Mangle_2460

57

Transcript of Mangle_2460

Page 1: Mangle_2460
Page 2: Mangle_2460

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL

PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata, Ny. Hana

Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana, Eep Nandang

R, Dede Syafrudin, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETA -

RIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

KORES PONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega

Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai

Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Saciduh metu, saucap nyata, aya dina bilik sora.Kakuatan kawas kitu, bakal kasaksén,dina nang-tukeun pipamingpineun ngaliwatan pilihan lang-

sung. Di dinya mah, sora rahayat téh ‘peurahan’ naker.

Sora, cukang lantaran kakawasaan. Leuwih loba numeunang sora, kakuatanana gé leuwih rohaka. Matak,teu anéh, dina pilihan umum mah, kelompok-kelom-pok nu boga sora téh pada marebutkeun.

Nilik kana jumlah sora, urang Sunda payus reueus,da kaitung nu rohaka, panglobana kadua di antarasélér bangsa nu aya di Nusantara. Atuh, Jawa Baratjeung Banten, tempat dumukna urang Sunda, bisa jadikakuatan nu teu bisa dilalaworakeun. Ngan, jadi sotéhkakuatan rohaka, mun urang Sunda samiuk ngahijinyora keun kahayangna, kaasup nu tumali jeungkapentingan urang Sunda.

Dina pilihan umum 2014, nu boga hak pilih diPropinsi Jawa Barat wungkul 33.2 juta urang. Acan di-tambah ku Propinsi Banten. Nilik kana jumlah sakitulobana, pantes upama tatar Sunda téh jadi pakalanganpihak-pihak nu boga karep jadi pamingpin ngaliwatankapercayaan masarakat. Ngan, upama rahayat sakadarmilih, tanpa balitungan keur kapentingan Tatar Sunda,nya wayahna mun satutas pilihan umum téa, urangSunda ukurkuciwa.

Mitra, tumali sareng sora urang Jawa Barat, KangUu Rukmana nepikeun pamanggihna. Ieu inohong asalTatar Sunda téh, ngarasa gedé haté upama dina pili-han présidén ayeuna, aya urang Sunda nu jadi wakilprésidén. Harepan kitu, lain pamohalan, mun urangSunda dibalitungkeun ku pihak séjén. Ngan, upamaukur lobana sora tapi, teu ngahiji, teu mustahail TatarSunda téh ukur jadi pakalangan deungeun. ***

Sunda dina Bilik Sora

LLawangSakéténg

Page 3: Mangle_2460

KOLOM

Jasa

Ensa Wiarna ...................................... 5

IMPLIK-IMPLIK

Micky Gurmiresmi

78 Taun Bisa Juara Dunya

........................................................... 8

LALAMPAHAN

Sundadi Papua

MageuhanTaliDuduluran

......................................................... 48

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Nyusur Galur .................................... 12

Munara Cahya ................................... 14

Tanya Jawab ..................................... 16

Gedong Sate ...................................... 42

Katumbiri .......................................... 44

Bale Bandung .................................... 50

Mangle Alit ..................................... 51

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

6TAMU

Ngitung Sunda dina Bilik Sora

Po

tre

t : R

eis

ya

n

MANÉHNA ngagojod na trotoar di JalanCibadak beulah wétan nu geus réhécom-brék. Girimis sésa hujan badag nu siga

dicicikeun ti langit muruluk kénéhkawasjelema ceurik meunang kanyeri.Angin culangung teu reureuh nyiwitankulitmanéhna.Simbut karung gembés

diangsrod-angsrod hayang ngarimbunansakujurawakna.Lapur, teu nguntup...

Manéhna nu Ngémbratkeun Pélor

JAGAT WANGWANGAN

( 17 - 40 )

Page 4: Mangle_2460

3Manglé 2460

KKacaTilu

Anas Naas

Mani ibur salelembur mani éarsanagara, Anas Urba -ningrum ditahan ku KPK.

Sanggeus opat jam dipariksa, baricenah sabenerna mah teu dipariksa,Anas kaluar geus maké rompi oranyeu,kostim husus tahanan KPK. Kawartawan manéhna ngocoblaknganuhunkeun ka tim penyidikna.Bari ditataan ngaran-ngaranna.Panungtungan ana nganuhunkeunanatéh ka SBY.

Tangtu wé matak ibur. Kakaraayeu na aya tahanan KPK anunganuhunkeun ka tim penyidikna bariditataan saha-sahana. Loba anunyebut keun sikep Anas kitu téh teuétis. Komo deui lebah nganuhunkeunka Presidén Yudhoyono mah.

Geus kitu téh dibungbuan deuikoméntar di kulawarga jeung loyalis(kitu ngabasakeunana) Anas. Komo daaya pasalna, Anas dibalédog ku endogsanajan teu keuna. Saha nu malédognageus katéwak harita kénéh. Éta kaja-dian jadi alesan pikeun kulawarganaanu manghariwangkeun bisi Anasdiracun di jero tahanan. Saha anubakal ngaracunna? Ngaranna gé anukeur émosi meureun. Ngan naha Anasmaké sieun diracun? Lamun téa mahnu disanghareupanana téh urusanbebeneran, asa teu kudu sieun.Socrates mah komo apan mendingmilih nginum racun batan kudu nurutkana kahayang anu keur nyekelkakawasaan.

Sigana mah lantaran milu kesel,Marzuki Alie gé tungtungna mah mérékoméntar. Pa SBY téh, cenah, nyaa-heun pisan ka Anas. Barang Anas

kaluar ti KPU teu sasatna dihiap-hiapku pingpinan Partéy Démokrat téh.Dibéré mobil, unggal bulan dibéréuang saku. Asa kurang kumaha, cékMarzuki siga anu handeueul kabina-bina.

Anas Urbaningrum téh produkjaman Réformasi. Tadina aktifismaha siswa sarta jadi Ketua HMI. Sa-jalan jeung lajuna Réformasi, Anasasup ka KPU, jadi salasaurangpingpinan ana. Waktu sababarahapingpinan KPU kajiret perkara suapsarta ditahan ku KPK, Anas ngejat.Ngajlengna ka Partéy Démokrat anuunggul mutlak dina Pemilu 2004.Sanggeus aya di PD Anas beuki nyong-colang. Éta téh, cék Marzuki Alie, lan-taran ku SBY mindeng dibérékasempetan pikeun ka hareup. Nepi kaahirna kapilih jadi Ketua Umum PD.

Éta bisa dipaké bukti yén Anaspolitisi ngora anu poténsial. Lebahdinya SBY seukeut deuleu, manggihanjelema anu bakal bisa dikahareup-keun. Hanjakal MuhammadNazarudin kanyahoan mantén ko-rupsi. Kungsi kakaburan heulasaméméh ahirna kacerek di Kolumbiatéh. Lantaran Nazar tén BendaharaUmum PD, atuh puguh jadi meubeutmeulit ka partéyna.

Cenah Anas jeung Nazar téh geussosobatan salila-lila. Éta sababna anumatak ku Anas dipercaya jadi benda-hara gé meureun. Ninggang dipariksaku KPK, Nazar nembrakkeun sagalarupa. Duka pédah ngarasa asadikorban keun, manéhna nataan saha-saha anu geus kabagéan tina ladangkorupsina téa. Lain jalma joré-joré nu

disebutan ngaranna téh. Anu koko-jona baé, Angelina Sondakh, AndiMallarangeng, jeung Anas Urba -ningrum.

Cenah Anas jeung Nazar téh sobatdalit, tapi naha bet dikusrukkeun?Ngaranna ogé pulitik. Bari ongkohmaranéhanana téh apan bisa disebut -keun anyar asupna kana dunya pulitikanu sakapeung mah, babakuna diurang, tara nolih kana étika.

Lamun nilik kana lalakonna, Anastéh boa tacan meujeuhna nyekelkalungguhan jadi pingpinan parpolanu sakitu gedéna. Pangalamananatacan loba. Papadaning kitu,ngabandu ngan loba kénéh loyalisnaanu tetep satia, éta némbongkeun yénsalila ieu Anas geus sanggup nga -wangun organisasi politik. Cacaklamun ayana dina jalan anu bener, teumustahil lamun ka hareupna nungaranna Anas Urbaningrum bakaljadi tokoh pulitik anu nyongcolang diurang. Tapi da ayeuna mah geuskaburu jadi bubur manten.

Anas Urbaningrum bisa jadi kaa-sup salasaurang tina poténsi anusabenerna nyongcolang tapi, lantarankuda-kudana tacan kuat, babari kase-dot ku iklim pulitik sabada Réformasianu korup kabina-bina. Éta nu ngaroratéh teu boga kakuatan pikeun nolakkabiasaan batur-baturna, anu lumrahtapi sabenerna mah salah. Apan poknagé, anu kanyahoan korupsi téh ngankabeneran anu keur naas wé. Hartina,loba kénéh nu séjénna gé.

Puguh wé hanjakal kabina-bina.Mangkaning anu kanyahoan kitu téhnu ngarora jeung palinter deuih. AM

Page 5: Mangle_2460

Jujur ka Diri Sorangan

Sampurasun!Nyi Manglé, cenah ayeuna

téh di sakola-sakola keur usumngarumpulkeun wali muridnasangkan ngarumpulkeunSurat Keterangan TidakMampu (SKTM) tea. Atuh walimurid teh sumanget pisan,hayang temenan ngasaan duitpamarentah tina dana Bos.Ngan, basa dipikir deui kudunyieun SKTM, hate teh asa teupararuguh. Lantaran, duithayang, tapi era ari disebutmiskin mah. Komo, sieunpisan, bisi diasupkeun kanagolongan asnaf fakir miskin.

Tah, aya deui wali muridnu nyebut (padahal mampuh),hayang pisan nyieun SKTM.Alesanana singket; tinimangdikorupsi ku sakola. Beu! Etanyebutkeun dikorupsi ku

sakola. Leuheung lamun benerdikorupsi! Kumaha lamunsakola eta jujur? Hartina nunyarita kitu teh dosa, geus bogapanyangka goreng alias su’ud-zon ka batur. Mangkaningdosa nu su’udzon teh gedepisan. Di dunyana bakal ripuh,loba gogoda, geus puguh diaherat mah, bakal jadi suluhnanaraka jahannam.

Leupas tina alesan-alesansababaraha urang, memangSKTM jelas bakal nga-balukarkeun sikep anu gorenglamun teu dipahing diawalna.Upama pamarentah nu nyieunatawa ngarekomendasikeunSKTM teu luyu jeungkaayaanana, sabenerna bisaoge bisa dipidana alias di-hukum. Ngan, hanjakal hal nukieu teu bisa dibebenah ku pa-marentah. Lantaran, SKTMjadi otoritas pamarentahsatempat nu hese ngontrolna.

RT, RW jeung Desa, biasanaleuwih teu bisa kukumaha,upama nu keukeuh hayangdirujuk meunang SKTM.

Tah, palebah dieu me-mang urang penting nalaahdeui kana sikep jujur ka diri so-rangan. Sabenerna loba contocarita nu sukses, nu embungdisebut masakat, padahal di-rina teu boga naon-naon.Hartina harga diri nu kuat geusjadi pakaya geusan nyorangkaraharjaan. Aya deui lobacarita, justru nu ngaku miskinpadahal boga motor, bogaemas, boga imah, ahirna kati-baan musibah nu kadituna jaditeu boga naon-naon. Eta sa-daya mung Alloh nu Uninga.Ngan intina, di dieuna mahurang kudu jujur ka diri soran-gan.

Ka pihak pamarentah, lan-taran SKTM geus jadi ukuransarat narima duit ti pa-

marentah ayeuna, nya pihakpamarentah sorangan (kaasupRT RW) kudu bener-benertegas, wani ngarekomen-dasikeun nu bener-bener teumampuh. Ukuranana kudujelas, kudu luyu jeung kaayaan,saperti kategori fakir miskindina asnaf zakat. Eta oge sokmanggihan, nu boga SKTM,ari palebah diasupkeun kanaasnaf miskin zakat mah betembungeun. Tah, ngaliwatanpapagon agama, sabenernajalma saeutikna geuninghayang jujur. Tapi naha nya,...ari keur urusan dunya miskinteh harayang pisan. Boa-boateu arapal, yen jujur teh lainkeur aherat wungkul.

Sakitu wae, hapunten anukasuhun bilih seueur kekeca-pan nu kirang merenah, kirangkahartos. ***

Pa HasanCileunyi Bandung

Manglé 24604

KKoropak

KURSUS SAJARAH JEUNG BUDAYA SUNDAGawé bareng

MAJALAH MANGLÉ, MANGLE-ONLINE, MUSEUM SRI BADUGA JEUNGYAYASAN MASYARAKAT SAJARAWAN INDONÉSIA CABANG JAWA BARAT

Waktu Kursus/Pematéri:

1. Sajarah Tatar Sunda (Prof. Dr. Nina H Lubis, M.S.)2. Dinamika Basa Sunda (Drs. H. Elin Sjamsuri)3. Aksara jeung Naskah Sunda (Dr. Undang Ahmad Darsa, M. Hum.)4. Dinamika Sastra Sunda (Dian Héndrayana, S.S, M.Pd)5. Diajar Nulis Puisi Sunda (Soni Farid Maulana)6. Historiografi Sunda (Miftahul Falah, SS, M.Hum)7. Diajar Nulis Sajarah Populér (Hana Rohana Suwanda) 8. Diajar Nulis Artikel (H. Usép Romli)9. Metode Sajarah (Dr. Mumuh Muhsin Z., M.Hum)

Tempat jeung Waragadna :Waktu : 15 Fébruari 2014, 22 Fébruari 2014, sareng 1 Marét 2014Tempat : Museum Sri Baduga Maharaja Jl. BKR No. 185 Bandung Waktos : 08.30 – 15.30 WIBWaragad : 300.000,- (tilu ratus rébu rupiah)Daftar ka : Tuti Rohimah (Mangle) Tlp. (022) 7303438, Hp. 085721307232

Waragad kursus ditransper ka Rek. BCA 233 159 4719 a.n Anjani Dyah ParamitaSalila kursus pamilon baris meunang: makalah, sertipikat sareng tuang siang.

Page 6: Mangle_2460

5Manglé 2460

Ceuk Kamus Sunda R.Danadibrata, jasa téh tinabasa Kawi, yasa atawa tina

basa Sansekerta ayasa. Hartina,tapak lacak, gawé hadé, beubeuna -ngan digawé, ogé bisa dihartikeungawé hadé pikeun nagara,masarakat, jeung sajabana.

Kiwari, loba pisan nu dianggapboga jasa, kaasup nu tumali jeungwidang korupsi. Dina upayangabongkar éta kajahatan, teujarang nu nembong karepnasangkan dianggap boga jasa,saperti whistel-blower. Eta kecap,ceuk Webster’s New World Dictio -nary, a person who reports or in-forms on a wrong-doer, as ingovernment agency. Dina basaindo nesia, éta kecap téh diharti -keun jadi ‘peniup pluit’. Tangtuwé, lain hartina wasit dina maénbal, nu enya-enya tukang niupanpiriwit. Hartinu dimaksudna mah,saperti ceuk kamus basa Inggristéa, ngalaporkeun paripolah jahatjalma séjén.

Karep ngalaporkeun kagoré -ngan batur, kaasup amal marufnahyi munkar, ceuk basa agamamah. Kitu kuduna apan, sangkankahirupan mangsa datang leuwihhadé, teu loba ‘rorongo’ nubalukarna ngarugikeun balaréa.Ngan, naha nu kaasup ‘peniuppluit’ téh, bener-bener karepnapribadina? Bisa mapandekeun

kana pakarepan salasaurangjalma dina dongéng. Ceuk sakaol,hiji waktu aya nu tigejebur tinakapal cai. Kasaksén, éta ‘korban’teh roroésan néangan pamun -tangan. Nyaksian kajadian kitu,panumpang séjén ribut, sangkannu cilaka gancang-gancang ditulu -ngan. Ngan, sajongjongan mahtaya nu nulungan da teuwaranieun! Tapi, dina kayaanribut, kasaksen aya nu ngagejebur.Horéng salah saurang nonomannu luncat ka laut nu satereusnanulungan nu keur kekerelepan téa.Nu ditulungan jeung nu nulungansalamet, haranjat deui kana étakapal. Si nonoman nu nulunganpada muji lantaran kawaninajeung kapahlawananana. Tapi, sipamuda téh waléh bruk-brak,cenah, dirina mah lain wanian,tapi teu pupuguh aya nu nyun-trungkeun nepi ka ahirna mahtigejebur ka laut, sakalian wé nulu -ngan nu keur kekerelepan téa.

Nu disebut wistle-blower dinahal korupsi, loba nu asalna tigejurku sorangan lantaran kalakuan -ana. Saterusna, lir nu kagokborontok kapalang carambang, nuahrina mah ngabukar-bakérkajaha tan pihak séjén nu kanyaho -an ku dirina. Geus kitu, arinyanameredih panyalindungan lantarancenah maranéhna téh wistle-blower, boga jasa ngabongkar

kajaha tan.Nu keur aya dina ‘ranggeuman’

KPK, tangtu wé lir nu keur keke -relepan dina cai umpalan. Bakalsatékah polah hayang leupas tinahukuman atawa nu mun teu lésotpisan gé hukumanana ngurangan.Nu kawas kitu, tangtu baris ruwal-rawel néangan pupuntangan jeungtitincakan sangkan dirina, nu ti -kerelep téa mah, bisa nyeunghap,kajeun maké pihak séjén jaditeteken atawa titincakan!

Meunteun wistle-blower, teusing basajan. Da, urusanana géjeung haté. Apan, ceuk paribasagé, jerona leuwi bisa kénéh di-jugjugan, tapi déétna haté moalbisa dikobét. Ngan, si éta jalma nuapal kana tekadna.

Dina dunya pawayangan, lobaconto nu tumali jeung ajén diri.Saperti gambaran nu di-lalakonkeun ku Yudistira satutaséléh maén dadu di Astina. Pan-dawa nandangan hukumandibuang mileuweungantilu welastaun! Aya lolongkrang, mélaan dirikalayan nembongkeun ‘hujah’ yénéléh sotéh bané wé dilicikan kuSakuni. Atuh, lian ti éta, mun Pan-dawa boga karep ngalawan, bisawaé nolak dibuang nu saterusnakajeun perang ngeprak balad.Tapi, Yudistira, milih ‘laku darma’sadrah nandangan hukuman.

***

KKolom

JasaKu Ensa Wiarna

Page 7: Mangle_2460

Urang Sunda, mun mahngabring, bakal ngeungkeuy,ngaleut-ngabandaleut, ngem-

bat-ngembat nyatang pinang. Kitu téh,lantaran jumlahna kacida lobana.Apanceuk itung-itungan gé, jumlah urang-Sunda téh, panglobana kadua di Nusan-tara. Atuh, mun mah urang Sunda nuboga hak pilih ngantay di tempatpemungu tan suara (TPS), tangtuna gebakal jadi kakuatan anu rohaka.

Lobana jumlah urangSunda, muntéa mah, sabanding jeung ajén-inajén -na, teu mustahil upama dina rupa-rupawidang gé bakal écés jenglénganana.Ngan, sawangan-sawangan saperti kitutéh, remen suwung upama ditumali -keun jeung ketak Sunda dina ‘pakala -ngan’ nasional!

Jul-jolna ngaran piprésidéneun,misalna, urang Sunda mah arangkacarita. Ngan, ari suwung teuing mahhenteu, saperti Ahmad Heryawan (gu-bernur Jawa Barat), jeung JumhurHida yat (Kepala BNP2TKI), ka sebut- sebut, di antara urang Sunda nu pantesjadi calon présidén. GupernurJawaBarat, kacatur jadi salasaurang caprés tiPKS. Ari nu séjénna, Jumhur Hidayat,didéklarasikeun jadi caprés téh ku kaumburuh. Ngan, bulé-hideungna mahguman tung ka partéy pulitik. Da nuboga hak nyalonkeun caprés/cawapréstéh parpol nu meunang sora sakurang-kurangna 20 persén dina pilihan

Manglé 24606

LLaporan

H. UuRukmana

H. Ahmad Heryawan

Sunda dina bilik sora,

bisa jadi kakuatan anu

rohaka. Ngan, mana

buktina?

H. Uu Rukmana, medar

pamanggihna.

***

Ngitung SundaDina Bilik Sora

Page 8: Mangle_2460

umum.Nilik ka dinya, H. Uu Rukmana gé

utang-itung. Cenah, upama pasaratancaprés téh dicalonkeun ku partéy puli-tik, nya kaharti upama nepi ka dangetieu mah, arang pisan urangSunda nukasebut-sebut keur calon présidénatawa wawakilna. “Umumna nudicalonkeun jadi caprés mah apan ketuaumum partéy atawa ketua déwan pem-binana. Ari urang Sunda, saha nu jadipingpinan partéy pulitik di tingkat na-sional?” ceuk H. Uu Rukmana, inohongmasarakat Jawa Barat.

Jalan ‘tarahal’ geusan jadi caprés gé,nembrak. Mun téa mah aya urangSunda nu dicalonkeun ku partéy, tapipartéyna teu nyumponan saratnyalonkeun caprés, tangtu wé bakalpugag. Ku lantaran kitu, Kang Uu mahleuwih ngarasa gedé haté upama itung-itunganana keur wakil présidén.

Kakuatan RahayatDina pilihan umum, tanaga rahayat

téh rohaka. Hartina, leuwih loba jum-lahna, kakuatanana ogé bakal leuwih to-haga. Nilik ka dinya.Ceuk Kang Uumah, pantés pisan upama urang Sundamilu ancrub dina kapamingpinan nasio -nal. Padumuk Sunda nu jumlahnakadua panglobana di Nusantara,samistina jadi gambaran kakuatanurang Sunda di tingkat nasional.

Kitu téh, lantaran, calon pamingpinnu diasongkeun ku partéy pulitik, bohdina pilihan législatif boh pilihanprésidén, pamustunganana mahkumaha rahayat. Atuh, lobana padu-muk di hiji daérah, bakal jadi tinimba -ngan pihak-pihak nu nyalonkeun‘jagona’. Mun nilik ka dinya, urangSunda gé, copélna payus pisan upamaaya nu jadi wakil présidén. “Lobanajumlah padumuk Tatar Sunda kudu jadidaya tawar keur partéy pulitik nungasong keun caprés/cawaprés,”pokna.

Nilik kana jumlah padumuk nu bogahakpilih di Jawa Barat, ceuk Kang Uu,merenah pisan mun partéy pulitiknempat keun urang Sunda keur calonwakil présiden! Cindekna mah,munutang itung dina bilik sora atawatempat pemungutan suara (TPS), sahawaé présidénna, pantes mun wawakilnamah ti Sunda.

Upama Kang Uu miharep pisanurangSundan ilubiung dina kapaming-pinan nasional, lantaran urangSundatéh pangdeukeutna ka ibukota.Malah,Batawi nu ayeuna jadi puseurna Repub-

lik Indonesia, baheula mah SundaKalapa, lemburna urang Sunda. “Karepurang Sunda ilubiung dina kapamingpi -nan nasional, hiji wujud tanggungjawab urang Sunda ka nagara katutbangsana,” ceuk ieu pulitisi teureuhSunda téh.

Dina sual kamampuhan, moal hang-ham. Mun téa mah aya nu‘mileuleuheung keun’ urang Sunda jadicawaprés, moal hésé néanganpijelemaeun ana. Ngaran-ngaran sapertiAhmad Heryawan atawa Jumhur Hi-

dayat, ceuk Kang Uu, payus pisan keurwaprés mah. Atuh, mun nilik kanapang rojong masarakat Jawa Barat kapamingpinna, bisa ka gambar dina pili-han gupernur Jawa Barat sawatarawaktu ka tukang. Apan, lolobanamasarakat tatar Sunda téh ngarojongAhmad Heryawan jadi gupernur nepi kadua rintakan.

Dumasar kana itung-itungan jum-lah padumuk jeung kamampuhan,Kang Uu percaya, loba nu pante surangSunda ‘kaajakan’ jadi réngréngan kabi-net. “Nu palinter, pendidikananalaluhur kalayan ngarora kénéh, nugelarna profesor doktor ogé teu kurang-kurang,” pokna.

Ceuk itung-itungan Kang Uu, pantesmun tina sajumlah anggota kabinet, ayalimaan atawa genepan urang Sunda nu

jadi menteri. Keur pimentrieun, ceukKang Uu, moal nguyang ka batur, di-antarana nu pantes téh,Ganjar Kurnia(Rektor Unpad), Eddy Jusuf (RektorUnpas), Herman Sutrisno (mantenWali kota Banjar), jeung Ahman Sya(Dirjen Kemenparekraf).

Kudu AkurDina milih pamingpin, Kang Uu

mah miharep, urang Sunda sabilulu -ngan. Ngahiji nyorakeun kahayangna.“Ulah pagirang-girang tampian, ulah

ukur paséa!” pokna tandes naker.Maksudna, saha waé nu pang-

payusna jadi pamingpin ti Sunda,sawadina pada ngarojong ku sakumnapihak. Da, tangtu, cenah, ari kapenti -ngan mah rupa-rupa naker. Ngan,upama éta kapentingan téh keur ka-maslahatan urang Sunda sakumna,wajar pisan upama meunang pang-bagéa jeung pangrojong ti sakumnaurang Sunda.

Nilik ka dinya, urang Sunda, ceukieu Wakil Ketua DPRD Jawa Barat téh,kudu sadar kana kakuatan sorangan.Atuh, hartina deuih para pamingpinSunda gé, kudu boga kasadaran geusansilih rojong. “Nu pangpentingna deuih,ulah silih goréngkeun!” pokna. ***

(Ensa/Nay)

7Manglé 2460

Kakuatan masarakat dina bilik sora.

Page 9: Mangle_2460

Manglé 24608

IImplik-Implik

Page 10: Mangle_2460

9Manglé 2460

Page 11: Mangle_2460

Manglé 246010

Page 12: Mangle_2460

Geus sabaraha dékadeu ka tukangremen kabéjakeun jeung geus jadiharepan saréréa, hayang

ngawariskeun ajén-inajén atawa jiwaPANCA SILA jeung jiwa Opat Puluh Limadina kahirupan generasi ngora nukadieuna keun kawas nu euweuh béja jeungcaritana. Maksudna, malar dina gantinagenerasi, moal ngalaman robah sumanget,robah kanyaah katut kacinta ka lemah cai.Sanajan henteu atawa acan diumumkeun,tapi geus kamaphum ku saréréa tangtuhadéna. Ngan anu masih kénéh jadi per-tanyaan. Kumaha cara ngawariskeunana?

Anu jelas ngawariskeun “jiwa” atawaajen moal sagampang ngawariskeun dunyabarana siga kebon, imah, sawah, duit,gelempengan emas atawa dunya baranaséjénna, nu harita, sok dibikeun haritakénéh dunya barana pindah leungeun.

Bisa jadi meureun ngawariskeunana,ngaliwatan kurikulum sakola.Ngawariskeun hal anu sifatna spiritualmah sigana bakal hadé upama ngaliwatanpendidikan. Tapi dina hal ieu ogé ayamasalah anu perelu dipikiran, nahakurikulum mampuh ngawadahan tamba-han materi, dina harti otak barudak téhlain kawas karanjang runtah, bisa didedetsakahayang anu rék minuhanana.

Hal séjén nu kudu dipikiran. Naha dinasuasana kahirupan anu kasaksian ku urangkiwari, generasi ngora bakal mibandakasempetan anu laluasa nyeuseup aci katutjiwana matéri anu diajarkeun. Maksud téhnaha anu nyangsangna dina “otakna” moalngan ukur hampasna wungkul. Pertanyaanieu malah, anu nepi ka kiwari tetep jadipertanyaan anu acan bisa kajawab sagem-blengna, pikeun sakabéh matéri kurikulumanu sifatnya spiritual. Kapan lancarnaatawa dipimilikna matéri pelajaran kubarudak, can tangtu kapimilik jiwa katutsumanget anu diajarkeunana. Ku kitunaacan tangtu bisa mawa robahna sikep hirupsapopoé.

Pijawabeunana ogé aya dua kamung -kinan. Bener, yén pangajaran nu dia-jarkeun bisa garing; hampasna wungkulanu jadi banda barudak téh, saupama

masarakat heunteu harib-harib kana jiwaanu keur diwariskeun téa. Masarakatmalah mibanda jiwa anu sabalikna ti éta.Léngkahna pinuh ku itungan untung rugipikeun kapentingan pribadi atawa golo -ngan pribadi. Sagala lengkah usahana nganmuseur dina kapentingan hirupna sora -ngan, nepi ka sagala usahana dijiwaan kuambisi katut napsu mahabu, nu pentingaing kapeunteun ku batur. Anu dimaksuddi dieu lain baé ngeunaan hal-hal anusifatna matéri – seperti sarakah (kabeung-haran keur diri pribadi) jeung sabangsana– ogé ngeunaan hal anu sifatna budayaatawa kultural.

Kamungkinan ka dua, jawabna bisa ka-hontal tujuan saupama kahirupanmasarakat mampuh ngawariskeun étamasalah ngaliwatan tata kahirupansapopoé. Maksudna teu kudu sacara ek-splisit diréngkolkeun dina kurikulum, per-cumah malah saupama kanyataan hirupsapopoé papalingpang jeung “jiwa”atawaajen nu rék diwariskeun téa. Rék kumahagenerasi ngora daék ngorabah jiwanalamun conto anu katempo sapopoé ti gene -rasi nu ngawariskeunana ngan karengken-gan-karengkengan hirup kumbuh kumahabuna tindakan-tindakan anasionalkatut asosial – malah amoral – dinakahirupan sapopoéna.

Saenyana ngawariskeun nilai atawajwa, mangrupa adonan tina sagala rupasifat-sifat jeung unsur unsur kahirupan,anu gumulung dina rasa sumanget, katutkanyaah ka lemah cai. ngaliwatan sagalaaspék kahirupan téa. Sajaba ti ku cararesmi – saperti di sakola upamana – anuutama ngaliwatan kahirupan sapopoé.Malah biasana aktifitas anu dominanlumangsung bari henteu karasa. Sapertikamekaran agama baé, dina babak mung-garan mah urang teu sadar kumahamimiti na ujug-ujug ngaku ngagem agamaIslam. Teu ngarasa dititah ku bapa atawaku ema sacara “eksplisit” asup Islam téh.Kakara dina babak saterusna urangngagem agama bari sadar, ku jalan ngahajadiajar, ngulik ngotéktak jeung ngutakngatik ageman tadi.

Ieu hiji bukti yén ngawariskeun sagalaanu sifatna kajiwaan kaasup kabudayaansaperti “jiwa 45’’ atawa Jiwa Pancasila,matérina kudu katara aya heabna dinakahirupan sapopoé. Carana henteu lang-sung, dijadikeun conto-conto pola hirupsapopoé.

Anu osok dipiconto ku balaréa,umumna para inohong, Para gegedenjeung para pamingpin. Ku kituna, lamunbener urang hayang ngawariskeun utama -na golongan anu kasebut bieu, ulahnémbong keun jiwa atawa nilai hirup anumahabu ku sifat kasarakahan. Jiwa mahhenteu nyahoeun hirup sarakah, bohsacara materiil nya kitu deui kajiwaansaperti , otoritér, hayang bener sorangan,teu kaopan.

Cohagna, kahirupan kalakuan sapopoegolongan-golongan anu bieu kudu bener-bener picontoeun balaréa.

Rék jiwa naon baé disebutna, kapan ari“hadé” mah universal. Saperti sifat-sifatanu ditataan bieu, sanajan kumaha baé ogétangtu jadi dadasar jiwa.

Patali jeung pewarisan kabudayaansaperti kasebut di luhur, kawasna moal jadipamohalan mun oganisasi nu badag,hususna organisasi nu mibanda pen-didikan sebut waé Paguyuban Pasundan,kudu ngahangkeutkeun deui hal hal nukasebut diluhur ngaliwatan kurikulumlembaga atikan. Ngahangkeutkeun deuipara pangatikna ngayakeun latihan-latihanngeunaan ajén/jiwa kasebut di luhur jeungnu utamana pisan, para inohongna kudubisa méré conto ku laku lampah hirupsapopoé, ku ajén-inajén minangka filosopiorganisasi nyaeta LUHUNG ELMUNA,PENGKUH AGAMANA jeung JEMBARBUDAYANA.Upama hal éta bisa dilakonankalayan gemet, kawasna ngawariskeunajén/jiwa naon waé nu sifatna spiritual bisajadi sarua énténgna jeung ngawariskeundunya barana.***

*) Kepala Biro Akademik UniversitasPasundan

11Manglé 2460

KKolom

Ngawariskeun Ajén Atikan jeung Laku Lampah

Ku Widya Utama *)

Page 13: Mangle_2460

Manglé 246012

NNyusur Galur

Minggu pengker pedaran parantos dugi kanyarioskeun kagiatan réligi dumasar kana buktiarkeologis, masarakat mégalitik baheula

ngadegkeun monumen-monumen keur tempat upacaraatawa keur tanda panghormatan ka para luluhur. Masihnurut keun Arkeolog Lutfi Yondri, upama ditengetan ti an-tara titinggal manusa megalitik, ukuranana gedé pisan, lega,malah aya anu diwangun ngagunakeun balok-balok batu anubeuratna ratusan réwu kilogram. Upama diukur ku tanagamanusa biasa, kacida sulitna lamun arék dipindahkeun.Komo da ieu mah tempat ngawangun monumen mégalitiktéh di tempat anu luhur, saperti puncak bukit atawa lam -ping gunung. Kitu nu diungkabkeun ku Lutfi Yondri.

Saperti anu ayeuna keur jadi bahan catur balaréa, pun-den umpak Gunung Padang Cianjur téa perenahna di saba-gian puncak bukit atawa pasir. Tepi ka nimbulkeun

pertanyaan, saha jeung kumaha petana masarakat jamanbaheula ngawangun punden umpak ieu. Haris Sukendardina salah sahiji diskusi ngeunaan punden umpak GunungPadang, kungsi medar pamanggihna ngeunaan kamungki-nan proses ngadegkeun jeung pangwangunan monumenméga litik ieu. Nurutkeun Haris, lian ti ngalarapkeun téhnikrékayasa nata batu anu kacida talitina, pangwangunan pun-den umpak Gunung Padang ogé ngagunakeun tanagamanusa anu kacida lobana bisa jadi réwuan manusa (Suk-endar 1996- 112 ). Panalaran sarupa kitu sulit pisan upamakudu dijéntrékeun, sabab upama ningal prosés kamekaranmasarakat , pangpanga masarakat nu ngarojong budayaméga litik jaman baheula, saenyana kumaha petanangumpulkeun manusa dina jumlah ratusan malah réwuanjaman harita, kacida sulit nalitina. Tina hasil panalitian paraahli diasumsikeun, yén masarakat anu ngarojong budayamégalitik kaasup kolompok masarakat anu hirup di desa-desa leutik saperti perdukuhan. (Sujono 1984; 201).

Ti dieu bisa ditaksir yén jumlah padumuk di hijipakampu ngan mégalitik, teu mungkin loba, komo lamuntepi ka aya ratus atawa réwu urang. Tangtuna ogé lamunngilubiungkeun masarakat anu jumlahna ratusan atawaréwuan urang jaman baheula kacida sulitna.

Tumali jeung prosés ngawangun wangunan monumenmégalitik di tengah hiji kampung anu padumukna kacidasaeutikna, tangtu di dieu aya pangajén luhur jeung panga -weruh. Ceuk Lufti Sang Arkéolog, tokoh pamingpin anukumaha nu bisa ngawujudkeun pangwangunan pundenumpak di puncak Gunung Padang, jaman baheula? Upamaurang malikan kalimah nu diucapkeun ku Sir MortimerWhiller , muncul pertanyaan, ajén saperti naon nu bisadiguar ti punden umpak Gunung Padang? Dina hal ieu palinghenteu, aya tilu ajén luhur ngeunaan masarakat jaman ba-heula anu bisa diguar, nyaéta anu tumali jeung ajénkapaming pinan di tengah masarakat, ajén ngeunaan hubu -ngan pamingpin jeung rayatna jeung ajén ngeunaan hubu -ngan antar anggota masarakat.

Pamingpin nu HarismatikLufti nyutat pamanggih Kuntjaraningrat nu nétélakeun,

yén aya sababaraha alesan pikeun nangtukeun atawa milihsaurang anggota masarakat pikeun diangkat jadi pamingpin.Éta alesan-alesan bisa ditimbulkeun; 1. Kualitet jeung kapin -teran, 2. Tingkat umurna anu senior, 3. sipat kaaslian, 4.Kaanggotaan kaum karabat kepala masarakat,. 5. Pangkat,6. Kakayaan jeung harta banda. (Kuntjaraningrat 198; 178).

Padumuk Saeutik, Naha Bisa Ngawangun Punden Gunung Padang?

Lutfi Yondri

Page 14: Mangle_2460

13Manglé 2460

Niténan bentuk pakampungan mégalitik nu ti heulakungsi dicaritakeun ku E.M.Loeb nu dicutat ku Sujono(1984), yén pola pakampungan mangsa harita ditaksirbentuk na desa-desa leuwih sarupaning perdukuhan. (Sujono1984; 1984; b 196-201).

Terus ngabandingkeun jeung pakampungan-pakampu -ngan leutik tradisional anu aya kénéh di sawatara tempat.Bisa jadi anu diangkat jadi pamingpin téh tokoh anu ajénnahadé, pinter jeung tingkat umurna senior, boga pangaruhjeung kakawasaan nu muncul jadi pamingpin. Tumali jeung

poin-poin nu dikumpulkeun ku Kuntjaraningrat biasanabakal muncul pamingpin nu harismatik anu dipikaajrih kusakumna masarakat. Paktor anu saperti kitu pisan nu gedékamungkinan bisa méré kontribusi hadé

dina prosés transportasi atawa dina kagiatan ngawangunmégalitik. Rasa hormat jeung ajén harisma nu dipibanda kusaurang tokoh msarakat bakal mampuh ngahimpun émosimasarakat pikeun ngalakukeun hal-hal anu aya hubungan -ana jeung sang tokoh. Rasa hormat jeung wujud pangabdianka éta tokoh, tepi ka kiwari masih terus diwariskeun kusawatara suku bangsa di Indonesia.

Éta kabéh bisa ditengetan dina upacara ngaluat layon diTana Toraja atawa di Sumba. Ajén harismatik sang tokoh nuwapat digambarkeun dina waktu upacara narik batu (mang -ratu batu, weluwatu) jeung ngagotong layon ka tempatpamakaman ana.

Dina prosés pamakaman di Tana Toraja katingal saka -béh karabat sang tokoh jeung masarakatna ngahiji dinakagumbiraan jeung kasedihan mileuleuyankeun sang tokohnu mulih ka jati.

Nu hadir parebut pada hayang kagiliran ngagotong petilayon ti bumi nu wapat tepi ka pamakaman. Kitu deui upa -cara tarik batu (ménhir) nu engkéna diadegkeun jadi lam-bang sang tokoh anu wapat. Raraméan éta batu digarotongnyorang jalan anu jauhna mangkilométer-kilométer. Dinastudi etnoarkeologi di Sumba, Nias, Timor Barat jeung Flo-

res bisa disaksikeun paktor harismatik nu ngalelemahandibentukna wangunan-wangunan mégalitik. Hal étadipinton keun ku ilubiungna anggota masarakat tanpa di-paréntah, tapi sacara sadar mantuan ngahampangkeunpangwangunan megalit atawa imah-imah adat anuditembra keun peranna dina upacara-upacara (Peribadatan).Ilubiungna masaraat téh spontan. (Sukendar 1996; 117).Tina prosésa wapatna jeung upacara narik batu, jeung upa -cara ngadegkeun wawangunan mégalit nu ditaliti ku HarisSukendar liwat studi etnoarkeologi, bisa kaharti ngeunaankumaha ayana ajén harismatik nu dipibanda ku hiji pingpi -nan masarakat. Bisa dicindekeun hiji kacindekan, yén dinahiji lingkungan masarakat, ajén harismatik hiji pamingpinmangrupa unsur nu nangtukeun, anu dina ahirna bisadiguna keun keur narik jeung ngahijikeun sumangetmasarakat.*** (Hanca/HRS)

Punden Gunung Padang

Page 15: Mangle_2460
Page 16: Mangle_2460

15Manglé 2460

para “hawariyyun” (sohabat-soha-batna nu saratia), nétélakeun mi-nangka “ansharullah” (nunulungan agama Alloh), iman kaAlloh, sarta ménta disaksian, yénsaéstuna maranéhna jalma-jalmaMuslim (QS. Ali Imran: 52).

Jadi mustahil aya perbédaanantara da’wah para Nabi, ti awalnepi ka ahir, dina perkara akidah.Sabab akidah mah kaasup “ikhbar”(nu dibéjakeun). Moal mungkin numawa béja mimiti, papalingpangjeung nu mawa béja saterusna.Mustahil kabina-bina, upama ayahiji Nabi mawa béja pikeun kayaki -nan, yén Alloh mangrupa bagiantina tilu unsur nu manunggal, turkagungan putra (Mahasuci Allohtina sangkaan kitu), terus Nabi nungagantina ngajak manusasumembah ka Alloh Nu MahaAhad, Mantenna henteu puputrajeung teu diputrakeun, sarta tayasasaha nu nyasamian ka Manten -na.

Nu robah jeung béda téh dinaurusan syare’at (hukum), nutujuan ana pikeun ngatur kahiru-pan pribadi katut pakumbuhan.Nyaluyukeun kamekaran jaman,dumasar kana kamaslahatan umatnu ngajamanana.

Syare’at para Nabi saméméhNabi Muhammad Saw, diwatesa -nan pikeun umat tempat éta Nabidiutus. Nabi Musa upamana diutuska Bani Isroil. Luyu jeung kaayaanBani Isroil harita nu bedangwangkelang, syari’at Nabi Musangandung “azimah”. Kahébatan,kaajaiban. Kayaning, iteukditeunggeul keun jadi oray, meulahlaut, ngocorkeun cai tina batu,ngusir hama simeut, kutu jeungbangkong nu nyerang karajaanFir aun Mesir, jsb.

Sababaraha abad ti jaman NabiMusa, Nabi Isa diutus ka Bani Is-roil. Syare’at Nabi Isa leuwih ham-pang ti batan syaré’at Nabi Musa.Réa hukum nu dibatalkeun kuNabi Isa, sanajan sumber hukumtetep Tawrot:

“Kaula datang ka aranjeun,pikeun ngaenyakeun Kitab Tawrotanu diturunkeun saméméh kaula,jeung pikeun ngahalalkeun kaaranjeun, ngadalahar sabagian nubaréto diharamkeun....” (QS. Ali-Imron: 50).

Jadi dina perkara akidah, sakurNabi nandeskeun (ta’kid) deui,akidah nu diajarkeun ku Nabi-Nabi saméméhna, nyaéta tauhid.Sedengkeun dina perkara syaré’at(hukum), sakur Rosul, mupussyare’at saméméhna. Kajaba nudikuatan ku syaré’at anyar. Kawasibadah haji, nu mangrupa syare’atjaman Nabi Ibrohim, dikuatan kusyare’at jaman Nabi MuhammadSaw.

Tangtu timbul pananya, nahajalma-jalma nu ngaku anut kaNabi Musa atawa Nabi Isa, aki-dahna béda jeung nu dianut kuumat Nabi Muhammad? Jawaban -ana nyaéta: “Satemenna agama nudipikarido ku Alloh, wungkulIslam. Henteu pabéntar pahamjalma-jalma nu dipaparin Kitab(nu diturunkeun saméméhQur’an), iwal sanggeus datangnaélmu ka maranéhna kajurung kukadengkian di antara maranéhna.Saha-saha nu kapir kana ayat-ayatAlloh, satemenna Alloh énggalpisan balitunganana.” (QS. AliImron: 19).

Nurutkeun para mufasir, nudisebut “élmu” ka para Ahli Kitabtéh, nyaéta padungdengan kana“nubuwwah” (kanabian) Muham-mad Saw. Di antara maranéhna ,aya nu boga anggapan, yén“nubuwah” Muhammad teu sah.Saban nu kudu jadi Nabi sabada

Isa As, téh kudu turunan Ishak(Bani Israil). Lain turunan Ismailnu jadi karuhun bangsa Arab.

Nepi ka danget ieu, soal“nubuwwah”Muhammad masihterus dipadungdengkeun. Nepi kaaya sabagian umat Islam ka -pangaruhan. Cék maranéhna,kapercayaan (iman)ka MuhammadRosululloh mah rélatif. Bisa enya,bisa henteu. Sabab nu pasti mah,ukur iman ka Alloh jeung poé ahir.Na’udzubillah.

Ku kituna, dina miéling lahirna(maulid) Nabi Muhammad, diutama - keun nguatan tauhid. Nguatan“syahadatain” (dua kalimah panyak-seé). Yén taya deui nu disembah, iwalAlloh sahiji, sarta ngaku yénMuhammad utusan Alloh. NabiMuhammad, nu neruskeun sartanutup da’wah para Nabisaheulaeun ana. Nabi Muhammad“mubasyir” (nu mawa béja pika -bungaheun) jeung “munadzir” (numéré pepeling) ngeunaan kahirupandunya ahérat nu hadé, sangkanbébas tina siksa seuneu naraka.

Muhammad Saw, panutup Nabijeung Rosul. Taya Nabi jeung Rosulsabada anjeunna, lantaran AllohSWT tos nétélakeun kasampurnaanagama katut nikmatNa, turmikarido Islam minangka agamapikeun umatNa nu geus narimada’wah Nabi Muhammad Saw (QS.Al-Maidah: 3). Dawuhan NabiSaw.: “Dimisilkeun kaula jeungpara Nabi saméméh kaula, ibarathiji lalaki ngadegkeun wangunanagréng tur éndah. Ngan aya hijilolong krang kosong di salah sahijijuruna, samahieun hiji batu bata.Jalma-jalma ngurilingan étawangu nan. Muja-muji bari mi-harep, mun seug éta lolongkrangdieusian batu bata. Tah nya kaulapisan éta batu bata téh, jeung kaulapamungkas para nabi” (haditssohih riwayat Imam Bukhari jeungImam Muslim).

Allohumma salli ala saayyidinaMuhammadin wa ala alihi wa shah-bihi ajma’in.***

Page 17: Mangle_2460

Manglé 246016

TTanyaJawab

Patarosan:Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Tumaros, perkawis solat husu.Kana husu teh sok sesah pisan.Manawi aya patokan-patokanatanapi dasar-dasar supados lebetkana solat husu. Hatur nuhun.

Wassalam,

M. KholilCipaera Kosambi Bandung

Waleran:Hatur nuhun kana perhatosana.

Sateuacan ngawaler patarosan diluhur, saéna urang sami-samiterang heula jinis-jinis solat di -tingali tina jihat ajénna (kualitas -na). Dina Alqur’an disebatkeun,yén solat ditingal tina ajénnakabagi kana tilu bagian, nyaéta:Kahiji, solat “Khasyi’un” (khusyu),sakumaha pidawuh Alloh: “Prakaranjeun ménta pitulung ka GustiAlloh ku cara sabar jeungngalaksana keun solat. Saéstunapikeun ngalaksankeun solat kacidabeuratna, anging pikeun ka jalma-jalma anu husu.” (QS. Al-Baqoroh:45). Kadua, solatDa’imun. Pidawuh-Na: “Saéstunamanusa diciptakeun ku Gusti Allohngabogaan sifat nalangsaan jeungkorét. Nalika ditimpa kasusah,manéhna sok loba nalangsa, jeungsaupama ditimpa kahadéanmanéhna korét, anging jalma-jalmaanu ngalaksanakeun solat, jeungmanehna tetap pengkuh (da’imun)dina ngajalankeun solatna.” (QS.al-Ma’arij: 19-23); Katilu, solatSahun. Pidawuh Alloh: “Cilaka(naraka wael) pikeun ka jalma-

jalma anu ngalaksanakeun solatnyaéta anu sok malaweung turbalangah (sahun) dina solatna.”(QS. al-Ma’uun: 4-5).

Sedengkeun ari kecap husuatawa khusyu, asalna tina basaArab, hartosna patuh, sumerahsareng handap asor. Maksadnasanés patuh nu sifatna lahiriah(fisik), tapi patuh dina hartoshaténa sumerah, tumampi kanasagala aturan Alloh anu tosditibakeun ka dirina.

Dina Alqur’an disebatkeun,husu dina solat nyaéta ngarasayakin, yén dirina bener-benernganyahokeun bakal papanggihsareng Gusti Alloh. Kitu deui, yakinsaéstuna dirina bakal dibalikkeundeui ka Gusti Alloh. Pidawuhna:“Saéstuna pikeun ngalaksanakeunsolat kacida beuratna, angingpikeun ka jalma-jalma anu husu,nyaéta jalma-jalma anu yakin, yéndirina bakal papanggih jeungPangéranna jeung yakin yén dirinabakal balik ka Manten-Na” (QS. al-Baqarah: 45).

Anapon anu jadi ciri-ciri jalmanu husu dina solat, nurutkeunpama degan ulama, di antarana:Kahiji, bisa ngajaga tur ngaraksakana waktu-waktu solat, utaminawaktu-waktu solat wajib. Ogé bisangaraksa dirina tina laku lampahanu ngajurung kana pimaksiateunjeung pidorakaeun (fakhsya walmunkar). Kadua, dina ngalaksana -keunana didasaran ku niat ihlas,nepi ka henteu ngarasa gumedénalika dipuji batur, jeung teungarasa nalangsa nalika dihinabatur. Katilu, ngajaga kana kabere-sihan dirina jeung lingkungana,sabab sateuacan ngalaksanakeunsolat wajib wudhu heula, nyaétangaberesihkeun diri tina sagala

rupa kotoran atawa anu disebutHadats. Kaopat, hirup tartib jeungdisiplin luyu jeung waktu-waktunaanu ditangtukeun. Kalima, ngarasatengtrem dina ngajalankeunana,dibarengan ku rasa sugema turngabogaan haté tawadhu (handapasor) dina kahirupan sapopoéna.

Ulama sanésna nyebatkeun,wiréh husu dina solat kabagi kanasababaraha bagian, di antarana:Kahiji, khusyu anggota lahir. Dinahiji waktos Rosululloh SAW. kantosningal hiji lalaki solat bari ngoméjangotna. Lajeng Rosul nyarios kasahabat-sahabatna: “Saupamahusu haténa, pasti husu ogéanggota-anggota lahirna.” (HR.Imam Turmudzi). Kadua, nga-hadirkeun haté, tegesnangosongkeun haté tina sagala rupalian ti kana naon-naon anu keurdipigawé jeung diucapkeun dinasolat. Katilu, nyaho kana hartijeung maksud bacaan-bacaan solatanu diucapkeun. Kaopat, sadarnalika solat yén dirina keurngaagung keun, jeung ngamuli-akeun Alloh SWT. Kalima, ngarasainggis jeung sieun ngalanggar kanaatauran-aturan Gustina, tur mi-harep kana karidhoan-Na (khaufsareng roja). Kagenep, ngabogaanrasa éra/isin (Haya). Rasa kaéra kaGusti Alloh ieu mangrupa salasahijiciri jalma anu ngalaksankeun solathusu.

Sakitu, nu tiasa diwaler. Atuhmudah-mudahan ieu waleran a -geung mangpaatna, utamana ka nunaroskeun, umumna mah ka urangsadayana mitra pamaos Manglé.Atuh dina pedaran ieu, nu leresmah mungguhing ti Gusti AllohSwt, atuh pami aya nu lepatna mahéstu tina kaalpaan salaku manusa.***

Patokan Solat Husu

Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Page 18: Mangle_2460
Page 19: Mangle_2460

Manglé 246018

CCarita Pondok

Gagah,leumpangmapay-mapay galen-gan garing.Halodo geus

mulan malén. Taneuh sawahgeus barengkah, bareulah.Sawaréh katutup ku jaramijeung régang garing nu pa-soléngkrah. Kabéh gé ukurdiliwatan ku manéhna. Sana-jan unggal poé jalan ka dinya,téténjoanana salilana ka

jauhna. Kana runggunuknatatangkalan di peuntaseuntegalan. Ti imahna di mu-munggang pasir, sok atrakaténjo lajuna karéta api me-untasan pasawahan nu ayeu -na jadi tegalan. Manéhna sokngawawaas, nyawang poé-poénu geus kaliwat, waktuindung na can miang ka kota.

Dua lebaran ka tukang,bapa téréna masih kénéh idekliher di lembur, tapi tara opén ka manéhna. Bapana pange

Kareta Lir Seunggah NanjakCarpon Tetty. S Nataprawira

dulan pisan.Gawéna ngan ninitah indungna kuli, ngali

kentang atawa naonwaé nu bisa dipigawé

di ke bon. Mun keur halodo kieu, sok loba nunitah nyébor kebon, pelak

cabé atawa kentang. Gagah nuumurna kakara duawelastaun, sabisa-bisa sok man-tuan. Manéhna nanggung caiti wahangan nu ngamalir

kénéh, najan teu hérang.Dibengkot ditanggung katonggoh kana pétakan. Sakalingabengkot diwadahan kanadua jalikén nu sapuluh léte -ran, urut wadah cuka, beu-nang ngagentian ti mandorpabrik karét. Geus jadi pa-gawéan biasa, diakutan kumanéhna. Indungna nu nyé -borkeun ku émrat. Kitu jeungkitu unggal soré sabot halodo.Buruhna teu sabaraha. Ba-pana mah ukur bisa nitah bari

séa, rongkah. Biasana alatanduit kadéngéna teh.

“Manéh nu kudu digawétea mah kawas batur! Ka Arabkaituh! Ngarah di dieu teuloba hutang!” Ceuk bapanateu kireum kireum. Kuntungroko geus balatak urutna.Matak sareukseuk nempo, dakuring keur nangtung teujauh ti dinya.

“Enya pan kudu dimodal -an ka Arab téh, jeungna deuimeujeuhna loba hutang ogé,

tutunjuk. Giak lamun nyokotburuhna, miheulaan indungGagah, nepungan nu ngaga -rap kebon. Gagah sok nyérihaté, nyaksianana.

Tapi ceuk Ma Nini, pamaliijid ka kolot. Najan goréngkalakuanana ogé, eta téh apanbapana, sanajan lain bapateges. Da ti saprak inget tepika ayeuna, geus jadi salaki in-dungna. Mindeng kadéngé kuGagah, indung bapana para -

Page 20: Mangle_2460

19Manglé 2460

da gawé téh ngan judi, lainnyiar kipayah nu bener!” Tém-bal indungna, hoghag. Gagahlumpat ka tukang, kadéngésagala dijungkelkeun ku ba-pana. Sajongjongan jempé.Teu lila kadéngé sora nu dis-éréd, jeung indungna ngagoak.

Gagah ngoréjat, hayanglumpat ka pangkéng indung -na, tapi awakna kalah kaleuleus, asa dipupul bayu. Naka mana kawani téh, geren tes -na. Kalah ngahéphép. Jelebot!Goak deui. Duh Gusti dikuma-hakeun indung abdi? BatinGagah jumerit. Sirahna asamuter, teu kaharti.

Gagah kakara umur opattaun, waktu diwawuhkeun kabapa téréna. Inget-inget poho.Enya, Bapa téré nu aya dikamar jeung indungna téh.Cék Ma Nini, Bapa Gagah mahgeus teu aya, geus maot waktungora kénéh. Paru-paru basahceuk dokter puskesmas mah,lantaran mindeng teuing liarpeuting. Cenah sok mindengmilu jadi nayaga, rombonganwayang golék jeung BahSaman, dalangna. Kitu ceukMa Nini ogé.Waktu Gagahleutik kénéh pisan, ninggal -keunana téh. Can inget. Ba-pana Gagah leuir uubar.Sakitu batukna beuki rosa,kana udud kalah beuki nya -ndu. Rombongan Bah Samanmindeng manggung dinuhajat, cenah. Bapana Gagah,tara absén milu jadi nayaga.

Manéhna teu inget, sigakumaha rupa bapana. Nganaya ngaranna, dina rapot,Suhaya. Tapi cék nininanénéhna mah Jang Yaya. Etakabéh gé carita ti ninina, da in-dungna Gagah mah tara lobacarita. Sok mindeng ngalimba,lamun Gagah méméh saréménta dipangdongéngkeunheula, dongéngna teh nu teuanggeus-anggeus, da disebut -na, dongéng Panto Sarébu.Ngadongéngna, sapeuting nyasapanto. Gagah seuri maur rasinget ka indungna nu ayeunakeur dipikasono. Mun Umiaya, gerentesna. Nepi kawaktu indungna miang kakota nyiar gawé, éta dongéngcan anggeus, karak tepi ka

kana panto nu ka saratussabaraha. Teuing da Gagahpoho deui, da sok kaburu tun-duh ngadéngékeunana.

Gagah teu ngarasa reueus,boga bapa téré téh. Sababjudes, jeung sok galak ka in-dungna. Ka Gagah mah teujudes sotéh lamun keur ngolo,sangkan mangméntakeun duitkeur meuli udud ka indungna.Cenah mah gawé di kota Bapatéh, markiran mobil di PasarAnyar. Tapi mindeng teu ba-likna. Malah ayeuna mahplengles, tara ka lembur deui.Teuing di mana. Da ti lem-burna ka kota jauh, aya kanatilupuluh kilona. Cék Ninina,ka Bandung téh bisa kanakaréta, ngaliwatan Lampegan,torowongan. Mani hayangpisan Gagah nyobaan tumpakkaréta. Tapi can kabiruyung -an. Matak basa indungna rékka Bandung nyiar gawé, ma -néhna atoh diajak nganteur -keun ka halteu Ranji. Halteukaréta api nu aya di lemburna.Harita Gagah karék kelas opat,dua taun kaliwat. Karunya SiUmi téh, haténa ngagerentes.Dititah dijurungkeun digawéku ka Arab. Enya meureunharita téh Umi inditna kaArab. Gagah teu dibéré nyaho,Umina ukur ngagaléntoranbasa pamitan rék miang. Pani-tah Bapa-téréna tara bisa disu-layaan. Bapa téréna bara ngas an, béda jeung Umi nusabar, tara ngalawan mun di-carékan gé, gerentesna deui.Gagah ukur bisa ngageremet,ambek ngéwa ka bapa térénatéh. Komo kanyahoan neung -geul indungna. Tapi indungnacicing waé, ukur kadéngé ceu -rik ngageunggeuik. Isuknakatara panon indungna ca -rindul. Najan ka indung asageus ngarasa ragab rék nyo -mbo téh. Padahal haténa mahhayang ngupahan, hayangngusapan ka Umi téh.Karunya. Ukur ngalimba, basanganteurkeun Umina harita.Bet jorojoy hayang muru kaditu, ka halteu. Susuganan ayamilik, Umi-na datang, najanteu ngabéjaan. Téang waé kitu? Cék haténa. Enya ah, isukanmun poé minggu, rék ka setat-

sion wé ulin téh, ka halteu, lainsetatsion da leutik, cékindung na gé. Tapi rék barimawa dagangan, jajanan.Goréngan, bala-bala jeung leu-peut meunang Nini. Biasanadagangna ngan semet nepi kasakola. Ti kajauhan, kadéngésora karéta, Gagah curinghak.Paningalna muru ka jauhna,kana rél karéta nu ngembatmeuntasan pasawahan nuayeuna jadi tegalan. Beuki lila,sora karéta kadéngé beukitarik, ngaguruh. Jantungnamilu ngaguruh, handaruan.Hayang ngajorowok sing tarik,ngageroan indungna.

Manéhna lumpat, meun-tasan tegalan, muru kanakingkilaban nu baripaningalna teu lésot tina hijititik runggunuk, tembongkénéh aya nu nyuruwuk tarikpisan, gancang! Soranangawirahma.

“Gujreg gujreg, gujreg gu-jreg, gujreg gujreg!“

Gagah colohok matasimeuteun, kawas nu kakara.Sanajan mindeng nempokaréta, tapi anéh, unggalmanéhna ningali karéta,haténa sok bungah kacida.Bari sok lelenyapan.

Sok asa boga harepan.Sugan Umi mulang. Gagahngembang kadu, nénjo run-tuyan gerbong karéta nu pan-jang, siga oray ngaléor. Beukideukeut manéhna lumpat,pulas gerbongna katara,oranye jeung héjo kolot. Enya,gerbong nu basa éta mawaUmi téh, haténa galécok.

Napasna karasa capé,engap-engapan. Lebahrungkun sadagori, handapeuntangkal nu iuh, manéhnangudupruk. Paneuteupna nu-turkeun runtuyan gerbong nubeuki jauh.

“Umiiii uing ngiluu!”Gorowokna beuki ditarikkeun,sataker kebek.

Méh béak sorana. Barengjeung ngerelesna runtuyangerbong tina paneuteupna.Ngiles, ngereles. Ngankadéngé hawar hawar sorana.

“Gujes-gujes, gujreg gu-jreg, jes jes, jes jes!“

Biasana mah sorana téh

bangun nu ngabibita ngajakanindit. Harita mah bangun nuseunggah nanjak, ninggalkeunGagah sorangan. Bangunhayang nepikeun gorowoknasina kadéngéeun ku nu di jerogerbong. Ku indungna, nugeus dua taun teu mulang tipanyabaan. Ku bapana, nu teukungsi nyahoeun ka manéhna.Jeung kadéngé ku bapa térénanu barangasan, bongan geusmegatkeun kasonona ka Umi,ka Indungna. Sora karéta nuunggal poé kadéngé ku ma -néhna, sok jadi panyombo,Gagah sok neundeun harepan.Susuganan karéta éta mawaUmina mulang. Éta karéta nudicirian ku manéhna waktunganteurkeun indungna kahalte, dua taun katukang.Harita ngan ukur bisa ram-bisak. Teu wani nyaramsangkan indungna teu jadiindit. Teu wani wakca yénmanéhna embung diting-galkeun. Sanajan na haténaaya harepan, mun Umi jadiindit digawé jauh, meureunUmi téh moal disiksa deui.

Keun, Umi indit nga-jauhan leungeun bapa térénanu sahaok kadua gaplok. Nusok ngekesek Umi lamun balikka imah sanggeus éléh judi.Jeung ceuk Ma Nini, cenahunggal Bapa téréna datang,geus biasa sok paséa heulaméméh ngajak indungna kapangkéng téh. Karak asup kakamarna lamun indungnageus ceurik balilihan, diolo, di-upah apéh sangkan daékngalayanan. Indungna sok teubisa majar kumaha. Gagahngalieus miceun beungeut tinapaningal dina lamunanana.Tuluy istigpar. Hayang nga -leungitkeun sagala kasono kaUmi nu nyeuit. Léngkahnangarandeg handapeun tangkalangsana, lungsé rampohpoy.Ukur sora karéta nu geus teukatingal, hawar-hawar,ngalangkang. Kawas harepandina haténa. Teuing iraha étasora mawa indungna mulangka imahna. Panyombona geusilang tina paneuteup **

Permata, Panglawungan 13

Page 21: Mangle_2460

Manglé 246020

Anteng kénéhMimingeun teung,can rérésdangdan,rék nyaba ka

lembur. Basa ngaragap beu-teung, haténa ngalenyap,sanajan can aya parobahannu pikahariwangeun. Nganbasa nelek-nelek kalender,teu wudu ratug jajantungna.Mun enggeus mah, asa rékcoplok. Éta da pananggalannu sok biasa dipaké nyatetdatang bulan, bet elatsababaraha poé. Rarasaanlangit ngadadak angkeub.Ras kana kabagjaan nu hésédigambarkeunana jeungbuah simalakama nu me-lentis satutas sagalana kaja-dian. Tanggung jawab kadiri, tanggung jawab kaGusti Alloh. Kapan dirinatéh keur aya dina kalung-guhan pangluhurna, geusangugueun jeung tirueundeung eun. Mahasiswibasana gé. Naon nu rékdipireueus ti awéwébobolokot dosa kawas di-rina ayeuna?

Rumasa oléran, teu bisangajaga mustika. Teuing kugugon ieu rasa nyidemkadeudeuh nu teu wasa di -sisilihan, kanyaah ka nugeus rimbitan. Ah, teusalah, da kapan cinta mahlolong bonconong, sabodoboga anak pamajikan gé.Kadar éta pamajikananabaris nyerieun haténa,kapan kuring gé sarua, ge -rentesna. Sérélék lalangsémuka tina épisode

saméméhna. Aya kabagjaannu sumberna tina cinta.Cinta anu tara pupuntenan,nganjang kana jiwana.

Bongan saha atuh betdiciptakeun cinta? Bongansaha maké diagung-agungku para bujangga, dideng -kleung-dengkleung, dijieunmata holang ujaring carita.Cenah ku cinta sagalanajadi warna-warni. Cinta jadinu boga lalakon harmoni -sasi kahirupan. Da jeungenyana, basa teu sadarnyangsaya dina sangkéhandunya téh pating burinyayngadadak bruh bréh kem-bang api séwu warna. Dikamar kos nu balatak kubuku. Kabéh karasana asapatamanan sawarga mani -loka nu wungkul ancoeunkuring duaan jeung si Aa,Pa Sarka, nu panggih basadi ondangan. Warna-warni,asa ngageblég jadi hideung.Cék pelukis, hideung mahlain warna. Buktina kacidabanggana ngabédakeunmana papacangan jeungmana salaki batur. Nukarasa antara ngagegedegnadosa jeung burilak katresna.Nyaho-nyaho mustika nungan hiji-hijina téh leungitbasa peuting hujan ngari -rincik, ngerepan.

Poé ieu, Minggu rebun-rebun, Mimi nyelang mu-lang heula. Ku teu pupuguhrus-ras ka kulawarga dilembur, adi-adi jiga nungagupayan. Indung-ba-pana bangun nu ngahiap-hiap. Sabot ngalelengkurdina halteu beus, HP

jeroeun saku calana bluejean-na disada.

“Mi, tos gugah?” Kitu nungabarasat dina layar HP.Mani sabil rék ngabales téh.

“Entos A, ti janari géparantos gugah!”

Ukur dedetikan balesan,ngagebray deui, enyaanterus rasana téh.

“Badé ka mana atuhnyiar-nyiar pikamelang -eun?”

Teu gancang dibales.Eukeur mah kagareuwah -keun ku gorowokna caloangkot. Rék beus rék angkotmangsabodo mana wé nupangheulana nyampeur -keun. Kalacat Mimi tum -pak, dius wéh ka wétan keun. Heuleut sababarahajongjongan mah sms téhngereles atuh pananyanateu buru-buru dibales.Hawa nyecep usum ngijihmorékat sésélékét tina sela-sela kaca jandéla nu mé -léngé, maksa nu dariuk dinabeus tingpurungkut.

“Angger Mimi mah aritos ngereles téh!” Sada smsnu méh teu katangén. Nut-netna ngawut-ngawut la -munan. HP-na masihdikeukeuweuk. Rék malessms téh ngadon mandegmayong.

“Nuju di mana ayeu -na?”sms ti Sarka nerejel.Mimi ngahuleng jararauhpanineungan. Teu burungramo-ramo leungeunnamencétan aksara dina HP.

“Nuju dina angkot A,badé wangsul heula Mimitéh!”

“Ku naon Mimi téh, panaya nanaon téh sok nyariosheula ka Aa.” Kitu jawabna.

“Da moal lami Aa, pa -ling gé sadinten dua din-ten.”

“Kitu da Mimi mah.Enya gé sadinten melangnamoal lantis ku sataun!”

Balesan Sarka saku -maha biasa cukup matek ajipileumpeuhan nu matakngajaulkeun harepan kaalak paul.

“Terang badé mulihmah, dijajapkeun ku Aa,sakantenan silaturahmi kasepuh Mimi. Jemput en-tong?”

Sms-na nyusul tepusngageuri nganaha-naha.Jeletit, emh, mun seugbabasaan kitu téh jolna tilalaki pujaan nu warugasukmana milik kuring so-rangan, taya nu nyoro, ge -rentesna. Teu karasa angkotnyoloyong kana gerbangterminal. Reg sisi trotoar,jrat-jrut para panumpangnatarurun, pangpandeurinaMimi. Teu kudu ngajentulda larsup kandaraan nu kalemburnakeun mah. Kala-cat, biur wé.

Leungeunna ngaraga-mang kana saku jékét. Kunaon HP bet teu kecét-kecét? Kapaéhan kitu. Ayakarep manéhna rék nga-sms, tapi ah, keur naon. Ba-rina gé meureun keurriweuh katungkulkeun kumacangkrama reujeunganak pamajikanana. Jeletitasa aya nu nyeureud kanalapisan haté anu pang-

Nu Ngahéang Tengah PeutingCarpon Emha Ubaidillah

CCarita Pondok

Page 22: Mangle_2460

21Manglé 2460

jerona. Teu majar kumahada itu mah hakna, sedengdirina, saha? Enya gé ayateuteundeunan ladangtresna jeroning tutungku-san lelemes waruga. Ingetka dinya deui-deui Mimingagebeg. Bray kaéndahan,reup deui kasilih ku kakelar.

Basa mobil nu di-tumpakanana ngagilisirhandapeun plang MuseumGeusan Ulun, sora supirngingetan ngacacangnalelembutan.

Meneran pecat sawedkatompérnakeun Mimianjog ka nu dituju. Mimi

nyurungkeun panto mare -ngan uluk salam, tétéla teudisosi.

“Mamah!”Taya nu ngawalon,

kaayaan sepi jempling.

Palangsiang indungna gégeus miang ka kebon. Teuku hanteu tikoro nyelek kupiceurikeun. Di kamar in-dungna keur salat. Mimingarengkog. Nu jadi indung

NNyambung ka kaca 38

Page 23: Mangle_2460

Manglé 246022

MANÉHNAngago-jod natrotoardi Jalan

Cibadak beulah wétan nugeus réhé combrék. Girimissésa hujan badag nu siga dici-cikeun ti langit murulukkénéh kawas jelema ceurikmeunang kanye ri.

Angin culangung teureureuh nyiwitan kulitmanéhna. Simbut karunggembés diangsrod-angsrodhayang ngarimbunan sakujurawakna. Lapur, teu nguntup.

Tina sela-sela liang anggertingsélékét siga nu hayangmupuas jeung nganaha-nahamanéhna. Enya, naha héés ditrotoar. Mokaha manéhnabeuki ngahodhod. Temahna,

Manéhna nu Ngémbratkeun PélorCarpon Féndy Sy. Citrawarga

Page 24: Mangle_2460

23Manglé 2460

teu bisa saré. Boa-boa janarimoal kasungsi, subuh hamokasusul.

Mun saré na kasur empuksiga umumna jelema dinakaayaan hawa tiris sabadadiguyur hujan, geus moaltahan nyanghareupan teluhjurig tunduh laju diringkid kaalam impian. Angot apan tibeurang téh tas ngapruknunutur indung suku,ngaprak mapay léngkahngurilingan dayeuh Bandungnéangan nu euweuh. Dalahdikumaha, boro-boro tibra,angot ngimpi sidéngdang naimpian éndah, panon téhanggur miyuni mata peda.Saenyana, lain duméh anginnu tingsulusup nyiwitanawakna jeung tiisna hawa gi -rimis-girimis teuing nu nya -babkeun jurig tunduh mang prung jauh téh, tapi aya nungahihileudan pikiranana.

“Tada teuing Abah ben-duna,” haténa norowéco.Kolébat beungeut akina keurngora némbongan. Enyadedeg prajurit nu komaraan.Kulitna hideung. Sorot panonseukeut, dipasieup kumiskandel. Urat-uratna bangunngawat. Gagah lah. PandéGatotkaca kitu?

Saha nu teu reueus bogaaki prajurit, purah babakti kanagri buméla ka nagara dinagurat lampah toh pati jiwaraga ngarebut kamerdikaan tibangsa deungeun. Lian ti éta,sinatria téh gunung panang -geuhan kulawarga.

Akina sok ngadongénglalampahan batempurngalawan musuh. PrajuritSiliwangi nyebarkeunwawangi ka mana-mana, te-uneung, ludeung, teu kecing.Ku musuh dipikagigis, ku ra-hayat dipitineung, matakreugreug saréréa.

Élmu kaprajuritan, najanteu gembleng sok diketruk -keun ka anak jeung incu-in-cuna. Mun akina geus nga dongéng bab kaprajuritanmani sok sumanget.Manéhna gé kungsi ngadéngécenah prajurit sajati mah lainukur seseg awak, wani bito-

tama jeung musuh, tapi numampuh nyengker pangajaknapsu goréng. Enya napsu nusok matak nyilakakeun.

“Jalma jagoan mah lainnu unggul juritna, tapi numampuh ngalawan gugudughawa napsu goréng nu sokmawa kana picilakaeun. Numatak kolot urang sokngawawadian, napsu numatak kaduhung badan nukatempuhan,” cenah nong-toréng kénéh.

Hawa nu tiis deui-deuinyiwit kulit awakna. Karunggembés hantem diangsrod-angsrod. Matana dipeureum-peureum deui, malah sari-saridipereketkeun hayang geuramubul ka alak paul mapagimpian. Tapi, batan reup mahkalah kolébat beungeut nu diimah, pamajikan jeung bu-dakna.

“Piraku rék kieu waéurang téh?” Nongtoréng deuiomongan nu di imah. Teuhésé neguh, maksudna mahpamajikanana nganaha-nahadirina duméh teu bisa nyuge-makeun pangpangna kasuge-maan napkah lahir. Rumasa.Ngahukuman anak mitohatéh éstuning lieuk euweuhragap taya. Lain teu hayang,dalah di kumaha.

“Sing sabar atuh Tih,”cenah ngupahan nu méré tan-jakan. Teu némbal. Anggurngagadeud. Leuh, mun teuras ka anak, dibéré bubudénkitu téh geus hayang kumahamah. Antukna nyabar-nyabarmanéh. Najan kapeurih atikaturih hinis omongan pama-jikan mah teu burung ngara-heutan haténa.Ngarep-ngarep warisan tikolotna nu keur transmigrasika luar Pulo Jawa nuturkeunamanat akina pimanaeun.Manéhna gé kungsi ngilujeung kolotna, kalah teubetah. Balik deui ka PuloJawa da ningan di Pulo Jawamah sagala aya. Akina teungawariskeun nanaon dacacak beunghar mahmeureun bapana moal incahtransmigrasi. Pakaya sasatnakorédas dibagikeun sacomot

séwang. Puguhanan akinanamah teu pati opénan kanadudunya. Lain teu hayang,apan waktuna gé béak kubabakti ka nagri. Najan kitu,sok kadéngé pangdungana,mugia geus merdika mahanak incu kabagéan bagja,hirup tinemu jeung kamere-nahan.

“Ulah kaalaman dibajukarung goni nu sok dipakényayang tuma, ngadahargadung,” akina nyoréangalam werit jaman Jepang.

Tina kituna, munasabahmanéhna bati ngungun. Joro-joy aya karep rék nyaba kakota rék néangan duit sagedépanto. Sugan digeberan duitsagedé kitu mah nu di imahtéh moal ngawih lagu kingkinbaé. Lah, pacabakan naonbaé sugan aya nu haat da cékbatur gé lakar aya kadaék, dikota siga Bandung mah moalhésé ngahuap.

Enya wé teu nyalahan.Tapi, lain jadi pagawé nagri dikantoran. Boro kitu, di pabrikgé teu ditarima. Puguhanannu diténjo ku para pangusahatéh ijasah. Kitu gé ijasah sa-bangsa SMA. Manéhna ukurboga ijasah SMP bari jeungteuing di mana. Ras ka akinadeui baé, cenah anak jeungincu mah kudu bisa sakolakalayan junun, malah munbisa mah nepi ka sakola luhurngarah pinter. Da ningan ala-tan rahayat bodo mah gam-pang dijajah bangsa deung eun. Rajakaya bangsa katutnagara diakut si atah adol.Kamerdikaan ogé apanhakékatna mah yasa para pa-joang anu geus kebek kuatikan. “Atikan téh penting!”Deui-deui akina papadon.Lah, bororaah aki.

Sakola jaman kiwari lainbantrak-bantrakkeun jalmakékéréhét. Boroning jucungnepi ka paguron luhur,tingkat SMP gé eungap.Cenah sakola téh jadi paraginéangan kauntungan siga da-gang. Najan enya gé aki urut

pajoang, saha nu ingeteunatuh. Antukna, gejebur deuikana usaha siga di lembur,ngandelkeun kadaék jeungtanaga. Bédana, di lemburguyang leutak di kota guyangsampah. Enya pupulung,tukang rongsok, ngumpul-ngumpul barang urut, terusdijual ka bandar. Aya palastik,beusi, kardus, naon baé sakurnu bisa dijual. Nya najan teumucekil sok babawaan kalembur. Nu di imah getihandeui. Ih, si bedul teu nyalahanningan napsu dudunya mahgeus meunang hiji hayangdua, geus boga dua hayangtilu. Kitu baé saterusna.

Enya, siga pamajikanana.Beuki héjo kana duit téh. Nyaku hal éta haténa beuki ka-turih. Ning hirup di alammerdika téh kacida beuratna.

Bajoang taya reureuhnamalah jalan sorangeun karasabeuki netek. Nu matak basatadi beurang Si Rojak nga-jakan usaha nu cenah leuwihpiuntungeun, jol giak baé.Puguh ngarongsok asa beukihoréam. Paralun lain nampikrejeki leutik, horéam ngésangda ceuk papadon akina gé nupenting mah usaha hasilnamah nyanggakeun ka GustiAllah. Ngan ari aya pagawéannu undak angot hasilna mu -cekil mah nya piraku kudu di-antep. Saha nu teu hayangngahenang-ngahening atawausaha teu ngamodal tapi un-tungna gedé. Da cenah ceukSi Rojak gé asal daék. Katu-rug-turug nu di imah téangarojokan baé sangkan ing -kang carogé néangan kipayahlangkung suhud malah man-dar jadi jalma jegud. Tahkecap asal daék éta nu ngahi-hileudan pikiranana téh.Enya, inggis ku bisi rémpanku sugan da can dumuk pa-gawéan naon-naonna. Nahajalan halal atawa jalan haram.Si Rojak téa ceuk nu nyarebutgé apan cenah préman. Lahaing mah kaduhung di-wawuhan atuh harita téh.

NNyambung ka kaca 40

Page 25: Mangle_2460

Ibur salelembur éarsadédésa. Di lemburCihanjuang aya nutilelep di walunganCisadané.Sababaraha urang

budak umur welasan taun nukeur anteng ngarojay, betkudu aya nu cilaka. Si Salimnu katibanan ku papaitna.Manéhna jadi wadal leuwiCisadané. Nu ngarojay téhbarudak nu keur mareu-jeuhna barangor. Kabéhananasalapan urang nu tos ngurekdi sawah. Tengah poé éréng-éréngan tuluy tarurun kawalungan. Hayang ngojaymiceun késang jeung pang-pangna mah teu kuat kumorérétna poé.

Ku kolot-kolotna barudaktéh geus diomat-omatan ulahwani-wani ngojay di walunganCisadané nu kacida sangetna.Tapi bubuhan barudak leutikteu apal dikakolotan, teu nga -gugu kana panyaram kolot.Kaayaan kacida bayeung -yangna, ningali di lebakeunsawah aya walungan nungagenyas, teu mikir panjangdeui. Barudak nu keur aran-teng ngarojay teu eungeuhyén si Salim geus leungit.Heurey gerah di walungan,silih simbeuh jeung pating-gorowok. Tempona balikkakara maranéhna engeuhaya nu leungit. Komo barangningali aya baju sasetel nga -lumbuk can aya nu makémah. Mimitina mah teunyangka si Salim leungit,meureun keur kahampangandi hilir. Tapi barang diaprak,boh ka girang boh ka hilir,weléh teu taya laratanana.Geus ditutungguan teu kénéhbalik mah, barudak langsungbirat ka lembur ngabéjaankolot-kolot.

Lurah Abo nu dibéjaanlangsung méré intuksi ka RTpikeun ngumumkeun kanapangeras, sakabéh urang lem-bur kudu ngilu néangan siSalim nu leungit. Teu kudungadagoan lila, urang lemburtamplok kabéh ka leuwiCisadané. Leuwi di teuleu-man. Hilir jeung ka girang di-aprak ku saréréa, tapi weléh siSallim teu kapanggihlaratanana.

“Ari barudak sok gagabah,puguh ieu leuwi téhdisangetkeun, ku keukeuhwani-wani ngojayan! Kolotwaé rerempodan mun parengmeuntas sasakna, ieu kalahdiojayan.” Lurah Abo semukukulutus, bari tuluy gék dinabatu nyinghareupan sasakCisadané. Dina walungananamasih kénéh katembong ayanu neuleuman leuwi pilihgenti néangan si Salim.

“Barudak lalengerwungkul da éta mah. Nya siSalim deui nu sok ngalu-luguan teu benerna téh. Étaogé ceuk katerangan barudakbasa di tanyaan hiji-hiji, siSalim nu keukeuh ngajakanngojay téh!” ceuk RT Seblu.

Teu lila jol Aki Ohan tihilir, paromana siga nu ku-ciwa. Tuluy gék milu diukdeukeut Lurah Abo.

“Tah geuning aya KiOhan,” ceuk RT Seblu, “tah palurah, Ki Ohan nu apal kanasangetna ieu leuwi.”

“Cing-cing Ki, hayang apalnu sacéréwéléna pangna ieuleuwi disangetkeun. Nya jurignaon nu ngageugeuhna?.”Ceuk Lurah Abo bari tuluysidakep nyinghareup ka KiOhan.

“Baheula mun kawénéh -an, nu meuntas sasak Cisa -dané, sok remen ningali

samak ngampar dina batudamprak itu,” kituna téh barinuduhkeun kana batudamprak nu ayeuna diriungku jelema nu keur nareuleu-man néangan jasad si Salim.“Osok ogé témbong dina sisileuwi nu déét ngamparsamak, bubuhan cainahérang.”

Lurah jeung RT Seblutuluy ngised diuknangadeukeutan Ki Ohan.

“Tapi Aki mah ngalamanpisan. Aki sorangan ampir-ampiran jadi wadal di leuwi.Harita Aki keur ngarit, lan-taran ngélod balik pasosoré.Pas ngaliwat sasak Cisadanédina batu damprak kaciri ayasamak. Aki lir dipohokeunkana kasangetan ieu leuwi.Komo barang ningali samakngampar dina batu damprakmah, kabita waé nu aya. Eu-keur mah di imah téh samakgeus ruksak. Dina pikiran téhmeureun samak nu keurdipoé kabawa palid ti girang.Langsung tuturubun baringécagkeun karung jukut.Ngan barang antel kanasamak, kaciri samak téh siganu hirup jeung rék ngabulenleungeun. Nyaho kitu mahgeus teu mikir panjang lang-sung ngaberengbeng lumpatcul karung jukut, ngabingbritka lemburkeun. Nepi di lem-bur langsung teu inget dibumi alam.”

“Terus kumaha Aki?” ceukLurah Abo siga nu panasara-neun.

“Saterusna mah ieu leuwibeuki sanget. Tapi teu saeutikogé urang lembur nu nyebut -keun majarkeun Aki gedéwadul, jijieunan. Tapi da Akimah teu nginjeum ceuli teunginjeum panon, éstu kaala-man ku sorangan kalawan

ampir-ampiran jadi korbanna.Meueun mun Aki ka lélédmah ieu leuwi téh dingarananLeuwih Ohan.” Kituna tehbari ditungtungan ku seuri.

“Cenah mah mun nu geuskabawa kana cai mah saruageus teu nyawaan. Aya nunyebutkeun dibawa kanaliangna nu ngajalur ka laut.Jasad jelema nu beunang kaleled ku lulun samah téh tuluydibawa ka laut pikeun diseba -keun ka nu ngageugeuh lautkidul.” Aki Ohan nuluykeuncaritana.

“Terus kumaha Aki?”“Ayeuna mah tong waka

loba ngobrol, urang kuduburu-buru néangan saha nuwani neuleuman ieu leuwiengké peuting sosorangan -an?” ceuk Ki Ohan baringarérét Lurah jeung RT.

Nu dirérét ukur silih pe-long. Tina paromanna ogégeus kateguh euweuh nudaék.

“Naha bet kudu ti peutingAki? Jeung naha deui betkudu neuleuman sosorang -ana? Kuriak nu niat rék néa -ngan jasad téh kalah jadiwadal ogé?” RT Seblu bangunnu panasaran.

“Hus... tong sok sompral.Ari urusan jeung nu kitu mahkudu ditarékahanna ti peut-ing, mangsa alam sepi jem-pling. Pameulina mémangkitu ari hayang jasadnakabawa deui mah.”

Beres kitu mah tuluy waéLurah Abo néangan pijal-maeun nu daék neuleumanleuwi engké peuting. Loba nuteu sanggup, bararaid teuingcenah kudu teuleum sosora -nganan di leuwi nu geuspuguh aya jurigan, aya lulunsamak nu ti beurangna geusngala wadal.

Manglé 246024

PPuridingPuringkak

Lulun SamakKu Taufik Rahayu

Page 26: Mangle_2460

Tapi ari disaliksik ka ung-gal lembur mah teu burungaya nu sanggup. Jang Ahmadputra Ustad Wawan teureuhpalika nu daék téh. JangAhmad tuluy ngajak Lurahjeung Ki Ohan sangkan ngan-teur, kalawan dipapadonantong ngaguruh, malah inditnaogé kudu mopoék cenah.

Sanepina dina sasak, tuluyJang Ahmad papadon kaLurah Abo jeung Ki Ohan.

“Keun tong harariwang,mun salila opat puluh menitkuring teu mucunghul deuihartina kuring geus sasab diieu leuwi ka bawa ka lautatawa alam siluman. Tong di-jieun ibur, isuk-isuk téanganwaé jasad kuring di ieu leuwi,mun euweuh tong ibur, kuringpasti balik deui.” kitu pa-padonna.

Rada ngagebeg ogé LurahAbo jeung Ki Ohan ngadéngénu papadon kitu mah. Tapiteu bisa majar kumaha, dua-nana ukur bisa nga-heueuhkeun ku unggeuk.

Jang Ahmad tuluy reren-cepan turun tina sasak mapaybatu. Nepi dina batu dampraktuluy katémbong ngajengjensalila-lila, tayohna mah keurmapatkeun doa atawameureun jampé pamaké pa-lika. Da sidik Akina téh ba-heula palika kawéntar. Geuskitu mah lep waé teuleum.

Can ogé 20 menit, JangAhmad geus kaciri hanjat.Tuluy muru kanu nungguan.

“Kumaha Jang?” ceukLurah Abo hariweusweus.

“Wayaha Aki atawa Lurah,kudu balik ka lembur. Méntapanitih. Aya budak téh, ngankari sukuna wungkul. Geusdikenyang teu bisa. Kudu bariditojos ku panitih hayangkabawa deui mah. Abi hilapteu mawa, padahal pun Akitéh baheula kungsi papadontong leupas tina panitihtukang teuleum mah,” pokna.

Lurah Abo jeung Ki Ohantuluy uyap-ayap kana calanajeung bajuna. Gap Ki Ohankana kancing bajuna nu ka-

mari lésot, untung kamari téhlangsung dipanitihan.

“Alah Jang, teu kudu kalembur ka jauh-jauh. Ieukabeneran di Aki aya panitihmah.”

Can oge Ki Ohan jeungLurah Abo sempet nanya keurnaon-keur naonna, JangAhmad geus kaburu turunmanten. Tuluy lep deui caratadi kalawan teu jajampeanayeuna mah. Teu lila, kira-kiralima menitan aya nu ngabu -rial tarik naker, selangsababaraha menit ti cai nungaburukbuk motah, pu-cunghul Jang Ahmad barinyekelan layon si Salim.

“Ieu bantuan mawa.”Ceuk Jang Ahmad bari tuluyhanjat mayang layon. Nu di-geroan turun mantuan baridugdagdegdeg, reuwas jeungkasima. “Hayu geuwat urangninggalkeun ieu leuwi.” Poknadeui bari tuluy haranjat mawalayon. Katembong sareretanku Lurah jeung Ki Ohan caileuwi ku siga nu ngamuk

motah, tapi teu hayang nenge-tan papanjangan, nu puguhmah hayang geura balik nepika lembur. Sieun LulunSamakna hanjat ka darat.

Sabada beres mulasarahlayon, bérés ngurebkeun peu -ting harita kénéh, sawaréhkarumpul di imah Lurah Abo.Sanggeus rineh mah JangAhmad ngobrolkeun nu kaala-manna. Pas diteuleuman kuJang Ahmad kaciri deukeutliang di dasar leuwi suku siSalim, dibetot ku leungeunnakalah béak tanaga jeung tém-bong léléd samakna siga rékmalikan ka nu ngagangguna.Keur kitu tuluy Jang Ahmadinget kana papagah akina.Mun hayang leupas tina jire-tan léléd samak kudu ditojosku jarum, kakara bakal leu-pas. Kulantaran éta cenah pa-likan mah wajib mawapanitih. Salian ti keurngungkulan nu kitu ogé, keurngararasakeun lamun parengkeur teuleum disasabkeun kalaut ka dunya siluman, tojos -

keun éta panitih kana awaksorangan. Lamun teu karasananaon jeung euweuh geti-han, éta geus dipastikeun ayadina alam siluman. Sedenglamun nyeri jeung kaluargetih éta tandana geus ayadeui di dunya nyata.

Ti saprak kajadian éta,leuwi Cisadané robahngaranna jadi leuwi Salim.Urang lembur percaya munleuwi dingaranan korban, étaleuwi teu moal ménta deuiwadal manusa. Salian ti étaoge pikeun pangéling-ngélingka nu lain yén di éta tempatkungsi aya kajadian rajapati,nu taya lian ti Si Salim. Ka-hareupna tangtu kudu ati-atilamun nincak ka éta tem-pat.***

Pamijahan,26 Desember 2013

* Direka tina kajadiannyata nu dicaritakeun kusesepuh di Pamijahan

25Manglé 2460

Page 27: Mangle_2460

CCarita Heubeul

Lamun seug étadua lalaki téhpareng aduhareupananabaréto, duataun katukang

tepung patutunggalan, weu,masing teu duanana ogé,salah saurang mah pasti ayanu tiwas, sabab harita mahUjang Kusén nékad, AomUsman nguntup. Tapi ayeu -na sanggeus Ujang Kusénngabiasakeun mangkéknapsu nahan amarah, sang -geus ku hukuman dipalajarsaléh tur sadrah, sanggeusunggal poé diajar sabar ta -wekal nepi ka ku babaturanparantéan dilandih kiai ...Ujang Kusén geus teu bisaambek ka lalaki anu ngankari tulang jeung kulit,pareum amarahna kapépésku nénjo jalma anu nyalahirna nya batinna jiga karingadago poé bungsuna.Aom Usman anu dua tahunka tukang gagah, gandangpertentang, biasa disembah

dipangmondokeun ayeunadi hareupeun Ujang Kusénandeprok dina ubin kotor,sila ngeluk jiga hayam ge -ring kabanjur cai pangum-bahan. Ujang Kusén biwirnamani ngawet nahan piceuri -keun: lain nyeungceurikanUsman, lain nyengceurikanKusén, tapi kagagas jeung –duméh Kusén “kiai”— élingkana kakawasaan Allah. Kukersa Anjeunna kaayaanjalma téh bisa tijuralit peuti.Nu baréto dihina, dinista,dinyenyeri, diuyup-diuntup,duméh dianggap cacah teuaya dayana, ayeuna bet sa -satna kawasa ngaluhur ung-gul-asorna nu baréto nga kaya. Da enya nu barétodipunjung diugung-ugungtéh ari ku Pangéran dikersa -keun asor tur apes mah, hihgeuning teu kapianggeuhanku ménak luhur beurat be-unghar, gejret baé ragrag.Jeung enya, lamun Kusénboga karep males, niat mu-langkeun kanyeri, Usman

téh ku manéhna bisa “di-parabkeun” ka Hatebessy,atawa ka parantéan nu ga -ralak, disakamarkeun atawadisarombongankeun dinapagawéan, sina “dipacun-dang” unggal poé. Tapi dise-but tapakur sajéroningtunggara ogé atuh lainupama “kiai” Kusén nepi kakitu mah.

Gesu lila Kusén mure-lengna, pok ngomong,basana sopan: “Anjeunterang ka kuring?”

“Kantenan,” jawabUsman, pohara adabna.

“Kuring téh hayangnyarita rada panjang ngan,teu meunang ari lain dinesmah,” ceuk Kusén. “Ngankabeneran poé ieu tuan sipirrada elat lebetna, jadi ayawaktu saeutik bari ngantos -an anjeunna; teu kaduhungmanéh ku kalakuan nuenggeus-enggeus?”

Usman disebut “manéh”ku Kusén téh geus rumasabaé, sakitu gé uyuhan teusilaing atawa sia.

“Kantenan Ujang,”walonna, “malah meung -peung ayeuna urang pajong-hok jeung duméh kuringgeus nyamarkeun hirup lila

deui, da teu naksir kuat nan-dangan hukuman, kuringtéh kabeh-kabeh masrah -keun badan sakujur, nedapangampura Ujang, saayanadosa kuring ka Ujang,hayang dihampura. Ayeunamah ku kuring gé kapikir,yén pangna sakieu téhwawales tina dosa kuring kaUjang.”

Ujang Kusén nénjo petaUsman mani acong-acongankitu mah jeung ngadéngéomonganaa anu melas-melis, haténa ngaleketey,pok ngajawab: “Aom, upamateu aya itu mah nu diuk dibalik panto jeung éta nucandeluk deukeut meja” –maksudna Cokro, jurutulisanyar— “kuring daék sasala-man jeung Aom nandakeunsilih hampura, tapi teu meu-nang. Urang tékadkeun baédina haté geus pada ijab silihpuncahkeun dosa. Pikeunkuring mah teu aya ruginangahampura dosa batur kadiri kuring, nu pasti baé nga-hampangkeun kana hatéjeung nyingkahan jalanpimusuheun, nungtun kanakarapihan. Wondening ku -ring ku galagat pokal Aomnepi ka jadi jelema kasasar,

{ 29 }

Ku M.A. Salmun

Manglé 246026

Page 28: Mangle_2460

éta mah diala pendekna baé;geus titis-tulis ti lohmahpud.Dijieun hikmat, ngabeung-harkeun rasa jeung namba-han luang.

Ulah jadi pikir, Aom. Nueunggeus mah anggapimpian riwan baé.”

Lebah dieu nu ngarangteu bisa nyebutkeun, saha diantara éta dua jalma nusaenyana nu boga hak dise-but ménak téh? Naha AomUsman anu ceuk panyebutkailaharan, mémang “tu-runan ménak”. Atawa cacahurang pasar nu ngaranUjang Kusén, nu ihlas turrido mopohokeun sagalarupa kanyeri ti ménak nusakawenang-wenang, ridobari ngahampura. Lebahdieu nu ngarang masrah -keun ka nu maca.

Sabot kitu bus sipir abus.Ku Ujang Kusén dicarita -keun yén éta nu ngageportéh sakitan anyar ti Ban-dung, bari diasongkeun rol-na; ku sipir dibaca; reyceulina beureum, nyam-peurkeun ka Usman najongkana pingping:

“Hah, sia téh kumawanimaehan bangsa kulit putih.Sato sia, nya!”

Ampuuun, paduka kang-jeng tuan!” cék Usman barinyembah bawaning sieun,nyebutna gé paduka kang-jeng tuan hayangdipikarunya.

Sipir: “Enya, ampun,hah, ampun,” jeprot deuiirung sapatu kana iga! “tahampun, lebok ku sia. Teu ka-harti, bet aya jelema wanimaéhan bangsa kulit putih,jeung ngajeblug duit nagarabari nyiksa pamajikan nepika pincang, bet ngan dibéré20 taun. Diala gawéna génaon kabecusna rorongkonghirup kieu mah. Nangtungsia!” Jeprot deui sapatukana tuur.

Usman nguat-nguatmanéh nangtung, dipure-leng ku sipir anu ceg kana

hoé Hatebessy.“Nonggong sia!” gejos

cangkéng ditotog ku hoé.Usman malik bari asa

teu peujitan bawaning geusasa jebrod digebug.

Sipir gogodeg baringomong sorangan: “Arékdiruang mah sato satengahmodar kieu, naha los-losdikirimkeun ka Surabaya, dadi Bandung gé tanah legakénéh! Diuk sia!” jebrod hoékana punduk, rempeyek-rempeyek Usman diuk,

sasatna rubuh.“Naon kabisa sia jaba ti

modaran?” ceuk sipirpoporongos.

Cong Usman nyembah:“Dawuh kangjeng, teu tiasanaon-naon jabi nyerat.”

“Nulis, nulis,” ceuk sipir,“sia sato galak hayang dibérépagawéan énténg? Nulis?”jebrod hoé kana pigeulan-gan, “tah nulis, tah. Begugsia némbok?”

“Henteu paduka!” walonUsman.

“Kana tukang kai, siabecus?” omong sipir.

“Henteu kangjeng.”

Jawab Usman.“Masang beusi?” ceuk

sipir.“Henteu!” tembalna.Sipir malik ka Kusén:

“Jurutulis, ieu penjahat anukabisana ngan nyatu, tem-patkeun dina rombongan numékprékan batu baé, ambéhrada lila kaala gawéna.Dibéré nu beurat-beuratmah bisi tereh teuing paéhteu awét kaarah tanagana.Bandul pasang anu limakilo.”

Geus najong sakali deui,sipir jeung Hatebessy mahkalaluar aya urusan séjén,ninggalkeun Usman nuceurik kawas budak. Lainnyeri-nyeri teuing urut dita-jong atawa digebug tapileuwih nyeri ku dijieun caraka anjing jarian anukaperego maling daging.

Kersaning Nu MahaSuci, bandul anu dibawa kuupas baris terapkeuneunkana pigeulang-suku Usmantéh bet nomonr 888 ... urutdipaké ku Kusén genepbulan katukang, nu bédanatéh ngan gembokna. Kawas

enya tapakur Kusén katutmunjatna indung-bapanatéh diijabah, sabab jiga pisanUsman dipangbuangan téhnuluykeun “lalakon” Kusén,jalma nu dibere nyeri kuUsman. Teu wasa ari nuru-tan bujangga pinter mah,magar “di dunya yen kersa -ning Gusti mah sakapeungkatenjona ku panon manusanu heureut deuleu, sok nganukur jiga hal nu kabeneranbaé.

Jiga kabenaran, arasup -na Usman téh dina ming-guan Kusén kaluar. Jigakabeneran bangbaluh nu di-paké ku Usman téh “lung-suran” Kusén. Jiga kabe neran anu nerapkeun kanasuku Usman téh bet leung -eun Kusén pribadi, kawaskudu ébréh nepi ka nyacaswawales téh. Jiga kabenerangebug jeung tajong Kusénanu dua taun katuakn teupareng ninggang kana awakUsman téh bet nibanna tiHatebessy jeung sipirhareup eun panon Kusén.

Naha enya éta téh kabéhkabeneran atawa bener ceukahli élmu: “Sagala rupa anutumiba ka diri urang, éta téhkabéh gé hasil pagawé urangpribadi, kapulukna mun teuawal tangtu ahir,” atawabener ceuk ajengan: “Urangmah manusa ngan darma,ulah hayang males! Babwawales mah pasrahkeunbaé ka Allah anu ngatursaeusining Alam Kabir.”

Rarasaan Usman ditera-pan ranté ku Kusén téh geusteu kaduga nyaritakeunanadi dieu.

Saumur hirup Kusénmoal poho-poho kana saatnempo Usman ngeuyeung -keung digondeng ku upasngajingjing rante bangbaluh,dibawa ka kamar pangbero -kan, dihijikeun jeung jalma-jalma nu hukumanana ti 15taun ka luhur.

(hanca)

27Manglé 2460

Page 29: Mangle_2460

Manglé 246028

Bagian

191

CCarita Nyambung

Peuting ka-227

Raja Ko-maruja-man leu ngit dika -lalakian,sume gruk

ceurik teu bisa ngaben-dung rasa haténa. Kitutéh lantaran rumasa atahsasar, ngagugu kananapsu nu kasundut ku pa-majikanana. Kakarahaténa sadar, bisa jadihukuman nu ditiban keunka anakna téh nyalahan.Raja neuteup papa kéananakna. Ragamang di-cokot, dialak-ilik. Sakunadicabakan. Karampa ayanu ngagiwel dina saku.Barang dikodok, dikaluarkeun, goréhél wéh keretasgeus meunang mintel-mintel. Tina baju sakuAsad kapanggih surat ti

Putri Budur nu eusinanétélakeun rasa haté étaawéwé ka anak téréna.

Leungeun raja ngara -gamang nyokot bajuséjénna. Kawas cikénéh,diulak-ilik sarta sakunadirabakan. Cara bieu deuiwaé, tina saku éta bajutéh karampa aya keretasnu geus mintel. Bréhdibuka, eusina surat tiHayati Nufus keurAmjad.

Réngsé maca étasurat, jajantung raja lirasa aya nu nonjok.Reuwas, karasana peurihlain meumeueusan. Ceukpikirna, teu nyana ka -lakuan pamajikananakaritu peta. Nu leuwihmatak nyeri haté, lan-taran anak-anakna nusalila ieu tara nguciwa -keun, geus taya di kieunaalatan dirina nu niban -

keun hukuman teu jeungwiwaha.

Bakating ku nyerihaté, raja ngalengerek,kapiuh an. Dipayangdikedeng keun di pang -saréanana. Kakara isuk -na, raja kaluar ti kamar na.

Komarujamanmarentahkeun badégananyieun kuburan keuranak. Nu dipendem didinya mah, ukur baju-ba-juna, da apan layonnamah teuing di mana.Sanggeus pajarat anréngsé, raja téh meunangsababaraha poé mah teuingkah ti éta tempat,ngadudua ka Nu Mahaka -wasa dibarung ngalimbamerebeykeun cipanon.

Peuting ka-228Kacatur deui Amjad

jeung Asad, ti satasna pa-pisah jeung bendahara,duanana gé terus nuluy -keun lalampahan. Teupuguh anu dijugjug da

mémang taya tujuan.Ukur nutur-nutur indungsuku ka mana ngaleng -kahna. Blus ka leuweung,top badak top maung, teusing lebar kana dirina daceuk pikirna, lalakonhirup mah kumahabéhna. Karsa ku éta putraraja gé, mungguhinghirup bisa robah kaayaannajan ukur ku sakedétnétra.

Béak leuweung, lalam-pahan Amjad jeung Asadanjog ka sisi gunung. Arijalan, bet nu aya téh numeulah dua gunung batunu masing-masing lirbénténg nu diréndéng -keun. Nu duaan tanggahka luhur, gunun nu nga-hapit jalan téh kacidaluhurna, lir nu antel kalangit.

Di antara jalan téa,aya nu ngembat ka pun-cak. Najan seunggahnyorang na, kapaksa kududisorang. Jog ka tempatanu luhur, arinya bisa

Page 30: Mangle_2460

29Manglé 2460

ningalian ka mana-mana.Nyorang jalan nu sa -

kitu nanjakna, tanaga téhleuseuh. Komo deui Asad,kahayangna mah eureun-eureunan. Kaayaan adinakitu, kamalum ku Amjadgé. Ngan, haben dibe -berah. Cenah, sugan wéari geus nepi ka luhrumah bakal manggih tem-pat nu payus jadi pang -jugjugan.

Pangeran Asad came -rut. Nguniang deuih hu-dang. Najan beuratkarasana waktu nga leng -kah, maksakeun wé. Ki-tuna téh, sakapeung mahdisangkéh ku lanceukna.

Lumampah téh tayawaktuna. Kitu jeung kituwé saban poé jeung sabanpeuting. Mun ngarasacapé reureuh sakeudeung, geus pulih nguniangdeui, indit deui. Munlapar jeung hanaangsaaya-aya nu bisa di-tuang, dangdaunan jeungbubuahan.

Sanggeus sababarahapoé lumampah, nu duaantéh anjog ka hiji tempatnu atra ka jauhna. Teuingsakumaha anggangna,celak-celak tembongrunggunukna wawangu-nan gegek naker. Tak-siran, éta téh kota numoal henteu, kaasupramé.

“Alhamdulillah, rayiurang bisa tepung deuijeung papada jalma.Hartina, aya tanya-tanya -keuneun pilampaheun,”ceuk lanceukna.

“Leres, kakang,”walon adina.

Ieu nonoman téhluak-lieuk ka sabudeur -eunana. Kabeneran, ayatangkal dalima nu cukupmun diala. Atuh, teu pan-

jang mikir, Asad langsungngadeukeutan éta tang -kal. Metik buahna saabrahiji, keur dirina jeunglanceukna.

Sanggeus reureuh tinakacapé, Amjad nyarita kaadina rék ngararat heulaéta tempat. Rék tatanyaheula kaayaan sabudeur -eunana. Cenah, mun geuspuguh bisa didatangankalayan taya pibahlaeun,inyana téh rék gancangbalik deui nepunganadina.

Tapi, karep lanceuknakitu téh teu disaluyuan.Cenah, dirina moal ting -trim haté, upama nganteplanceukna lunta sosora -nganan. Mending gé,cenah, Amajd mah cicingwé ngareureuhkeun ka-

capé. Manéhna sorangannu bakal ngararat étalembur.

Antukna, duanansapuk rék ngadeukeutanéta kota. Saterusna,cenah, mun geus nepimah, bisa salahsaurangnu ngararat ka jero kotamah. Geus badami dua-nana gé arindit.

Jauh mémang lalam-pahan téh. Sababraha kalieureun rék nepi ka tapelwates kota gé. Komo deuiAsad mah, brek deui brekdeui eureun. Kapaksaatuh Amjad gé milu eu-reun, maturan adina.

Bakating ku dikeureu -yeuh, lalampahan katapel kota téh nepi. Dua-nana babadamian deui.Saperti saméméhna,

Amjad nepikeun paka -repanana rék ngararat étakota sosoranganan.Cenah, mending gé kitungarah babari ngalolosupama aya nanaon. Tapi,deui-deui adina mahleuwih milik dirinasorang an nu ngararat étakota téh. Da, hariwangcenah, mun nganteplanceukna nyorang tem-pat nu can puguh kumahakaayaanana mah.

Amjad ngayunkeunkahayang adina. Jangji,nungguan salila adinaindit. Geus kitu mah,kalayan mawa bekel duitsaayana, Asad leumpangmuru kota. Ari Asad nya -lingker ka tempat suni,sisi gunung.

Anjog ka kota, Asadpapanggih jeung aki-akinu geus kacida kolotna.Janggotna ngarumbaysemet dada. Leumpangbari mawa iteuk. Najangeus sakitu kakolotanana,tembongna mah jagjagkénéh. Atuh, papakéan -ana, kaasup méwah keurukuran aki-aki mah.

“Ari jalan ka pasar kapalih mana, Ki?” ceukAsad ka éta aki-aki.

“Ih, naha kakara kadieu kitu hidep téh?”

“Enya, Ki.”“Rék naon atuh ka

dieu téh?”Asad ngajawab.

Tangtu wé loba nu di -kilungan. Nu ditetelakeunmah manéhna téh nye-butkeun ngahajangalalana, dibarengan kulanceukna. Ngan, cenah,lanceukna mah keurreureuh, lantaraan la-pareun pisan. ***

(Hanca)

Page 31: Mangle_2460

Manglé 246030

Yus Rusamsi nulis carita “RandaBengsrat” waktu keur jadiredaktur mingguan (tuluy jadimajalah) Sunda dina tahun1965. Éta carita dimuat dina

majalah minangka carita nyambung ti no. 5nepi ka no. 25 (taun ka-I, 1965). Waktu rékdibukukeun ku pamedal Komara (Ban-dung, 1965), diropéa deui saperluna nepi karéa bédana jeung anu kungsi dimuat di ma-jalah. Kahayang pikeun ngaropéa saméméhdibukukeun bisa kaharti, sabab éta caritadituliskeun selang-selang tina tugasnasapopoé minangka redaktur; saban minggulamun geus kudu nurunkeun naskah,toroktok nulis bagian satuluyna tina étacarita. Tangtu lamun réa dibukukeun, kududipapantes deui, sangkan leuwih karasaguyurna. Tapi sanajan kitu, lamun urangmaca éta carita, ayeuna ogé masih kénéhkarasa ayana hal-hal anu henteu konsistén,pangpangna dina ngagambarkeun pasi-patan tokohna. Upamana tokoh utamana,Esih, nu jadi randa béngsrat, henteu tetelabeuleugeunjeurna. Timbul rupa-rupa pana -nya ngeunaan dirina: Naon saenyana anuhayang dihontal ku manéhna? Kumahakasangtukang atikanana, nepi ka manéhnanepi kana pikiran-pikiran nu nanggap yéndina kahirupan rumahtangga awéwé hen-teu satata jeung lalaki, ku lantaran kitu nepika ngarasa jadi wadal dina waktu manéhnajadi pamajikan Udi? Lamun manéhna saki -tu tatagna dina nerangkeun agama Islam kaKohar (dina bagian “Pidato Esih”) naha étahal téh henteu kagambarkeun saméméhna?Malah henteu sakali-sakali acan kagam-barkeun yén Esih sok salat! Sanajan réatokoh séjén anu disebutkeun saralat. Kitudeui dina omongan-omonganana Esih se -ring nyebutkeun ngeunaan “perjuangan”jeung organisasi wanita, tapi dina caritamah henteu kasebut-sebut sama sekali nge-unaan éta kagiatan. Esih ngan digam-barkeun jadi pagawé taokéh, anu mémangboga harga diri, tapi henteu leuwih ti éta.Kitu deui Ikah, anu jadi guru Esih dina soalperjuangan wanita, henteu kagambarkeunyén boga aktivitas séjén salian ti ngajar disakolana tur sakali-kalieun ngabéla kalung-guhan wanita dina riungan para guru.

Bisa jadi Yus henteu pati mentingkeungambaran watek tokohna, sabab nu dipika-hayang dina waktu nulis éta carita téh,pangpangna ngabahas soal “perjuangan

wanita” nu neugtreug hayang satata jeunglalaki dina gerakan émansipasi. Yus ningalihal anu henteu konsistén dikalangan wanitaanu hayang satata jeung lalaki, tapi réa ka-giatanana anu malah merenahkeun wanitangan ukur jadi obyek birahi lalaki carangayakeun mode show jeung lian-lianna.Ucapan Esih ka Kohar bisa dianggap jadigaleuhna sikep Esih ngeunaan hubunganlalaki-awéwé, pokna: “Cék raraosan akangngamulyakeun, nyenangkeun sotéh.

Da ari hakékatna mah, ngahinakeun!Akang nganggap yén istri mah tempatna dibumi, henteu kedah ilubiung kana urusanpameget, henteu kedah ilubiung kana mi-larian pangupajiwa, henteu kedah ilubiungkana padamelan sosial, margi urusan kitumah dianggap ku akang urusan pameget,istri mah tampi linggih di bumi waé, jadidewi pupujan ratuning rumahtangga.

Padahal sikep akang kitu téh nganggapistri sakaligus nya jadi dewi pupujan, nyajadi jelema bodo belegug, saur pamendakEllis mah. Sarengna deui, piraku hiji istrihenteu ngaraos karampas kamerdikaan -ana, upami dipingit di bumi sareng kedahgupar-gépor waé di dapur!”

Bisa jadi anu dimaksud di dinya Have-lock Ellis, hiji sarjana antropologi anu nulisbuku dina basa Inggris. Lamun enya éta, kulantaran bukuna tacan kungsi disalin kanabasa Indonesia atawa Sunda, ngandung

harti yén Esih wawuh kana pikiran-pikir -anana téh nya ku lantaran maca soranganbukuna, atawa ngadéngé ngeunaan hal étati Ikah atawa maca dina majalah atawabuku séjén. Padahal Ellis mah lain tokohpopulér anu réa disebut-sebut. Lamunwawuheun, tandana enya Esih téh jembarbacaanana jeung wawasanana. Tapi buk-tina mah henteu kitu, sabab waktu ma -nehna pahareup-hareup jeung Nyi Mimi,manéhna gampang pisan kapangaruhan kupikiran-pikiran Nyi Mimi, anu di antarananyarita kieu:

“Ceuceu ogé kungsi sadar pisan, yénawéwé téh kudu binangkit, kudu percéka.Perjoangan néangan jodo ku jalan ngageu -lis, miara awak jeung sajabana geus lainmangsana deui. Tapi satuluyna ku ceuceukapikir, yén sanajan kumaha waé ogéawéwé téh kudu mulang kana rumah-tangga, kudu miara budak. Saenyana mahyi. Haté awéwé téh pinuh ku kacinta anukudu ditamplokkeun ka salaki, anu kududitamplokkeun ka anak urang. Mémangtanaga awéwé téh bisa digunakeun nepi kaproduktif, atawa nu gedé mangpaatna keurmasarakat. Tapi lamun urang geus digawe,tuluy boga salaki, boga anak, cindeknangawangun rumah tangga. Ku sabab éta,cék ceuceu mah, anu penting téh diajarngurus rumahtangga, diajar masak, diajarngaput, diajar miara budak pikeun engké dirumahttangga. Urang kudu bisa ngajurungsalaki sangkan getol digawé, urang kudubisa ngeureut-miceun sangkan panghasilanti salaki téh cukup pikeun kaperluanrumahtangga. Urang kudu bisa nyeuseuh,ngaput, beberes di imah sorangan, ulahsagala ku duit sagala ku bujang, bisi dinahiji mangsa henteu bisa ngingu bujang.Coba pikir kalawan jujur! Da lamun jujurmah urang téh baris ngaku, yén awéwé mahheureut deuleu pondok léngkah, kudu di-gawé di imah, ngurusanan rumahtangga.Lalaki anu makayana. Mun teu cukupbeubeunanganana kakara ku urang diban-tuan, boh ku dagang boh kumaha waé.”

Jadi tetela pikiran-pikiran anu jadidasar perjuanganana téh masih cetek, dalamun seug Esih enyaan miboga pikiran-pikiran anu leuwih jero jeung leuwih jem-bar, tangtu bisa ngabantah éta carita NyiMimi. Tapi henteu mustahil, kituna téh kulantaran pangarangna nganggap nya étapisan, nya kitu pisan perenahna wanita dina

Randa BengsratCatetan Ajip Rosidi

Page 32: Mangle_2460

31Manglé 2460

pakumbuhan téh. Cindekna dina RandaBengsat, sanajan wani ngalawan kana adatkabiasaan di lemburna, ka kolot-kolotna,nepi ka pista jeung salaki anu beunangmilih manéhna sorangan, Esih lain tokohpejuang emansipasi anu enyaan. Paling ogéEsih téh ngan nepi ka kagendam ku slogan-slogan murahan, anu henteu diuji bener-henteuna. Nepi ka lamun nyanghareupankaayaan anu henteu luyu jeung kahayangnaanu subjektif, gampang jeung gancangpisan nuduh “Feodal! Kolonial!” ucapankitu téh sababaraha kali diucapkeun kuEsih, nyaeta di antarana waktu diélingan kuNyi Kuwu sangkan daék ngurus rumah-tangga sangkan salakina betah di imah;waktu keur ngobrol jeung Kohar tur Koharnyarita yén saenyana mah kaom lalaki ti-hothat digawé téh pikeun ngaham-pangkeun papancén wanoja.

Cindekna Esih téh jadi korbanna Ikah,anu jadi guruna dina “perjoangan kaomwanita”. Ari Ikah, hiji awéwé anu kungsidinyenyeri ku salakina, anu ninggalkeunteuing ka mana waktu manéhna keurkakandungan ku budakna anu hiji-hijina.Pangarang jiga hayang ngagambarkeun yénawéwé anu aktif dina “perjoangan emansi-pasi” téh, ku lantaran henteu tinemu bagjadina rumahtangga, kungsi dinyenyeri kulalaki.

Kitu deui tokoh Alex Kohar ogé gam-baran watekna henteu ngayakinkeun. Dise-butkeun cenah saenyana manehna téhurang Manado ngan lahir jeung gede diBandung. Sacara umumna urang Manado,tangtu ngagem agama Kristen. Tapi nahaaya ngaran kulawarga “Kohar” di Manado,mangrupa hiji pertanyaan. Atuh ka- Kriste-nanan henteu nepi ka kagambarkeun dinatingkah paripolahna, ngan nepi ka dise-butkeun kupangarang sok mumuja “YesusKristus”. Ku lantaran kitu, proses pindahnaagama ti Kristen ka Islam oge henteungayakinkeun, sanajan kungsi ngabandun-gan pidato Esih anu moal éléh ka da’i kitu-kitu bae, jeung sok tetelepek nanyakeunsoal Islam ka ditu ka dieu. Konflik anu tum-bul dina hatena henteu ngagambarkeunyenmanehna téh enyaan ngagem agamaKristen. Hal éta bisa dihubungkeun jeungpangarangna anu jiga kurang terang kanakahirupan jeung kayakinan urang Kristen.

Jeung anéhna, sanajan ti anggalnakénéh Esih dibéjaan ku Mimi yen Kohar téhindung-bapana urang Manado, Esih henteugancang sadar yén tangtuna Kohar téh lainIslam; padahal éta masalah téh jadi isuutama sabada manéhna kakandungan tiKohar. Kakara waktu Esih ngajak kawin,Esih terangeun yen Kohar téh ngagemagama Kristen, lain Islam. Pikeun tokohEsih anu disebutkeun yén réa maca jeungjembar kanyahona, asa naif teuing lamunhenteu gancang boga kasimpulan yén

Kohar lain Islam sabada dibéjaan indung-bapana urang Manado téh. Sanajan mé-mang aya urang Manado anu ngagemagama Islam, tapi apan umumna urangManado mah diidentikkeun jeung agamaKristen ku urang Sunda mah. Talunganeurang Batak, da anu ti Mandailing mahumumna ngagem agama Islam.

Palebah mulangna Esih ka lemburnabari bureuyeung ogé jadi henteungayakinkeun, sabab harita téh manéhnageus dipangnyéwakeun imah ku Kohar barikahirupanana dijamin, tur Koharna geusnémbongkeun kahayangna pikeun neuleu-man agama Islam, da Esih embungeun ariKohar asupna Islam alatan rék kawin mah,sanajan aya kahayang bawah sadarsangkan disandingkeun ku indung-bapanadina waktu ngalahirkeun, tapi ku lantaranbudak anu dikandungna téh hasil hubu -ngan di luar nikah, tangtu baris jadi pang-halang anu rohaka pisan pikeun mulang kalemburna.

Nu tangtu moal leungit ngan ku tim-bulna pananya retoris: “Tapi rék ka manadeui lamun teu mulang ka lemburna soran-gan? Da sanajan kumaha waé ogé tung-tungna mah kudu balik. Indung-bapa,hiji-hijina palabuhan geusan balabuh.” Tapisanajan gambaran-gambaran watek tokoh-tokohna réa anu henteu ngayakinkeun, kitudeui lajuna alur carita réa anu karasana di-jieun-jieun, ieu roman Randa Béngsrat téhmiboga harita anu penting dina kamekarankasusastraan Sunda. Roman-roman jeungcarita-carita Sunda anu aya saméméhna,henteu aya anu nyoba-nyoba ngaahas hijigagasan, hiji ideu. Umumna ngan nepikeuncarita, anu sering didasaran ku tema anumaksudna ngatik nu macana. Dina RandaBengsrat, Yus Rusamsi misualkeun “per-juangan emansipasi wanita” anu di Indone-sia oge jadi salah sahiji tema dina prosesmoderenisasi pakumbuhan. Ku kituna mer-enah lamun éta roman disebut minangkahiji roman-gagasan.

Tokoh Esih anu nganggap yén jadi pa-majikan téh hartina: “kudu nyerahkeunjiwa raga ka lalaki” tur “Mun jiwa raga ...geus dipasarahkeun hartina ... henteumibanda kamerdikaan ... sarua baé jeungwadal!”, nepi ka kituna téh kulantaran ka-pangaruhan ku kapilanceukna nu dian-jrekan ku manéhna di Jakarta, nyaéta Ikahanu hirup mandiri jadi guru ku lantaran dit-inggalkeun tanpa alesan ku salakina, réamacaan buku-buku anu dianjurkeun kuIkah. Wanoh kana tokoh-tokoh pagerakanemansipasi wanita katut pikiran-piki-ranana.

Nya Esih anu ku pangarangna di-jadikeun corong kaom wanita anu berjoangpikeun emansipasi wanita téh. Di ditu didieu digambarkeun kaayaan masarakat anumemang nganggap wanita téh henteu lewih

ti pakakas pikeun ngalajur napsu lalaki,cara basa Esih diajak pelesir ka Puncak kutaokehna, nu dituluykeun ku Tuan Nartoanu sabada méré duit salawé rébu ngang-gap Esih geus kabeuli haté (jeung awakna).Esih wani nolak Udi nu geus resmi jadisalakina, nepi ka tungtungna jadi “randabengsrat”, nyaeta awéwé anu sacara formasistatusna randa, tapi saenyana mah tacankungsi saresmi jeung salakina. Sabada jadiranda, sanajan bengsrat, Esih kakara sadaryén sanajan henteu nepi ka saresmi jeungsalakina, tapi kaayaan dirina geus beda tibasa samemeh kawin. Aya anggapan, pang-pangna ti lalaki, yen randa mah “gampang”,nepi ka jalma pantar Ardita anu jadi tukangbéca jeung kuli palabuhan ogé wani réknyoba-nyoba ngunghak ka Esih.

Kajadian-kajadian dina carita ku pan-garang henteu ngan ukur pikeun ngagu-luyurkeun lalakon, tapi pangpangna mahpikeun ngabuktikeun atawa ngabahasmasalah-masalah anu timbul sabudeureungagasan pokona, nyaéta masalah emansi-pasi wanita. Kitu deui obrolan tokoh-tokohna seseringna henteu pajauh tina étamasalah poko téa. Obrolan Esih jeung NyiKuwu, jeung Ikah, jeung Nyi Mimi, jeungKohar, umumna ngabahas éta soal.

Tapi ku pangarangna digambarkeunyén tokoh “Pejuang emansipasi” cara Esihtéh dina emprona mah kudu narima beben-eran Nyi Mimin cara anu geus kungsi dicu-tat di luhur, nyaeta awéwé mah sanajankumaha kudu ngajaga kemudi rumahtangga, satata jeung lalaki lain hartinababarengan usaha di luar cara lalaki néan-gan pangupa jiwa atawa némbongkeunpréstasi dina rupa-rupa widang, tapi kudujadi partner lalaki dina ngaheuyeuk rumahtangga: lalaki néangan pangupah jiwa diluar, awéwé anu makihikeunana bari ngatikbudak di imah.

Malah leuwih ti éta: “Esih lain baé ka -pincut ku Kohar anu leuwih intelektualjeung gentelmen manan Udi urang lembur,tapi malah daék masrahkeun dirinasaméméh nikah nepi ka kakandungan. Esihdigambarkeun ku pangarangna, dina wak-tuna mah saban awéwé oge ngalak-sanakeun kodratna: micinta lalaki tuarigeus kitu lat pohoeun kana sagala slogananu dianggap jadi cita-cita perjuanganana.Waktu masrahkeun diri ka Kohar, Esihhenteu nganggap yén Kohar geus ngarebut“kamerdi kaan ana”. Sanajan kajadian satu-luyna ngabuktikeun yen manehna geushenteu jadi pribadi anu merdika deui, komosabada kanyahoan kakandungan mah.

Ku lantaran kitu, sok sanajan ayakalemahan-kalemahan dina karakterisasijeung plotna, ieu roman Randa Bengsrattéh perelu dibaraca deui ku urang Sunda,sabab mangrupa paltuding anyar dinakamekaran kasusastraan Sunda.***

Page 33: Mangle_2460

Manglé 246032

CCarita Nyambung

Gagalaca ngansakeu deung,ruwal-rawélnéanganpamunta -ngan.

Heuleut sawatara lila teu bu-rung nepi kana tungtungtarajé.

“Pangnyepengankeuneuy, paur labuh.”

“Ah manéh mah sok teusopan. Karék gé panggih geusdisina cupang-cepeng deui,”si Lukman ngoconan.

“Cepengan tarajé, seblu!Kalah heureuy waé manéhmah!” Kuring satengah nyen-tak.

“Euh... sing jelas atuhnyaritana. Pangnyepengan -keun tarajé, kituh.” Manéhnaseuri bari nyampeurkeun.

“Nyao siah ah! Panyakitmanéh mah, ari deukeutawéwé téh!” témbal kuringdeui.

Jrut turun ka handap.Kekepruk sakeudeung.

“Punten nya Nit, jalmi nuieu mah rada koclak,” cékkuring ka Nita.

“Tapi da Kang Yudi mah

saleresna langkung koclak.Kadé wé Néng, nu kapung -kur-kapungkur gé sok dugi kabaloboran getih,” si Lukmannémpas.

Nita nyéréngéh deui. “Gi-mana gitu?”

“Muhun, dicandak labuhtina motor.”

“Meunggeus jempémanéh téh! Sok atuh geuwatgeura naék. Tuh, kari nu béhkiduleun. Pasangkeun ayeu nasakalian. Bisi teu kaburuisukan mah.”

“Moal nitahan barudak?”“Lah, teu barisaeun. Sok

tara bener.”Kalacat si Lukman naék

ka luhur.“Masangin apa gitu,

Yud?” Nita ngalieuk ka ku -ring.

“Lampu. Pan bésok rékaya résital barudak anyar.”

Sanggeus unggah tinatarajé, si Lukman terus nun-cal kana tihang beusi. Radaanggang kénéh ka lebahlampu anu rék dipasang mah.Heueuh, da tadi gé horéam dilebah dinyana tuak-taék kaluhur téh. Antara tihang hiji

jeung nu séjén téh paaradek.Kurang-kurangna ati-ati mahmatak picilakaeun. Jabadeuih réa kabel listrik.

Tuh geuning, manéhna géugal-ugil, héséeun usik.

“Pageuhan heula sekrup -na. Nu rada béh tengah mahkabelna can nyarambung,”kuring ngagorowok ti handap.

Manéhna tuluy nukang an,ngagulanggaper lampu.

Rét kuring kana tarajéanu nyarandé kana témbok.Digawéan siah ku aing mah!Regeyeng dipindahkeun re -rencepan. Tuluy disumput -keun, sina kahalangan kukaén séting panggung. Geuskitu mah kiciprit baé indit.

“Yu, ah. Urang ka kantin.”“Kasian ih. Moal bisaeun

turun geura,” cék Nita barisarua milu indit ti dinya.

“Baé. Antepkeun sinangajleng.”

Bras kaluar. Kasampakbarudak keur ngajalémprakdi téras gedung, keur ngeu -reutan karcis nu anyar meu-nang nyitak. Barudak calonanggota, nu isukan rék ma -raén téa.

“Proposal ti luar geusdatang kabéh can?” tanya téh.

“Acan, Kang. Motornamogok. Keur diberesihanheula karburatorna.”

“Na ku naon?”“Kamari di jalan kacaa-

han.”“Béréskeun atuh geuwat.

Paké wé motor urang. Yeuh,koncina.”

“Moal ka mana-mana kituAkang?”

“Moal. Nyalsé ieuh. Tah,”pok téh bari mikeun konci

motor. “Baturan si Kang Luk-man di jero ku saurang waémah. Bisi manéhna perlubantuan.”

Koréléng salah saurangasup ka jero. Enya wé, teu lilasi Lukman ngagarawak.

“Jurig! Tarajé tangtung -keun deui!”

Kuring nyengir baritenga-tengo ka jero. Geus kitutuluy indit duaan jeung Nita,muru ka kantin anu teu jauhti dinya.

Heuleut sawatara menit,jog duaan anjog. Laju milihméja, di luar. Ngahaja néang -an nu nyumput, méh tumani-nah ngobrolna, teukaponcongok teuing ti lebahjajalaneun. Bisi aya nu wa -wuh. Mangkaning asa teubiasa Nita sumpar-sampeurka kampus. Da sasarina gécukup ku panggih di pangan-jrekan waé. Atawa lamunkabeneran kuring keur dikampus, manéhna anungadagoan di luar, deukeutpanto gerbang. Bubuhan taradaékeun asup ka jero.

“Palay naon Nit?” kuringnanya ka manéhna.

“Ah, teu hoyong nanaon.Hoyong ketemu wungkul wéjeung kamu,” témbal manéh -na bari imut.

“Pan nuju ieu gé. Lahatuh, mani pupuiran. Pesennaon? Yudi ayeuna rék kajero. Iwal ti lamun Nita keurpuasa.”

“Puasa apaan. Minta juswé Nita mah. Haus, ti tatadipéngén minum. Jus naonwé.”

“Haus mah kudu ku jusbihun atuh, Nit,” cék kuring

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

44

Page 34: Mangle_2460

33Manglé 2460

saengabna.“Bihun dibikin jus?

Émang ada gitu? Asaararanéh.” Manéhna kerung.

“Lain. Bihun téh biwirjeung huntu,” pok téh sate -ngah diharéwoskeun kanaceulina. Manéhna molotot.“Teu lucu ah!” cénah baringagebug kana leungeun.

Kuring ngajéngkat. Sup kajero, nepikeun pesenan.Sanggeus bérés, créng dibayarharita kénéh. Koréléng deuikaluar, nyampeurkeun méjatempat cicing tadi jeung Nita.

“Boléh nggak Nitangeroko di sini?” Manéhnananya bari luak-lieuk,sanggeus kuring diuk deuidina korsi.

“Nggak boléh ku saha? Dasanés pom bénsin ieuh.”

“Bisi wé yang lain jadipada liatin. Nggak énak.”

“Lah, sami baé. Da di dieugé jalmi wungkul. Tuh, tin-gali, nu itu gé keur ngaroko.”Kuring nuduh keun ka hijiawéwé nu keur diuk jeung ba-baturanana lebah peun-taseun. Taksiran mah budakseni rupa. Da kaciri tina dang-danana anu nyentrik. Buukpérang siga bulu jagong. Anti-ngna rimbil dina ceuli.

Manéhna tuluy ngalieuknuturkeun sapanuduhancuruk.

“Bagus dong, ada temen,”cénah deui.

Sut baé geus kitu mahnyundut roko. Kelepas-kele-pus bangun teu tumarum -pang. Kuring gé antukna mahnyokot sabatang tina bungkusroko nu manéhna, sanggeusinget udud boga sorangantinggaleun bieu di luhur.

Teu lila pesenan téhdatang. Sor ditunda dinaméja. Manéhna langsungnguyup, ampir béak saparap-atna. Kaciri pisan halabhabnatéh. Kuring nyéréngéh ningalikalakuanana kitu téh.Kayungyun ku tara éraan ana.Awéwé kota téa, atuh. Irahateuing wawuh jeung paripo-lah andelemi.

Sakedapan mah panonneuteup ka manéhna. Kana

lebah buukna nu ngarumbaysemu beureum. Kana tak-takna. Hariguna. Tuluy pin-dah deui ka luhur, kanabeungeutna anu rancunit.

“Ngapain liat-liat? Anéhya?” pokna teu euleum-eu-leum.

“Ah henteu. Resep wéningali Nita eueut. Mani sigapemadam kebakaran kitu, ge-uning,” témbal kuring.

“Biarin. Émang enya

haus. Gimana lagi atuh.”“Ah teu gimana-gimana.

Sok wé ari haus mah teras -keun.”Manéhna siga nu nga-hajakeun. Leguk deui diinum,tug ka nyésa satengahna. Ku -ring seuri deui. Kitu ogémanéhna. Nyot deui kanaududna bangun ni’mat naker-anan.

“Tambah deui moal?”“Nggak usah lah. Cukup

ini gé,” témbalna.“Bisi haus kénéh. Sakalian

pesenna ka Dago Tilu Opat.”

Kuring ngaheureuyan, nyebutngaran toko inuman di JalanDago.

“Gandéng! Entar ke-dengeran ama yang lain!”Manéhna molotot, laju malé-dog ku panékér. Janggilekbaeud.

“Serius ah! Tong ngomon-gin nu kitu sekarang mah!Lagi rudet tau Nita téh. Ditempat kerja suasananya laginggak énak. Tadi juga Nita

kena marah ama Ibu Kepala.”“Mémangna ku naon

kitu?”“Ada uang kas yang ilang.

Ketauan tadi tina laporan bu-lanan. Lumayan gedé juga,sepuluh juta.”

Paingan tara-tara ti sasarimanéhna datang bari jeungmamaké kénéh sera gamgawé, cék haté ngagerentes.Ngan ku teu ngiberan heulaatuh saméméhna. Teu SMS-SMS acan. Nyusulan ka jerokampus deuih.

“Kapanggih teu nungutilna?”

“Belum. Tapi da pasti ke-tauan. Tadi gé abis dikum -pulin ama si Ibu. Satu-satudiinterogasi.”

“Kamu gé ikut diintero-gasi?”

“Iya. Cuman nggak lama.Da Nita mah émang belumpernah pegang kunci lokerkas. Tapi angger wé dima -rahin. Dibilangin nggak cer-

mat lah, kerjanya asal-asalanlah. Pokonya banyak wéh.”

“Boa laporanana salah.Kamu pan biasana nu nyusunlaporan téh?”

“Nggak tau. Nita mahnyusun laporanana ber -dasarkan bukti pembukuan.Yang bikin pembukuan kanbukan Nita. Ya udah wé di -tingalikeun ka si Ibu amapembukuannya sekalian.Kesel tuda!”

(lajengkeuneun)

Page 35: Mangle_2460

Saur Ajengan:"Sing saha nuresep kanahiji perkara,pasti éta jal -ma jadi bu-

jangna éta perkara. Resepngingu embé pasti jadi bu-jang embé, hujan-hujankudu ngarit."

Modél kuring keurngo ra resep kana lintar,duka poék, duka hujan,ampir tara aya waktu nukaliwat.

Ceuk paribasa poék ku -ndang obor, leueur kun-dang iteuk.

Dina hiji waktu ti isukmula. Pasti walungan ki -ruh jeung rada caah.Lamun kiruh pasti laukliar. Mani geus karasakerenyedna lauk kanaheu rap. Sanggeus asakbadami jeung batur sapa-gawéan, kira jam lima sorébring arindit, rék lintar kawalungan Cimandala.

Datang ka walungantéh pas pisan jam genep,tuluy bae sarolat magribdina batu, saréréa siaptempur. Pakéan katut ca -lana kolor diudaran di-buntel sarung tuluy dibu lenkeun kana sirah. Ari

lintar di walungan ti peu -ting mah tara dicalana(kolor) da ari hanjat soktirs. Ari babaturan mawa -na heurap téh rada carang,moncor dua ramo, ari kur-ing mah mawa kecrikngarah kaala hurang ka -beuki indung Si Kurcritanu waktu ditinggalkeunjamedud.

Sanggeus réngsé dang-dan, ngarungkup rék di -mimitian tina buntarMuara. Ceuk babaturan:"Ku lantaran éta mahheurap leutik ngarung -kupna ka beh hilir, nudéét, abdi rék ngarungkupkana leuwihna. Barengmaca Bismillah. Hiji ...dua ... tilu, gapruk barengngarungkup. Naaa da étamah babaturan barengjeung gapruk bareng goaktéh. Kuring reuwas lainlumayan, barang ditempobabaturan keur kekele-bekan dina leuwi. Kuringtuturubun ka leuwi, babat-uran tea digusur ka darat.Datang ka darat ana keytéh manehna seuri, ingetkana kalakuan manéhna.Ari sihoréng téh cenah, kulantaran teu di calana, étakagasrukan heurap rada

cengkat. Barang heurapdibabetkeun kawasna etanyeumat, puguh baé milukababétkeun. Bedul téhsugan mah ku jurig.

Lintar maju ka gi-rangkeun. Mokaha dua,tilu leuwi mah lauknaayaan. Tapi beuki girangbeuki luput, kalahka nya -reri balas ngabanting-bantingkeun heurap. Ceukdina ingetan kuring jeungbabaturan tangtu ieu ayanu lintar ti heula. Ari di-ilikan tapakna enya baé,malahan baseuh kénéh,pasti acan jauh. Kuringjeung babaturan haranjatmaké jalan darat rékngaliwatan nu lintar tiheula. Harita téh geusmimiti caang bulan re -yem-reyem. Barang tepika leuwi Gandawesi anukakoran loba jurigna,katempo di tengah leuwiaya nu keur lintar. Aduhéta jelema aya ludeungan.Pasti nu ludeungan kitumah Si Ahud urang lem-bur kuring kénéh. Timbulbaé pikiran hayang nga-heureuyan.

Babaturan sina megatti girang, kuring rék nge -teyep ngadeukeutan SI

Ahud. Kuring turun kaleuwi, lep teuleum.

Mucunghul téh paspisan tukangeun Si Ahud.Dasar keur kabengbat kunyokotan lauk tina heuraptepi ka kuring tukangeu-nana teu kanyahoaneun.

Bareng rék ngarung -kup deui manéhna radanonggéng. Teu dicalanamodél saragam lintar.Atuh rancil ka tukang.Barang rék gapruk pisan,étana ku kuring dirawél.

Na, ari goak téh, barilumpat dina cai, heurapdigusur, maksudna rék kasisi. Datang ka sisi ku ba-baturan di betahkeun. Anakudupruk téh dina keusikngagolér.

Ambekanana rénghapranjug satengah teu éling.Kuring jeung babaturanjadi katempuhan kudumencetan.

Na ari pok téh ceuk SiAhud: "Hiji-hiji Pa, daabdi mah teu ku naon-naon." Enya bae barangaya nu nyawél éta mahabdi reuwas jeung géték.Hayu baé ayeuna mahurang lintar sareng cenah.Dasar budak ludeung -an.***

Dicolok JurigKu Didi Cimerak

Manglé 246034

Page 36: Mangle_2460

Nyomot

Taun 2011 kuring sakola di Koréa Selatanaya kana satengah taunna. Malah mahgeus ngasaan ganti musim sagala. Ti

mimiti musim salju, musim semi, nepi kamusim panas. Di Koréa jajanan unggal musimtéh horéng béda-béda. Lamun musim saljujeung semi mah hawana téh tiris, jadi jajanantéh nu haraneut jeung lada. Lamun musimpanas mah jajaneun téh nu tarariis, kaasupemih kuah gé tiis, caina tina kulkas, disebutnatéh Nengmyeon, emih kuah tiis.

Minggu-minggu awal kuring di Koréa me -neran kana ahir musim salju, maju ka awalmusim semi. Bérés kuliah jam setengah genepsoré kuring kadua babaturan urang Meksiko,ngahaja ulin dék ngasaan jajanan khas Koréa nuayana ngan sore nepi ka subuh hungkul.

Daganganna téh di sisi jalan, aya nu makéténda, aya ogé nu maké dolak (mobil), tapi ayaogé nu boga kios husus.

Teokpoki, odeng, jeung twigim biasanasapakét dagangan dina tenda. Harita téh mesenteokpoki (ciga cireng tapi dikulub dijieunna tinasangu ketan, kuahna saos gochujang, lada)jeung mesen odeng (sarupaning nugget tapi di-jieunna tina lauk, dikulub dina kuah kepiting,gurih). Aya deui twigim, goréngan mun di urangmah. Tapi jerona téh octopus, aya ogé nu cigabala-bala (sayuran), hui boled, kepiting olahan,kabéhanana dibalur ku tipung. Digoréng, persisgoréngan mun di urang mah.

Geus jadi kabiasaan di Indonésia lamunjajan goréngan atawa dahareun sok diasaanheula. Dicomot saeutik tuluy dihuapkeun, méhkarasa ngeunah henteuna. Harita kuring gé kitu.Solongkrong wé lengeun téh nyomot bubukgorengan, dék diasaan tidituna mah. Ngan teujadi. Da kaburu leungeun ditepak manten ku nuboga warung.

“Ish ... teu sopan pisan!” cenah bari nyoron-got nyarekan ku Basa Koréa. Kuring luak lieukbingung.

“Punten Bu, teu terang, manawi téh wios di-cobian” ceuk kuring ku Koréa ogé.

“Mangga waé nyobian mah, tah ku ieunyandakna,” bari ngasongkeun sumpit.

Tuluy manéhna ngomong deui, “Di Koréamah teu kenging nyandak tuangeun atanapituang ku panangan téh, teu sopan. Siga nu teungahargaan kanu gaduh bumi (mun namu,harita mah da di warung, berarti kanu gaduhwarung).”

“Muhun Bu, hapunten pisan tadi abdilepat.”

“Teu nanaon, ngartos ibu ge, da sanes urangdieu. Tah ieu pesenan agasi (nona, eneng).” Baringasongkeun sapiring teopoki, samangkokodeng, jeung sapiring twigim campur.

Ti dinya, kuring jadi wawuh jeung nu bogawarung. Unggal ngaliwat mun sore téh sokseuri, jeung kuring gé sok remen mawa babatu-ran ka dinya. Da keur kuring mah, warung

teopoki nu ngeunah di sabu -dereun kampus téh ngan nu siibu éta.

Tungtungna mah kalah jaditutuluyan, unggal kadinya aya

wae nu diobrolkeun, masalah Indonesia, artisKoréa, kadaharan Indonesia, jeung rea-rea deui.Ngobrol mah mindengna jeung si bapana, nurada ngarti basa Inggris, si Ibu-na mah da bisabasa Koréa hungkul. Ngan keukeuh, unggalkadinya sok jadi kacapangan. “Eh si eneng nunyomot twigim téa, mangga lebet!”. Kuringseuri bari barereum, komo basa nyaritakeundeui ka babaturan urang Koréa mah, diseung -seurikeun!***

Evi Fuji FauziyahKp. Batukarut, CikonengSoreang - Kab. Bandung

Basa Naék Damri

Geus kabiasaan ari indit ngantor téh, ku -ring sok kana damri jurusan Jatinangor-Dipatiukur. Song kuring mikeun duit

5000 perak nu ngan salambar-lambarna deui,na da éta mah teu ditampanan. "Kirang sarébuatuh A!" ceuk kondektur téh nyereng, "Ayeunamah BBM ogé pan naék!"

Kacida érana ngadéngé kondektur ngo -mong kitu téh. Mangka duit téh ngan sakitu-ki-tuna, cugup-cagap kana saku calana da puguhteu mawa paleuleuwih. Jaba di gigireun téh ayawanoja nu titatadi ku kuring diajak ngobroljeung diheureuyan. Geus rumpang-rampangbingung kumaha peta.

“Ieu Pa, kirangna!” ceuk wanoja anu digi-gireun téh ka kondektur.

Geus dibéré sarébu kurangna mah kuwanoja nu aya digigireun, loés waé kondekturtéh nagihan ka nu lain deui.

Kaéra kuring ku hiji kudua, da beurangkondéktur ngomong kirang téh, teu siriknakabéh panumpang téh melong ka kuring. Geuspuguh ari ku wanoja nu digigireun mah. Asahayang sagajleng-gajlengeun kabur bakat kuéra.

“Nuhun Neng,” ceuk kuring éra-éra ogémaksakeun manéh. “Tadi téh kamusibahan,dompét ical!” ceuk kuring ngabohong. Nupuguh mah mawa ongkos téh pas, bari teu apalharga damri geus naék sarébu. Jeung éta waé siKondektur pikasebeleun meuni sosorongot nag-ihna. Pira gé kurang sarébu pérak.

“Muhun teu sawios A,” ceuk Si wanoja bariimut, tuluy waé manéhna jongjon nyonyoohapé. Kuring geus teu wani tunya-tanya deui.Ngabetem waé sajajalan téh.

Na haté waé ngabagel, kaduhung mawaduit téh saong koseun. Da angkeuhan téh engkédi kantor bakal mawa gajih bulanan. Ti haritamah kapok waé mawa ongkoh dipas téh, kuduaya leuwihna keur dana cadangan siga kieu.***

Ilham Fajru ZamanMajalaya

Oléh-oléh Jogyakarta

Balik ti Jogya ngasuh barudak sakola.Méméh miang, aya papadon ti Si Ambutong teuing mésér oléh-oléh. Bungah wé

nu aya, da sanajan teu dipesenan ogé sok sarwabingung, sabab oléh-oléh téh mindeng tara ka-paké. Meuli blus keur Si Ambu, mun kelirna teucocog, ukuranana tukung; nyakitu meuli saru-paning kaos keur barudak, mindeng kabelejogsakali maraké ogé geus dipaké elap.

Tapi basa beus rombongan nyimpang kakios husus salak, asa kabita ku salak anubaradag. Meuli ogé teu kira-kira, lima kilo di-wadahan kana bongsang badag. Tapi lantaranlalampahan jauh keneh, salak téh loba nukalaluar tina bongsang, kapaksa didobel kukérésék.

“Kadé barudak tong miceunan siki salaksagawayah, bisi katincak matak tiseureuleu,leuwih hadé kana carangka runtahkeun,” kuringngawawadian barudak. Teuing narurut teuinghenteu, nu puguh mah sajaba ti sapanjang jalanteu weléh maroyég téh barudak teu eureun-eu-reun ngagarayem oléh-oléh bawana sewang-séwangan. Rada jarempling sotéh palebahCitatah, atuh kuring ogé bisa rada ngalenyap.

Anjog ka sakola wanci janari leutik, barudakpahibut turun bari ngajaringjing oléh-oléh. Dihandapeun beus tambah ramé ku kolot-kolotmurid nu ngahaja mapagkeun barudakna. Sa-puluh beus téa atuh, pangeusina ngaburudulsanajan bari rada lulungu. Kaasup kuring turuntina beus téh rada balideg akibat kurang saré,terus muru Ki Salju véspa buhun taun 1973 anugeus aki-aki asal maju tapi tetep satia nungguanhandapeun tangkal kérsen di buruan sakola.

Bari lulungu, Ki Salju digajrug-gajrug dise-lah, karahka jugrah-jegroh batuk. Sanggeussabaraha kali nyejekan, kakara si aki bebele-tukan, tina bujurna ngebul haseup rada hi -deung. Ku disabaran mah kakara ngeureuyeuhngageuleuyeung, kitu gé rada rarampéolan dasuku tukangna geus déog péngkor.

Tumerapna cunduk ka imah, meneranbedug subuh. Si Ambu mapagkeun, dituturkeunku barudak jeung incu milu ribut, kabaribinanku gerung Ki Salju di buruan. Tuluy marukakérésék, tapi teu lila tingjulaeu hareugeueun.Aya naon, barudak? “Ini, Mbu oléh-oléhnyacuma biji doang,” ceuk incu bari ngacungkeunhiji siki ka nini-na.

Kuring milu ribut nempoan eusi kérésék,enya wé eusina siki salak wungkul. Héran jeungkaharendeg kakara kajawab sanggeus dua poé,waktu aya murid nganteurkeun kérésék hi -deung. Eusina salak nu baradag téa, nyahoeunanu kuring lantaran di jerona aya keretas makétulisan: “Salak Anu Bapa” meunang ngahajanulisan, maksudna sangkan teu pahili. Tapi aripahili mah tetep wé paliron jeung kérésékwadah siki salak, antukna salak nu baradag téhlebar loba nu teu kapuluk lantaran kaburu baru-ruk.

Endan SukandaSMAN 3 Kota Sukabumi

35Manglé 2460

Page 37: Mangle_2460

ASUP"Cenah di kota mah rumahsakit téh gratis?""Enya, unggal asup rumahsakit pasti di ubaran!""Geuning adi kuring mahhenteu?""Mémang adina geringnaon?""Henteu gering. Unggal poéasup rumah sakit sotéhpedah suster."

Budi Rahmat HidayatJl. Siliwangi No. 25

Majalengka

MAJUHiji waktu aya caleg Garut nukeur cacarita."Kuring nyalonkeun diri tehhayang ngamajukeun Kab.Garut ieu!"Ceuk nu rek milih."Rek ngamajukeun nepi kamana? ka Bandung? atawa kaJakarta? Garut mah moalbisa dipajukeun, anger waedina tempatna!"

Budi Rahmat HidayatJl. Siliwangi No. 25

Majalengka

NGAWINKEUN“Isuk urang rek ngawin -keun!”“Rek ngawinkeun saha?Geuning tereh. Henteu kacila kaan?”“His ... da uing mah rekngawinkeun cabe beureumjeung cengek.”

Budi Rahmat HidayatJl. Siliwangi No. 25

Majalengka

LIWET SANTRIKeur jaman masantrén mahUstad Dédén téh sohor santrilenger, tukang ngariweuh -keun pangeusi kobong. Sigaharita, dadakuna rék nyelangheula mulang ka lemburna tiTasik ka Purwakarta. Méméhmulang papadon ka baturna,“Euy, itu déwék keur ngali-wet, sok wé dalahar!” pokna

bari léos mangkat.Asak liwet, batur-baturnanga riung, dalahar balake-crakkan, deungeunna teupira ukur sambel goang,beuleum asin, jeung jéngkolngora, teu wudu ngaralimed.Ngan, barang kerak liwetdiguarkeun.., santri-santritéh arolohok! Aya sendalcapit dina dasar liwet téh,milu asak! Nu boga dosanamah geus ka mana boa, naékbeus ka lemburna.

Agus MulyanaSMP Kahuripan Pajajaran

Purwakarta.

CILAKA“Cilaka euy!”“Ku naon?”“Motor urang aya nu ma -ling!”“Apan tadi basa manehjongjon gapleh teh diinyeumku Si Sarcu.”“Eh, heueuh nya.”

Asep B. Syafi'iGarut

DEUDEUH TEUING"Deudeuh teuing, Si Kasepteu bogaeun duit ... Keun,sing sabar we, engke ge mo

burung boga ... geus bogamah!" ceuk Si Sadut baringusapan ... sirahna sorang -an.

Asep B. Syafi'iGarut

DA TEU RUMASAJalma ayeuna mah, teu diluhur teu dihandap, saruaresep kana cocorokot barangteu halal teh.Anton: "Protes sayah mah!"Baban: "Sarua sayah oge teusatuju!"Dodi: "Ah, sayah mah baeloba nu nyangka kitu oge!"Anton&Baban: "Har, naha?"Dodi: "Da teu rumasa!"

Wiwin WindianingsihJl. Veteran No. 19

Kuningan

NGIRIM SMSNini : “Ujang pang-sms-keun incu Nini!”Ujang : “Naon eusi sms-na, Ni?”Nini : “Ménta duit kituhkeur meuli hp!”Ujang : “Atos dikirimkeun,Ni. Tuh, langsung ngabalesgeuning!”

Manglé 246036

Page 38: Mangle_2460

Nini : “Kumaha cenahbalesanna?”Ujang : “Duka da abdi mahtos teu gaduh nini.”Nini : “Ari manéh ngirimsms ka saha, Sujang?”Ujang : “Nya teuing atuh,da teu apal saha incu niniteh!”Nini : “So what gitu loh!”(peletak sirah Ujang ditéké)

Agus MulyanaSMP Kahuripan Pajajaran

Purwakarta.

ICALNu Parkir: "Cenah kamari didieu aya nu ical motor!"TK. Parkir: "Muhun, ayakana saminggu kapengkermah."Nu Parkir: "ALah atuh,kumaha mun motor abdi ieuical?"TK. Parkir: "Nya teulangkung bapa eta mah, badengagaleuh deui kes atanapikridit."

Wiwin WindianingsihJl. Veteran No. 19

Kuningan

Masalah SéjénPamuda: “Kalah mahal wébayaranana, geuning pélétAbah téh teu matih?”Dukun: “Ceuk saha henteumatih. Buktina loba nu hasilalatan pélét ti Abah mah.”Pamuda: “Naha atuh ari ku -ring mah teu hasil?”Dukun: “Yeuh Jang, lainpélét ti Abah nu teu matih.Tapi beungeut Ujang... ruk-sak!”

SalvaJl. Pangaduan Kuda 132

Tasikmalaya

OBROLAN SAPATUSapatu Kaen: "Deuleu ituh ...kunaon maneh teh mani utahuger kitu?"Sapatu Kulit: "Halah ...haduh ... cokor dunungandewek keongeun!"

Wiwin WindianingsihJl. Veteran No. 19

Kuningan

Maké BuukNu meuli: “Mang, kumahageuning baso téh ayabuukan?”Nu dagang: “Tos tong ribut.Wios teu kedah dibayar nuaya buukan mah!”Nu meuli: “Cik atuh dua porsidéui dibungkus. Kadé nyadibuukan supados teumayar!”

Fitri Wulansari-Bandung

NgebutWa haji : “Jang, tong ngebutngebut atuh mawana!”Ujang : “Aaaahh… lebay siuwa, pan ieu mah ojekpayung!!!”

Adilla Ratu RaiJl. Pecinan No 112

NyandungSalaki : "Baé akang nyan-dung?”Nyai : "Heug waé kang, nganaya saratna!”Salaki : "Naon syaratna?”Nyai : "Nyandungna ulah ka-jalma deui!”Salaki : "Mending teu jadinyadung ari kitu caranamah!!!”

Indra GunawanJl. Keansantang No. 34

Lain IklanIncuna: “Aki, ari basa Cinanatelebug téh naon?”Akina: “To Lom Bong!”Incuna: “Ari ngawadul?”Akina: “Nga Bo Hong!”Incuna: “Ari biskuit Aki?”Akina: “Khong Gua An!”

SalvaJl. Pangaduan Kuda 132

Tasikmalaya

DidangukeunanaBadu: “Aya ku ngeunah geu -ning lagu Roti Bakar téhnya?”

Badi: “Ngeunah asa naon?Amis, pelem?”Badu: “Ari Si Selud? Nya ngeunah didangukeunanaatuh!”

Fitri WulansariBandung

Poé+ : “Poé naon nu ngeunah?”- : “Poé minggu atuh, da libursakola…”+ : “Lain aaaahhhh…!”- : “Poé naon atuh?”+ : “Nya, poé peuyeum atuh.Komo mun terus dibeuleum,dibanjur ku kinca…”

Asep MahpudinSDN Haruman Sari- Garut

DagangSujang : "Mang, dagang naonmang?"T. Dagang : "Arumanis,Jang!"SUjang : "Hiji mang! Ulahamis teuing."T. Dagang : ?!?!?!?!

Asep MahpudinSDN Haruman Sari- Garut

Leuwih “Awak uing leuwih gedébatan awak manéh, disin-treuk gé geus pasti gugu-rubugan.Awas siah mun sakali kalideui!" Dodo ngalungkeunsireum anu ngégél tarangna.

Indra GunawanJl. Keansantang No. 34

Jilbab+ : Néng, teu panas tengahpoe éréng-éréngan kieu di jil-bab?- : Panas atuh, tapi saur abahdi naraka mah 70x langkungpanas tibatan di dieu.+ : owh kitu? Ih jantensararieun. Aa gé enjing mahbadé di jilbab ah!

Sedi SetiawanJl. Bank No. 34 – Garut

Liar PeutingBapa : “Ulah liar ti peuting,matak dibawa jurig!”Anak : Moal pa, da ieu gé lobabudak nu liar peuting.”Bapa : “Anak saha kitu?”Anak : “Anak jurig.”

Sedi SetiawanJl. Bank No. 34 – Garut

GambarUjang : “Pa, ari gambar ituhartina naon? (Nunjuk gam-bar roko dicorét anu napeldina kaca)Bapa : “Éta téh hartina teungajual roko.”Ujang : “Ooooh..”

Adilla Ratu RaiJl. Pecinan No 112

Ibarat Cinta+ : Mun diibaratkeun mah,néng Iina téh jiga tumbilaanu sok nyocoaan Aa.- : Teu lucu ah…, basi!!!

Nana SukmanaAstana Anyar No. 78

Bandung

LaparUni : “A, tos emam can?”Aa : “Teu acan néng! Meunilapar kieu…”Uni : “Tacan anu sabarahakali A?”Aa : “Anu 5 kalina néng!”

Nana SukmanaAstana Anyar No. 78

Bandung

Moal MungkinTk dagang: “Mungpung dio-bral mangga dipilih. Ieusanés calana murah, tapicalana jin asli!”Nu rek meuli: “Ah moal jadimeuli, bongan ngabohong!”Tk. dagang: “Ngabohongkumaha?”Nu rek meuli: “Calana jin aslimah moal kaciri. Sidik étamah calana jelema!”

Fitri WulansariBandung

37Manglé 2460

Page 39: Mangle_2460

Manglé 246038

SSabungan ti kaca 21sakitu nyantrina, ari dirina?Gebru meubeutkeun awakkana korsi busa di patenga-han. Heuleut memenitan in-dungna norojol satutasngudar mukena.

“Emi geuningan? Sisi-narieun mani goréjag wayahkieu entos di dieu?”

Mimi mereketkeun dirisangkan teu katara nyidembangbaluh, terus ngoréjatngarawu leungeun indung -na.

“Muhun Mah, nyubuhsupados teu kalarung ma -cét. Apa ka mana, sarengbarudak?”

Indungna teu giak ném-balan. Antaré pisan diuknadina korsi pahareup-hareupjeung anak cikal kareueus.Katara beungeutna haropak,sésa kageulisanana ukur na-trat dina teuteupna nu lin-duk, gambaran kaweningbatin. Enya geuningan, titaun ka taun awak indungnangorotan pisan eukeur maheukeur ngingu panyakitgula. Lelembutan Mimingaléngléong kapalidkeungalindeng dareuda indung -na. Cék indungna, tilu poéka tukang, tiluan adi Mimi,awéwé saurang, duaan deuilalaki bujang kumeuheur,ngontrog pamajikan bapananu ngora, minangka ngabélaka indung nu geus dikakaya.Bapana teu bisa kukumahanyasatna ka dieu kumaha kaditu kumaha. Der wéh pa -raséa jeung dulur-dulurpatétéréan. Meureun saruaanak pamajikan bapa nungora gé, teu mikeun nénjoindungna pada ngaréntog.Tungtungna dua pihakan -ana pada-pada pundung.Adi-adi Mimi malangprét kauwana da narah papanggihreujeung nu jadi bapa. Aridulur-dulur téréna mahduka kamarana.

“Apa Emi mah ngahékok

wé di ditu.” Indung Mimimungkas obrolanana. Mimingaheruk.

Indungna nu sakitulilana dalit jeung bangbaluhlantaran dikoroméoh pa-nyakit, katurug katutuhdidua ku nu jadi salaki,kacida panggerna nyang-hareupan hirup. Saliranarangkebong. Mamah, Emitos nambihan bangbaluhbatin Mamah, padahal Emitéh kareueus kembangkaagul di ieu lembur, ge -rentesna. Naha perlu nu -ding teungteuingeun kaApa? Ras ka diri nu rek giligkajeun didua tibatan ngan-delan dosa maragatkeunnyawa darah daging sorang -an. Méh-méhan kasaruma-han haréwos Idajil ka duakalian, mending gugurkeun,gampang murah tur éféktif.Jaba trend pajamananayeuna, pan cenah kudungindung ka waktu ngabapakana wayah midulur kanatrend. Ih, amit-amit.Samalah aing kudu mam-puh ngaping ngajaring turtaméré sumanget hirup in-dung jeung orok korbancinta modél kieu. Mun perlumerjuangkeun legitimasinaulah tepi ka ngarasa menciltur dipencilkeun. Sanajanmemang palakiah anupanghadéna mah nyinglarlampah nirca.

Titirah ngadon kanceuhmulang ka lembur téh.

Niat ngéndong bedo.Mimi ge sat-gesut turun tinagolodog imahna, sedeng in-dungna mah geus murukebon nu perenahna peun-taseun walungan Cilutung.Teu jug clak kana kan-daraan najan ojég balawirigé, nikreuh aya kana duakilométerna, malibir kajalan satapak.

Ngahaja ngarah lelem-butan ruket deui reujeung

lembur di mana dirina di-borojolkeun. Ras deui kanaHP nu ngadedempés.Sérédét jeletit. KaciptaSarka keur sarukan-sukansaanak-pamajikan ngeusianusum liburan.

Sms kadéngé disada, teudiwaro ku Mimi teh. Pasti tiSarka. Tapi basa terusditéma ku nelepon, radareuwas. Tapi angger dian -tep. Komo disusul ku smsdeui noron.

“Wanduuu wanduuu….!” maksudna Bandung,Bandung. Kalacat Mimitumpak, geuleuyeung mobiltéh maju. Ari gek dina jokmobil karasa beuteungna je-jeletitan, mules teu pupu -guh. Éta kitu, pédahleum pang gancang teuing.Panon poé lingsir ngulonbasa Mimi turun tinaangkot. Teu kahaja rét kalebah Taman Margasatwa.Ras inget minggu tukangmanéhna nyaksian, sidik,manéhna keur suka-seurimumunggu anakna,saurang deui ditungtun di-tuturkeun ku pamajikanana.Aa? Eta téh Aa?Ah da sidikmoal kapalinganpangdeuleu. Salira keursenang-senang. Téga pisanAa mah! Tapi Mimi gé da,rumasa salah. Aa téh aya nuboga. Sms disada deui.

Ayeuna mah geuwatdibaca.

“Ka mana waé ari Mimi,ditelepon teu diangkat? PaSarka kacilakaan,” cék dinasms. Sirahna ujug-ujugkarasa lieur. Sadatang-datang ka buruan kos,rarasaan Mimi asa nincakasa henteu. Les teu inget dibumi alam. Sadar-sadargeus aya di rumah sakit.Sobat-sobatna, Acah,Nunun, Gun gun, Ajay,malah Andi mah keurngeukeuweuk ramo leung -

eunna.“Emi, sadar Emi!” Haré-

wos Andi nyaliara nembusjajantung Mimi. Sabraynapanon Mimi ku saréréa teusirikna pada ngarangkul.

“Saur dokter, Mimi téhperdarahan akibat stress,”cék Acah ditompokeun kanaceuli Mimi, meureunsangkan Mimi wungkul nungadéngé. Pendarahan?

“Pa Sarka kacilakaan.Ayeuna rék dicandak ka ieurumahsakit,” cék Emi.

“Na iraha?”“Tadi beurang di tanja -

kan.”“Ari ayeuna jam

sabaraha?””Satengah dalapan

wengi!” cék Uleud.Kakara gé Mimi rék pok

nanya deui, kurunyung ju-rurawat, saréréa biratkalaluar heula. Sora tv dijuru rohangan enya gé launtapi atra ngagelendrungmeneran berita kacilakaan.Warta patalimarga. Mobilanu warna konéng métaliknomor platna saanu, disu-ruduk kagaley ku beus, tadibeurang di tanjakan.Panumpangna ayeuna geusaya di rumah sakit daerah.Mobil Pa Sarka kitu, nahabet sarua nomerna? Boa-boa.

Kadéngé héang sirineuhawar-hawar, sada jumerit,ti luareun rumah sakit. CékEmi ayeuna Sarka rékdibawa ka ieu rumahsakit.Eta kitu? Gerentesna. Nungahéang tengah peutingmutuh matak keueung,kana haténa.

Hayang lumpat saka -lumpat-lampét, muru,negesken enya hen teuna.Tapi apan dirina gé keur teuwalakaya, di rumah sakitanu sarua. ***

Panglawungan 13

Page 40: Mangle_2460

DDongéngAkiGuru

Jaman baheula, ba-heulana ogé béhditueun baheula.Aya tilu jalma nubeunghar kacida

tur hayang hirup salalawasna(abadi). Nu kahiji mahtukang moro di leuweung, nukadua tukang ngala lauk diwalungan, jeung nu katilutukang macul ngabaladahnyieun sawah.

Tukang moro boga leu -weung lega akuanana.Tukang ngala lauk kacidaahlina kana ngala lauk,beubeunanganana teu weléhmucekil. Kitu ogé tukangmacul, getol pisan kana mac-ulna, pangpangna maculanlahan anyaran nu dijieun pi-sawaheun ku manéhna, nutungtungna boga sawah sat-ungtung deuleu tur nga-hasilkeun paré nu kacidalobana. Tilu jalma étangarasa hariwang jeungsalempang kana hartaban-dana nu geus meunang hésécapé. Sabab geuning kabeu -ngaharan téh kudu diting-galkeun ku kakolotan, jeungtangtu waé isuk jaganing getoogé maranéhna téh bakalkakeunaan ku paéh. Sokkomo geus karasa awaknageus teu jagjag siga baheula.

Ku lantaran kahayangéta, tilu jalma téh babarenganguguru ka mamana jeung kasasaha. Ngan jawaban ti paraguruna téh kabéh ampir

sarua yén hal sarupa kitu téhpamohalan jeung moal bisa.Da tiap-tiap mahluk nu nya-waan pasti bakal pinanggihjeung paéh.

Ngan kulantaran tilujalma éta keukeuh jeungkeyeng hayang hirupsalalawasna. Antukna tuluybabarengan ngasruk leuwe-ung nu pangjauhna jeungpanggerotna pikeun tatapahayang ménta pituduh jeungjawaban tina naon nu kumanéhna ditéangan.

Geus teu inget deui kaanak jeung pamajikan katuthartabandana. Tiluananamanteng kana kahayangna.Da ceuk angkeuhanana keurnaon jadi beunghar lubak-libuk bro di juru bro di pantoogé ari kasampeur ku patimah. Kitu ogé ceuk tukangngala lauk jeung tukangmacul.

Sanggeus tapa dina waktunu sakitu lilana, kakarék kamaranéhna tiluan meunangpituduh tinu gaib. Keur ta-tapa aya nu ngadatangan kajalma nu sing sarwa bodas,bari tuluy pok ngomong.

“Naon waé kahayangandika baris kacumponan,ngan tiap-tiap kahayangtangtu aya pameulina! Kulan-taran anjeun hayang hirupsalalawasna, bakal aya tinababagian awak anjeun nuleungit!”

Gancangna carita nu

tiluan teu mikir panjang deui,langsung disanggupan.Bubuhan meunang hayanghirup salalawasna. Sanggeuskitu mah tuluy mulang deuika lemburna.

Can ogé nepi di imahmasing-masing, jalma nutiluan téh geus salin rupa.Awakna ti bujal ka luhurangger jelema, ari ka han-dapna geus taya sukuan di-ganti ku buntut nu pinuh kusisit, leumpangna ogé léléo-ran usik ku awak.

Nu tiluan tuluy balik kaimahna masing-masing. Nepidi imahna bet tuluy teudipikawanoh ku kulawar-gana, malah nepi ka dibubu-rak da disangka ririwa.Dibuburakna ogé lain waé kukulawargana, tapi ogé kuurang lembur nu manggihan.

Tukang macul jeungtukang lauk ngarasa kadu -hung geus boga kahayang teuuni, hayang hirupsalalawasna siga nu nangtangpangeran.

Lantaran kaduhungjeung taya tempat pikeunmulang. Tukang lauk balik kawahangan, tuluy tetep tume-tep di wahangan. Kitu ogétukang macul tuluy cicing disawah.

Tukang macul jeungtukang lauk ngadoa hayangbalik deui jadi manusa, atawalamun henteu diparengkeunjadi manusa ogé minimal

bisa méré mangpaat pikeunmanusa. Tukang lauk nu ci -cing di wahangan tuluy salinrupa deui jadi lubang, aritukang macul nu cicing disawah mah tuluy jadi belut.Duanana tuluy ngarekahantur kaarah mangpaatna kubangsa manusa. Sok dipakédeungeun sangu.

Ngan séjén deui jeungtukang moro nu ngarasa geuscumpon kahayangna.Manéhna mah tuluy salinrupa jadi oray, tur cumponhayang hirup salalawasna.Sanggeus manéhna kolot,tuluy ganti kulit megar jadingora deui. Kitu jeung kitusalalawasna.

Ku lantaran baheulanabeunghar, tukang moro nujadi oray mah sok neuteuli kakulawargana. Mun sakalibongoh sok asup ka imahbangsa manusa. Da angeuh-nana téh rék nyokot hartabanda meunang kukumpulmanéhna. Di pilemburanmah sok diparengkeun ayaoray asup ka imah. Ceukurang Pakidulan Garut mah,tah éta téh oray nu rék néanghartana. Lamun parengpasanggrok sok sarieuneun.Oray sieun dipaehan kubangsa manusa, kitu ogebangsa manusa sok sieunditagih harta banda ku oray,tungtungna duananalalumpatan.*** ([email protected])

Dongéng-dongéng

ti Pakidulan Garut

Oray, Lubang

jeung Belut

39Manglé 2460

Page 41: Mangle_2460

Manglé 246040

SSambungan ti kaca 23

Manéhna kutuk gendeng.Tapi deuih ari ras kana kahé-manna jeung sok ngabandu -ngan lamun manéhna keur‘curhat’, Si Rojak téh mani sokdaria. Béh dituna apan sokbarang béré. Sakalieun béa -keun bekel atawa ududeun,tara owel. Najan manéhnaseja nginjeum, tempona rékmayar mah Si Rojak tara daéknarima. Keur anteng ngala-mun, kagareuwahkeun kusora baturna, enya Si Rojak.

“Hudang euy! Geus siap?”Cenah. Sungutna kaambeubau alkohol. Baku si éta mahari geus kitu peta téh.Manéhna gé kétang kungsinyoba-nyoba da si éta maksa.Saleguk dua leguk matakongkék. Hadéna teu kateteru-san. Manéhna teu gancangnémbalan. Aya nu padung-deng bitotama na jero dadana.Papagah akina nongtoréngdeui, cenah mun hayangsalamet hirup boh di dunyaboh di ahérat kudu usaha dinajalan halal jauhan jalan pa-haraman. Tapi ras deui kanarenghik pamajikan bari ma-panas, “Tuh si itu mah burbeureum bur hideung usahadi kota téh!”

“Montong loba pikirankéhéd ari hirup hayangsenang mah!” ceuk Si Rojak.Kusiwel nyokot roko tinajakétna, kejeueung Samsu.

Nyot diudud sabatang.Serebung haseup ngebul. Dis-odorkeun ka manéhna. Topmanéhna nyokot sabatang.Tingpelenyun duaan ngara -rasakeun nikotin. Wayah nga-gayuh ka peuting, JalanCibadak beuki jempling. Nudaragang beulah kulon geuskukud. Trotoar Jalan Cibadakméh pinuh ku nu ngadonreureuh satutas pabeubeurangsaba dayeuh néangan pangu -pa jiwa siga manéhna. Aya nunonggéngkeun béca minangkapipinding angin ngarah teutiris teuing. Aya nu ngabulenmanéh ku simbut saaya-ayasiga manéhna ku karung gem-

bés. Najan kitu, talibra baé teukaganggu ku angin peuting.Iwal ti manéhna nu ti barangdatang ka dinya pasosoré cansakerejep-kerejep acan. Angotayeuna diantelan rokok, kalahbeuki cénghar. Antukna pa -ngajak Si Rojak téh disanggu-pan.

Poé éta manéhna teungider usaha cara sasari sababSi Rojak geus papadon engkésoré mimiti ngalaksanakeunpancén gawé nu cenah hasilnalipet tikel.

“Jak, rék ka mana ieutéh?” Manéhna ngaharéwosbasa geus aya dina mobil nunyemprung teuing rék kamana. Aya jelema séjén nu teuwawuh. Si Rojak dadak-dadakan jadi mahal omong.Malah basa diharéwosan gékolu nyigeung hulu angentangka heneg.

Mun teu inget keur aya dimana mah geus kudu diségagbari ditotog tonjok tah siwewelek téh .

Sup ka hiji wawangunan.Teuing di mana. Teu kungsilila balad Si Rojak nu tiluantur dedeg pangadeg barusekelgeus araya di jero wawangu-nan. Di jero ukur reyem-reyem dicaangan lampu limawat. Beungeut-beungeutnateu sidik da diteregos. Teg wémanéhna boga sangkaangoréng. Teu salah.

Éta téh ningan komplotanrampog. Harita keur ngatursiasat. Manéhna hayang nge-jat saharita. Teu bisa hojahsabab Si Rojak salin jinis jadiiblis. Nodongkeun bedil sigababaturanana. Pingpinanrampog nu harelung jangkungbabagi tugas, briping meu -reun mun pancén tentaramah. Manéhna kabagéanpancén nyokot barang.

Sasaran geus ditangtu -keun, rék ngarampog tokoemas nu aya di Jalan Pasir -koja. Manéhna gé dibéré bedilkeur nyanghareupan bancangpakéwuh.

“Sasaran kita sikat abis!

Semua barang harus karing -kid kabéh! Kalau tidak, nyawakalian taruhannya.

Suksés, kita akan kayaraya menandingi koruptor,babah-babah tengik yangseenaknya nguras kekayaansedangkan rakyat pribumiseperti kamu-kamu sengsara!”ceuk gegedug rampog dinasora handaruan. Mun teuditeregos mah pasti katénjomatana bolotot.

Kolébat beungeut akinanémbongan deui.Ngadongéng deui ngeunaanperjuangan. Kumaha cenahgedé wawanén akina basangabekaskeun bedil maéhanmusuh. Enya, musuh rahayatnu hirup balangsak. Toh patijiwa raga ngusir si kapir nga -yonan musuh téh taya deui nudiarep-arep iwal hayang geuramerdika.

Teu pupuguh asa aya nuasup kana warugana.Pecenghul kawani. Ceg kanabedil. Nu asalna asa-asa, tongboro ngabekaskeun, dalahnyabak gé palalaur angotngadéngé beledugna mah.Cenah bedil téh kari nga -bekaskeun baé lamun engkéaya nu ngahalang-halang,Pelorna teu loba. Da ceukitungan gegedug rampog ogéteu kudu dibekaskeun ogéjelema téh pasti nyararingkah.Najan kitu, da puguh targétoperasi téh di wewengkonramé, bisi aya patugas kaa-manan, bedil téh pereludipéloran kalayan samakta tursiap jedor.

“Tong asa-asa, jedorkeunbaé! Saméméh nyawa urangbeunang,” ceuk Si Rojak ti di-tuna mah méré kawani lamunkeur operasi katohyan patugaskaamanan.

Nitis tulis ciri wanci numustari datang mangsa nusampurna cunduk waktu nutangtu, kira tabuh tujuh peu -ting, manéhna katut balad-balad Si Rojak geus cunduk kanu dituju.

Puguh wé wayah kitu mah

jelema pagaliwota kénéh bohnu maruka toko, para PKL,jeung nu balanja.

Di hareupeun TokosEmas. “Sinar Mulia”, ayamobil eureun. Taya nu opé-nan. Jang nanahaon opénanka mobil eureun kawas urangkampung bau lisung baé. Tapibasa jratjrut panumpangnatarurun bari ngarokang bedil,mimiti jelema sadar bakal ayabancang pakéwuh.

Na waktu sakedét nétra,kaayaan barobah jadi paci-weuh. Angot basa kagareu -wahkeun ku sora bedil nuujug-ujug ngabeledug mahsaurang gé taya nu teungaranjug bari rikatnyalametkeun diri séwang-séwangan.

“Dor!” pélor mecleng kaluhur. Gegedug rampog mérétangara ka nu araya sangkanulah ngaharu biru ka ma -ranéhna.

“Jangan bergerak!”Kadéngé nu nyentak. Kaayaanbeuki tagiwur. Napas-napasjelema beuki ngerepan, jajan-tungna ngadulag na wirahmakebek karémpan, késangbadag késang lembut bariji-lan. Taya nu wani usik, sukumaku na titincakan.

Awéwé mah aya nu kawérwéran pisan. Kituna téhbari ngabekem sungut bu-dakna nu méhméhanngocéak baning sawan.

Taya nu dipikasieun iwalti bisi pélor nobros jajantung.

Teu kungsi lila, “Dor, dor,dor, dor!” bedil ngabekas deui,ciples opat kali bareng jeungtingjarungkelna jelema-jelemanu kakeunaan ku pélor. Dor,jurahroh! Jegér, jéngjéhé.Beledug, nambru. Beledag,jengkang.

Rampog saopat-opat,kaasup Si Rojak, tiwas sapadaharita diémbrat pélor, teumingé deui.

Nu nyakséni ngembangkadu. Manéhna narik napas.Reuwas kareureuhnakeun.

***

Page 42: Mangle_2460

41Manglé 2460

Page 43: Mangle_2460

Manglé 246042

GGedong Saté

Sugianto Nangolah, AnggotaKomisi A DPRD Jawa Barat tiFraksi Demokrat ngarojong

wacana malikkeun pilihan kepaladaerah ku DPRD. Lian ti nurun -keun waragad politik, usulanpamilihan bupati/wali kota kuanggota legislatif ieu teh dianggapbisa ngurangan pacengkadan dimasarakat.

Sugianto Nangolah anu mancenSekretaris Komisi A DPRD Jabarboga anggapan yen pilkada lang-sung ku masarakat bisangabalukar keun sajumlah potensinegatif anu upama diantep justrubakal patojaiah jeung tujuan awalanu dipiharep. NurutkeunSugianto, pilkada langsung kumasarakat bakal ngajadikeunlobana praktek ‘money politic”.

Lian ti eta, potensi konflik ditengah-tengah masarakat bakalloba kajadian, boh saacan atawasabadana proses pangumpulanjeung itungan sora. Sugianto nga-jentrekeun, henteu saeutik pilkada

langsung anu nyababkeun karusu -han jeung konflik di antaramasarakat.

Malah mahbisa ngabalukarkeunkarugian materi, konflik politikanu balukar tina pilkada langsungieu bisa oge ngakibatkeun korbanjiwa.

"Kumargi kitu, sim kuringngarojong pisan upami pilkada téhdiuihkeun deui ka DPRD," pokna.

Dilaksanakeuna Pilkada kuDPRD bakal ngurangan esensi jeungkualitas demokrasi anu kiwari keurdiwangun di tengah-te ngah masa -rakat Indonesia. Masing henteu di -pilih langsung ku masarakat,pilkada ku DPRD bakal tetepdilaksana keun kalayan demokratis.

Nurutkeun Sugianto, anggotaDPRD anu ‘notabene’ dipilih kumasarakat mangrupa wakil rayat diparlemen, kusabab kitu sora anudisalurkeun anggota legislatif dinapilkada dianggap cukup keurngawakilan aspirasi warga.

"Janten henteu leres upamipilkada ku DPRD téh dianggap teudemokratis," pokna teges.

Pilkada langsung ku masarakatbakal ngajadikeun bosen keur numilihna. Sabab, lian ti kudu milihbupati/wali kota, masarakat ogekudu disanghareupkeun dinapamilihan gubernur, pamilihanumum legislatif, jeung pamilihanpresiden.

"Henteu aneh upami jumlah

partisipasi warga (pamilih) terasturun tiap taunna. Para pamilih ieungaraos bosen kumargi seueur uru-san sareng pamilihan umum,"pokna bari ngeceskeun yen pamili-han umum presiden memang kududipilih langsung ku masarakat.

Menteri Dalam Negeri Guma -wan Fauzi ngusulkan revisi Un-dang-Undang Nomor 32 taun 2004ngeunaan Pemerintahan Daerahanu dina Undang-undang ieu di-jentrekeun yen ayana sistempamili han kepala daerah. Nu-rutkeun Gumawan, pilkada lang-sung henteu diamanatkeun dinakonstitusi. Lian ti eta, pilkada lang-sung loba ngabaud para kapaladaerah kana kasus hukum.*** (AS)

Tarékah JabarNyingkahan Pacéngkadan Pilkada

Sekretaris Komisi A DPRD Jabar, Sugianto Nangolah

Page 44: Mangle_2460

43Manglé 2460

Undang – Undang Dasar 1945 (Pasal 28A, ayat 1 UUD 1945 jeung UU No.39tahun 1999 ngeunaan Hak Azasi Manu-

sia pasal 9 ayat 1)salaku sumber tina sagalasumber hukum, ngaamanatkeun ka penyeleng-gara nagara (pamarentah) sangkan mere jami-nan hirup raharja lahir jeung batin ka sakumnawarga nagara. Diantara karaharjaan masarakatutamana ku ayana “Katahanan Pangan(katua -ngan)”, ku kituna sacara eksplisit UU Nomor 7Tahun 1996 ge geus ngajentrekeun konsepkatahanan pangan, komponen sarta pihak nukudu berperan dina ngawujudkeun katahananpangan.Saterusna Undang-Undang eta di-jabarkeun dina sababaraha ParaturanPamaren tah(PP), seug komo katahanan pa -ngan saluyu jeung PP 38 Tahun 2007 ngeunaanPembagian Urusan Pemerintah antaraPamaren tah, Pamarentah Daerah Propinsi,jeung Pamarentah Daerah Kabupaten/Kota,pasal 7 ayat (2) mah, mangrupakeun urusanwajib. Tumali jeung eta dina taun 2008Pamaren tah Propinsi Jawa Barat ngabentukBadan Ketahanan Pangan Daerah (BKPD)Propinsi Jawa Barat ngaliwatan Peraturandarah Propinsi Jawa Barat Nomor 22 tahun2008 ngeunaan Organisasi dan Tata KerjaInspek torat, Badan Perencanaan Daerah, Lem-baga Teknis Daerah dan satuan polisi PamongPraja Propinsi Jawa Barat, berkedudukan seba-gai Pelaksana Pemprof Jabar dina PenangananBidang Ketahanan Pangan. Badan KetahananPangan Daerah dipupuhuan ku saurang KepalaBadan nu ngawengku Hiji Sekretariat, jeungOpat Kepala Bidang. Nu dumuk di Kantorna jl.Ciumbuleuit No. 2 Kota Bandung.

Dina upaya ngarojong ngawujudna Visijeung Misi Jawa Barat “TercapainyaMasyarakat Jawa Barat yang Mandiri, Dinamisdan Sejahtera”, sarta mertimbangkeun pasua -lan jeung isu strategis pangwangunan Ketaha -nan Pangan di Jawa Barat, kukitunaVisi BKPDProvisni Jawa Barat taun 2009-2013 ge ngancokana “Tercapainya Kemantapan KetahananPangan di Jawa Barat”

Kemantapan Ketahanan Pangan nyaetakondisi cukupna pangan poko di Jawa Baratkeur rumah tangga nu nyukupan, boh jumlahatawana mutu/kualitasna, aman, merata jeungkadongkang(hargana).Tah visi eta bakal karaehlamun seug: Pamarentah salaku regulatormampuh nyadiakeun pangan nu cukup unggalwaktu sarta mampuh ngadistribusikeunanasacara walatra ka sakuliah wewengkon jeungsakabeh lapisan masarakat boga kamampuhkeur ngaakses pangan, nepi ka pangan nyam-pak di unggal rumah tangga.Keur nohonan duasarat eta, ditetepkeun 5 (lima) “Misi BadanKetaha nan Pangan Daerah Provinsi Jawa

Barat”, nu di jerona ngandung gambaran tuju -an sarta sasaran nu bakal diraeh, saperti:Ngaronjatkeun Katersediaan jeung PenguatanCadangan Pangan- Ngaronjatkeun Distribusijeung Akses Pangan Sacara Berkelanjutan-Ngaronjatkeun Penanganan Daerah RawanPangan Ngaliwatan Pemberdayaan Masyarakat- Ngaronjatkeun Penganekaragaman jeungKaamanan Pangan, Berbasis Potensi lokal,jeung Ngaronjatkeun Rojongan manajemenjeung Teknis Bidang Ketahanan Pangan.

Jadi cindekna mah output BKPD, saurPupuhu BKPD Jabar, Dr. Ir.Dewi Sartika.,M.Si,” Manusa nu sehat, aktif, produkstif, jeung ber-dayasaing”. Tah ku kituna pikeun bisa ngahon-tal hal eta masarakat kudu boga pangaweruhkana pangan nu “B 2 – SAH (Beragam. Bergizi,Seimbang, Aman, jeung Halal)”. Beragam:saeutikna tiap jalma ngonsumsi kurang-leuwih40 jenis gizi katuangan, nu bisa nohonana haleta ngan ASI (Air Susu Ibu) eta ge kawatesananngan ukur 2 taun. Ka dieunakeun lamunkatuangan ana tambah “color ful (berwarna/ -rupa-rupa)” tambah hade; Bergiji, kudu ayaproteinna, lemak. Minyak, sayur, buah-buahan,jsb; Saimbang, antara katuangan pikeun kolotjeung budak ngora kitu deui nu gering atawanakeur nu hudang ngajuru beda-beda gumantungkondisi badan jeung umurna; Aman, katua -ngan kacida utamana pikeun manusa, tapijaman kiwari katuangan geus teu aman / teusehat deui, ngandung racun, jeung matakngabahlakeun, barudak geus diinterpensi jeungdiinvestasi ku katuangan-katuangan nu ngan-dung pamanis buatan, pangawet jeungpawarna (tekstil), tacan gorengan nu diasakanku minyak kalapa nu geus dipake sababarahakali kuat ka hideung, “Sadaya katuangan dinajaman kiwari kirang-kirangna mah matakngareksak kasehatan”, Kitu saur Bu PupuhuBadan nu kawentar sok disarebut bu Ikeutandes.

Ku kituna saur alumni Fakultas PeternakanIPB (S1)-Fisip Unpad (S3), di BKPD Jabar ayaOKKPD, aya otoritas kompetensina keurngokolakeunana. Jadi katuangan seger saacan -na asup ka pasar teh kudu bebas pestisida, bak-teri, jsb, seug komo keur diekspor ka Singapurnu nyaratan kudu seger jeung bebas tina residumah kudu diperhatikeun pisan. Nu pamungkasHalal, ayana di MUI tapi jadi bagean tinaBKPD.

Posisioningna, lamun rek ngilik angkana,naha konsumsi masarakat jabar geus nyuku-pan?Aya kriteriana dina Pola Pangan Hara-pan(PPH) nu mangrupa indikatorkeberagaman konsumsi masarakat Jabar , nudiitung ku Biro Pusat statistik (BPS) ngaliwatanSusenas.

Aya 13 kolompok katuangan dina kriteriaPPH : padi/beas- beubeutian/umbi2an-buahbiji berlemak (kalapa), lemak/minyak, buah-buahan jeung sayur, kacang-kacangan,proteinhewani, gula nu lianna( kayaning bungbu, jsb),watesanana: Padi 275/gram- saurangna dinasapoena, tapi di urang mah geus kaleuleuwihi313/gram jadi akibatna kalahka tunduh, gen-dut ,jsb, sayuran nu kuduna 30 kakara 18, ku-rang nyukupan, protein hewani ge nu kuduna24, urang mah kakara 17 jauh keneh. KukitunaIkeu umajak sangkan urang mimiti ngurangankonsumsi nasi/beas (hal ieu saluyu jeungajakan gupernur Jabar /Edaran Gupernur No.501 tanggal 15 Juli 2011 “Sapoe teu ngejo (oneday no rice)” tapi ngurangan beas lain pedahnakurang pangan tapi sapoe teu ngejo bisanyalametkeun 1.300 hektar), tapi kudu lobanuang protein hewani, sayur jeung buah-bua-han sarta kacang-kacangan nu “bersumber-daya lokal” ulah “importmainded” sangkanbisa ngaraharjakeun para patani di urang, luyusareng ajakan gupernur ari ngajenan patanisaurna ulah ngan ukur diajenan sacaraekonomi tapi kudu “ekonomi plus kehidupan”sabab “Upami patani mung ukur diajenansacara ekonomi patani bakal kadeseh ku pasu -kan impor nu tos langkung sistemik, legaluang na sareng disubsidi ku nagarana. Peranpatani kalintang pentingna dina kahirupanurang, sareatna nu masihan tanaga sarengkasehatan, upami guru pahlawan tanda jasa,patani mah pahlawan kehidupan”! Kitu poknadaria.

Tugas BKPD memang lain pagawean nu en-teng-enteng, loba ngonsolidasikeun jeung ngo-ordinasikeun kagiatan-kagitan lianna, jadi lainngan saukur pasualan beas jeung beaswungkul.Loba pisan komotekaran BKPD Jabarditambah ku gedena rojongan jeung gebragangupernurna nu rancage saperti naratas gawebareng jeung Bulog nu ditarurutan ku propinsilianna jeung ngaluarkeun Perda No.27 keurngungkulan “Alih Fungsi Lahan”, “Sapoe teungejo”, jrrd, nu alhasil sakabeh eta geusngalantaran keun Gupernur Ahmad Heryawandua kali noron 2012 jeung 2013 ngaraeh panga-jen “Adhikarya Pangan Nusantara.***ASEP GP.

BKPD JABARDemi Masarakat Jabar nu Mandiri,

Dinamis & Raharja

Page 45: Mangle_2460

Manglé 246044

KKatumbiri

Luyu jeung gagasan WalikotaBandung, Dinas Perhubungan(Dushub) Kota Bandung

satékah polah ngajalankeun rupaningléngkah pikeun ngungkulan pasualanmacétna jalan, di antarana kungabebenah pasualan tranportasi.Pikeun ngajaga kasaimbangan modatranportasi, diatur ku sistim ATCS(Areal Trafic Control System). Lian tikitu, tempat parkir ogé ditartibkeun.Masarakat anu parkir di tempat nulain diancokeun keur tempat parkirbakal ditibanan sangsi. Dishub ogéngalaksanakeun mobilitas pakotaananu ngandelkeun jaringan sistimangkutan umum multi modal, tur

ngarojong dihangkeutkeunana alattranportasi nu teu maké mesin sapertisapédah. Éta hal ditétélakeun kuKepala Dishub Kota Bandung, E.M.Ricky Gustiadi. Atd.SE.MT, ka Mang -lé sawatara waktu nu kaliwat di roha -ngan kantorna.

Ceuk Ricky, Kota Bandungmibanda panjang jalan 1.236,48 km,kalawan jumlah kandaraan 859.411mobil, 356.714 motor, sarta angkutankota 5.521 unit. Saban taun jumlahkandaraan téh naékna 11 persén, di-tambah ku jumlah kandaraan anudatang ti luar rata-rata 3.500kandara an saban poéna. Lamundibandingkeun, pajang jalan jeung

jumlah kandaraan éstu teu saimbang.Mana komo nepi ka kiwari masihkénéh réa badan jalan anu dijadikeuntempat parkir. Hal sarupa kituwuwuh nambahan macétnasababaraha jalan di Kota Bandung.Réana kandaraan anu datang ka KotaBandung téh alatan Kota Bandungmangrupa salah sahiji puseur kagia -tan ékonomi di Jawa Barat anusakaligus jadi kota tujuan wisata.

Dinas Perhubungan Kota Bandungteu reureuh metakeun ihtiar pikeunngungkulan pasualan parkir, lantarannepi ka kadanget ayeuna réa kénéhmasarakat anu parkir sembara ngan.Kukituna, kasadaran jeung kapadulianmasarakat dina nyiptakeun kadisip li -nan patalimarga téh masih kénéh kuduterus ditingkat keun, sangkan bisangawujudkeun kota nu tengtrem sa -reung aman.

Ricky ogé ngémbohan, di KotaBandung kacatet aya 135 titik sisim-pangan nu diatur maké lampu seto -pan (traffic Light). Ku lantaran dinausum ngijih lampu setopan loba nuruksak, nepi ka 40 persénna,satiaptaun pihakna terus nyadiakeun wara-gad keur ngoméan lampu setopan.Lian ti kitu, Dishub ogé kudungoméan sarta ngaganti tihang lampusarta kabel-kabel anu ruksak jeunganu leungit. Dishub Kota Bandungogé terus ngalengkepan rararambupatalimarga.

Pikeun ngarojong program nga-hangkeutkeun sapédah minangkasarana transportasi anu ramahlingkungan, pihak Dishub ngahajanyadiakeun jalan husus keur anutumpak sapédah.***Cucu

Dishub Kota BandungNgabebenah Sarana jeung Prasarana keur Ngungkulan Macét

Kepala Dishub Kota Bandung, E.M. Ricky Gustiadi. Atd.SE.MT

KORESPONDEN: Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Dede Syafrudin, Enung, Den Jaya (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali

Sumarli, S.Pd. (Sumedang). Distam (Brebes)

Page 46: Mangle_2460

45Manglé 2460

Page 47: Mangle_2460

Manglé 246046

KKatumbiri

Karyawan Manglé dina poé Ju-maah, 10 Januari 2014 mahbarungah. Aya naon kitu? Enya,

lantaran poé éta mah, karyawan Man-glé narima duit tina sésa hasil usaha(SHU) koperasi Manglé tutup taun2013. Leutik gedéna SHU mémang teusarua, tapi gumantung kana gedénasimpenan jeung cicilan. Ngan, sanajanbéda-béda jumlah nu katarima, angger

paromana mah kaciri barungah. Komo,lian ti mareunang SHU ogé, sakumnakaryawan ogé mareunang kaos Manglégawé bareng jeung Bank Jabar Banten.“Lumayan taun ayeuna mah meunangSHU koperasi, tinimbang taun kamarimah. Komo éta meunang kaos manglé- bank jabar sagala,” ceuk Pa Udinsalahsaurang pagawé bagian layoutManglé.

Koperasi Manglé, ti taun ka taunmodalna beuki nambahan. Tujuananaogé jinek, nyaéta keur milu ngarahar-jakeun karyawan Manglé. Karyawan nusapopoéna saribuk gawé, sapertingaliput berita, ngetik, ngédit,narjamah keun naskah-naskah kanaSunda, ngadistribusikeun Manglé kasaban daérah, mémang teu dibibisanibakal loba pangabutuh nu cankacumponan. Ngandelkeun gajih, geusilahar, sok érép méméh datang tanggalgajihan. Ngan, henteu ari nepi kanaparibasa heureut pakeun pungsatbahan, atawa teu boga pisan mah. Tah,lantaran di Manglé aya koperasi, nyapanga butuh nu can kacumponan jadibisa kacocokan, atawa bisa ngageclokheula.

Dina RAT harita, kapangurusankoperasi Manglé mangsa bakti 2014-2017, kapilih deui Rudi H. Tarmidzi mi-nangka ketuana, dibantu ku Hj. AiNawangsih jeung Herno Hernawan.“Hatur nuhun ka sakumna anggotakoperasi karyawan Mangle. Mudah-mudahan kapayun, koperasi Manglélangkung ngaraharjakeun anggotana,”cek Rudi H. Tarmidzi gedé harepan.***Crs

Jabatan Sékrétaris Désa (Sékdés) nusalila ieu dicekel ku PNS, rencananarék dibalikeun deui ka masarakat.

Padahal Sékdés “manggung” jadi PNStacan lila, kurang ti lima taun. Étakatangtuan téh saluyu jeung UUDésa/2013, ngeunaan pamaréntah désanu kakara disahkeun ku DPR-RI dina ahitaun kamari.

“UU désa anu anyar tos disahkeun,kantun ngantos PP-na. Salin tingauihkeun deui jabatan sékdés kamasarakat, éta UU téh ogé ngaturngeuna an honor aparat désa anu kedahdisaluyukeun sareng Upah MinimumKabupatén (UMK) masing-masingdaérah,” kitu ditétélakeun ku KepalaBadan Pemberdayaan MasyarakatPemerin tahan Desa (BPMPD) Kabu-

patén Bandung, Hj. Ros Roswita M.Si, kaManglé, sawatara waktu nu kaliwat.

Ku kituna, Ros nandeskeun,saluyu jeung UU désa nu anyar, jaba -tan sékdés dibalikeun deui kumahaceuk kadés. Atuh teu nutup kamung -kinan unggal périodeu sékdés bakalganti, sabab guman tung kana selérakades. Jadi lamun kadés ngarasa teucocog jeung sékdésna bisa digantiiraha baé, komo pikeun kadés anyarkapilih mah.

Sabab musabab dibalikeunana deuiaturan sékdés kana katangtuan mimiti,ceuk Ros, nu harita dibarengan ku Sékré-taris BPMPD, Uwais Qorny, alatan ayanaaspirasi ti para kadés. Lantaran satutasnadiangkat jadi PNS, teu saeutik sékdés nujadi mantangul, alatan Daftar Penilaian

Pelaksanaan Pekerjaan (DP3)-na diniléyku camat. Salian ti kitu, dina segi pang-hasilan antara sékdés jeung kadés béda -na jauh pisan. Minangka PNS, gajihsékdés disaluyukeun jeung katangtuankapagawéan, sedengkeun kades mahukur meunang honor nu gedéna Rp1.200.000/ bulan tur dibayarna sabantilu bulan sakali.

Sadengkeun Kepala BKPP Kabu-patén Bandung mah, H.Erick JuriaraEkananta, nétélakeun, dirina can apalkana eusi UU désa. Ku lantaran tufoksi -na aya di BPMPD, dirina can apal kanaUU désa nu anyar. Papadaing kitu, Ericknandeskeun, status PNS para sékdesmoal dipipis, tapi bakal ditempatkeun dikacamatan atawa dinas jeung badan anumasih butuh pagawé. ***nunk

Karyawan Manglé Mareunang SHU & Kaos Bank Jabar

Karyawan Manglé maraké kaos Bank Jabar sabada réngsé RAT Koperasi Manglé (poto Ayi)

Jabatan Sékdés Kumaha Ceuk Kadés

Page 48: Mangle_2460

47Manglé 2460

Minangka tarékah geusanningkatkeun ketak kaomwanita, hususna keur

kalangan kaom rumaja, BKMM(Badan Kerjasama Majelis Ta’limMasjid) Kab.Tasikmalaya gawébareng jeung GOW sarta PanitiaHari Dewi Sartika ka-129 jeung HariIbu ka-85 Tingkat Kab.Tasikmalaya,poé Salasa nu kaliwat, ngayakeunLomba Dai’yah Rumaja TingkatKab.Tasikmalaya Taun 2013. Lombadipiluan ku 37 urang rumaja putriutusan BKMM ti masing-masingkacama tan sa-Kab.Tasikmalaya.Keur ngajaga nétralitas jeungkamur nian meunteunna, panitiangawangun girang pangajénna tiMUI, DMI, jeung Kantor KemenagKab.Tasikmalaya.

Ceuk katerangan Ketua BKMMKab.Tasikmalaya, Hj.M.RohmiatiTFH,SE., maksud jeung tujuan di-ayakeunnana éta lomba téh, diantara na pikeun ningkatkeun ketakkaom wanita dina pangwangunan,dina enggoning ilubiung ngabina

méntal spiritual para rumaja putri,hususna nu baroga anléh jadida’iyah.

Sedengkeun Wk.Ketua BKMMmah, Dra.Hj.Yuyu D.Sulastri, dinabiantarana nétélakeun, pihaknakacida pisan ngarasa reugreugna,sabab di jaman kiwari nu geus sakitumeuweuhna ku golontorna infor-masi nu ngagoda iman, horéng réakénéh rumaja di urang anu titénkana kamekaran sosial jeung moralkaagamaan. Sanggeus ngahaja“dikoréhan” mah, pokna, tétéla réakénéh rumaja putri nu mibanda

anléh jadi mubalighoh atawa sai’yahtéh, malah katémbong sarumangetpisan pikeun ilubiung nyebarkeunsyi’ar Islam.

Sopiah - rumaja putri utusanBKMM Kac.Pagerageung kabiruyu -ngan jadi Juara I Lomba Dai’yah Ru-maja Tingkat Kab.Tasikmalaya Taun2013. Para unggulan séjénna, JuaraII Solihatul Apipah - utusan BKMMKac.Culamega, Juara III SindiFauziyani - utusan BKMMKac.Jama nis, Juara Harepan I Piapitriah-utusan BKMM Kac.Tanjung-jaya, Juara Harepan II Iki Sakinah-utusan BKMM Kac.Cipatujah, sartaJuara Harepan III Rifa Aulya- utu-san BKMM Kac.Salopa.

Staf Ahli Bid.Kemasyarakatan&SDM Drs.H.Heri Sogiri MM anukapapancénan nyuluran BupatiTasikmalaya, ka Manglé nétélakeun,kagiatan BKMM ngayakeun lombadai’yah keur kaom rumaja putri téhkacida pisan hadé tur positipna,sabab bakal mampuh ngamotivasikaom rumaja putri pikeun dariangalenyepan sakalian ngawanoh -keun ajaran Islam anu sabenerna, nudina émprona dipiharep mampuhnyengker kaom rumaja tina kagia -tan-kagiatan nu teu mangpaat,utama na anu tojaiyah jeung moralajaran Islam, saperti pergaulanbébas nu teu dipikaridlo ku AllahSWT.*** Uun Juharianti

Lomba Dai’yah Rumaja BKMM Kab. Tasikmalaya Gedé Mangpaatna

Ketua BKMM Kab. Tasikmalaya Hj. M. Rohmiati TFH, SE ngiring reueus ningal anléh para dai’yah rumaja (Unas/Manglé)

Ngalereskeun :Dina kolom Katumbiri nu judulna “Wujud Kota Resik Perlu

Pangrojong Masarakat”, kaserat: Kadis Kebersihan UcuSurahman, M.Pd. Kedahna Kabid Kebersihan Ucu Surahman,M.Pd.

Ka wargi nu aya patalina, mugi ageung tawakufna. Haturnuhun.

Page 49: Mangle_2460

Enya, ngimpi jeung lamunanmah teu weléh ngalanglang lem-bur sorangan. Teu sing kahala -

ngan ku anggang, dina lelembutanmah, asa keur ngancik di padumukansorangan. Nu remen kagambar gésawahna, gunungna, jeung tempat-tempat pangulinan waktu keur di lem-bur. Kitu deui kedalna ucap dina waktungumbar lamunan, tetep ku basa In-dung, basa Sunda. “Teu weléh sono kalembur mah,” ceuk Kol. (Purn) H. E.Sontani, Pupuhu Paguyuban PasundanPapua, basa ngobrol jeung Manglé diJayapura, dijejeran pangurus séjénnaH. Ahmad Muharam jeung EntarSutisman.

Tepung jeung pangurus téh, waktuwartawan Manglé nyaba ka JayapuraPapua dina ‘launcing’ buku biografijeung tapak lacak pamikiran BrigjenPol. Drs. Paulus Waterpauw,Wakapolda Papua, karya Prof. AsepKartiwa (Guru Besar Fisip), EnsaWiarna jeung Rudi H (rédaktur Mang -lé). Tepung jeung pangurus paguyubanSunda di Papua téh pabeubeurang,ping 1 Januari 2013, di alamat sekre-tariatna, Jl. Samratulangi No. 2 A dok.V Jayapura, teu jauh ti Kodim 1701.

Loba, cenah urang Sunda di Papuaogé. Jumlah nu kacatet, moal kurang ti

dua rébu urang sumebar di ProvinsiPapua. “Urang Sunda nu aya di Papua,mémang ngaraos peryogi aya dina hijibeungkeutan. Nya ngadeg wéhPaguyuban Pasundan Sunda Papua,”ceuk H. E. Sontani, pangsiunan TNI,nu kungsi meunang panghargaan tiPresiden Soeharto, tumali jeung per-juanganana waktu ngabebaskeun IrianBarat ti ranggeuman Walanda.

Dina waktu dumuk di pangum-baraan, ceuk ieu teureuh Garut, mé-mang remen ngararasakeun butuhnadulur nu salembur. Nu karasa, najangeus jadi warga Papua jeung lobakawawuhan ti sélér séjén, tetep ngarasabutuh ku nu sabaraya sabudaya.“Rupina batur gé sami kitu, matak geu -ning di Papua gé seueur nungadegkeun beungkeutan kawargian,sapertos aya paguyuban urang Jawa,Madura jeung sajabana,” pokna.

Saméméh ngadeg paguyubanPasun dan Sunda, sok biasa tepungngariung jeung baraya-baraya nuasalna ti lembur Sunda, saperti aya nuti Garut, Tasikmalaya, Purwakarta,Bogor jeung ti lembur séjénna ti JawaBarat jeung Banten. Sanajan enya,upama di Nusantara, Papua téh jauhpisan, tapi angger urang Sunda mahloba. Ku kituna, dina ruang-riung

jeung batur, sok ngarasa leuwih cocogupama ubral-obrol jeung batur salem-bur mah. “Ngawitan tina wangkongandina olahraga sapertos poli, jorojoy ayakapalay ngadegkeun beungkeutanurang Sunda nu aya di Papua,” pokna.

Karep kitu ogé kasundut ku sélérséjén nu leuwih ti heula barogapakumpulan. Ébréhna, dina rupa-rupakagiatan, saperti olah raga, kasenian,kaagamaan, sosial, jeung sajabana.Pakumpulan séké-sélér ti luar Papuaogé, mémang dihaminan ogé pihak

Manglé 246048

Dumuk di lembur batur,

tumamu mimitina mah.

Haté gé teu weléh tibelat

ka lembur. Tah, nu kawas

kitu, karandapan ku

urang Sunda nu dumuk di

Papua. ***

Kota Jayapura, loba urang Sunda nu arusaha

Téh Enung, wartawan Galura manten. Kiwari mancén di harian Papua Pos

LLalampahan

Sunda di Papua Mageuhan Tali Duduluran

Page 50: Mangle_2460

kaamanan satempat, saperti ku BrigjenPol. Paulus Waterpauw, WakapoldaPapua. Nu darumuk di Papua tisékésélér daérah di Nusantara, cekPaulus mémang angger kudu diajénan,kaasup urang Sunda di Papua.

Mageuhan Duduluran

Urang Sunda nu dumuk di Papua,arapaleun kénéh kana kekecapansilih asah, silihasih, silihasuh. Atuh,saterusna éta padika hirup kumbuhtéh teu sing ukur dina lalambé, tapidilarap keun dina kahirupan sapopoé.“Angger pasipatan wargi Sunda diPapua teu ical. Soméah hadé kasémah, silihasah silihasih silihasuhtetep dilarap keun dina sadidintenna,”cek H. Ahmad Muharam, salah-saurang pangu rus Paguyuban Pasun-dan Papua.

Ku cara maheutkeun dudulurankawas kitu, keur hirup di lembur Papuamah mémang kacida karasana. Saper-tina waé, waktu salasaurang aya nu ge -ring parna, heug aya nu nulungan,tangtu kacida matak bungahna. Ku lan-taran kitu, nu karasa ku masing-masingpribadi warga Sunda di Papua,saterusna dilarapkeun geusan silihtu-lungan. “Upama aya nu teu damangatanapi nu pupus, heug kanyahoan kupaguyuban, tangtos wé sakaduga mahteras dibantos,” ceuk H. E. Sontanideui. Cara silihtulungan ka dituna mahgeusan maheutkeun duduluran. Soksanajan, cek ieu puhuhu, teu bisadileuleungit, éta ogé aya kénéh

sabagéan anggota nu masih sibuk ngu-rus diri soranganana.

Ngajaga Diri, Ngahontal Udagan

Galibna nu miang, mawa harepan.Geusan ngahontal angen-angen, rélaninggalkeun banjar karang pamida -ngan, najan kudu lunta jauh. Di tem-pat anyar atawa di pangumbaraan ayaharepan nyorang kabagjaan. Kitunatéh sangkan bisa hirup jeung huripna.

Ka mana waé ngaléngkah jeung dimana waé dumuk, ka sékésélér sora -ngan mah teu weléh reueus. Kareueuskitu, saperti nu karasa ku TehNunung, nu kiwari mancén wartawandi koran Harian Papua Pos. Cenah,beungkeutan urang Sunda jadi pamat -ri ati geusan leuwih nguatan jati diri.Atuda, geuning geus di lembur baturmah sagala daya jeung pangabisa téhkacida pentingna.

Karancagéan masing-masing pri -badi, lain wungkul gedé mangpaatnakeur pribadi tapi deuih keur pihakséjén. Nya kitu pisan nu kaalaman kuurang Sunda di Papua gé, da nu kasabtéh rupa-rupa naker. Loba nu arusahadina widang masing-masing, sapertiaya nu jadi wartawan, tukang kiridit,nu dagang sapatu, papakéan, katua -ngan batagor, roti bakar, ogé nu kanatani. “Alhamdulillah seueur urangSunda nu arusaha sangkan raharja,”cek Entar Sutisman, sekretarisPaguyuban Pasundan Sunda Papuatandes.

Nu Nyaah jeung Butuh Kanyaah

Sanajan jauh ti lembur, tapi ari rasanyaah mah angger deukeut. Ku kituna,ieu paguyuban urang Sunda di Papuaogé, tetep bakal ningkatkeun beung -keutan kawargian ku rupa-rupa pro-gram jeung harepan. Ngaraketkeunduduluran jeung mikanyaah barayasarasa, ieu paguyuban urang Sunda diPapua boga karep hayang nyieunPadepo kan Sunda di Papua.

Tujuanana? jinek, sangkan urangSunda teu leungiteun jati dirina tur bisaleuwih motékar dina rupa-rupa ka-giatan kasundaan di Papua.

Ieu paguyuban mimiti di-adegkeun taun 1973. Di antarapanaratas na Bapa Karwafi (alm)jeung H. E. Sontani. Ieu paguyuban,sacara organisasi mah, mémangmasih kagolongkeun gering nangtungngalanglayung kénéh. Lantaran,sanajan kagiatanana jinek turumurna geus heubeul, tapi nepi kaayeuna tacan boga sekretariat nujinek. “Sapertos biasa, sekretariatmah masih ngiring ka alamat bumiketua. Ku kituna, ka payun, kacidamiharepna, sangkan pamaréntahJawa Barat tiasa merhatikeun turnyaah ka urang Sunda di Papua kucara ngawangun padépokan Sunda diPapua. Mudah-mudahan padepokanSunda di Papua, nu dicita-citakeunku urang Sunda di Papua énggalngawujud,” cek H. E. Sontanimungkas obrolan. *** (Rudi)

49Manglé 2460

Brigjen Pol. Drs. Paulus Waterpauw, Wakapolda Papua (kadua tikénca), teu weléh ngajénan urang Sunda di Papua

Kol. (Purn) H. E. Sontani (tengah) sareng pangurus Paguyuban Pasundan Papua. Miharep ngawujudna padepokan Sunda di Papua

Page 51: Mangle_2460

Manglé 246050

BBalé Bandung

Pasakan Sunda ayeuna tambahceuyah, coba wae rumah makanSunda apan ngadeg di mana-

mana. Malah kota Bandung kaimpu -ngan minangka puseur pasakan Sunda.Rea cenah wisatawan ti luar kota, pang-pangna ti Jakarta, nyacapkeun ka-panasaran ngadon balakecrakan di kotaBandung.

Hal saperti kitu bakal tambah ka -rojong ku ayana Pasar Malem PasakanSunda di Jl.Braga (Braga CulinaryNight) nu mimiti digelar malemminggu kamari. Eta kagiatan nudipokalan ku Dinas Pariwisata KotaBandung teh cenah bakal diayakeunmayeng saban malem minggu. Satu-luy-na, lain wae di Jl.Braga, tapi bakaldi ayakeun oge di patempatan sejennadi kota Bandung. Tah, ku pangrojongpamarentah kota saperti kitu, nya di -piharep usaha pasakan Sunda bakaltambah menyat. Atuh dampakna, bakalmawa karaharjaan keur balarea.

Ngan tangtu wae, rea keneh hal nuperlu dipaju supaya kamekaranpasakan Sunda leuwih maju deui.Upama na wae, pasakan Sunda perluleuwih tembong ciri hasna, kitu deui

perlu leuwih pada ngaku kahadiranana.

Ciri has.Upama urang ngadon balakecra -

kan ka rumah makan Padang, moalhese deui pesen sarupaning pasakanhasna saperti rendang, kikil, jeung nusejenna. Ampir di saban rumah makanPadang nyampak pasakan hasnasaperti kasebut bieu. Malah waninyebut keun, moal aya rumah makanPadang nu teu nyampakkeun rendang,upamana, iwal mun beakeun ku numeuli mah.

Tapi, matak hanjakal, teu kitu geu -ning di rumah makan Sunda mah. Cobageura urang pesen pais lauk, angeunkacang, sambel oncom jeung lalabsapurati na, tah, can tangtu aya eta teh.Komo pesen pencok hiris, duka dirumah makan Sunda mana ayana. Anakitu, idangan(menu) pasakan Sundamah can jelas, pasakan naon nusalawasna kudu aya jeung pasakannaon nu teu perlu salawasna aya. Jadi,can jelas mana pasakan nu poko jeungmana pasakan panambahna.

Breh wae tembong, bedana pasakanPadang jeung pasakan Sunda. PasakanPadang mah, sanajan teu pati euyeubjiga pasakan Sunda, tapi bener-benerdirawat tur dipuguhkeun pasakanmana minangka kokojona nu bakalnembongkeun ciri hasna. Contona,pasakan rendang jelas dijadikeunkokojona, nepi ka moal aya rumahmakan Padang nu teu nyadiakeunpasakan bieu atawa teu kasebut dinadaptar menuna. Akibat positipna, apanrendang diulik bener-bener, nepi kakabejakeun rendang kaasup “ salah-satu makanan terlezat di dunia”. Teusemet dinya, satuluyna rendang di-wanohkeun oge ka generasi ngora diSumatera Barat. Tembong dina taya -ngan salasahiji statsiun TV, barudak

siswa SLTA di Sumatera Barat dialajarmasak rendang!

Matak hanjakal, upaya daria sapertikitu kurang dilaksanakeun ku urangsarerea. Padahal, unggulna pasakanSunda, nya lebah jumlahna nu sakitueuyeubna. Ngan kulantaran candipuguhkeun pasakan naon nu bisa di-jadikeun kokojona minangka cirihasna, nya akibat negatipna reapasakan Sunda nu laleungitan atawakurang pada ngolah deui saperti pen-cok hiris, angeun kacang jeung angeunlompong, upamana. Padahal, saupamageus puguh sababaraha rupa pasakannu bisa dijadikeun ciri has pasakanSunda, nya tangtu pasakan kokojo bieubakal pada ngulik bener-bener nepi karasana bakal ngaronjat. Apan ayeunamah urang leuwih katarik ku pasakananyar bari jeung pasakan nu geus lilaayana kapopohokeun.

KariaanSupaya pasakan Sunda leuwih

nerekab, nya kahadiranana perlu padangestokeun. Pohara hadena dina sabankariaan pasakan Sunda diidangkeun,kitu deui dina upacara-upacara resmikasundaan, saperti dina seminar, kon-ferensi jeung sajabana. Malah, mun dikantoran pamarentah kota jeung kabu-paten, geus dipuguhkeun poe naonkaryawan make basa Sunda jeungmake batik, nya jigana taya salahnamun dina salasahiji poe dina saminggupasakan Sunda jadi konsumsi di kan-toran.

Mun kitu, pasakan Sunda bakalleuwih ceuyah deui. Atuh karaharjaanbakal kapetik ku balarea, hususnaUsaha wan Kecil dan Menengah (UKM)saperti nu jualan nasi, surabi, dodol,wajit, ali agrem, cuhcur, bugis, rang -ginang, opak, bajigur, awug, suuk jeungsajabana…*** Karno Kartadibrata.

Pasakan Sunda

Page 52: Mangle_2460

Zahran Alfaathir

Adi-adi, sobat urang anu mapaésan kaper Manglé alit ieu karesepna nong-ton pilem Ultramén. Nami lengkepna Zahran Alfaathir, dibabarkeun ping24 Juni 2013. Sajabi ti resep nongton pilem Ultramén, Alan, kitu nénéhna,

upami tos ageung palay jadi tentara. Putra pasangan Bapa Péndi sareng IbuDédéh ieu téh bumina di Jl. Guratalla No. 2 RT. 19/RW.05, Dusun Warudoyong,Désa Tundagan, Kacamatan Hantara, Kabupatén Kuningan.***

Page 53: Mangle_2460

TTi Sakola ka Sakola

Manglé 246052

Page 54: Mangle_2460

53Manglé 2460

Page 55: Mangle_2460

Manglé 246054

CCarita Nyambung

Jawaban diserat dina kartu pos nganggo perangko sacekapna, ulah hilap

ditémpélan kupon UTY No. 1247. Kintunkeun ka Manglé Alit, Jl. Lodaya

No. 19 Bandung 40262, saelat-elatna dua minggu saparantos medal.

Jawaban UTY No. 1244

Jawaban UTY No. 1245 / Nu leres : Beurit

Nu kénging hadiahna:

1. Melan Timori Jl. Soekarno Hatta Km 35 Bandung

2. Rahma Yani Perm. Kencana Blok 5

3. Aline M.

Urang Teguh Yu!Colokkeun kana komputer

Barang leutik nyimpen dataNaon cing? ***

(Hanggita - Bandung)

Latihan Ulangan

1. Pangalaman sapopoé bisa ditulisjadi hiji carita anu disebut…….

a. carponb. tatarucinganc. témad. kalimah

2. Maca nepi ka kaharti pisan eusihiji bacaan disebut........

a. ngalarapkeunb. ngaregepkeunc. ngajawabd. ngartikeun

3. Kalimah diwangun ku sababaraha....a. judulb. témac. kacad. kecap

4. Sanggeus poé Salasa nyaéta poé..... a. Juma’ahb. Senénc. Rebod. Kemis

5. Poé ieu poé Minggu. Pagéto poé...a. Saptub. Senénc. Salasad. Juma’ah

6. Mangkukna poé Kemis. Ayeuna

poé…………a. Saptub. Salasac. Minggud. Rebo

7. Lemesna huntu nyaéta…..a. leungeunb. sukuc. waosd. irung

8. Taar mangrupa kecap lemes tina.a. pipib. tarangc. beuteungd. tuur

9. “Modem” mangrupa kecap anukaasup kana istilah………..

a. kaséhatanb. kasenianc. téknologid. sajarah

10. “Panyakit Kaki Gajah” mangrupakecap anu kaasup kana istilah…

a. téknologib. kaséhatanc. sajarahd. peternakan

11. “Sisingaan” mangrupa kecap anukaasup kana istilah………

a. olah raga

b. kasenianc. kaséhatand. sajarah

12. Budak leutik bisa........., babakunangapungna peuting. (PupuhKinan ti)

a. macab. nulisc. ngapungd. luncat

13. Lamun seug mungguh ti -peuting.........nyambuang sapaka -rangan. (Pupuh Sinom)

a. sumeleberb. sumélékétc. susuganand. seuseurian

14. “Mangmacakeun” kecap asalnanyaéta…

a. bacab. macac. mangmacad. macakeun

15. Kecap sabalikna tina “jangkung”nyaéta………

a. panjangb. pendékc. leutikd. pondok

*****

Diajar Basa Sunda Kelas IVKu Nila Karyani, S.Pd

Page 56: Mangle_2460

55Manglé 2460

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1. Alat penerangan5. Risi7. Hurang garing8. Barang nu sok dibikeun ku panganténlalaki ka panganten awéwé9. Puasa10. Bulan Islam13. Poe sanggeus puasa sabulan16. Adegan ngeblog hareupeun bumi bu-pati, wadana19. Guludug/tiwas22. Bulao24. Jamedud25. Siki26. Kasenian tradisional ti Jawa Barat/tiPonorogo27. Ruas awi gedé wadah lahang

KA HANDAP:1. Manuk nu hirupna deukeut laut2. Bukti3. Ranca4. Sabangsa goong leutik paranti mérétangara5. Teu daék salulut6. Mindeng11. Ukuran lega12. Manuk nu bisa nyarita

13. Pameuleuman kenténg, bata14. Gedé (Inggris)15. Anjing (Jawa)16. Wedak17. Lauk sarupa gabus18.Sarupa iuran ti rahayat ka pamarén-tah20. Guru ngaji21. Degdegan22. Lebé

Waleran diserat dina kartu pos, témpélanKupon Tarucing Cakra No. 1426. Kintun -keun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19Bandung 40262 paling leuir dua minggusaparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1424:

1. Nadya MilamiaJl. Pagarsih No. 34 Bandung

2. NuraeniJl. Cinambo Wetan RT 04/04 68BBandung

3. Ii IskandarJl. Raya Cicaléngka Km 26Kab. Bandung

1426K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Tangara

Innalillahi Wa InnaIlaihi Rooji’un

Parantos mulih ka jati mulang

ka Rohmat Alloh Swt.

Hj. Yati Suryati, S.Pd.(63 taun)

Almarhumah ngantunkeundinten Salasa, 7 Januari 2014, dibumina Jl. Terusan PasirkojaBlok Irigasi Gg. AMD V Rt. 05/03Kel. Babakan Tarogong Kec. Bo-jong Loa Kaler Bandung.

Allohumagfirlaha warhamha

wa’afihi wa’fu anha. Allohuma

latahrimna ajroha wala taftina

ba’daha, waghfirlana walaha.

Sakumna karyawan Manglé,ngiring sungkawa. Mudah-muda-han, kulawarga nu dikantunkeundipasihan kasobaran, henteukaleleban. Dua nu ihlas, mugia al-marhum ditampi Iman-Islamna,dicaangkeun dialam kuburna.Amin.

Nu Ngiring Sungkawa

- H. Suha Suryana

- Palaputra

Page 57: Mangle_2460

Manglé 246056

LLempa Lempi Lempong

“Usum ngijih mah horéam kamamana, Lo.”

“Ngaréngkol wé di enggonnyah, Mang?”

“Enya, Lo. Bari ngararasakeunhawa nu tiis.”

“Mun di lembur mah genahnatéh siduru hareupeun hawu,Mang.”

“Siduru sotéh lamun ayasuluh na, Lo. Kapan ari ngijih mahnéangan suluhna ogé hésé.”

“Aéh enya, Nya.”“Selang-selang tina ngaréngkol

terus nagog hareupeun tv.”“Mani senang kitu, Mang.”“Ih, jajauhaneun tina senang.”“Har?”“Kararesel puguh cicing baé di

imah téh keur tukang ngalintrikmodél Mamang mah.”

“Heuheuy.”“Rék ngider kapegat ku hujan.”

“Antukna molotan tv wéhnyah?”

“Enya, Lo.”“Lalajo naon, Mang?”“Rupa-rupa, Lo .Pangpangna

lalajo warta ngeunaan caah, jeungmusibah alam lianna alatandatangna usum hujan.”

“Caah di Batawi, Mang?”“Éta ogé teu tinggaleun

dilalajo an. Cenah mah caah taunayeuna kaasup anu parna. Malahnepi ka aya korban jiwa. Atuh anungungsi alatan imahna kakeueumcai, jumlahna nepi ka ngarébu.”

“Untungna téh posko caahjleg-jleg diditu-didieu canga nyah,Mang.”

“Bener. Malah partéy pulitikogé teu taringgaleun nyieun Poskocaah.”

“Nyieun Posko keur ngabantunu keuna ku musibah caah atawa

keur kampanyeu, Mang?”“Wallohualam, Lo. Ngan ma -

sing kumaha ogé ayana Posko téhsaeutik gedéna aya mangpaatnakeur jalma anu keuna ku musi-bah.”

“Ari perkara anu nyamuninakumaha, Mang?”

“Nu nyamuni kumaha, Lo?”“Enya, kampanyeu dibalik

Posko.”“Étamah balik deui kana

jalma na séwang-séwangan wé. Daku masarakat ogé bakal karasa,mana anu bener-bener iklas manaanu ukur pupulasan.”

“Enya, kétang Mang. Barisakalian latihan méntal keur paraaktipis partéy pulitik.”

“Latihan méntal kumaha, Lo?”“Latihan iklas tutulung tanpa

diémbohan ku ngamangpaatkeunsituasi.”

“Amin.”“Ih, maké dihaminan.”“Ongkoh deui cenah kapan

Posko nu dibuka ku partéy pulitiktéh diawasi, Lo.”

“Bisi méngpar tina atura nyah,Mang?”

“Enya.”“Tapi kétang ditalingakeun ku

batur mah sok aya bongohna.Béda jeung lamun ditalingakeunku haté sorangan nu dibarung kurasa ihlas.”

“Yaktos.”***

Posko Caah