Sisindiran dina basa Sunda

6

Click here to load reader

Transcript of Sisindiran dina basa Sunda

Page 1: Sisindiran dina basa Sunda

Ku :

Cecep Maulana

X MIA 2

SMA NEGEI 1 CISARUA

SISINDIRAN

Page 2: Sisindiran dina basa Sunda

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir. Istilah sindirdigunakeun ku M.A.Salmun (1963:19,23) pikeunsalahsahiji golongan basa janget (plastisita basa) hartina malibirkeun maksud, henteu togmol atawapoksang ceplak Pahang. Sindir, kecap atawa omongananu hartina henteu sacéréwélna. Sisindiran nya eta kasenian ngareka basa anu diwangun ku cangkangjeung eusi pikeun ngedalkeun maksud anu henteusaceplakna bari dipamrih karesmianana (Salmun, 1958:51).Sisindiran kaasup wangun sastra lisan Sunda nu kaitung lana. Dina naskah Sanghyang Siksa KandangKaresian, nu rengse ditulis dina taun 1518, tina eta naskah kapanggih yen dina mangsa harita ogesisindiran teh geus hirup, kaasupna kana kelompokkawih, kelompok seni sora lain kelompok sastra. Ku kituna, dina Wibisana dkk (2000:431-493), sisindirankaasup kelompok sastra lagu.

Page 3: Sisindiran dina basa Sunda

RarakitanRarakitan asal kecapna tina rakit. Ari rakit ngabogaan harti sabage alatpatalimarga di cai, biasana dijieun tina awi atawa kai. Puhuna ngahaja sinapapak, ngarah alus katempona. Ari tungtungna mah sok recol teu puguh. Nu dimaksud rarakitan dina karya sastra oge hartina meh ngaharib-harib kana harti rakit anu ilahar kapanggih di cai, nya eta mangrupa karangan ugerananu padalisanana papak di puhuna.Dina Kamus Istilah Sastra, nurutkeun M.A. salmun (1963:61-62), disebutrarakitan teh pedah awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deuiatawa dibaliken deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang ngarakit. R. Satjadibrata (1954) netelakeun dumasar kana dipakena, rarakitan teh nyaeta sisindiran anu biasa dikawihkeun ku bodor reog.Rarakitan, nya eta salah sahiji bangun sisindiran anu mentingkeun papakatawa saruana kecap anu aya dina puhu jajaran cangkang jeung eusi. Salianti eta, antara cangkang jeung eusi teu pada papak di puhuna(mindoan kawit). Salianti eta, antara cangkang jeung eusi teh kudu sasorasarta murwakanti engang panungtungan dina unggal padalisan (laraswekas). Jumlah engangna dina unggal padalisan aya 8 (dalapan) engang. Jumlahpadalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkangjeung satengahna eusi. Kiwari anu populer teh rarakitan anu sapadanadiwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua deui eusi.

Page 4: Sisindiran dina basa Sunda

Disawang tina eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing deui jadi tilugolongan, nya eta:1. Rarakitan anu sifatna silih asih.Contona;Sapanjang jalan SoreangMoal weleh diaspalanSapanjang tacan kasorangMoal welwh diakalan2. Rarakitan anu sifatna piwuruk.Contona;Sing getol nginum jajamuNu guna nguatkeun uratSing getol neangan elmuNu guna dunya aherat3. Rarakitan anu sifatna sesebred (guguyon).Contona;Majar maneh cengkeh konengKulit peuteuy dina nyiruMajar maneh lengkeh konengKulit beuteung mani nambruPaparikanPaparikan asal kecapna tina parek, hartina deukeut. Nu dimaksuddeukeut di dinya nya eta deukeut sora vokalna, utamana sora vocal dina engang panungtung. Sarua jeung rarakitan, disawang tina eusinapaparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nya eta:

Page 5: Sisindiran dina basa Sunda

1. Paparikan anu sifatna silih asih.Contona;Pucuk tiwu akar bangbanAmis mata di susukanMun rek milu geuwat dangdanCimata geura susutan2. Paparikan anu sifatna silih piwuruk.Contona;Ka kulah nyair kapitingNgocok lobak bobodasnaUlah sok liar tipeutingOsok loba gogodana3. Paparikan anu sifatna sesebred (guguyon).Contona;Poe Saptu poe KemisSalasa beuleut-beuleutanSaha itu muril kumisLeumpangna eundeuk-eundeukant

Page 6: Sisindiran dina basa Sunda

WawangsalanWawangsalan nyaeta karangan anu diwangun ku sindir jeungeusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna teh tara ditetelakeun. Kudu diteangantina bagian eusi. Wangsal teh sok murwakanti jeungsalahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi tea. Umumna eusiwawangsalan teh mangrupa silihasih, cinta batawa birahi.Nilik kana wangunna, wawangsalan teh diwangun ku duapadalisan: sapadalisan sindir sapadalisan deui eusi. Jumlahengang dina unggal padalisan nyaeta 8 engang.Conto wawangsalan:Belut sisit saba darat,kapiraray siang wengi. (oray)Wangun sisindiranSalah sahiji carita nu dibalibirkeun téh nya éta ngaliwatansindir, aya nu nyebutkeun sindir sampir aya ogé nu nyebutkeun Sisindiran. Ari maksudna mah sarua, sabadajalma nu diajak nyarita disindiran, dipiharep manéhna surtikana naon nu diucapkeun ku nu mere sindiran éta.Sindir sampir wangunna mangrupa ungkara kalimah. Upamanabaé mun aya jalma nu datangna kabeurangan tapi disindiran“Meuni isuk teuing dating téh”.