah, nu marentahKawali taun 1592-1643). PangeranUsman jadi penyebar Islam di Kawali.Makam sejenna nyaeta makam AdipatiSingacala, perenahna luhur pundenberundak. Panjang makamna 2,93 meter.Ari Singacala teh turunan PangeranBangsit (ramana Maharaja Kawali).Adipati Singacala nikah ka putraPangeran Usman Nyai Anjungsari,Adipati Singacala teh Bupati Kawali.Nurutkeun sumber anu tacan bisadipastikeun bebenerannana, kungsimenta supaya situs pamujaan agama

Hindu (anu engkena disebut AstanaGede) dibongkar, saterusna dipakepamakaman Islam, supaya jalma-jalmaanu daratang ka dinya lain maksud mujaberhala atawa wongwongan, tapi mawaniat jarah. Adipati oge amanat supayamun mangke maot, sangkan dipendem dimakam luhur punden umpak.

Kusabab kitu sabada wapat, Singacaladipendem di makam luhur pun denumpak. Bisa jadi lain dumeh amanatAdipati, sabab mangsa harita mah geusjadi kabiasaan situs-situs sipatna man-

jang terus tumerus, hartinasitus mangsa prasajarah, jadisitus Hindu waktu Hindugeus jadi budaya agamamasarakat, saterusna situsHindu jadi situs Islam waktuIslam ngaganti tradisi Hindu.

Di Astana Gede ogedipendem Pangeran Usman,Nyai Anjungsari para putranasaperti Baya Nagasari jeungDalem Satya Merta (DarrnaWulan), guru ngaji CakraKusumah, penjaga kaaga-maan Eyang Sancang, lian tieta aya tilu makam KuncenAstana Gede. Angga DirejaYuda Praja jeung Sacapradja,jeung makam SuryaWiradikusumah.

Jelas yen di Astana Gede,lian ti aya makam anu pan-jang, beda ti umumnamakam, di dieu oge dipendempara menak jeung pangagungnagara, jadi henteu matakheran lamun ieu situs disebutAstana Gede.

Astana Gede Kawali bogaharti penting din a lalarnpahansajarah Karajaan Sunda

Galuh, boga pangalaman penting oge'dina lalampahan sajarah kabudayaanPriangan Timur. Artefak-artefak boh numangrupa menhir boh nu mamngrupaprasasti atawa makam, jadi ciri dinamikabudaya, ti mimiti budaya prasajarahHindu Budha jeung Budaya Islam.

Dina waktu acara kabudayaan digelardi Astana Gede Kawali, diharepkeunNyiar Lumar lain jadi arena gelar senipintonan wungkul, tapi oge masing jadiparabot keur ningkatkeun kasadaransajarah masarakat. Ngiring nganuhun-keun ka Gupernur Jawa Barat AhmadHeryawan anu parantos ngabuktoskeunkamelangna ka para seniman, kabu-dayaan Sundajeung sajarah Sunda.***

Nu Nyerat Ketua YayasanMasarakat Sejarawan Indonesia

cabang Jawa Barat.

49.