panalungtikan basa

14
PANGJAJAP Puji sinareng sukur panulis sanggakeun ka Allah anu parantos maparin kakiatan dina raraga ngaréngsékeun laporan panalungtikan basa di lingkungan sakola. Dina laporan ieu, panulis nyobian medar ngeunaan kumaha ngagunakeun basa di lingkungan sakola minangka lembaga atikan nu saestona ngabudayakeun dina makéna basa nu niténan undak-usuk basa téa. Geus teu bireuk deui yén di lingkungan sakola masih aya pihak-pihak sakola anu henteu merhatikeun kumaha ngagunakeun basa Sunda nu merenah téh. Panulis ngahaturkeun nuhun ka ibu dosén anu parantos ngaping, ogé teu hilap ka pihak anu entos ngabantos dugi ka ieu laporan panalungtikan basa réngsé. Dina medar ieu hasil panalungtikan basa téh, panulis sadar masih tebih tina kasampurnaan. Ku kituna saran sareng kritik nu ngawangun diantos pisan ti pamaca. Mudah-mudahan ieu pedaran ngeunaan kumaha makéna basa masihan mangpaat ka urang sadayana. Kuningan, Desember 2012

description

panalungtikan basa

Transcript of panalungtikan basa

PANGJAJAP

Puji sinareng sukur panulis sanggakeun ka Allah anu parantos maparin kakiatan dina raraga ngarngskeun laporan panalungtikan basa di lingkungan sakola. Dina laporan ieu, panulis nyobian medar ngeunaan kumaha ngagunakeun basa di lingkungan sakola minangka lembaga atikan nu saestona ngabudayakeun dina makna basa nu nitnan undak-usuk basa ta. Geus teu bireuk deui yn di lingkungan sakola masih aya pihak-pihak sakola anu henteu merhatikeun kumaha ngagunakeun basa Sunda nu merenah th. Panulis ngahaturkeun nuhun ka ibu dosn anu parantos ngaping, og teu hilap ka pihak anu entos ngabantos dugi ka ieu laporan panalungtikan basa rngs.Dina medar ieu hasil panalungtikan basa th, panulis sadar masih tebih tina kasampurnaan. Ku kituna saran sareng kritik nu ngawangun diantos pisan ti pamaca.Mudah-mudahan ieu pedaran ngeunaan kumaha makna basa masihan mangpaat ka urang sadayana.

Kuningan, Desember 2012

Panulis,

PANGJAJAP

Puji sinareng sukur panulis sanggakeun ka Allah anu parantos masihan kakiatan dina raraga ngarngskeun laporan panalungtikan basa di lingkungan ibu-ibu pangaosan.Laporan panalungtikan basa nu aya di lingkungan pangaosan dipedar dumasar kana undak-usuk basa na, nu make basa jeung nu dicaritakeun, galur omongan, kasang tukang tempat, waktu tur suasana, alat nu digunakeun, rasa, nada jeung ragam basa sarta amanat jeung tujuan omonganna. Panulis ngahaturkeun nuhun pisan ka ibu dosn anu parantos ngaping, og ka sadaya pihak nu tos ngabantos dugi ka rngs ieu laporan.Pikeun kasampurnaan ieu laporan, panulis miharep saran sareng kritik ti pamaca. Panulis sadar yn dina nyusun ieu laporan masih tebih tina kasampurnaan, ku kituna diantos pisan saran sareng kritik na.Mudah-mudahan ieu pedaran ngeunaan pamakan basa di lingkungan ibu-ibu pangaosan aya mangpaatna pikeun urang sadaya.

Kuningan, Desember 2012

Panulis,

DAFTAR EUSI

PANGJAJAP.iDAFTAR EUSIii

BAB I BUBUKAA. Kasang tukang panalungtikanB. Maksud jeung tujuan.

BAB II LAPORAN PANALUNGTIKAN BASAA. Pentingna ngagunakeun basa..B. Kalungguhan basa SundaC. Analisis pamakan basa Sunda..BAB III PANUTUPKacindekan

DAFTAR PUSTAKA..

BAB I

A. Kasang tukang panalungtikanSakumaha nu dipikanyaho, yn basa Sunda nepi ka kiwari masih digunakeun minangka alat komunikasi, hususna di tatar Sunda. Basa Sunda nu mangrupa basa indung pikeun urang Sunda tangtu miboga kalungguhan basa nu kawilang penting di jawa Barat. Ku kituna urang salaku masarakat nu hirup di tatar Sunda geus jadi kawajiban pikeun miara basa Sunda th sangkan henteu carem ku jaman.Di lingkungan sakola hususna, basa Sunda th wajib diajarkeun nu miboga mangpaat jadi sarana dina ngabina makna basa, nyebarkeun sastra katut budaya Sunda sarta ngabina jeung ngabakukeun ragam basa Sunda. Sedengkeun salah sahiji tujuan pangajaran basa Sunda nya ta ngajnan jeung ngarasa reueus kana basa jeung sastra Sunda, ku kituna minangka lembaga atikan, sakola nyekel peran nu kawilang penting dina mere motivasi ka para peserta didikna sangkan leuwih paham kana kumaha makna basa Sunda di lingkungan sakola.Nilik kana kanyataan, basa Sunda di lingkungan sakola masih kurang dipalir. Pangajaran basa Sunda ngan saukur pelajaran palengkep. Para peserta didik na og ngarasa gngsi ngagunakeun basa indung sorangan. Ku sabab kitu, urang salaku calon guru basa Sunda kudu bisa mere sumanget ku cara ngawanohkeun basa Sunda nu miboga undak-usuk basa sangkan dina ngagunakeun basa Sunda dina sapopo karasa leuwih merenah nyaritana.B. Maksud jeung tujuan panalungtikan

Anapon maksud jeung tujuan panalungtikan basa nya ta:1. Pikeun nyumponan salah sahiji pancn mata kuliah Pragmatik2. Pikeun maluruh ngeunaan kumaha makna basa Sunda di lingkungan sakola3. Pikeun ngawanohkeun deui basa Sunda nu sakuduna merhatikeun undak-usuk basa nalika nyarita4. Pikeun mikanyaho kanyataan di sakola ngeunaan kumaha ngagunakeun basa Sunda th

BAB IILAPORAN PANALUNGTIKAN MAKNA BASA DI SAKOLA

A. Pentingna Ngagunakeun BasaDina kahirupan sapopo tangtu urang teu leupas tina komunikasi. Salah sahiji alat komunikasi nu penting nya ta basa. Basa nyekel peranan penting pikeun kalumangsungan hurip-hirup na manusa. Basa mangrupa sistem lambang sora omongan anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh ntp seureuhna (sistematis) jeung ragem (konvensional) di antara anggota masarakatna pikeun tujuan komunikasi. Tujuan dipakna basa nya ta pikeun pakakas atawa alt komunikasi boh sacara lisan boh sacara tulisan nu bisa ngedalkeun pesan ka jelema sjn atawa narima pesan ti nu sjn.Sistem atawa adegan basa dipatalikeun kana makna basa boh lisan (nyarita, ngaregepkeun) boh tulisan (maca jeung nulis), ku kadah husus nu disebut pragmatic. Kadah pragmatic ieu dipake geusan nangtukeun luyu henteuna adegan basa jeung makna basa dina hiji kontks situasi, og nangtukeun bener jeung merenah henteuna komunikasi basa.Aya opat kaparigelan basa nu kudu dipimilik ku unggal manusa. Upama geus parigel mah tangtu komunikasi basa bakal lancar. Ku kituna kaparigelan basa pentung pisan pikeundipak dina kahirupan sapopo.Ngagunakeun basa nu alus lain ngan ukur bisa ngawasa struktur basa anu alus, tapi kudu bisa makna basa dina hiji konteks situasi boh kana tokoh carita atawa kana suasana carita. Nilik kana kanyataanna, yn basa th aneka ragam, aya anu patalina jeung mak basana aya og anu patali jeung nu make basa na.Ilaharna nu nyarita make hiji ragam basa sok disebut dialek. Sedengkeun ragam bdialk ditangtukeun ku saha nu nyarita, sabab aya patalina jeung asal nu nyarita sok disebut ragam dialek regional.Salian ta, aya ragam basa numutkeun guna na. Unggal nu nyarita miboga salengkepna ragam basa, nu ngagunakeunana disaluyukeun jeung pungsi sarta kaayaan dina waktu makna basa. Contona di sakola digunakeun ragam basa resmi. Dipiharep ka payun na urang bisa milih wangun basa nu baku tur saluyu jeung pasualan nu diajak nyarita.Minangka pamak basa, urang kudu bisa nempatkeun basa nu bener, dina makna basa waktu komunikasi. Gunakeun basa nu kawilang merenah, sedengkeun pamak basa kudu miboga kasadaran yn manhna nyarita make basa naon sarta dimana tempat sarta dina suasana keur kumaha nalika nyarita th.

B. Kalungguhan Basa SundaBasa Sunda mangrupa basa indung pikeun urang Sunda, boh anu mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunana. Jumlah panyaturna og kaitung ra, malah kaasup basa kadua panggedna di nagara urang.Kalungguhan basa Sunda sammh kamerdikaan minangka basa pribumi, malah dina mangsa karajaan kungsi jadi basa nagara.Basa Sunda di wewengkon Bandung leuwih undak kalungguhanna ti batan basa Sunda wewengkon sjnna. Samalah dina lambaran nagara no 125 taun 1893, ayat 6 ditetepkeun yn basa pribumi anu diajarkrun di sakola nya ta basa pribumi anu dianggap pangberesihna, saperti di sakola-sakola di Jawa Barat kudu basa sunda Bandung. Nya tisaprak ta muncul sesebutan basa sakola, nya ta basa anu diajarkeun di sakola-sakola. Tapi robah deui sesebutanna jadi basa lulugu atawa basa baku.Kiwari basa Sunda th kaasup basa darah anu masih dipiara tur diparak ku masarakatna, kaasup dipak di para guru jeung barudak di lingkungan sakola minangka lembaga atikan. Dipiarana basa Sunda ku masarakatna brh tina tarkah anu dipilampah ku LBSS jeung lembaga Swadaya Masarakat liana, katut penerbit dina medalkeun buku-buku sasrta kalawarta Sunda. Ari dipiarana basa Sunda ku pamarntah brh tina ayana pangajaran basa Sunda di SD,SMP, SMA katut paguron luhur sarta diayakeunana proyk penelitian bahasa dan sastra Indonesia jeung balai pengembangan bahasa daerah Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat og kaluarna Perda Propinsi Jawa Barat nomor 5 taun 2003 tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Darah. Dina kalungguhanna jadi basa darah, basa Sunda miboga pancn jadi lambang kareueus masarakat Sunda, lambang jati diri masarakat Sunda, alat paguneman di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda, pangdeudeul basa nasional, basa panganteur di sakola dasar, sarta alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda.

C. Analisis Pamakan Basa Sunda di Lingkungan SakolaPanalungtikan basa Sunda di nu diayakeun di lingkungan sakola dasar bisa ditilik dumasar kana :a. Undak usuk basa (tatarama basa)b. Nu make basa jeung nu dicaritakeunc. Galur omongand. Kasang tukang tempat, waktu jeung suasanae. Alat anu digunakeunf. Rasa, nada jeung ragam basag. Amanat jeung tujuan omongan

a. Undak usuk atawa tatakrama basaSakola minangka lembaga atikan geus jadi pancnna sangkan mere pangaweruh jeung pamahaman ka para peserta didik dina ngabina makna basa Sunda sarta ngarasa reueus kana basa Sunda. Tapi nilik kana kanyataan, Basa Sunda nu dipak ku barudak sakola lolobana make basa Sunda campuran. Salian ta aya sawatara barudak sakola dina nyarita masih mawa karep sorangan teu luyu jeung undak usuk basa. Conto paguneman barudak di sakola dina makna basa Sunda:Pepeb : Arya, manh geus ngerjakeun PR can?Arya : deh, aing mah encan hehDina paguneman kasebut bisa ditilik yn Pepeb jeung Arya ngagunakeun basa Sunda kasar. Sakuduna mah di lingkungan sakola minangka lembaga atikan resmi, barudak dipiharep make basa Sunda nu merenah pikeun nu ngaregepkeunna. Tapi da ngaranna og barudak, tangtu bisa basa kasar kitu ngadng obrolan ti babaturanna nu biasa sok nyarita kasar.Tapi aya og budak nu ngomong make basa Sunda lemes:Erin : Alya, tadi ka sakola sareng saha?Alya : abdi mah dianter ku mamah.Teu saeutik og nu make basa Sunda campur Indonsia saperti dina paguneman di handap ieu:Asep : Fais, mamah aku mah tos uih ti ArabFais : Iraha datangnya?Asep : Kamari pukul 10 isuk.Fais : Pantesan kemaren aku ke rumah kamu, tapi kamu na engga jawab salam akuAsep : pasti aku ga denger sora kamu, tuda seueur orang di rumah aku nya heeFais : Wah, asyik donk tiasa ketemu mamah.Asep : Yoi coy.

b. Nu make basa jeung nu dicaritakeunNu make basa dina paguneman kahiji di lingkungan sakola ngalibatkeun dua budak lalaki nu ngaranna Pepeb jeung Arya. Maranhna keur ngobrol di kelas nalika jam istirahat. Pepeb nanya ka Arya ngeunaan PR.Sedengkeun paguneman nu kadua lumangsungna paguneman antara dua budak aww nya ta Erin jeung Alya, make basa nu kawilang lemes, ngorolna di luar kelas nalika satacan bel asup. Erin nanyakeun ka Alya ngeunaan dianter saha Alya ka sakola th.Ari dina paguneman katilu mah nu make basa campur sunda Indonesia nya ta Asep jeung Fais nalika jam pulang sakola nyaritakeun yn indungna Asep tos uih ti Arab.c. Galur omonganGalur omongan mangrupa jengjlngan basa nu dipak ku jelema nalika komunikasi. Galur omongan raket patalina jeung adegan basa nu ngawengku dua lapisan, nya ta adegan lahir jeung adegan batin.Dina paguneman kahiji mangrupa galur omongan barudak lalaki nu keur aya di sakola dina caritaanna bisa ba robah.Sedengkeun dina paguneman kadua jeung katilu obrolan budak aww og budak lalaki mangrupa galur omongan dina caritaanna hs robah.d. Kasang tukang tempat, waktu jeung suasanaConto paguneman kahiji, tempat lumangsungna paguneman di sakola tepatna di luar kelas nalika jam istirahat kira-kira jam 10 beurang.Paguneman kadua, tempat lumangsungna di luar kelas satacan bel asup. Ari paguneman katilu, tempat lumangsung jeung waktu lumangsungna nya ta di luar kelas sanggeus bel pulang sakola kira-kira jam 12 beurang.Ngeunaan suasana nu katempo tangtu suasana resmi di sakola minangka lembaga atikan.e. Alat nu digunakeunBasa nu ilaharna dipak waktu komunikasi th bisa basa lisan jeung basa tulisan. Dina ieu panalungtikan basa, panulis ngagunakeun alat bantu na mangrupa pulpn jeung kertas pikeun nangan data basa nu dipak ku barudak.Aya og alat nu digunakeun dina caritaan th make gerakan awak.f. Rasa, nada, jeung ragam basaRasa nya ta sikep panyatur kana jejer atawa objk nu keur dicaritakeun. Dina paguneman katilu rasa basa Asep minangka panyatur katempo miboga rasa gumbira kalawan bungah kusabab indungna kark datang ti Arab.Nada mah nunjukkeun sikep panyatur ka paregep. Dina paguneman katilu, panyatur miboga sikep rada pamr ka paregep. Panyatur ngabjakeun yen indungna kaamari datang.Ragam basa nyoko kana wangun jeung warna wacana atawa omongan katut gaya basa nu digunakeun ku panyaturna. Ragam basa anu dipak dina paguneman kahiji nya ta pamak basana kaasup kana logat anu makna basa luyu jeung lingkungan urang Kuningan nu kaasup ragam basa kasar ta. Sedengkeun dina sikep pamak basa kaasup kana gaya basa nu kurang basajan, diksina kaasup kana gaya basa teu resmi.g. Amanat jeung tujuan omonganAmanat dina paguneman katilu nya ta ngabjaan hiji kaayaan ka si paregep sangkan jadi nyaho yn indung si panyatur geus datang.Tujuanna dina paguneman katilu mere nyaho nalika kamari jam 10 beurang indungna geus datang ti Arab.

BAB III

PANUTUP

KacindekanLingkungan sakola minangka lembaga atikan resmi saestona bisa leuwih ngarojong ka para peserta didik pikeun ngbrhkeun jeung ngabina dina raraga pamahaman kana kumaha pentingna peranan basa Sunda hususna ngeunaan tatakrama basa.Nilik kana kanyataan, yn kiwari barudak sakola kurang merenah dina ngagunakeun basa Sunda dina hartian teu luyu jeung undak usuk basa. Salian ta ironis pisan nempo kanyataan loba masarakat Sunda ngarasa gngsi nyarita make basa Sunda dianggapna basa Sunda mah kampungan.

DAFTAR PUSTAKA

Tarigan, Guntur, Henry, 2009. Pengajaran Pragmatik. Bandung: Penerbit ANGKASA Sudaryat, Yayat, 2003, Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten

Sudaryat,Yayat spk, 2005, Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: UPI Press Bandung

Prawirasumantri, Abud spk, 2009, Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung : Penerbit YRAMA WIDYA