Mangle2465

57

Transcript of Mangle2465

Page 1: Mangle2465
Page 2: Mangle2465

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata,

Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana,

Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS

RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega

Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai

Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Beuki nyantek kana pilihan umum, beuki remencalon anggota legislatif (caleg) ngadatanganraha yat. Maksudna, taya lian ti silaturahmi,

sangkan silihpikawanoh. Karep caleg kawas kitu,payusna mah jadi tempat silihjugjugan pakarepan an-tara rahayat jeung pihak caleg.

Mun caleg boga karep, rahayat ge boga kahayang.Sageuy nogéncang, lantaran masing-masing kahayangteh bakal tepung dina satutas caleg téa kapilih jadiwawakil rahayat. Ku lantaran kitu, dina datangna calegka rahayat, ogé pangbagea rahayat ka caleg téa, mistidumasar kana kapentingan dangka panjang numangpa at keur balaréa.

Tangtu, dina nepungkeun pakarepan, tara tuna ti ‘nunyiliwuri’. Pihak nu hadir kalayan boga agénda anubéda, atawa boga ‘titipan’ kapentingan. Saperti nu kase-

but ‘tim sukses’, najan enya nembrak, moal gampangkatebak pakarepan nu sabenerna boh ku caleg boh kumasarakat.

Hadirna tim sukses nu jadi panumbu catur antaracaleg jeung nu rék milihna, bisa nguntungkeun jeungngarugikeun. Untungna, nu jadi panumbu catur teh,bisa nyukangan dua pihak, nu bisa jadi asalna mah, teusilipikawanoh. Ngan, bisa ogé ngarugikeun, upamarayat ukur ‘dijual’ keur kapentingan diri tim suksestéa.

Mémang, moal gampang ngoréhan pakarepan pihakséjén nu sabenerna. Da, saperti kekecapan karuhun,leuwi jero bisa diteuleuman, hate jelem najan déétmoal kakobet. Atuh, kitu deui pakarepan nu nyiliwuri,moal gampang kanyahoanana. Hartina, masing-masingpihak kudu boga saku dua atawa pikir rangkepan. ***

Nyingkahan nu Nyiliwuri

LLawangSakéténg

Page 3: Mangle2465

LAPORAN

Muka Rusiah

Satukangeun Poékna Sajarah

........................................................... 8

IMPLIK - IMPLIK

Dharma Pusaka

Ngajaga Lembur Dina Taun Politik

......................................................... 10

DI KIWARI MACA BIHARI

Ti Mimiti Dianjing Cai

......................................................... 49

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Nyusur Galur .................................... 12

Munara Cahya ................................... 14

Tanya Jawab ..................................... 16

Aweuhan .......................................... 17

Gedong Sate ...................................... 42

Katumbiri .......................................... 44

Bale Bandung .................................... 50

Mangle Rumaja ................................ 51

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

5TAMU

Drs. H. Iding Bahrudin, M.M.Pd.;

Ngadumaniskeun Ulama-UmaroSangkan Islam Leuwih Kuat

Po

tre

t : R

eis

ya

n

Balik ti masigit ba’da Isya, Artasimdipegat ku lalaki opatan nu maraké bajusaragam, lengkep jeung atributna. Teu

amit teu sing Artasim diringkus,leungeun na diborogod, diparékoskeun

ka beulah tukang. Tuluy diséréd di-taékkeun kana mobil kurung nu ngajug -

rug di dinya. “Bapa…!” gorowok Rasid, anakna nu

kakara tujuh taun bari ngagabrug ka....

Kutan Kitu

JAGAT WANGWANGAN

( 17 - 40 )

Page 4: Mangle2465

3Manglé 2465

KKacaTilu

Anggota Parlemén

Anu harayang jadi anggota par-lemén di tingkat pusat,saméméhna kudu kungsi

ngalaman jadi anggota parlemén ditingkat daérah. Kitu cék aturanana.Naon perluna? Supaya maranéhnaapal kana kaayaan di daérahna. Tapiéta mah aturan nu aya di Swédia, laindi urang.

Ari anggota parlemén di urang,sesebutan anu bekénna mah wakilrayat téa, sok aya kitu anu studi ban -ding ka Swédia? Dina ayana gé siganamah teu pati loba. Lantaran Swédiamah nagara tiis. Tempat balanjanateu pati kamashur, kitu deui tempathiburanana.

Naha geuning ongkoh ngarannastudi banding para wakil rayat tiurang téh, ari loslosanana bet ka tem-pat balanja jeung tempat hiburan? Ih,bisi teu percaya ieu aya béréndélanongkosna.

Anu ngasongkeun datana ogé lainlembaga atah-atah, ieu mah Indo -nésia Budget Center. Sanggeus di-itung-itung, cék IBC, salila lima taunti 2009 nepi ka 2014 kagiatananggota DPR téh geus méakkeunanggaran Rp 8,3 triliun. Éta téh cankaasup Rp 3,5 triliun pikeun sekre-tariat DPR.

Kituna téh anggaranana terusnaék unggal taun, kaasup anungaranna dana resés. Keur taun ieuwungkul dana resésna téh Rp 994,9miliar. Katitihna saurangna téhkabagéan Rp 1,7 miliar séwang. Arikeur kaperluan studi banding taunieu, anggaranana téh Rp 248,12 mi -liar.

Sanggeus diongkosan ku nagarasakitu mahalna, ari hasil gawénakumaha? Ceuk IBC kénéh, dina taun2014 awalna DPR boga targét bisangaréngsékeun 66 RUU pioritas. Tapianu kapigawé kakara hiji, nyaétaRUU ngeunaan Perdagangan.

Lamun dina urusan législasigawéna wakil rayat téh sakitumoyodok na, dina urusan studi band-ing mah aya onjoyna. Sok mindengapan kadéngé jeung kabaca pajarsabubuhan anggota DPR ngayakeunstudi banding. Rupa-rupa tujuananatéh, aya nu kukulibekan di nagaraurang sorangan jeung teu kurang-ku-rang deuih anu apung-apungan kanagara séjén.

Tapi tina sakitu mindengna anustudi banding, asa tacan kadéngé anungabanding-banding parlemén diurang jeung nu aya di Swédia.Babakuna anu patalina jeung sarat-sarat pikeun jadi anggota parleménsakumaha anu disebutkeun di luhurtadi. Geus aya éta gé anu tadinakungsi jadi anggota DPRD terus jadianggota DPR. Ngan éta téh teu kaa-sup sarat.

Lamun urang nurutan saperti anudi Swédia, kumaha nya? Kadé ulahbabarian tuturut munding. Itu téhbéda jeung urang. Itu mah geus bisanyieun jeung ngajual Volvo, sedeng diurang ...

Swédia téh kaceluk nagara anugeus bisa ngasejahterakeun rayatna.Euweuh anu beunghar pisan, tapi anumalarat rosa gé euweuh deuih. Ung-gal anu ngabahas perkara urusanukuran hirup tumaninah, urang Swé-

dia téh kaasup anu geus kitu. Malahsok aya anu nyebut pajar sistim diSwédia mah kaasup kana démokratis-sosialis. Padahal cenah, kira saabadsatengah ka tukang, di Swédia gémeuweuh korupsi. Geuning ayeunabisa sakitu beresihna? Cenahsanggeus panghasilan pagawédicukupkeun, geus tara aya deui anukorupsi.

Tah, lebah dieu beuki tétéla béda -na bangsa urang jeung urang Swédiatéh. Urang ditu mah sanggeusdicukup pangabutuhna téh teuhayang deui kana korupsi, ari diurang sabalikna. Anu korupsi diurang mah apan lolobana jalma-jalma anu panghasilan nu halalna gégeus leuwih ti cukup.

Meureun, anu ngabédakeunbangsa urang jeung urang Swédia téhdina lebah sarakahna téa. Goréngpisan sabenerna mah nyebut-nyebutkecap sarakah téh. Tapi da kumaha.Rék teu disebut sarakah kumahalamun mobil di garasina waé nepi kaaya welasna. Mangkaning harega hiji -na téh nitih miliaran.

Na keur naon? Kungsi aya bangsadeungeun anu nanya kitu. Irahamakéna jeung ka mana waé dipakéna,cenah. Nya boro-boro bangsa deu -ngeun dalah pantar urangna ogé ngansemet bisa belengep.

Sigana, lamun isuk jaganing gétokaparengkeun aya anggota parleménti urang anu ngayakeun studi bandingka Swédia, asa taya salahna lamun di-tanyakeun, naon sababna ari urangSwédia henteu sarakah jeung koko-moan? AM

Page 5: Mangle2465

Dina MANGLÉ 2462,aya seratan yén nu dijag -ragkeun, dipanjara/ buinaSengkon sareng Karta ala-tan mateni Diceu, saka -terang simkuring anucarogéna téa Kol (Purn)nuju teu damang. Yakinsareng pasti Pak De( d u k u n / p a r a n o r m a l )Diceu, najan mungkir/nolak tuduhan bari tayabukti nu kuat, malahhakimna pada ngajejeléhogé, tetep Pak De dibui,satosna bebas, gering,

tuluy maot.Ari Sengkon, Karta

mah dituduh, ngarampogbari mateni, jalma sugih.Sanggeus nu boga dosanakatangkep alatan perkaraséjén, manéhna ngaku yénSengkon, Karta mah kor-ban pitenah, inyana ngakubareng jeung baturna numergasana, kalawan buktinu kuat, kasihan cenahKarta, Sengkon jadi kor-ban. Ngaranna kuringpoho, duka Doglong, tapingaran-ngaran urang

Batawi pinggiran téa.Sengkon, Karta lang-

sung bébas, Sengkon maotalatan gering asma, TBC,ari Karta kabéjakeun maottabrakan motor. Pak Deogé maot alatan gering,satutasna bébas mun teusalah kitu ogé. Ari numateni di dieu saha? Soalcarita kitu-kieu, kuringmoal ngomentaran, risi kubisi rempan ku sugan,geus jadi carita kelammasa lalu.

Ari mitos tatangkalansieun jadi keteb jaksa(punten para jaksa,hakim, teu sadayana cu-

raling, ieu mah oknumtéa), meureun sieun jadiketeb jaksa nu basilat, teukuat panasna alam kubur,mending buruk jigana.Leres éta mitos téh ayapisan, malah nu méréresep éta ka kuring, run-dayan Kyai kahot, sohor diKarawang taun 60-an,terah Ciganitri, caket Uni-versitas Telkom kiwari.

Sakitu nu tiasa diserat.

Nu ngintunDrg. Ridwan H

Jl. Melur I/53 RT17/06 Jambi 36124

Manglé 24654

Ngalereskeun Akal Ekol Akil

KKoropak

Majalah Manglé

Nyayogikeun buku-buku Sunda terbitan

PT. Kiblat Buku Utama sareng Pustaka Jaya.

Tiasa digaleuh di Toko Buku Manglé

Jalan Lodaya No. 19 Bandung.

Telepon 022-7303438,

Hp. (Tuti) 0857 21307232

WAWARAN

HATURAN KA SAKUMNA PARAPAMAOS MANG -LÉ BOH KANGGO AOSAN PANGLIPUR KALBU BOHKANGGO KAPERYOGIAN ATIKAN SARENG PANA -LUNGTIKAN ANU PATALI SARENG BASA/BUDAYASUNDA. KADUANA IEU WAWARAN DIHATURKEUNOGÉ KA SAWATARA LEMBAGA DINES PAMARÉN -TAHAN, LEMBAGA SWADAYA MASA RAKAT ATAWASWASTA DI SAKULIAH JAWA BARAT KHUSUSNA,UMUMNA ANU SUMEBAR SA-INDONESIA.

DIUNINGAKEUN : IEU MAJALAH BASA SUNDAMANGLÉ TÉH ÉSTU NGAN HIJI-HIJINA NYAÉTAMAJALAH BASA SUNDA ANU MEDAL TAUN 1957 DIBOGOR SARTA MANJANG DUGI KA KIWARI MEDALMINGGUAN SABAN DINTEN KEMIS.

MUGI JANTEN UNINGA OGÉ, DUGI KA KIWARIMAJALAH MANGLÉ TEU AYA PATULA–PATALIGARAPAN SARENG PAMEDALAN MAJALAH BASASUNDA NU SANÉSNA. MAJALAH MANGLÉ ÉSTUMEDAL SARENG DIKOKOLAKEUN MAN DIRI KUAIS PANGAMPIH PT MANGLÉ PANG LIPUR ANUNGANTOR DI JL. LODAYA NO.19, BANDUNG.

INSYAALLOH MAJALAH BASA SUNDA MANG LÉBARIS MAYENG MEDAL DIKOKOLAKEUN KU PT.MANGLÉ PANGLIPUR, PANJANG PUNJUNG WU -WUH NANJUNG!

BANDUNG, 20 FEBRUARI 2014

H. OEDJANG DARADJATOEN M.DIREKSI

Page 6: Mangle2465

5Manglé 2465

TTamu

Islam nu kuat,

lantaran umatna nu

kuat. Kakua tan umat

kawas kitu, misti terus

nyebar ka mana-

mana, kudu jadi

rohmat keur sakumna

manusa. Kumaha

ketak jeung

kamekaran umat

Islam Jawa Barat

kiwari? Drs. H. Iding

Bahrudin, M.M.Pd.,

Ketua Persatuan Umat

Islam Jawa Barat,

nepikeun

paniténna ka Manglé.

***

Page 7: Mangle2465

Jenglengan umat Islam di Indo -nesia kaasup di Jawa Barat, payusjadi kareueus. Adumanis jumlah

nu loba jeung ajénna nu hadé, boga‘kasempetan’ jadi pinunjul di ieu jagat.“Kapunjulan hiji bangsa dimana waé,tetep bakal gumantung kana kapunju-lan ajén manusana. Jawa Barat, nulolobana umat Islam, kudu jadi kakua -tan dina ngawangun ieu daérah,” ceukDrs. H. Iding Bahrudin, M.M.Pd.,Pupuhu Pengurus Persatuan UmatIslam Provinsil Jawa Barat basa

ngamimitian ngobrol di kantorna di Jl.Sandang No. 1 Ujungberung Bandung.

Kamekaran Islam di Jawa Barat,mémang payus pikareueuseun. Lan-taran ka mana waé ngaléngkah, moalburung srug-srog pasanggrok jeungumat Islam. Kituna téh, Islam di JawaBarat mah deuih, lain wungkul aya, tapideuih panglobana. Ngan, geus nepi ka-mana jatidiri umat Islam jadi rohmat diJawa Barat? “Dumasar kana kagiatankaislaman mah, kantenan mantakreueus kacida. Ku kituna, sangkanlangkung kiat deui, ulama sareng umarokedah tiasa adumanis sareng sauyunan.Insya Alloh, kamekaran Islam di JawaBarat langkung kiat,” ceuk ieu tokohulama Jawa Barat nu ogé mancén ketuaDKM Pusdai Jawa Barat téh.

Nyaritakeun ajén umat Islam di ieuprovinsi, keur H. Iding mémangwidang na. Luyu jeung pamahamanana,Islam dimana waé ayana, kudu jadi

rohmatal lil’alamin. Islam ngajarkeun,Gusti Alloh ngamulyakeun Islamsangkan jadi rohmat. Ku kituna,aqidah na kudu kuat, ukhuwah umatnaogé kudu kuat. Ku kituna, ceuk ieupani tén Islam teureuh Majalengka téh,kamekaran Islam Jawa Barat kudu ajegdina kayakinan, henteu kapangaruhansarta kaganggu ku kayakinan nu méng-par tina papagon agamana. “UkhuwahIslamiyah jeung aqidah nu leres kedahdikiatan. Henteu kaganggu ku pasualangolongan atanapi aliran-aliran nu

matak nyasabkeun umat,” ceuk ieuPupuhu PUI Jawa Barat nu ngarasahariwang kana mekarna golongan-golo ngan di Jawa Barat. Kituna téhdeuih, lantaran nurutkeun H. Iding, diJawa Barat, aliran sasar téh henteusaeutik. Nurutkeun nu kacatet kurangleuwihna aya kana 140 aliran.

Kamekaran Islam ahirna bakalguman tung kana ajén umatna. Upamaumat ajénna hadé, tangtu tauhid umatbakal leuwih kuat. Kitu deui kamulyaanIslam ogé bakal kajaga. Ku kituna,nurut keun H. Iding, masing-masingumat kedah panceg ngajaga aqidahna.Kitu deui umaro jeung ulama kedahsauyunan dina nyegah pangaruh-panga ruh nu matak nyasarkeun.

Carana? Tangtu, nurutkeun ieuketua Forum Silaturahmi Ormas Islam(FOSI) Jabar, naon nu jadi programpamaréntah Jawa Barat keur ningkat -keun ajén umat kedah dirojong ku ka-

giatan-kagiatan kaagamaan nu leuwihmangpaat. “Pamaréntah Jawa Barat,ayeuna nuju ngahangkeutkeun prog -ram nu patali sareng kamekaran Islamdi Jawa Barat. Di antarana, programatikan Islam, mekarkeun pondokpasan trén, nyumponan sarana-pra -sarana kaagamaan jeung mekarkeunMajlis Ta’lim. Tangtos ieu saé pisan.Ayeuna mah, kantun urangna, tos dugika mana kanggo ngawalayakeunana,”ceuk H. Iding nu teu weléh gedéharepan, ukhuwah Islamiyah Ulama

Umaro Jawa Barat tiasa jadi conto titingkat nasional.

Ngajaga Ukhuwah Kamekaran Islam di Jawa Barat,

ceuk ieu ketua DKM Pusdai Jawa Barat,tetep kudu dikuatan deui ku ayanaukhuwah umat Islam nu kuat. Kitu deui,sangkan ukhuwah Islamiyah kuat,tangtu nu paling utama nyaéta ngahiji -keun pasualan nu sarua, sabalik nanying kahan pasualan nu béda. Hartina,upama dimitembeyanan tina harepan-harepan nu sarua, naon nu jadi garapan -ana ogé bakal leuwih gampangdibebenahna. “Penting kacida ayanaukhuwah di antara para ulama ogéulama jeung umaro,” pokna tandes.

Bangbaluh dina kamekaran Islam,mémang henteu bisa diungkulan kusalahsahiji pihak atawa salahsahijiorgani sasi kaagamaan. Ku kituna, ayanasilihajénan, budaya sauyunan antar

Manglé 24656

TTamu

H. Iding Bahrudin; mupuhuan PUI, ningkatkeun ukhuwah ulama umaro Jawa Barat

Page 8: Mangle2465

ormas kaagamaan, hususna di JawaBarat penting kacida. Kacindekan itu,saperti nu jadi salahsahiji garapan Per-satuan Umat Islam (PUI) Jawa Barat.

Sababaraha tarékah PUI, lian tiningkatkeun ajén umat, ogé ningkat -keun ukhuwah di antara lembagakaagama an sacara organisasi, ogé paraulama di Jawa Barat sacara pribadi-pribadi. “Alhamdulillah, hadirna PUIogé ageung mangpaatna, utamana dinaperan nguatan sareng ningkatkeunukhuwah Islamiyah ti béda-béda organi -sasi kaagamaan,” ceuk H. Iding témbrés.

Hayang ngawangkong jeung ieutokoh Islam, mémang teu gampang.

Malum, kagiatanana gé saabreg-abreg.Lian ti mingpin organisasi PUI JawaBarat, mancén pupuhu DKM PusdaiJawa Barat, ogé mindeng jadi nara-sumber ka saban daérah.

Sual ngabebenah umat Jawa Baratnu mayoritas umat Islam, ceuk H.Iding, umat Islam kudu panghareup -na. Organisasi PUI gé kitu. Poko-pokopikiranana geus meujeuhna jadi kakua -tan umat dina nanjeurkeun ukhuwahIslamiyah umat.

Di Jawa Barat, dalitna Islam jeungSunda ogé témbong pisan dina rupa-rupa pasipatan. Karepna polah sauyu-nan, silih asah silih asih jeung silihasuh, atawa soméah hadé ka sémahogé, éstu jadi kakuatan nanjeurnaagama Islam di Jawa Barat. Ku kituna,ceuk ieu Wakor Kopertais Wil II JabarBanten, sababaraha aliran luar nu rékngaganggu pasipatan jeung kayakinan

umat Islam, kedah gancang-gancangdisingkahan. “Umat Islam kedahpengkuh tauhidna, jembar budayana,raharja ékonomina,” pokna deui.

Ningkatkeun Ukhuwah H. Iding Bahrudin lahir di Maja -

lengka, 15 Mei 1957. Ti leuleutik diasuhdilingkungan agama. Indung tunggulrahayu bapa catang darajat, keur Idingmémang karasa pisan. Teu weléhsepuhna mapatahan sangkan pengkuhagamana ogé luhung pangabisana, nuahirna kudu junun. Ku kituna, waktuIding sakola di SDN taun 1977,sepuhna mah teu weléh nalingakeun,

pangpangna dina sual ngaji agama.Pangaping kitu, ngabuahkeun hasil.Iding gé, ahirna ditarima di PGA PUI.“Pun Bapa kalintang disiplin sareng teuweléh masihan papatah nu saé,” cek ieurama Abdul Aziz Maulana, Salman Al-Farizi, Moh. Irfan jeung Hasna Nabila,nineung ka mangsa keur budak.

Karep Iding nyiar élmu, sumanget -na teu kungsi pareum. Malah, lian ti di-ajar di sakola, ogé diajar mandiri kucara dadagangan jeung ngajar privat kasaban bumi nu ngabutuhkeun diajarngaji agama Islam. “Angkat ti masjidmuru ka bumi nu peryogi, aya nu tebihogé aya nu caket. Alhamdulillah, ngan-delan kapercayaan jeung lumayan ayatambihan,” ceuk ieu carogé Hj. TitinSobariyah nineung ka mangsa keurmimiti kuliah ka UNISBA. Keur bekelsaterusna mah, Iding gé teu incah timasjid. Lantaran mondok ogé di

masjid. Nambahan pangaweruh kaislaman,

beuki déwasa beuki buleud cita-cita.Kitu deui dina widang organisasi ogébeuki loba kawawuh nu ahirna beukilogor kamana-mana. Satamatna tiUNISBA, lian ti ngaguruan di MA Al-basyariah, ogé aktif di Persatuan IslamIndonesia (PUI) Jawa Barat. Elmupanga weruh beuki nambahan, ahirnabeuki dipercaya keur mancén dosenjeung mupuhuan ormas Islam. Diantara na, Dosen STAI Persis Bandung,Dosen UIN SGD Bandung di FakultasSains jeung Teknologi nepi ka ayeuna.Dina widang organisasi ogé kitu, lian ti

mupuhuan PUI Jawa Barat, ogé mancénKetua Komisi Pendidikan MUI Jabar,Anggota Dewan Penasehat MUI Ban-dung ogé panaséhat di ICMI Jawa Barat.

Tina sababaraha pancén dipercaya -keun, keur H. Iding tangtu ahirna mahjadi kuatan dina nanjeurkeun agama.Lantaran, keur ieu Ketua Yayasan STAIPUI Majalengka, beuki loba lolong -krang jeung élmu pangaweruh, sawadi -na kudu jadi alat da’wah keurningkatkeun karaharjaan umat balaréa.

Makalangan di dunya kampusjeung ormas, keur H. Iding, saterusnamah jadi nguatan harepanana, nyaétageusan ningkatkeun ukhuwah umatIslam. “Alhamdulillah, di antawis paraulama, ormas Islam kanggo di JawaBarat tiasa silih ajénan. Kitu deuiulama sareng umaro tiasa sauyunan,”ceuk Drs. H. Iding Bahrudin, M.M.Pd.,gedé harepan. *** (RH)

7Manglé 2465

Sareng H. Ahmad HeryawanTeu weléh nyaah ka sasama, nanjeurkeun kamulyaan Islam

Page 9: Mangle2465

Carita-carita baheula loba kénéhnu natrat di masarakat. Dianggaplalakon sajarah nu kungsi aya di

kieuna. Tapi, di antara nu dianggap enyaku hiji pihak, teu jarang dianggap ‘bo-hong’ ku pihak séjén. Kajadian kituremen kasaksén ku balaréa. “Kajadian-kajadian nu sapertos kitu téh peryogi di-paluruh dumasar kana metode sajarah,”ceuk Prof. Dr. Hj. Nina Herlina Lubis,Guru Besar Sejarah UniversitasPadjadja ran (Unpad), Bandung.

Ngobrol jeung Hj. Nina téh, dinalolong krang kagiatan Kursus Sajarahjeung Kabudayaan Sunda nu lumang-sung di Museum Sri Baduga, Jalan BKRBandung, sawatara waktu ka tukang. Etakursus lumangsung tilu kali, heuleutsaminggu, tanggal 15, 22 (Pebruari

2014), jeung tanggal 1 Maret, 2014. Nudipedar dina éta kursus téh, sajarah,basa, jeung sastra Sunda.

Kagiatan kawas kitu, gawé barengManglé, Yayasan Masyarakat SejarawanIndonesia (YMSI) Jawa Barat, jeungMuseum Negeri Sri Baduga Jawa Barat.Eta téh kagiatan nu kaopat kalina. Aripamilonna, diwatesanan lima puluhurang, daratang lain ukur ti Jawa Barat,tapi deui ti Jakarta, jeung Jawa Tengah.

Ngantengkeun SajarahKasadaran kana sajarah Sunda, ceuk

Prof. Nina, kudu tetep mekar dimasarakat. Kitu téh penting, lantarannu kungsi kasorang ku karuhun bisa jadisurahaneun geusan ngalenkah di ki-wari. “Upama urang Sunda resep milih

‘aman’, naon sababna?” pokna nyonto -keun.

Pasipatan urang Sunda kawas kitu,ceuk ieu sajarawan asal tatar Sundamah, bisa disaliksik ka jaman baheula.Taran Sunda nu dijajah ku Mataram,Belanda, Inggris, jeung Jepang,ngalantaran keun masarakat teu weléhaya dina karisi jeung karempan. Pari -basa, inggis ku bisi rempan ku sugan,sieun kumaha onam, jeung sajabana nunalikung pipikiran jeung laku lampah.“Saatosna apal kana akar masalahna,apan saterasna mah tiasa nangtukeunsikep nu merenah dina jaman kiwari,”pokna.

Ku lantaran kitu, Hj. Nina ngang-gap pentingna sajarah dipiwanoh sabanpihak, kaasup ku pihak-pihak nu

Manglé 24658

LLaporan

Prof. Hj. Nina Herlina Lubis, Guru Besar Sajarah Unpad, Bandung

Najan ngeureuyeuh diguar, sajarah Sunda téhloba kénéh nu poék. Kituna téh prah di mana-mana. Ku lantaran kitu, ngarah loba nukabuka, butuh kasadaran balaréa. Ngan, sahanu kudu engeuh kana sajarah téh?***

Muka Rusiah

Satukangeun

Poékna

Sajarah

Ani Ismarini, Kepala Museum Sri Baduga

Page 10: Mangle2465

ngajalan keun pamaréntahan di JawaBarat. “Anggota dewan gé peru pisanwanoh kana sajarah téh,” pokna tandesnaker.

Pentingna muka-mukakeun lalangsésajarah, ceuk Prof. Nina mah, sangkan nukungsi kajadian téh écés kalungguhan,adeg-adeg, jeung runtuyanana. “Apan, nukungsi kajadian téh puguh leun jeurancaritana,” pokna.

Nu penting pisan tina kursus sajarahtéh, ceuk Hj. Nina, sangkan leuwih loba nuleukeun nulis-nuliskeun sajarah nu aya disabudeureun masing-maisng. “Upamangandelkeun sajawaran wungkul atawangandelkeun urang kampus wungkulmah, da moal katanaga an,” pokna.

Ku lantaran kitu, cenah, upama ayadongéng-dongéng nu sumebar di

masarat ngeunaan tempat atawa tokohsajarah, bisa dicatet sarta diwanohkeunka balaréa ngaliwatan tulisan kaasupdina media masa. “Ngan, nuliskeunsaja rah mah aya padikana, aya cara-carana,” pokna ngingetan.

Ngalelempeng SajarahKajadian nu geus kahalangan ku

laju na waktu, loba nu poek keneh. Tah,nu kawas kitu gé, bisa ‘dimangpaatkeun’ku saban pihak kalayan kapentingan nurupa-rupa. Di antarana, nu kawas kituge kakoréh dina obrolan para pamilonkursus. Saperti di hiji tempat, aya duapihak nu ngaku-ngaku leuwih boga hak‘miara’ salasahiji situs. Pangakuan kitutéh,teu leupas tina kapentingan séjén.Apan, pamaréntah daérah gé ayeuna

mah, méré waragad keur miara situs-situs téa. Atuh, teu arang nu ngaku bogahak miara situs gé ngajukeun panuhunbantuan waragad ka pamaréntah.Malah, saperti nu kabandungan di Su -bang , hiji situs diaku ku dua pihak, numasing-masing ngajukeun proposalmiara éta situs ka pamaréntah daérah.“Tapi, ari waktu ditanyakeun kumahaéta lalakon situs nu sabenerna, duapihakan ana gé teu apaleun bener-bener,” ceuk salah saurang pamilon kur-sus ti Subang.

Nilik kana kajadian kitu, tangtu wé,pihak mana waé, kaasup pamaréntah nurek méré bantuan gé kudu ati-ati,sangkan teu salah sokna. “Kanggonangtos keun situs atawa sanésna, tang-tos kedah ngalangkungan kajian anu

gemet nu dilaksanakeun ku ahlina,”ceuk Prof. Nina nu jadi nara sumberdina kursus téa.

Nyaritakeun sajarah Sunda, panjanglalakon jeung lega ambahanana. Apan, nudimaksud sajarah tatar Sunda téhngawengku wewengkon Propinsi JawaBarat, Propinsi Banten, DKI Jakarta, jeungsabagian wilayah Propinsi Jawa Tengah.Atuh titimangsana, deuih kacida panjang -na, da galibna ‘babak’ nu nyaritakeunlalampahan manusa di mana waé,dimitembeyan ku mangsa prasejarah, nusaterusna ngaruntuy nepi ka kiwari.

Upama kursus diayakeun di Mu-seum Sri Baduga Bandung, memangmerenah naker. Apan, guaran sajarahnu dipedar narasumber, bisa sakaliankanyahoan bukti-bukti pisikna nu di

antara na aya di Museum Sri Baduga.Ani Ismarini, Kepala Museum SriBaduga kacida ngabagéakeunana kanaéta kursus téh, lantaran mémang cenah,pihak museum gé mikarep pisan Mu-seum Sri Baduga, jadi pangjugjuganbalaréa. “Nu dipedar dina kursus, diantara na, bukti-bukti pisikna mah tiasadiilikan di Museum Sri Baduga,” pokna.

Ceuk ieu kepala museum nu ogémahasiswa S-3 Sejarah Unpad, koleksimuseum ngawengku Jaman Prasejarah,Hindu-Budha, Mangsa Asupna Islamjeung datangna pangaruh barat, ka-datangan Portugis, Belanda, Jepang,jeung sajabana. “Koleksi museumkedah janten bahan kanggo nambihanpangaweruh sajarah ogé tumuwuhnakasadaran masarakat kana sajarah,”

pokna.Ku lantaran kitu, pihakna gé, cenah,

teu weléh ihtiar sangkan éta museumjadi pangjugjugan balaréa. Carana,ngabebenah jeung nata tempat, ogémerenahkeun koléksina sina ‘nyarita’ kanu daratang ka éta tempat.

Geusan leuwih ngirut masarakat,museum gé rek muter pilem-pilem nuhadé ajénna ditilik tina widang atikan.Di antaranana cenah, bakal, mayengmuter pilem saperti Sukarno, SangPencerah, jeung sajabana.

Rarancang muter pilem mah, kariprakna. Da, boh tempat, pakakas, ogépilemna geus sadia. “Sakalian ka mu-seum, tiasa nongton pilem nu baris a -geung mangpaatna,” pokna semungajak. *** (Ensa)

9Manglé 2465

Pamilon kursus, ti Jawa Barat, Jakarta, jeung Jawa TengahH. Ellin Sjamsuri, narasumber kursus sajarah jeung kabudayaan Sunda

Page 11: Mangle2465
Page 12: Mangle2465
Page 13: Mangle2465

Manglé 246512

NNyusur Galur

Minggu pengker Bupati Bandung manten R.H.LilySumantri mulangkeun panineunganana kamangsa-mangsa ngawangun sarana olahraga

sabada dipercaya jadi Ketua PORDASI ( persatuanOlahraga Berkda). Kasundut sumangetna geusan ngawa -ngun sarana olahraga di wilayah Kabupaten Bandunghususna, jeung di Kota Bandung anu ti baheula mashurpacuan kudana. Minggu pengker disebatkeun yén lian tingawangun setadion pacuan kuda di Arcamanik ogé la pa -ngan Golf Arcamanik gawé bareng jeung para pejabatDinas PU Pusat. Éta dua lapang olahraga téh disebutnaJawa Barat Recration Centre. Kulantaran lapangan pacuankuda geus diwangun di Arcamanik, ahirna lapanganpacuan kuda Tegallega dipasrahkeun ka Walikota Ban-dung.

Bupati Lily ogé ngawangun lapangan maénbalCisangkan di Kota Cimahi. Tina ladang ngajual TOTOPacuan Kuda anu kungsi diayakeun, bisa masang lampulapang ku Mercury sapanjang jalan Raya kota cimahi.Hiji mangsa mah Bupati Bandung téh boga kasempetananu hadé keur meuli kendaraan Jeep Taff kajeundikiridit. Éta Jeep sibagikeun ka para Wadana. Keur numunggaran pisan Bupati bisa méré mobil dines ka paraWadana sa kabupaten. Terus ti PT. PUTRA KALIMAN-TAN di Jakarta dibéré kasempetan meuli paparabotanbeurat keur kapereluan PU. kayaning Motor Wals, Bul-doser jeung Shovel Cabang-cabang PU di Kawadanandibéré mobil bak nu muka ukuran ½ ton, keurmetakeun upaya miara jalan miik kabupaten Bandung.

Dumasar kana kawenangan bebas (Vrijbestuur) du-masar kana idin DPRD, Bupati ngabagi masing-masingpanumpang HI-ICE ka Unsur MUSPIDA, KODIM, KA-JAKSAAN, KAPULISIAN jeung LANUD SULAEMAN, kaPolres 841 di Cibabat. Bupati méré 2 sapédah motorjeung mobil nu dijieun husus keur kaperelan patroli. Halieu mangrupa kawijakan bupati saluyu jeung kawenanganbebasna téa turta disaluyuan ku DPRD.

Ngungkulan Defisit AnggaranInget kénéh saur R.H. Lily Sumantri dina

panineungan ana, harita awal mangku kalungguan bupatiUnggal nyanghareupan ahir bulan deukeut kana usum

gajihan kepala Daerah salawasna disantongkeun kanakaayaan dimana likuiditas keuangan masih kénéh seuseutjeung defisit baé.

Salahsaurang Kepala Kauangan sangeunahna masrah -

keun sual pangabutuh dana ka bupati, maksudna mahsupaya gancang diungkulan. Tangtu baé bupati kalang -kabut pusing jeung kudu mikir sarta dipentes kudungayakeun tindakan darurat gali lubang tutup libang téadisebutna, duit naon baé heula kudu dipaké keur mayargajih, mulangkeunana mah sual engke. Hal saperti kieuanu kacida musingkeunana téh, tapi masalah keuangansaperti kitu merelukeun pamikian jeung kudu metakeuntarekah ngalian sumber pemasukan daerah , Bupatikudu mampuh ngalakukun intensifikasi jeung ekstensi-fikasi dina enggoning ngali sumber dana. Upaya-upayaanu kapikir mangsa harita téh nyaéta;1. Netepkeun sistim INSENTIP, sakabeh Dinas, Bagian

Peridinan jeung Retribusi jeung sajabana, kabehananadibéré target panarimaan, anu unggul bisa ngahontaltarget, dibéré bonus/insentip 10%.

2. Para Kepala Desa sa kabupaten Bandung diwajibkeunngalunasan setoran IPD, anu hasil lianti dibéré bonus10% , anu hasilna leuwih hadé dibéré hadiah sepedahmotor.

3. Ngaluarkeun Peraturan Daerah ngeunaan PAJAK(Pajeg) Penerangan jalan saperti di DKI Jakarta.Kusabab hasilna tétéla hadé, cara saperti kitu dituru-tan ku bupati-bupati séjéna di Jawa Barat.Kitu diantarana hasil insentifikasi jeung ekstensifikasi,

meunang mikir anu beurat anu ahirna hasil ningkatkenpanarimaan Keungan Daerah, anu samasakali taranimbul keun kasulitan diganggu kakurangan dana.

Nurutkeun catetan, Volume APBD taun 1971 - Rp.608.897.500.-

Taun 1972 naék jadi Rp. 760.956.000. - Taun 1973 -Rp 1.098.777.600. - taun 1974 naék jadi RP. 1.818.124,625.-

Wibawa Bupati Di Pasisian Lir Raja Jaman BaheulaKacida gédéna perhatian jeung panghormatan ka para

Bupati ti masarakat asisian padésaan mangsa harita. Ka-bandungan masarakat memang ihlas tanpa ngarasakeunkacapé, ti Subuh mula rayat geus ngajajar sisi-sisi jalanmaraké pakéan anu pantes nunggu Kapala Daerahnasumping. Mun baheula mah ngantos Kangjeng Dalematawa Pangawulaan sumping. Taya anu ninggalken manéh,rayat kaluar ti imahna masing-masing, sakulawargangabaris beres sisi-sisi jalan nganti Bupati sumping.

Kawantu kajadian langka pangawulaan sumping kapasisian téh.

Risikona Bapa Bupati kudu ihlas nampi panghormatanrayatna, rayat bungah haté ditarima sasalaman ku bupati -

R.H.Lily Sumantri ;

Ngungkulan Defisit AnggaranKu Intensifikasi jeung extensifikasi

Page 14: Mangle2465

13Manglé 2465

na, kajeun capé, lalesu narima sakitu lobana anu ngajakansasalaman, tapi Bapa Bupati wayahna kudu sabar.

Dina kaayaan saperti kitu, Bupati Bandung R. H. LilySumantri dipentes kasabaran jeung kaihlasanana nampipanghormatan rayatna. Bupati dipentes maparin amanatatawa biantara anu ku rayat kasauran Kangjeng Dalemtéh dianggapna ngandung kasakten, sabab bupati ogé di-anggapna sakti atawa boga kasakten diri. Contona parasesepuh desa laporan ka Bupati yén geus lila rayat nanda -ngan katunggaraan sabab sawahna teu kagarap, hujanhenteu cur baé, desa halodo entak-entakan.

Dina amanatna Bupati ngawawadian supaya rayatsabar, patani masing prihatin, kaayaan sarupa kitu téh co-coba ti Gusti Alloh, saterusna Bupati ngedalkeun panuhunka Gusti supaya hujan gancang diturunkeun piken ngajaitrayatna tina katunggaraan panjang. Penting pisan Bupatingado’a, rayat saur manuk nyebut…”Amiiiin……”. Nyameureun kabeneran, atawa paneda bapa rayat kadangu -keun ku Gusti turta ditampi, da saméméh Kapala Daérahpamitan mulih ka kota, cur téh hujan, beuki lila beukigedé, rayat nadahkeun leungeun nyambat asma Alloh baringanuhunkeun kana rahmatna.

Rayat beuki percaya yén Bupati henteusabongbrong...

R.H. Lily Sumantri anu kacida dihormatna ku rayatKabupaten bandung hiji mangsa kana mobil badéngalaksana keun kunjungan kerja ka daerah. Ti kajauhankatingalieun aya sababaraha urang warga masarakat keurkula-kali jeung ngabongkar batu badag di lamping gu-nung. Mobil sina ereun deukeut jalma-jalma anu keur di-garawé téa, ajudan ditiah nyampereun jalma anudigarawé, teu lila bupati gé lungsur terus angkatnyampeur keun anu digarawé. Ditaros terus digelendut di-papagahan supaya ati-ati sabab éta téh pagawéan beratanu gedé bahayana. Alusna mah maké tali, supaya dimanaragrag tina jurang salamet. Diestokeun ku sabagian uranganu digarawé. Bupati teu weleh émut jeung kacipta baétinggulayuna jalma-jalma di lamping téa, da cenahsapopoéna lakon gawé kitu téh, nungaran batu di lampinggunung.

Isukna isuk-isuk kénéh pisan kurunyung ka kantorBupati aya anu datang , sihoreng salahsaurang anu kamarinugaran lamping gunung téa. Manehna unjukan ka Bu-pati yén salah saurang rayat anu kamari kauninga kuBapa gugulayunan di lamping, maot ragrag teu katulu -ngan.

Puguh bapa bupati kaget kabina-bina, sedih prihatinnarima beja maotna saurang pagawé, anu nandonkeunjiwa raga demi kulawarga da maranéhanana téh atuh,nyorang gawé beurat téh keur anak pamajikanana, keurkulawargana, geus maot. Ayeuna Ki silah téh tangtu mu-lang ngan kari ngaran, Innalillahi wainnailaihi roji’un…..Bapa bupati ngaraos sedih prihatin, kanu ngirim bejanganuhunkeun, mugi kulawargana dipaparin panggerturta sabar dina enggoning nyangga cocoba..

Teu lali Bupati nitip kaémutan keur kulwarga almar -hum.

Hiji mangsa deui saur R.H. Lily Sumantri dinapanineungan ana, jaman jadi Bupati Bandung, harita keursaba lembur téh dipaksa ku kaayaan kudu ngéndong.Sabab beurangna loba teuing acara anu dilangsungkeundi desa. Atuh kacida capéna, lungsé jeung laleuleus. Baringagolér dina kasur, niat ngaso. Tapi keur kitu pisan nuboga imah rampohpoy nyampeurkeun pok nyarita cenahaya sémah awéwé nu kacida hayang tepang jeung Bapa.Atuh teu bisa nyebut capé, kuniang hudang, keteyep katepas nyampeurkeun sémah téh enya wé ibu-ibu mawacai herang sagelas.

Sabada uluk salam terus munjungan sopan pisan, Siibu téh keur gering, nyaritana pegat-pegat bari ngasong -keun gelas, pokna ménta supaya ku Bapa Bupati dido’aankeur nambaan dirina anu gering.

“Mugi Bapa rido manah!” pokna téh. Bapa bupatingahuleng heula da dokter gé lain, dukun gé lain, naonatuh? Kulantaran yakin yén rayatna percaya ka bupatinaanu boga kakautan, atuh prak baé ngado’a.

Panteng pisan ngadoana téh, geus kitu gelas dipasrah -keun deui ka Si Ibu, regot caina diinum mani beresihtaya nu ngari. Geus kitu mah amitan bari nganuhukeunpisan ka bapa bupati.

Isukna isuk-isuk Si Ibu datang deui di barengan kusesepuh desa, katingal cenghar turta séhat.

Bener wé geus cageur tina geringna, pokna berkahpitulung Bapa Bupati.

“‘pitulung Alloh” tempas bapa bupati. Saréréa mujisukur anu gering geus cageur pulih ka asal, teu jiga-jigahudang gering.

Dina umumna jaman baheula sabada runtagnaKaraja an Sunda, rayat Jawa barat nganggap Bupati jadipangawasa pangluhurna nu boga karisma solah-olah di-anggap tetesan Raja. Kulantaran kitu kudu ngagugu kanapituduhna, kudu taat kana paréntahna. Ceuk kayakinanurang Sunda mah ‘’ Ratu saciduh metu, raja saucapnyata”, para ménak sok disebut “ Terahing ratu rembesingkusumah tetesan andanawarih”. Sanajan kiwari uranghirup di alam demokrasi tapi budaya feodal di kalanganrayat anu marangkuk di lembur-lembur masih kapendak.**HRS/Hanca/ Suka Duka Menjabat Bupati KabupatenBandung R.H. Lily Sumantri**

Page 15: Mangle2465

Manglé 246514

MMunara Cahaya

Moal aya hiji jalma saurangogé anu boga cita-citahayang hirupna tunggara.

Lamun lain jalma odob mah, pastimanusa boga cita-cita hayang tepungjeung kabagjaan. Lain wungkulkabagjaan di dunya tapi ogé kabag-jaan di ahérat. Pikeun jalma nu imandeuih, cita-cita kabagjaan di ahératmah malahan leuwih penting. Sababkahirupan nu salilana mah kahirupandi aherat téa. Dunya ibarat palili-watan, ibarat cukang pameuntasan.Lamun lulus meuntasna mangkabakal tinemu jeung kabagjaan. Saba-likna lamun tikoséwat hartina moaltinemu jeung kabagjaan, cilaka téa.Dawuhan Alloh dina surat Al-Baqoroh : 212 :

Jalma-jalma dipapaésan kukahirupan dunya, bari jeung mara -néhna ngahinakeun jalma anu ari-man, padahal ari jalma-jalma anutarakwa mah darajatna saluhureunmaranéhna dina poé kiamat.

Kitu deui pikeun nu betah didunya teu maliré ahérat, kabagjaantéh bakal padeukeut pisan jeung

masalah. Isuk bagja isukna tunggara.Kitu téh sabab hirupna sabeulah.Ibarat boga dua leungeun, tapi nukatuhu henteu dipungsikeun. Dibéréuteuk lain keur ibadah ka Gusti Alloh,tapi keur ngalanggar aturan Alloh. Nukitu nu bakal kagolongkeun jalma-jalma kufur. Innaladziina kafaruulan tugniya 'anhum amwaluhumwalaa aoladuhum minallohi syaeawa ulaaika ashabun nari hum fiihakholiduun. Didawuhkeun dina suratAl-Imran ayat 116, saenyana jalma-jalma anu kupur moal aya anu naru-lungan ka maranéhna tina siksaanAlloh saeutik ogé, boh harta bandanaboh anak-anakna. Jeung maranéhnajadi pangeusi naraka sarta bakallanggeng di dinyana.

Ku margi kitu, urang ngeusianalam dunya ieu téh geuningan kuduati-ati pisan. Sabab poténsi manusajadi kupur téh geus nyampak. Jalmabakal kufur lain waé karana kafirwungkul. Jalma nu ngaku Islam ogébakal kagolongkeun jalma kufursalila manusa henteu milampah pa-gawéan nu patojaiah jeung aturanagama. Sakumaha nu didawuhkeundina Al-Qur'an surat Al-Imran ayat117, masalu maa yunfiquuna fii haadi-hil hayatid dunya kamasali riihin fiihasirrun asoobat harsa qaomin dola-muu anfusahum faahlakathu wamaadolamahumullohu walaakin an-fusahum yadlimuun. Misil saniskaraanu ku maranéhna didermakeundina ieu kahirupan dunya téh liribarat angin katut tirisna anu matakngahodhod, anu nebak pepelakan

kaom anu darolim ka dirina sora -ngan, tuluy éta angin téh ngabi-nasakeun pepelakanana. Jeung Allohhenteu dolim ka maranéhna, tapi nyamaranéhna anu darolim ka dirina so-rangan.

Alatan kitu, dina nyegah kakufur -an, nyegah dunya nu ngaleuyasangkan henteu jadi papaes kakufur -an, dunya éta kudu mawa mangpaat.Boh ngagunakeun lahirna boh ngagu-nakeun uteukna. Tangtuna uteuk numangpaat, nu bakal nyalametkeunmanusa hirup di dunya ahérat. Rosu-lulloh SAW méré ugeran yén dinamangsa engké aya karisi jeungkarempan pikeun umatna. Kaummuslimin sangkan tatan-tatan, ca -ringcing pageuh kancing, saringsetpageuh iket pikeun nyanghareupanmangsa anu bakal nyilakakeunsakumna umat anu balangah. Singsaha jalma anu kaolo, kabobodo kuéta jaman, moal bisa dipungkir deuiéta jalma geus kaséréd, ka pélét kupangbibita sétan. Koncina mah diurang-urang kénéh. Sangkan teukagolongkeun kufur, jalanna mungtatan-tatan jeung pageuh kana taliagama Alloh malah mandar amarma'ruf nahyi munkar. Al-Qur'anjeung hadits masihan ugeran supayakaom muslimin ménta panyalindungka Allah tina fitnah. Sakumahakaunggel dina surat al-Maidah ayat101 : Ya ayyuhal ladzina aamanu latas 'alu 'an ashyaa'a in tubda lakumtasu'kum wain tas'alu 'anha hiinayunajjalul qur'anu tubdalakum'afallohu 'anha wallohu gofuurun

Jalmi MurtadKu H. Juni Effendi

Page 16: Mangle2465

15Manglé 2465

haliim. Hartosna : Yeuh, jalma-jalmaanu ariman! ulah deuk nanyakeunperkara anu lamun diébréhkeun kamaranéh jadi nyusahkeun maranéh,upama nanyakeunana dina mangsaturunna Qur'an mah tanwandédiébréhkeun ka maranéh, Alloh ma-parin pangampura ka maranéh alatanéta kasalahan; jeung Alloh téh MahaJembar Pangampura, Maha Halim".

Sangkan haté henteu kacicinganku sifat kufur, tangtu lahir jeung batinurang kudu dipiara. Sangkan urangtiasa nyegah kufur, sahenteuna urangogé kudu apal kana tingkatan kufur.Ngan hakekatna, kufur téh éstuningngabalieurkeun hirup tina tauhidjeung papagon Alloh Swt. Kufur kaAlloh Swt. miboga tingkatan-tingkatan.

1. Kufur Atheis. Nu disebut kufuratheis nyaéta manusa kalawan enya-enya henteu percaya ka Gusti Allohnu sagemlengna nyiptakeun ieusaniskara alam dunya. Kitu deui hen-teu percaya kana ayana paramalaikat, ka para rosul kana Al-Qur'an jeung kana alam aherat. Arijalma nu kufur atheis saestuna sokngucapkeun :

Nu hartosna kirang langkungkieu: “Jeung maranéhna ngaro -mong: 'Taya deui hirup mah nganukur di ieu dunya wungkul, jeungurang moal dihudangkeun deui'.”(QS. Al-An'am : 29).

Alatan kitu, kufur atheis digo-longkeun kana tingkatan nu pan-gluhurna.

2. Kufur Syirik. Nyaéta sapertimilampah kemusrikan. Jalma alatanlahir jeung haténa ngaku ayana nunyiptakeun langit, bumi sarta eusinaalam, manusa ogé nurunkeun rejeki,tapi maranéhna nyarékatan Alloh

kalawan nyembah kana benda-bendasaperti nu dicontokeun ku kaum-kaum jahiliyah. Dawuhan Alloh :Waya'buduuna min duunillahi maalaayadurruhum walaa yanfa'uhumwayaquuluuna haa u laa i syufa'a unaa 'indallohi. Nu hartosna : "Jeungmaranéhna nyembah ka nu salian tiAlloh, anu henteu bisa ngada -tangkeun kamadorotan jeung teu bisangadatangkeun kamangpaatan kamaranéhna, tapi ari pokna mah:'Maranéhna (berhala-berhala) téhanu baris méré safaat ka kaula sa -réréa di payuneun Alloh'. (QS. Yunus: 18).

3. Kufur Ahli Kitab. Nyaéta ku-furna jalma-jalma ti kalangan Yahudijeung Nasrani. Maranéhna ngabo-hongkeun karosulan Nabi Muham-mad saw minangka utusan AllohSWT, jeung Al-Qur'an minangka pi-tuduh nu pangahirna nu dijeronangabenerkeun kitab taurat jeung injil.Ditétélakeun dina surat Al-Maidahayat 48, Alloh ngadawuh : JeungKami nurunkeun ka manéh kitab Al-Qur'an anu mawa hak anu ngaben-erkeun kana kitab anu saméméhna(Taurat) sarta jadi panyaksén kanaéta kitab.

4. Kufurna Jalma Murtad. Paraulama geus mufakat, yen wujudkakufuran nu paling hina nyaétakufur murtad (ar-riddah). Jalma nukaluar tina agama Islam, kaluar tinaagama nu miboga pituduh palingsampurna. Jalma nu kagolongkeunkufur murtad leuwih hina tinimangkufur lianna. Sabab, jalma sanggeusapal bebeneran, apal nu hak jeung nubatil, tapi manéhna ngahinakeun lun-cat kana kadorakaan pindah agamanu sagemlengna bakal nyilakakeunhirupna, boh di dunya boh engké diahérat. Dina surat Al-Baqoroh ayat217 jéntré pisan ditétélakeun,Waman yartadid minkum 'an diinihifayamut wahua kafiirun faulaaikahabitot 'amaluhum fid dunya walakhiroh, waulaaika ashabun naarihum fiihaa kholiduun. Nu hartosna :Jeung sing saha ti antara maranéh

anu murtad tina agamana terusmaranéh maot bari jeung tetep dinakakupuran tanwandé amal-amalnajadi gugur di dunya jeung di aherat,jeung maranéhna jadi ahli narakasarta maranéhna baris tetep langgengdi dinya.

Kufur murtad tangtu urang ogésok nyakseni utama dikalangan jalmanu hubuddunya. Henteu sakedikjalma nu tadina ngaku kalawan ridojadi muslim terus kaolo asup kanaagama lian Islam. Naudzubillahimindalik, geuning nu kitu téh amal ka-hadéanana bakal dipupus sarta jelasjadi ahli naraka tanpa hisab. Paraartis kufur murtad nu jadi idola pararumaja muslimah, jelas pisan éta téhahli naraka. Bakal hina jeung cilaka.Naha atuh remaja muslimah dilo-longkeun kana perkara ieu? Manggaéta mah urang muhassabah. Ulahnepi ka urang kabaud ku jalma kufurmurtad nepi ka urang ogé jadi milukufur.

5. Kufur jalma Munafek. Ieu nukaasup kufur nu kacida beuratna.Sabab jalma munafik mah boga duawajah. Beungeut nyanghareup atimungkir. Lahirna hadé haténa goréngkabina-bina. Maranéhna milu solat,milu mayar zakat, jiga milu nan-jeurkeun Islam, tapi hatena henteupengkuh ngagem agama Islam.Lahirna solat haténa jauh tina aqidah.Manehna zakat tapi haténa korét.Lahirna milu nanjeurkeun Islam, tapihaténa merekedeweng jadi tukangkorupsi jeung sajabana. Dina al-Qur'an ditétélakeun : Innal mu-naafiqiina fiddarkil asfali miannaariwalan tajida lahum nasiiron."Saenyana jalma-jalma munapek téhpernahna panghadap-handapna dinaraka jeung manéh moal manggihanu bisa nulungan ka maranéhna.

Ku margi kitu, sangkan urang is-tiqomah dina nanjeurkeun Islam,urang pageuhan deui tauhid ka Allohdibarung ku miara ibadah kalawanihlas. Insya Alloh salawasna urangbakal kénging panangtayungansareng pituduh Alloh Swt. Amin.***

Page 17: Mangle2465

Manglé 246516

TTanyaJawab

Patarosan:Assalamu’alaikum Wr. Wb.Tumaros perkawis taklid atanapi

pipilu eun kana hiji madzhab ogé kumahahukumna upama urang henteu ngiringmadzhab dina ngajalankeun ajaranIslam? hatur nuhun.

Pa Asep SumarnaTi Majalaya Bandung

Waleran:Perkawis hukum taklid sareng jalmi

nu teu ngiring kana madzhab, urangpedar deu, sok sanaos kantos dipedardina Manglé sateuacana. Mudah-muda-han ku dipedar deui, urang tiasa nambih-nambih élmu agama hususna ka nunaros, umumna mah ka mitra pamaosManglé. Kecap “madzhab” asalna tinabasa Arab, hartosna “jalan”. Dina hukumIslam “madzhab” sering dihartoskeun ali-ran. Nurutkeun sajarah Islam, mimitiayana aliran dina ajaran Islam ti waktupara sohabat kénéh, nalika aya paham-paham anu béda ngeunaan masalah ca-bang agama. Satiap paham anu munculdisebut madzhab, nepi ka aya nu disebutmadzhab Aisyah, madzhab Abdulloh binUmar, madzhab Abdulloh bin Mas’ud,jeung sabangsana.

Nepi ka patengahan abad kaopat, ki-rang langkung aya tilu belas madzhab anumasyhur. Teras éta madzhab disebarkeunku panganutna kaasup madzhab anuopat, nyaéta madzhab Hanafi, Maliki,Syafi’i sareng Hambali. Kiwari madzhabanu opat ieu mashur di sabudeureunumat Islam Indonesia, kalawan meunangperhatian ti pamaréntah jeung ti parapanganutna. Salian ti madzhab anu opat,aya deui madzhab lianna saperti madzhabDawud al-Zahiri, Zainul Abidin, Ja'farShadiq sareng Jabir bin Zaid.

Saleresna henteu aya kakuduanpikeun umat Islam kudu ngiring hijimadzhab, kaasup nganut salasahiji tinamadzhab anu opat. Anu jadi kawajiban

pikeun umat Islam nyaéta ngajalankeuneusi Alquran jeung Sunnah kalawanbener-bener dina kahirupan sapopoé, bohnu aya patalina sareng ibadah nu lang-sung ka Gusti Alloh boh nu patalina jeungpapada manusa.

Tapi, kadieunakeun masalah dinaibadah hablu minalloh, pangaruh ayanamadzhab ieu kacida gedéna, nepi ka hen-teu aya hiji bentuk ibadah ogé anu lepastina madzhab anu opat. Contona disabudeureun urang, sanajan ngaku dirinahenteu nganut madzhab, tapi dina tatacara praktek ibadah anu langsung kaGusti Alloh (Hablum Minalloh) lolobananganut madzhab Syafi’i, sabab kalolo -baanana ibadah urang diajar tina madz -hab Syafi’i. Salajengna ngeunaan masalahmadzhab ieu dina élmu “Ushul Fiqih” di-jelaskan aya sababarahiji istilah anu patalisareng masalah madzhab, di antarana is-tilah ijtihad, taqlid, sareng talfiq.

Kahiji, “ijtihad”. Istilah ieu hartosnahiji upaya pikeun nangtukeun hukum hijimasalah anu henteu dijelaskeun sacarajéntré, boh dina Al-quran atanapi dinaHadits, sapertos hukum marhabaan,tahlil, jeung sabangsana. Pikeun nangtu -keun, para ulama ngalakukeun ijtihad.Ulama anu ngalakukeun ijtihad disebut“mujtahid”. Numutkeun kamufakatanpara ulama, aya sababaraha hiji syaratpikeun mujtahid dina ngalakukeunijtihad na, nyaéta: (1) Mikanyaho kanaélmu-élmu basa Arab jeung kana élmu-élmu Al-quran (Ulumul Quran); (2)Mikanyaho kana seluk beluk élmu Haditsboh sacara diroyah atanapi sacara riwa -yah. Boh anu patali sareng basa atanapisareng hukum; (3) Mikanyaho masalah“nasikh-mansukh” (abrogasi hukum anuaya dina Alquran sareng Hadits); (4)Mikanyaho kana masalah-masalah ijma’(konsensus) para ulama dina ngahuku-man hiji masalah; (5) Mikanyaho kanamasalah qiyas (analogi) hukum Islamjeung tata cara nyimpulkeun hukumIslam (istimbathul hukmi); (6)Mikanyaho kana masalah-masalah anu

jadi maqosid syari’ah (filsafat hukumIslam).

Di jaman kiwari jeung anu bakaldatang, ijtihad kacida diperlukeuna,sabab seueur masalah-masalah akibatkamaju an élmu jeung teknologi anukacida ahéngna. Masalah-masalah ieunungtut katangtuan hukumna numut -keun ajaran Islam, sedengkeun dinaAlquran sareng Hadits henteu dipertéla -keun sacara écés, saperti hukum udud,bayi tabung, bayi cloning jeung sabangsa -na. Dina hal ieu, para ulama ngalakukeunijtihad pikeun nangtukeun padumukanhukumna. Hukum nu ditangtukeunngalangkungan ijtihad, sifatna henteu“mutlaq”. Hartosna, numut keun hijiulama yén éta masalah téh hukumnaharam, tapi nurutkeun ulama liannamakruh, atawa sunat. Pikeun nangtukeunhukumna dumasar kana maslahat atawamadarat tina éta masalah.

Kadua, taqlid. Hartosna ngagunakeunpamadegan hiji ulama bari henteunganyahokeun dalilna. Taqlid meunangdilakukeun pikeun jalma anu awam kanaagama, sabab manéhna henteu ngaboga -an kamampuan pikeun nganyahokeundalil-dalilna. Taqlid ka salasahijimadzhab, dimeunangkeun mungguhagama, sabab jalma anu taqlid (muqallid)tangtu tos ngagaduhan kayakinan, yénmadzhab anu dianutna, hadé pikeun di-rina. Asal ulah nepi ka jadi fanatik. Sababsaupama fanatik, dina harti geus ngang-gap salah ka madzhab-madzhab lianna.

Katilu, talfiq. Hartosna netepkeunhukum ku cara ngahaja ngahijikeunatawa nyampurkeun pamadegan ti tiapmadzhab, nepi ka ngalahirkeun hukumanu anyar. Talfiq anu saperti kieu dinaagama henteu dimeunangkeun. Anaponpindah madzhab dina hiji masalahkalawan didasaran ku dalil anu tepat,atawa ku sabab ningal kana kaayaan anutangtu, mangka talfiq anu saperti kieudina agama dimeunangkeun. Sakitu anutiasa dipedar, mudah-mudahan ayamangpaatna. *** Wallohu ‘alam.

Hukum Pipilueun Nganut Madzhab

Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Page 18: Mangle2465
Page 19: Mangle2465

Manglé 246518

CCarita Pondok

Balik timasigitba’da Isya,Artasimdipegat kulalaki

opatan nu maraké bajusaragam, lengkep jeung

atributna. Teu amit teusing Artasim diringkus, leungeunna diborogod, di-parékoskeun ka beulahtukang. Tuluy diséréd di-taékkeun kana mobil ku-rung nu ngajugrug didinya.

“Bapa…!” gorowokRasid, anakna nu kakaratujuh taun bari ngagabrugka Artasim. Leungunnatipepereket nangkeup ba-pana nu keur digugulungku éta jalma.

“Dasar bebenyit!” ceuk

hiji lalaki ti nu opatan téa.Rasid didudut, awakna di -sungkrukkeun kana susu k -an hareupeun masigit.

“Uih Jang ka Ema, gan-cang!” Ceuk Artasim noongtina jandéla mobil.

Mobil ngageuleuyeunglalaunan ninggalkeun lem-burna, Cilawu. Panon Ar-tasim beueus inget kananasib. Kudu anggang jeungRasid anak hiji-hijina,sarta Dedeh pamajikan nupangsabarna.

Mobil ngaleungit natungtung péngkolan. Rasidngahinghing tuluy gancangbalik ka Indungna.

“Ema.. Ema..!” gorowokRasid. Awakna ngalongsér,ceurikna beuki tarik.

Ti jero imah, sorapalupuh tingrarekét. Kulu-trak! sada tulak dibuka.

“Astagfirulloh.. ku naonCu? Kunaon? Nyarita kaEma!” Indungna hari-weusweus tuluy ngagabruganakna nu gagauran ditepas.

Ti kajauhan hawar-hawar kadéngé soraléngkah aleutan jalma.Beuki lila beuki atra. Rasidbeuki muntel ka Indungna.Nyumput dina mukena nucan kaburu dilésotkeun kuIndungna.

“Emin! Gancangtinggalkeun Cilawu ayeunakénéh! Teu sudi Aing hirupjeung pamajikan PKI!”ceuk jalma nu geus ngaliudhareupeun imahna.

***

Barang srog ka penjara,Artasim diiringkeun ka ro-hangan pamariksaan.Manéhna diinterogasi kuopat urang pulisi bari cin-

Kutan KituCarpon Tatang Zaélani Tirtawijaya

Page 20: Mangle2465

19Manglé 2465

gogo luhureun téhel. “Sia PKI héh?”Artasim gideug. Jele-

bot..! Sapatu kulit neueulkana beungeutna. Artasimtijengkang, nyangsaya dinatémbok rohangan.

“Lihat, témbokna kotorku getih si babi!” ceuk nuséjénna. Nu keur nangtungmureleng, kop kana po-pongkol. Habek! Artasimdipeupeuh. Koloyong,gubrag. Artasim teu éling.

Kira-kira jam satengahgenep isuk, Artasim diban-jur. Manéhna ngoréjat.Awakna karasa lalinu jeungpareurih, sirahna beurat,sarta tikorona karasahanaang.

“Hudang siah!” ceukpenjaga nu tadi peutingngainterogasi manéhna.Sungutna méh adek kanabeungeut Artasim. Artasimdijéwang, tuluy didiukkeundina korsi beusi bariangger diborogod.

“Jawab nu bener! Siaanggota PKI?” Barinyenyekel setruman, étapulisi keukeuh nanya nusarua ka Artasim.

“Kami mah patanibiasa. Iwal peuting sokngawuruk barudak ngaji,”témbal Artasim.

“Ngaku siah babi!” ceukéta pulisi bari ngantelkeunsetruman kana awak Ar-tasim. Artasim ngeleper.Awakna leuleus teuwalakaya.

Artasim tetep teu ngakunu lain akueunana.

“Meunggeus… meung -geus. Hayang ngasaandikieukeun meureun,”ceuk pulisi nu hiji deui baringulang-ngulangkeungégépna. “Sakali deui,jawab nu balég! Sia PKIhah?”

“Demi Alloh, Demi Ro-sululloh kuring lain PKI!”témbalna arapap-eur -

eupeup. “Rangkét cokorna!”

Sukuna dirangkét. Artasimsumerah, teu bisa kukuma -ha deui. Gégépna dicakop-keun kana kuku indungsukuna. Kukuna mimitipakpolonyon lésot, diba -rengan getih hanyir nungabayabah kana sela-selasukuna. Ceurik Artasim pa-galo jeung gorowoknaménta kaadilan NuKawasa.

“AllohuAkbar…!”“Rék ngaku moal siah

babi?”Artasim gideug bari

beueus cimataan. Gégépgeus nyakop deui dinakuku satuluyna.

“Antep heula. Sugan kédeui mah robah pami -kiran ana,” ceuk koman-danna. Artasim diiring keun deui ka jero sél.Manéhna disuntrungkeunka juru sél. Keur kitu, hijipamuda ujug-ujug ngaga -brug nangkeup manéhna.Artasim kerung teu ngarti.

“Punten, ari Akang téhsaha?”

Nu ngagabrug teu ném-balan. Kalah beuki pepe -reket nangkeup.

“Hapunten kuringKang.. Ieu kalepatan ku -ring!” ceuk éta lalaki. Ar-tasim beuki teu ngarti.

“Saha ilaing téh sabe -ner na?” bari angger nyuuhkana lahunan Artasim.

Si lalaki pok némbalan,“Kuring Nanang Kang.Murid Akang nuju di pon-dok.”

Artasim curinghak.“Nanang?”

Éta lalaki nuluykeundeui caritaanana,” Kang,tos wé turutan kahayangmaranéhna. Lamun teukitu, Akang moal salamet,bakal terus disiksa kawaskieu Kang,”

“Na ti mana ilaing

nyaho mun kuring ngakuPKI, kuring bakal dibébas -keun tina siksaan?”

“Kuring jeung nu geustiheula di dieu, kabéhan -ana sarua siga Akang, Di-paksa ngaku anggota PKI.Nu ahirna kuring kapaksaapi-api ngaku.”

Artasim hookkeunngadéngé lalaki nu keurnyarita hareupeunana. Pokdeui manéhna nanya,“Lamun Kuring ngakuanggota PKI, tangtu bakalditanya saha deui anggotanu lianna, kapan Kuringmah teu apal?”

Bari angger nyuuh, étalalaki ngahinghing ceurik,“Ampun Kang, éta kalepat -an Kuring. Teu kahajangaran Akang kakedalkeunku Kuring harita,”

Artasim ngarénjag, teupercaya jalma nu geus mit-nah manéhna aya di ha -reupeun matana.

“Haling siah! Tukangmitnah mah di ditu ngaje-dogna, di dasar naraka!Teu sudi Aing kudu ngakucara sia, siga jalma-jalmanu geus ti heula di dieu.Marunapék kabéh!”

Ambekan Artasimbeuki kerep. Hawa beukingelekeb. Manéhna ngé-sod, ngajauhan éta lalaki.

“Geuning kieu Gustimanusa jaman ayeunamah. Silih tuduh ka jalmanu teu boga dosa. Naha teumalikir kumaha anak incuaing jaga? Deudeuh teuinganaking, ilaing moal bisasakola, moal bisa nyiarélmu, pédah nelah turunanPKI!”

Artasim ngeluk tuluysumegruk inget ka Rasid,jeung pamajikanana nuteuing keur naon jeung dimana boa.

Di luar, sora sapatukadéngé tinggalasruk kanatéhel. Aya kana dua, atawa

tiluna. Rarasaan Artasimgeus béda.

“Pasti nuluykeun nutadi peuting.” ceukmanéhna jero pikir.

Enya baé. Éta penjagaareureun hareupeun pisanpanto sélna.

“Nangtung siah, babi!”Artasim teu ngawaro.

Manéhna api-api teungadéngé. Artasim di-jéwang tuluy diséréd kaluar.

“Kang, omat Kang. Singémut pesen Kuring …!”Nanang ngagorowok. Ar-tasim teu nolih. Nanangngudupruk. Ngarasa dosageus ngaruksak kahiru-panna anak incu Artasim.

Dor.. dor..dor…! Sorabedil disada. Nanangngagoak, nyuuh kana kar-dus alas saréna. “Akang…naha atuh Akang teu nurutkana omomongan Ku -ring…!”

Sabot kitu, di luar sélkadéngé sora jalma-jalmasarurak. Barang manéhnacengkat, panto sélna geusmuka. Teu kungsi mikirheula, Nanang ngaberebetmuru rohangan interogasi.

“Ka mana. Ka manaKang Artasim?” ceukmanéhna waktu nempo diéta rohangan euweuhsasaha.

Rét kana téhel,“Akaaaang….!” Manéhnangajerit nempo getih nungabayabah.

Manéhna lumpat deuimuru ka rohangan kantor.Di jero kantor, sarua waéeuweuh sasaha. Malah pa-balatak ku barang-barangsiga urut aya kaributan.Rét Nanang kana almanaknu ngagantung. 21 Mei1998.***

Gegerkalong Gi-rang, Januari 2014

Page 21: Mangle2465

Manglé 246520

CCarita Pondok

Carita Aki Dipa

Carpon Usép Romli HM

Page 22: Mangle2465

21Manglé 2465

Moalayanubireuk kaAki

Dipa. Tong boro salem-bur jeung sadésa, dalahsakacamatan ogé padanyaho. Boa sakabupaténsapropinsi. Sabab profilna kungsidimuat ku wartawan dinasababaraha koran jeungmajalah. Disebut “aki-akinyentrik”.

Mémang enya aki-aki.Umur mangkat tujuh pu-luhan. Pangawakan hare-lung jangkung .

Ari nyarita teugeug.Semu-semu kasar. Kasasaha tara panta-panta.Réa kabisa. Kana uprak-oprék paparabotan,

unyum-anyam, nepi kamenerkeun nu misalah.Malah sok aya nu méntajampé pamaké sagala.Bangsaning pélét, kase-maran, kadugalan. Ngantara diladangan. Sok dita-mpik bari heureuy :

“Leuh mun bisa nukararitu mah, meureunaki payu deui ka ABG.Atawa basa raheutmeureun moal getihanjeung nyeri. Mun pesenboboko, nyiru, centong,dulang, dalah lisungjeung kuluwung bedug,

hiap téh teuing,” cenah. Ceuk sababaraha pa-

muda LSM, lamun AkiDipa nyalon, boh di légis-latif, boh di éksékutif,moal kudu hésé capékampanye. Moal kuduboros pasang pamflét,baligo, spanduk, pikeunpinton tagog,natawarkeun kahayangcara nu séjén-séjén.

Kungsi ayasababaraha kekentongparpol, ngahaja datangnganjang. Nawaran bisiAki Dipa sayaga nyalonbupati, rék didukung.

Langsung ngajawabtandes, “Wuah, aki mahgeus kolot. Geusséngsérang padung. Jabatukang ulin. Moal betahdiuk dina korsi, sanajankorsi bupati ogé. Néan-

gan deui wé anu hara -yang eun.”

Tamba panasaran ta -pina, Aki Dipa nanya kaéta kekentong partéy :

“Aya béja mun daptarbupati atawa gupernur,kudu setor duit mahar kapartéy, enya?”

“Nya kitu wé,” jawabsalahsaurang panguruspartéy, rada ngélémés.

“Tuh komo mun kitumah. Ti mana aki bogaduit mahar? Keur mayarmahar ka pipamajikan -eun gé teu boga. Nu

matak nepi ka ayeuna gécan payu-payu deui tisaprak bojo maot. Terus,engké mun geus jeneng, timana tah ngagantian duitmahar? Da moal mung -kin tina gajih mah.”

Pertanyaan éta mahteu ditarémbalan. Pangu-rus partéy geuwat-geuwatparamitan. Di jalan, salahsaurang ngaharéwos,naha maké ngadatanganjalma kitu?

Matak disebut aki-akinyentrik ku wartawanogé, meureun kitu. Mahi-wal.

Da enya mahiwal.Imah nenggang, anggangdi sisi lembur. Dina watessampalan tanah carikdésa, nu ka dituna pasirgerembel. Pasir milikpribadi Aki Dipa. Ku

manéhna ngahajadileuweungkeun.Dipelakan kakaian nugeus kawilang langka.Bangsaning saninten, ja-muju, kihiur, samida,rasamala, nu kekep rapetdi lebah puncerna.Dijadi keun leuweung tu-tupan. Béh handapna,dipelakan kai keur kaper-luan sapopoé bahan pi-imaheun jeung suluh.Bangsaning juar, al-basiah, jeungjing, jabon,jati bodas, jeung kai-kaiséjénna. Ari béh han-

dapna, sapanjang sukupasir, dipelakan tangkalbungbuahan.

Kadu, rambutan,dukuh, ménténg, alpuket.Di dinya, Aki Dipa miaranyiruan.

Lantaran pasir geusmindarupa jadi leuweungganggong simagonggong,di sakur léngkobna curcorcinyusu. Aya genep koco-ran. Nu lima dihibahkeunka urang lembur. Sina di-talang, dikamalirkeunkana bak nu dareukeut.Ambéh teu jauh ngala.Nu dua deui, dipaké keurkaperluan pribadi AkiDipa. Keur cubar-ceborpepelakan jeung kaper-luan sapopoé di imah.

Malah kungsi Aki Dipangocal-ngocal ka KepalaDésa, sangkan tanahcarik sampalan, ditukeu-ran ku sawah léndo bo-gana di sisi irigasi Kepuh.Nu bisa dipanén duaatawa tilu kali sataun.Naha rék pagulinganatawa tukeur tambah, teunanaon. Tapi Kadés nolaksapajodogan.

“Hésé, Ki, tanah na-gara mah. Kudu ka kabu-paten jeung provinsinguruskeun susuratananagé. Béda jeung milik pri -badi. Ari aki keur naonbutuh sampalan?”

“Ah, teu keur nanaon.Resep ku ngemplongnawé. Itung-itung buruantukang. Betah ari soréngadaweung dina balé-balé. Ngawaskeun pasir,itung-itung ngariksa pe-pelakan,” témbal AkiDipa.

Najan imah nenggang,teu burung réa nu sokngaranjang ka dinya. Nubutuh aseupan, boboko,kecrik, atawa naon baé nu

Carita Aki Dipa

Page 23: Mangle2465

Manglé 246522

jadi pakasaban matuh AkiDipa. Barudak gé sokabrul-abrulan. Mawatugas ti guru-guruna,nanyakeun ngaranbarang atawa istilah basaSunda nu geus hésé ka-panggih buktina.Mangkukna saabrulanbarudak nanyakeun nukumaha ari kini-kini,kuang-kuang, gétok jeungpeupeundeuyan. Pédahaya dina sisindiran cenah.

“Wuah, barudak, geusledis atuh nu karitu mah.Ku éndrin ku uréa.

Manasina jamansawah digemuk ku taidomba, tai embé, daunkirinyuh, daun jeungjing.Harita mah sagala aya.Sagala hirup di sawahtéh. Enya, kini-kinisaparakanca tadi. Kuya gésok aya dina saban ko-rolokan. Ayeuna mah,aahhh... kari sangsara -na...” Aki Dipa mureleng.Tanggah kana lalangit nupinuh ku kekebul.Ma’lum imah duda kolot.Taya nu ngurus bebere-sih, supa-sapu sabanwaktu. “Béjakeun ka bapajeung ibu guru, gantikituh sisindiran kini-kinikuang kuang gétok-gétokpeupeundeuyan téh kukecap atawa istilah séjénnu aya kénéh keur con-tona ....”

“Kumaha Aki, apan kadituna nini-nini palaytuang dibekok peu-peureudeuyan...” hijibudak poréngés nanya -keun, disenggakan kuager-ageran babaturan -ana.

“Heueuh keun baé kadituna mah,” Aki Dipangarenyu. Imut kagugu,

“Da nini-nini atawa aki-aki mah, réa keneh keurconto. Hidep ogé bakaljadi aki-aki jeung nini-nini lain?”

Barudak tingcirihil.“Atuh kecap ‘bekok’

lumrah kénéh… Panhidep gé osok sili bekok,lin?”

Barudak ager-agerandeui. Sawaréh raéng nye-but tara. Sawaréh sili tun-juk jeung pada baturna.

Harita téh méh tengahpoé. Ti lebah leuweung,kadéngé jéntré soramanuk bultok. Kawaspatémbalan jeung soracaladi kundang nok-trokan kai. Ditéma kusora tikukur. Di langit,heulang ruyuk gulak-gelik. Ka sampalan ujugtinggarajleng monyétsabubuhan. Ngudag lasunnu keur kukulunuan didinya. Puguh wé jadi lala-jaoneun barudak.

“Mani asa di kebon bi-natang, Aki, resep!” céksaurang.

Aki Dipa ukur kéom.Pikiranana kumalayangkana kajadian samingguka tukang. Aya tukangbebedil, asup ka sam-palan. Rék hanjat kapasir, digeroan ku AkiDipa nu keur nganyamdingkul di babaléantukang. Nu bebedil téhduaan. Budak ngora.

Tingraregog. Tapi teuburung nyampeurkeun.

“Mangga linggih,” AkiDipa ngamparkeunsamak pandan leuseuhkeur nutupan palupuh nusarua belewuk, “Timarana encép-encép téh?Badé ka mana?”

Bari ngageberan awak

ku topi, nu saurang nga-jawab, “Ti Bandung, Ki.Ningal aya leuweung,méngkol ka dieu. Suganaya manuk atawa satonaon wé bedileun.”

“Teu aya sato bedileundi dieu mah, Cép!” soraAki Dipa semu heuras,”Aya gé sato ditangtayu -ngan. Ulah diganggu.Ditéwak atawa dibedil.”

“Naha?” barudakngora nu duaan semuhéran.

“Aki meunang béja tiurang Bandung, yénayeuna mah geus lainusum maéhan sato. Tapiusum ngahirupan, miara,ngajaga. Da sato nu bisadipaéhan mah, geus réa.Bangsa hayam, sapi,munding, domba, embé.Nu ayadi leuweung mah,keun antep sina merdékalugina. Ulah digunasika.Kitu saur urang Bandung.Moal enya Encép ti Ban-dung, teu aruninga?”panon Aki Dipa seukeutneuteup ka budak ngoraduaan nu ngadadaksamar rampa.

Ayeuna, barudakngarariung. Resepeunnénjo sasatoan tingal-abrét di sampalan. Bare-taheun ngadéngésora-sora sasatoan tilebah leuweung jeungkebon. Atuh teu karasaAki Dipa ngadon cacaritapanjang lébar ngeunaanpentingna leuweung,kakayon, jeung sasatoan.Malah kapapanjangannyaritakeun sampalan,tetelar, bubulak.

“Bubulak téh tegaljukut di lamping pasir.Ari sampalan, tah ieu,tegal jukut di suku pasir.

Ari tetelar,tanah menclutdi sisi atawa tengah-sawah. Sok diadegansaung,” Aki Dipangabuih. Barudakpahibut nyatet. “Untungkénéh hidep mah, masihkaburu nénjo sampalan.Di lembur séjén mah geusréa nu teu aya. Diadeganwangunan atawa dipakénaon boa.”

Kungsi aya barudakmahasiswa keur KKN.Ngahaja nganjang.Hayang nyarahoeun kanarupa-rupa hasil gawékatut kasab urang pilem-buran. Ku Kepala Désadititah nepungan AkiDipa.

“Wuah, hasil gawénaon, karah?” témbal AkiDipa barang pingpinanrombongan ngedalkeunpamaksudanana, “Ukurnu kararieu, geuning. Tuhbangsa aanyaman tinaawi, beunang kudak-kadék tina kai, naondeui... kangaranan beu -beunangan aki-aki.”

Barudak mahasiswananyakeun ngaran-ngaran awi nu sok dipakényieunan parabot dapur.

“Ambéh jelas mah, yuurang ka pasir. Urangningalian tangkal awi diditu,” cék Aki Dipa.

Bring arindit. Mapay-mapay sisi sampalan.Nguriling ka suku pasir.Ngajugjug dapuran awinu meunang ngahajamelak Aki Dipa. Di-tuduhkeun hiji-hiji.Di-tataan ngaran-ngaranna.

“Tah ieu awi temen,itu tuh awi tali. Beulah di-tuna, awi gombong.Ngaréndéng jeung dapu-ran awi gedé, awi bitung,

CCarita Pondok

Page 24: Mangle2465

23Manglé 2465

awi hideung. Haur gé aya.Beh lebak éta mah.Nga-haja pikeun mageuhanséngkédan ambéh teuurug.”

“Seueur pisan kagu-naan awi téh, nya Ki?”cék hiji mahasiwa.

“Puguh baé atuh,komo jaman aki ngoramah taun lima puluhan,apan jago-jago maén baltéh jolna ti kebon awi. Tibubudak séséepakan didinya. Terus mekar jadipamaén haradé sanggeussarakola di kota,” AkiDipa rada ngahelas.

Ras ka sobatna keurbudak. Dén Rukma.Batur sedekan di kebonawi. Bal tina jeruk bali.Kungsi Dén Rukmadibéré bal buliter urut kudulurna. Atuh beukisumanget maén bal téh.Sanggeus lulus sakolarayat, Dén Rukma pindahka Bandung. Neruskeunka SMP, laju ka SGPD.Bet meunang béja, jadipamaén hébat. PamaénPersib jeung PSSI. BasaPersib jadi juara PSSI diSemarang, Dén Rukmasalah saurang pamaénna.Malah jadi kapténnapisan. Ngaranna mindengngajeblag dina suratka -bar, boh dina beritaPersib, boh beritaPSSI.

“Tah, mun Indonesiahayang jadi jago maénbal, piara kebon awi.Ulah kawas ayeuna, arijadi jago hayang, ari tem-pat miara bakat alam, diantarana kebon awi,dibabad bébéakan.”

Sawatara minggu tiharita, kabéjakeun AkiDipa gering. Urang lem-bur pada terang, ti MangUkri nu butuheun tolom-bong. Aki Dipa teu

kasampak di babaléan,cara sasari. Sihoréngngaringkuk di kamarna.

“Ku naon, Ki?” MangUkri nanya bari nyolong -krong ngajak sasalaman.

“Rada gering, Kri,”jawab Aki Dipa. Terus hu-dang. Diuk nyanghareup -an sémah.

“Naon nu karasa?”“Sagala karasa. Pang-

pangna haté. Peurih nga-jeletit.

Nyeri kabina-bina.....”“Panyakit teu puguh,”

Mang Ukri gegelendengsanggeus turun mawatolombong anyar. “Nyerihaté? Boa-boa ditampikawéwé. Hayang kénéhkawin kitu pantar AkiDipa?”

Rabul nu ngalongok.Sawaréh rébo barang -kirim. Urang lemburngarasa kahutangan budipisan ku Aki Dipa. Pang-pangna ku cinyusu numangpaat pisan keurbalaréa.Tapi angger ka nungaralongok, Aki Dipateu nerangkeun panya -kitna. Iwal ti nyeri haté.

Karék pagétona ayabéja, Aki Dipa cageursanggeus ngontrogKepala Désa ka kantorna.Nyarékan bébéakan. Soalsampalan nu ku Kadés di-jual ka pengembang pe-rumahan.

“Ku aing dék ditukeu-ran ku sawah léndo, ka-jeun tumpang, silaing teumikeun. Na ari ka numalangmang-mulung-mung, mani gasik. Geun-ing teu kadéngé kududiuruskeun ka kabu-patén, ka provinsi?” AkiDipa nunjuk-rorék. Kadésngeluk.Teu wani ngala -wan. Apaleun pisan AkiDipa jago silat. Lain

bantrak-bantrakeun.Apaleun tina caritaturun-tumurun, akinabaréto nu kaceluk jawara,ukur sageprak dilédot kuAki Dipa, basa marebut -keun mojang nu padamikahayangan nu teruskajodokeun ka Aki Dipanepi ka maotna dua taunka tukang.

“Punten aki, ulah sen-tak sengor teuing,” salahsaurang aparat désamépélingan, “Apan étatéh kepala désa nu dipilihku urang saréréa.”

“Justru lantaran di -pilih ku aing, aing bogahak ngambek kamanéhna!” panon AkiDipa buncelik ka nucikénéh ngomong,“Baréto ku aing dipercayamingpin désa. Ayeuna hi-anat ka aing. Sampalandijual jaar ka batur. Kuaing mah, yeuh, ditukeu-ran ku sawah téh, rékdipiara. Rék diantep sinajadi sampalan parantisasatoan arulin di dinya!”

Geus mudalkeun ama-rah mah teu sakara-karacageur. Tapi méh baéngondéal deui, barangaya nu ngaharéwos.Cenah, ari tukeur gulingatawa tukeur tambahjeung sawah mah, moalaya paleuleuwih. Ari di-jual ka developer mah,jaba meunang bati, meu-nang komisi deuih. Acandijangjian rek dibéréimah hiji. Tipe minimalis,lamun proyék geusanggeus.

“Aya béja, geus réa nurék meuli imah di dinyatéh. Waas panoramanacenah. Di tonggoh pasir,téténjoan ka lebak plung-plong. Hawa tiis. Caibersih mayeng,” cék nu

méré béja.Puguh baé Aki Dipa

ngagidir. Ngan percumahrék ambek deui ka Kadésoge. Ukur ngunek-ngunek. Sajajalan mu-lang, Aki Dipa mikir.Mageuhkeun niat rékngagunakeun wewesénpikeun ngagagalkeun ren-cana pangwangunan pe-rumahan di sampalannungan kari hiji-hijina boadi saalam dunya.

Gancang Aki Dipamuru huluwotan cinyusu.Wudu tartib pisan.Réngsé éta terus malik kakiblat. Leungeunna rang-gah ngadu’a. Neneda kaAlloh Nu Maha Agung, nuleuwih kuat tur kawasa tibatan Kades jeung devel-oper, ti batan bupatijeung gubernur nu sokjadi pananggeuhan Kadésdina urusan sampalan.

“Ya Alloh, mung kaAnjeun abdi muntang.Paparin abdi kakiatanlahir batin kanggé mayu-nan cocobi nu baris tu-miba. Mugi Anjeunmaparin jalan sangkansampalan salamet ulahkirang itu ieu. Allohum-maj’al haqqu wa zahaqolbatilu, innal batila kanazahuqo. Ya Alloh, anuhaq parantos sumping,nu batil ilang sirna. Saés-tuna nu batil baristumpur ludes teu nyésa.”****

Katerangan : SGPD = Sakola Guru

Pendidikan Djasmani.Dirobah jadi SMOA(Sekolah MenengahOlahraga Atas),nepi kabubar th.1990an.

Du’a tina Q.s.Isroayat 81

Page 25: Mangle2465

Nyaéta, sok tarakapiang geu -han puguh gé.Puguh-puguhkuring anakkiai, anu

kuduna mah jadi santri,hayoh maké jadi ronggéng.Ari ronggéng téa kapan,nomer hiji nomer dua baé tiungkluk.

Kuring ronggéng we -dalan pasantrén. Ronggéngkampungan. Ronggéng nusok ngemprong unggalpeuting, iwal ti malem Ju-maah nu tara téh.

Minangka poé Ming-guna mun pagawé mah.

Kuring sohor ronggéngmoyan. Moyan dina hartibujangga moyan. Lainmoyan pédah kuring unggalisuk moyan bari sisiaran.

Kuring ronggéng nupangrarisna. Nu sok di-arigelan ku unggal hulu, nusok dibarogohan ku unggalsirah. Mun ngemprong,kuring mah ti barang buska pakalangan nepi kabubar tara aya mengéna.Da nu hayang ngigelan téhantay-antayan. Malahsakapeung mah réa anuparaséa, parebut hayangpaheula-heula nyodér.

Anu héngkér—anu teukabagéan antrina—kudungawayahnakeun manéh.Kudu sugema ku ngadéngésora jeung ningal gitek ku -ring baé. Da cenah, sorakuring gé matak dédéngé -eun, gitek kuring gé matakdeudeuleueun. Mun dengér

kuring nembang, éar nusarurak jeung kaleprok jepjempling lir gaang katincak.Ana anggeus madakeun,tingrarenjag kawas nu di-garebyahkeun. Sisindirankuring diraregepkeun. Kukuring dihaja, sina nyerepsina nyecep kana ati sanu -barina. Sisindiran kuringméré sindir ka batinna, eu-sina sina wangsul ka nudisindiran, béda jeungsisindiran-sisindiran nu sokdikarawihkeun ku batur-batur kuring: ku Si Darsih,ku Si Gandol, ku Si Icem,ku Si Jiem; sisindiran kabi-rahian. Sisindiran ngajakpoho ka Pangéran.

Kuring terang, rupajeung sora kuring keurmeujeuhna dipiagul jeungdipikaresep ku saréréa. Haléta ku kuring dipaké ka -sempetan. Dipaké pakarangpikeun noélan haté anukeur paroho.

Mun kuring keur ngigel,nu naringal nareuteup matasimeuteun. Da cenah, tin-cak jeung gerak kuring na -ringgang taya nu ningnang.Tara aya kendang labas,tara aya goong kosong. Igelkuring lain igel nangtang"perang", tapi igel ... ngige-lan hirup. Hirup lain bogaurang.

Mun geus anggeussababak, nu tas ngarigelantéh tara sok marasak dipakalangan ari lain katukang kendang mah. Tapidi luar, ngarah dituturkeunka nu... pék.

Mun kuring ka luar, anutas ngarigelanana mah,tampolanna tara kabagéannyabak-nyabak acan, béa -keun ku nu marilu umum.Awak asa remek dipagoré -nyangkeun.

Kuring jadi terang, diluar teu aya "caang", kabéhpoék. Poék buta wereng!

Mun pakalangan geuskarut—mun oncor geuspareum— mani ngabringda nu barelang irung nalu-turkeun ka imah. Padahalku kuring téh ukur diajakngarobrol, tapi bangunbaretaheun pisan, da étanepi ka isuk. Mun aya nuhayang otél paduduaan, kukuring tara sok dibérékasempetan. Teu aya nubisa temenan. Teu acan ayasaurang ogé nu kungsi kukuring diajak "mondok",kawas lumrahna ku rong-géng. Cindekna kuringngawatesan diri. Jamak ariukur lebur pupur jeungbusik pipi mah. Da moalmatak bohak. Lain rong-géng atuh, teu kitu-kituacan mah!

Mun aya lalaki nu meu-nang kasempetan hadé—boh beurang bohpeuting—kuring tarabéakeun akal pikeunmeruhkeunana.Meruhkeun napsuna anungagudag-gudag. Nepi kaleumpeuh lemper caradaun cau lempes didéang.Upadi anu geus rarimbitanmah, teu kurang-kuranganu mulangna bari wirang,

da ku kuring diweweléhjeung diésék-ésékkeun.

Najan kitu, anu kabung-bulengan jeung kaédananku kuring tambah réa baé.Réa anu wakcabalaka, réktega pegat jeung nu kolot,asal kuring daék lésot jeungsodér. Réa nu ngolo-ngolobari ngasong-ngasonggepokan uang kertasréwuan, sok mun kuringdaék serah bongkokan.Sawaréh ngiwing-ngiwingbisluit pagawé tinggi, nga-jak kuring tumpak mobilhérang.

Kurang-kurang teuingpangger mah, matak batallalampahan.

Geus jadi sabiwir hiji,kuring ronggéngméncéngés. Cenah, NyiImpen mah lir inten dinacarangka runtah.

Anéh, tapi alus. Papa -daning kitu ku babaturanpada ronggéng henteu di-paraké sirik pidik pédahkuring geulis pédah kuringlaku téh, malah dipikolotdiarajénan. Boh nu kolotboh nu ngora, kabéh gényarebut Tétéh. TétéhImpen. Mun aya nu mang-gil ngaronggéng kanatayuban, tara aya nu daékmun henteu jeung kuring.Jeung da tara aya, numanggil daékeun tanpakuring, kajeun teu jaditayuban. Da éta cenah, munhajat nanggap tayubanronggéngna aya kuringan,anu henteu diarondang ogésok daratang. Sabalikna,

Manglé 246524

PPuridingPuringkak

Anak Kiai jadi RonggengKu Ki Umbara

Page 26: Mangle2465

25Manglé 2465

mun teu maké kuring ka-jeun nu séjén galituk, nu di-arondang ogé tampolannamah tara daratang.

Dina tayuban kitu, sokaya nu ceurik haté.

Nyeungceurikan lakujelema. Laku jelema, lainlampah manusa. Damanusa mah jelema iman.

Geura éta mun geuskapeutingnakeun, munarak geus ngagakgak, munsloki geus ngagikgik, ih dateu aya camat teu ayawadana, nu ngarigel téhkabéh gé geus lat baé paro-hoeun kana wiwitan. Atawa,lantaran aringeteun kanawiwitan, mana kitu gé. Dawiwitanana ogé barangkotor!

Nu geus puguh, mara -néhna parohoeun, yénjelema mah lain kulitna laindagingna, anu ragaan téh!

Anu pangteulucuna, étanu tas nyomot gado atawanu tas ngagaléntoran kuringdi tengah pasamoan; anudipéntaan masak, nuduh -keun ka pamajikanana anuharita milu nongton. Demipamajikanana, dipéntaanmasak salakina téh lainmangjengkatkeun atawanyiduhan beungeut kuring,tapi malah léah. Notoro-ganana, éta aya nu luas mo-rosotkeun kongkorongemasna. Éta téh nu ka.Kasebut kokolot-kokolot ra-hayat!

Ceuk kiai, nyaéta bapakuring:

"Lamun Nyai pantengenggoning nguji diri, insyaAlloh dina nincak taunkadua, baris seukeut aam-beuan; nincak taun katilubaris awas permana tingal."

Enya teu mencog!Ayeuna kuring tara sok

lésot carécét seungit. Da éta,boh panjak, boh sasama

ronggéng, boh nu ngarige-lan, boh nu magorenyang -keun di nu poék, boh nu sokngabring-ngabring ari balik,kabéh teu aya nu teu bau.Mun ngobrol jeung mara -néhna, da teu kuat ari teubari néngkép irung mah.Komo éta nu sok ngaro -télan, munggah ngahiek...bau hapeuk!

Ti harita kuring sok atarbaé. Cium jeung otél ogé di-tahan harga. Nepi ka kuringkatelah ronggéng lindeukjapati. Tapi kuring leuwihdaria, sangkan jelema-jelema leuwih sugema kusora jeung igel kuring. Ku -ring usaha satekah polahngarobah anggapan nu réa,yén ronggéng éta, lainnomer hiji nomer dua tiungkluk, nomer tilu gé lain;tapi malah teu sagolongan-sagolongan acan. Ajénronggéng aya dina igeljeung sora. Lain dina geulis

anu rucah!Naha lucu, mun urang

ningal Si Darsih, ronggéngpamajikan tukang kendang,digugutet digalentor ku nuditeregos, bari ngurilinganoncor dikendangan kusalakina?

Tapi, pantes ceuk hatémana kitu gé, da geuning ...

Barang dina peutingankahiji, nincak kana taunkatilu kuring ngaronggéng,na ana bréh téh titingalankuring jadi robah. MasyaAlloh horéng... boh panjak,boh sasama ronggéng, bohnu keur ngarigelan, boh nulalajo; geuning kabéh gélain... jelema. Tapi... babi,bagong, monyét, méong, lu-tung jeung buhaya.

Nu keur ngempyakngigelan kuring ogé, iiiy...maung belang!

Jerit kuring ngajerit, daéta tah Si Belang téhngaragamang rék nyewol...

susu."Ceuk Embu gé, ari rék

saré téh kudu babacaanheula!" omong Ema nu keurnyaliksikan.

Kuring rungah-ringeuh.Jeung lieur. Haté adad asa-asa, pinuh ku pertanyaan-pertanyaan:

"Saenyana, aing anakkiai nu keur disaliksikan,atawa anak kiai nu jadironggéng?

"Naha aing téh anak kiainu keur disaliksikan ngimpijadi ronggéng, atawa rong-géng anak kiai keur ngimpidisaliksikan?"

"Naha Si Darsih téhronggéng jelema nu kaim -pikeun jadi babi, atawaronggéng babi keurkaimpikeun jadi ronggéngjelema?".***

Dimuat deui tinaMangle heubeul

Page 27: Mangle2465

CCarita Heubeul

Nyi Dampikaténjomanten kupulisi,dibetak -keun,

berebet lumpat, maksudnaarék ka sisis kebon kalapanu rada bala, rék nyumput,da sasak butut téa mah geuspinuh ku jelema nu naru-lungan Luih. Ari jalanpilumpateun, kudu ngaliwatdurukan téa, ma’lum imahrada pagégéyé. Arék néngahkagok ku nu nungguan du-rukan bari ngasur-ngasurruntah ku gantar rada pan-jang matak kateug lumpat,nya kapaksa Nyi Dampinyisi ka deukeut pager.Bawaning gugup jeung ka-pulek ku haseup durukan,jeprot titajong kana akar,tolonjong, gulimpang, tikus-ruk kana durukan, mangka -ning sarung jeung baju taskabanjur ku minyak tanah,atuh gur baé Nyi Dampi hu-

rung. Lain gugulingan atawangubruskeun manéh kanakolombéran nu deukeut,kalah lumpat, atuh seuneutéh cara dihihidan, maningagedag, saluar awak seu -neu kabéh, heug gelungudar, séak buuk kabeuleum,geblug Nyi Dampi rubuh,ninggang jukut jarangkung,garing kahalodoan.

Geunjleung jeungguyurna di Kebon Kalapa,lain dikieuna jelema ting -gorowok tinggaroak, tul-telbéja, sakedapan gé nerekabsadayeuh Bandung kawantuusumna jelema liar.

Anu di jarero kamar NyiDampi, digedoran ku pulisibruy-bray maruka panto,réréana eukeur dina ka -ayaan pohara aébna. Kusakaut dipaksa sina kapatengahan, nu aéb pisanlalakina kaidinan makécalana katok jeung bajukaos heula, awéwéna makékutang jeung dikaméja, jaba

ti éta mah papakéanana kupulisi dihurunan saboga-sabogana dibawa ka kantorgeusan bukti. Imah NyiDampi dijaga keras.

Nyi Dampi anu sa-hoseun jeung Anom Luih nukencés panonna dicikrakdibawa ka rumah sakitu, ariawéwé-lalaki ti imah NyiDampi di giring ka kantor.Atuh puguh baé ngadadakarak-arakan luar biasa,mangkaning ti KebonKalapa ka alun-alun téh lainngan saléngkah. Awéwéméh kabéh teu dibaraju jabati Nyi Jule saurang, nulianna mah anggeus di ku-tang baé, malah Nyi Rapiah,Agan Lilis jeung Nyi Sintamah ukur dikaméja teu di -samping-samping acan.Lalakina kabéh geus teu di -sapatu, Aom Aging jeungBabah Dolar ngan ukur di-calana kotok.

Matak watir tapi ayasari lucu,éra parada saeu-tik, nénjo nu leumpangtarungkul, awak satengahbuligir, bari beungeutcaramohok.

Réréana gelungnakabéh karusut, ngarélékbuntelan leutik, boh sam -ping atawa baju, anukatangkep keur tadi, kabéhdilarang dianggo.

Pikeun bukti bari seugtémbong ka umum, nu nyu-rakan ting saruit, lalakinapada manyun, kabéh géngarasa isin, ukur dicalanakolor.

Direndengkeun jeunglayanna tinghareluk, baripada ngabring-ngabring,diparoyok ditarunjuk, kuomongan geuleuh rujit, di-gelokeun ku nu nongton.

Dina usum ngadu kudaaya kajadian kitu, atuhpuguh baé, jalma ti Tegal-lega téh bahé, sirikna teutumplek ka alun-alun padahayang nyaho ka “putri-tujuh” tarurun ti “kahiyan-gan” magar téh.

Omongan-omongankotor, kasar, rujit, panas,peurih geus teu kudu dicari-takeun di dieu, pating coro -wokna nu moyok pating

{ 34 }

Ku M.A. Salmun

Manglé 246526

Page 28: Mangle2465

darengékna nu ngéjék lainpedar-pedareuneun.

Matak watir ku NyiDampi. Sakarat téh lain di-pangdikirkeun, dipangnga-jikeun, tapi diéak-éak disu ra kan ku barudak saparat-parat jalan. Ma’lum baru-dak, sungut téh diumbar.Kolot mah réa nu teukaduga nénjo, kulit NyiDampi molopog saluar

awak, témbong dagingnaasak. Awéwé mah loba nungarumpuyuk nénjona. Teukungsi ka rumah-sakit, ka -kara nepi ka gigireun kabu-paten gé geus ngaleupas keun nyawa dina kaayaannu pohara aébna.

Anom Luih, hirup nepika rumah-sakit gé, tapi sikipanonna nu katuhu mah teukatulungan.

Bruh-bréh nu silih-bolékérkeun rasiah dina pa-pariksaan pulisi sarupa kituku saréréa tangtu kama’lum.Ambat-ambatanana, tika -karaitna jeung pajeujeutnaperkara kitu tangtu kaharti.Balukarna, pirang-pirang

imah-tatangga nu ngadadakgenjlong lenjong, sawarehterus baruntak. Jaba ti Lilisjeung Rapiah, puguh nu li-maan mah baroga salaki,acan ngitung sawatara likuranu datangna ka imah NyiDampi ukur lalantangan,kabeh diambat dirawél. Nudiambat, ngambat deui kanu lian, perkara téh nepi kajiga teu aya anggeusna, lir

gunung tanpa tutugan,sagara tanpa tepi.

Sakur nu ngaku atawakasaksén ku duaan atawaleuwih yén sok susulumput -an ngéténgkeun mah geusteu meunang ampun, kabéhdicirian pipi kéncana ku titiktilu nungku. Meunang ny-ocog ku jarum, tapakna téhdioles ku haranggasu meu-nang ngaminyakan, atuhsaumur hirup gé teu beu-nang dipareuman; tetengerawéwé bangor.

Kumaha di imah pate-lakna jeung salaki? Kumaharusuh-ributna jeung in-dung-bapa deung dulurgeus lain omong-omong -

keuneun. Réa nu ngadadakjadi randa ditalak sapa-jodogan ku salakina, turun tigolodog téh ukur ngelekbuntelan hapa. Balik kakolot teu kaduga, nya sieunnya era, ngajugjug ka barayaatawa kawawuhan, réréanaaréraeun ngaku awéwé geusboga “ciri”; kula-kuli nyiarpagawéan jaba ti jamanharita teu biasa téh jinisna

ogé teu bisa. Rék bubujang,jadi koko, ka awéwé kitumah para juragan istri téhsok galak timburu.

Ka mana atuh, da moalhadé ka kolong jambatanbari nali-nalikeun peujit nusalatri?! Nya moal kamanajaba ti ka imah-imah numaraké lantéra beureum.Ari geus ka mana atuh? Daharita mah acan aya“panampungan”.

Ana nilik ka dinya, bréhébréh, yén kasakit téhlamun salah ubar lain matakcageur anggur tambahkanceuh. Breh deui tém-bong yén hukuman anu teumerenah téh lain matak

kapok, tapi mun lain matakgawok, tangtu matak“kalap”.

Boh ubar, boh hukuman,maksudna mémang hadé,tapi najan maksudsakumaha hadéna ogé, arisalah larapna mah tam-polanana cara nu titirahngadon kanceuh.

Buktina, sababaraa taunti sanggeus kajadian guyur

Kebon Kalapa ogé dayeuhBandung téh lain beukisuwung ku awéwé balangortéh. Lir jujukutan babalakebon, najan dikoréd, di-pacul, diduruk, euweuhnatéh sabot akarna can huripdeui baé, da geus hurip mahréng deui baé jaradi maningalanteg, tampolananaleuwih subur batan méméhdipacul. Kawasna, satung-tung di alam dunya masihkénéh aya GOGODA KA NUNGARORA mah, jujukutanbabala buruan gé moalmusna, teu nepi ka negalogé ari jujumplukan mahpasti.*

(hanca)

27Manglé 2465

Page 29: Mangle2465

Manglé 246528

Bagian

196

CCarita Nyambung

Peuting ka-236

Ratu Mar-janahnanya deuihal-ihlawalAsad.Najan teu

kabéh dicaritakeun ku jinis -na, ratu percaya, Asad téhlain lalaki samanéa.Katangén tina kekecapanjeung paripolahna, asupkana paribasa hadé gogoghade tagog.

Asad disuguhan.Saterusna, éta semah téhménta idin ka cai. Pribumingidinan, sarta nuduhkeuntempat nu brasna kapakarangan tukang. Etatempat téh lega naker,sakurilingna dipager nujangkungna méh satang-tung. Ngan, ti jero ka luarbisa kénéh nempo atra, kitudeui sabalikna, lantaranpager téh teu sing kékép.

Breh Asad nempo ba-long, jorojoy kabita, hayangngeueumkeun awaknasakalian mandi. Atuh,sanggeus cucul-cucul, bruswé kana éta balong nujerona ukur semet tuurkolot. Cai nu canémbranghérang, matak seger kanaawak. Ngahaja Asad milihtempat deukeut aér man-cur, ngararasakeun segernacai nu ngembrat awakna.

Asad ngeueumkeunawakna, nyangsaya dina sisitembok. Teu kungsi lila,reup wéh peureum tibranaker, teu inget di bumialam. Ari nu di basisir,saperti nangkoda, kacidageumpeurna. Paur RatuMarjanah bener-benerngalaksanakeun patéka dan -ana. Mun kajadian kitu,tangtu wé bakal rugi kaci -da. Ku lantaran kitu, inyanagagancangan maréntah -keun balad-baladna

sangkan sagancangnanaraék kana kapal.

Paréntah kitu, teu singlungsur-langsar, da tétélateu boga cai keur nginum.Ku lantaran kitu, nu biasakabagéan ngurus bebekelantéh ménta idin ngala caikeur inumeun. Atuh, gan-cang wé sababaraha urangnéangan sumber cai téh.Alak-ilik ka sabudeureunéta tempat. Ngan, nya kitudi baisir mah taya cai tawarnu bisa diinum.

Kapaksa kudu néangancai ka tempat séjén. Kalayangura-giru, sababarahaurang ngoréléng ka lebahwawangunan deukeut ista -na. Saterusna, néangan ba-long atawa sumur nu biasaaya di sabudeureun tempatgegedén nagara.

Ajong ka deukeut paka -rangan tukang, kadéngésora cai ngérélék. Horéng,éta téh air mancur. Ari di-sidik-sidik, bet aya nu keurnyangsaya ngageubra. Gan-cang nu rék ngarala cai, nudi antarana balad Bahram,

bungaheun naker, lian tibisa ngala cai sacukupna,ogé bisa deui nangkep Asaddibawa deui kana kapal.Geus kitu mah, kapal téhgura-giru ninggalkeun étatempat nyorang deui lalam-pahan.

Kocap deui ratu, kacidaheranna waktu nu ditung -gu-tunggu teu jol kénéhwaé. Atuh, gancang wéngoréléng ka tukang kataman téa. Tétéla, Asad téhgeus euweuh ti dinya, ukuraya tarumpahna. Lian ti éta,kaciri aya tapak sababarahaurang jalma nu jolna ti luarpager. Teg wéh, Ratu Mar-janah boga pikir, Asad di-culik deui ku rombongan nudatang kana kapal téa.

Kalayan dibarengan kusababaraha urang prajuritkarajaan,, Ratu Marjanahngadatangan kapal téa.Ngan, kari urutna, da kapalmah geus lapat-lapat jauhnaker.

Ratu marentahkeunprajuritna, sina ngudag étakapal. Nu diparéntahkeun

Page 30: Mangle2465

29Manglé 2465

teu talangké, sababarakapal nu dieusi ku tentaranu biasa perang, nyusulkapal. Ngan, ku lantarangeus jauh naker, kapal nudiudag téh teu buru-burukatangkep. Dina poé katilu,Pandita Bahram kakara en-geuh aya sababaraha kapalnu nyu sul. Teg wéh, tangtuéta kapal téh jurungan RatuMarjanah. Mikir ka dinya,teu loba tinimbangan, Asadnu dibabandan téh diréré -yang dialungkeun ka laut.Ceuk pikirna Bahram, mati-mati kasusul gé, heug diga -radah, dirina mahih kénéhbisa ngangles da puguh tayabuktina.

Peuting ka-237Digejeburkeun ka laut,

Asad satékah polah ngojay.Geus kitu kuduna, bet teujauh ti dirina, aya kai nungngkleung kabawa ombak.Gancang wé Asad muru étakai, dironjang, nu saterusnadipaké nahan awaknasangkan teu tikerelep.

Teuing sakumaha lilanaAsad ngangkleung di laut.Inget-inget sotéh geus ayadi basisir. Tayohna, kabawaombak nu saterusnakasérédkeun ka sisi étapulo.

Asad nguniang hudang.Cinekul ngumpulkeun pa -ngacianana. Geus kitu mah,

léos wéh indit ka tempat nuremet ku tutuwuhan. Ngalabungbuahan nu bisa dida-har. Lumayan, bisa nga -leungitkeun rasa laparjeung hanaang, lian ti jadileuwih jagjag téh.

Rét Asad ka lebah kulon,panon poé geus méh surup.Atuh, gura-giru muru tem-pat séjén, susuganan ayatempat keur pangrereban.Tapi, hanjakal, taya bangu-nan nanaon, da éta tempattéh ukur lahan pakuburan.

Isukna, kakara Asadinget, éta tempat téh nukungsi kasorang sawatarawaktu ka tukang. Nya didinya pisan inyana papang-

gih jeung pandita Majusi nuahirna rék nyébakeun di-rina di gunung seuneu.Inget ka dinya, aya karepAsad téh sagancangna ning-galkeun éta tempat. Ngan,kahayangna kitu téh teulaksana, da kaburu kanya-hoan mantén ku Bahramnu ogé keur aya di sabu -deureun éta tempat.

Asad ditangkep, dibawadeui ka tempat nu tiheula.Nya kapaksa kudu nanda -ngan nasib kawas tiheula,dikerem di pangbérokan.

Keur kaamanan jeungkatengtreman haténa,Bahram teu nitah jalmaséjén keur ngajaga Asad téh.Manéhna leuwih percaya kaanakna, budak awéwé nungan hiji-hijina. Pancénnaukur méré dahareun jeunginumeun.

Pasipatan anak Bahram,béda pisan jeung bapana.Inyana mah, nyaahan kasasama. Atuh, waktu nempoAsad dikerem gé, timbulrasa karunya. Tapi, lila-lilamah, lain ukur nyaah, datimbul dina haténa, betkataji ku paripolah jeungrurupaan Asad.

Nu ukur kapapancénanngajaga téh, ahirna mah teukuat nahan kapanasaran -ana. Da, ceuk pikirna, étapamuda téh, béda jeungparanonoman nu aya dilingkunganana. Ku lantarankitu, dirina téh tetelepéknananyakeun ageman Asad.

Pok wéh Asad balaka.Agama Islam. Horeng, étabudak awéwé téh katajieunnaker. Atuh, saterusna, lianti méré tuangeun téhsakalian deuih diajar bagba-gan agama.

Malah, ahirna, anakpandéta Majusi téh, kedalucap asup Islam. ***

(Hanca)

Page 31: Mangle2465

Manglé 2465

MMimbar Atikan

Kohkol jeung Urang Sunda

Lamun ngabadungan peran médiakomunikasi tradisional, beukidieu beuki kaéréd ku média ko-

munikasi modern, bari padahal éta nuanyar téh can tangtu fungsional ogé bogaajén anu luyu jeung masarakatna. Salahsahijina, kohkol anu kiwari geus ampirteu aya dikieu. Padahal kohkol dinakahirupan masarakat Sunda baheula,mibanda rupa-rupa gunana, diantaramangrupa komando kendali informasianu mibanda sipat umum. Kadali dikentung désa, kaasup urusan agama,jadi urusan masjid ogé baheula mahcukup wé dikadalikeun di désa waé.Manajemén informasi téh dilaksanakanku petugas ronda. Nu matak ngarondatéh waktu harita mah full 24 jam, ari sis-timna téh sip, anu kabagi ku dua pola,nya éta; aya anu sip beurang jeung ayaogé nu sip peuting. Ronda beurang ka -gilirana téh saminggu sakali, tuluy rondapeuting mah kabagéannana téh sabulansakali.

Kohkol dina kahirupan sapo -poé Urang Sunda Priangan,

diantarana nya éta;

1) Ngageroan Ronda Ngageroan Ronda téh, mibanda sipatanu fungsi kapamaréntahan. Gu-nana téh diantarana nya éta; 1)ngabéjaan ka nu kabagéan ngarondapoé harita, informasi ieu dipigawé kupagawé désa. 2) ngabéjaan kanu candatang mah, ku baladna maksudna

anu tugas ngaronda poé harita anukabeneran leuwih tiheula datang kapos ronda. 3) ngabéjaan lamun ayatugas anu sipatna penting, anu kududipigawé ku anu keur kabenerantugas ngaronda poé harita. 4) lamunbagéan soré, ngabéjaan jadwalngaronda ka nu bagéan peuting.Kumaha cara nakol kohkolna? Caranakolna, kira-kira saperti kieu: “TONG, TONG – TONG, TONG,TONG…” Ieu pola takolan téh, terusdibalikan deui satungtung candaratang mah ka nu dimaksudna.

2) Mun aya TamuPola kentrungan dina pola anu

kadua, fungsina masih sarua jeungnu ka hiji, nya éta, mibada sipat ka-pamaréntahan, bédana téh palebahanu ngabéjaannana, di dieu mah nungabéjaanna téh nya éta; anu kabe -neran keur tugas ronda. Anu mak-sudna ngabéjaan Pamong Desa,lamun kabaneran aya tamu anu bogamaksud nepungan Pamong Desaatawa anu kabeneran boga maksudrék natamu ka salah saurang wargatapi teu apal alamat padumukan-nana. Kumaha cara nakol kohkolna?Cara nakolna kira-kira saperti kieu:“ TONG, TONG, TONG – TONG,TONG, TONG…” lamun can datanganu dimaksudna mah, ieu polatakolan téh tuluy dibalikan deui.

3) Ngabéjaan RapatDipilemburan alam ka tukang mah,biasa sok aya gempungan anusipatna rutin, aya mingguan, bu-lanan jeung taunan atawa aya ogéwaktu-waktu husus anu sipatnaurgen, upamana; rék ngayakeun

sukuran lembur, pangajian, jsb., uta-mana mah lamun aya masalah anudianggap penting. Pait-paitna di tiaplembur sok aya waé ngayakeun gem-pungan antara sataun sakali mah.Ku naon Urang Sunda baheula manimentingkeun ngayakeun babada -mian anu sipatan umum? Kati -ngalna boga maksud jeung tujuananu utama, pangpangna urangSunda mibanda toléransi anu gedéka papada jalma, hal éta bisa ditin-gali tina Konsép Sadrasa Ka-manusaan anu nempatkeun Nga jénan Manusa Séjéna di urutankatilu sabada ka Alloh jeung kadi-rina, tuluy konsép séjéna nya éta;Kosép SILAS (sili asih, sili asah,jeung sili asuh) jrrd. Kumaha caranakol kohkolna? Ari pola nakolkohkolna mah, masih sarua jeungnakol kohkol pola kadua. Pola katiluieu masih mibada sipat kapamarén-taha kénéh. Samalah urusan si’aragama ogé baheula mah sok saruawé sasumber, nya éta; tempatnepikeun hal-hal anu patali jeungurusan kaagamaan téh cukup ti Kan-tor Désa waé, teu jiga alam kiwarianu katingalna téh jiga aing-aingan.Mémang kawilang efektif lamunnyoko kana anu didongéngkeun PaAwa mah, efektifna informasi ngali-watan hiji corong téh, malah tokohséjén anu diwawancara nyebutkeunmakna anu sarua kana simbol-sim-bol anu disebutkeun Pa Awa téh.

4) Ngabéjaan mun aya nu Maot Alam ka tukang, kohkol téh mibandafungsi anu kacida lobana, di antaraanu pang pentingna téh nya éta; jangngabéjaan warga masarakat sabud-

KOHKOL DINA TRANSFORMASI BUDAYA

Ku Samson Awa Kartiwa

30

Page 32: Mangle2465

31Manglé 2465

ereunnana, lamun poé éta geus ayanu maot, éta téh kacida éféktifna.Maklum nilai-nilai anu disimbul -keun ku sora-sora anu dihasilkeuntina kentungan kohkol téh kacida“dimaknaan sarua” boh kununakolna ogé kunu ngadéngéna.Lamun ngadangu dongéng kohkolku nu ngalamanna mah, manikabayang kumaha harmonina an-tara “pesan” anu ditepikeun ku sangkomunikator jeung maksud anu di-tarima sang komunikan (anu nga -déngéna), katingalina tina dongénganu didongéngkeun mah, “noise” téhampir-ampiran euweuh jigana téh.Kumaha cara nakol kohkolna? Caranakolna kira-kira saperti kieu: “KU-RULUNG, KURULUNG, KURU-LUNG – TONG… TONG… TONG…TONG, TONG, TONG…” cirina anukacida nonjolna mah lebah ngabé-jaan nu maot mah nya éta; dimimit-ian ku sora kohkol nu nihtir,samalah nepi ka tilu kali. Katingalinamémang, urusan nu maot mahkacida diperhatikeuna ku UrangSunda baheula mah, tétéla sésa-sésadongéng, yén Urang Sunda mibandasipat asihan téh, aya faktana di-antarana, katingali dina kohkol.

5) Bencana AlamUrang Sunda sadar pisan lamun

alam sabudeurenana boga poténsibencana anu diakibatkeun ku alam.Hal éta, bisa ditingali tina rupa-rupahal, diantarana nya éta; wawangu-nan imah anu kabaheulaan mahmodél imahna téh panggung, sama -lah alam ayeuna mimiti hudang deuimodél imah panggung téh boh dikampung komo di kota mah, palinghenteu modél éta ditiron ku jelema-jelema nu ngarti. Nu ngarti di dieubisa jelema jegud ogé jelema nubiasa-biasa sacara ékonomi.Kasadarana kana alam nu mibada

poténsi bencana téh, namper dinakonsép anu disebut tadi nya éta;Konsép Sadrasa Kamanusaan, anunempatkeun ngahormat alam diurutan ka opat. Tuluy bukti séjénnanya éta; Urang Sunda boga Konsépanu disebut Narawang ka hareup, didieu nandeskeun kumaha hadénapangaweruh Urang Sunda ngeunaandunya astronomi, fisika jeung geo -logi, anu dicindekkeun ku KonsépMangsa. Konsép mangsa ieu mang -

rupa alat pikeun nyumponan konsépnarawang ka hareup téa. UrangSunda Gunung boga élmu kumahanyalametkeun diri tina bencana anudatangna ti gunung, Urang SundaBasisir pon kitu deui, jeung réa-réadeui fakta séjéna anu ngabutikeunUrang Sunda mibanda kasadarankitu téh.Kumaha cara nakol kohkol lamun rékngabéjaan bencara alam téh? Nyaéta; ku cara nakol kohkol sapertikieu: dimimitian ku “NITIR SA-LOBA SALAPAN KALI “. Étakohkol, ditakol nihtir-na téh, nitirsalapan kali, éta téh kakara eureunlamun dianggap warga masarakatgeus nyahoeun.

6) MoroDina kahirupan Urang Sunda ba-

heula, rék anu di tatar pagununganogé tatar basisir, di dayeuh suma-wona di pasisian, moro téh geus méhjadi tradisi saréréa. Hal éta geus ayafaktana, anu kadokuméntasikeunboh sacara folklorik, folktalk, ogémanuskrip, samalah di pasisianmah, kabiasaan moro téh kapanggihkénéh, saperti di daérah prianganpakidulan (Sumedang, Garut, Tasik-malaya, Ciamis), Sukabumi kidul,Cianjur kidul, Banten, jrrd. Kabi-asaan moro téh, katingal napak dinatradisi moro anu kabagi ku tilu, nyaéta; 1) aya nu disebut moro kom-plang, 2) moro popog, jeung, 3)moro komong. Naon nu dimaksudtina rupa-rupa bentuk moro bieu, kéantos wé seratan anu salajengnadina matéri husus nyaritakeunMoro. Nakol kohkolna kumaha? Aricara nakolna nya éta; NITIRTERUS…, satungtung dianggap cancukup mah ngabéjaanana.

Bahan Nyieun KohkolDina prak-prakan nyieun kohkol,

dina alam kabaheulaan teu sagawayahbahan, teu sagawayah poé jeung teusaga wayah alat anu dipakéna, samalahaya jampéna sagala. Urang Sunda geusboga élmuna dina matéhakeun kohkolsangkan mibanda nilai éstétik jeungfungsi. Kai anu dijadikeun bahan nyieunkohkol nya éta; heras, kanyéré, bungbu-lang, jeung nangka gedé, tuluy nu di-jadikeun bahan panakol kohkol mah kurhiji bahanna téh nya éta; hantap. Bahantéh sakurang-kurangna ditéang diantara

mangsa ka 1 (hiji) nepi mangsa ka 3(tilu), malah nu pangalusna mah ngalabahan téh di mangsa 2 (dua) jeung 3(tilu), naon alesanana? Mangsa 2 (dua)jeung 3 (tilu) keur mangsa panas bumi,jadi sabangsaning kai, awi, jrrd, didinyakeur ngadaging kolot/ngadaun kolot,jadi boro tangkal nu geus kolot, dalahtangkal nu dianggap ngora kénéh gé,dina mangsa ieu mah, sarua keurngadaging kolot, jadi dina dialana gémoal pugag. Sabalikna di luar mangsa ka1 (hiji) nepi ka 3 (tilu), biasana tatang -kalan téh keur mangsa ngadagingngora/ngadaun ngora, pernahna mulaiti mangsa ka 4 (opat) nepi ka mangsa ka8 (dalapan) di deu mangsa tiis bumi, tahdi mangsa ieu mah mernahna keur pe-pelak lain aala, jadi tong boro tangkalngora dalah tanggkal anu dianggap kolotsacara fisik ogé, dina mangsa ieu mah,keur ngadaging ngora/ngadaun ngora,jadi goréng dipaké bahan naon baé ogé.

Lamun hayang sorana alus, biasanakohkol kudu ditepus, tapi teu sabanjalma biasa nepus. Nu dimaksud nepustéh nya éta; ngala bahan jeung waktunyieun, meunang utang-itung. Aribahan anu pang alusna pakeun, tina sa-tangkal téh anu samet ceuli, ka luhur kahandapna mah diluyukeun jeung kabu-tuh waé. Naon maksudna? Ngarahdédéngeun ceuk Pa Awa mah. Tuluy di-parancahan dina jijieuna téh; “ngareupkapi beungeut/nonggong tembong titonggoh/…” tuluy sasauran… “suganAlloh marengkeun” bari bedok samé -méhna dina tunda dina taneuh, ba’dakitu mah, tuluy wé ngageduk nyieunkohkol.

Pamungkas Lamun dina tujuan komunikasi

sacara filsafat aya nu disebut harmoni,(“pesan” anu dikomunikasieun ku ko-munikator ka komunikan, dimaknaansarua), meuruen salah sahiji contonanembrak dina media kohkol. Simbol-simbol anu nyampak dina media kohkolmah, mibanda ka-harmonian dinaproses komunikasina. Masarakat waktuharita, bisa ngamak’naan anu sarua, teuaya nu aing-aingan interprétasi, hartinateu aya anu disebut distorsi pesan didieu mah, cindekna anu disebut mutualunderstanding téh ambahanana gedé.Kohkol minangka media komunikasianu kawilang éféktif, anu sipatna taktis,ari bentuk komunikasina, kohkol téh,bisa kelompok jeung bisa massa.***

Page 33: Mangle2465

Manglé 246532

CCarita Nyambung

Teu apaleun ta -yohna kuringdiuk di béhdieu téh. Damanéhna teungalieuk-lieuk

acan. Kétang ongkoh ti tadigé can jonghok jeung ma néh -na téh. Sampeurkeun waékitu? Ah enya mending sam-peurkeun. Bisi goréng kase-butna ari ngadagoan disam peurkeun ku manéhna mah.Heueuh, apan poé ieu téhsasatna manéhna pisan nukeur hajat téh.

Kuniang cengkat. Kan-tong ditunda dina korsi.

“Rék ka mana?” Si Ram-dan ngalieuk.

“Ka si Astri heula sakeu -deung,” témbal kuring pon-dok. Si Ramdan siga nu surti,teu tuluy ngomong deui.

Gok baé jeung manéhnanu harita keur nangtung deu -keut lawang, dibaturan ku siYanti. Tuluy sasalaman.

“Har, iraha datang Yud?Karék katempo geuningan.”Si Yanti anu pangheulanananya téh.

“Ti tadi gé geus aya didieu. Kumaha bieu téh? Lan-car?”

“Alhamdulillah. Disengorsaeutik ku Pa Karman,” tém-balna dibarung nyéréngéh.

“Ari bieu Bu Nurbayatikumaha waé?” Kuring nanyaka Astri.

“Rada lami ku Bu Nur-bayati mah. Mani imeut,sagala dibahas,” cénah.

Ti dinya mah tuluy nga -guluyur, tiluan. Subat-sabitkana perkara ujian sidang dijero. Ngahaja ngawahan tilebah dinya, ngarah karasanateu jadi pribadi wangkongantéh. Lebah nyarita gé kuringmah réa sahinasna. Teu ieuhnémbongkeun aya tujuanséjén. Kitu deui manéhna.Nyaritana angger dina sikepanu wajar, kumaha prahnaari nyanghareupan babatu-ran. Meureun manéhna ogésarua ngarasa teu laluasa.Ongkoh da kudu ngahargaansi Yanti. Bongan saméméhnageus aya di dinya.

Tapi teu burung kuringbisa paduduaan jeung ma -

néhna, sanggeus si Yanti ami-tan rék ka cai.

“Kadé urutna banjurdeui,” cék kuring heureuy.

“Rék sibeungeut urangmah, Saryud! Kulit beungeutasa kereng,” témbal manéhnabari ngaléos.

“Lami basa éta ngantosantéh?” Langsung ditotog kadinya wé nanya téh.

Manéhna malik neuteup,teu gancang ngajawab.

“Sakedap. Enya, haritatéh Astri ka kontrakan Yudi.Hanjakal keur teu aya. Ukurpendak jeung nu kamarna gi-gireun kamar Yudi.”

“Oh, si Asep. Enya, da siéta anu nyarios ka Yudi gé,”cék kuring deui.

“Nitipkeun nomer hapéharita abdi téh. Tos katam -pi?”

“Atos. Langsung disim-pen.”

“Naha atuh mani teu ayangahubungi?”

Kuring ngahuleng, bi -ngung néangan pijawabeun.Maenya ngasongkeun alesanteu boga pulsa onaman mah.Asa kaciri teuing gedebulna.

“Ku naon nya? Ah asaanéh wé. Teu biasana tudaAstri kersa nepangan. Matakdiémut-émut asa mendingnyarios langsung siga kieu.Aya peryogi penting haritatéh?” Kuring malik nanya kamanéhna.

“Teu aya. Ukur hoyongpendak wungkul,” témbalmanéhna pondok.

“Pan harita gé siangna téhpendak?”

“Teu rinéh tuda.”“Badé ngobrol naon kitu?

Naha atuh mani teu nyariosheula. Padahal da gampil,tiasa nyéngsarkeun waktos.”

Giliran manéhna ayeunamah nu ngabetem. Panonnaneuteup ka handap. Kuringgé asa rumasa salah. Heueuh,dipikir-pikir mah asa beletsorangan. Kuduna mah ku -ring surti, ulah tuluy-tuluyannyaliksik. Ari ieu kalah hayohditeregteg, hayang méakkeunkapanasaran.

“Pami tiasa, énjing wéatuh urang pendak deui. Kédi-SMS. Iraha badé uih?”

“Pagéto. Muhun atuh, teulangkung wé,” témbalna laun.

“Tapi, naha kira-kiranamoal nanaon, kitu? Kumahaupami itu terangeun?”

“Saha itu téh?” Manéhnamalik nanya.

“Muhun, calon.”“Ah, sawios. Da teu acan

resmi ieuh. Barina ogé naonlepatna pendak jeung rérén-cangan,” walonna ditungtu -ngan ku seuri.

Kuring ogé milu seuri an-tukna mah.

“Nya ari kitu mah teulangkung Astri. Tos ah, tonglami teuing ngobrolna. Bisidigosipkeun ku nu sanés.”

Manéhna ukur males kuimut. Tuluy baé tinglaléos,nyampeurkeun ka palebahbarudak anu keur ngumpul.Di dinya mah paharé-harédeui wé. Kuring ngobroljeung nu séjén. Kitu deuimanéhna.

Teu wudu bisa gepyak ogétungtungna mah. Puguh da titadi gé sono ka barudak téh.Tapi satengahing ngariungtéh ari haté mah angger

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

99

Page 34: Mangle2465

33Manglé 2465

sésérédétan. Rus-ras teuparuguh matak nalangsa.Jeung asa moal téréh-téréhleungit sigana mah. Enya,kuring sorangan sadar, yénayeuna téh waktu pamungkasriung mungpulung jeungmaranéhna. Geus béréspengumuman mah bakal pa-pisah deui. Amprok deuiengké poéan wisuda. Ti dinyamah biheung iraha bisa pang-gih deui.

Nu matak najan karasatunduh ogé teu geuwat-geuwat balik. Kuring terusngajentul di dinya, nungku-lan sidang nepi ka réngséna.Malah basa barudak silihsimbeuh gé kuring mah nganukur nyérangkeun bari nye -ngir. Bubuhan haté mahangger asa hésé tetegna.

6SANGGEUS ditungguan

sakeudeung, Astri teu burungdatang ogé ka kontrakan.

Teu tuluy cicing di kamar.Manéhna laju diajak naék kaluhur, ka loténg tempatpopoéan. Lumayan rada iuhdi luhur gé, teu kapentrangteuing panonpoé.Palataranana lalega. Malahaya korsi sudut sagala didinya téh. Najan geus butut,tapi da bisa kénéh dipakédiuk. Kuring gé ari keurhayang niis sok ngadon cicingdi luhur, diuk dina korsi nuéta. Ti lebah dinya mah awasnakeranan téténjoan ka han-dap téh. Kota Bandung nem-brak kabéh katingali. Tisemet Cimahi di tebéh kulon,tug ka Majalaya di tebéh wé-tanna. Gunung Wayangngalamuk paul di béh kidul.Handapeunana kataraPanga léngan nyangkéwok.Lamun langit keur sumedengbéngras mah, kapal anu eun-teup di Husein ogé bisa katin-gali, najan ukur célak-célak.Anu pangresepna mah wayahpasosoré, mangsa ngahaeubka magrib. Enya, da unggalwayah kitu pisan lampu kotaBandung mimiti bruy-braynatéh. Sok rajeun diimeutan

lebah mana-lebah manamimiti hurungna. Tuluy ditu-turkeun, tug ka kabéh ratacaang baranang.

Manéhna datang baringajingjing kérésék leutik.Eusina bajigur dua bungkusjeung goréngan. Meureuntamba ngaligincing teuing.Meunang meuli ti warunghareup tangtuna ogé,sakalian bari ngaliwat bieu.

Gék manéhna milu diukgigireun. Bajigur nu duabungkus dieurihkeun kanagelas, beunang mawa bieu tihandap. Kuring mah lajungodok pésak. Naon deuilamun lain rék nyokot roko.Meungpeung aya opieun anumaturan, cék pikir téh. Tudasok asa kohal ari udud teudibarung ku baranggayematawa nyuruput cacaian mah.

“Ngaroko waé ieu téh.Badé iraha lirénna,” pokmanéhna bari seuri.

Kuring nyéréngéh. Rasinget, lain karék ayeunawungkul manéhna nyaritakitu téh. Baheula gé sarua, tikeur masih reureujeungan

kénéh. Lain curak-carékmeureun pibasaeunana téh,tapi ngageuhgeuykeun. Dateu tandes teu sing.

“Ké wé, ari tos maot,”kuring ngawalon. Walonanaogé sarua jeung anu diu-nikeun ku kuring baheula,lamun manéhna nyarita kitu.

Keur basa mimiti mah kumanéhna kungsi tuluy disu -sul tepuskeun. Pokna téh,“Naha bet kedah ngantosanmaot?” Ku kuring ditém-balan, “Da nu tos maot mahteu tiasa ngaroko.

” Tapi ayeuna mahmanéhna ukur imut, teutuluy némpas deui. Meureungeus kateguh, bakal kitu deuiditémbalanana.

Kuring diuk ngalagedaybari nyerebung-nyerebung -keun haseup udud. Kamanéhna teu waka tunya-tanya –najan kapanasaran nunyangkaruk can leungit.Heueuh tuda, haben dipiki-ran dibulak-balik, ku hayangpanggihna jeung kuring téhangger matak pikahémeng -eun. Teu katulup naon mak-

sud nu saenyana.Mungkin waé kuring jauh

teuing mantengkeun wang-wangan téh. Enya, pira géhayang panggih wungkul,lebah mana salahna. Komodeui ieu sasatna geus wawuhtaun-taun. Ongkoh deuih dalain sakali dua kali aya babat-uran awéwé anu ngadon ulinka dieu téh. Rék nu sosorang -anan, atawa lobaan.

Tapi apan Astri mah lainsababaturan-babaturanana.Jeung manéhna téh baheulakungsi aya hubungan séjén.

Éta mah baheula. Ayeunamah béda deui. Nya antep-keun sina kumaha karepnarék naon-rék naon waé ogé,da geus lain-lainna deui. Teukudu rieut mikiran kapana -saran sorangan. Mémangnamanéhna téh nempatan po-sisi istiméwa kitu, dina hiruptéh?

Nu matak, duka. Disebutteu istiméwa, geuning kabuk-tianana kuring soranganmaké daék ngalayananmanéhna.

(lajengkeuneun)

Page 35: Mangle2465

Geus aya kanasamingguna sokbentol jeungbareureuh teupararuguh kulit

téh. Tayohna mah digégél kucocopét atawa sato leutiklianna nu aya di imah jeungteu kaciri. Tapi dikotéktakjeung diberesihan, boh dikamar boh di tengah imah,weleh teu kapanggihmangkelukna nu ngégél téh.Anggur mah kalah beukimaceuh. Malah lain kuringwaé, tapi salaki ogé saruangilu baréntol jeung barareuh.Nepi ka puncakna mah cingirkuring nu bareuh mebleng.

Kulantaran sieun kumahaonam, langsung dibawa kadokter spesialis kulit. Ngahajaambéh matih ari diubar kadokter spesialis mah. Keunmahal saeutik oge, nu pentingcageur. Pangpangna mahhayang puguh ku naon-kunaonna.

Salaki poé éta mah nga-haja teu asup ngantor, da reknganteur kuring néangan dok-ter spesialis kulit. Babakunamah sarua jeung kuring hari-wang kana cingir nu beukibareuh mebleng. Teu kudu lilalangsung waé manggih nukeur muka praktek. Ngahajateu ka rumah sakit, sok ribeturas-urusna ari ka rumahsakit téh.

Geus aya mah tuluy waéasup ka rohangan dokter.Dokter tuluy ngilikan curuk

jeung leungeun kalawangemet, saméméhna diukurheula tensi getih jeung sapu-ratina, ilaharna waé nu uubar.

“Ku naon ieu téh?” ceukdokter bangun nu panasaranpisan.

Kuring jeung salakisajongjonan mah kalah silihpelong, da ngahaja apandatang ka dokter spesialis téhngarah nyaho kunaon-ku-naonna. Da ari kuring mahjalma awam nu teu pati apalkana panyakit. Ari ieu kalahmalik ditanya ku dokter.

“Panginten digegel co-copet Dok?” ceuk salakimangnembalankeun kuring.

Dokter tuluy ngilikan deuileungeun kuring nu bareuh.

“Tapi geuning ieu téh teuaya tapak ngegelna nya?” ceukdokter deui.

Boh kuring boh salaki,kalah hayang seuri. Kudunakuring nu ngomong kitu teh,jeung kuring mah nyaho timana atuh ari kuring kanasoal nu kararitu. Sok sanajankungsi kuliah duanana oge,tapi da lain di kedokteran.Jeung deuih ieu mah lain di-analisis kumaha-kumahana.Apan dokter mah geus bogaélmuna, apal meureun kanarupa-rupa panyakit jeung asalmuasalna.

“Nu mawi puguh Dok,abdi téh sieun kumaha onamieu téh. Teu terang kunaon-kunaonna sareng taya tapaknanaon, bilih janten matak.

Tos ampir dua dinten jaba ieuteh teu kempes-kempes, kalahbareuhna ngalegaan kanadampal.”

“Tah meureun ieu mah in-feksi ku bakteri, ke urang di-paparin resep atuh nya.

Nu dileueut sareng salepnu diulaskeun ka nu bareuh.”

Kuring mah unggut-unggutan wae, sok sanajanasa teu puas ku penanganandokter teh. Keun wae ah,meureun dokter leuwih nyahoka nu hal kararitu mah.

Sanggeus beres papariksamah tuluy kuring dibereresep. Diubar jeung nebus re-sepna oge rada beda ari kadokter spesialis mah. Ngan nusedil teh geus mayar mahal-mahal, tapi dokter kurangtapis ngjawab jeung meresaran-saranna.

Nepi di imah, tuluy waeubar teh didahar, salepna di-oleskeun ka nu bareuh. Nganasa aya nu aneh jeung ubar nudidahar téh. Asa pait kacidajeung molelel pohara. Teu di -tuluykeun ngadaharna oge,ukur didahar sakali ubar nudidaharna mah. Ku lantaranpanasaran ku ubar nu paitkacida, kuring iseng-isengmuka internet, tuluy nga-google merek ubar nu ku ku -ring didahar ayeuna.

Rada ngajenghok pas ku -ring maca katerangan ubar étanu ditulis ku bahasa Inggris,da kabeneran kuring mah bisabahasa Inggris.

Horéng di luar negri mahubar nu ku kuring di daharayeuna teh dipakena pikeunubar sato. Keur ucing atawaanjing nu garering.

Ubar nu rek diinum ogelangsung ku kuring dialung -keun. Asa teu kira-kira kuringdisaruakeun jeung sato. Asaditeungteuinganeun ku doktertéh. Tapi barang tuluy kuringsearching deui dina googlepatali jeung ubar eta di In-donesia, bener waé di nagaraurang mah ubar éta téh sokdipaké pikeun jelema.Hususna nu patali jeung kulit.Rek ngadu ka dokter da geuspuguh ilaharna kitu di urangmah, tungtungna asa bingungsorangan.

Ubar geus teu diinumdeui, ari salep mah dipakekénéh, bari jeung asa hemar-hemir sieun eta salep ogéparanti sato.

Tapi alhamdulillahsababaraha poe ti haritakasakit téh cageur, curuk nubareuh ogé mimiti kempes.Duka cageur ku ubar, dukacageur ku sorangan. Dangadahar ubarna ogé teubener. Keun mun engkengalaman deui panyakit kulit,rek ditanyakeun perkara ubarieu ka dokter. Ngan amit-amitketang ari kudu katerapandeui mah. Mending milihcageur wae, salilana tong ka -terap panyakit kulit, komomun kudu diubaran ku ubarnu kieu mah.***

ObatKu Siti Saodah

Manglé 246534

Page 36: Mangle2465

Tinggaleun Karéta

“Duh, hayang kiih...” ceuk lanceuk kuringnyengir bari nangtungna angarisel teu daékcicing.

“Beu, anggerrrr... sok atuh buru! Ké kare-tana kadieu mantén!” cekéng téh bari min-dahkeun budak nu bungsu tina cangkéngbeulah kénca ka beulah katuhu. Beretekmanéhna lumpat néang cai. Teu lila balikdeui. Kuring kerung.

“Teu jadi, sieun tinggaleun karéta!” ceukmanéhna deui. Bener baé, teu lila jol karétaapi jurusan Surabaya Bandung. Kalacatnaraék. Karék harita kuring iinditan makékareta api teu jeung salaki, ngan ukur jeungbudak dua katut lanceuk kuring. Opatan,kabéh awéwé. Nganjang ka lanceuk kuringnu hiji deui nu dumuk di Magetan. Mangka -ning babawaan mani angkaribung, kantongbadag gé dua, kantong leutik tilu acan ranselhiji séwang. Lanceuk kuring mah soknyeung seurikeun, majarkeun téh ceunah lainulin tapi pindah imah. Baé ah, da aya kuliangkut ieuh.

“Meungpeung karéta can indit, kiih heulanya! Geus teu kuat yeuh!” ceuk lanceuk ku -ring bari lumpat. Kuring rék nyaram, da apalpisan adatna pasti néang kamer cai di sta-sion, bisi tinggaleun. Bari nungguan, tuluybaé muka bekel roti, didalahar jeung barudakbari arocon.

Prriiiiiiittt! Sora piriwit disada, tandaningkareta rék maju. Kuring ngoréjat reuwas,inget ka lanceuk kuring nu can balik ka ger-bong. Duh Gusti, kumaha mun tinggaleun?Rungah-ringeuh néang petugas, kabeneranaya di lawang panto gerbong beulah ditu. Kukuring disampeurkeun.

“Pa, ieu karéta tiasa tong waka angkat?”ceuk kuring geumpeur.

“Teu tiasa, Bu. Tos waktosna kedah mios.Aya naon Bu?” petugas kalah ka malik nanya.Derekdek ku kuring dicaritakeun yén lanceukkuring keur ka kamer cai, hayang kahampa -ngan. Puguh baé petugas milu riweuh ngabe-jaan petugas séjén. Panumpang nu sager bong réang, aya nu mangkarunyakeun kakuring, aya ogé nu nyalahkeun ka lanceukkuring. Karéta teu bisa dieureunkeun, ngagu-jes ninggalkeun statsion Madiun.

Antukna kuring balik deui kana korsi,awak asa laleuleus satulang sandi. Euh,karunya teuing lanceuk kuring tinggaleun,mangkaning poé Sénén geus kudu asupgawé. Bingung, kumaha mawa budak sadua-dua bari babawaan mani loba. Kumaha munbudak kuring nu leutik ngamuk? Nu gedéhayang dahar? Mun aya lanceuk kuring mahtangtu bisa bagi-bagi tugas.

Keur anteng ngalamun,karasa aya nu datang titukangeun. Dirérét téh,”Tah ge-uning! Tas timana?! Sok

ngareureuwas ih!” ceuk kuring satengah nga-jorowok bakat ku keuheul sakaligus atoh.

“Har, nya ti kamer cai gerbong atuh. Ayanaon? beungeut mani sepa kitu?” ceuklanceuk kuring teu ngartieun bari ningalisakurilingna loba jelema nu melong kamanéhna.

Teu lila aya petugas nyampeurkeun,”Toskapendak, Bu?”

Kuring unggeuk bari mésem.

Nyi Roro

Salah Ngirim

Rarasaan teh asa meunang milik. Keureuweuh pulsa, ari pek teu kanyahoan aya nungeusian pulsa 100 rebu. Atoh wae nu aya, dasangkaan teh meureun aya nu rek mere kakuring, tapi era ari mere duitna langsungmah, da meureun ceuk sangkaan manehnamah saeutik.

Tapi da keur kuring mah, duit 100 rebugede. Jeung deuih asana mah, sainget kuring,ti mimiti boga hape geus mangtaun-taun, canpernah ngeusian pulsa 100 rebu, paling gedeoge 50 rebu, bari eta oge taun kali. Beunangdiitung ku ramo mun kudu diitung mah.Biasa wae paket hemat, 5 rebu atawa 10 rebu.Tapi ketang lamun dikalkulasikeun mah,sabulan teh bisa beak nepi ka 50 rebu.

Beurang aya pulsa 100 rebu teh, agul waenu aya kuring mah. Meureun lamun lain numere oge, hadiah wae ti operator keur kuring,pedah kuring pelanggan satia. Tapi pama-jikan mah kalah nyingsieunan. Boa cenah etateh duit ladang korupsi, heug matak haram.Atawa duit pencucian uang cenah, jeung sa-jabana-jeung sajabana. Bari angger wae pa-majikan teh menta ditransper nu 20 rebu.

Lantaran sieun duit haram tina pulsa 100rebu nu cuma-cuma teh, ku kuring dibagi -keun satengahna. Ka pamajikan 30 rebujeung ka mitoha 20 rebu. Sesana mah ku ku -ring wae dipake.

Beres neransper, aya telepon asup kahape kuring. Ditingali nomerna teu wawuh.Teg weh hate teh jadi reuwas. Rek diangkatkumaha rek dipareuman kumaha, tung-tungna mah diantep wae bari ngumaha kapamajikan.

Geus badami, kudu ngomong jujur mah,ku kuring tuluy diangkat.

“Abdi teh lepat ngirim pulsa, da tadi tehnuju rarusuh, wayahna eta pulsa kedahdiuihkeun deui!” ceuk ti ditu.

Kuring langsung wae ngajawab, “Da pul-sana oge tos kabancang, manawi teh hadiahti operator.”

“Kantun sabaraha deui?” cenah ceuk ti

ditu.“Mung kantun 50 rebu deui.”“Wayahna uihkeun deui 40 rebu,

transperkeun ka nomer nu engke disms -keun.” Ceuk manehna. Bari tuluy pok, “Keunwios nu sapalihna mah, etang-etang amalwae cenah, ari leres tos teu aya mah.”

Kuring tungtungna nu kabagean pang -saeutikna. Tapi untung keneh ketang, sakieuoge. Nuhun ah Jang, sugan teh bakal nitahdigantian kabeh.

Ali MudofarSoreang – Kab. Bandung

Salah Nginum

Ieu kajadian teh karandapan basa keurngalabur imah. Kuring mulas imah, lantaranimahna rek dijual. Ngarah tereh payu jeunghargana lumayan ari dibeberes heula mah.Mulas teh rada lila, kawantu rada hese, kusendicet warna hideung hayang di robah kudiplitur. Asa leukleuk da kudu ngerik heulawarna hideung.

Digawe teh nyorangan, bada dzuhurdunungan teh sok ngontrol. Nyandak nasipadang jeung cai sabotol. Bageur sakitunamah, mere dahar teh mani nasi padang waebari caina anu merek hade. Padahal mah nasirames ti warteg jeung cai biasa oge kuringmoal protes.

Hiji poe dunungan datang deui. Biasabarang datang teh sok langsung nga-songkeun kantong keresek nu eusina keurdahar kuring tea. Ngan harita mah asa beda,asa rada beurat bungkusan teh. Teu diting-gali, ukur diraba ku leungeun. Eusi kantongkeresek, lian ti sangu aya dua botol cai.

“Sisindarieun mere cai nginum maniloba, hiji ge cukup,” geretes teh bari leungeunmah ngaluarkeun bungkusan sangu, maksudrek langsung dahar.

Beres dahar gap kana cai, teu diilikanleguk weh, kana tikoro cai karasa tiis. Nikmatkawantu keur halabhab. Ngan rasana asabeda, kana letah renyem jeung asa bauminyak tanah. Ku kuring teu ieuh dipikiranngan leguk we di inum deui, beak cai sabotolteh. Letah beuki tambah renyem, dina beu-teung aya nu ngulibek. Kuring gura-girumuru WC, ka luar ti WC nyampak dunungankeur kurah koreh kana kantong keresek anutadi eusi sagu keur kuring tea.

“Mang Rian ninggalian minyak cetsabotol, dihijikeun dina keresek?” saurna.

Kuring ngagebeg bari ret kana botol cainu tadi di inum. Gusti... nu tadi diinum tehgening minyak cet, terpentin.

Rian D. FirdausKp. Bausari RT 02/05 Ds. Sindangsari

Kec. Cisompet-Garut

35Manglé 2465

Page 37: Mangle2465

GABUGPasen: “Dok, naha nya abdi tehtos nikah aya kana 3 taunna, tapiteu wae kenging putra.”Dokter: “Mun teu ibu nu gabug,pasti carogena.”

Nisa Hernisa AgustiniSastra Sunda UnpadJatinangor – Sumedang

KALAPAAdun: “Jauh ka sintung kala pa.”Idun: “Hartina?”Adun: “Jauh ti indung ti bapa,balik-balik bureuyeung mawakalapa!”Idun: “Bari taya bapana!”Aduh: “Tah eta, kalakuan budakjaman ayeuna, mangkade singawas permana tinggal.”

Nisa Hernisa AgustiniSastra Sunda UnpadJatinangor – Sumedang

PACAMPUR GETIHAdun: “Teu salah-salah teuingpapagah kolot mah.”Idun: “Naon tea?”Adun: “Enya cenah, tong raket

teuing jeung lalaki, bisi pacam-pur getih.”Idun: “Ari kitu!”Adun: “Ari geus pacampur mah,geuning tuluyna teh bureuye-ung.”Idun: “Iy... amit-amit.”

Nisa Hernisa AgustiniSastra Sunda UnpadJatinangor – Sumedang

HARIWANGCeuk Kolot: “Kolot mah kabudak, gede ku gedena anggerwae matak hariwang. Teu diawewe teu di lalaki, sarua teu di-wilah-wilah.”Ceuk Budak: “Kudu nyaah kakolot mah, apan nu ngurusurang baheula keur leutik nepika sawawa. Da geuning ari geusmaju ka pikun mah, kolot ge sokbubudakeun deui.”

Siti SaodahJl. Ahamad Yani No. 18 Kuningan

KOKOLOT BEGOG“Ari jadi budak tong sok kokolot

begog, da engke oge sabataehayang jadi kolot mah.”

Siti SaodahJl. Ahamad Yani No. 18 Kuningan

PamaliIndung: “Ema teh era ieu tehNyai, tingali buuk geus mimitibodas beak ku huis. Cing munrek ka warung pangmeulikeunpikok hideung.”Budak: “Ulah Ema, pamali ram-but dihideungan mah, keun waeda tos waktosna.”Indung: “Atuh da isin, sok padangadilakan jeung asa teu per-caya diri.”Budak: “Kedahna Agul atuhMah, tuh pan artis Madona,Marlen Monro, malah nu kaaye-unakeun oge rambutna barodashenteu ararisineun, angguragul.”Indung: “Kutan? Enya nya, en-tong atuh.”

Siti SaodahJl. Ahamad Yani No. 18 Kuningan

Pangarang BarakatakPangarang: “Dina tipi sok ayasinentron tukang bubur naekhaji, nu cenah kailhaman kukisah nyata. Duka tah, pan-garang barakatak naha aya nu

kungsi naek haji!?”Nu Maca: “Eta mah narosnaatuh kedah ka Juragan GoeroePangsioen nu aya di MANGLE.”

Abah AtangJl. Gegerkalong Hilir 19UPI Bandung

SABADA MAREN“Abah teh pangsiunan guru, sokpirajeuneun ayeuna teh aya nunanya. ‘ari kasab ayeuna naon?’kitu pajar teh. Ah, ku Abah mahdijawab wae sabalakana, sabadamaren jadi guru teh tuluy alihprofesi jadi pangarangbarakatak ngarangkap numacana.”

Abah AtangJl. Gegerkalong Hilir 19UPI Bandung

KALANGKANG“Geuleuh pisan da ka si eta. Teukaur ngaringkang, haben waenunutur. Jeung deuih nupikasebeleunana teh eta ku soktuturut munding. Mun bisa di-teunggeul mah hayang da sa-habek-habekeun!”“Ari kitu?”“Nya eta teu bisa si pikasebeleunteh tah!”“Nya saha? Asa sarieun kieungadengena oge.”“Eta, maneh oge boga pan.

Manglé 246536

Page 38: Mangle2465

Kalangkang.”“Beuh!”

Rifani IntenPadalarang – Bandung Barat

SIEUN“Bararingung cicing teh ayeunamah. Di laut sieun tsunami, digunung sieun gunung bitu, di nulegok sieun kabanjiran atawa kaurugan.”“Pindah atuh!”“Heueuh, hayang pindah ka lan-git ambeh aman.”“Atuh kudu diruang heula dikuburan ari hayang ka langitmah.”“Teu eling, nitap paeh manehmah!”

Rifani IntenPadalarang – Bandung Barat

LEBUDudi: “Abong kalakuan budak,beunang dibobodo. Eta mah siSadut basa aya lebu gunungmerapi nu nepi ka dieu teh kalahjigrag bari mamawa wadah, ma-jarkeun teh cenah aya tariguturun ti langit. Atuh pada nuru-tan ku barudak sabayana.” Dodo: “Saha nu boga dosana,ngabejaan teu bener?”Dudi: “Nya eta kuring, hehe!”

Rifani IntenPadalarang – Bandung Barat

Saha nu Lieur?Ajo: Boga dunungan téh lieurbéak ku sorangan.”Aja: “Kumaha kitu?”Ajo: “Kamari dunungan téhdatang ka vila. Terus ka uing téhnitah mangnéangankeun daunngora. Nya ku uing téh dibéréwé sabebedan bangsaningpucuk sampeu, pucuk gedang,sintrong . Pokona anu biasa sokdipaké lalab wé. Nu teu ngarti,éh kalah nyarékan majar uingteh bodo.”

Renny RosmawatyJl. H. Basuki 42 Bandung

Untung KénéhAdun: “Masih ditangtayungan,peuting tadi teu tulus cilaka.”Udan: “Ari kitu kumaha?”Adun: “Éta kuring téh ngimpi

tumpak motor. Mani ngebuttéh. Tapi bari peureum. Un-tungna basa rék labuh pisankaburu nyaring.”

Renny RosmawatyJl. H. Basuki 42 Bandung

Loba BatinaBi Acih: “Gedé milikna nya ariNyi Unéh?”Bi Anah: “Gedé milik kumaha?”Bi Acih: “Éta geura dikawin kuMang Lebé anu geus boga batilima.”Bi Anah: “Naha bet disebut gedémilik sagala?”Bi Acih: “Kapanan batina ogémani salima-lima!”

Ida FaridaJl. Sukarno Hatta KM 14 Bandung

Préman jeung BudakBudak: “Kang, kartu dominotéh euweuh geuning.”Préman: “Maenya? Ti manakitu manéh meulina?”Budak: “Ti toko beusi.”Préman: “Nya heueuh ari nanyaka toko beusi mah moal aya. Tiapoték geura meulina!”Budak: “Kang di apoték gé saruaeuweuh. Tapi di toko pakéanmah aya geuning.”Préman: “Maenya? Meuli naonmanéh di toko pakéan?”Budak: “Kimono!”

Ida FaridaJl. Sukarno Hatta KM 14 Bandung

Salah NginumAbah: “Sakitu unggal poe ng-inum jajamu, éh angger wé ge-uning awak téh laleuleus.”Kabayan: “Salah nginum tudaAbah mah.”Abah: “Maksud ilaing?”Kabayan: “Nya ari awak hayanghareuras mah nginumna gekudu... air keras Abah.”

Ida FaridaJl. Sukarno Hatta KM 14 Bandung

Luncat indahPelatih : sok cobaan luncat..!Ado : teu acan tiasa pa..Pelatih : teu nanaon, bapa

hayang ningali bakat luncatmaneh..!Ado : tapi, abdi mah teu tiasangojay pa..Pelatih : santei we, da kolam re-nangna ge ngahaja teu waka di-caian keur pemula mah...!

Uton WaluyaLeuwi Gajah 167 Bandung

KedulIcih : jang, pangalakeun cai.Omon : parentil keneh ma, canmeujeuhna alaeun.Icih : hor ituh....

Uton WaluyaLeuwi Gajah 167 Bandung

Hoyong Pinter"Ujang hoyong sakola?""Muhun bu guru""Hoyong kumaha sakola téh? ""Hoyong pinter bu guru""Pinter siga saha?""Siga bapa.""Pinter naon ari bapa?""Saur mamah mah pinterkodek!"

Dadan FirmansyahSasak Gantung 178 Bandung

Dun kawungUdin : Wa, pangmésérkeundaun kawung lah, kuring mahcukup diburuhan kunu kitu!Wa haji : Dauna wungkul lin?Udin : Kumplit atuh wa, sarengbakona!

Dadan FirmansyahSasak Gantung 178 Bandung

NémbakPreman : Lalaunan siah nyalibmotor téh, cérét kana beungeut!! Dodo : Naon manéh ngadathah? Hayang ditembak kusayah?Preman : Teu sieun, sok tembakaing yeuh.. Dodo : Ay lap yu…Preman : beu salah kaprah tah…uing mah lain awewe

Sedi SetiawanJl. Bank No. 34 – Garut

Imut-imutAdo : Mani geulis, budak sahaieu teh?

Uun : Nya putrana wa haji atuh.Ado : Alit kénéh tos imut-imut,komo mun tos ageung amit-amit.

Sedi SetiawanJl. Bank No. 34 – Garut

JalanNu nanya : Jang, ari ka beu-lah ditu aya jalan? (Nunjukka wetan)Ibro : Aya mang.Nu nanya : Tuluy ka manatah jalanna?Ibro : Ah tara ka mana-mana,cicing wé didinya tibaheulagé.

Sedi SetiawanJl. Bank No. 34 – Garut

PoéGuru : sebut keun ngaranngaran poé tina saminggu.Murid : senén, salasa, rebo,kemis, juma'ah, saptu, senendeui pa, salasa deui pa,Guru : minggu na ka mana?Murid : Ka gasibu pa, badengiring?

Sedi SetiawanJl. Bank No. 34 – Garut

Di sakolaGuru: Dodo, ti kamari ku ibudipiwarang motong kuku,kunaon heunteu waé?Dodo : Sesah bu..Guru: Susah kumaha, pakégunting atuh..Dodo : Maksadna téh munkukuna tos parondok, sesahlamun rék ngorong bu!

Novian PratamaJl. Kopo No. 142 Bandung

Dék DémoLurah : Nanaonan manehtéh Ibro, kawas budak! Pankuring téh keur hajatan. Éraatuh ku tamu-tamu, makéjeung ditaranjang sagala.Ibro : Mun uing dianggapkolot ku pa Lurah, meureundiondang!!Lurah : Beu… rék démo,pédah teu diondang??

Novian PratamaJl. Kopo No. 142 Bandung

37Manglé 2465

Page 39: Mangle2465

Manglé 246538

CCarita Pondok

Sup, ka rohanganPemasaran danPenjualan.Kasampakkaayaan geussepi jempling.

Rét kana jam nu ngadaplokdina témbok, jam genepleuwih saparapat. Tara tisasari, biasana jam sakitumasih kénéh aya hiji dua pa-gawé nu masih kénéh kutak-ketik nyanghareupan kom puter. Tapi poé ieu mahsuwung.

Burulu, runtah nu aya

dina wadahna dipindahkeunkana kerésék badag kelir hi -deung. Di rohangan éta ayalima wadah runtah nu kududipindahkeun. Geus béréskabéh, laju ngelapan méja pa-gawé hiji-hiji ku elap semuledrek. Mun geus kaciri ke-bulna rada kandel napel dinaelap, kakara dikecrok deuidina émbér nu geus dieusianku cai.Kadéngé telepon nu ayagigireun disada sakali. Gagangtelepon dijungjungkeun tuluydideukeutkeun kana ceuli.

“Yayan,”ceuk kuring nye-

butkeun ngaran sorangan. Dabasa ditrening mimiti asupgawé gé kudu kitu. Lamun ayanu nelepon, sebutkeun ngaransorangan, cicirén ngaran nunarimana.

“Yan, bisa mangnyie-unkeun cikopi?” ceuk hiji sorati beulah ditu. Sora nu keurceuli kuring mah wanohpisan, sora Dudi. Rét ka peun-taseun rohangan nu nganukur kahalangan kaca badag.Katingali Dudi keur ngadada-han.

“Apal pan karesep kuring?

Kopi pait téa. Ngalembur euy,sérver keur ngadat!” ceukDudi deui.

“Mangga,” jawab kuringpondok. Pluk, gagang teleponditeundeun deui kanawadahna. Léos ka dapur baringarénghap rada tarik. Rasinget ka nasib diri. Kudunakuring sarohangan jeung Dudidi bagéan komputer. Dudi téhbabaturan kuliah di paguronluhur jurusan informatika.Ngalamar ka pausahaan far-masi ogé babarengan jeungDudi basa miluan Job Fair di

Mun Seug Langit Aya DuaCarpon Nyi Roro

Page 40: Mangle2465

39Manglé 2465

Landmark Braga. Kabenerandi pausahaan éta keur ayalowongan dua urangeunbagéan Komputer, dua urangbagéan Akuntansi, jeung tiluurangeun deui bagéan Umum.

Mani bungangang hatébasa saminggu bérés testingaya béwara yén kuring jeungDudi ditarima jadi pagawé didinya. Buru-buru nelepon,ngabéjaan nu jadi kolot dilembur kana hapé MangJunéd tatangga kuring.

“Alhamdulillah, sukurUjang hidep geus meunanggawé,” saur Bapa ngan sakitu-kituna, da Bapa mah carangtakol. Ngong deui sora ti beu-lah ditu, tayohna hapé geuspindah kana leungeun Ema.Mani kadéngé waé soranangadégdég bakat ku atohmeureun kuring geus meu-nang gawé.

“Euh Ujang, sok didunga -keun ku Ema nya, sing soléh.Sing jadi jelema gedé. Omatdina enggoning ngalakonanpagawéan sing jujur, singdaékan, nurut kana paréntahdunungan, soméah ka sasaha,pikanyaaheun batur. Ké mungeus narima gajih tong dimo -nyah-monyah, kudu bisangeureut neundeun jang bekelhidep ka hareup,” ceuk Emamapagahan.

“Muhun Ema...,” ceukkuring pondok. Aya nu nyelekdina tikoro. Inget kanakanyaah kolot mélaan cita-cita, geus béak sawah béaktanah ambéh kuring téréh jadisarjana. Tékad kuring geusbuleud rék ngumpulkeun duit,keur meulian tanah jeungsawah, ngajait nu jadi kolotambéh bisa menyat deui.

Poé mimiti digawé, kuringjeung Dudi dititah nepungankabag personalia di rohangan -ana. Dijéntrékeun, aya kawi-jakan anyar yén nu ditarimadi bagéan komputer nganukur saurang. Sihoréng nu hijideui geus dieusian ku dulurkomisaris pausahaan. Kuringjeung Dudi dititah testingdeui. Nu pangalusna hasiltestingna, éta nu bakal asupjadi staf bagéan komputer.

Sajeroning ngalakonantesting, kuring yakin pisan

bakal katarima. Tuda, geusméh opat taun sosobatanjeung Dudi, geus apal pisankana pasipatanana. Manéhnakaasup jelema ngedul, mumulngapalkeun, gawé ngan ukurulin, mun keur ujian mindengpisan kapanggih niron.Skripsina dipangnyieunkeunku batur. Uyuhan bisa lulusogé.

Dina poé nu geus ditang-tukeun, kuring jeung Dudi di-calukan ka rohanganpersonalia.

“Dumasar tina hasil tes -ting kamari, staf komputer nuditampi nyaéta Bapa Dudi.Wilujeng!” ceuk kabag per-sonalia nangtung tuluy ngajaksasalaman ka Dudi. Keur kur-ing mah éta béwara téh asasora gelap tengah poé éréng-éréngan. Reuwas kabina-bina!Naha bet Dudi?

“Bapa Yayan, hapuntenpisan. Tapi bilih Bapa badéngalebetan lowongan nusanés, kaleresan aya nu teudilebetan ku nu nampina,”ceuk kabag méré pilihan.

“Lowongan janten naonPa?” kuring nanya susugananbagéan Akuntansi. Najankungsi sakeudeung diajarakuntansi, tapi ngarasa yakinbisa ngagawéan éta pagawéan.

“Di bagéan umum, jantenOffice Boy,” ceuk kabag tatag.

Dadak sakala awak asaleuleus. Piraku, kuliah opattaun, jauh mela-melu ti lem-bur ka Bandung kudungalakonan gawé jadi OB?Deudeuh teuing nasib kuring.Pisakumahaeun teuing Emajeung Bapa mun nyarahoeunkuring ngan saukur jaditukang beberesih? Rék dika-manakeun ieu beungeut munpareng balik ka lembur?

Song, cangkir eusi kopipait nu ngebul kénéh dia-songkeun ka Dudi, sina dita-mpanan. Tuda bingung, étakopi kudu diteundeun dimana? Kaayaan méja sakitupinuhna, loba buku, kertasjeung alat-alat keur komputermani pasoléngkrah.

“Teundeun di dinya!” ceukDudi teugeug bari curuknanuduhkeun kana méja di gi-gireunana. Panon Dudi

angger manco kana layarmonitor. Kacida, ka babaturantéh mani siga ka babu kitu,kéna-kéna ka pantar kuring.Nu pasoléngkrah dibérésanheula, da lamun nepi keun ka-banjur cikopi mah, pasti bakalpicilakaeun. Bisa-bisa katem-puhan.

Léos deui ka rohangan Pe-masaran dan Penjualan nu-luykeun hanca pagawéan.Sasapu tuluy ngepél baringalamun. Geus kagok éra kubatur. Kapaksa lowongan jadiOB téh dicokot. Babakunabekel kuring keur hirup geusbéak, piraku rék ménta deuika kolot? Atuh ku digawé mahlumayan, aya keur dahar beu-rang-beurang waé mah. CeukEma gé rejeki mah biasananuturkeun. Sugan aya milik dikuring, ieu mah itung-itungngumpulkeun bekel keurngalamar deui ka pausahaanséjén. Pan ngalamar gawé gébutuh modal.

Kuring sadar, boga ka-hayang ukur jadi wangwang -an. Tangtu lolobana jelemamun geus lulus jadi sarjanahayang digawé dina widangnu luyu jeung élmu nu kungsidiajar di paguron luhur. Tapijaman kiwari mah hésé pisanngaluyukeunana. Nyuprihélmu di pertanian, digawémah di bank. Kuliah di Ad-ministrasi Niaga, digawé mahjadi desainer. Teu nyararam-bung.

Mangréwu-réwu jelemakaasup kuring, paboro-borodalaptar hayang jaradi PNS.Teu hayang kumaha? Gajihmaneuh, ngocor unggal bulanjaba teu sieun di-PHK, mungering gé dipangmayarkeunku pamaréntah maké Askes,ongkoh engké pakokolot meu-nang pangsiunan. Tapi, pastiaya tapina. Apal meureunsaréréa ogé, mun teu alus-alusteuing milik mah katarimajadi PNS, geus lain rusiah deuikudu kuat duit jeung beking -na.

Lamun digawé di pausa-haan swasta, lulus sarjana téhkahayang mah meunang ja-batan nu alus, leutikna jadimanajer atawa supervisor,gajih gedé, jeung meunang

rupa-rupa fasilitas ti kantor.Hanjakal, asup ka pausahaanswasta gé loba pisan saing -anana. Loba pausahaan kiwarigé teu éléh géléng, maranéhnamilih calon pagawé lain ukursarjana kitu baé. Saeutiknaaya tambahna, boh dinakamahéran rupa-rupa basa,boh dina bisa henteuna nga-jalankeun program komputernu punjul tinu lian atawa bogakaahlian séjénna. Lian ti éta,pausahaan leuwih milih lulu-san SMK nu geus siap di-gawékeun bari jeung daékdibéré gajih leutik jaba teuloba paménta.

Paingan ceuk dina koran,loba nu manghanjakalkeunkunaon pamaréntah téh lainngayakeun lapangan paga -wéan leuwih loba? Kalahkahayoh nga-ékspor jelema kaluar nagri. Loba TKI di luarnagri dikekeyek ku bangsadeungeun. Padahal ku ayanatanaga kerja nu sakitu ngali-udna mun dikokolakeun singbener mah, nagara urang gémoal burung bisa maju sigaCina.

Sanggeus barérés, kuringngumbah leungeun. Jékét nudisampaykeun dina paku tu -luy dipaké. Rohangan tukangditulakan, lampu tuluy di-pareuman. Kieu ari nasib jadiOB, datang pangisukna, balikpangpandeurina.

Brem...brem... kadéngéaya motor di tukangeun ku -ring.

“Tiheula Yan!” sora Dudimiheulaan.

“Mangga,” jawab kuring.Panon nuturkeun ka manaléosna Dudi nepi ka leungit dilebah péngkolan. Mun seuglangit aya dua, kuring hayangmisah langit jeung Dudi,ambéh unggal poé teu paam-prok.

Selenting bawaning angin,kadieunakeun kuring nyahoDudi ditarima jadi staf bagiankomputer ku jalan ngadong-sok kabag personalia. Enyakitu? Hmmm... mun benertéh, lebar temen. ***

Panglawungan 13Saung Indung,

10 Desember 2013

Page 41: Mangle2465

Manglé 246540

Ku U. Syahbudindisundakeun ku Agus Mulyana

KKomik Nyambung

Page 42: Mangle2465

41Manglé 2465

AAweuhan Pasundan

Dina raraga ngigelan jeungngigelkeun jaman, lembagaatikan dasar jeung mene -

ngah (sakola-sakola) nu aya dinaiuh-iuh Yayasan Pendidikan Dasardan Menengah (YPDM) Pasundan,teu petot-petot aub, ngarojong turnyaluyukeun dina kana panekajaman (era global). Diantaranangagedurkeun atikan formalhususna widang InformasiTeknologi (IT) keur para siswa. Nyasalasahiji contona, nerapkeun ka-punjulan widang atikan komputer-isasi/pangajaran komputer bohdina perangkat lunak (softwere)boh dina perangkat keras (hard-were). Demi nu jadi tujuanna,enggo ning nanjeurkeun siswa-siswa Pasundan nu arunggul dinawidang IT anu bisa aub turmakalangan di alam teknologi,kalawan diwewegan ku kaajeganjeung kapancegan jati diri Pasun-dan, “Pengkuh Agaman, LuhungElmuna tur Jembar Budayana”.

Eta hal ditetelakeun Ketua

YPDM Pasundan RH.Tata GautamaSuryawan dina acara work shop‘Sosialisasi Peningkatan IT dilingkungan sakola Pasundan”sawatara waktu ka tukang di Kam-pus SMA Pasundan 2 Bandung.Kagia tan digelar alpukahna YPDMPasundan gawe babarengan jeungB One Corporation sarta Axioo.Demi pamilonna teu kurang ti 100urang, diantarana para pupuhuSMA/SMK Pasundan sa Bandungraya, para Wakasek widang kuri -kulum sarta para guru/tanagapanga tik widang IT.

RH. Tata Gautama negeskeun,ieu kagiatan teh kacida pereluna,salian ti mekelan kamaheran baru-dak/siswa ku elmu widang IT, ogedeui ngawedelan jeung ngawewe-gan barudak (siswa siswa Pasun-dan) dina adeg-adeg budaya geusanngamalirkeun elmuna pikeunminton tur makalangan di alamkasajagatan (era global). “Di eraglobal kiwari, informasi teknologikacida pentingna. Keur siswa-siswa

Pasundan kapunjulan IT saestunamisti diimbangan tur diwedelandeui ku kaajegan ajen inajenatikan religi jeung budaya. Lebahdieu, dina ngalarapkeun IT disakola-sakola Pasundan, keursakumna siswa saestuna dibekelankapunjulan elmu pangaweruhna kubudi pekerti enggoning nguatan jatidirina,” kitu pokna Ketua YPDMPasundan.

RH. Tatat ngeceskeun deui, ayalima prisip nu dilarapkeun disakola-sakola Pasundan, di-antarana wae, nanjerkeun siswa nupengkuh agamana (akhlakul kari -mah), wedel budi pekertina, maherbasa, sarta punjul widang IT na.

Ku digelarna kagiatan ieu, RH.Tata neundeun harepan, barisngawujudna siswa-siswa Pasundanpinunjul, pon kitu deui tembongdangong aweuhanna ajen inajen(kulaitas) sakola-sakola Pasundanboh di tataran lokal, regional,nasio nal boh Internasional.

***

Maher ITTeu Poho ka Jatu Diri

Pamilon workshop IT, para pupuhu SMA/SMK Pasundan sa Bandung Raya

RH.Tata Gautama Suryawan (kadua ti kenca) disarengan kuIyus Rustandi pangurus YPDM Pasundan, dina acara workshop IT.

Page 43: Mangle2465

Manglé 246542

GGedong Saté

Sakumaha nu geus pada terangantara taun 73-74 (pastinamangsa Gupernur Solihin GP),

Pamarentah Propinsi Jawa Baratkungsi ngadegkeun DewanKebudaya an. Tugasna mantuanpamaren tah daerah ku “pamikiran-pamikiran” nu aya pakaitna jeungpembinaan kabudayaan. Hasilpamikiran dewan nu dipasrahkeun kapamarentah, dina palaksanaananadisalurkeun/diduumkeun ngaliwatanproyek-proyek daerah.Tapi dinapalaksanaanana geus loba ngogankritik, aya nu nyebut pilih kasih,garapan na teu brukbrak kamasarakat, leuwih loyog teuing kanakasenian, teu soson-soson digawena,jeung sajabana.

Tah kiwari Dewan KebudayaanJawa Barat teh rek diadegkeun deuikalayan soson-soson ku PemprofJabar tangtu bari ngaca kana sagalakakurangan jeung kaleuwihan kinerjajeung garapan Dewan Kabudayaansamemehna.

Fungsi Dewan Kabudayaan tangtubeda jeung Dewan Kasenian nu nganukur ngurus kasenian, kabudayaansacara umum mah lega ambahananangawengku sagala widang. Upamanalamun seug bendungan Jatigede geusngawujud, tangtu bakal aya paroba-han budaya di masarakatna, tina bu-daya darat kana budaya cai, tinanyieun kenteng atawa tatanenupama na pindah kana perikananatawa pariwisata(alih profesi), tah ieukudu jadi bahan pamikiran DewanKabudayaan kumaha solusi natahar -keun masarakat nyanghareupanparobahan budaya saperti kitu.Atawana kumaha nataharkeunmasarakat disabudeureun bandaraInternasional Kertajati, nu tangtunadi dinya engkena bakal aya urangasing, jadi kudu disiapkeun masalahpendidikanana kaasup ngahang -

keutkeun pangawasaan basa asingngaliwatan sakola atawa keurseus-keurseus, ngadegkeun SMK pari-wisata, sarana transportasi, hotel,jeung sajabana, “Janten DewanKebudaya an di dieu kedah maparinbongbolongan /pamikiran-pamikirankumaha carana nataharkeun masa -rakat dina mayunan alih profesi nudiakibatkeun ku ayana pangwangu-nan, Ulah dugi ka sapertos kasus Ba-longan (Indramayu) kapan anggerwe masarakat teh kadungsang-dungsang “termaginalkan” da SDM-na teu ditataharkeun, kitu deuipaguron luhur perminyakan/gas gekapanan ayana di Gresik,” kitu saurWagub Deddy Mizwar netelakeun kaMangle.

Tah salila ieu, masih cek wagub,pamarekan-pamarekan kabudayaanteh dimomorekeun ku aparatpamaren tah, nu penting aya fisikwawangunan, prosfek perdaganganlancar, tapi rayat angger kata-langsara, padahal keur saha atuh hasilperdagangan teh kapan keur rayat,naon mangfaatna keur rayat, jadikudu boga pamikiran nu legaambahan ana nepi ka bisa berintegrasijeung masarakat dunia. Komo kapanbakal aya tilu metropolitan anyar, ki-wari di Bandung raya geus nungguantacan Depok, Bekasi, Karawang,Purwa karta jadi “twin metropolitan”Batawi. Di urang ge ku ayana bandarainternasional Kertajati, bandarsamud ra di Indramayu, bendunganJatigede, kumaha tah nasib sawahrayat, tah ieu kudu aya kebijakansangkan ulah aya alih fungsi lahanatawa solusi lianna, lamun pindahkana perikanan kumaha sangkan bisangaekspor ka luar negri. Jadi kuduaya pamarekan budaya. Teu gampangmasarakat ngarobah budayana, kududitataharkeun, nu tadina budayaagraris ka budaya jasa, nu tadina da-

gang kenteng tah engkena boga pro-fesi naon. “Janten mungguh legaambahan ana budaya mah, teu mungsaukur ngagugulung kasenian, senimah ngan salah sahiji bagean tinaproduk budaya, tapi kumaha caranangarobah kultur seni jadi industri,tatacara tatanen ge kapan produk bu-daya, “ kitu saurna tandes.

Kiwari wagub geus mercayakeunka Prof. Dr. Dede Mariana salaku“dirigen” anu bakal ngatur sagalarupa na. Dewan Kebudayaan memangkeur ditataharkeun tugas jeungfungsina kalayan gemet saterusnabakal dipilih pangurus jeunganggotana nu sakirana bakal pantesdiuk dina Dewan Kebudayaan,sabaraha jumlahna, nu tangtuna gekasangtukangna tina rupa-rupakalangan jeung profesi, sabab cekwagub, lain saukur pikeun merebongbolongan ka Disparbud wungkultapi bakal mere bahan pamikiran/ -infut ka sakabeh instansi. Nu utamajalmana teu bakal kapilih jadi anggotaDewan Kebudayaan jawa Barat mahpribadi-pribadi nu boga integ ritasjeung gede perhatianana kana pasu-alan-pasualan kabudayaan bari teuberjuang demi ngaran komunitasna.

Dewan nu diwaragadan tina APBNjeung APBD ieu kudu dipasilitasi tapilain keur “proyek” tapi engke na “di-adop” ku dinas terkait jeung bisa lang-sung mere “bongbolongan” ka dinasterkait jeung ka gupernur.Kagiatanlianna bisa mang rupa seminar,diskusi, atawa paguneman dina mediasosial, website, nu brukbrak “buka-bukaan”, jadi anggota dewan jeungmasarakat bisa interaksi/ngobrolatawa ngadoni/ curhat/ mere infutngeunaan sagala pasualan, isu,polemik, jeung sajaba na, nu pamoha-lan dipilampah ku pamarentah salilaieu. Kitu saur wagub mungkas obrolan.Der... ah, Pa Wagub***

Wagub Deddy Mizwar:Pemprof Rek Ngadegkeun Deui Dewan Kabudayaan Jawa Barat

Page 44: Mangle2465

43Manglé 2465

Tanggal 7 Februari 2014 geus lumang-sung Mukernas (Musyawarah Kerja Na-sional) PPP di Bandung(di Sabuga jeung

Preanger). Lian ti para inohong jeung kaderPPP, rawuh Gupernur Jawa Barat AhmadHeryawan. Gupernur dina pangbageanamedar “Partai Politik dan Tantangan Bangsa”.

Saur gupernur, Mukernas PPP kacidapenting jeung strategisna pikeun warga PPPjeung sakumna komponen bangsa Indonesia.Sabab partey politik hakekatna alat perjua -ngan, alat artikulasi jeung aspirasi politik,sarta alat rekrutmen calon-calon pamingpinpolitik keur bangsa Indonesia, boh nu sacaraktif kagabung kana rupa-rupa partey politikatawa nu pasif ukur mere aspirasi nangtukeunpilihan ka partey-partey politik keur nga-jalankeun lembaga-lembaga suprastrukturpolitik saperti badan-badan perwakilan jeungeksekutif dina unggal even pemilu jeungpemilu kapala daerah.

Gupernur ge nyorot peran partey-parteypolitik di era reformasi sabada runtagna rezimsoeharto (1998) nu ngalaman “penguatan” nusignifikan. Jadi hiji-hijina lawang asup keurrekruitmen politik kapamingpinan nasional.Tapi sok sanajan kitu saur gupernur, dina kon-teks pemulikada rekruitmen poilitik keur ka-pamingpinan politik di daerah dibukakamungkinanana ti calon non parpol, soksanajan dina praktekna sababaraha kapaladaerah/wakilna loba nu ngagabung kanasalahsahiji parpol nu aya dina badan perwaki-lan rayat.

Tangtu penomena ieu kudu ditengetankalayan imeut, naha pola rekrutmen nu kawaskieu teh gejala nu positif atawa sabaliknaatawa ukur ngarah aman sangkan meunangrojongan kakuatan politik ti badan-badan per-wakilan rayat.

Gupernur miharep sangkan hal ieu di-jadikeun salahsahiji pedaran/bahasan dinaMukernas PPP. Sabab, teu mustahil kahareup na bakal aya nu ngadongsok kamungk-inan ayana capres/cawapres ti non parpol, nuprospekna bisa positif bisa oge kontraproduk-tif saperti nu kajadian dina konteks rekrutmenkapamingpinan politik di daerah tea.

Dina Mukernas ieu ge gupernur miharepkulawarga besar PPP bisa fokus milu mikiransagala pasualan bangsa dina satengahing pa-narajang kakuatan global bangsa-bangsa didunia, nu aya pakaitna jeung isu karaharjaansosial jeung pangwangunan manusa Indone-sia dina umumna, “ Hal ieu kedah jantenpedaran rutin kaparteyan, naha sakumna par-pol nu aya di urang teh parantos ngalaksana -keun fungsi-fungsi utamana nyaeta sosialisasi,atikan politik, rekrutmen politik, artikulasisareng partisipasi politik, sarta fasilitator

ngabeberes konflik-konflik nu aya dimasarakat boh nu sipatna potensial atanapi nutos efektif”, kitu saurna.

Kaberhasilan partey-partey politik dinangalaksanakeun fungsi utamana, kudu ayahasilna pikeun kamaslahatan bangsa jeungkaraharjaan bangsa Indonesia sarta bangsalianna dina konteks “pergaulan dunia”. Upayaieu taya lian pikeun neruskeun gagasan parapanaratas bangsa nu aya “rengkolna” dinaUUD 1945, nu nandeskeun urang salaku hijibangsa boga tekad pikeun ngabentuk nagaranu merdeka, bersatu, berdaulat, adil jeungmamur sarta milu aub ngarojong perdameyandunia.

Tah, cita-cita jeung gagasan berbangsajeung bernegara ieu cek gupernur, tangtu kudujadi dadasar jeung orientasi, perjuanganpartey politik di Indonesia, kaasup PPP,“Cindek na pabalatak keneh agenda ke-bangsaan nu kapayunna kedah dibeberes kuurang sapertos ngungkulan kamiskinan,nanjeur keun kaadilan sosial, karaharjaanrayat, sareng ngaronjatkeun daya saing bangsadina satengahing persaingan bangsa-bangsa didunia”, kitu saurna deui tandes.

Tangtu wae, agenda-agenda kabangsaanteh, saur Ahmad Heryawan, kudu diper-juangkeun babarengan, ku jalan gotong -royong sauyunan, silih asah,asih, asuhtanwande urang bakal jadi pinunjul dinangayo nan bangsa-bangsa di dunia.Ku kitunasagala “perbedaan” jeung pacogregan dinapartey politik kudu “disieuhkeun” demikatengtreman, kamajuan jeung karaharjaanNegara Kesatuan republik Indonesia nu kuurang dipicinta.Kitu saur gupernur nu dina pa-mustunganana miharep tina Mukernas PPPieu medalkeun rupa-rupa kacindekan nu pen -ting jeung strategis pikeun PPP jeung pikeunkapentingan kamajuan bangsa jeung nagaraIndonesia.

Uar pangajak jeung harepan AhmadHeryawan dina Mukernas PPP ieu sapamade-gan jeung pamanggih Guru Besar Ilmu Pemer-intahan Unpad Prof.Dr.Dede Mariana. Prof.Demar (kitu nenehanana) nu ngahaja dikolo -ngan ku Mangle nandeskeun

Kader-kader partey nu geus jadi kapalapamarentahan boh presiden/wakilna,menteri, gupernur/wakilna, bupati, walikotanu asalna tina partey teh lamun geus kapilihjadi kapala pamarentahan kuduna leuwih nga-heulakeun urusan-urusan bangsa, nagarajeung daerah. Lamun pamingpin di daerahtangtu kudu ngaheulakeun kapentingan wargaJabar, kitu deui di kabupaten kota, jadi cindek -na mah geus weh loyalitas ka partey teh tamatsabadana kapilih jadi pamingpin bangsa.Panghargaan pamingpin bangsa di dieu boh

dina level nagara/nasional atawa levelpropinsi, kabupaten/ kota. Ieu bagean tinaetika politik.

Kukituna uar pangajak gubernur ka wargaPPP sangkan daria dina ngajalankeu fungsiutama parpol jeung pesan2 kebangsaan tehhiji ajakan nu hade. Memang kitu lumrahnakader-kader partey lamun milukontestasi/kompetsisi pemilu teh “bersaing”antar partey demi ngaraeh simpati publik bohka partey atawana ka kaderna.

Jadi cek Prof. Demar sistem di indonesiakiwari lian ti persaingan antara partey secarainrternal oge aya persaingan antar kaderpartey.Jadi persaingan teh aya persainganantar partey, persaingan antar kader parteydina hiji pertey , jeung persaingan antarakader partey jeung kader partey liainna.Kukitu na publik perlu diedukasi-edukasinalain ukur bagi-bagi sembako sangkan dipilih,tetapi publik kudu meunang “rekam jejak”unggal kader partey, naon wae nu geus di -pilampah di lapangan pengabdian saacannaa-sup ka lembaga-lembaga perwakilan rayat,naon nu bakal dipigawe lamun seug kapilihjadi anggota parlemen DPR/DPRD, upamanalamun tadina jurnalis, tah waktu jadi jurnalis -na jiga kumaha, lamun ti birokrat, birokratnanu kumaha, lamun ti pangusaha waktu jadipangusahanaa kumaha talajakna, naha sokmayar pajak/tara, sok ngamanipulasi pajak/ -tara, kitu deui lamun manehna ti kalangankampus. Jadi kuduna aya media nu husus“me-watch” hal eta, tracking, ngan nu jadipasua lan kiwari geuning media publik nu“mainstream” ge umapana televisi kulantarannu bogana milu nyapres nya digunakeun keurkampanyeu/iklan politik, bari teu ngarasanyalahan aturan lantaran cek pikirna sacaraetis jeung teu etis, ah da pasualan etika mahtaya sangsi norma hukumna, mana aturanna?Kitu alesanna.

Jadi sakabeh ajakan Gubernur Heryawandina Mukernas PPP anggap we repleksi jeungintropeksi pikeun partey-partey yen dinamangsa kiwari meureunan fung rekruitmenpolitik teh dianggap penting tibatan pen-didikan politik atawana ngabebers konflik,padahal rekrutmen politik ge tacan sagem-blengna ideal sabab upamana ku alesanneken cost/biaya politik, meureun perteyleuwih gampang ngarekrut artis.Sabenarnateu salah tapi si artis kudu bener-benerditatahar keun, atawa ngarekrut tokoh nusabenerna tacan berkarir di partey, “Padahalaya pasualan-pasualan ageung nu kedahdisanghareupan ku partey sakumaha nuparantos dipiharep ku Gubernur AhmadHeryawan dina Mukernas PPP nu tangtos waerawuhna sanes salaku kader PKS tapi salakugubernur, sangkan sasarengan ngabeberespasua lan kebangsaan upamana ngungkulankemiskinan, ngaronjatkeun rata-rata lamasekolah sangkan jante jalmi terdidik, tahsangkan tiasa jadi “terdidik” kapan kalan-kalan fasilitas ge kedah ditataharkeun”, kitusaurna mungkas obrolan***Asep GP.

Musyawarah Kerja Nasional PPPPartai Politik jeung Tangtangan Bangsa

Page 45: Mangle2465

Manglé 246544

KKatumbiri

Walikota Bandung, M. Rid-wan Kamil, mibandagagasan pikeun medal -

keun program “jaga lebur”dina aragangahiap balaréa sangkan leuwih giatmilu aub miara lembur, ngaliwatansababaraha kagiatan pikeun ngajakatengtreman, katartiban, miarakasehatan, sarta ngarojong pang-wangunan widang atikan. Éta prog -ram jaga lembur téh ditimimitian tilingkungan nu pangleutikna, nyaétati lingkungan kulawarga, lingkunganRukun Warga (RW), nepi kalingkungan Kalurahan. Éta gagasanditétélakeun ku Walikota dina acaraseminar “Jaga Lembur” di Bandung,sawatara waktu nu kaliwat.

Pamarentah Kota Bandung mi-harep, kagiatan jaga lembur euyeubku kagiatan anu aya patalina jeungkapentingan balaréa, saperti jaga cainu hartina masarakat kudu miaralingkungan nu héjo ngémploh pinuhku tatangkalan, boh diburuan imahséwang-séwangan boh di sisi jalanjeung di taman-taman, nu bakalngalantarankeun sumber cai ka -piara. Pon kitu deui dinangalaksana keun pangwangunan,ulah nepi ka ngahalangan nyerepnacai. Aya ogé program “jaga pinter”,nu hartina Kota Bandung nu katelahKota Pendidikan, ku hawana anu tiiséstu ngarojong pisan ka barudak nukeur diajar. Ku kituna, sumangetpara guru dina ngatik ngadidik baru-dak téh kudu terus digedurkeun.Mana komo Kota Bandung kawéntarminangka gudangna SDM (SumberDaya Manusa) nu pinunjul, sarta réanonoman nu rancagé.

Pamaréntah dina raraga

ngaronjat keun darajat kaséhatanmasarakat, luyu jeung kagiatan”Jaga Kaséhatan”, ngahiap masrakatsangkan milu aub dina widangkaséhatan, ngaliwatan lakulampahsapopoé nu leuwih berséka, nanjeurkasehatan nyaeta sangkan ngura -ngan padumuk nu katarajang pa-nyakit.

“Masarakat peryogi ngamu-sawarahkeun kagiatan anu ayapakaitna sareng program jagalem-bur, anu tiasa ngirut perhatianbalaréa. Naon baé kagiatanana tang-tos bakal dirojong ku pamaréntah,salami tiasa ningkatkeun kateng -treman sareng karaharjaanmasarakat,” pokna.

Walikota ogé ngémbohan, pang-wangunan Kota Bandung kudu tetepngakar kana tatapakan budayaSunda. Alatan kitu, kudu aya kagia -tan Jaga Budaya. Mana komo dina

jaman globalisasi ayeuna réa pisanbudaya deungeun nu asup ka KotaBandung. Ku kituna, ésti jadi kawaji -ban saréréa dina ngamumulé rupa-rupa seni karuhun bari lajudimekarkeun sangkan dipikawanohku nonoman.

Jaga Lembur lain ukur pasualankatengtreman, kaamanan, jeungkatartiban wungkul, tapi ogé hal-halnu aya pakaitna jeung atikan,kaséhatan, sarta lingkungan hirup.Alatan kitu, éta program kudu di -rojong ku balaréa, geusan ngahu-dang kasadaran kana pentingnaJaga Lembur. Sok sanajan padumukKota Bandung geus modéren sartahéterogén, tetep kudu gotong ro -yong sauyunan jeung tatanggan, lan-taran teu sakabéh pasualan kududiréngsékeun ku pamaréntah, tapiréa anu bisa diréngsékeun kumasarakat.

Hawa Kota Bandung nu seger turpadumukna soméah, éstu jadi jadipangirut warga ti daérah séjénpikeun datang ka Kota Bandung. Kukituna, pamaréntah metakeun ihtiargeusan terus ngabebenah Kota Ban-dung sangkan leuwih asri.***cucu/dédé

Program Jaga LemburKeur Katengtreman Balaréa

Walikota Bandung, M.Ridwan Kamil (nét)

KORESPONDEN: Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Dede Syafrudin, Enung, Den Jaya (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali

Sumarli, S.Pd. (Sumedang). Distam (Brebes)

Ngalereskeun:Seratan dina Manglé No. 2464

20-26 Pébruari, kaca 41, ngeunaanHak Jawab PT. PerkebunanNusan tara VIII, dina bagian ahirseratan kedahna diserat: “Serat di-tulis A.n. Direksi SekretrarisPerusa haan, kalawan ditawis kuGunara”. Ku kituna, kalepatanparantos dilereskeun.

Page 46: Mangle2465

45Manglé 2465

Invéstasi di Kabupatén Bandung Naék Rp 1,9 Trilyun

Kabupatén Bandung kaasupdaérah di Jawa Barat anu réangirut invéstor pikeun muka

usaha, boh pabrik boh perumahanatawa jasa pariwisata. Hanjakalna,birokrasi perijinan can dibenahankalawan daria. Mémang PemkabBandung dina sababaraha taunkatukang geus ngadegkeunPelayanan PerijinanTerpadu SatuPintu (PPTSP) nu aya di BadanPenanaman Modal Perijinan (BPMP)Kabupatén Bandung, tapi ayana kan-tor anyar lain “motong” birokrasi,tapi kalah sabalika, nyieun ijinprosésna jadi panjang alatan leuwihréa méja nu kudu didatangan.

Birokrasi perijinan salila ieu jadihal anu ngabalukarkeun para pangu -saha rumahuh, alatan salian tiwaktu na jadi lila téh, waragadna ogéjadi leuwih mahal. Antukna dinataun 2013, éta kabupatén legawilayahna 176.238,67 ukur bisanarik invéstasi Rp 8,2 trilyun tina2.468 poyék, sedengkeun pgawé anukaserep aya 52.086 urang, ditambahku pagawé asing 62 urang. Papada -ning kitu, jumlah sakitu téh kawilangundak lamun dibandingkeun jeunginvéstasi taun saméméhna.

“Jumlah invéstasi taun 2013ngaronjat pisan, margi dina taunsaméméhna mah invéstasi nukaserep ku Kabupatén Bandungmung Rp 6,3 trilyun. Janten, dinataun ieu tina invéstasi aya kanaékankirang langkung 1,9 tilyun rupia,”ceuk Kepala BPMP Kabupatén Ban-dung, Drs. H. Ruli Hadiana, dinaacara Sosialisasi Kebijakan Penana-man Modal Dalam Negeri Tahun2014, di Soréang, sawatara waktu nukaliwat.

Ruli ogé nandeskeun, nérékélnajumlah invéstasi mangrupa bukti yénKabupatén Bandung masih mibanda

daya tarik pikeun para invéstor. Datadi BPMP nétélakeun, pausahaan-pausahaan gedé masih kénéhngadominasi invéstasi kalawan jum-lah 6,8 trilyun tina 111 proyék, sartapagawé anu kaserep 60 urang.Sedengkeun pausahaan leutik nujumlah proyékna nepi ka 2.102, jum-lah invéstasina ukur Rp. 933,3 mil-yar. Tapi pausahaan samodél kitu,bisa ngungkulan pasualan réanawarga nu ngalaligeuh, lantaran bisangagawékeun sakurang-kurangna8.922 pagawé lokal. Usaha mene -ngah tahun kamari ukur bisa meu-nang invéstasi Rp. 473,7 milyar tinajumlah 255 proyék, tapi mampuhnyerep 2.025 urang pagawé, ditam-bah ku dua urang pagawé asing.

Ruli ngajéntrékeun, ngeunaanlokasi atawa tempat usaha anu diaju -keun ku para invéstor, pangréa diKacamatan Rancaékék kalawan niléyinvéstasina kurang leuwih Rp. 3,3trilyun, disusul ku Dayeuhkolot Rp.

1,8 trilyun, Cileunyi ukur Rp. 276,9milyar, Majalaya Rp. 273,8 milyar,sarta Kertasari Rp. 622,9 milyar.

Taun saméméhna mah,Dayeuhkolot kacatet pangunggulna.Harita invéstasi di kacamatan nukatelah ku banjirna téh ngahontalRp. 2 trilyun.

“Waktos harita Kertasari aya di-posisi panghandapna, tur invéstasinaogé mung 2,6 milyar rupia. Dinataun 2013, daérah nu pangsakediknakénging invéstasi nyaéta KacamatanRancabali, jumlah mung 2,3 milyarrupia,” Ruli ngémbohan.

Rancabali jeung Kertasari, ceukRuli, mibanda karakter daérah anuampir sarua, nyaéta boga poténsiusaha pertanian jeung perkebunan.Ku kituna, BPMP boga tékad pikeunterus mromosikeun éta dua kacama -tan, sangkan réa invéstor anu katajitur daék ngainvéstasikeun modalnakana widang usaha pertanian jeungperkebunan. ***nunk

Pemkab Bandung metakeun tarékah sangkan réa invéstor nu kataji ku widang pertanian & perkebunan (nét

Page 47: Mangle2465

Manglé 246546

Lantaran koperasi wanita Gemi Nastititéh diadegkeun ku DWP (DharmaWanita Persatuan) Kab.Tasikmalaya,

mangka merenah pisan upama sakabéhanggota DWP Kab.Tasikmalaya arasup jadianggota Kop. Gemi Nastiti. Dibandingkeunjumlah anggota DWP Kab.Tasikmalaya,anggota DWP Kab.Tasikmalaya nu jadianggota Kop.Gemi Nastiti kaitung tacan patiloba. Ku kituna, pangurus DWP Kab.Tasik-malaya dipiharep mampuh ngajak kabéhanggotana sangakan jadi anggota Kop. GemiNastiti.

Hj. Endang Hendrik nepikeun étapanga jak kalawan asmana Ketua DWPKab.Tasikmalaya, dina RAT Kop. GemiNastiti Taun Buku 2013, Rebo(29/1), digedong Galih Pawestri Kota Tasikmalaya.Keur nasabah nu alus catetanana, pangurusnyadiakeun hadiah keur 10 anggota ti GemiNastiti sarta 5 anggota ti Pertiwi. Lian ti éta,ogé nyadiakeun hadiah “door prize” keur 40urangeun.

Kakayaan beresih Kop.Gemi Nastitidina ahir taun kacatet Rp. 490 juta leuwih.Dina taun 2013 jumlah anggota aya 325urang. Ku lantaran dina taun ieu kénéh aya

32 urang nu kaluar, jumlah anggota nu ka-catet dina ahir taun 2013 téh kari 293 urang.salila taun 2013, pihak Gemi Nasititi nga-malirkeun injeuman Rp568,6 juta ka 96urang anggota. Panghasilan nu ditargétkeuntaun 2013 Rp94,2 juta, réalisasina ngahon-tal Rp112.820.753, naék 10,6%. SHU-na nudirarancang Rp.26,4 juta, réalisasina nga-hontal Rp. 34,4 juta.

Réngréngan pangurus Kop.Gemi Nastitimangsa bakti 2010-2014, Ketua: Ibu Mag-dalena Triyono,SH.,CN. Sekretaris: Hj.DiahMardiah, SIP. Bendahara: Dra.Elin Yuliasih.Wk.Bendahara I: Ibu Nurhayati Aceng. Wk.Bendahara II: ibu Entin Tono. Pangawasna,Ketua: Hj.Yayu Mamat H, S.Pd.. Anggota:Hj.Yetty Yayat R. & Hj.Entin K.Munawar.

Ngeunaan rarancang gawé dina taun2014, Ketua Kop. Gemi Nastiti, Ibu Magda -lena Triyono, SH.,CN ngajéntrékeun, dang -ka pondokna miharep sakumna anggotaDWP Kab.Tasikmalaya arasup jadi anggotaKop.Gemi Nastiti. Dangka panjangna,ngarénovasi gedong kantor sarta diajar sis-tim akuntansi ti Dinas Koperindag. Dinataun 2014 pihakna rék ngamalirkeun injeu-man nu pangajina Rp. 700 juta keur 150

urangeun.Sedengkeun, Ketua Badan Pengawas

mah, Hj.Yayu Mamat,S.Pd, umajak kasakumna anggota koperasi sangkanngalaksana keun motto koperasi: AnggotaSatia, Pangurus Jujur, Koperasi Subur, kujalan resep neundeun, resep nginjeum jeungteu hésé mulangkeun !

“Dina mangsana RAT, sumpingna ulahwaktosna nampi SHU wungkul, tapi kedahngaluuhan lumangsungna RAT, supadostiasa ilubiung ngungkulan rupaning pasua -lan dugi ka réngséna kalawan saé,”pokna.*** Uun Juharianti

Koperasi Paguyuban Pasundan(KPP) anyar-anyar ieu geusngalaksana keun Rapat Anggota

Taunan (RAT) taun buku 2013. Acara dige-lar di Lante 6 Gedong Aula PascasarjanaUnpas, Jalan Sumatera 41 Bandung. Etaacara dihadiran ku Ketua KPP, KhaerulSyobar, SE.MM, Sekretaris KPP AanSarani, Bc.Ak., sarta rengrengn pangurusjeung anggota, Prof. Dr. H. Rully Indrawan,

M.Si., Prof. Dr. H. Ali Anwar Yusuf, M.Si.,(Pengawas), Ketua Dekopinda Kota Ban-dung, sarta Pajabat ti Dinas Koperasi KotaBandung.

Sakumaha ilaharna saban taun tutupbuku, program wajib nu kudu dilaksana -keun ku pengurus koperasi nya diantaranangagelar acara RAT (Rapat Anggota Tau-nan), minangka bukti pertanggung -jawaban pangurus dina ngalarapkeunprogram-programna sarta kinerjana kasakumna anggota.

Ketua KPP nu oge Sekretaris BidangEkonomi Pengurus Besar PagyubanPasun dan, Khaerul Syobar, SE., MM.,netela keun, alhamdulillah, RAT KPP taunbuku 2013 digelar kalawan lungsur langsar.Ti taun ka taun, KPP terus ngaronjat, bohjumlah anggotana, boh jumlahsimpenan/tabungan anggota, nukakumpul tur gumulung disabananggotana. “Koperasi teh motto juangnaKu Urang-Nu Urang-Keur Urang. Tah ku

kituna, majengna koperasi teh lantaran,rajinna urang (anggota) nyimpen/ nabung,nambut sarta tumut mayarna deuih,” kitupokna Kang Kherul (landihan dalitna)nepikeun laporanna. Alhamdulillah, taunieu , Kang Khaerul negeskeun, KoperasiPaguyuban Pasundan, tina Sisa HasilUsaha (SHU) na, tiasa miangkeun duaurang anggotana ka tanah suci (UjangSuhendris sareng Dodo Juherman)ngalaksana keun ibadah Umroh. “Tangtosieu teh hiji kabungah kanggo sim kuringhususna, pon kitu deui keur sakumnaanggota kulawarga besar KoperasiPaguyuban Pasundan,” saur Kang Khaerulnepikeun kareueusna.

Harita dina acara RAT KPP, paraanggota nu haladir tembong naker kacidasuka bungahna. Sabab , sakumna anggota,lian ti meunang pangbagea nu kacidaageung na (nya tuangna jeung artos SHU)oge deui masing-masing ngagembol ha-diah ‘door prize’.***(nay)

KPPMiangkeun Dua Urang Anggotana Umroh

Khaerul Syobar, SE.MM., Ketua KPP

Pangurus Kop.Gemi Nastiti méré hadiahka anggota nu getol nabung jeung mayar in-jeuman tepat dina waktuna (Unas/Manglé)

KKatumbiri

Kop. Gemi Nastiti Kudu Dirojong ku DWP Kab. Tasikmalaya

Page 48: Mangle2465

47Manglé 2465

PDAM Kudu Mampuh Nyadiakeun Cai BeresihHaratis keur Masarakat Miskin

Melesatna laju kamekaranmasarakat jeung mekarnapangwangunan di Kota

Bandung, kudu jadi perhatian nuseurieus pikeun PDAM (PerusahaanDaerah Air Minum) Tirtaweninggeusan ngajalankeun léngkah jeunginopasi perencanaan, ogé dinangamekarkeun “bisnis plan”,sangkan bisa nyumponan kabutu -han cai beresih keur masarakat KotaBandng. Salian tikitu, pausahaanogé kudu mampuh nyadiakeun caiberesih haratis keur masarakatmiskin. Éta hal ditétélakeun kuKetua Fraksi PDIP DPRD Kota Ban-dung, Rieke Suryaningsih SH, kaManglé sababaraha waktu nu kali-wat di kantorna.

“Kiwari déwan nuju ngabahasparobahan Perda (PeraturanDaerah-réd) No.15 taun 2009ngeuna an PDAM Tirtawening.Saméméhna, pamaréntah Kota Ban-dung ogé parantos dua kali ngarobihPerda ngeunaan PDAM, nyaétaPerda No 7/PD/1974 dirobah jan-ten Perda No. 08 taun 1987, terasdirobah deui ku Perda No 15 taun2009. Tapi, dumasar kana tinimba -ngan mekarna pangwanguna sarenglaju pertumbuhan penduduk, diang-gap peryogi deui aya parobahankana éta Perda. Fraksi PDIP DPRDKota Bandung miharep éta pausaha -an daérah langkung nyeueuransareng ngalegaan jaringanpalayanan, sangkan masarakatlangkung ngarasa yén kabutuhan caiberesih téh tiasa ditedunan kuPDAM Tirtawening,” ceuk Rieke.

Rieke ogé nétélakeun, minangkapausahaan daérah anu ngokolakeuncai inumeun sarta ngokolakeun cailimbah keur kapentingan balaréa,PDAM Tirta wening kudu terusningkatkeun wilayah cakupan,ningkatkeun kualitas cai beresih,

Ketua Fraksi PDIP DPRD Kota Bandung, Rieke Suryaningsih SH

BBandung - Bandung

PDAM kudu terus ningkatkeun kamampuh dina nyadiakeun cai beresih (nét)

Page 49: Mangle2465

sarta rancagé ningkatkeunusaha lianna kalawannerap keun prinsip-prin-sip bisnis luyu jeungparaturan nu aya,sangkan bisa ngaronjat -keun kauntunganpausaha an dina raraganingkatkeun kontribusikana PAD (PendapatanAsli Daerah).

Luyu jeung paraturan,pausahaan daérah dinangolah kantungan beresihtéh nyaéta 55perséndisetor keun ka kas daérahminangka PAD, sartasésana nu 45 perséndikokolakeun ku pausaha -an kalawan rincian 15 per-sén keur cadangan umum,10 persén keur waragadpendidikan jeungsosial,10 persén keurwaragad jasa produksi,sarta 10 persén deui keursasadiaan waragadpansiu nan jeung “tunjan-gan hari tua”. Dina ét hal,nu jadi bahan pananyaFraksi PDIP téh nyaétaketak gawé PDAMTirtawening, naha geusluyu jeung paraturan per -udang-undangan, atawamasih kénéh bisa dirobahsangkan luyu jeungkabutu han régulasidaérah minangkaotonomi? Lantaran kuayana PDAM Kota Ban-dung téh dipiharep bisanambahan panghasilankeur kas pamaréntah.

Ceuk Rieke, nangtu -keun tarip cai inumeunjeung cai limbah, sartatarip lianna nu aya patalina jeunggéta hal, éstu diatur ku walikota,sangkan tarip rata-rata éta cai téhbisa sahandapeun biaya dasar. Kukituna, pamaréntah Kota Bandungmetakeun ihtiar ku cara méré sub-

sidi pikeun nutup kakurangan wara-gad pausahaan ngaliwatan APBD,luyu jeung perundang-undangan nuaya. Lian ti kitu, PDAM Tirtaweningbisa ngalaksanakeun gawé barengjeung Badan Usaha Milik Negara,

Badan Usaha MilikDaerah, Badan UsahaSwasta, koperasi, sartagawé bareng jeungmasarakat pikeunkapentingan ngamekar -keun pausahaan. Étagawé bareng téhdilaksana keun dinawidang usaha atawakagia tan nu langsung ayapatalina jeung PDAMTirtawening.

Bulan April taun 2013,PDAM Tirtawening geusnaékkeun harga cai inu-meun, nu ngawengkugolo ngan bisnis 60 per-sén, golongan rumahangga 40 persén, sartagolo ngan sosial 20 persén.Dina nangtukeun tarip cai,PDAM éstu nyoko kanaPerwal (Peatu ran Wa-likota). Alatan kitu, kuduaya parobahan perun-dang-undangan, lantaransubsidi ka PDAM téhwaragadna tina APBD,jadi kudu disatujuan kudéwan. Kudu aya paroba-han kana Perda No 15 taun2009.

“Alesan PDAMnaékkeun tarip cai téhalatan kadesek ku rupa-rupa kabutuhan, diantara na butuh wargadkanggo ngalereskeunpipah nu balocor, bahankimia kanggo ngolah caihargana mahal, hargatarip listrik naék, sarengbunga kiridit anu ageung.Antukna nu kateubleuhanmah masarakat pelang-gan. Saban hahargaan

naék, teu weléh diteubleuhkeun kamasarakat. Padahal pikeunngungkulan pasualan waragad,PDAM sok meredih bantuan kapamarén tah Kota Bandung,” Riekengémbohan. ***cucu/dédé

Manglé 246548

BBandung - Bandung

Masarakat nu teu mampuh butuh cai beresih haratis ti PDAM (nét)

Pasualan nu disanghareupan ku PDAM ulah terus diteumbleuhkeun ka masarakat palanggan (nét)

Page 50: Mangle2465

49Manglé 2465

BOH dina babasan boh dina pari -basa, réa kalimah anu ngandungkecap “cai”. Dina buku 1000

Babasan jeung Paribasa Sunda yasanaBudi Rahayu Tamsyah spk. (“PustakaSetia”, Nopémber 1994), babasan anumaké kecap “cai” téh jumlahna ayatujuh. Ari paribasa anu maké kecap “cai”jumlahna aya dalapan. Hartina, pari -basa nu maé kecap “cai”, jumlahnaleuwihréama nan babasan nu makékecap “cai”. Sok sanajan bédana nganukur hiji. Réana babaan jeungparibasaanu maké kecap “cai” ngagambarkeunyén urang Sunda mah kana cai téhwanoh pisan. Lai ukur wanoh tapi ogéngahargaan. Rék teu kitu kumaha, apandina kahirupan urang Sunda sapopoémah éstu teu bisa pisan dijauhkeun tinacai. Apan nyebut nagara gé urang Sundamah “lemah-cai”. Ari kecap “lemah-cai”apan lain tarjamah tina “tanah-air”, lainpédah dina basa Indo nésia nagara téhdisebutna “tanah-air”.

Dina babasan, kecap “cai” téh dipakéti mimiti babasan nu ngagambar keun“aya nu dihéroan” (aya nu dianjing cai)nepi ka babasan nu ngagambarkeun “dipanganjangan teu disuguhan naon-naon” (teu cai hérang-hérang acan). Aridina pari basa, apan aya paribasa “bébékngoyor di sagara, rék nginum néangancai”, anu ku Budi spk.Dihartikeun“lubak-libuk tapi teu bisa maké alatanlain hakna”. Leuwihna ti kitu, éta pari -basa téh merenah upama diterapkeunkana kaayaan rahayat urang kiwari.Lemah-cai urang téh apan kaceluksubur ma’mur, tapi réa rahayatna nulara balangsak. Ongkoh kasebut nagaraagraris, tapi ari butuh kacang kedelékeur nyieun tahu jeung témpé kalahnguyang ka nagri deungeun.

Aya deui parabasa anu maké kecap“cai” tapi anu henteu ngagambarkeun

kaayaan rahayat urang sanyatana.Geura, “cai di hilir mah kumaha digirang na”. Dina kanyataan hirupsapopoé mah apan teu kitu. Di girang naréa inohong nu karorupsi, tapi apan dihilirna mah, rahayatna henteu aya numilampah gawe codéka samodél kitu.Karék merenah upama disurahan “dihilirna jadi saat alatan dibéakkeun digirang na”. Rahayat kari ripuhna, alatannu di laluhur karorupsi. Paling copél ogénu di laluhur mah ukur “nepak cai malarcérét”, nepakan pakaya malar rahayatngan saukur kacérétan. Rahayat mahukur dibibita wungkul. Da ri anusareubeuhna mah angger ukur nu dilaluhur.

Paribasa panungtung anu makékecap “cai”, dina buku karangan Budispk. mah nyaéta “nyiuk cai ku ayakan”anu dihartikeun “migawé kalakuan numoal aya hasilna”. Dipapandékeun kanakaayaan urang kiwari gé éta paribasa téhasana merenah kénéh. Pangpangnapikeun ngagambarkeun demokrasi.Apan cenah cék caritaan ana mah paraélit pulitik téh miharep malar demokrasidi urang reugeujeug sakumahademokrasi nu enya-enya demokrasi.Tapi lebah tarékah pikeun ngahontal étaudagan, asa papalingpang jeung tujuan.

Réana babasan jeung paribasa anumaké kecap “cai” nétélakeun yén “cai”téh henteu bisa dipisahkeun tina kahiru-pan urang sapopoé. Teu rék kitukumaha, apan sapopoé téh urang butuhnginum butuh mandi. Kukumbah jeungnyeuseuhan gé apan rék kumahaberesih na upama henteu maké cai mah.Tapi remen pisan urang ngamomoré -keun cai. Ngaguna keun cai teudiluyuken jeung pangabutuhna. Rasamanéh cai réa,makéna gé teu diijir, teudiwatesa nan luyu pangabutuhna.Karasana butuh ku cai téh upama

pareng ngalakonan usum halodo. Sawahjeung kebon kasaatan. Dalah keurnyumponan pangabutuh sapopoé géhéséna kacida pisan.

Tapi, aya kalana sabalikna. Datangnacai kana kahirupan urang manglipet-lipetréana. Leuwih réa sakitu lipet tinapangabutuh urang sapopoé. Hujan turunteu eureun-eureun. Cai teu kawadahanku walu ngan. Antukna limpas ka jalan,jeung pilemburan. Réa imah nukakeueum nu ngalantarankeunpangeusina kudu ngungsi. Cara nu keurkaalaman ku urang ayeuna. Jakartakakeueum, Manado kabanjiran. Nya kitudeui di tempat-tempat lianna. Raha yatngocéak alatan teu tahan ngayo nan ban-jir. Ngayonan benduna alam.

Apan musibah alam téh lain ngan diurang wungkul. Di batur gé sarua.Malah di Amérika jeung sawatara na-gara deungeun mah réa jalan karuangsalju. Réa walungan jadi nanglu. Musi-bah alam téh apan balukar cuaca éek-trim. Atuh upama alam bendu téhbenduna lain ngan ka urang wungkul.Ulah ngabanding-banding jeung batur.Urang nyaliksik diri sorangan. Dameureun enya urang téh réa teuing mil-ampah dosa. Lain urang dina hartisaréréa, tapi réa di antara urang numilam pah salah. Sawadina urangtamaha. Sawadina urang narima, munbanjir di mana-mendi. Lamun cai dakdumadak ngamusuhan ka manusa.***

DI KIWARI MACA BIHARI (33)Catetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA

(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)

Ti Mimiti Dianjing Cai

NgalereskeunDina seratan “Di Kiwari Maca Bi-

hari” (32) nu dimuat minggukalangkung aya kalepatan jejer.Kedahna jejerna téh “KompetDaun”.

Hapunten anu kasuhun(Rumpaka)

Page 51: Mangle2465

Manglé 246550

BBalé Bandung

Mun bareto kajadian revolusi“memakan anaknyasendiri”, ayeuna oge sarua

reformasi “memakan anaknyasendiri”. Bareto sakitu rea rahayattiwas, tokoh-tokoh dipateni sapertiTan Malaka, Otto Iskandar Di Natajeung nu lianna. Ayeuna? Sakitu reanakapala daerah jeung wakil rahayatkagoda ku kakawasaan bari jeungsalah lengkah, nu akibatna asup pan-jara. Pamustunganana, karaharjaanbalarea teu kahontal wae.

Ku naon nepi ka kitu? Tangtu ku-lantaran manusa-manusa Indonesiasorangan nu teu mampuh ngajawabtangtangan jaman. Ti mana datangnamanusa-manusa Indonesia? Nya timasarakatna, ti bangsana. Ana kitu,masarakat, bangsa Indonesia sorangannu kurang boga ajen, nepi ka putera-puteri Ibu Pertiwi geuning kitu nasib -na. Mana atuh paradaban Indonesiaasli nu cenah adi luhung teh?Geuningkateter ku paradaban bangsa sejen?

Dua JalanJelas, urang teu bisa deui ngan

ngandelkeun kaaripan lokal wungkul,

tapi perlu oge ngamangpaatkeunkaaripan nasional, kitu deui kaaripaninternasional. Ana kitu, breh dua jalannu perlu disorang, kahiji jalan kaparadaban sorangan, tradisi nu geuslila hirup di lemah Nusantara,kadua,jalan ka paradaban dunya nu gedenangtukeunana kamanusaan sajagat.

Cina oge nu ayeuna pada nujumbakal jadi nagara adikuasa, mapakanAmerika Serikat, geuning teu saukurngamangpaatkeun kabudayaan so-rangan tapi ngamangpaatkeun ogebudaya ti bangsa sejen, saperti nga-mangpaatkeun kapitalisme, sabadakomunisme gagal, kaasup tangtunaoge elmu jeung teknologi. Atuh teukudu dicaturkeun deui urang India.

Geus ti bareto mula, kaom terpela-jarna kokojayan di leuwi kabudayaanKulon. Sajeroning kitu, budaya Indiasorangan henteu kadeseh ku budayadeungeun.Sarua bangsa sejenna ogesaperti Jepang jeung Korea Kidul.

Jelas, lembaga atikan ti mimitiatikan dasar nepi ka atikan paguronluhur pohara nangtukeunana. Ti dinyaapan hadirna manusa-manusa Indo -nesia nu bakal ngamudikeun kagiatanpulitik, hukum, ekonomi, budayajeung widang sejenna.

Visi Teu jelas, visi kabudayaan kumaha

nu keur dijalankeun ku urang ayeuna.Dua jalan nu ditataan bieu henteutembong kumaha ngamangpaatkeun -ana. Geus semet mana ngamang-paatkeun kaaripan lokal, nasionaljeung internasional? Lebah dieu, ka-pamingpinan pohara nangtukeunana,kapamingpinan presiden, paramenteri , nepi ka kapala daerah disakuliah nagara. Hanjakal, lebah dinyapohara hengkerna.

Demokrasi nu geus jadi pilihanhirup, sakuduna ngahudang sakumnapotensi nu geus kapimilik ku urangsarerea. Tapi, demokrasi moal kapulukmun seug infrastruktur sosial budayahenteu nanjeur. Coba geura, nu tem-bong ayeuna buktina saukur demok -rasi euwah-euwah wungkul.

Kapamingpinan tangtu wae ayeu -na dijadikeun andelan. Lebah dieu,kapamingpinan bakal muncul munsarerea telik lebah milih-milihna.Media massa sakuduna ngatik masa -rakat supaya beunta kana kaayaan.Hanjakal, sawatara kaom terpelajarteu ngajak mikir kritis. Eta geuraSukardi Rinakit, panaliti ti SoegengSarjadi Syndicate, teu euleum-euleumnulis noron tilu kali dina koran Kom-pas, muji bebeakan Megawati jeungJoko Widodo, kaasup tangtuna ogePDIP. Padahal nu penting keur urangmah pan lain pujian totomplokankitu,tapi tilikan nu imbang.

Turun ka JalanTangtangan merlukeun jawaban.

Upamana wae, sistem pamarentahanminangka turunan tina sistem kata ta -nagaraan ayeuna pohara perlunadibebenah.

Coba geura, geus pada apal ajenpartey pulitik sarta kaom pulitisi sakituhandapna, tapi kunao atuh kawena -ngan DPR diantep sakitu gedena?Akibatna parna, MK dipingpin kueuwah-euwah!Cik atuh, para ahlipulitik, ahli pamarentahan, ahlihukum tatanagara tandang. Puguh -keun solusina. Mun teu diwaro wae,turun ka jalan, malah bisa tuluy mogokteu ngajar di universitas salila nagaradikawasa ku mangkeluk pulitisi kawasayeuna. ***

Karno Kartadibrata

Tangtangan Jaman

Page 52: Mangle2465

51Manglé 2465

Page 53: Mangle2465

Geus saminggu tisaprak balikkahujanan, manéhna terus ge -ring. Ngalempréh di enggonna,

awakna nyebrét panas. Wali kelas jeungbabaturan sakelasna haat ngalongokbareng. Ku kitu téa mah pantes, damanéhna téh salah saurang murid anukaitung nyongcolang, pinter dinapanga jaran ngitungna. Di sakolana ogéteu cara kalolobaan baturna nu keurmeujeuhna, manéhna mah kaasupmurid anu tuhu kana peraturan sakolajeung guru-guruna.

Sapoéeun deui ka kanaékan kelas,manéhna kakara mendingan, nganawakna katingali kénéh laleuleus. Atuhbasa pasa poéan kanaékan kelas, walikelas jeung babaturanana di sakolanadi SMP daratang deui ngaburudul.Pabeubeurang nganteurkeun rapotnasatutas bérés di sakola.

Peunteun rapotna aya anu turun,pangpangna mah pangajaran hapalan.Tapi ari peunteun matématika jeungpraktikumna mah tetep masih leuwihpunjul ti nu lian. Anu nyanghareupanwali kelasna, harita téh indungna. Arimanéhna mah harita masih ngagolér dienggonna diriung ku babaturanana.

“Dupi ramana Jumad nuju kamana? Asa teu katingal, Bu?” walikelas na nanya ka indungna.

“Nuju ka dayeuh, icalan. Biasa,pami ngabantun barang téh pami teuacan séép mah moal waka wangsul,”témbal indungna.

“Oh...pantesan pami kitu mah,paingan asa langki katingal pami ayarapat orang tua di sakola téh.”

“Muhun, da kumaha atuh nya, CépGuru, ari ninggang di jalmi sapertosabdi mah. Éta ogé selang-selang upamidi sawah bérés tandur, ngantosanngarambét,” ceuk indung Jumad bariterus amitan ngaléos ka dapur, deuknyokot cai jeung kakarén suguhkeu -neun.

Sora adan lohor hawar-hawarkadéngé ti masjid. Wali kelas Jumadkatut babaturanana aramitan deukbalik. Jumad milu hudang, nganteur -keun nepi ka lawang panto tepas.

“Mad, sing gancang cageur nya,ulah kateterusan, liburan dua minggutéh mangpaatkeun, tong dipaké ulin.Ngapalkeun anggursi,” ceuk guruna

bari turun tina golodog.“Muhun, Pa. Hatur nuhun,” témbal

Jumad.Babaturanana sarua, basa balik téh

teu cacarita heula jeung Jumad. Teuingnaon anu diobrolkeunana mah dapating cikikik saleuseurian. Geus kitumah bring wéh ngaraléos. TinggalJumad jeung indungna duaan.

Basa indungna keur ngasur-ngasursuluh di hawu, Jumad nyampeurkeunka dapur.

“Ma, Bapa iraha mulang ti dayeuhtéh?”

“Nya, lamun teu isuk, pagétomeureun. Aya naon kitu, Mad?”

“Domba Jumad, Bapa mah kalah kadijual,” ceuk Jumad bari ngaheruk.

“Dijual gé da lain dipaké teuparuguh atuh, ieu mah dipaké namba-han modal,” témbal indungna.

“Cenah Bapa jangji, ngajual dombatéh lamun engké deuk neruskeun

sakola, lamun lulus ti SMP.”“Enya éta ogé tadina mah.”Atuh ari geus kitu mah Jumad balik

deui ka jero, hanteu terus ka kamar,tapi muru tépas. Gék wéh diuk dinakorsi hoé bari ngalangeu.

Di dapur, indungna jongjon nyangubari naheur cai kana sééng. Suluh dinahawu diasurkeun deui, kepoh-kepohditiupan ku songsong, gék diuk dinajojo dog.

Dua poé ti harita, bapana Jumadnorojol balik. Teu wudu padangabagéakeun, pangpangna mahJumad, manéhna ujug-ujug nanyakeunoléh-oléh karesepna. Ari bapana,ningali kondisi Jumad maju ka séhattéh teu wudu atoheunana, teu siriknadirangkul. Atuh da basa bapana indit kadayeuh téh Jumad keur kaayaan gering.Harita téh, ari deuk dibedokeun indit,puguh barang dagangan téh sasatnamah lain utuh modal manéhna,

Manglé 246552

CCarpon Rumaja

Page 54: Mangle2465

53Manglé 2465

sawaréh ti nu boga barang anu geusmercayakeun ka maméhna, ditambahku ladang ngajual domba téa.

Kabeneran dagangan laris, matakbasa balik ka imah téh kari rancatanjeung salangna wungkul, ditambaholéh-oléh keur anakna.

Peuting, ba’da isa ngariung di te -ngah imah. Jumad harita mah canwaka milu ngaji ka mushola, basa baba -turan tatanggana nyalampeur ba’damagrib téh.

“Pa, ari di dayeuh téh aya naonwaé?” Jumad nanya basa bapana keurnyuruput cikopi.

“Nya, ramé wé, sagala aya. Lobajelema balawiri ngadon usaha. Atuhanu jadi baramaén atawa galandanganwaé aya, ngadon sararé di téras toko.Pasuliwer mobil jeung motor. Ayabioskop, aya toko-toko kolontonganjeung......lah, pokona mah loba wé,Bapa gé teu arapal,” bapana némbal.

“Amad hoyong, Pa, ka dayeuh. Ho -yong nyobaan numpak beus. Baélah,mantuan Bapa dagang, da pan Amadmah tos tiasa nanggung.”

“Enya, engké wé ari geus bener-

bener jagjag, jeung barina gé ayeunamah kakara hudang gering,” indungnamairan.

“Enya, engké atuh Ma. Da moalayeu na, engké wé mun Bapa ka dayeuhdeui,” Jumad némbal.

“Enya, ké saminggu deui dibawa kadayeuh, kabeneran aya nu pesenbarang,” ceuk Bapana,”Libur pan,nya?” Bapana ngarérét ka Jumad.

“Muhun, Pa. Aya waktos saminggudeui. Asiiiik....,” ceuk Jumad jigrah.

“Hééh......jug atuh geura saré kadi-tuh. Améh gancang séhat deui, tongpeuting teuing,” indungna ngajurung -keun.

Jumad terus ngaléos muru enggon -na. Golédag ngagolér bari terus nyileuk.Pikiranana ngalayang ngabayangkeunindit ka dayeuh. Bisa numpak beus,bisa ningali raména kota, ningaligedong-gedong jangkung, jeung pang-pangna mah engké lamun balik deui ka

lembur, deuk cacarita ka babaturanana.Saminggu ti harita, Jumad geus

bener-bener séhat. Hudang subuh-subuh, geus saged deuk milu balantikka dayeuh marengan bapana. Manéhnadipangnyieunkeun rancatan leutik kubapana, keur milu diajar dagang cenah,meungpeung peré.

Ti lemburna, Palintang, barengjeung batur tatanggana nu sarua deukngadon usaha ka dayeuh, narumpakmobil dolak. Rupa-rupa nu deuk da-gang iderkeuneun di dayeuh téh. Ayanu dagang peuyeum, dagang sayuranhasil tatanén, dagang jagong kulubmeni ngarebul kénéh, jeung lian-liannadeui.

Datang ka dayeuh jam lima subuh.Rérés sholat subuh di mushola termi-nal, Jumad jeung bapana muru beusDamri jurusan Cicaheum-Leuwi -panjang. Masih karosong kénéh,bubuhan kakara ngetém. Dagangandisimpen di tukangeun jok tukang,ngarah rinéh ari turun. Jumad asabunga ngang haténa, umur-umurankakara numpak beus.

Di parapatan Jalan Riau, beus eu-

reun. Bapana Jumad turun dituturkeunku Jumad. Méméh ngider, nyimpangheula ka warung sangu deuk ngadonsasarap.

Jam dalapan, kakara wéh duananatatahar. Bapana Jumad nanggungdaga ngan, kitu deui Jumad, nanggungdagangan nu sakirana kaduga.Pangheulana, nganteurkeun barangpese nan, atuh saterusna kakara wéhngider ka tempat-tempat séjén. Baranganu diiderkeun téh teu loba teuing, daampir satengahna mah pesenan anutadi geus diheulakeun dianteurkeun.

“Pa, Amad deuk nguriling nya, kalembur itu! Sugan wé aya nu balanja.”

“Jug, tapi tong jauh teuing nya, bisinyasab! Ké, pukul sapuluhan Bapangadagoan deui di dieu. Handapeuntangkal Angsana,” ceuk Bapana.

Aya kana sajamna Jumad nguriling.Basa balik deui nepungan bapanamanéhna katingali bangun nu atoh.

Datang-datang, pok cacarita.“Pa, Amad kénging artos lumayan.

Tuh, seueur, nya?” ceuk manéhna barinémbongkeun duit kencring jeungsarébuan aya kana lima lambarna.

Bapana héran ningali Jumad, meu-nang duit tapi ari daganganana masihweuteuh.

“Haaar...? naha meunang duit timana? Geuning éta barangna mahmasih weuteuh, can aya nu cocéng?”

“Aya nu masihan, Pa. Basa Amadnanggung, aya mobil lirén. Kaluar ibu-ibu naroskeun harga barang ieu, tapimésérna mah teu cios, kalah naroskeunsakola kénéh henteu, cenah. Basa badénaék deui kana mobilna, ibu-ibu téhmasihan artos ieu,” ceuk Jumad polos.

Bapana, ngadéngé pangakuan kituti anakna téh lain atoh, kalah kagegelen deng. Bari ngajak diuk kaanakna. Pok nyarita.

“Mad, kadé ulah salah. Urang kakota téh deuk diajar dagang, lain deukbaramaén atawa barang pénta ka nungaliwat. Urang lain deuk némbong -keun atawa ngajual kakurangan urangsupaya dipikarunya ku batur, sok sana-

jan ceuk paribasana urang téh heureutpakeun.”

“Tapi pan, Pa, Jumad mah tadi téhteu baramaén,” Jumad némbal.

“Enya, keun wé ari nu enggeus mah,ngan kadé urang ulah nepi ka salahniat, urang diajar usaha téh bari ngalapélmu keur bawaeun jaga. Urang kahareupna tong nepikeun ka jadi jelemanu nyusahkeun jeung hayangdipikarunya batur.”

Jumad, dicaritaan ku bapan kitu téhunggeuk-unggeukan, tandana ngartikana tujuan manéhna datang ka kota.Atuh geus kitu mah duanana tatan-tatan deuk neruskeun deui.

Pasosoré, kakara duanana baralikdeui muru ka lemburna, da kabeneranpoé éta téh daganganana laris. Jumadatoheun pisan, bisa marengan bapana.Kitu deui sabalikna bapana, sugemanempo anak bisa ditungtun bari diajarbalantik.***

Nu Diajar BalantikKu Dédé Sudarya

Page 55: Mangle2465

Manglé 246554

PPangajaranBasaSunda

Réngsé lalajo hiji acara “moti -vasi” dina tipi, jadi kaguguku kacindekan dina tung-

tung éta acara. Matak reuwas, tapisanggeus dilenyepan, bisa jadikacindekan Si Bapa Motivator téhaya benerna. Najan tangtu waébakal aya jalma anu teu sapuk, lan-taran kangarananana ogé jelema,pasti pamanggih jeung carahirupna béda-béda.

Dina tungtung éta acara,disebut keun yén sadar teu sadar,lolobana masarakat urang mahleuwih riweuh nataharkeun “peré”batan nataharkeun pagawéan anudisanghareupanana sapopoé.

Hal ieu raket patalina jeung“poténsi” katut “préstasi” nu bariskahontal ku hiji jalma salaku pa-gawé. Rata-rata di urang, ari gajihhayang gedé, ari kamampuh diri

(skill) kurang. Rék kumahapausaha an ngahargaan “luhur” kakaryawan anu kamampuhna ku-rang.

Sedengkeun, sering urangngadangu kekecapan kieu,”Réknaon cicing waé di dieu, gawé toh -tohan, ari gajih teu naék-naék.Meni asana téh teu boga harga diripisan!” tapi, kituna téh bari teruswé gawéna di dinya, teu eureun-eu-reun. Lamun téa mah geus bener-bener ngarasa teu dihargaan,matak naon kaluar ti dinya, néan-gan pagawéan anu luyu jeungharga dirina.

Tapi nya kitu, balik deui kasadirina-sadirina, lamun bener-bener boga kamampuh séjén anubisa dipaké kalayan maksimal dihiji tempat, tangtu moal kudu terusnahan diri ditempat nguciwakeun.Gancang kaluar ti dinya, buktikeunyén urang boga kamampuh nu bisaleuwih dihargaan di tempat séjén.

Kumaha lamun patalina jeung“karesep”, atawa jeung basa baru-dak ngora mah geus jadi “passion”,geus bagéan tina jiwa? Hartina,najan gajih ukur saeutik tapi geusloyog pisan jeung lelembutan. Étamah geus béda deui urusanana.Lamun geus dipatalikeun jeungmasalah lelembutan, pasti nu jadipilihan, dirina bakal tetep cicing ditempat éta, ku alesan “nyaah”jeung micinta pagawéan.

Bisa jadi, kajadian kitu téh teuloba. Bisa jadi kasus istiméwa, lan-taran teu loba jelema anu udagan -ana ukur “kepuasan batin” jamankiwari. Upamana baé, lantaran jadiguru téh geus jadi karesep, loyogjeung jiwa, najan ukur gajih hono -rér anu teu sabaraha, loba sarjanapendidikan di Indonésia anu pang-ger dina pagawéanana. Teu salah,

éta ogé hadé, ari keur urusan“idéalisme” mah.

Tapi sing inget ogé, salakugene rasi ngora mah, ulah gancangteuing sugema ku anu geus aya.Upayakeun sangkan lian ti jadiguru honorér di sakola nu ngagajihleutik, apan aya tempat-tempat lésatawa tempat kursus anu bisangaharga an guru-guruna leuwihluhur.

Ulah éléh teuing ku kaayaan,lantaran sing inget, béaya kuliahtéh teu murah apan? Piraku, daékdimomorékeun jiga kitu. Ka manaharga diri urang?

Hususna anu boga skill dinawidang kaguruan, tong gumantungteuing ka sakola-sakola (negri/ -swasta) anu moponténg teuingguru honorér. Geura hojah, upaya -keun urang bisa muka tempat lés,tempat kusrsus atawa bimbel jeungsajabana nu patali jeung urusantempat diajar boga sorangan. Bisabener-bener murni anu sorangan,bisa ogé papatungan jeungsababaraha urang anu sapamade-gan, ngadegkeun hiji lembaga pen-didikan.

Meungpeung ngora, meung -peung tanaga aya kénéh, prak tiayeuna. Ulah gumantung teuing kasasaha, kaasup ka nagara. Ning-gang dina kaayaan nagara urangkawas ayeuna. Loba teuingpaming pin anu ukur mupujuhkeunkapentingan diri jeung kulawarga -na baé. Urang salaku warga negara,hojah wé sorangan, kumaha sora -ngan. Salila teu jadi penjahat mah,nagara ogé moal kua-kieu sugan.

Sing inget, harga diri lain ukurkeur “diéjah”, tapi kudu baridibukti keun, yén urang mémangpantes dihargaan luhur.

***

HargaDiri

Ku Gemi Nastiti

Page 56: Mangle2465

55Manglé 2465

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1. Tutup beungeut supaya teu kanyahoansaha-sahana4. Beunghar7. Kalengkepan keur olahraga8. Panjang (Inggris)9. Sok dipaké ku nu kemah11. Sesebutan ka awéwé12. Alat komunikasi14. Tataheunan keur ngala sato leuweung17. Lampu nu dihias20. Poé nu rek disorang22. Ukuran lega23. Nyiruan leuweung25. Anak adi26. Bilangan kosong27. Parabot dapur nu dijieunna tinataneuh28. Anak anjing

KA HANDAP:1. Panggantungan pakéan2. Bagian tina tutuwuhan3. Obat malaria4. Senang5. Lumrah6. Nomer10. Dewan Pertimbangan Agung13. Dulur sahandapeun

15. ‘Tempat Pemakaman Umum’16. Kalénder18. Armada angkutan umum di Jakarta19. Tempat nu babari kanyahoan, katénjo20. Sadar21. Aksara Jepang23. Hambur24. Rasaba lada (bacana ti handap)

Waleran diserat dina kartu pos, témpélanKupon Tarucing Cakra No. 1431. Kintun -keun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19Bandung 40262 paling leuir dua minggusaparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1429:

1. Meti MulyatiJl. Siliwangi 136 A/32Tasikmalaya

2. Alip HermansyahJalan Embah Jaksa RT 02/06 47/33Keluarahan CipadungBandung

3. Yuyus RustiniJalan Ahmad Yani 165/32Tasikmalaya

1431K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

JATUKRAMI

Beber layar tarik jangkar. Sejangambah sagara rumah

tangga. Pileuleuyan tegal lalagasan.Seja nyusul hunyur tujuan.

ADINDA DARMAYANTIPutra Bapa Daam S. Darman

sareng Ibu Enok Sriyani

ka:

IPIN ARIFIN NURPutra Bapa Hadis Hungkul

sareng Ibu Acah

Akad nikah sareng resepsidilaksana keun dinten Minggu2 Pebruari 2014 di Kampung

Mekarsari Desa CibadakKecama tan Banjarsari

Kabupaten Ciamis

Barakallahu laka wa baraka'alaika wa jama'a bainakuma

fii khair.

Ais Pangampih Manglé ngiring bingah,

mugi dijantenkeun rumahtanggi nu sakinah mawaddah

warohmah.

Page 57: Mangle2465

Manglé 246556

LLempa Lempi Lempong

“Jadi daya tarik cenah, Lo.”“Naon téa, Mang?”“Rupa nu geulis, Lo.”“Ih, tangtu baé. Kapan Ma-

mang gé sok hokcay lamunningali nu geulis téh.”

“Héhéhé, lain perkara hokcay -na, Lo.”

“Ari kitu?”“Dina dunya artis kageulisan

téh jadi daya tarik.”“Bener, Mang. Nu geulis teu

weléh jadi daya tarik pikeun narikperhatian nu lalajo. Alatan kitu,lamun diitung, jumlah artis nugeulis bakal leuwih réa tibatananu teu geulis.”

“Lian ti narik perhatianpamiar sa télévisi, artis geulis ogénarik perhatian para pajabat, Lo.”

“Ih, da ari masalah karesep

mah sarua atuh rayat jeung paja-bat ogé.”

“Maksud téh, ieu mah narikperhatian pajabat koruptor.”

“Walakadalah.”“Nu pangahirna, dina kasus nu

keur disanghareupan ku rainaguber nur manten, TubagusChaeri Wardhana, cenah alirandanana salian ti dikana mobilméwahkeun téh réa dibikeun kaartis geulis.”

“Pangpangna mah ka artis nungaranna Jennifer Dunn cenah,Mang.”

“Artis naon éta téh, Lo?”“Teuing Mang, da ngaranna gé

kakara ngadéngé.”“Oh.”“Cenah mah éta artis téh di-

curiga ku KPK kabaud ku kasus

pencucian uang TubagusWawan.”

“Beu.”“Hal sarupa kitu beuki

nguatan anggapan, Mang.”“Anggapan naon, Lo?”“Anggapan yén koruptor téh

idéntik deukeut jeung artisgeulis.”

“Beu, karunya temenan.”“Karunya ka saha, Mang?”“Karunya ka éta nu gareulis.”“Ku kituna mah saha atuh

jalma na anu bisa nampik artosageung, kaasup artis nu geulis.Jeung deuih pasti Sang koruptorogé moal terus terang ngeunaanduit nu dibikeunna téh tinaladang korupsi. Asa pamohalanaya nu jujur nyarita: Nyai, ieuAkang masihan artos tina hasilkorupsi.”

“Bener, Lo. Komo mun mérénadina raraga mahugi mah.”

“Ku ayana kajadian kitu.”“Kumaha, Lo?”“Muga-muga kahareupna mah

maranéhna, artis nu gareulis téa,jadi ati-ati lamun narima duit tipajabat téh. Bisi dina ahirna kuduurusan jeung KPK.”

“Ari pikeun nu teu geulis, Lo?”“Ih ari Mamang, kapan urang

gé sok resep bura-béré téh ka nugeulis, sok sanajan lain korup-tor.”

***

Nu Geulis jeung Koruptor