wayang

download wayang

of 2

description

pengertian wayang dalam bahasa sunda

Transcript of wayang

Dwi Setiawati, putra raja ti Wirata. Mangsa yuswana manjing rumaja, anjeunna kapaksa ngantunkeun nagara, pdah isin ngagaduhan salira bnten ti nu sans, bau salirana. Nya anjeunna tatapa nu lami kacida. Nuju tatapa anjeunna kasumpingan ku hiji bagawan nu tiasa ngalandongan dirina, ahirna Setiawati damang. Minangka pamulang tarima, anjeunna anjeunna kersa nikah sareng Resi Parasara, nu rupana gorng kacida. Sataun ti harita, lahir Abiasa nu gaduh panyawat bau salira ti ibuna, gorng rupa ti ramana. Matak jabng bayi th dicandak ku ramana sina ngabagawan janten resi, sarta mirak heula istrina, Setiawati.Saparantos rarandaan, Setiawati ditikah ku Prabu Santanu. Gaduh putra dua pameget, nya ta Citranggada sareng Citrasna, mung duanan g teu panjang yuswa. Tapi Citrsna mah kantos nikah ka Ambika sareng Ambalika, nu ahirna Ambika sareng Ambalika ditikah ku Abiasa.Ti Ambika, Abiasa kagungan putra pameget nu lolong ti barang lahir, jenenganana Destarata. Ti Ambalika g gaduheun putra pameget nu jenenganana Pandu Dwanata.Hasil babadantenan nu payus janten raja di Astina th, pandu Dwanata. Setiawati ntlakeun yn calon raja th kedah nggal-nggal gaduh bojo.Kaleresan di negeri Madura aya tilu kembang sosoca nu disaymbarakeun. Ku kasaktia Bisma, ta tilu kembang sosoca th tiasa diboyong ka Astina, nya ta Dwi Kunti, Dwi Madrim, sareng Dwi Gandari.Bisma nyaurkeun yn tina salhsawios nu tilu th, hiji bakal janten bojona Dstarata. Kunti sareng madrim ku Bisma teu knging dangdos sataker kebek, malah kedah dibalur ku babauan sapertos tarasi. Ari dwi Gandari mah kedah sarareungit, sareng dangdos anu sa. Ku ayana kitu Dwi Gandawi ngaraos diwilah-wilah ku kanyaah Bisma.Ahirna Gandari nu kapilih ku Dstarata, Kunti sareng Madrim ditikahkeun ka Pandu Dwanata. Rasa nyeri hat nu kacida, Gandari ngedalkeun pacaduan yn moal ningal alam dunya sammh mulangkeun kanyeri, sakantenan nandakeun kasatianana ka carog, anjeunna mengker socana kalayan mundut ka dwa supados dipasihan putra saratus. Pamundut Gandari ku dwa ditedunan.Kacarioskeun Pandu palastra, numutkeun adat karaton KUnti sareng Madrim kedah labuh geni, tapi nu diputuskeun labuh geni th Madrim. Kunti mah kedah ngurus putra Pandu nu lima, tilu ti Kunti nya ta Yudistira, Bima, sareng Arjuna, dua ti Madrim, nya ta Nakula sareng Sadwa dulur sakembaran.Kakawasaan samentawis dicepeng ku Dstarata. Anjeunna diosol-osol ku garwana ulah masrahkeun kakawasaan ka turunan Pandu. Numawi waktos Dwi Kunti sareng putrana nu lima diusir ti karaton, teu tiasa kukumaha nurut kana kahoyong bojona.Hal ieu kabireungeuh ku Bisma, kukituna anjeunna tkad ucap bade nurunkeun kasaktnna ka katurunan Pandu nu lima, dinamian Pandawa. Ari Dwi Gandari hirup suka bungah di karaton sareng saratus putrana nu namina Kurawa.