7/24/2019 Panganteur Ti Ibu- Bapa
1/3
Panganteur ti Ibu / Bapak Kepala
Anaking, ujang sareng nyai nu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna
dasar katineung, gupay kelar eunteupna geugeut kameumeut anu
disungging dina permadani asih, nu diipuk na jajantung, mangkak mekar
dina taman katresna, kiwari urang bade paturay, hidep bakal pisah, bakal
pajauh.
Anaking ...... hidep sarerea, Ibu/Bapa jeung guru-guru sakabehna menta
dihampura, kungsi galak kusabab nyaah, kungsi neunggeul ku sabab
deudeuh, tutah titah bari sesentak, da bongan asa ka anak.
Poe ieu, poe panungtungan, Ibu/Bapak rek nyelehkeun anjeun ka
pangkuan ibu rama hidep, sakola geus teu ngaboga-boga, ukur ijazah nu
mawa bagja.
Pileuleuyan anaking, pileuleuyan, najan beurat kudu pegat, najan betah
kudu pisah, da bongan ka pegat mangsa.
Pamungkas ti Ibu/Bapa, tong kararagok mun hoyong amprok, tong asa-
asa mun rek nganjang, da moal disaha-saha, mihape bebenteng Islam,
tong lali ka adi-adi.
Najan jeujeur useup beunteur
ese mah tong ditalikeun
Najan laweur najan badeur
ate mah asa leungiteun
!assalamu"alaikum !r.!b.
7/24/2019 Panganteur Ti Ibu- Bapa
2/3
Ibu jungjunan kalbu
Bapa nu jembar manah
Naratas mangsa nun tutas
Nyawang nu geus kasorang
#ikawit abdi nin$akkeun dampal di ieu sakola dugi ka danget ayeuna
#os teu kaetang seueurna
%e$lak kesang tur $imata kanyaah
&eusang ngaping, ngadidik
'ikaasih mikanyaah
%a abdi sadaya ....
Namung,
(umaos ....
Abdi teu a$an tiasa babakti,
Iwal gusti nu baris ngabales sagala rupi kasaean tur kasabaran Ibu
miwah Bapa
)ok sanaos abdi seueur ngaraheutan manah, ngurihit ati,
namung teu weleh nyaah
%omo kiwari urang dikedahkeun papisah
Awurkeun ka abdi du"a purulukkeun ka abdi kanyaah
Amparkeun ka abdi lautan hampura
*antaran meuntas jalan ka peuntas
&eusan maluruh hirup nu langkung junun
%u ngulik pangarti nu leuwih mukti
%u nyambung elmu nu leuwih luhur
Najan raga papisah, kanyaah hamo bias robah.
7/24/2019 Panganteur Ti Ibu- Bapa
3/3
Top Related