Kanyaah indung
Salapan bulan lilana urang dijero beuteungnaPeurih karasana, beurat jeung cape kacida Taya nubisa ngarasa kanyerina Jeung nyawa taruhanana
Dua taun lilana indung nyususan urang Ngabimbing urang Yen bisa jadi jela bageur tur bener Sangkan ulah jadi jalma goring
Ngeclakna cai panon Lamun urang bangor Ngeclakna cai kesang Capena ngurus urang
Saha nu bisa ngabales kanyaah indungKanyeri indung Kacapena indung
Jeung cai panonna
SATIA
Teu Sangka manéhna seueur nu cintaKorban harta jeung nyawaNgan ukur hayang meruhkeun galihnaNu saurna taya bandingannana
Ditilik tilik manéhna téh geulis pisan Putri nu turun ti kayangan Rumasa kuring gé hayang miboga Ngadadak ngagedur rasa cinta
Hanjakal aya nu teu raosBatur mah mawa antingBatur mah mawa cingcinKuring ngan mawa hui sajingjing
Tapi kuring teu rék suda Alim manéhna kuciwa Da kuring boga modal nu istimewa Nyaéta niat rék satia salamina
JANTE ARKIDAM
Panonna beureum siki sagaLengeunna seukeut lalancip gobang
Niplasan badan palapah gedangArkidam, Jante Arkidam
Di pangaduanndi kalangan ronggengNgan hiji jagoan
Arkidam, Jante Arkidam
Ti peuting angkeb ku mendungJante raja alam petang
Matek aji panarawanganManjing ka liang sasoroting sinar
Jaruji beusi pakgade milang ku ramona
Ngagisik hayang sidikJante mencrong mantri pulisi:
"Ki Mantri, tindakan andika lelewa bikangngabokong jalma keur tibra!"
Arkidam ditalikung leungeun duaSorot matana ngentab seuneuan
Samemeh beak poe kahijiJante minggat nitih cahya
Kalauar ti panjara
Samemeh cuntuk peuting kahijiMantri pulisi nyungseb di dasar walungan
Teu nyawaan
PANGBALIKAN
Iuh, iuh gunung kuring
angin ulin dina embun-embunansawaktu-waktu kuring kudu nepungan
dumeh hirup halabhab cintadi maranehna nya ayana
Aya sababna kuring tibelataya sababna kuring pegattapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina hate ngawih deui
Iuh,iuh gunung kuringnyata, nyata tanda-tanda
ngabalungbung jalan hirupnepi ka nyawa rek asup
ka maranehna kuring rek balikka maranehna kuring rek pamit
(1) BUDAK PAHATU LALISDua budak pahatu lalis
adi lanceuk awéwé lalakikasarung di leuweung ganggong
adina ceurik ngalengismana jalan geusan balik.Budak lalaki ngala kupa
leungeunna parigel metik
buah kupa dialungkeundipulungan ku adina.
Tina rungkun buni kacidaluar-léor oray sanca
gep ngegél awak adinanu keur anteng murak kupa.
Jrut turun budak lalakiana rét ka sakuriling
Si Nyai ka mana geuningreuwas kacida teuing.
Manuk Cukrik disada semu nalangsa“Cukrik, cukrik turih ku pucuk eurih”
pucuk eurih bakal matihSi Nyai bakal kapanggih.
Geberan ku hihid ainghihid aing kabuyutan
mawa bayu kahuripan.“Geber-geber hihid aing
hihid aing kabuyutantitinggal nini awaking”.
Usik ngulisik raga tangtunganparipurna hirup warasku saktina rasa asih.
(2) BUDAK SAKTIBudak leutik bisa ngapung
jangjangna kulit salapishiberna di langit peuting
ludeung ngambah jomantaradisadana tingkoréak
karesepna bubuahannu amis semu kareueut
Budak leutik bisa ngapungbudak nu kacida saktinu kitu naon ngarana?
(3) NINI ANTÉHDi langit bulan nembongancahayana hurung ngempurngadamaran alam dunya.Di bulan Nini keur anteng
ngentrung ninun kaén poléngawak Nini mani bongkok
balas terus baé ninunmeureun geus rebuan taun.
Di bulan Nini bumetahdibaturan Candramawat
buluna nu tilu warnawatekna matak diasih.
(4) SAMAGAHABulan di langit ngaleungit
meureun disumputkeun nagabumi alam poék mongkléng.
barudak récét di buruansorana patembalan
Samagaha! Samagaha!Aya kahariwang
dina haté séwang-séwangan
bulan sirna.Ting berebet barudak ka pipir imah
tutunggulan dina lisungrampak narakol kohkol
ngusir naga sina nyingkirnaga nyingkahbulan ngempur
bumi alam caang deui.
(5) SAKADANG MONYÉT MALING CABÉSakadang kuya jeung Sakadang monyét
suka bungah maling cabécabé beureum matak uruy
lada haneut kana beuteung.Seuhah lata-lata, seuhah lata-lata
cabé beureum cabe ladacabé arasak kacida.
Keur jongjon datang Pa TaniSakadang monyét ngabecir
sieun katéwak Pa Tani.Kuya geuwat gancang nyumput
di tempat nu rada bunitapi katénjoeun mantén.Pa Tani bungah kacidadaging kuya rek diolah
lumayan keur deungeun sangu.
Sakadang kuya katéwakdipangku dibawa balik
dikurung tukangeun imah.Ngalongok Sakadang monyét
suka bungah ngahiliancenah bakal dikawinkeun
ka anakna Bapa Tani.Isukna datang Pa Tani
suka bungah muru kandangnyorén bedog meunang ngasah.
Pa Tani ambek kacidanu aya di jero kurung
bangké Sakadang monyét.Monyét morongkol dicekeldibalangkeun ka nu bala
monyét cengkat ngaréngkénékngabecir lumpatna tarik.
(6) PAPARAHUANManintin manuk Manintin
paparahuan reujeung Tunggeuparahuna cangkang bonténg
bonténg suri anu gedé.Soloyong angkleung-angkleungan
kakawihan suka bungah“Tin, tin, Manintin
gengngng!”Katembong ku Caladi Kundang
ngageleber hiberteup enteup na parahu
nu tiluan kakawihan“Tin, tin, Manintin
toroktok, tokgengngng!”
Kapanggih ku anak Monyétclak tumpak parahu
nu opatan kakawihan
“Tin, tin, Manintintoroktok, tok
nguuukgengngng!”
Kitu jeung kitudisarada patémbalan
suka bungah kakawihanméméh surup sarangéngé.
(7) SILIH TULUNGANNyiruan dina pancuran
titeuleum méh baé paéhTitiran nenjo Nyiruan
kanyaah mapaés haté.Geuwat metik dangdaunan
diragragkeun kana caingarayap éta Nyiruan
teu tulus nemahan pati.Titiran ku paninggaran
diintip-intip dipanahNyiruan mulang tarima
nyeureud bitis paninggaran.Paninggaran ngagurubugteu tulus manah Titiran
geus lésot kabéh bangbaluhlantaran silih tulungan.
(8) BUDAK BUNCIRSi Buncir naheunkeun bubu
pareng meunang anggay-anggaydiwadahan kana batok.
Hayam macok anggay-anggaySi Buncir boga paméntahayam nu jadi gantina.
Hayamna katinggang haluatuh paéh saharita
halu nu jadi gantina.Haluna katincak mundingsabab potong ménta gantiSi Buncir dakwa ka hakimmunding milikna Si Buncir.
Mundingna katinggang limuspaéh ménta digantianku Ki Tani diturutkeun
buah limus matak uruy.Demi Nyi Putri ningalikacida pisan palaynalimus dipesék dituang
séép ngan tinggal pelokna.Nyi Putri jadi gantina
Buncir teras salin rupajangkung pohara kasépna
katelahna Gandarasa.
(9) BUDAK HIDEUNGBudak hideung goréng rupa
buuk ngarambueuk rintitku indung pulung diasihlantaran ku daékanana.Teu saeutik nu ngahina
pasrah narimakeun nasibkanikmatan tanpa tepi
permata nu pangmahalna.Si hideung muka buntelan
horéng eusina teh waluhdibantingkeun kana batu
bray beulah hérang ngagenyas.Janggélék hiji nagara
budak hideung salin rupasatria gagah perkasa
Danuwarsa katelahna.
(10) CINGCIRIPITNgariung di pakalangan
waspada ngantelkeun curukcuruk inggis kacapit
kacapit ku dampal leungeundampal leungeun dikeupeulkeun
“jék-jék nong”nu kacapit tunggu lawang.
(11) NGADU PANGGALPrung tarung di pakalangan
nu jadi kawih pamuka:“Tung-tung-brung
kali tanjungbarangbang kali parangpangpadakutik padasemprung”.Breng panggal diparuihkeun
muih dina jero kalangbeletak papada panggal
panggal ngacleng ngagolépakpanggal muih pangleletna
punjul ngajadi raja.
(12) TITINGGI ULA-ALIKarémbong meulit na cangkéng
tungtungna pada nyekelan
antay-antayan leumpangnaniru-niru titinggi
majuna ongko-ongkoanbulat-beulit, arula-arileunguriling kukurilingan
hulu ngudag-ngudag buntutsina néangan nu leungit.
Nu dimaksud geus kapanggihbuntut kudu jadi huluari hulu jadi beuheungkitu jeung kitu tuluyna
sagala-gala walatrataya nu paheula-heula.
(13) LANGLAYANGANLanglayangan kumalayangngalayang di méga malang
paheula-heula jeung heulangsukan-sukan sukahayang.Mipir langit nyorang méga
nyawang anggang di buanaamparan handapeunanatanah éndah alam Sunda.
(14) SURUNG MUNDINGSurung munding, surung munding
kaulinan budak lalakingutamakeun kakuatan
nu maén pahareup-hareuppakuat-kuat tanaga.
Surung munding, surung mundingnu lalajo suka bungah
ngariung bari ngarawih:“géré tong-géré tong
nu éléh dipotonggéré tong-géré tongnu éléh dipotong”.
Géré tong-géré tongparancah méméh lumampah
ngagéré haté lalakiludeung teuneung
rahayu jaya waluya.
(15) CAANG BULANBaheula nu dipigandrungcaang bulan opat welas
ngabungbang pinuh kabungahgalumbira gogonjakan
bari kakarawihanlaguna lagu bulan tok;“Bulan tok, bulan tok,bulanna sagede batok,
didudut disantok,aya ucing keur anakan”.
Meungpeung bulan ngagantengarulin masing aranteng
nganteur kahayang nu manteng.
(16) PACICI-CICI PUTRIDampal leungeun nu katuhu
nu kénca oge nya kituditangkubkeun ka palupuhdisodorkeun keur ngariung
ditunjukan bari imutditetel-tetel ku curuk
kawihna lagu nu matuhdikawihkeun ku lulugu:
“Pacici-cici putri
térélék kembang celempungada nona ada tuan
kalau mau kembang apa?”
“Hayang kembang Kamuning!”“Hoyah, ari balik nungtun munding!”
Nu ngariung surak kabéhgogonjakan suka bungah.
(17) ULIN DI WALUNGANNgabring arindit
arulin ka walungan seja ngojayjleng gejebur, jleng gejeburngarojay patengah-tengahngalangkarak babalapan
papalidan ka hilirkeunpalila-lila teuleumna
icikibung peperangansilih simbeuh silih cemplang.
TUKEURAN IEU SAJAKTukeuran ieu sajak
Ku salambar simbut atawa samak saheulayHeug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay
Pating golepak dina trotoarTukeuran ieu sajak ku beas wuluh atawa heucak
Heug sidkahkeun kanu haropakAnu marangkuk di saung atawa di kolong sasak
Tukeuran ieu sajakKu sababaraha siki pelor
Heug tembakkeun kana genggerong koruptor manipulator
Sina enya kalojorTukeuran ieu sajak
Ku beubeutian tina kalbu anu ridoKeur nyebor anu balangsak
(Lamun teu kitu sasaak)(Yus Rusyana, Ciliwung, 19 Juli 1966)
WASIAT KONGLOMERATLamun Apih paeh
pangbungkuskeun ku salambar boehladang ngeleketek
tina rupa-rupa proyekLamun Apih nemahan pati
pangmesenkeun padung jatiladang ngumpulkeun komisi
jeung rupa-rupa korupsiKontrak-kontrak nucan diteken
Jeung SPK-SPK nu can dilaksanakeunawurkeun luhureun paesanna tetengger heug tulisan
parantos mulang ka kalanggenganApih, konglomerat tuladan
(Taufik Faturahman, 1992, Galura No.38)PANGBALIKAN
Iuh, iuh gunung kuringangin ulin dina embun-embunan
sawaktu-waktu kuring kudu nepungandumeh hirup halabhab cinta
di maranehna nya ayanaAya sababna kuring tibelataya sababna kuring pegattapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina hate ngawih deuiIuh,iuh gunung kuring
nyata, nyata tanda-tandangabalungbung jalan hirup
nepi ka nyawa rek asupka maranehna kuring rek balikka maranehna kuring rek pamit
(Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, tina Kanjutkundang)
LEUWIsora nu tinggerendeng
teu weleh sahengdi leuwi aing
laut nu tan istirahteu weleh motah
di leuwi aingdi leuwi aing
sagala teu weleh betahsagala teu weleh motah
(Abdullah Mustappa, Tina Mangle No.217)LALAKON I
Mangsa budak resep ulinngarucu bulan
mangsa rumaja resep wanojangumbar asmara
nincak sawawa narik jangkarngambah sagara
geus kolot mah kari tapakurisuk sore ngitung
umur!(Hadi AKS, Tina Galura No.39)
LAGU HIRUPUnggal poe unggal lengkah
nataan tanggal dina kalenderangger aya nu diarep-arep
ari umur melesat henteu kajeueungDina beja dina carita
teu weleh aya nu miheulaanwarna-warni kajadian. Teu kapireng
da puguh katalimbeng rusiahDina sakeclak cimata. Aya kasedih
nu teu kedal. Dina kongkolakkahirupan. Aya nu miang
teu mulang deui(Eddy D. Iskandar, 1992)
BONGAN KITUBongan kitu disebutna, puguh mega
dipapay di awang-awang: cek aing anginbongan kitu karasana, nyerina raheut
tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpibongan kitu digambarna, geulis kabina-binaditepungan unggal wayah: cek aing werejit
bongan kitu pandena, nyarita soranganditataan di rs jiwa: cek aing eling
bongan kitu ayana, beda jeung nu liandiguliksek dina kamus: cek aing ibadah
bongan kitu itunganana: Gusti(Juniarso Ridwan, 1992)
PADUNGDUNG DANGDUT“Hidup! Hidup! Hidup!” cek peureup mani baruleud
ngahaja nonjokkanangin nu keur tibra lebah liliuh caringin. Angin teh
tibuburanjat nyusulmanuk nu ti heula ngagarapak tina dahan kana dahan.
Barengongangin jeung manuk mireungeuh mangpirang peureup
tinggorowoknyentakan beurang bayeungyang. Beurang tembong
rerenjagan tuluykabur sakur pangacianana. “Hidup aing! Hidup aing!
Hidup aing!”
cek peureup beuki tararik bari tembong aya seuneu ngabebela tina
sela-sela ramo. Ngadegdeg angin jeung manuk nenjo beurang beuki
soak gogobrot juuh kesangan. Keur kitu, panonpoe ngagilerkeun
cahayana nyorot peureup nu ngabring ti peuntas ditu “Aing ge hidup!
Aing ge hidup! Aing ge hidup!” cek peureup nu karek cunduk sarta
teu tata teu titi ujug-ujug ngajorag nu keur sesentak. Ger campuh
peureup jeung peureup nu sarua pada-pada sareuneuan ngabebela
Peureup diadu jeung peureup deui. Tinggorowok. Tingjarekok sora nu
patonjok-tonjok. Angin mabal. Manuk mabur. Beurang geheng. Getih
peureup boborot nyiram sampalan. Kacaturkeun tengah peuting,
disaksian imut bulan, dua peureup nu baradag sasalaman handapeun
tangkal caringin. Nu itu nyiwit ceuli saeutik. Nu ieu bet ngeleketek.
(Godi Suwarna, Kotakidul, 92, Galura No.16)URANG SUN...DA BAGEUR :D
@suikodenim
Top Related