Silsilah desa Cicanir · Web viewDiantara duduluran anjeuna, aya nu milih pikeun ngumbara ka...

16
Silsilah desa Cicanir 2012 SAJARAH SINGKET ASAL USUL DESA CICANIR Gemah Ripah Repeh Rapih DESA CICANIR KECAMATAN TALAGA KABUPATEN MAJALEGKA 1

Transcript of Silsilah desa Cicanir · Web viewDiantara duduluran anjeuna, aya nu milih pikeun ngumbara ka...

Silsilah desa Cicanir 2012

SAJARAH SINGKET ASAL USUL DESA CICANIR

Gemah Ripah Repeh Rapih

DESA CICANIR KECAMATAN TALAGA KABUPATEN MAJALEGKA

2012

1

Silsilah desa Cicanir 2012

SAMBUTAN

Puji sinareng syukur ka Allah swt. nu parantos maparin kasempetan ka sim kuring hususna pikeun mingpin rahayat anu kaayaanana repeh rapih sangkan ngatur, ngolah jeung ngariksa ieu patempatan. Patempatan anu kacida gemah ripah tur endah ieu mangrupakeun hiji tempat nu di jadikeun sumber panghirupan utama pikeun rahayat anu repeh rapih. Syukur nu taya putusna salayakna di ucapkeun ku kami, mangrupakeun salah sahiji bentuk syukur kana sagala anu parantos di paparin ti Gusti.Jadi pamingpin pikeun rahayat anu repeh tur rapih mangrupakeun hiji kabanggaan nu teu kakira, sakaligus hiji tanggung jawab nu teu kakira oge. Disebut kabanggaan, sabab ku kaayaan rahayat anu repeh rapih, sacara teu langsung nyebabkeun sim kuring salaku pamingpin leuwih gampang dina nentukeun hiji kabijakan. Kabijakan nu dijalankeun ku sim kuring leuwih gampang pikeun ngarealisasikeunna. Ku kituna tanggung jawabna hiji paminngpin oga kudu leuwih gede tibatan nu jadi rahayat. Naon sababna? Sabab maju henteuna hiji daerah gumantung ka pamingpinna nu tanggung jawab dina nentukeun kabijakan.Ku kituna sim kuring ngajak ka sadayana pikeun terus ngamajukeun daerah anu kacida gemah ripah ieu sangkan ieu daerah bisa jadi daerah maju kabanggaan urang.“Jalma nu bijak nyaeta jalma nu bisa ngusahakeun sabisa mungkin pikeun ngatur ngolah lingkungan alamna supaya leuwih hade ti saacanna.”

Kuwu Desa Cicanir

( E. Markus )

SAJARAH SINGKET ASAL USUL CICANIR

Dina taun 1507 M, pamarentahan Karajaan Talaga Manggung di era kakawasaan Ratu Parung ngalaman dinamika sorangan. Anjeuna neruskeun tuang ramana, Sunan Parung, putra ti Ratu Simbar Kencana Putri Sunan talaga Manggung atawa sering disebut Darmasuci II.

2

Silsilah desa Cicanir 2012

Pamarentahan karajaan dina mangsa eta ngalami proses Islamisasi, nu ngiblat ka Cirebon nu dijadikeun pusat pamarentahan Islam nu dipingpin ku Sunan Gunung Jati (Syarif Hidayatullah).

Ratu Parung dina ngajalankeun pamarentahanna dibantu ku carogena, nu jenenganana Raden Ranggamarti katurunan ti Prabu Siliwangi. Ku kagigihanna dina nyebarkeun Islam di daerah Majalengka wilayah kidul, Raden Ranggamarti di pasihan gelar ku Sunan Gunung Jati nyaeta Pucuk Umun.

Ti hasil pernikahanna, anjeuna di karuniaan tujuh urang putra nyaeta Haur Kuning, Sunan Wana Perih atawa Arya Kalikis, Dalem Lumaju, Dalem Umbuluar, Dalem Panungtun jeng Dalem Panaekan. Ti katujuh putrana, Sunan Wanaperih nu leuwih paham kana kamajuan wilayah karajaan Talaga. Ku kituna, anjeuna neruskeun Ibuna mingpin Karajaan Talaga nu bisa oge ngagabungkeun wilayah Majalengka, Subang, Sumedang jeung Cianjur. Wilayah sobat Karajaan Talaga, Sunan Wanaperih ngagaduhan 6 urang putra nyaeta Dalem Kulanata, Dalem Cager, Raden Apun Sriwijaya (Sunan Kidul), Ratu Radeya, ratu Putri jeung Aria Wangsa/Wangga Goparana.

Ceunah ceuk carita, dipamarentahan Karajaan Talaga aya kajadian pertentangan politik di jero kulawarga sanggeusna Sunan Wanaperih wafat, jeung anu neruskeun pmarentahan Karajaan teh nyaeta Apun Surawijaya ti taun 1590-1635 M. Disahandapeun kakawasaan pamarentahan anjeuna, karaton Walangsujipindah ka Kagok (Talaga) anu ayeuna belah kidul psar Talaga.

Diantara duduluran anjeuna, aya nu milih pikeun ngumbara ka wilayah kidul 1 km ti pusat pamarentahan pikeun nenangkeun pikiran. Anjeuna nyaeta Dalem Cager. Di tengah perjalanan, maneha susuci di luhureun batu, tempat eta nu jadi hiji tempat pamampiran (patempatan mampir), nu ayeuna disebut kampung Pangampiran. Terus anjeuna panggih jeung Aki Penghuma (ahli patani). Jeung Aki Penghuma Dalem Cager teh musatkeun pikiran pikeun leuwih ngalestarikeun potensi alam dina widang pertanian. Kukituna, sanggeusna hasil panen ngalimpah, jeung sempat nyieun tempat nyimpen pare nu dikenal ku sebutan Gunungan.

Dina hiji waktu sawaktu adi iparna nu karek datang nuntut elmu ti Cirebon ti Sunan Gunung Jati, nu namina Raden Aria Sarinsingan milih pikeun cicing jeung Dalem Cager pikeun ngabantu ngembangkeun pangaweruh Islam. Kusabab ngarasa kacocokan jeung daerah eta, nu ahirna patukeur pamikiiran jeung Dalem Cager sarta Aki Panghuma jeung dibantu ku pangawalna Raden Singa Wadana neangan hiji tempat nu isa ngembangkeun kamajuan wilayah, ngagali potensi alam di wilayah karajaan Talaga. Nu ahirna nimukeun sahiji tempat nu rindang jeung kasuburan tanah eta, di timukeun cai nu ngalir jeung herang. Di telusuran cai eta, sihoreng teh nates leuwih loba ti akar tatangkalan, sahingga Mbah

3

Silsilah desa Cicanir 2012

Dalem Cager ngolah daerah eta jadi lokasi pertanian jeung nyieun tempat panampungan cai nu mangrupakeun wujud karahayuan hirup.

Tempat panampungan eta ditata rapi sisina ku tutuwuhan-tutuwuhan leutik nu nyebabkeun kaluarna keembangan nu ceunah ceuk carita, caina bisa jadi obat pikeun nyageurkeun kasakit, terus ngabentuk sahiji balong ditengah patamanan jeung nu nyebabkeun Akimukti terkenal ngabogaan balong patamanan nu disebut ku ngaran Citaman. Ngaran eta leuwih resmi disebut Cicanir, nu artina Ci nyaeta Cai jeung Nir nyaeta akar (catang). Perbawa cai eta leuwih mawa subur lahan pertanian.

Ku sadiana cai nu teu surut-surut, nyebabkeun wilayah sakitar lokasi eta kabawa subur. Hasil panen bisa nyukupan kabutuhan, ku kajadian eta bisa ngondang penduduk supaya pindah ngolah nagri nurutan langkah Aki Mukti (Aki Panghuma) jeung Mbah Dalem Cager nu selalu sabar tapi pikirana dinamis pikeun ngolah nagri ngabantu wilayah Karajaan Talaga.

Ku kaberhasilan eta, ngadatangkeun kabar ka tiap pelosok yen di belah kidul karaton Walangsuji Karajaan Talaga, aya sahiji tempat anu kondisina gemah ripah, sarta pandudukna repeh rapih. Salian ti wilayah Talaga, oge ka kuping sampe ka wilayah Kuningan. Ku kaayaan kitu, ceunah nurutkeun carita pernah ngageuingkeun panguasa Talaga pikeun nguasaan wilayah eta. Sanggeus di telusuran, sihoreng teh lanceukna keneh nu ngelola ptempatan eta teh. Ahirna, jadi upaya pikeun mere perhatian lanceukna di sahandapeun pamarentahanna jeung ku kakuasaana, di bendung weh walungan Cilutung salaku tandingan jijieunan balong nu leuwih gede, nu nyebabkeun sabagian lalahan pertanian kakeueum.

Ku kajadian eta, ngajadikeun Aki Murti sakulawarga sedih, terus anjeuna pindah ka datarannu leuwih luhur, nu sempet dinamian tempat eta Panenjoan.Ku kajadian eta, ahirna putrana Jayalaksana nu ngahubungi wargina, Winajaya pikeun menta bantuan ka aden Aria Saringsingan. Berkat kagigihanna, elmu nu dipibogana ahirna bisa oge dibobolna.

Ahirna cai nu tadina ngeueum, surut deui saperti samula. Tah, lokasi rata tegalan nu tadina kakeueum teh disebut tegal. Dalem Cager jeung Aria ngayakeun musyawarah, menta ka anakna pikeun ngurus lokasi nu saacana diolah ku bapana, nu ngarana Cicanir, jeung Jayalaksana salaku pangaman wilayah jeung tata guna cai, sabab Dalem Cager miboga paniatan pikeun nenangkeun pikir jeung rasa, pikeun ngalakon leuwih jauh. Terus di sumanggakeun ku rahayat Kuningan pikeun cicing di Darma, ngabimbing pangolahan lahan pertanian jeung nith prabot (peralatan) nu ditinggalkeunna, komo deui nu kaasup jeni banda karajinan disumanggakeun pikeun dipindahkeun atawa dibikeun ka pangawasa pamarentahan dina mangsa eta dihijikeun / dikumpulkeun jeung nu aya di karaton Talaga, Kagok (Talaga).

4

Silsilah desa Cicanir 2012

EKSPOS TUMPUK PAMARENTAHAN DESA CICANIR

NO NGARAN KUWU MASA JABATAN1. ARIA WANGSA 1857-18872. ARDI SASMITA 1887-19073. MA’RUF (H. SOBARI) 1907-1959

4. ASY’ARI (MA’SUM) 1959-1980

5. M. AIP 1980-1990

6. H. GOZALI 1990-1999

7. ADE 1999-2000

5

Silsilah desa Cicanir 2012

8. E. MARKUS 2000-2004

9. E. MARKUS 2004 - ayeuna

10.

Visi jeung misi desa cicanir Visi:

Ngawujudna masyarakat nu agamis, makmur, adil jeung normatif. Misi:

Ku masyarakat nu agamis, makmur, adil jeung normatif mangrupakeun faktor panunjang ngawujudna gemah ripah repeh rapih.

SUSUNAN KAPANGURUSAN BPD JEUNG LPM

DESA CICANIR KECAMATAN TALAGA

KABUPATEN MAJALENGKA

Alamat: jalan Mangku Darajat no. 12 Cicanir. Telepon: 081394676947, POS: 45463

A. SUSUNAN KAPANGURUSAN BPDKetua : JOHAN ISKANDAR, STSekertaris : NUNUNG NURDINSEKSI-SEKSI

a. Widang Pamarentahan : HAYUN MUBTADIb. Widang Pembangunan: NANANG SURYANAc. Widang Perekonomian : ANAS SUPRIYADI

B. SUSUNAN KAPANGURUSAN LPMKetua : YANTO

6

Silsilah desa Cicanir 2012

Wakil Ketua : NONO SURYONO, S.PdSekertaris : DANU WIJAYA, S.PdBendahara : E. APENDISEKSI-SEKSIa. Widang Pembangunan : UHAN SUNARYAb. Widang Pendidikan & Seni : APUNGc. Widang Kaagamaan : UNUS SANUSI, S.Agd. Widang Kasehatan : DEDE LUKMANe. Widang Ekonomi/Koperasi : APINf. Widang Bimudora : TOTO SUHARTO

Cicanir, Pebruari 2012Kuwu Desa Cicanir

( E. MARKUS)

STRUKTUR PERANGKAT DESA

PAMARENTAHAN DESA CICANIR KACAMATAN TALAGA

KABUPATEN MAJALENGKA PROPINSI JAWA BARAT

KAPALA DESA/KUWU : E. MARKUSSEKDES/JURU TULIS : YAYAN HERYANA

KEPALA URUSAN (KAUR)

Kaur Pamarentahan / Raksabumi : E. SumarjaKaur Ekbang / Ngalambang : A. Hendriana,S.PdKaur Kesra / Lebe : Udin SaepudinKaur Kauangan / Ucap Gawe : OmiKaur Umum / Kulisi : Jaja SudirjaKadus / Rurah : U. Mulya Subagja PEMBANTU /SATGAS HANSIP

Blok Talagasari / RW 001 : Emo SuhatmaBlok Karangsari / RW 002 : Acun Heryanto

7

Silsilah desa Cicanir 2012

Blok Mulyasari / RW 003 : OmoBlok Muktisari / RW 004 : Unus SanusiKap. Pangampiran / RW 005 : - KETUA LINGKUNGAN WARGA

Ketua RT 001 / RW 001 : IlunKetua RT 002 / RW 001 : AkipKetua RT 003 / RW 001 : EmoKetua RT 004 / RW 001 : ApipKetua RT 001 / RW 002 : KokoKetua RT 002 / RW 002 : OyonKetua RT 003 / RW 002 : Asep HKetua RT 001 / RW 003 : Apung Ketua RT 002 / RW 003 : DedeKetua RT 003 / RW 003 : ApinKetua RT 001 / RW 004 : YantoKetua RT 002 / RW 004 : MamanKetua RT 003 / RW 004 : HandiKetua RT 004 / RW 004 : UnusKetua RT 001 / RW 005 : AmanKetua RT 002 / RW 005 : BuhoriKetua RT 003 / RW 005 : Hasan KETUA LEMBAGA PAMARENTAHAN DESAKetua BPD Desa Cicanir : Johan Iskandar, STKetua LPM Desa Cicanir : Yanto

KETUA ORGANISASI KAMASYARAKATANKetua MUI Desa Cicanir : KH. Moh. Anwar Ketua DKM Desa Cicanir : Eman SuyamanKetua CMI Desa Cicanir : K. Asep SaepudinKetua Karang Taruna Cicanir : Toto SuhartoKetua Kel.Mitracai / Tani Cicanir : H. Amir Sobari

8

Silsilah desa Cicanir 2012

PENDIDIKAN

Tingkat Pendidikan Jajaka WanojaUmur 3-6 taun nu can TK 11 jiwa 6 jiwa Umur 3-6 taun TK / Play Group 6 jiwa 7 Jiwa Umur 7-18 taun teu pernah sakola - Jiwa - Jiwa Umur 7-18 taun Keur sakola 215 jiwa 138 jiwa Umur 18-56 taun teu pernah sakola 2 jiwa 2 jiwa Umur 18-56 taun pernah SD teu tamat

2 jiwa 2 jiwa

Tamat SD / sadarajat 116 jiwa 189 jiwa Umur 12-56 taun teu tamat SLTP 174 jiwa 156 jiwa Umur 12-56 taun teu tamat SLTA 316 jiwa 313 jiwa Tamat SLTP / sadarajat 63 jiwa 38 jiwa Tamat SLTA / sadarajat 51 jiwa 38 jiwa Tamat D-1 / sadarajat 1 jiwa 1 jiwa Tamat D-2 / sadarajat 2 jiwa - Jiwa Tamat D-3 / sadarajat 5 jiwa 4 jiwa Tamat S-1 / sadarajat 19 jiwa 15 jiwa Tamat S-2 / sadarajat 1 jiwa - Jiwa Tamat S-3 / sadarajat 1 jiwa - Jiwa Tamat SLB-A - Jiwa - Jiwa Tamat SLB-B - Jiwa - Jiwa Tamat SLB-C - Jiwa - Jiwa . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . - Jiwa - Jiwa JUMLAH TOTAL 984 Jiwa 951 Jiwa

MATA PANCAHARIAN

Jenis Padamelan Jajaka WanojaTani 235 jiwa 26 jiwa Buruh Tani 81 jiwa 27 jiwa Buruh migran wanoja - jiwa 21 jiwa Buruh migran jajaka 4 jiwa - jiwa Pagawe Negeri Sipil 13 jiwa 12 jiwa Pangrajin industri Rumah Tangga 1 jiwa - jiwa Padagang kuriling 13 jiwa 14 jiwaNelayan - jiwa - jiwa Montir 8 jiwa - jiwa

9

Silsilah desa Cicanir 2012

Dokter swasta - jiwa - jiwa Perawat swasta 1 jiwa - jiwa Pembantu Rumah Tangga - jiwa 14 jiwa TNI 1 jiwa - jiwa POLRI 1 jiwa - jiwa Pensiunan PNS / TNI / POLRI 6 jiwa 2

jiwa Pangusaha leutik / tengah 123 jiwa 39

jiwa Pengacara - jiwa - jiwa Notaris - jiwa - jiwa Dukun kampung terlatih - jiwa - jiwa Jasa pangobatan alternatif - jiwa - jiwa Dosen swasta 2

jiwa- jiwa

Pangusaha besar - jiwa - jiwa

Peta Desa Cicanir Ditingali ti luhur

10

Silsilah desa Cicanir 2012

Ditingali ti darat

Gapura Desa Cicanir

11

Silsilah desa Cicanir 2012

Bale Desa Cicanir

Masjid Desa Cicanir

12

Silsilah desa Cicanir 2012

13