Budaya jeung Pariwisata di Kabupaten Bogor Teu Digarap...

Post on 06-Mar-2019

223 views 0 download

Transcript of Budaya jeung Pariwisata di Kabupaten Bogor Teu Digarap...

o Senin o Se/asa o Rabu • Kamis o Jumat o Sabtu o Minggu2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 @) 13 14 15

17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31OJan OPeb oMar OApr • Me; OJun OJul 0 Ags OSep OOkt ONov ODes

Haleuang juru kawih atawa sinden"Kasenian kabudayaan jasana saneslumayan." Lamun ngabandungan

laju ngalenyepan eta kekeeapan turtadidasaran ku ati nu wening dumeling, hakulyakin, hirup-huripna kabudayaan bakalmekar sarta manjang sinambungan tepi kamangsa nu bakal datang.

Hanjakal, eusining eta kawih teh bangundianggap teu pira. Padahal, kaendahan basajeung ajen palasipahna mun dilenyepan mahbisa nodel mamarasing rasa. Ari sabab, munmamaras rasa bisa katodel, Insya Alloh, singsakur paniatan nu baris dipilampah leuwihdaria, rapekan, taliti jeung ati-ati.

Tangtu bae teu kumna masarakat bisangarnana'an sarta ngalaksanakeun dinakahirupan sapopoe ngeunaan rupaningpalasipah nu diwariskeun ku para karuhun.Rea sabab nu jadi eukang lantaran. Tapi, nupangutamana mah lebah paniatan, elrnupangaweruh, waragad, sarta kakawasaan.

Tah, ditilik tin a dadaran di luhur nungan sauted teh, keur kuring sakuringeunmah, tarekah rengrengan parnarentahKabupaten Bogor dina ngokolakeun budayajeung pariwisata teh kawilang padu baejeung saayana.

Lain sisiwo komo ngawadul tanpa bukurmah kuring nyebut kitu teh, Teu pereaya?Mangga urang sebut dua bae. Kahiji,tinggaleun jaman. Kiwari teh urang hirupdina alam kasajagatan. Beja di lemburLeuwinutug, upamana, bisa ngan sakoce-patan tepi ka urang Los Angeles. Nya kitudeuih, polah David Beekham di Arnerikangan sakedet netra ditoong ku Ceu Nunungdi Ciarnpea.

Tangtu bae ganeangna warta ti sakuliahdunya teh alpukahna teknologi internet. Kuintern et urang bisa ngernbarkeun rupaningkabeungharan jeung kapentingan kalayanganeang. Ku Internet, keur mah gampangdina midangna oge tembong ginding.Nernbong nu ginding bari pikatajieun,piraku urang deungeun teu daratang ka lem-bur urang.

Lebah internet, saenyana mah PemkabBogor, pangpangna nu ngokolakeun budayajeung pariwisata geus rada melek. Ngan bae,arinyana ninggang dina paribasa tuturutmunding jeung geledug ees.

Waktu ieu pedaran dikotret, Saptu 5Maret 2011 blog nu alamatna http://disbud-par.bogorkab.go.id/ warta atawa artikel numidang di kaea panghareupna atawa tepasnaeusina teh data nu geus ladu bin basi tea.

Enya, di dinya aya warta ngeunaankagiatan kabudayaan di Sindangbarang.Ngan bae, eta warta teh meunang nyokotsagemblengna tina Radar Bogor, tanggal 18Desember 2008. Nu jadi teu ngarti, nahaurang parnarentahan teu aya nu bisa nul iswarta kitu-kitu bae? Naha salila Januari2009-Maret 2011 teu aya kagiatan kabu-dayaan di KabupatenBogor? Mim tea mahaya, kumaha kadar kagiatanana? Rohaka,

Mangle No. 2322

Budaya jeung Pariwisata di Kabupaten BogorTeu Digarap kalayan Daria

Ku Djasepudin

sahinasna, atawa asal aya bae?Ah, mun pohara oge pasti rea diem-

barkeun ku media-media kelas regionaljeung nasional. Nu kapireng jeung kabaeamah jempling bin tiiseun. Nu eees kagiatankabudayaan di Kab. Bogor mah ternbongpupujieun doang.

Muhun, eara festival dongdang.Boroning rea hikmahna, nu jelas para gurudi lingkungan Disdik Cibinong bae rea nungangluh. Ari sabab, tiap SD kudu nyieundondang katut eusina, ngabring kalingkungan kantor Pemkab Bogor. Tapi kululugu Disdik teu meunang ngagunakeunduit BOS. Ari di sakola rupaning kagiatanteh ngan ngandelkeun duit BOS jeung teumeunang mulut iuran ti murid. Antukna,para Bapa jeung Ibu Guru teh kantunjangarna sarta ngarugal-rigellaporan.

Harita keneh, kuring mukaan situsatawa blog sejenna nu dikokolakeun kuurang Pemkab Bogor. Bleg bae papanggihjeung situs nu alamatnahttp.Z/www.wisa-takabupatenbogor.eom. Cara situshttp://disbudpar.bogorkab.go.id/ situshttp://www.wisatakabupatenbogor.comoge pidanganana oge ternbong tell" pika-bitaeun. Estuning asal nyieun bae kawasnamah.

Rada beda jeung situs memehna, situsnu kadua mah rada pireugreugeun sugan.Ternbong dina kaea panghareupna sartajadi pamapag munggaran pikeun nu ngan-jang ka etasitus aya tulisan: SelamatDatang di Website Dinas Kebudayaan danPariwisata Kabupaten Bogor. Website iniberisi informasi seputar wisata alam, wisa-ta buatan dan budaya yang ada diKabupaten Bogor ...Pada tahun 2011Kabupaten Bogor akan mengadakanhajatan besar yaitu Visit Bogor 2011. VisitBogor 2011 ini bertujuan untuk rnenge-nalkan keragaman potensi wisata danbudaya khas Bogor. (Ngahaja teu dicutatkabeh, da kaerong ku Balebat moal kabehdimuat)

Pireugreugeun teh geus deukeut-deukeut kana ngabukti. Nalika kuringngimeutan data-data di beh handapeunanasarta dina kaca sejenna horeng peleng-keung bengkas nyalahan alias kabelejog.. Teu rek kueiwa kumaha, Eta situs nganmajang salah sahiji tempat futsal katut diwewengkon Cileungsi, salah sahiji bioskopdi budeureun Sentul, tempat daharpasakan Jepang, sarta agenda dinas modelrapat atawa pelatihan taun 2010.

Kumaha "rek daratangna urang

deungeun ka lembur urang ari nudipidangkeunana nu kitu mah. Kapan,model lapang futsal, tempat dahar,bioskop, temp at nginum mah leuwih gin-ding di luar negeri. Teu araneheun teu singbangsa asing ka nu karitu mah. Cik atuh nudipajang nu teu aya di batur tapi nyampakdi urang, model sajarah katut gambaratawa pelern angklung atawa penea atuh.

Lian nu tradisional atawa nu leuwihnyunda, tangtu bae eusining situs nu hadetur dipikaresep ku batur mah nu data-datana terus anyar jeung nambahan. Lainieu mah eta-eta keneh bari eta oge rneu-nang neplak ti batur.

Kadua, teu engeuh kana PeraturanDaerah. Pemda Jabar teh kapan bogaPerda No. 5/2003 ten tang PemeliharaanBahasa, Sastra dan Aksara Daerah, PerdaNo.6 Tahun 2003 tentang PemeliharaanKesenian, Peraturan Daerah No. 7 Tahun2003 ten tang Pengelolaan Keperbukalaan,Kesejarahan, Nilai Tradisional danMuseum.

Tah, mun engeuh kana eta Perda mahatuh di budeureun kantor Pemkab baepidangan kasenianana oge lain band-bandti Jakarta atawa Bandung doang. Mataknaon saban malern Minggu pidangkeunoge jaipong, lenong, atawa parneranbarang titinggal karuhun kalayan mayeng.

Patali jeung Perda No. 5/2003,Pemkab Bogor mah kamari bae, tanggal 21Pebuari, teu ieuh ngayakeun mieling poebasa indung sadunya. Malah, teu sakali-kali acan. Padahal ti taun 1999 UNESCObae geus nyindekkeun basa indung atawabasa seke seler teh penting pisan.

Ah, rnoal aya tungtungna medarkurang padulina Pernkab Bogor dinangokolakeun budaya jeung pariwisatamah. Meureun bae, para pangagung mahsibuk ku masalah-masalah sejenna.Antukna widang budaya jadi kaluli-Iuliturta teu dipirosea,

Ketang, boroning masalah budaya,ngurus ramijudna patalimarga di SimpangTiga Cibinong, upamana, teu manggapuliaalias eleh ku tukang dagang VC]) bajakan.Antukna, Cibinong teh beuki rnacet, panas,rujit, Meek, jeung bau.

. Ari kitu mah keur nanahaon ngajeblagtulisan Visit Bogor 2011?

DJASEPUDIN, alumnus ProgramStudi Sastra Sunda Unpad Bandung; ngan-jrek di Kel. Nanggewer, RT 3 RW 2,Cibinong, Kab, Bogor

59

KUplng Humaa Onpad 2011