Raden Dewi Sartika

4
Biografi Raden Dewi Sartika Kelompok Aldila Fajar [2] Moh. Haffiyan [ ] Taufik Hidayat [39] Widi M. Antika [ ]

description

biografi raden dewi sartika dalam bahasa sunda

Transcript of Raden Dewi Sartika

Page 1: Raden Dewi Sartika

Biografi Raden Dewi Sartika

Kelompok

Aldila Fajar [2]

Moh. Haffiyan [ ]

Taufik Hidayat [39]

Widi M. Antika [ ]

Page 2: Raden Dewi Sartika

Raden Dewi Sartika

Ngaran Dewi Sartika teh keur urang Sunda mah geus teu bireuk deui. Anjeunna salah saurang pahlawan pendidikan pituin urang Sunda. Dina kaayaan anu walurat jaman penjajahan Walanda, Ibu Dewi tigin ngadidik kaom istri Sunda anu harita harayang maju.

Ibu Dewi dibabarkeun di Bandung, tangal 22 Desember 1884. Ramana Raden Rangga Somanagara, patih Bandung harita. Ari ibuna Raden Ajeng Rajapermas, putra istri bupati Bandung anu kakoncara Dalem Bintang.

Pa Somanagara kaasup menak anu maju pikiranna. Ibu Dewi disakolakeun ka sakola Kelas Hiji. Hanjakal henteu hila, kudu eureun di kelas 2B. pangna kitu lantaran harita ramana Pa Somanagara sarta ibuna Rajapermas dihukum buang ka Ternate. Anjeunna dianggap nanduk ka pemerentah Walanda. Bu Dewi dipihapekeun ka uana Raden Demang Suria anu katelah Aria Patih Cicalengka.

Dina kaayaan kitu bu Dewi tetep sabar bari migawe pancen sapopoe. Diajar rupa-rupa kaparigelan jeung kabinangkitan awewe, kayaning masak, nyulam, ngabordel, jsb. Anlehna kana ngaguruan geus katembong ti bubudak. Bu Dewi sok sasakolaan di tukangeun imahna. Sabakna ku kenteng. Ari geripna ku areng atawa apu. Batur-baturna sina diajar maca, nulis jeung ngitung.

Bu Dewi sok dibelekesekkeun kana gawe ku uana, darajatna dianggap handap lantaran anak jalma buangan. Bu Dewi sok dititah nganteur kapilanceukna kurus basa Walanda, maca jeung nulis ka hiji Nyonya Walanda. Lantaran karepna gede haying diajar bari uteukna encer, Bu Dewi bias nangkep naon-naon anu diajarkeun ti satukangeun panto. Ieu teh jadi modal anu pohara pentingna pikeun kahirupan Bu Dewi dina mangsa nu bakal dating.

Nu kasaksean ku Bu Dewi harita, kaom wanita wuwuh ngeuyeumbeu, ulukutek di dapur, bodo, sarta darajatna sahandapeun kaom lalaki. Ieu pikiran ngahudang kasadaran Bu Dewi pikeun ngamajukeun kaom wanita. Taya deui jalanna iwal ti ngaliwatan pendidikan. Hartina kudu aya sakola anu husus pikeun kaom wanita, sangkan satata jeung kaom lalaki.

Bu Dewi pindah ti Cicalengka sarta ngadeuheus ka uana nu sejen nu jadi Bupati Bandung nyaeta R.A.A Martanaga. Bu Dewi tuluy ngadegkeun sakola anu tempatna di pendopo kabupaten sarta dingaranan Sakola Istri. Ieu teh minangka sakola munggaran di Indonesia pikeun kaom istri. Beuki lila muridna beuki loba, sakolana tuluy diganti jadi Sakola Kautamaan Istri.

Kitu riwayat singget perjoangan Bu Dewi dina widang pendidikan. Anjeuna pupus di Cineam Tasikmalaya, ping 11 September 1947 nalika nuju ngungsi lantaran aya agresi militer Walanda ka-1. Lantaran jasana, tepi ka ayeuna jenengan Raden Dewi Sartika terus seungit ngagalinding. Meh di unggal kota di Jawa Barat jenenganana diabadikeun jadi ngaran-ngaran jalan utama.

Page 3: Raden Dewi Sartika

Judul : Raden Dewi Sartika

Sumber : buku Biografi Pahlawan Asal Jawa Barat/Budi Rahayu Tamsyah

Poko-poko eusi buku :

1. Raden Dewi Sartika salah saurang pahlawan pendidikan pituin urang Sunda.2. Anjeunna dibabarkeun di Bandung, tanggal 22 Desember 1884.3. Bu Dewi dipihapekeun ka uana Raden Demang lantaran rama jeung ibuna di hokum

buang ka Ternate sabab dianggap nanduk ka pamarentah Walanda.4. Bu Dewi sapopoena migawe pancen sapopoe bari sok sasakolaan di tukangeun imahna.5. Anjeunna sok nganteurkeun kapilanceukna kursus basa Walanda. Sabab karepna gede

jeung uteukna pinter, Anjeunna bias nangkeup naon-naon anu diajarkeun Nyonya Walanda ti satukangeun panto.

6. Bu Dewi hayang ngamajukeun kaom wanita, jalanna taya deui iwal ti pendidikan.7. Bu Dewi pindah ti Cicalengka ka Bandung tuluy nepikeun pamaksudanana ka uana nu

harita jadi Bupati pikeun ngedegkeun sakola anu husus kaom wanita.8. Anjeunna ngadegkeun sakola anu tempatna di pendopo kabupaten sarta dingaranan

Sakola Istri. Sakolana tuluy diganti ngaran jadi Sakola Kautamaan Istri.9. Anjeunna pupus di Cineam Tasikmalaya, ping 11 September 1947 nalika nuju ngungsi

lantaran aya agresi militer Walanda ka-1.10. Lantaran jasana, jenengan Raden Dewi Sartika tepi ka ayeuna diabadikeun jadi ngaran-

ngran jalan utama di kota-kota di Jawa Barat.

Pamanggih :

Tina maca biografi Raden Dewi Sartika, urang sadaya jadi ngarti kumaha perjoangan Bu Dewi pikeun ngamajukeun kaom wanita. Ku lantaran kitu, urang kudu ngahargaan ka kaom wanita, ulah di anggap handap, malah ayeuna dina widang pendidikan kaom wanita kudu satata jeung kaom pria.