NYARITAKEUN PANGALAMAN

9
NYARITAKEUN PANGALAMAN KELOMPOK PUISI : Dina Medina Ilma Nuriklima Gustian Isyeu Sintia Yasinta Anggun Prastiya Yayang Rahmat Hidayah Yoga Muhammad Jabbar 1

description

karangan

Transcript of NYARITAKEUN PANGALAMAN

Page 1: NYARITAKEUN PANGALAMAN

NYARITAKEUN PANGALAMAN

KELOMPOK PUISI :

Dina Medina Ilma Nuriklima Gustian Isyeu Sintia Yasinta Anggun Prastiya Yayang Rahmat Hidayah Yoga Muhammad Jabbar

SMA NEGERI 1 CIPARAY2013-2014

1

Page 2: NYARITAKEUN PANGALAMAN

KATA PENGANTAR

Sugrining puji sinareng sukur disanggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa, anu parantos maparin sagala elmu pangaweruh ka sakumna jalma anu kumelendang di ieu alam dunya.

            Haturnuhun ka Bapa Aceng Mas’ud salaku Guru matapelajaran Basa Sunda nu mana parantos masihan kasempetan kanggo ngadamel tugas. Hapunten dina sagala kalepatan, kumargi simkuring saparakanca masih dina tahap diajar. Mugia ieu tugas janten mangpaat kanggo sadayana.

Ieu makalah nu judulna ”Nyaritaken Pangalaman” teh, tujuannana pikeun ngaronjatkeun kaparigeulan basa murid boh lisan boh tulis. Dipiharep murid sajeroning diajar basa Sunda teu ngarasa jauh teuing dina konteks anu karandapanana dina kahirupan sapopoe.

Pamungkas, mugia ieu makalah aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Tangtos wae dina ieu makalah masih seueur keneh kakiranganana. Kumargi kitu kanggo ngalengkepan kakiranganana mah nyanggakeun ka Bapa guru di sakola. Mugia tiasa masihan kritik sinareng saranna.

Ciparay, 17 November 2013

Penyusun

2

Page 3: NYARITAKEUN PANGALAMAN

BAB IPENDAHULUAN

1.1 Latar BelakangNyaritakeun pangalaman teh mangrupa salah sahiji kagiatan anu kaasup kana sastra sunda, anu tujuanna pikeun nepikeun informasi kanu maca atanapi anu ngadangukeun. Sangkan tiasa janten enteung pikeun kahirupan sapopoe.

1.2 Rumusan Masalah1.Naon anu dimaksud nyaritakeun pangalaman teh?2. Saha anu nyaritakeun pangalaman teh?3. Iraha pangalaman eta dijieun?4. Dimana kajadian pangalaman eta?5. Kunaon pangalaman eta dijieun?6. Kumaha kajadianana pangalaman eta teh?

1.3 MangpaatMangpaat nyaritakeun pangalaman diantarana :1. Nambihan elmu pangaweruh2. Ngajarkeun hartosna kahirupan3. Masihan motivasi kanggo kahirupan4. Ngajarkeun supados tiasa langkung sae deui

1.4 TujuanPikeun masihan informasi kanu maca atanapi anu ngadangukeun.

1.5 Metode (sumber)Nyaritakeun pangalaman teh aya sabaraha metode, diantawisna tiasa sacara lisan atanapi sacara tulisan.

3

Page 4: NYARITAKEUN PANGALAMAN

BAB IIPEMBAHASAN

1. Naon anu dimaksud nyaritakeun pangalaman teh?Nyaritakeun pangalaman teh nyaeta nyaritakeun hiji kajantenan anu tos dialaman ku urang balarea boh anu sedih, bungah, susah, jeung sajabana anu ngagaduhan hiji pangalaman anu moal tiasa dipohokeun.

2. Saha anu nyaritakeun pangalaman teh?Palaku anu aya dina carita anu ngalaman eta kajadian.

3. Iraha pangalaman eta dijieun?Pangalaman teh bisa dijieun iraha wae, gumantung ka palaku eta kajadian.

4. Dimana kajadian pangalaman eta?Di tempat kajadian eta pangalaman.

5. Kunaon pangalaman eta dijieun?Lantaran eta pangalaman teh teu tiasa dipopohokeun kusabab caritana tiasa anu pikasurien, pikasediheun, pikabungaheun, jeung sajabana.

6. Kumaha kajadianana pangalaman eta teh?Kajadian pangalaman teh kedah berurutan, ti mimiti dugi ka rengse.

4

Page 5: NYARITAKEUN PANGALAMAN

Contoh carita pangalaman :

Pahili Sapatu

Basa kelas salapan SMP, simkuring cicing dikelas unggulan. kelas unggulan teh kedah unggul sagalana, kaasup kabersihan kelas . Janten lamun bade lebet ka kelas kedah dilaan sapatuna .

Lantaran dinten eta aya pelajaran karawitan, janten harita simkuring kedah lebet ka ruang karawitan. Sateuacanna simkuring ngangge sapatu heula, lantaran nurutan batur. Lebet ka ruang karawitan oge sami kedah dilaan sapatuna, janten dilaan deui.

Tos rengse, simkuring saparakanca mulih deui ka kelas. Lantaran hoream teras batur oge sami teu disapatu deui, janten sapatuna dijinjing. Tah harita simkuring lepat nyandak sapatu. Lantaran di SMP mah sapatuna seueur nu sami janten simkuring pahili sapatu.

Simkuring terang yen sapatu pahili teh pas bade diangge teu cekap da alit teing. Teras simkuring naros ka rerencangan yen sapatuna pahili.

Ti saprak eta simkuring janten lewih ati-ati kana barang nyalira. Utamana sapatu, bisi pahili deui. Jeung moal nurutan batur deui tapi bade nurutkeun kahoyong nyalira, lantaran naon anu dikerjakeun ku batur teh can tangtu bener.

Karya : Dina Medina

5

Page 6: NYARITAKEUN PANGALAMAN

Identifikasi Nyaritakeun Pangalaman :

1.Naon anu dicaritakeun dina pangalaman eta?Pangalaman eta nyaritakeun ngenaan pahili sapatu.

2. Saha anu nyaritakeun pangalaman teh?Simkuring

3. Iraha pangalaman eta dijieun?Basa kelas salapan SMP

4. Dimana kajadian pangalaman eta?Di kelas, di ruang karawitan, jeung di SMP.

5. Kunaon pangalaman eta dijieun?Lantaran eta pangalaman teu tiasa dipohokeun

6. Kumaha kajadianana pangalaman eta teh?Basa kelas salapan SMP , simkuring cicing dikelas unggulan . Lantaran dinten eta aya pelajaran karawitan, janten harita simkuring kedah lebet ka ruang karawitan. Tos rengse, simkuring saparakanca mulih deui ka kelas. Lantaran hoream teras batur oge sami teu disapatu deui, janten sapatuna dijinjing. Simkung terang yen sapatu pahili teh pas bade di angge teu cekap da alit teing. Ti saprak eta simkuring janten lewih ati-ati kana barang nyalira.

6

Page 7: NYARITAKEUN PANGALAMAN

BAB IIIPANUTUP

3.1 Kesimpulan Janten nyaritakeun pangalaman teh nyaeta salah sahiji kagiatan tina sastra Sunda anu tujuanna masihan informasi kanu maca atanapi anu ngadangukeun pikeun masihan elmu pangaweruh. Sangkan tiasa janten enteung pikeun kahirupan sapopoe sareng anu maca atanapi anu ngadangukeun tiasa ngala hikmah tina eta pangalaman.

3.2 Saran Saran simkuring saparakanca dina perkawis nyaritakeun pangalaman teh nyaeta supados anu maca atanapi anu ngadangukeun eta pangalaman tiasa neleuman eusi carita pangalaman. Atanapi aya saran nu sanes kanggo ngalengkepan ieu makalah, simkuring saparakanca tangtos wae kersa nampi. Mugia eta saran tiasa janten kasaean urang sadaya, Amiin.

7