KITAB - · PDF fileTAREKAT HAQ MALIAH Dalil – dalilna jeung Hadisna beunang nyutatan...
Transcript of KITAB - · PDF fileTAREKAT HAQ MALIAH Dalil – dalilna jeung Hadisna beunang nyutatan...
Jalan Kamaripatan Ka Alloh Taala Kaca 1
DIKALUARKEUN KU:
A RACHMAN
KAMP. DURI RT 7 RK VI JAKARTA BARAT
KITAB
JALAN KAMARIPATAN
KA ALLOH TAALA
BERHUBUNG JEUNG
TAREKAT HAQ MALIAH
Dalil dalilna jeung Hadisna beunang nyutatan tina Quran jeung tina Kitab
KU R. ASEP MARTAWIJAYA
PANGARANG BUKU
LAYANG MUSLIMIN-MUSLIMAT
DI
PATARUMAN DISTRIK NAROGONG
GARUT JAWA BARAT
DITERUSKEUN KU PUTRANA
R. Y HIDAYAT
CETAKAN KA III
NGANGGO GAMBAR
Jakarta, 1 Januari 1955
Haqna nu ngarang numutkeun anu ka uni dina Staatsblad
Taun 1912 No. 600 : Artikel II
Jalan Kamaripatan Ka Alloh Taala Kaca 2
Jalan Kamarifatan
ku Asep Martawidjaya
Bissmillahirahmaanirrahiimi.
Alhamdulillahi robbilalamiin, wassholatu wassalamu ala syaidina Muhammadin wa ala aliihi wa
shohbihi ajmaiin.
Mimiti jisim kuring nulis ieu kitab, ngalap berkah tina jenengan Allah taala, nu murah ti dunya ka umat-
umatna sakabeh, jeung nu asih di Akherat ka umat-umatna anu mumin, ari Rohmatna Allah taala
kasalametannana turuna ka atas panutan urang Kangjeng Nabi Muhammad Shalallohu alaihi wassalam,
jeung ka para sahabatna rawuh kulawargana sakabeh.
WAJIB MARIFAT KA ALLAH TAALA
Ari marifat ka Allah taala teh wajib di sakabeh jalma mukalaf, tegesna jalma anu geus aqil baligh, eta
wajib teu meunang henteu, karana aya dawuhannana Kangjeng Nabi Muhammad shalallohu alaihi wassalam
kieu:
Awwalu dinni marifatullahi taala
Sundana : Awal awal Agama eta kudu nyaho heula ka Allah taala, sababna pang kudu nyaho heula teh,
supaya manusa enggoning ngalakonan ibadahna syah ditarima amal ibadahna ku Allah taala, sabab tadi oge
amal teh kudu kalawan ilmu, upama teu kalawan ilmu batal, tegesna teu jadi, samangsa-mangsa teu jadi
tangtu moal aya mangfaatna pikeun di Akherat ngan ukur keur di dunya wungkul.
Tapi dina hal ilmu mangkade kaliru, ari hartina ilmu teh kanyaho, tapi lain kudu nyaho kana syara, syahna
batalna ibadah bae, tapi kudu jeung nyaho (marifat) ka Allah ka Rasulullah, sabab eta teh ibarat tempat
atawa gudangna keur piwadaheun amal ibadah urang sarerea, ulah teu puguh sokna.
Ibarat lamun di dunya mah ibadah keur ngumpul-ngumpulkeun papaes imah, saperti meja korsi lomari jeung
salianna, ari marifat ka Allah ibarat urang ngabogaan imah anu pageuh anu gede, nyaeta supaya eta barang-
barang nu beunang hese cape teh merenah puguh tempatna, betah ngeunah dicicingannana, karana sanajan
boga barang loba sarta aralus hargana mahal, upama teu boga tempat (imahna) rek dimana diteundeunna?
Naha rek sina pabalatak di buruan, di pipir-pipir, atuh cicingna oge piraku rek aya kangeunahannana, da
meureun kapanasan kahujanan, keur mah teu ngeunah dicicingannana teh, barang-barangna oge tangtu
babari ruksak, moal tulus jadi kanimatannana.
Komo deui upama urang boga tekad amal ibadah teh keur bawaeun engke balik ka Akherat, atuh beuki wajib
marifatna ka Allah taala teh, sabab pikeun tempat pangbalikan tea.Upama teu dikanyahokeun ayeuna, naha
kira-kirana bisa datang engke kana tempat asal urang tadi? Kapan dina sakaratil maut mah geus moal aya
tanyaeun deui, jeung geus moal boga akal deui ku ngarasakeun kanyeri oge, sabab ceuk Hadist upama urang
lolong tegesna teu nyaho ka Allah ka Rasulullah ayeuna keur waktu di dunya, engkena di Akherat tetep
lolong bae, samangsa-mangsa lolong tegesna poek di Akherat, atuh beubeunangan urang ti dunya anu
beunang sakitu hese cape teh, rek dibawa kamana?
http://sodinco.blogspot.com/2009/08/jalan-kamarifatan.html
Jalan Kamaripatan Ka Alloh Taala Kaca 3
Ku sabab teu bisa datang ka Allah, kana asal urang tadi sarerea, palangsiang babawaan teh bakal dibawa
utrak-atrok, dibawa asup ka enggon Siluman, babawaan urang dijieun kakayaan di Nagarana, urang di jieun
badegana, ku sabab eta ayeuna urang meungpeung di dunya, kudu ikhtiar kudu tiung memeh hujan, tegesna
kudu nganjang ka pageto, nyaeta kudu bisa paeh samemeh paeh, karana lamun teu bisa paeh heula sajero
hirup, moal nyaho ka Akherat karana nyaho ka Akherat teh kudu bisa paeh heula, kapan ceuk dalilna oge :
Antal mautu qoblal mautu
Jadi gening Akherat atawa asal urang teh, kudu dikanyahokeun jeung kudu dianjangan ti ayeuna, supaya
engke ulah nyasab deui, paeh pulatat-polotot, jeba-jebi, larak-lirik neangan jalan.
Jalan-jalanna Marifat ka Allah Taala
Ari jalan-jalanna marifat ka Allah taala nyaeta aya dua jalan, aya nu ti handap ka luhur, jeung aya nu ti
luhur ka handap.
Ari anu ti handap ka luhur, nyaeta anu masantren heula, ngaji kitab Quran jeung terus ngalakonan ibadahna
rukun anu lima perkara, tah anu kitu teh ibadah keur jalan marifat ka Allah taala, tapi hanjakal lolobana
mah tara ditepikeun kana marifatna, lantaran kaburu betah, kaburu ngeunah dina asma, tegesna geus ngarasa
nimat dina Pal Nunjukna (papan merk nu nuduhkeun tempat), padahal upama diteruskeun marifat kana
dzatna sifatna Allah taala, piraku teu undak kanimatannana, da gening karek dina asmana wungkul geus
sakitu kanimatannana.
Ari jalan anu ti luhur ka handap, nyaeta anu nyumponan dalil tadi Awwalu dinni marifatullahi taala,
jalanna lain tina masantren wungkul, tapi kudu jeung ngisat diri nyaeta kudu daek tirakat, kalawan jeung
ikhtiar neangan pigurueunnana, Guru anu Mursyid, sabab moal weruh tanpa Guru, ku sabab eta mana ku
urang kudu disusul? Teu aya deui lian ti tarekatna Wali nu kudu disusul, sabab eta anu bisa tepi marifat
kana sifatna Allah taala nu kasebut Jauhar Awwal tea, nyaeta hakekatna Muhammad tea, da piraku teu aya
leleberannana pikeun urang sarerea, sababna tadi oge para Wali pangna sakitu poharana tatapa teh pikeun
ngabela umat-umatna Rasulullah supaya bisa baralik deui ka Allah taala.
Ku sabab kitu atuh hayu urang pada teangan ku sarerea eta tarekat wali teh, sabab upama teu buru-buru
kapanggih, tangtu urang moal barisa balik deui ka asal, pasti nyawa urang engke bakal marakayangan atawa
nitis-nitisan, balik deui ka dunya kana barang anu keuna ku ruksak deui, moal bias nyumponan kana dalil :
Inna lillaahi wa inna ilaihi raajiuun
Sundana : Asal ti Allah kudu balik deui ka Allah.
Ku sabab kitu tangtu sarerea oge meureun pada bingung keneh, pada-pada percaya oge, lantaran urang pada
teu ngarasa tadi inditna ti Allah, turunna ka alam dunya, tapi kusabab dalilna kitu, gancang bae ngaku yen
urang asal ti Allah, tapi ngakuna teh sasemet biwir bae, kapaksa ngaku soteh sieun disebutkeun kufur kafir
karana henteu percaya kana dalil, tapi atina mah keukeuh poek teu kaharti ku sabab teu karasa. Kusabab eta
ayeuna pribados arek mere panerangan saeutik, malah mandar tiasa percaya sareng karaosna, urang tadi asal
ti Allah kieu katerangannana, urang papay ti handap ka luhur supaya kaharti ku akal.
Mimiti urang tumarima asal ti mana? Nu kaharti jeung ku umum, urang asal kaluar teh ti Indung. Teruskeun
deui papay ka luhurna, ari Indung asal ti mana? Tangtu Indung urang teh kaluar ti Nini. Ari nini asal ti
mana? Teu salah deui asal kaluar ti Buyut. Ari Buyut asal ti mana? Tangtu kaluarna ti Bao. Ari Bao asal ti
mana? Nya asalna kaluar ti Janggawareng. Ari Janggawareng asal ti mana? Tangtu kaluar ti Udeg-udeg. Ari
Jalan Kamaripatan Ka Alloh Taala Kaca 4
Udeg-udeg asal ti mana? Tangtu asalna kaluar ti Kakait Siwur, saterusna kitu bae, ti Indungna deui, ti
Indungna deui nepi ka Babu Hawa. Ari Babu hawa asal ti mana? Ku sakaol ceuk Hadist asalna Babu Hawa
teh asal tina iga burungna Nabi Adam. Ari Nabi Adam asal ti mana? Diterangkeun ku Hadist, asalna Nabi
Adam teh tina aci Bumi-Seuneu-Cai-Angin. Ari aci Bumi-Seuneu-Cai-Angin asal ti mana? Diterangkeun ku
Hadist asalna tina Nur Muhammad, cahya opat perkara :
1. Cahya Hideung hakekat Bumi
2. Cahya Bodas hakekat Cai
3. Cahya Koneng hakekat Angin
4. Cahya Beureum hakekat Seuneu
Ari Nur Muhammad asal ti mana? Eta oge diterangkun ku Hadist asalna tina Nurna Maha Suci, nyaeta tina
Jauhar Awwal, tah semet eta buntu. Sabab geus diterangkeun ku Hadist jeung Quran, eta Jauhar Awwal teh
bibitna tujuh Bumi tujuh Langit, saweruh eusina kabeh. Jadi, ana kitu ceuk dalil asal ti Allah nyaeta asal ti
dinya tina Jauhar Awwal tea. Sifatna caang padang, nyaeta gulungna Dzat jeung Sifatna Maha Suci, kakara
jeneng Asma Allah.
1. Cahya Beureum jadi hakekat lafad Alif
2. Cahya Koneng jadi hakekat lafad Lam awal
3. Cahya Bodas jadi hakekat lafad Lam akhir
4. Cahya Hideung jadi hakekat lafad He
5. Johar Awal jadi hakekatna Tasjid
Kitu katerangannana, jadi eta cahya nu kasebut di luhur teh nu disebut Ismudzat tea. Hartina Dzat laisa
kamishlihi atawa Asmana nu Maha Suci, ceuk anu Ahli Padzikiran mah Latifah tea. Tah engke teh kudu bisa
balik deui ka dinya, nu matak kacida wajib dikanyahokeunnana ti ayeuna. Geura susul tarekatna anu bisa
miceun hijabna atawa pipindingna anu jadi moekan kana eta Dzat Sifatna Allah taala, sing kapanggih jeung
hakekatna Tasjid Muhammad, anu aya dina wujud pribadi. Tah eta kunci Muhammad anu bakal bisa
ngaburak-barik hijabna ka Allah taala. Upama kapanggih Insya Allah tangtu urang bisa nyumponan kana
babasan Mulih ka Jati, Pulang ka Asal, nyaeta mulih ka jati teh, rasa jasmani anu ayeuna keur dipake balik
deui kana rasa tadi keur waktu aya dina Nurullah (Jauhar Awwal). Ari pulang ka asa