Lirik Pupuh Pinal
Transcript of Lirik Pupuh Pinal
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
1) Kinanti
2) Sinom
3) Asmarandana
4) Dangdanggula
5) Balakbak
6) Durma
7) Gambuh
8) Gurisa
9) Juru Demung
10) Ladrang
11) Lambang
12) Magatru
13) Maskumambang
14) Mijil
15) Pangkur
16) Pucung
17) Wirangrong
Sekar Ageung
Sekar Alit
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Watek pupuh nu diberendelkeun di luhur
nyaéta :
Asmarandana, watekna silih asih, silih pikacinta, birahi
Balakbak, watekna humor, banyol, pikaseurieun
Dangdanggula, watekna ngagambarkeun kaéndahan, suasana nu pikaresepeun
Durma, watekna ngagmbarkeun rasa ambek, perang, pabentar
Gambuh, watekna tambuh laku, samar polah, bingung teu nyaho nu kudu dipilampah
Gurisa, watekna ngagambarkeun pikaseurieun, banyol, humor, lulucon, heuheureuyan
Juru Demung, watekna ngagambarkeun rasa kaduhung, hanjakal, ngarasa dosa
Kinanti, watekna ngagambarkeun kaayaan prihatin, nalangsa, harepan, nganti-nganti
Lambang, watekna humor ( saperti Gurisa/Balakbak)
Magatru, watekna mangrupa lulucon pikeun selingan dina suasana sedih
Maskumambang, watekna ngagambarkeun suasana sedih, prihatin, cilaka, jempling, kanyeri, sasambat, nalangsa
Mijil, watekna susah, sedih, ( saperti Maskumambang)
Pangkur, watekna ngagambarkeun nu aya diperjalanan, napsu, siap perang
Pucung, watekna méré atikan, bewara, kagét
Sinom, watekna ngagambarkeun suasana gumbira
Wirangrong, watekna ngagambarkeun wiwirang, naas, rugi
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
(1) Kinanti
kembang ros ku matak lucu ( 8 – u )
nya alus rupa nya seungit ( 8 – i )
henteu aya papadana ( 8 – a )
ratuning kembang sajati ( 8 – i )
papaes di patamanan ( 8 – a )
seungit manis ngadalingding ( 8 – i )
Kinanti
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih
Panambih:
Ari beurang ngagarantung
Pinuh dina dahan kai
Disarada patembalan
Nu kitu naon ngaranna
SINDANGKASIH
Wewengkon nu subur ma’mur 8 – u
Nagri raharja tur mukti 8 – i
Nu dagang padasarenang 8 – a
Parapatani sarugih 8 – i
Pajabatna suka bungah 8 – a
Harepan pangeusi nagri….. 8 – i
Sepi paling hasud suwung
Towong rampog taya julig
Ais pangampih sarenang
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Rahayat henang ngahening
Tiis ceuli hérang mata
Tibra saré tingtrim ati ….
Sindang Kasih dipicatur
Majalengka sugih mukti
Ngudag harepan kabagjan
Na mangsa nu bakal dugi
Sadayana pada taqwa
Ka Gusti Nu Maha Héman
KANYAAH INDUNG
Pupuh Kinanti
Kanyaah indung mo suwung
Lir jaladri tanpa tepi
Lir gunung tanpa tutugan
Asihna teuing ku wening
Putra teh di dama dama
Di anggo pupunden ati
Selabintna
Kasep geulis nu kayungyun
Regepkeun masing taliti
Ieu hariring haleuang
Tembang dangding lemah cai
Ngagambarkeun ka endahan
Nagri nu kawentar mukti …
Mun pareng disisi gunung
Di lamping pasir nu jempling
Di lebah selabintana
Alam nu kawentar asri
Hawa seger pagunungan
Matak tingtrim kana ati ….
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Di wetan kulon jeung kidul
Natrat dayeuh sukabumi
Mayakpakna pilemburan
Atra lir taya pipinding
Matak reueus tur tibelat
Ka lemah cai pribadi ….
Tangtu kudu muji sukur
Ka Gusti nu Maha Suci
Nu maparin ieu alam
Lemah endah Sukabumi
Kiwari hayu bajoang
Keur diri jeung lemah cai….
(2) Sinom
Di wetan fajar balebat ( 8 – a )
panon poe arek bijil ( 8 – i )
sinarna ruhay burahay ( 8 – a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 – i )
campur wungu saeutik ( 7 – i )
kaselapan semu biru ( 8 – u )
tanda Batara Surya ( 7 – a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 – a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang (
12 – a )
Sinom
Warna-warna lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang
Panambih:
Harta pada nareangan
Harti pada narabahan
Harta harti sarwa guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita-cita
Harta harti song mangpaat
Dapon diraksa taliti
Pupuh Sinom
Tatar Sunda estu endah,
lemah cai awit jadi,
sarakan asal gumelar,
amanat Ilahi Robbi,
titipan nini aki,
wajib dijaga dijungjung,
basa katut budayana,
padumukna luhung budi,
insya-Allah tatar Sunda karta harja
GUNUNG CIREMAI
Mun nyawang ka tebéh wétan 8 – a
Gunung Ciremai ku asri 8 – i
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Ngabedega mungguh gagah 8 – a
Matak resep nu ningali 8 – i
Tanda Agungna Gusti 7 – i
Alloh anu Maha Luhung 8 – u
Murba sadaya alam 7 – a
Bumi langit sapangeusi 8 – i
Ka manten-Na kedah muji sadayana
(3) Asmarandana
Eling eling mangka eling ( 8 engang – vokal i /
E-ling-e-ling-
mang-ka-e-ling (jumlah 8), ling panungtung
vokalna i)
rumingkang di bumi alam( 8 – a )
darma wawayangan bae ( 8 – e )
raga taya pangawasa ( 8 – a )
lamun kasasar lampah ( 7 – a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u )
badan anu katempuhan ( 8 – a )
Panambih:
Eling-eling masing eling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan
…….
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
PIWURUK SEPUH
Ngariung di tengah bumi
Pun biang sareng Pun Bapa
Jisim Abdi diuk mando
Husu ngupingkeun pituah
Piwejang ti anjeunna
Pituduh laku rahayu
Piwejang sangkan Waluya
(4) Dangdanggula
Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya bela
Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina
Panambih:
Hiji basa, hiji bangsa
Basa bangsa, Indonesia
Hiji bangsa, hiji nusa
Nusa tunggal, Nusantara
Seler-seler, suku bangsa
Di wewengkon, mana-mana
Sakasuka, sakaduka
Wujud bangsa, Indonesia…..
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Dangdanggula
MILANG KALA
Dinten ieu estu bingah ati
Ku jalaran panceg milang kala
Kenging kurnia ti Alloh
Rehing nambihan umur
Tepung taun umur sim Abdi
Heunteu weleh neneda
Ka Gusti nu Agung
Malar umur teh mangpa’at
Tebih bahla turta pinarinan rijki
Sumujud ka Pangeran
(5) Balakbak
Aya warung sisi jalan rame pisan –
Citameng(15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng
(15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet –
nyanggereng (19-e).
Panambih:
Aya warung sisi jalan
Rame pisan ku nu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan-sukan
……..
DAYEUH BANDUNG
Pupuh Balakbak
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame,
araheng Gedong-gedong pajangkung-
jangkung wangunna, alagreng
Tutumakan-tutumpakan balawiri lalar-liwat,
garandeng
............
Aya monyet ting guntayang dina tanggkal,
nerekel..
Jalu bikang jeung anakna sukan-sukan ,
rarecet…..
Ting calekrok ting calekrok ngakanan manggu
nu asak, teu repeh…
Kocap aya begog nu misah sorangan , garetek
Kulit manggu pirang-pirang dihakanan,
diseget..
Dipiceunan-dipiceunan sabab pait karasana,
molelel…
Katenjoeun ku indungna dicontoan, dipeusek
Nu dihakan eusina anu barodas, amis teh
Geus kitu mah geus kitu mah manehna
ngarasa bungah, nyerengeh….
(6) Durma:
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Heunteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Panambih:
Di mamana si penjajah
Pada amarah marudah
Manan kapok anggur gawok
Najan dituyuk diragut
Nagri sadayana
Umumna ngabela
Nyempad rosa, pulitik penjajah
Tapi nu ngajajah
Teu pasrah, teu sadrah
Terus meres, ngahina ngarinah
LEMAH CAI
Pupuh Durma
Nagri urang katelah Indonesia
Di riksa tur di jaring
Sumirat komarana
Berkahna Pancasila
Ageman eusining nagri
Yu sauyunan Ngawangun lemah cai
(7) Gambuh
Ngahuleng banget bingung ( 7 – u )
henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 – u )
turug turug harita teh enggeus burit ( 12 – i )
panon poe geus rek surup ( 8 – u )
keueung sieun aya meong ( 8 – o )
Ngahuleng banget bingung
Heunteu terang kamana nya indit
Turug-turug harita teh, enggeus burit
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun, aya meong
Panambih:
Hulang-huleng, hulang-huleng
Ngahuleng ngaraga meneng
Hate ratug, tutunggulan
Heunteu terang, kaler-kidul
Turug-turug, turug-turug
Harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun aya meong
Gambuh
KADUHUNG
Kaduhung sagede gunung
Kuring sakola teu jucung
Lalawora resep ulin
Hanjakal tara ti heula
Ayeuna kari peurihna
(8) Gurisa
Ayeuna teh usum hujan ,
Hayu urang pepelakan, 2x
Rame-rame babarengan
Melak bawang jeung sayuran
Tangkal kai perlu pisan,
Ker nahanna cai hujan,
Gunung pasir urang pelakan,
Rupa rupa tatangkalan,2x
Entong gundul pepelakan,
Beh hejo ku dangdaunan,
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Geunah tiis kana badan,
Jeung endah ku pamandangan,
Gurisa
Hayang teuing geura beurang ( 8 – a )
geus beurang rek ka Sumedang ( 8 – a )
nagih anu boga hutang (8 – a )
mun meunang rek meuli soang ( 8 – a )
tapi najan henteu meunang ( 8 – a )
teu rek buru buru mulang ( 8 – a )
rek tuluy guguru nembang ( 8 – a )
jeung diajar nabeuh gambang ( 8 – a)
Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang
Panambih:
Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang
Panambah
Mamang kundang nabeuh kendang
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Pakupis kana bincurang
Mirig ngibing pareredan
Matana buburilengan
Kawas anu kasurupan
Nu penca hut het sorangan
Tuluy labuh kana tihang
Antukna nangkarak bengkang.
SI KABAYAN
Pupuh Gurisa
Si Kabayan lalamunan
Pangrasa bisa nyetiran
Motor atawana sedan
Poho keur eundeuk-eundeukan
Na dahan emplad-empladan
Gujubar kana susukan
(9) Juru Demung
Hanjakal abdi hanjakal,
Sok emut nu tos ka langkung,2x
Ku sepuh nu ngaping,
Ku sepuh ….
Ku sepuh nu ngaping.
Rumaos abdi baheula,
Teu nurut piwuruk sepuh,
Jurudemung
Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung
Panambih:
Mungguh hirup di alam dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti bakal panggih
Suka bungah jeung kasedih
Dua rupa nu tumiba
Sakabeh jalma di dunya
Senang patumbu jeung bingung
Eta geus tangtu kasorang
Pupuh Juru Demung
Lolobana mungguh jalma
Embung hina hayang agung
(Embung hina hayang agung)
Hayang hirup mukti (Hayang hirup)
(Hayang hirup mukti)
Tapina embung tarekah
Tinangtu mo bakal nanjung
(10) Ladrang
Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah
Panambih:
Coba teguh masing telik
Eta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung dimana ayana
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
MOKAHAAN
Pupuh Ladrang
Aya hiji anak bangkong leutik
Mokahaan Maksudna ngelehkeun sapi
Nahan nafas antukna bitu beuteungna
(11) Ladrang
Nawu kubang sisi tegal ( 8 – a )
nyair bogo meunang kadal ( 8 – a )
atuh teu payu dijual ( 8 – a )
rek didahar da teu halal ( 8 – a )
Panambih:
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Da teu halal
……
WAWANGSALAN
Pupuh Lambang
Dialajar wawangsalan,
saperti tatarucingan,
Cik naon atuh maksudna,
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
teangan naon wangsalna,
gedong ngambang di sagara,
Ulah kapalang diajar,
keuyeup gede di lautan,
kapitineung salawasna
(12) Magatru
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung
Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong
Panambih:
Sukuna pakepit tilu
Panonna opat harerang
Leumpangna semu nu lesu
Ngalengkah teu bisa gancang
KASAR-LEMES
Pupuh Magatru
Dupi irung lemesna teh nya pangambung,
Pipi mah disebat damis,
Upami buuk mah rambut,
Ceuli sok disebat cepil,
Kasarna angkeut mah gado
(13) Maskumambang
He .. barudak kudu mikir ti leuleutik,
Maneh kahutangan,
Ka kolot ti barang lahir,
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Tepi ka ayeuna pisan,
Maraneh teh kudu bae boga pikir,
Sumawon rugina,
Ngan kolot anu gumati,
Ngamemenan salawasna,
…..
Abdi tangtos seja bakti,
Ka pun biang ka pun bapa,
Seja bakti mulang asih,
Moal ngaraheutkeun manah,
Mugi abdi henteu baha
Kana piwurukna sepuh,
Abdi seja rek babakti,
Mugi gusti nyubadanan.
Panjang yuswa mukti sari,
Tetep mayeng tetep langgeung,
Bari maneng ka yang agung,
Sangkan hirup tetep nanggung.
……
He … anaking kudu ngaji ti leuleutik,
Anjeun kahutangan,
Ku Allah kalih ku Nabi,
Lamun anjeun henteu takwa
Mun anaking hidep henteu daek ngaji,
Tangtu bakal sasar,
Ngaji qur’an kalih hadis,
Eta pituduh kawasa,
…
Kudu ngaji tileuleutik,
kapan anjeun kahutangan,
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
ku Alloh kalih ku Nabi,
lamun anjeun henteu takwa,
lamun henteu daek ngaji,
tangtuna bakal sasar,
Ngaji qur’an kalih hadis,
Eta pituduh kawasa
……..
Itu kusir bangun ambek-ambek teing
Turun tina delman
Kuda dipecutan tarik
Teu aya pisan ras-rasan
Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip
Padahal mogokna
Lantaran ges cape teuing
Hayang ngaso eureun heula
Coba lamun aya nu nenggel ka kusir
Ges tangtu karasa
Nyeri moal salah deui
Sato ge kitu sarua
............
Naha abong abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun berang peting
Dirangket taya ras rasan
Abong kena abdi sato teungarasken kana
cape
Sadidinten paeh poso
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Mogok soteh awak lunges
Coba kusir mun di peupeuh
Pasti nyeri karasana
Sato oge tangtu leumpeuh pada-pada boga
rasa
………..
Maskumambang
Duh manusa mana kaniaya teuing
teu aya rasrasan
abong ka mahluk nu laip
nyiksa henteu jeung aturan
Hulu abdi karaosna langkung nyeri
tulang asa bejad
tanduk mah pon kitu deui
taya raoskeuneunnana
Na dikinten abdi mo ngarasa nyeri
pedah kabisan
tapi yaktosna mah abdi
ngan bakating kumawula
Oge margi anjeun rupina ka abdi
miwarang jeung maksa
buktina disina jurit
kalawan jeung dihatean
Pileuleuyan dunya pisah sareng abdi
moal bisa panjang
abdi ningal bumi langit
rek mulang ka kalanggengan
….
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
BUDAK HARAK
Pupuh Maskumambang
Anak manuk dikatepel budak harak
Jangjangna geutihan
Rek hiber teu bisa usik
Duh manusa kaniaya
(14) Mijil
Isuk-isuk aki neang cai,
Waktu tara poho,
Da eta mah kawajiban bae,
Kawajiban aki kaum tani,
Hasilna mucekil,
Ambeh bisa nyangu, 2x
…
Isuk-isuk tara poho,
Kawajiban aki tani,
Rek ka sawah neang cai,
Ambeh taneuhna te garing,
Aki bungah tereh panen,
Pare na teh atos koneng,
Kakeudap deui di buat,
Aki bakal loba pare,
NUNGTUT ELMU
Pupuh Mijil
Najan cicing nya di tepiswiring,
kade ulah bodo, Kudu tetep nungtut elmu
bae,
sabab jalma nu loba pangarti,
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Hirup tangtu hurip,
mulus tur rahayu
Mijil
Mesat ngapung putra Sang Arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak-lirik ninggali ka bumi
Milari sang rai
Pangeran Bimanyu
Panambih:
Aduh Gusti nu Kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung
…….
(15) Pangkur
Seja nyaba ngalalana ( 8 – a )
ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 – i )
henteu puguh nu dijugjug ( 8 – u )
balik paman sadaya ( 7 – a )
nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 – u )
Lurah Begal ngawalonan ( 8 – a )
“Aing ngaran Jayapati”( 8 – i )
Panambih:
Euleuh itu budak gembul
Awak gembru bayuhyuh gawena kedul
Ukur heuay jeung nundutan
Ka sakola unggal poe kabeurangan
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
He barudak tong nurutan
Ka nu gembul kokomoan
Bisi kedul jeung ogoan
Awal akhir katempuhan
KA SAKOLA
Pupuh Pangkur
Seja miang ka sakola,
rek diajar nambahan elmu pangarti,
pigeusaneun bekel hirup,
sabab mungguhing manusa,
kudu pinter beunghar ku elmu panemu,
komo jaman pangwangunan,
urang kudu singkil bakti
12 – a
(16) Pucung
Utamana jalma kudu rea batur,
Keur sili tulungan sili titipkeun nya diri,
Budi akal lantaran ti pada jalma, 2x
Utamana jalma kudu rea batur,
Keur sili tulungan sili titipkeun nya diri,
Budi akal lantaran ti pada jalma, 2x
......
HUTANG NU MOAL KABAYAR (PUCUNG)
Ti leuleutik urang diais dipangku,
Ditatap diusap,
Disusuan dipepende,
Mun geus gede tetep dijaring dijaga.
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Lamun boga kahayang ceurik ka indung,
Rungkak-renghik menta,
Henteu nyaho hese cape,
Teu paduli kolot bogaeun henteuna.
Mun geus beger mimiti nukang ka indung,
Komo geus rimbitan,
Sok rajen kateler-teler,
Tapi indung teu pegat-pegat nyaahna.
Hiji tali gaib nu teguh teu putus,
Nu nalikeun urang,
Ngan urang sakapeung poho,
Hanteu inget ka nu ngandung jeung ngayuga.
Pek bandingkeun nyaahna anak ka indung,
Jeung indung ka anak,
Mana anu leuwih gede,
Rarasakeun sasaran bari lenyepan.
…..
Pucung
Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 –
u )
jeung nyenangkeun bapa ( 6 – a )
tanda yen bagjana gede ( 8 – e )
hitup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 – a
)
Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupas
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
luncat kana pager dengdek
Bajing kuning jaralang belang buntutna
Panambih:
Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora
bisi engke henteu naek
Batur seuri urang sumegruk nalangsa
Pupuh Pucung
Mangka inget tatakrama sopan santun,
tanda jalma iman,
Nyarita jeung amis budi,
da basa mah lain barang anu mahal
(17) Wirangrong
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara
Panambih:
He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga dibela
SIEUN DORAKA
Pupuh Wirangrong
Kuring moal deui-deui,
Gaduh panata nu awon,
Ngabantah nu jadi indung,
Sieun dibendon ku Gusti,
Kawas Dalem Boncel tea, D
oraka ti ibu rama
Pupuh Wirangrong
Ayeuna sakola deui,
Sipatna teh jadi getol,
Hate hoyong gaduh elmu,
Da eta leres peryogi,
Rek rajin deui sakola,
Kabitaeun ku baturna,
Isukna manehna indit,
Yandak buku henteu poho,
Katinggalna meni segut,
Ayeuna babalik pikir,
Katinggalna meni bungah,
Ngaleut reujeung babaturan.
…….
He …. Barudak atos ngarti,
Kana piwurukna sepuh,
Ayeuna sakola deui,
Hate hoyong gaduh elmu,
Ayeuna mah mani getol,
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Katawisna soson-soson,
Rek rajin deui sakola,
Kabitaeun ku baturna. (2x)
…
Conto Sawer Panganten (1)
1. Bismillah damel wiwitan
Mugi Gusti nangtayungan
Eulis- Asép nu réndéngan
Mugia kasalametan
2. Salamet nu panganténan
Ulah aya kakirangan
Sing tiasa sasarengan
Sangkan jadi kasenangan
3. Sing senang laki rabina
Nu diwuruk pangpayunna
Nyaéta badé istrina
Masing dugi ka hartina
4. Hartikeun eulis ayeuna
Lebetkeun kana manahna
Manawi aya gunana
Nu dipamrih mangpaatna
5. Mangpaatna lahir batin
Eulis téh masing prihatin
Ayeuna aya nu mingpin
Ka carogé masing tigin
6. Tigin eulis kumawula
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Ka raka ulah bahula
Bisi raka meunang bahla
Kudu bisa silih béla
7. Silih béla jeung carogé
Ulah ngan pelesir baé
Mending ogé boga gawé
Ngarah rapih unggal poé
8. Répéh rapih nu saimah
Rumah tangga tumaninah
Tapi lamun loba salah
Laki rabi moal genah
9. Bisi teu genah ku raka
Prak baé wakca balaka
Lamun raka goréng sangka
Buru bawa suka-suka
10. Suka-suka ti ayeuna
Da eulis atos laksana
Ngajodo anu sampurna
Ngahiji salalamina
11. Salamina saréng dulur
Eulis kudu bisa akur
Akuran ka unggal lembur
Sangkan jadi buah catur
12. Mun catur sing seueur bukur
Ulah ngan kalah ka saur
Napsuna ulah takabur
Hirup resep loba batur
13. Sareng batur kudu jujur
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Layeut reujeung nu sakasur
Runtut raut salelembur
Nagara gé subur ma’mur
14. Subur ma’mur sauyunan
Mun aya tamu payunan
Tapi ulah timburuan
Boh bilih silih benduan
15. Ngabenduan ka carogé
Ngan ulah paséa baé
Énggal atuh geura hadé
Ambéh geugeut saban poé
16. Saban poé ulah lali
Titik rintih suci ati
Témbongkeun sing béar budi
Ciri nyaah ka salaki
17. Lalaki mun sok nyandung
Omat ulah waka pundung
Komo lamun bari bingung
Keun antep sina ngaberung
18. Ngaberung tong dihalangan
Asal cukup sandang pangan
Sina lilir ku sorangan
Sangkan panggih kasenangan
19. Senangkeun eulis pikiran
Pikiran didadasaran
Tukuh muntang ka Pangéran
Supaya meunang ganjaran
20. Ganjaran ti Maha Suci
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Énggal atuh geura tampi
Ayeuna eulis ngahiji
Sakapeurih sakanyeri
21. Sakanyeri jeung salaki
Mun eulis seueur rejeki
Poma ulah sok kumaki
Masing tumut ka salaki
22. Tumutkeun eulis ayeuna
Ayeuna tos laksana
Laksana datang jodona
Haté bangblas lalugina
23. Lugina dunya ahérat
Gusti maparinan rahmat
Kana waktu ulah telat
Disarengan silih hormat
24. Silih hormat ka sasama
Sing nyaah ka ibu rama
Lakonan paréntah agama
Tangtuna hirup sugema
25. Sugema hirup di dunya
Nyaéta kudu tatanya
Rék nanya pék kanu enya
Badanna buru ditanya
26. Tanya baé ku haténa
Tah éta pikeun saksina
Saksi diri pribadina
Nu tara jalir jangjina
27. Mun jangji nu ngajadi
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Éta jangji anu pasti
Pasti jodo ti ajali
Pikiran céngéng ka Gusti
28. Gusti mah teu weleh nyaksi
Nyaksi gerentesna ati
Ucap lampahna kasaksi
Satincak-tincakna ngarti
29. Hartikeun masing karaos
Ulah luas-luis léos
Sumawonna poporongos
Pilari jalan nu raos
30. Raoskeun jaga ku eulis
Eulis ulah sok gumeulis
Najan geulis baris ledis
Ninggang mangsa titis tulis
31. Titis tulis bagja diri
Patokan nu ti ajali
Kajeun siga widadari
Da moal beunang dibeuli
32. Dibeuli ku harta banda
Da moal bisa kajaga
Nu tangtu bakal ngaduda
Nyicingan di alam baka
33. Alam baka kalanggengan
Langgeng rasa ka Pangéran
Supaya ulah rayungan
Ngabogaan papacangan
34. Boga rasa kudu ngarti
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Tata titi surti arti
Kudu silih beuli ati
Pikiran dadamelan Gusti
35. Gusti Allah nu kawasa
Ngayakeun dunya tiasa
Pepek eusi dunya rosa
Sayagi pikeun manusa
36. Manusia mahluk punjulna
Palinter pangabisana
Ngakalan eusi dunyana
Nu kantun tumarimana
37. Tumarima ka Pangéran
Tumutkeun kana dawuhan
Qur’an hadis tuduh jalan
Ti para Nabi panutan
38. Panutan urang sadaya
Poma ulah rék cangcaya
Sadaya kudu percaya
Ka Gusti Allah nu Mulya
39. Mulyana nu Maha Agung
Sing saha baé ditulung
Ku bumi alam dijungjung
Nyaahna kaliwat langkung
40. Nyaah baé nu Kawasa
Ka masing-masing manusa
Ulah dir gagah perkosa
Bisi urang loba dosa
41. Dosa mah ti pada jalmi
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Welas asih ka sasami
Micinta ka lemah cai
Layeut jeung batur sabumi
42. Sing layeut laki rabina
Ulah aya kuciwana
Silih anteur kahayangna
Akur reujeung barayanna
43. Mun akur ka sadayana
Témbongkeun budi basana
Nu bener tingkah polahna
Supaya hirup sampurna
44. Sampurna euis ayeuna
Yap ka dieu pamegetna
Bapa badé ngawurukna
Diregepkeun ku asépna
45. Regepkeun téh ku haténa
Bapa mépélinganana
Tadina asép ngaduda
Ayeuna mah gaduh garwa
46. Sareng garwa kedah layeut
Sing rapet sacara leugeut
Poma ulah pikir heureut
Sangkan silih pikameumeut
47. Mikameumeut sareng bojo
Laksana asép ngajodo
Tapi lamun ngabobodo
Bojo moal mikasono
48. Mun sono asép ka istri
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Sing pageuh saperti patri
Campur gaul sareng santri
Kalayan ati nu suci
49. Nu suci pasti beresih
Tara aya nu dipamrih
Ka bojo teu weléh asih
Sagala sareng pamilih
50. Pilih ku asép ayeuna
Nya pék tanya ku haténa
Nu goréng jeung nu hadéna
Sing karasa ku dirina
51. Diri pangasih Gustina
Gusti mah moal nyiksana
Moal badé ngaganjarna
Kumaha waé amalna
52. Amal hadé tangtu genah
Laki rabi tumaninah
Lamun amal anu salah
Jaga baris nyorang susah
53. Susah lamun teu ngarobah
Nu ngajak ngarah ngarinah
Napsu nu mawa sarakah
Pék atuh paké ibadah
54. Mun ibadah anu tangtu
Bagikeun kanu pihatu
Mikeuna tong ragu ragu
Bilih istri janten bendu
55. Bendu istri asép bingung
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Ulah waka sok ditundung
Lamun istri terus pundung
Pangmésérkeun geulang kalung
56. Geulang kalung serba saé
Énggal atuh geura anggé
Dianggéna saban poé
Nu kantun pelesir baé
57. Pelesir eulis ka kota
Tah bawa duit sajuta
Mun aya kahayang ménta
Tatapi ulah lahuta
58. Lahuta aya kahayang
Nyariosna ngagorolang
Nu bakal moal kasorang
Pikir anu mawa Bingbang
59. Bingbang bongan sok sulaya
Mikahayang anu teu aya
Ahirna pakia-kia
Ngajauhan ka baraya
60. Baraya lamun ngahiji
Éta nu langkung utami
Hubungan anu sajati
Ngariung sapara wargi
61. Wargi asép sadayana
Sakitu mikadeudeuhna
Barungah dina manahna
Nu janten ibu ramana
62. Ibu rama ngiring dunga
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Asép ngagaduhan garwa
Istrina lamun satia
Hiji baé tong ngadua
63. Ngadua gaduh istrina
Moal bérés salamina
Pakucrut rumah tanggana
Mun teu cocog jeung agama
64. Éra atuh ku tatangga
Sapopoé ngan paséa
Ku istri dipikangéwa
Ku tatangga diléléwa
65. Lamun boga harta banda
Sing kuat nahan gogoda
Bisi kagoda ku randa
Pikir heula jero dada
66. Pikir asép sing waspada
Supaya teu ngarasula
Mun keukeuh pikir midua
Akibat jadi paséa
67. Paséa jeung pamajikan
Napsu sétan barangasan
Teu ngajadi kauntungan
Tetep dina karugian
68. Rugi lamun ngumbar napsu
Napsu pangajak nu palsu
Ngaranjing ngajadi asu
Nu tangtu badan kalangsu
69. Kalangsu bongan sorangan
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Osok daék ririungan
Mimitina heuheureuyan
Dina tempat pamaénan
70. Maén dadu maén kartu
Éléh meunang tacan tangtu
Mun meunang udud surutu
Mun éléh ngobral sapatu
71. Ngobral barang kawalahan
Harta banda dijualan
Di imah awut-awutan
Lebur ancur bébéakan
72. Béak duit dipikiran
Éléh maén kawalahan
Tapi keukeuh panasaran
Napsu teu beunang ditahan
73. Ditahan henteu katahan
Dipikir terus-terusan
Datang napsu panasbaran
Sétan iblis ngadeukeutan
74. Sétan nu ngajak jarambah
Nu mawa kana sarakah
Dipaké kana awuntah
Disorang napsu nu runcah
75. Rucahna antep-antepan
Teu ngarérét réréncangan
Cicing dina palacuran
Teu inget ka pamajikan
76. Pamajikan teu dirérét
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Duit metet dina dompét
Tapi méré kékéréhét
Ku tarik-tarikna pélét
77. Kapélét ku pamakéna
Pabeulit pikiranana
Teu karasa ku dirina
Diumbar waé napsuna
78. Napsuna mangprung ngaberung
Teu aya anu dirarung
Miboga rasa adigung
Tungtungna ripuh jeung bingung
79. Bingung bongan osok salah
Teu bisa nahan amarah
Jangji ka batur sok gaplah
Teu inget kana papatah
80. Papatah ti para sepuh
Ulah boga rasa angkuh
Mun jangji kudu sing tukuh
Ucap lampah masing ampuh
81. Masing ampuh ti ayeuna
Sing bisa mawa hirupna
Jauhkeun napsu goréngna
Deukeutkeun napsu hadéna
82. Deudeuh teuing putra ibu
Omat tong ngalajur napsu
Ulah maén lacur ngadu
Mun bener nyaah ka ibu
83. Nyaah deudeuh mikasono
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Ciri pola kanggo conto
Mangka hadé ulah poho
Bojo téh bawa lalajo
84. Lalajo bari pelesir
Tingali sisi basisir
Sugan awas tina pasir
Alam dunya geura taksir
85. Geura taksir pangaturan
Dadamelanna Pangéran
Aya gedong matak héran
Luhur pageuh nanakéran
86. Teu ngaruag teu ngariek
Sakitu eusina uyek
Pirang-pirang nu ngaleyek
Tapi hanteu ngarempeyek
87. Ya Allah anu ngayuga
Ieu alam ngan nyalira
Bumi langit gé tohaga
Eusina mani pohara
88. Eusi dunya warna-warna
Cahaya panon poéna
Sato tatangkalanana
Cawisan keur manusana
89. Manusa maruji sukur
Ka Gusti Allah nu ngatur
Pangantén sing subur mamur
Kalayan hirupna jujur
90. Masing jujur sahaluan
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Ayeuna asép duaan
Ulah aya pacéngkadan
Sing bisa silih bélaan
91. Béla pati jiwa raga
Dunya katut ahératna
Ku asép kudu dijaga
Sangkan eulis gumbirana
92. Gumbira nu panganténan
Papatah tamba lumayan
Ku eulis asép lenyepan
Nyawérna téréh wekasan
93. Nyawér téh turun tumurun
Tuturunan ti karuhun
Pamugi ulah dikantun
Sawér turun hatur nuhun
94. Sawér hartina panggeuing
Papatah geura nyararing
Dangding bari ngahariring
Pépéling masing aréling
95. Aréling urang sadaya
Ka Gusti Allah nu Mulya
Ulah aya panca bahya
Sadaya mugi waluya
96. Waluya para wargina
Rawuh para panganténna
Gumuruh rasa batinna
Caang haté ka gustina
97. Gusti abdi muji nuhun
1) Conto 17 Pupuh Conto 17 Pupuh
Ngumbara mangtaun-taun
Ku bumi alam dilahun
Nimat kateda kasuhun
98. Duh Gusti nu langkung héman
Mugi sadaya sing iman
Nya netepan kaislaman
Mugi maot mawa iman
99. Bapa nyawér téh parantos
Mung kantun badé wawartos
Ka ondangan nu ngarantos
Mugi sami pada ngartos
100. Pada ngartos sadayana
Nu dicarioskeunana
Lebetkeun kana manahna
Naropong jalan sampurna