Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara ... · PDF filesilib-sindir...

4
Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah , bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan (rantayan), bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan (runtuyan). Rupa-rupa purwakanti Purwakanti pangluyu Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain purwakanti antarungkara atawa antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap. Contona: diteuteup ti hareup sieup (eu, eup) disawang ti tukang lenjang (a, ang) ditilik ti gigir lenggik Purwakanti maduswara Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna. Contona: Kokoro nyoso malarat rosa (o,o;a,a) ambek nyedek tanaga midek (e) kapipit galih, kadudut kalbu (i,i;u,u) lalaki langit lalanang jagat (a,i;a,a) Purwakanti cakraswara Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu patukeur tempat dina kecap anu padeukeut atawa saungkara. Contona: hirup-hurip anjuk hutang ngumbar napsu Purwakanti laraspurwa Purwakanti laraspurwa téh nyaéta purwakanti anu murwakanti engang atawa wianjana awal kecap, boh rantayan boh runtuyan. Conto laraspurwa wianjana: 1. Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten (tina kakawihan) 2. Laut kidul kabéh katingali (tina guguritan) 3. Kembang bodas buah bunder (tina wawangsalan) Conto laraspurwa engang : 1. palataran pasini pati 2. sakadar sabrang salayan 3. nu nyaksrak nyaliara ngaruksak ngaraksuk kaniaya kamanala mamalana manjang ngabanding ngaranjing ngambah jagat duriat

Transcript of Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara ... · PDF filesilib-sindir...

Page 1: Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara ... · PDF filesilib-sindir (alégori) nya éta ungkara basa nu ngagunaken sababraha gaya basa sarta gumulung jadi hiji ngawangun

Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah,

atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah

atawa sapadalisan (rantayan), bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan (runtuyan).

Rupa-rupa purwakanti

Purwakanti pangluyu

Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain

purwakanti antarungkara atawa antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna

disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap.

Contona:

diteuteup ti hareup sieup (eu, eup)

disawang ti tukang lenjang (a, ang)

ditilik ti gigir lenggik

Purwakanti maduswara

Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna.

Contona:

Kokoro nyoso malarat rosa (o,o;a,a)

ambek nyedek tanaga midek (e)

kapipit galih, kadudut kalbu (i,i;u,u)

lalaki langit lalanang jagat (a,i;a,a)

Purwakanti cakraswara

Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu

patukeur tempat dina kecap anu padeukeut atawa saungkara.

Contona:

hirup-hurip

anjuk hutang

ngumbar napsu

Purwakanti laraspurwa

Purwakanti laraspurwa téh nyaéta purwakanti anu murwakanti engang atawa wianjana awal

kecap, boh rantayan boh runtuyan.

Conto laraspurwa wianjana:

1. Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten (tina kakawihan)

2. Laut kidul kabéh katingali (tina guguritan)

3. Kembang bodas buah bunder (tina wawangsalan)

Conto laraspurwa engang:

1. palataran pasini pati

2. sakadar sabrang salayan

3. nu nyaksrak nyaliara

ngaruksak ngaraksuk

kaniaya kamanala

mamalana manjang ngabanding ngaranjing ngambah jagat duriat

Page 2: Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara ... · PDF filesilib-sindir (alégori) nya éta ungkara basa nu ngagunaken sababraha gaya basa sarta gumulung jadi hiji ngawangun

Purwakanti larasmadya

Purwakanti larasmadya teh nyaeta purwakanti anu dumasar kana perenahna aya di tengah-

tengah ungkara antarpadalisan. Jadi mangrupa purwakanti runtuyan.

Contona:

Sok hayang nyaba ka Bandung

Sok hayang nyaho nanjakna

Sok hayang nanya nu pundung

Sok hayang nyaho nyentakna

Purwakanti laraswekas

Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-

kecap anu saungkara (sapadalisan) boh dina kecap-kecap antarpadalisan (di tungtung

padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna.

Contona:

Pecat sawed bati ewed

tengah dalu ngan hanjelu

mo humandeuar ku kadar

teu rék lumpat ku nu ngupat

Purwakanti mindoan kawit

Purwakanti mindoan kawit nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo

(dibalikan) deui dina awal padalisan atawa awal ungkara. Anu jadi patokanana téh nyaéta

perenahna éta purwakanti.

Contona:

Lain bangban lain pacing,

lain kananga kuduna.

Lain babad lain tanding,

lain ka dinya aduna

Purwakanti mindoan wekas

Purwakanti mindowan wekas nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo

(dibalikan) deui dina tungtung padalisan atawa ungkara.

Contona:

Kaseuseueuran istrina sok hayang ginding

teu diturut ka carogé maling-maling

carogéna keur goréng ulaheun ginding

samping goréng bajuna teu maké kancing.

purwakanti mindoan kecap

Purwakanti mindoan kecap nyaéta purwakanti anu muncul lantaran malikan kecap dina

kalimah, tapi hartina béda. Purwakanti mindokecap sarua jeung diapora.

Contona:

Hujan ngaririncik, kawas méré kila-kila yén bakal hujan cisoca.

Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina

kongkolak panon.

Purwakanti margaluyu

Purwakanti margaluyu téh nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya kecap dina tungtung

padalisan, dina puisi anu dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana.

Contona:

Page 3: Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara ... · PDF filesilib-sindir (alégori) nya éta ungkara basa nu ngagunaken sababraha gaya basa sarta gumulung jadi hiji ngawangun

Sukingki haté sukingki

sukingki paselup bungah

Bungah kagiridig simpé

Simpé awak talipurna

talipurna manjing sirna

sirna ringkang nu sakujur

sakujur kadua rasa

sumber:

Pangajaran sastra Sunda (Budi Rahayu Tamsyah)

http:adejuve.wordpress.com

Gaya basa nyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh

(éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun, ku jalan ngabandingkeun hiji

barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nyaéta

lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés

témbrés beunang rasa basana.

Kawas basa Indonésia, dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, contona:

ngupamakeun (similé) nya éta ungkara basa anu ngabandingkeun atawa

ngumpamakeun barang nu geus disebut saméméhna jeung barang deui. Biasana

ngagunakeun kecap kawas, siga, cara, saperti, lir, ibarat.

Conto:

Ronaldo lumpatna tarik pisan kawas peucang

Ari manéh gawé téh ngan saré waé kawas si Kabayan

Usep mah siga bapana, awakna jangkung badag

lalandian (métafora) nya éta ungakara basa anu mapandékeun barag kana barang deui

nu mibanda sipat nu sarua. Contona:

musim ayeuna Persib “maung bandung” palatihan urang prancis

rhoma irama “Si raja dangdut” boda nak nu sarua penyanyi

mijalma (personifikasi) nya éta ungakara basa anu mapandékeun barang paéh kana

barang hirup. Contona:

bulan milu nyaksian pasini urang duaan

tangkal kalapa gugupay ka para pamayang nu keur ngambah sagara

rautan (eufimisme) nya éta ungkara basa nau dipaké pikeun ngaganti kecap séjénna nu

patali jeung sopan santun atawa kapercayaan. Contona:

tuang putra téh kirang pisan dina matematikana

ulah ngautan thing bisi aya urang leuweung

ngasor (litotés) nya éta ungkara basa anu ngagunakeun kecap nu lalawanan hartina

jeug nu dimaksud pikeun tujuan ngasor . contona:

mangga atuh dituang, namung kieu di dieu mh réncangna gé saaya-aya

jang,yeuh kanggo ngagaleuh baso

rarahulan (hiperbol) nya éta ungkara basa anu ngaganti kecap ku kekecapan anu

kaleuleuwihi atawa pamohalan. Contona:

si gayus mah jalma beughar, duitna gé dikarungan

étah awak, meni sagedé gajah

Page 4: Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara ... · PDF filesilib-sindir (alégori) nya éta ungkara basa nu ngagunaken sababraha gaya basa sarta gumulung jadi hiji ngawangun

kadalon (pleonasme) nya éta ungkara basa anu ngagaunakeun kekecapan nu

sabenerna mah teu perlu digunakeun deui sabab geus karagum dinakandungan harti

kecap nu saméméhna. Contona:

naék ka luhur geura jang

kuring ngadéngé ku ceuli sorangan

silib-sindir (alégori) nya éta ungkara basa nu ngagunaken sababraha gaya basa sarta

gumulung jadi hiji ngawangun ungkara anu maksudna dibalibirkeun. Contona:

kembang anu mankak dina ati kiwari ligar maruragan, kumargi akang sulaya tina

subaya ngarempak tetekon sinatria, mipit kembang di taman sari nu sanés.

mindoan (repetisi) nya éta ungkara basa nau diwangun ku cara ngucakeun kecap-

kecap sarua sababaraha kali pikeun maksud leuwih ngantebkeun maksudna. Contona:

ngajak uli néng mira mh matak ook duit. Ningali baji haradé haying meuli baju,

nngali kantong hayang kantong, ningali …..

Ocon (metanimia) nya éta ungkara basa kekecapan anu geus ilahar sarta anu dipaké

pikeun nuduhkeun idéntitas hiji barang. Contona:

Jang,pangmeulkeun kapal api

Kamari kuring nigali rhoma irama

Raguamn (sinekdok) aya dua nya éta gaya bagsa raguma sagemblengna pikeun

sabagian (totem properte) jeung gaya basa raguman sabagian pikeun sagemblengna

(pars pro toto) contona:

Indonesia juara piala dunia 2022

Di kampungna aya 50 suhunan

sumber:

Pangajaran sastra Sunda (Budi Rahayu Tamsyah)

http:adejuve.wordpress.com

Wikipedia.org