Rozak Asup Nyonyoo Bedog

14
Bedog Gedebul 1. Rozak asup nyonyoo bedog 2. Nayaga: weiss…weisss…. 3. Rozak: (ngasah bedog) 4. Nayaga: weiss weiss…kang…kang nuju naon atuh kang meni anteng kitu.. 5. (Rojak teu ngawaro, nembongkeun bedog ka nayaga, backsound cring..cring..) 6. Nayaga: Wiiiiiih, mencrang barudak!!! 7. (Nayaga maju, mawa bedog jeung batu ali) 8. Rozak: naon siah? 9. Nayaga: kang gosok batu ali 10. Rozak: ai sia! Dewek lain tukang batu ali! (Langsung nyerang rek ngadek nayaga) 11. Nayaga: Weeeh ampun-ampun kang. Sugan the tukang batu ali…meni cingogo sisieun jalan bari gogosokan 12. Rozak: eh ai sia, dewek the keur ngasah bedog sakti keur mungkas garong durjana! Begal! Koruptor! Jeung caroge salingkuh! Jaman ayeua mah loba jelema teu baleg! Kudu diamankeun yeuh ku jelema jiga dewek 13. Nayaga: naha kang emang bisa bedog kitu ngalibas koruptor? Emang bisa naon eta bedog? 14. Rozak: yeuh ieu the bedog sakral! Maneh mun hayang meunangkeun bedog ieu, kudu ngojay meuntas selat sunda 15. Nayaga: ah kang biasa wae eta mah! Yeuh nayaga oge gaduh kang, “batu ali” ieu batunya meunangkeun na kudu ngaliwatan selat bali kang! 16. Rozak: wah nyaan? Baleg siah! Naha euy maneh sakti bisa ngojay ngaliwatan selat bali 17. Nayaga: weh si akang, kacape2 ngojay, ngaliwatan selat bali the da di deliperi ti online shop kang! 18. Rozak: siah! Wawanian nipu dewek! Yeuh bedog dewek mah asli sakti! Ngan jawara jiga dewek nu bisa meunangkeun! Jelema balangsak jiga maraneh mah maol mungkin bisa! Geus lah tong ngaganggu dewek keur dines, si uloh mana deuih nya euy wayah kieu can balik patroli wae! 19. Nayaga: weh kang saha kang si uloh the? 20. Rozak: si uloh the anak buah dewek 21. Nayaga : woooh si akang boga anak buah, bos mafia akang the? 22. K’ Rozak : lain ai sia!, dewek the pupuhu karang taruna! Matakna kudu boga anak buah! Keur ngarojong visi dewek uloooooooh uloooooh 23. Uloh : booooooooooooos SIAP! 24. K’ Rozak : euh! Kamana wae sateh? 25. Uloh : siap bos! Uloh tos kukurilingan patroli ngurilingan 2 RW 26. K’ Rozak : wahhahaha alus-alus ieu karek anak buah dewek (nepakan pundak) belah mana wae 2 rw eta teh? 27. Uloh : siap bos! Ti kantor lurah nepi ka warung beas 28. K’ Rozak : ai sia! Eta mah kari nyebrang! Sanajan beda RW tapi da babatasan, teu baleg siah! 29. Uloh : nya pan kumaha bos na 30. Rozak : eh siah (atep asup) 31. Atep : samlekum! Nuk nu manuuuk manuuk! 32. Nayaga : kang! Icalan manuk!?.........

description

story of rozak

Transcript of Rozak Asup Nyonyoo Bedog

Bedog Gedebul1. Rozak asup nyonyoo bedog2. Nayaga: weissweisss.3. Rozak: (ngasah bedog)4. Nayaga: weiss weisskangkang nuju naon atuh kang meni anteng kitu..5. (Rojak teu ngawaro, nembongkeun bedog ka nayaga, backsound cring..cring..)6. Nayaga: Wiiiiiih, mencrang barudak!!! 7. (Nayaga maju, mawa bedog jeung batu ali)8. Rozak: naon siah?9. Nayaga: kang gosok batu ali10. Rozak: ai sia! Dewek lain tukang batu ali! (Langsung nyerang rek ngadek nayaga)11. Nayaga: Weeeh ampun-ampun kang. Sugan the tukang batu alimeni cingogo sisieun jalan bari gogosokan12. Rozak: eh ai sia, dewek the keur ngasah bedog sakti keur mungkas garong durjana! Begal! Koruptor! Jeung caroge salingkuh! Jaman ayeua mah loba jelema teu baleg! Kudu diamankeun yeuh ku jelema jiga dewek13. Nayaga: naha kang emang bisa bedog kitu ngalibas koruptor? Emang bisa naon eta bedog?14. Rozak: yeuh ieu the bedog sakral! Maneh mun hayang meunangkeun bedog ieu, kudu ngojay meuntas selat sundaComment by abdullah husna: Mangga ganti, intina si rozak kudu katingali sombong, main hakim sendiri, gampang termakan berita, 15. Nayaga: ah kang biasa wae eta mah! Yeuh nayaga oge gaduh kang, batu ali ieu batunya meunangkeun na kudu ngaliwatan selat bali kang! 16. Rozak: wah nyaan? Baleg siah! Naha euy maneh sakti bisa ngojay ngaliwatan selat bali17. Nayaga: weh si akang, kacape2 ngojay, ngaliwatan selat bali the da di deliperi ti online shop kang!18. Rozak: siah! Wawanian nipu dewek! Yeuh bedog dewek mah asli sakti! Ngan jawara jiga dewek nu bisa meunangkeun! Jelema balangsak jiga maraneh mah maol mungkin bisa! Geus lah tong ngaganggu dewek keur dines, si uloh mana deuih nya euy wayah kieu can balik patroli wae!19. Nayaga: weh kang saha kang si uloh the?20. Rozak: si uloh the anak buah dewek21. Nayaga: woooh si akang boga anak buah, bos mafia akang the?22. K Rozak:lain ai sia!, dewek the pupuhu karang taruna! Matakna kudu boga anak buah! Keur ngarojong visi dewek uloooooooh uloooooh23. Uloh: booooooooooooos SIAP!24. K Rozak: euh! Kamana wae sateh? 25. Uloh: siap bos! Uloh tos kukurilingan patroli ngurilingan 2 RWComment by abdullah husna: Comment by abdullah husna: Mangga tambah dan ganti, intina laporan2 si uloh nu ngaco26. K Rozak: wahhahaha alus-alus ieu karek anak buah dewek (nepakan pundak) belah mana wae 2 rw eta teh?27. Uloh: siap bos! Ti kantor lurah nepi ka warung beas28. K Rozak: ai sia! Eta mah kari nyebrang! Sanajan beda RW tapi da babatasan, teu baleg siah! 29. Uloh: nya pan kumaha bos na30. Rozak: eh siah(atep asup)31. Atep: samlekum! Nuk nu manuuuk manuuk!32. Nayaga: kang! Icalan manuk!?.........33. Atep: muhun kang teh! Manga manuk na! Manuk nu ageung, manuk nu alit, nu mohek, nu kribo! Manga manuk na mangga!34. Nayaga: aya manuk naon wae kang?(bikin tawaran manuk sorangan) nu cangehgar lobananya bari jeung teu meuli35. Atep: seueur nayaga, ngan nu ayeuna di candak mah manuk kenari hungkul. Yeuh aya kenari koneng, kenari bodas, kenari coklat jeung KENARI JAIPONGComment by abdullah husna: Mangga diganti, pokona nawaran manuk dan memamerkan kelebihan manuk2 jualan na36. Nayaga: alaaah nu kumaha kang kenari jaipong teh? Asa nembe ngadangu nayaga mah.37. Atep: hahahah, nteu atuh nayaga eta mah heureuy hungkul38. Nayaga: aaah sugan the heueuh, padahal mah tos bade meser. *tambah bodoran39. 40. Nayaga: mang eta nu jambul na jiga nyere sabarahaan?*41. Atep: oh nu mohek? 200 rebu mang!42. Nayaga: weits!? Naha euy mahal kitu!? Kamari wae saya meuli manuk cingkleung ngan dua las limaan43. Atep: wes benten mang! Manuk saya nu ieu jago nembang mang! Tos kaciri tina buuk na oge tos world class! Sapertos artis-artis nu di hollywood mang! Jiga urang mang!44. Nayaga: woaaaaaaah (kagum), 45. Sementara itu46. Rozak: loh, eta saha? Asa tara ningali? 47. Uloh: eta? Tukang manuk bos!48. Rozak: ai sia! heueuh apal eta mah, ngan tapi saha!? Dewek mah asa tara ningali budak kampungan jiga kitu, curiga euy! Kudu dewek introgasi, tapi ku maneh heula loh49. Uloh: muhun bos, urang teh kudu waspada! Bisi si akang nu itu teh ternyata Garong!.... pan ayeuna teh keur usum pergarongan... minggu kamari wae spion motor na pa asep leungit di paok ku garongComment by abdullah husna: Mangga ganti50. Nayaga : atuuh, pira ge spion kang, meser deui weh atuh da mirah nu kitu mah51. Uloh: masalahna nya, motorna the napel keneh ka spion, jadi weh leungit jeung motor-motorna52. Nayaga:heuuuuuh atuh eta mah garong motor eta mah53. Rozak: heuh euy! Mencurigakan! Ku dewek libas siah eta budak! Tapi mimiti maneh heula nu ngacek eta garong lain!54. Uloh: naha uloh!?55. Rozak: soalna maneh kacung urang!56. Uloh: oh heueuh benermun jadi kacung kudu nurut nya ka dunungan? Kudu pisan nya bos?57. Rozak: heueuh geuwat tong loba tatanya(uloh nyampeurkeun)58. Uloh: kang garong nya?Comment by abdullah husna: kembangkan59. Atep: sanes a60. Uloh: sanes cenah bos!61. Rozak: ai sia! Tong nanyaan langsung si eta garong atawa lain! Tanyaan heula si eta teh saha? Urang mana? Rek naon kadieu! Periksa bisi eta manuk2 teh meunang ngagarong!62. Uloh:siap bos siap.. (nyampeurkeun). kang, icalan manuk? Eta manukna meunang ngagarong sanes?63. Atep: sanes a64. Uloh: sanes cenah bos65. Rozak: ai sia! Geus ah dieu ku dewek weh! (nyampeurkeun).heh! garong nya..66. Nayaga: weh ai si akang gening saruana jeung anak buah na67. Rozak: gandeng siah! uloh siah! Gara2 maneh dewek jadi katularan belegug! 68. Uloh: naha69. jadi uloh nu salah..70. Rozak: soalna maneh anak buah dewek! Geus ah..woy! saha maneh!71. Atep: tukang manuk kang..72. Rozak: heueuh apal!... saha ngaran maneh saha!? Imahna dimana!? Budak saha?73. Atep: ooh haha punten atuh kang, tepangkeun atuh abdi teh atep, abdi teh tukang manuk ti kampung sukamanuk,abdi teh putrana pa sumardi mung pun bapa teh tos teu aya, tos ngantunkeun, kukituna abdi teh icalan manuk kanggo menyambung hidup74. Rozak: hah siah! Naha jelema sangsara jiga maneh bisa boga manuk, meunang maoknya?75. Atep: weh kang,ieu mah insya Alloh halal kang teu haram, da saur pun bapa ge hirup mah teu nu penting barokah, teu ngarugikeun anu sanes, teu jiga koruptor nu kenging artos ti duit rahayat. Insya Allah kang jujur abi mah.76. Rozak: ah siah! Loba alibi maneh! Tingalikeun weh awas mun maneh sagawayah di kampung ieu, dewek jadi nu pangheulana nu newak maneh!77. Atep: Insya Alloh kang abdi mah moal kukmaha, eh, akang palay manuk? Ieu kang aya manuk nu cocok kanggo akang!78. Rozak: ah moal, keur naon miara manuk, jiga jelema euweuh gawe wae79. Atep: oh moal nyaatos atuh kang abdi tipayun bade ngalajengkeun icalan manuk na, assalamualaikum.(indit)80. Rozak: loh dewek mah teu percaya keneh ka eta tukang manuk!81. Nayaga: eh kang teu kenging suuzon, bilih weh eta manuk teh modalna meunang ti bisnis narkoba!Comment by abdullah husna: kembangkan82. Nayaga: ai maneh! Teu meunang kitu! Bisi weh eta manuk teh modalna meunang ti nyegik jadi bagong ngepet83. Nayaga:ai maneh! Teu meunang suuzon kitu bisi weh eta manuk teh modalna meunang ti. nya ulah suuzon weh pokona mah!84. Rozak: lain suuzon ai sia, dewek teh lain suuzon! Sieun aya nu mengancam keselamatan desa ieu! Ti paripolah namah eta tukang manuk teh mencurigakan, mamawa kandang badag ditutupan kitu, bisa weh eta kandang teh eusina duit meunang ngagarong! Hayu loh! Urang laporkeun eta tukang manuk ka pa rt, ameh warga dieu teh waspada (ceuk saha suudon, dewek mah paduli ka desa dewek, mun aya garong siga si eta didieu mending ku dewek kadek tiheula, bisi kaburu aya korban)85. Uloh:siaaaap bosss siaaap!86. Nayaga:..enya euy, ayeuna mah usum garong, kamari oge di deukeut imah urang

Babak 287. Pa RT: fuiit fuiit (nyoo manuk)88. Nayaga: pa nuju naon pa?89. Pa RT: ah ieu biasa lah cep90. Nayaga: biasa naon pa? asa titadi teh bapa meni anteng, teu nyarios2, ngan heheotan jeung kandang wae91. Pa RT: ieu cep, bapa teh nuju ngalatih manuk bapa kanggo lomba manuk di IMCComment by abdullah husna: mangga kembangkan92. Nayaga: IMC teh naon bapa? Nayaga mah terang na ge ITC, BTC, sareng BEC93. Pa RT: IMC teh international manuk competition, kaleresan ieu manuk bapa teh atlit nayaga, Alhamdulillah atos kenging seueur medali94. Nayaga: medali.tos ngajuaraan naon wae bapa manuk bapa teh?95. Pa RT: ieu manuk teh geus meunang lomba manuk pang alusna sora, pang geulisna bulu, jeung pang mandirina..96. Nayaga: hah..mandiri kumaha pa?97. Pa RT: eh nayaga, manuk ieu the saking mandirina, daftar ulang lomba oge sorangan, malahan nu sok nyokot rapot budak urang ka sakola ge sakola ge manuk urang98. Nayaga: wooh abdi oge hoyong atuh pa manukna mandiri? Meh tiasa ngomean motor, ngomean mobil jeung ngomean hirup abdi pa!99. Pa RT:ah lieur maneh mah nayaga100. Bu RT: bapaaaaaa gusti nu agung meni nyoo manuk wae! Ieu teu ningali kitu pamajikan beuteung geus melentung kieu angger weh teu diurus, dicampakan demi manuk! lamun kieu mah gusti aduuuh hayati mah tak kuasa!101. Pa RT: eh mah pan sami atuh mamah oge tos ku bapa paraban sami sareng si manuk, jadi pan bapa teh tos jadi caroge nu adil!102. Bu RT: heh siah! Nyaruakeun aing jeung manuk!? Sungguh teganya dirimu, sedih euy hayati mah sedih ternyata janji-janjimu itu hanya omong belaka!103. Pa RT: janji nanahaon? Rarasaan mah janji teh baheula ngan janji moal poligami, eta ge bersyarat lamun mamah masih keneh sexy jiga desy ratnasari 104. Bu RT: teung teuingngeun siah kardun teung teuingeun, manya ngapohokeun janji manismu, baheula teh, ngajanjikeun, iros teh only one, hanya iros yang kusayang, tiada cinta selain iros, mana kardun manaaa?105. Nayaga: bu rt, abdi salaku kaum hawa, ngaraos naon anu dipikaraos ku bu rt, memang bu, lelaki ayeuna mah buaya darat, hidung belang. Panon karanjang! teu tiasa dipercaya106. Nayaga:.(dan pendapat2 negatif lainnya)107. Pa RT:eh si nayaga mah provokatoif ah,sanes litu mah, leres mamah teh only one, leres mamah teh hiji2 na, na mung eta teh hanya berlaku, lamun mamah teh sexy keneh sapertos desi ratnasari. emut mah desi ratnasiari.108. Bu RT: ah siah dasar lelaki ayeuna mah, ningalina kana pisik hungkul109. Pa RT:eh sanes pisik hungkul mah, kumargi manuk mah sora na ge alus, jaba parab na mirah ngan sakedik teu saloba mamah110. Bu RT: HEEEEEE SIAAAAH!(Neng aya asup)111. Neng aya: apa emaa112. Pa RT bu rt: muhun geulisss113. Bu RT: meni tos rapi kieu neng, tos bade angkat sakola?114. Neng aya: muhun ma, supados teu telat ka sakolana115. Bu RT: atuh padahal mah enjing keneh.116. Neng aya: muhun mah, supados aya teu telat angkat enjing2 teh, oh enya ema apa, nembe aya tos nyiapkeun sarapan kanggo ema sareng apa, enggal di emam atuh nya bisi kaburu tiis, komo kanggo ema, soalna kanggo si dede oge *bari ngusapan beuting bu RT117. Bu RT: ah si neng mah tiasa wae118. Pa RT: tuh tingali ma si eneng mah meuni rajin, kumaha weh bapa na119. Bu RT: heueuh rajin maneh mah, rajin maraban manuk.120. Neng Aya: ih atos ema, apa, ulah parasea wae. Isin ka tatanggi.121. Bu RT: tah si apa, nu sok neang masalah wae mah (buang muka dari pak RT)122. Neng Aya : (ngarerepeh) Nya tos ma, pa, ayeuna mah aya bade angkat *salim*123. Bu RT: sok nya cing pinternya diajarna, cing sukses, cing jadi jelema, tong sapertos bapa unggal dinten weeeh nyonyoo manuk124. Pa RT: eh mah ieu nyoo manuk teh jadi sumber penghasilan, keur tuang sapopoe125. Bu RT: ah gandeng ah!, pokona mah sing jongjonnya sok diajar na126. Pa RT: muhun geulis sok didoakeun ku bapa oge,eh ai neng kumaha diajar disakolana? Tiasa?127. Neng aya: nya aya mah pas-pasan nilaina bapa128. Nayaga:neng neng, da nayaga oge sok pas-pasan neng, teu kedah isin129. Neng aya: pas kumaha nayaga130. Nayaga: pas di hate neng, (dan gombalan lainnya)131. Pa RT:geus ah cicing nayaga, pas pasan kumaha geulis?132. Neng aya: nya pas weh bapa, pas 100 wae nilai na133. Pa rt: walah hebring euy, ieu karek anak bapa, sok cing pinternya, mugia neng teh tiasa janten dokter, supados tiasa ngubaran manuk bapa mun manuk bapa nuju teu damang134. Bu RT: siah! Manuk deui manuk deui, manuk weh diurus! Ai anak jeung pamajikan henteu!135. Pa RT: eh ceuk saha, si neng bisa pinter tur geulis kieu teh pan pedah bapa na136. Neng aya: bah atos ah emak bapa, aya jadi isin, aya angkat heula atuh nya,emang tong hilap landong darah tinggi na diemam supados teu ngagulingkeun roda si emang sayur deui pedah harga leunca naek, bapa oge tong hilap landong sarap na dileueut. assComment by abdullah husna: mangga kembangkan(Papanggih rozak)137. Rozak: eh neng aya, bade kamana neng? 138. Neng aya: bade..angkat sakola kang139. Rozak: dianteurkeun ku akang atuh neng140. Uloh: bos! bos! Pan kadieu teh rek laporan ka pa rt ngeunaan gerak gerik mencurigakan tukang manuk tea!141. Neng aya: teu kedah kang, bilih akang aya kaperyogian nu sanes142. Rozak: oh enya janten hilap akang teh kadieu aya kaperyogian, 143. Neng aya: kaperyogian naon kang?144. Rozak: nganteurkeun neng sakola145. neng aya: ah teu kedah kang, aya mah langkung resep nyalira146. Rozak: oh muhun atuh sok, aduh meni reueus ningali neng nu mandiri, meni binangkit pisan eneng teh(neng aya indit)147. Rozak: assalamualaikum pa rt!148. Pa RT: waalaikumsalam zak149. Rozak:weeh kumaha pa rt? Sehat?150. Pa RT: nya alhamdulillah zak, aya naon kaperyogian naon zak kadieu teh?151. Rozak: ah biasa pa laporan rutin152. Pa RT: kumaha kumaha, aya naon wae kamari?153. Rozak: yeuh pa saya teh geus ngalibas preman-preman nu malakan di pal tilu154. Pa RT: naha emang aya kitu? Laina belah dinya mah tukang parkir hungkul nya?155. Rozak: weh aya pa, eta teh pemalakan terorganisir pa!156. Pa RT: wooh nembe apal saya mah157. Rozak: sareng hoyong laporan ieu teh, mun aya gerak-gerik mencurigakan ti orang asing ieu teh158. Pa RT: mencurigakan kumaha ieu zak159. Rozak: aya jelema mencurigakan anu mamawa kandang manuk pa, ceuk cenah mah si eta teh rek jualan manuk, tapi saya mah teu yakin pa mun eta teh nyaan tukang manuk, sanesna suujon nya pa, tapi saya mah hawatos manuk bapa teh digarong160. Pa RT: wah atuh kade zak eta rada diamankeun, sieun atuh bapa oge manuk bapa leungit161. Bu RT: keun we ah sina leungit sina dibawa ku garong, ameh teu ngalieurkeun wae162. Pa RT: eh ulah atuh mah, ieu manuk teh jiwa raga bapa163. Uloh: p a rt, resep manuk? Saya aya di markas manuk anu sora na sae bulu na endah tur mulus teh, bilih bade ngagaleuh 1juta weh teu sawios 164. Bu RT: heeeh siah, urang geus lieur ku hiji manuk terus maneh rek nambahan deui siah, dieu siah can nyobaan ngarasaan peureup urang? heh Rozak siah kalakah mawa masalah maneh mah kadieu teh165. Rozak: muhun bu rt, punten the, teu maksad, abdi kadieu teh ngan bade laporan hungkul, Uloh! Aii sia! Urang teh didieu teh rek laporan lain rek bisnis!166. Uloh: muhun siap bos167. Pa RT: jang, manuk naon eta teh euy? Meni mahal2 teuing168. Uloh: manuk piit pa, pami bade kirang teu sawios..169. Bu RT: heh siah, indit teu ayeuna mun henteu kuurang bantingkeun ieu tempat popoean ka maneh, awas siah kardun mun maneh meuli manuk deui maneh sare di luar siah jeung manuk170. Rozak: muhun bu rt muhun hapuntennya bu, ai sia uloh! Geus ah hayu ah indit, punten nya bu rt abdi angkat heula 171. Uloh: siap bos! 500rebu weh pa rt teu sawios atuh special kanggo pa rt mah172. Bu RT: heh!173. Nayaga:

BABAK 3174. Neng aya: nayaga, aya teh nuju bingung175. Nayaga: aiiih aiih bingung naon atuuh neng, bingung mencari pendamping hidup? Sareng nayaga weh atuh neng, nayaga siap antar jaga176. Neng aya: iih sanes nayaga, aya teh nuju bingung kedah kamana milarian parab manuk?177. Nayaga: waah kanggo naon neng milarian parab manuk? Dari pada milarian parab manuk, mending maraban hate nayaga nu haus akan kasih sayangComment by abdullah husna: kembangkan178. Neng aya: kieu nayaga, apa teh nuju tepang taun, aya teh hoyong mang meserkeun parab manuk kanggo hadiah, pan bapa teh resep pisan ka manuk, sugan weh papah janten langkung bagja manukna sehat da diparaban wae179. Nayaga: euleuh2 si neng, tos geulis, pinter, bageur, berbakti deui ka tuang rama, wah idaman pisan lah pokona mah, neng upami neng kersa ka nayaga, ku nayaga mah dipasihan 2 ton parab manuk ge180. Neng aya: alim ah, nayaga mah cunihin(Atep asup)181. Atep: nuuk nuuk manuuk nuuuuk manuuuk, neng manuk na neng?182. Neng aya: akang teh icalan manuk?183. Atep: muhun neng, tepangkeun abdi teh atep the manux si penjual manuk, teu ngan saukur manuk na neng! Abdi ge icalan parab, suplemen, vitamin, aksesoris, modif, variasi, sareng sajabana184. Neng aya:ih Kaleresan! Akang-akang, meser parab manuk185. Atep: mangga neng, bade nu mana parabna?186. Neng aya: aya nu kumaha wae kitu kang?187. Atep: aya nu syalala syululu(kreasikan sendiri yah)188. Neng aya: bade nu pang sae na weh kang, special kanggo papah189. Atep: oh nu ieu atuh neng nu pang sae na mah190. Neng aya: yeeee aya bungah, hatur nuhun pisan nya kang, lamun teu aya kang, meureun aya teh masih keneh galau mikiran parab manuk, pokona mah hatur nuhun pisan nya kang, akang pahlawan aya dinten ieu191. Atep: ah teu sababarah ieu mah atuh neng, justru akang nu ngahaturkeun nuhun pisan ka neng kumargi tos meser ka akang, salian ti eta, akang teh bungah pependak wanoja sapertos neng, anu.(Gombal)(padahal neng aya n amah tos ngaleos balik ka imah)192. Nayaga: muhun kang akang teh pahlawan neng (sabari nangkeup si atep ti tukang)193. Atep: aduh neng, meni nepi ka kieu na, akang jadi isin,194. Nayaga: muhun akang pahlawan195. Atep: (sadar)eh siah! Gening maneh nayaga! Geuleuh ah ditu2, sugan teh si neng aya! Aing mah euy!(Atep tetap di ujung nyonyoo manuk jualan na)(Bu RT asup, sabari moe baju)196. Bu RT: hiks.hikshuaaa (ceurik)197. Bu RT: hikshikshuaaa (ceurik)198. Nayaga: eeeeh kunaon bu rt? meni saeutik2 ceurik, saeutik2 ceurik, moal kaasupan jurig bu RT teh?199. Bu RT: Lain ai maneh! urang teh keur sedih ieu teh huhuhuhu200. Nayaga:sedih kunaon bu rt? Meni jiga di telenovela wae201. Bu RT: ah maneh mah da teu ngarti rarasaan urang, teu ngarti kumaha peurih nadicandung202. Nayaga: hah dicandung kusaha bu rt? ku pa rt? Ato ku simpenan bu rt?203. Bu RT: hah!? Sugan maneh urang nyandung oge? Urang mah satia atuh! Nya si bapa nu nyandung mah!204. Nayaga: hah!? Ieu teh nyaan bu rt? Sanes hoax? Da lamun ningali pa RT nu jiga toren cai mah, asa teu logis pa rt bisa nyandung, saha nu daekeun? Sareng saha bu?205. Bu RT: sareng.sarengsareng.sareng manuk huhuhuhu206. Nayaga: BU RT, nayaga salaku perwakilan ti perserikatan pelindung hak wanoja ngiring bersedih ku nasib bu rt, tos bu rt, ceraikeun weh! Masih banyak ikan di luar sana, yang lebih baik dari saukur torrent cai, cerai! Cerai!207. Bu RT:geus cicing, atuda, rek kukumaha oge, nyaah ka sibapa teh, kumaha atuuh, huuuhuhuhuh208. Nayaga: ato piceun weh manuk na bu rt!209. Bu RT: hayang sih, tapi urang sieun salaki urang gelo berkepanjangan lamun manuk na nyaan leungit,aduh kkumaha nya nayaga, tapi mun kieu terus teu kuat hayati, Cik atuh sahenteuna salila urang ngandung weh tong aya manukna, ieu sieun budak dina beuteung kunanaon pedah indungna rieut! (Atep ngadeukeutan)210. Atep: bu, palay ngagaleuh manuk?211. Bu RT: heh siah! Teu apal urang keur lieur ku manuk! Rek nambahan masalah urang maneh teh!? (sabari nyekek)212. Atep: sanes bu rt, sanes bade nambihan masalah abdi mah, abdi teh kadieu bade icalan manuk!213. Bu RT: heueuh eta nu nambahan masalah urang teh (dicekek deui)214. Atep: nyaatos atuh bu rt, pami bu rt tos gaduh mah, manawi bade meser parabna supados manuk ibu langkung sehat, sareng sorana langkung Tarik215. Bu RT: ai maneh! Urang mah ngadagu sorana hungkul ge ieu ceuli teh geus asa rek ngabeledag, komo deui mun manuk na beuki gandeng! (dicekek deui)216. Atep:oh nyaatos atuh bu, panginten manuk ibu teh butuh dilatih soantenna supados sae sapertos taylor swift, tiasa bu dititipkeun we ka abdi, engke ku abdi dipanglatihkeun217. Bu RT: ai maneh!....eh keheulanaon tadi ceuk maneh? Dititipkeun?218. Atep:muhun bu RT, abdi teh biasa nampi privat ngalatih manuk supados manuk na jawara lomba manuk, ke manuk na di karantina kitu jiga di Indonesian idol219. Bu RT: jadi ke manuk na dibawa ku maneh sababaraha lila? Dikarantina?220. Atep: muhun bu rt! Dikarantina bu sabulan!221. Nayaga: tah bu rt , kasempatan emas bu rt, tos weh upami bu rt alim miceun manuk mah, manuk na tititipkeun weh, dikarantina, supados manuk aman, ibu senang, ke mun bu rt tos borojol cokot deui manuk na222. Nayaga:eh keheula, naha maneh pinter euy?223. Nayaga:teuing atuh, da urang mah ngan hawatos ka si ibu224. Bu RT: heueuh oge nya, sabaraha jang eta ngarantina manuk?225. Atep: ah gope weh gope, tos sareng parabna eta bu226. Bu RT: sok atuh lah, ieu manuk bawa227. Atep: siap bu, eh punten, dupi ieu teh manuk gaduh ibu?228. Bu RT: nya enya atuh, manya boga batur mah!229. Atep: ke sakedap abi parios heula atuh nya, bilih manuk na teu gaduh talenta, janten percuma rek dikarantina ge230. Nayaga: aduuh karunya si bapa nya manuk na dicandak231. Bu RT: heh siah nayaga, maneh tong bebeja nya ka salaki urang manuk na urang titipkeun, beja weh kabur232. Nayaga: wes teu tiasa kitu bu rt, nayaga mah menegakan kejujuran, berani jujur hebat!233. Bu RT: hayang sabaraha siah maneh? Hah? Yeuh sarebu!234. Nayaga: Weiss nayaga mah tidak menerima suap bu!235. Bu RT: yeuh 5rebu236. Nayaga: aduh nayaga mah sanes nanaon bu, ngan sieun dosa237. Bu RT: 10 rebu yeuh238. Nayaga: siap bu rahasia terjamin239. Atep: bu oke bu! Manuk na bertalenta! Abdi candak atuh nya bu, sasih payun saya uihkeun, insya Alloh manuk na tos tiasa seriosa240. Bu RT: heueuh jug jug sok bawa241. Atep: assalamualaikum242. Bu RT: waalaikumsalam(Bu RT asup ka imah, atep berpapasan dengan jang uloh yang sedang patrol)243. Uloh: eh eta nahanya manukna si pa rt dibawa si tukan manuk eta? Nayaga apal teu? Eta manuk naha dibawa?244. Nayaga: ooh eta teh245. Nayaga: ssst jempe ai maneh, pan ceuk bu rt oge, ulah bebeja sasaha, duka atuh jang uloh246. Uloh:waaah mencurigakan yeuh, pas pisan uloh keur patroli, kanyahoan gerak gerik mencurigakanKeur kitu pa rt kaluar imah:247. Pa RT: manuk? Manuk? Mana euy manuk urang euy? Manuk urang leungit! Huhuhuhuhu ayaaa mamaaah ningali manuk bapa teuu (bari asup kajero)248. Uloh: tuh pan ceuk uloh oge, eta manuk teh digarong si tukan manuk tadi, wah uloh kudu laporan ka bos rozak ieu mah, boooos boooos! (lumpat ka si rozak)249. Nayaga: alah siah, kumaha euy, dilaporkeun ka si rozak, eta tukan manuk bisa dikadek250. Nayaga: ah keun lah, apanan urang teh kudu nyepeng amanah ti bu rt251. Nayaga:heueuh nya, nyanggeus lah

Babak 4

252. Aya: (neangan manuk)253. Nayaga: neng milarian abdi?Comment by abdullah husna: mangga kembangkan254. Nayaga: ato milarian abdi?255. Nayaga: neng manawi neng the nuju milarian rerencangan kanggo ka plaminan?256. Aya: iiih..257. Rozak asup258. Rozak: eh aya si neng aya euy! Keur naon nya? Jigana mah keur butuh bodygard, cik ah dewek deukeutan259. Rozak: neng.nuju naon neng.sapertos nuju milarian sesuatu..manawi neng the milarian rerencangan ka plaminan?260. Nayaga: AAAAAAAAAAAHHHHH kang cik atuh cing kreatif ngaggombal the, meni ngerakeun pisan tuturut nayaga261. Rozak: heh siah! Wani siah maneh ka dewek? Yeuh dewek boga gombalan nu anyar..262. ***263. Sesi gombal versus nayaga264. 265. Rozak: janten neng the kunaon atuh?266. Aya: aya the nuju milarian manuk apa kang, aya the sedih ningali apa ti kamari uring2an wae, matakna aya the kadieu milarian manuk apa, manawi akang ningali manuk warna hejo kayas, beureum euceuy sareng koneng caang hiber kadieu?267. Rozak: wah henteu neng, dupi eta manuk the ical na kunaon neng? Digarong ato kumaha?268. Aya: duka..269. Rozak: wah neng tenang weh, aa ojak pilarian neng, tingalikeun weh neng mun eta manuk the digarong, ku aa ojak garong na dilibas neng!270. Aya:..271. Aya: nyaatos atuh kang, aya bade ka kebon jukut, bade neraskeun milarian272. Rozak: bade dianter teu neng?273. Aya: ah teu kedah kang274. Rozak: yakin neng..yakin moal dianteur ku aa, bilih aya begal neng, meh aman275. Aya: muhun kang teu kedah, aya tiasa nyalira, tipayun nya kang assalamualaikum276. Rozak: waalaikumsalam277. Rozak:tuh tingali nayaga, bener pan ceuk dewek ge, ieu kampung the geus teu aman, ieu kampung the butuh pahlawan pambela kaadilan sige dewek!278. Nayaga: kang lamun loba kriminalitas mah butuh pulisi, sanes preman kang!Comment by abdullah husna: mangga kembangkan279. Rozak: ai sia! Dewek the jawara siah jurig! Lain preman! Hayang ku dewek kadek siah!280. Nayaga: tuh pan, kudak kadek pan, tos kang tarima weh kanyataan, akang the preman281. Rozak: siah!282. Nayaga: eh eh eh geus cicing maneh (ka nayaga deui) muhun kang leres akang the pelawan tua283. Nayaga: eta mah perawan ai sia284. Nayaga: geus cicing, da teu nyadareun285. Rozak: huahaha dewek tea atuh286. Uloh:bossssss bosssssss287. Rozak: uloooooh ai siaaaa, nanaoonan maneh teeh! Gararandeng! 288. Uloh: aduuh aduuh hapunten boss hapunten teeeh, siap bos289. Rozak: aya naon?290. Uloh: siap bos!Comment by abdullah husna: mangga kembangkan291. Rozak: heueuh aya naon sateh! Siap bos! Siap bos wae! Tong sok jiga awewe lah sok hayang ditebak wae eusi hate na, ngomong langsung aya naon sateh!292. Uloh: uloh aya laporan bos!293. Rozak: heueuh laporan naon?294. Uloh: aya BREAKING NEWS! Berita peupeus!295. Rozak: breaking news naon euy?296. Uloh: breaking news GARONG! Bos297. Rozak: garong? Mana garong dieu ku dewek bedog! Wawanianan pisan nincak wilayah dewek! Mana?298. Uloh: itu bos299. Rozak: mana!? Cing atuh sateh ngomongna cing jelas! Rengsekeun kalimat na! tong sakata2 kieu! Urang jadi cape reuwas na! saeutik2 jet2300. Uloh: jadi kieu bos, uloh teh pan keur patroli, pas di jalan, uloh ningali si tukang manuk tea mamawa manuk pa erte, pas uloh rek ka imah pa rt, uloh ningali pa rt ceurik manuk na leungit!301. Rozak: hah siah! Ceuk dewek ge naon! Eta tukang manuk teh garong terselubung! Dieu siah ku dewek sikat! Modar siah tukang manuk!302. Pa rt asup303. Pa rt: cuiit cuiit cuiit (heheotan neangan manuk) betii maria susanan? Kamarana geulis? (ngaran manuk pa rt)304. Pa rt: tah kabeneran, jak gawat jak,beti maria jeung susan ngaleungitComment by abdullah husna: mangga kembangkan305. Rozak: alah budak saha eta pa306. Pa rt: budak na ati jeung tanti307. Rozak: waalaah saha deui eta the?308. Pa rt: manuk urang jak! Manuk urang!309. Rozak: euuuh, sugan the saha310. Nayaga: muhun ah, si pa rt mah ngareureuwas wae311. Nayaga: pa rt! Sapertos na mah abi ningali pak manuk bapa, tadi dicandak ku si udin312. Pa rt: alah saha eta siah!? wawanianan maok manuk urang313. Nayaga: budakna mang aep pak314. Pa rt: halah saha deui eta the?315. Nayaga: ucing abi pak(dadangdangdang)316. Rozak:ah wadul siah nayaga, nahahah pas pisan euy aya pa rt, loh bejakeun ka pa rt saha garong manuk na!317. Uloh: siaaap bosss318. Ngadeukeutan pa rt319. Ceuk uloh mah nya pa rt! Ceuk uloh mah! Gentos weh manuk na! uloh aya manuk di markas, sok 500rebu weh pa rt320. Pa rt: huhuhuhuh embung gantii, eta manuk kesayangan urang!321. Rozak: ai sia uloh, naha jadi bisnis? Duit weh siah jeung duit nu dipikiran teh!322. Uloh: hehehe nya atuh bos kanggo sesuap kejo mah323. Rozak: jadi kieu pa rt, tadi dewek aya laporan ti anak buah dewek si uloh ieu, basa si eta keur patroli ngaliwat payun bumi pa rt, si uloh ningali lamun manuk pa rt teh dibawa ku si atep tukang manuk tea! Garong manuk pa rt ternyata si eta teh!324. Pak rt: ah cing bener jak? Bener si eta ngagarong manuk bapa?325. Rozak: moal salah pa rt! Ti awal oge dewek geus curiga jeung kalakuan eta tukang manuk!326. Pak rt: euleuh..teu nyangka gening si atep eta teh nyaan garong manuk327. Rozak:geus pa rt, hayu ayeuna mah urang tewak eta garong! Urang sikat, urang arak ngurilingan kampong meh arapaleun wargi kampong mun eta jelema teh garong, meh kapok, meh teu meraja lela deui328. Uloh: duruk weh duruk!329. Pak rt: enya atuh, hayu urang geuwat tewak eta garong manuk! Awas siah atep balikeun manuk urang! Berangkat kemon!330. Nayaga: haduh siah, kumaha eta euy si kang atep rek diduruk331. Nayaga: maneh sih daek2na narima suap haram siah332. Nayaga: ah sia oge kamari lah ..333. (saling buka aib)334. Nayaga: ah geus geus lah lieur silih nyalahkeun, pokona mah nayaga mah lamun ditaros kompakan nya duka atuh da nayaga mah teu terangBabak 5335. Aya: hiks336. Aya: amah..337. Bu rt: naon geulis.Comment by abdullah husna: tambah nayaga masuk338. Aya: amahnuju seueur pepesereunnya?.339. Bu rt: ah nya biasa weh neng, aya naon kitu..340. Aya: amah.nuju teu gaduh artosnya?341. Bu rt: ah aya wae neng artos mah, kunaon geulis? Hoyong acuk enggal? Hoyong nu kumaha sok ku amah dipangmeserkeun342. Aya: hoyong meser manuk enggal kanggo bapa343. Bu rt: eh!...alim neng ah meser manuk deui mah, lieur mamah mah ku manuk the344. Aya: ih atuh mah, karunya si apa..ti kamari teh asa sedih waeteu tega aya mah ningal na345. Bu rt: atuuh neeng, keun weh ah meh si bapa the 346. sadar ku leunngitna manuk the, meh langkung ngurus neng, meh langkung nyaah ka neng347. Aya: tapi mah atuh ih..da karunya.348. Bu rt: ah ke oge moal kitu deui da, tos ah neng, amah nuju lalieur yeuh, amah bobo heula nya (asup ka imah)349. Aya: ah amah mah.350. Aya: hiks351. Atep: eh nayaga! Aya si neng aya euy! Naha asa jiga nu keur sedih nya euy, urang sampeuran ahneng352. Aya: hikshikshuaaaaaa353. Nayaga: tuh kang! Gara2 akang si neng aya jadi ceurik! Geus kang! Tong deukeut2 neng aya lah! Lamun wani2 keneh liwatan heula bugang urang!....cekelan urang atuh euy cekelan354. Atep: eh nayaga, tong cemburu kitu atuh, da saya mah ngan hoyong terang si neng aya the kunaon, hawatos, bisi kunanaon..neng ayaneng aya the kunaon?355. Aya: eh kang atep.aduh aya jadi isin.356. Atep: eh teu sawios neng, tong isin sareng abdi mah, neng aya the kunaon?357. Aya: aya the sedih kang ningali bapa ceurik wae pedah manuk na ical358. Atep: euleuh.ical na iraha neng? Dimana? Kamana hiber na?Keun aa atep si detektif manuk pilarian!359. Aya: kamari kang, di bumi, duka saha nu nyandak na360. Atep: wah sesah atuh neng mun kitu mah361. Aya: eh akang eta manuk nu hejo kayaskenging ti mana?362. Atep: oh eta mah teu diical neng, eta mah manuk nu dipihapekeun bu rt kanggo saya latih363. Aya: ih eta manuk bapa kang atep! Naha tiasa di akang?364. Atep: kieu neng, kamari the basa akang nuju ka bumi neng, bu rt the nitipkeun manuk na ka akang, sapertosna eta the manuk pa rt nya nu dititipkeun the, manawi bu rt the hilap nyarios ka pa rt manukna bade dikarantina ku abdi365. Aya: wooohmanawi leres amah the hilap, da amah the nuju lieur seueur pikiran, dimana kang ayeuna manukna?366. Atep: aya neng ieu hiji di kandang, 2 deui aya di markas akang, 367. Aya: oh kitu kang, upami dicandak ayeuna tiasa teu kang? Kumargi aya mah tos teu kiat ningali apa hawatos kana manukna368. Atep: oh nya wios atuh neng, tapi da teu acan beres dilatih manukna369. Aya:wios kang, aya mah hawatos apa kunanaon upami lami teuing manukna teu kapendak370. Atep: nyaatos atuh neng, hayu urang candak heula(Atep aya pergi mengambil manuk)371. Lalu geng pos ronda datang (rozak uloh pa rt)372. Uloh: boss boss itu tingali bos aya kandang manuk si atep, pasti eta si garong manuk teu jauh ti dieu373. Rozak: heueuh euy, ku dewek kadek siah eta garong manuk, pa rt cik tingali eta di kandang aya manuk pa rt teu?374. Pa rt: wah aya jak, bener euy, ternyata manuk urang the digarong ku tukang manuk ieu375. Rozak: nahahah siah, geus ayeuna mah clear jelas kabeh, geus aya buktina yeuh manuk pa rt nu digarong, tingalikeun siah atep, maneh geus wani2 nyieun masalah di wilayah dewek, ku dewek sikat siah ku dewek bedog eta jelema376. Nah ieu ge kandang manuk haram nu dipake ngagarong ku dewek ancurkeun siah, kudewek bubuk keun, ku dewek jadikeun pangorek ceeuhil siah! (diancurkeun)377. (atep dan aya kembali)378. Rozak: hah siah beunang siah maneh atep! Teungteuingeun siah maneh teungteuingeun! Geus maok manuk pa rt masih keneh wani2 ngadeukeutan si neng aya anak na pa rt!379. Uloh: sikat bos sikat!380. Pa rt: atep siah kacida maneh! Wani-wani na jadi garong manuk di kampung ieu! Jak tewak si atep!381. Atep: eh pa rt abdi mah teu ngagarong manuk pa rt, kieu abdi jelaskeun heula382. Rozak: ah gandeng siah! Tong loba bacot! Rasakeun siah yeuh jurus urang!383. (gelut)384. Aya: atos atuh atos tong garelut! Manawi ieu the salah paham! Da kang atep mah bageur! Ieu oge bade masihan manuk kanggo bapa! Teu percanten aya mah kang atep the garong385. Rozak: tong percaya neng ka si atep! Eta garong the culas! Eta so bageur ka neng the keur mengelabui neng meh bisa ngagarong deui! Kade neng! Bisi dibegal! Dieu siah atep ku urang kadek maneh!386. Aya: atos atuh atooshuaaaa.387. Bu rt asup388. Bu rt:heh siah! aya naon ieu the! Aing keur ngeunah2 sare389. Rozak: ieu bu, si atep ieu the garong bu, budak ieu nu ngagarong manuk na pa rt the!390. Pa rt: enya mah, ieu si rozak the bener, arurang the rek newak! Garong nu maok manuk bapa! Tong dihalangan mah!391. Bu rt: hah!? Garong!? Asal maneh apal nya kardun! Manuk maneh the lain digarong! Tapi ku urang titipkeun heula ka si atep! Bonganan ngalieurkeun ieu manuk teh392. Rozak: geus bu RT tong ngahalangan saya lah, apal naon ibu kana masalah ieu! Ieu mah masalah lalaki! Geus lah tong ngahalangan dewek bu!393. PLAK394. Rozak: naon maksud ieu the euy! Dewek keur gawe maneh wawanianan ngahalang dewek!395. Bu rt: cicing heula siah maneh! Yeuh eta manuk bisa aya di si atep the urang ttipkeun! Bonganan maneh the jadi salaki the meni teu peka! Pamajikan keur lieur hamil 9 bulan, masih keneh weh nyonyoo manuk! Teu apal kitu kumaha beuratna jadi indung, urang mah ngan hayang maneh jadi conto nu bener keur urang jeung si neng, da maneh the pamingpin kaluargaManeh deuih sia rozak, cik atuh jadi ketua karang taruna the cing baleg! Laina ngajaga katentraman, kadamaian, kalakah nyieun ribut siah! Cik atuh, rek nanaon the dipikir heula, ulah asal kadek..