Download - Artikel Bahasa Sunda

Transcript

Basa, Kasenian, jeung Kahirupan Sunda

KU ayana kamekaran téknologi internét nu ngarambah nepi ka tepis wiring,

tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda. Sanajan

téknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu

bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara

asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya

rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa

indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu

salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung

kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan.

Poé basa indung anu dipiéling saban 21 Fébuari tangtu bakal leuwih

haneuteun ku ayana natrat yén basa indung téh hirup kénéh, dina harti masih diparaké

ku masarakat dina wangkongan sapopoé. Lain baé basa Sunda, da kaasup basa indung

sélér séjénna ogé jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran téknologi. Lebah dieu

seukeutna sawangan UNESCO téh, anu antukna netepkeun 21 Fébuari minangka Poé

Basa Indung Internasional.

Héabna sumanget pikeun ngamumulé basa Sunda ogé bisa karasa ti kalangan

rumaja. Contona, dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku

Téater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targét panitia. Sabada

pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup téater rumaja nu miluan dina éta

féstival. Lain baé patandang ti Jawa Barat, da aya ogé peserta anu jolna ti Banten.

Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten

mah kapan sidik Sunda pisan.

Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27 Fébuari, di

Gedong Kasenian Rumentangsiang ogé maneuh dipidangkeun rupaning kasenian

Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara Sunda, longsér, jeung sajabana. Beuki

pikabungaheun basa nengetan personilna leuwih réa didominasi ku kaum rumaja.

Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui, dipidangkeun sacara maneuh di

Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang kaasup dua grup

sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di Rumentangsiang.

1

Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan

sapopoé, dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa

kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh.

Réréongan dina kahadéan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga leuwih natrat

deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun

idéntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya salahna mikaresep kasenian

deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda urang.

Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina

persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi

galandangan di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur

sorangan ogé tétéla urang Sunda méh kaléléd ku para pendatang. Widang ékonomi,

pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu

bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian

urang Sunda nu teu kabagéan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi

séjén, réa nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu kumaha méakeun

raja kaya.

Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah “silih asih” téh jeung sasama

téh? Naha urang bet téga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan?

Ku kituna, lain baé ngamumulé basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah

miara ajén inajén jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktékeun dina

kahirupan sapopoé. Lamun “silih asah, silih asih, jeung silih asuh” geus bisa

diterapkeun dina kahirupan sapopoé, tangtu beuki éndah Sunda téh. Éndah alamna,

éndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti

“Sunda” téh éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé, “Sunda” mah salawasna

éndah tur reumbeuy kahadéan

2

Tulak Bala Singlar Runtah

PASUALAN runtah di Bandung tacan tuntas sanajan geus aya Tempat Pembuangan Akhir (TPA) di wewengkon Cigending, Cipatat, Kabupaten Bandung. Nepi ka kiwari ogé runtah masih tingtalambru di sawatara jarian samentara. Teu pamohalan,  sababaraha taun deui, runtah bakal ngahunyud. Sabab, produsén runtah beuki rongkah, kalayan henteu diimbangan ku cara ngokolakeun anu idéal. Solusina lain sakadar néangan lahan TPA anu lega. Pangna kitu, lantaran salega-legana lahan anu disayagikeun, lila-lila mah bakal mentung ngagunung nampung runtah urang Bandung.

Mangkaning sasaha ogé geus pada awal, yén runtah téh bisa ngadatangkeun mamala atawa balai. Geus puguh sabangsaning panyakit alatan polusi. Katambah deui pangalaman tragédi ngabeledugna gunung runtah di TPA Leuwigajah nu geus ngubur kampung-kampung sakuliah Leuwigajah jeung tatar Batu Jajar (21/02/05). Geus puguh harta banda, dalah korban jiwa ogé henteu bisa disingkahan ku ngamukna sakadang runtah harita. Hiji bukti yén runtah lain pasualan anu bisa dianggap énténg.

Tina bala alatan runtah, bisa ngalantarankeun balai. Ku ayana kitu, kudu buru-buru mapatkeun jampé tulak bala singlar runtah. Ari tulak bala téh sabangsaning jajampéan atawa dunga pikeun nyingkahan balai. Sasarina jampé tulak bala dipapatkeun dina upacara tradisi ritual, saperti ngaruat jagat, hajat bumi, ngalaksa, jsté. Tulak bala ogé aya anu sok dipirig ku waditra anu dianggap sakral, saperti angklung gubrag, terbang pusaka, jsté. Tapi jampé jeung téknis tulak bala nyinglar runtah  mah kawilang basajan. Bisa dipapatkeun ku sakumna urang Bandung, kalayan henteu perelu ngalibetkeun Jurig Jarian.

            Saméméh diajar mapatkeun tulak bala singlar runtah, taya salahna maluruh heula kasangtukang runtah. Sanajan henteu kungsi ngawawancara runtah, tapi bisa dipastikeun produsén runtah pangrongkahna mah jolna ti rumah tangga. Sabéngbatan mémang moal katingali loba, da puguh ti saimah téh rata-rata ukur sakérésék atawa dua kérésék. Tapi ari dikalikeun jeung sakabéh imah di Bandung mah, tangtu jumlahna bisa nepi ka ratusan rébu méter kubik. Ku ayana kitu, salah sahiji jalan anu bisa disorang nyaéta ngurangan jumlah runtah ti saban imah.

            Pikeun babandingan, masarakat pilemburan mah asa tara nyanghareupan pasualan runtah. Sabab ti baheula ogé geus surti dina ngokolakeun runtah. Contona misahkeun runtah organik jeung an-organik. Runtah baseuh sasarina diruang, demi runtah garing bisa disalurkeun ka tukang rongsokan atawa diduruk. Naon pasualanana ngaduruk runtah? Sanajan bisa nimbulkeun dioksin anu henteu séhat pikeun diangseu, tapi bakal leuwih henteu séhat lamun patulayah tur ahirna ngotoran lingkungan.

            Di Bandung, mémang pamohalan ngaruang runtah baseuh di sabudeureun imah. Sabab, umumna henteu nyayagikeun lahan pikeun ngurus runtah. Cukup boga tong runtah di hareupeun imah, kalayan henteu ngarasa perelu mikiran ka mana éta runtah dipiceun. Lantaran ngarasa geus mayar iuran runtah téa, antukna loba anu teu harayang nyaho itu-ieuna. Nu penting mah di wewengkonna beresih, kajeun teuing di wewengkon batur mah barala ogé. Nu penting mah di wewengkonna henteu barau runtah, kajeun teuing di wewengkon batur mah barau runtah ogé. Sikep égois anu méh teu karasa, geus nerekab ka sawatara pangeusi Bandung.

3

Loba masarakat anu nampik upama wewengkonna rék dijieun TPA. Puguh baé lumbrah, lantaran maranéhna ngeunteung kana gagalna cara ngokolakeun TPA. Antukna TPA idéntik jeung kumuh, rarujit, barau, sarta ngabahayakeun kasalametan jiwa. Sabenerna éta anggapan téh bisa dirobah upama TPA dikokolakeun kalayan hadé tur daria. Contona ku cara ngahangkeutkeun kagiatan ngolah runtah jadi gemuk. Ku cara kitu, masarakat baris ngabagéakeun wewengkonna dijieun TPA, lantaran bisa nyiptakeun arawa ngalegaan lahan pacabakan. Salila ieu, kagiatan ngolah runtah ukur jadi wacana, henteu dibarung prakna, sakurang-kurangna henteu pati daria.

Anu leuwih mungkin ditaratas pikeun nyiar solusi pasualan runtah, taya deui iwal ti ngayakeun gawé bareng antara pamaréntah jeung sakumna masarakat. Lamun ukur ngandelkeun pamaréntah, nepi ka iraha ogé moal aya réngséna. Sakali deui, kudu aya rampak gawé anu harmonis antara pamaréntah jeung masarakat. Kahiji, wayahna pamaréntah kudu nyayagikeun dua rupa mobil paranti ngangkut runtah, nyaéta pikeun runtah baseuh jeung runtah anu garing. Lamun waragad maén bal anu jumlahna miliaran bisa kahontal, piraku baé henteu kabeuli mobil paranti runtah.

Sanggeus sayagi dua rupa mobil runtah, tangtuna ogé kudu diimbangan ku nyayagikeun dua rupa TPA, pikeun nampung runtah baseuh jeung runtah garing. Ku cara kitu, anu sok mulungan runtah ogé bakal sujud syukur, lantaran leuwih babari ngumpulkeun barang-barang anu payu kénéh kana duit. Apan éta téh kaasup pagawéan mulya anu mugia baé aya dina karidoan-Na.

            Satuluyna, saha anu kudu misah-misahkeun runtah baseuh jeung garing? Taya deui, iwal ti masarakat di saban imah.  Mun perelu, nyieun dua tong sampah keur runtah baseuh jeung runtah garing. Éta pisan wujud partisipasi nyata masarakat nu kalintang mangpaatna. Sabab, pasualan runtah mah gumantung pisan kana sikep saban individu dina ngokolakeun runtah. Sanajan pamaréntah bébéakan ngurus runtah, moal aya anggeusna lamun henteu bisa ngahudang kasadaran masarakat dina ngokolakeun runtah. Lain baé pasualan pamaréntah anu tacan bisa ngokolakeun runtah, tapi perkara méntal masarakat ogé henteu kurang pentingna.

            Jajampéan tulak bala singlar runtah mah kawilang basajan. Mangga cobian papatkeun bari peureum atawa bari beunta, atawa bari peureum beunta: “ciwit heula diri sorangan, saméméh nyiwit batur; Ambeuan heula runtah sorangan, saméméh neumbleuhkeun bau ka batur. Lamun kaambeu bau, pék pikiran carana sangkan batur henteu katempuhan kudu nyeuseup nu barau téa”.

Pikeun sing saha baé anu irungna masih kénéh normal, pasti bakal milu titén kana pasualan runtah, sakaligus mibanda tékad pikeun milu partisipasi dina mulangkeun deui citra Bandung jadi kota kembang.

4

MASARAKAT ADAT

PAPAGON dina masarakat adat mah alam baris méré kahadéan lamun maranéhanana gé ngajaga tur ngamumulé alam sabudeureunana. Kaarian terus mekar. Sikep mikahormat alam minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masfan lokal tetep dipiara najan jaman terus mekar.

Sikep mikahormat alam minangka cecekelan hirup nu diwariskeun di komunitas masarakat adat. Mun alam geus ruksak, mangka katingtriman hirup gé bakal kaganggu. Tapi, ka béhdieunakeun, dina kamekaran jaman nu teu nolih kana kaarifan, loba lahan adat nu kedéséh. Kadéséh ku pihak-pihak nu hayang ngamang-paatkeun lahan adat, saperti pikeun villa, pabrik, pakebonan, atawa wangunan séjénna. Alam masarakat adat nu ngawengku lahan, leuweung, gunung, katut walungan, nu salila ieu jadi sumber kahirupan maranéhanana, bet jadi saperti nu leungit.

Masarakat adat leungiteun sumber kahirupanana, alatan lahanna geus dipimilik ku batur. Komunitas masarakat adat di nagara urang teu weléh aya dina nasib katalangsara. Padahal, masarakat adat sarta nu jadi hak-hakna téh sakuduna mah bisa hirup kumbuh kalawan tingtrim. Meureun wajar dina mangsa penjajahan mah mun maranéhanana téh katalangsara. Sabab, sakur jiwa gé ngalaman katalangsara. Tapi, kacida tragis mun nasib masarakat adat teu robah, tetep katalangsara, dina jaman urang geus merdéka. Kiwari, teu saeutik aya kajadian konflik antara masarakat adat jeung pihak-pihak nu ngaku geus miboga lahan masarakat adat. Nu ngaku miboga, ngarasa boga hak alatan dibekelan hak guna usaha (HGU). Sedengkeun masarakat adat satekah polah mertahankeun lahanna, nu dipercaya minangka warisan ti karuhunna. Antukna, prinsip masarakat adat nu basajan téh kaancam leungit nyanghareupan pihak-pihak nu hawek, nu ukur néang kauntungan wungkul. Kasarakahan maranéhanana nu teu tanggungjawab téa, ngabalukarkeun katingtriman masarakat adat kaganggu jeung lingkungan jadi ruksak.

Ku mindengna kajadian samodel kitu, ngabalukarkeun masarakat adat mingkin kadéséh. Kitu deui mun pamaréntah netepkeun kawijakan patali jeung wilayah adat bari teu ngabaud masarakat adat nu geus dumuk ti béh ditu mula di éta wilayah, tangtu masarakat adat gé baris kadéséh. Padahal, musawarah téh minangka wujud mihormat ka masarakat adat jeung hak-hakna nu ditangtayungan ku undang-undang. Sakuduna, tong aya deui kajadian kadéséhna komunitas masarakat adat téh, boh dina sual lahan boh dina sual kabebasan ngalaksanakeun adat maranéhanana. Ku sabab nagara urang geus netepkeun undang-undang pikeun nangtayungan masarakat adat. Éta hal luyu jeung katangtuan internasional, nu ogé geus diaku ku nagara urang. Dina pasal 6 ayat 1 Undang Undang (UU) Nomor 39 Taun 1999 ngeunaan Hak Asasi Manusia (HAM), kalawan teges nagara nangtayungan komunitas masarakat adat. Kieu unina téh, “Pikeun nanjeurkeun hak asasi manusa, perbédaan jeung pangabutuh masarakat hukum adat kudu diperhatikeun tur ditangtayungan ku hukum masarakat katut pamaréntah”.

Sedengkeun dina ayat 2, unina téh, “Jatidiri budaya masarakat hukum adat, kaasup hak lahan ulayat, ditangtayungan luyu jeung kamekaran jaman”. Pon kitu deui, masarakat adat nu kaasup kana kelompok minoritas gé kudu ditangtayungan ku nagara. Dina pasal 27 Kovenan Internasional ngeunaan Hak Sipil jeung Pulitik, nyebutkeun, “Di nagara-nagara nu aya kelompok minoritas dumasar kana étnis, agama, atawa basa, hak-hak éta kelompok minoritas téh tong diganggu, dina komunitas papada anggota séjén ti kelompok maranéhanana, enggoning

5

ngararasakeun budaya maranéhanana sorangan, pikeun ngalaksanakeun jeung ngamalkeun ageman maranéhanana, atawa pikeun ngagunakeun basa maranéhanana”. Ku kituna, tong aya deui ijin muka pakebonan, pangusahaan leuweung, atawa kagiatan pertambangan, nu enya-enya ngarempak wates-wates wilayah lahan adat, nu saenyana mah geus dipimilik ku masarakat adat ti béh ditu mula.  Ogé, ka masarakat adat kudu dibéré kabébasan pikeun ngalaksanakeun tradisi adatna, kaasup dina ngalaksanakeun nu jadi agemanana.

Hak masarakat adat pikeun ngagem ageman katut kapercayaan luyu jeung pilihanana téh aya dina pasal 22 UU No. 39/1999 ngeunaan HAM, unina, “Sakur jalma bebas ngagem agemanana séwang-séwangan tur pikeun ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman katut kapercayaanana”. Dina ayat séjénna ditegeskeun, “Nagara ngajamin kamerdekaan sakur jalma pikeun ngagem agemanana séwang-séwangan katut ngalaksanakeun ibadahna luyu jeung ageman tur kapercayaanana”. Kalawan teges konstitusi geus ngajamin jeung nangtayungan hak-hak masarakat adat. Ku kituna, nagara wajib ngawujudkeunana. Ulah ieuh aya alesan nagara teu mampuh ngawujudkeunana. Da saenyana mah pikeun ngawujudkeun kamampuh téh kacida gampilna, nyaéta ku cara némbongkeun kalawan enya-enya dina kawijakanana sangkan teu weléh mihak kana kapentingan masarakat adat. Lain mihak kana kapentingan pihak-pihak nu ngan ukur néang kauntungan wungkul.

Lamun téa mah hak masarakat adat téh dibaékeun, éta hartina nagara geus ngalakukeun pelanggaran HAM.

6

MASAGI

Alam dunya nu éndah téh ciptaan Pangéran. Ku sabab nu nyiptakeunana Pangéran, tangtu rupa atawa wangunna hadé jeung sampurna. Ari kasampurnaan alam sok dijieun siloka, kaasup dina babasan jeung paribasa.

Karancagé kolot baheula, enggoning ngarumuskeun jurus pikeun nyanghareupan kahirupan, salah sahijina winangun babasan jeung paribasa, sawaréh dijieun ku cara siloka nu nginjeum ti kaayaan alam téa.

Modél atawa rupa suhunan imah vernakular di Tatar Sunda gé nyonto ka alam. Upamana, aya nu nyonto ka manuk, aya deuih nu nyonto ka sasatoan lianna. Antarana baé, aya nu disebut “ranggon” (tina manuk ranggon), “julang ngapak”, “badak heuay”, “tagog” atawa “jogo anjing”, jeung “galudra ngupuk”.

Pon kitu deui dina ngagambarkeun kageulisan: ngindung ka rupa nu aya di alam bari ditambahan sangkan jéntré: “angkeut endog sapotong”, “ramo pucuk eurihan”, “lambey jeruk sapasi”, “halis ngejelér paéh”, “cangkéng lenggik nanding papanting”, “taar téja mentrangan”, “damis kuwung-kuwungan”, “bitis héjo carulang”, jsté. Jadi, kageulisan atawa kaéndahan dirupakeun tina kombinasi rupa nu aya di alam.

Malah, simbol tina rupa alam téh dijéntrékeun jeung kaayaanana pikeun mastikeun nu dimaksud kalayan gembleng. Dina ngagambarkeun gado, upamana, nu geulis mah disebutna gé “angkeut”, nu hadé tur diibaratkeun kana rupa endog tapi kudu sapotong. Halis istri nu geulis kudu siga jelér paéh, da mun jelérna hirup mah duka kumaha rupa halis téh. Jadi, sangkan ngajepatna hadé, teu usik teu malik luhureun panon, nya dipaéhan heula tah si jelér teh!

Eusi babasan jeung paribasa di antarana mangrupa ajaran moral atawa étika nu bisa deuih disebut falsafah pikeun ngalakonan hirup. Ilaharna, mangrupa siloka atawa perlambang nu ngandung harti jero bari diungkarakeun ku basa nu ringkes, tepi ka gampang nginget-ngingetna. Karasana pantes kénéh dipaké ayeuna jeung jaga, teu kalis ku waktu atau kadaluwarsa, ongkoh da teu maké bahan tambahan siga formalin.

Mun urang bingung kudu kumaha gaul, boh jeung papada manusa boh jeung mahluk lianna, aya jurusna: di antarana kudu “hadé gogog hadé tagog”–siloka deui baé, nu maké sipat kaayaan sato nu aya di alam. Pihartieunana, hirup kudu hadé dina nyarita tur dina paripolah, omongan jeung kalakuan kudu sarua alusna.

Sababaraha babasan atawa paribasa maké kecap injeuman tina rupa atawa wangun, nyaéta pasagi, buleud jeung segitilu. Kecap pasagi aya dina babasan “hirup mah kudu masagi”. Naon sababna prak-prakan hirup nu hadé diibaratkeun kana rupa pasagi?

Masagi téh kecap pagawéan nu asalna tina kecap kaayaan atawa sipat pasagi. Nu disebut pasagi nyaéta rupa kotak–rupa nu dijieun ku opat sisi nu sarua ratana atawa lempengna, tur ukuranana sarua. Pasagi nunjuk ka rupa nu sampurna. Biasana, ieu babasan dilarapkeun kana perkara ngalakonan urusan dunya jeung ahérat atawa agama jeung darigama téa.

Sipat pasagi ngandung harti yén hirup téh boga sisi atawa widang nu teu ngan hiji atawa sarupa. Sagala widang kahirupan kudu dilakonan kalayan saimbang. Cara

7

urang hirup ayeuna di dunya, lian ti kudu mikiran kaperluan hirup di dunya téh kudu kukumpul amal-ibadah pikeun bekel jaga di ahérat deuih. Urang gé kudu sagala bisa atawa mahér dina rupaning widang, sabab hirup téh teu gampang jeung loba pisan unak-anikna nu kudu kacekel sangkan urang hirup teu kadungsang-dungsang sangsara alatan euweuh kabisa. Ringkesna, pasagi dijieun conto hirup kawas kumaha nu kudu dilakonan téh. Sipatna tindakan atawa kalakuan.

Duka kumaha sasakalana, pasagi téh dina basa Indonésia mah maké mamawa bujur sagala, enya, bujur sangkar téa. Sigana, sangkar téh asalna tina basa Minang nu saharti jeung pasagi, da di Sumatera Kulon mah aya lembur ngarana Batusangkar. Pangna kitu gé, di dinya aya batu nu rupana ngaharib-harib ka rupa pasagi. Kecap sangkar tuluy dipaké deuih pikeun rorompok manuk dina basa nasional, najan rupana geus teu pasagi deui.

Rupa pasagi teu pati jéntré ayana di alam. Dina ayana gé sigana ukur ngaharib-harib, teu saklek pasagi. Ongkoh rupa pasagi mah dijieun tina opat sisi nu tiap juruna kudu masékon (tina parabot tukang bas, pasékon) nu hartina opat juruna mun diukur persis 90 darajat téa.

Rupa pasagi loba dipaké pikeun wangun parabot sapopoé nu dijieun tina awi, di antarana bésék, pipiti, suku boboko, hihid jsté.  Rupa pasagi kawentar ka mana mendi, utamana pikeun muslim. Nu dijarugjug ku nu marunggah haji téh apan Ka’bah di Mekah. Ceuk si cenah, harti ka’bah atawa kufah téh pasagi. Kaligrafi nu tulisanana ngaharib-harib kana rupa kotak disebut kufah atawa kufik.

Lian ti rupa pasagi, rupa atawa wangun nu dipaké dina babasan téh buleud. Kapan aya kalimah, “Niat téh kudu buleud”. Rupa buleud téh dijieun tina garis nu patepung tungtung, bari jarak ti tengah ka unggal sisina sarua. Dina Matématika mah istilahna jari-jari atawa “r” (tina radian atawa radius téa). Niat urusanana jeung sikep nu yakin, tur patali deuih jeung sikep méntal. Pikiran jeung tindakan ngahiji, siga garis nu buleud.

Rupa atawa wangun buleud aya jeung loba di alam. Antarana baé aya panonpoé, bulan, katumbiri, ombak leutik dina balong mun urang nyemplungkeun batu, daun taraté, jsté. Dina parabot vernakular nu tina awi, rupa buleud dipaké pikeun tampir, nyiru, telebug, téténong, ayakan, jsté.

Rupa buleud sok dipaké perlambang kasampurnaan nu sipatna idéologis, kaasup tauhid atawa kaimanan. Bulan atawa panonpoé nu rupa dasarna buleud dipaké pikeun lambang nu islami. Ngan sangkan teu pahili jeung surabi, bulan digambarna sapasi, ongkoh sangkan masih aya tempat pikeun béntang. Panonpoé dijadikan lambang salah sahiji ormas Islam (sangkan teu pahili jeung rupa buleud séjénna, ditambahan ku garis nu nyebar ti sisi buleudan nu hartina cahaya).

Lambang bandéra Jepang buleud beureum, nyimbolkeun panonpoé isuk-isuk. Pikeun ngagambarkeun manusa suci, dina seni lukis Nasrani, sirah manusa sok dibéré buleudan bodas nu disebut halo. Dina pulitik (nipu rahayat leutik?) sok kadéngé istilah kebulatan tekad hiji partéy atawa rombongan manusa dina raraga ngadukung hiji calon (calon naon wé).

Rupa séjénna nyaéta nyungcung. Aya kecap “ka balé nyungcung”, siloka pikeun dirapalan atawa akad nikah. Balé nyungcung téh babasan pikeun tempat suci atawa sakral, utamana masigit. Sigana, baheula mah akad nikah téh umumna

8

dilakukeun di masjid supaya leuwih afdol sabab tempat suci, jeung ari nikah téh apan upacara suci deuih. Suhunan masigit baheula umumna maké suhunan modél tropis nu numpuk siga gunung. Pangluhurna biasana segitilu, lobana opat tur dipasangkeunana condong pahareup-hareup, ngawangun rupa limas.

Suhunan modél kitu biasana disebut limasan, tapi ditilik ti hiji sisi mah segitilu. Jadi, istilah nyungcung téh pikeun rupa limas nu dijieun tina opat segitilu. Dina suhunan, ieu segitilu téh dua sisina nu nangtung sarua panjangna jeung sarua darajat condong atawa miringna.  Béh dieu, suhunan masjid téh aya nu meunang impor ti tanah Arab, nya kubah téa nu rupana belenong–najan sabenerna mah rupa kubah gé dijieun suhunan katédral cara di Italia atawa Rusia .

Rupa nu ngaharib-harib ka segitilu aya di alam, contona Gunung Guntur di Garut, nyeplés segitilu: dua sisi condong, patepung di puncak, ari nu hiji mah ngadapang dina taneuh. Éta dua sisi nu condong téh nyiptakeun rupa nyungcung nu nunjuk ka langit–dihartikeun nuju ka Pangéran.

Jadi, kaharti mun ku karuhun gunung téh sok dianggap suci atawa sakral, lian ti jadi tempat bijilna cai pikeun kahirupan, tur dipaké tempat muja, tempat atawa makam karamat atawa astana, nu ayeuna sok disebut situs purbakala atawa sajarah téa. Ku sabab di Mesir mah euweuh gunung cara di urang, nya Fir’aun nyieun gugunungan badag nu disebut piramid téa nu umumna dipaké nyimpen jasadna.

Rupa atawa wangun nu aya di alam dunya loba pisan jeung moal kaitung. Ku manusa modéren, kaayaan kitu disederhanakeun atawa diringkes kana tilu rupa dasar, nyaéta pasagi, segitilu jeung buleud. Éta tilu rupa dasar téh dipaké dina élmu Matématika utamana Géometri jeung dina éstetika Seni Rupa.

Duka kumaha sasakalana, éta rupa dasar téh aya dina babasan atawa paribasa di urang cara nu ditataan di luhur. Bisa jadi aya pancakakina. Paling copélna, bisa jadi sarua panginditanana: nyokot conto rupa dasar nu aya di alam, dumasar kana kasampurnaan alam ciptaan Pangéran.

Nu sidik, masing-masing rupa téh, najan wandana béda-béda, sarua ngandung harti kaayaan nu sampurna atawa suci. Pasagi dipaké ngagambarkeun kalakuan nu sampurna, buleud pikeun tékad atawa kayakinan nu sampurna, segitilu pikeun tempat nu sampurna –dina harti suci atawa sacral.

9

Kendang jeung Kuda

PUGUH baé kendang mah henteu milu puasa sanajan urang Sunda mikawanoh istilah “puasa kendang”. Éta babasan téh mangrupa kritik anu pikaseurieun, ditujukeun ka sing saha baé anu puasana ukur dina poé kahiji jeung poé pamungkas di bulan Ramadhan. Kendang kaasup waditra kasenian tradisional anu kaitung populér di kalangan masarakat Sunda, dijieun tina kai nu buleud, tengahna gorowong, sarta dua tungtungna ditutupan ku kulit. Upama nyukcruk kana kamus mah, di Sunda téh aya “gendang” jeung “kendang”. Gendang mah kendang gedé nu rarawatna kénca-katuhu, sarta pageuhna disambungkeun ku karawat jeung tengah-tengah kuluwungna saperti melendung. Demi kendang nyaéta gendang anu ukuranna leutik (Kamus Basa Sunda RA. Danadibrata, Kiblat, 2006).

Taya nu anéh tina waditra nu ngaranna kendang,  anu antukna sindiran “puasa kendang” moal ngalantarankeun anu disindiran kahudang amarahna, sanajan anu disindiranna jalma anu bener-bener ukur puasa dina poé kahiji jeung pamungkas bulan Ramadhan. Kamungkinan gedé, manéhna moal nyeri haté, komo deui dendam ka kendang upama dina sakali mangsa amprok jeung pintonan kasenian anu diwaditraan ku kendang.

Mémang hésé nyindekeun hiji jalma puasa atawa henteu, lantaran tacan kungsi diayakeun sabangsaning razia mariksa nu teu puasa. Anu écés mah ukuran dasarna nyaéta barang dahar jeung nginum, sanajan réa di antara ustad anu sering nétélakeun yén puasa anu pangbabarina nyaéta nahan hanaang jeung lapar. Tapi pikeun jalma anu tacan bisa ngadalikeun beuteung, nahan hanaang jeung lapar ogé tétéla henteu babari. Wajar upama di tatar Sunda populér istilah “puasa kendang”.

Karuhun Sunda anu nyiptakeun rupaning ungkapan kritik ka jalma anu tara puasa, kawasna geus kacida surti yén dina mangsa keur puasa dipahing ngumbar amarah atawa nyarékan lak-lak dasar. Ku kituna kritik anu dijieun ogé sari-sari bari ngabodor. Conto kritik séjénna nyaéta “puasa ayakan” (singgetan tina: saaya-aya dihakan). Éta ungkapan ditujukeun ka jalma anu ngaku puasa, tapi manéhna ngadahar naon baé anu bisa didahar. Puguh baé ieu mah leuwih parna batan “puasa kendang”, sabab anu “puasa ayakan” mah enas-enasna henteu puasa pisan.

Sigana “puasa kendang” jeung “puasa ayakan” téh antukna jadi inspirasi pikeun sabagéan para pajabat anu nyekel kakawasaan . Maranéhna katingali soléh malah suci dina mangsa kompanye atawa dina poé-poé panungtungan mancén. His, puguh baé pikeun ngondang simpati masarakat sangkan dipilih deui. Salila mancén tugas, méh henteu kungsi ngalakukeun nanaon iwal ti kukumpul duit pikeun ngagentian modal waragad salila kompanye tur pikeun nyiapkeun kompanye satuluyna. Kaciri soléhna ukur di awal jeung ahir mangsa mangku jabatanna, atawa sebut baé “pajabat kendang”. Karesepna sukan-sukan, ngahambur-hambur duit ladang tina ngamangpaatkeun jabatanana.

Pon kitu deui aya pajabat anu méntalna “ayakan”. Puguh baé leuwih parna. Sabab manéhna bakal “ngahuapkeun” naon baé nu katingali jeung dianggap

10

“ngeunah”, bari teu kudu mikiran halal atawa haram. Rupaning kasus korupsi anu ngajiret para pajabat téh  geus nuduhkeun yén “pejabat kendang” jeung “pejabat ayakan” téh tétéla henteu saeutik. Maranéhna satékah-polah mintonkeun dirina anu keur “puasa”, tapi dina mangsa manggih kasempetan tur nu séjén keur malaweung, mangka dihuapkeun hutan lindung, laut, alat berat, duit rayat, jeung naon baé nu “pingeunaheun”.

Karuhun Sunda ogé kawasna geus bayeungyang nyaksian jalma anu ngaku muslim tapi henteu puasa di bulan Ramadhan. Jeung anu leuwih parna deui, maranéhna henteu ngajénan atawa teu paduli ka jalma di sabudeureunana anu keur meujeuhna paruasa. Maranéhna henteu ngarasa éra sanajan dahar, nginum , atawa ngaroko di tempat umum. Leuheung kénéh anu saukur kaciri sukuna wungkul mah. Nya ti dinya mah kaitung lumrah lamun satuluyna aya carmina (pantun kilat) anu nepi ka kiwari masih kénéh populer, “puasa kuda lebaran munding/ puasa teu kaduga lebaran ginding. Hiji sindiran anu ditujukeun ka jalma anu ngedul puasa puasa, tapi dina mangsana ngarayakeun lebaran hayang panggindingna.

Geus lain rusiah deui tur jadi fenomena umum yén ngarayakeun lebaran di pakampungan téh réa diantarana nu kalah ngadu géngsi. Pangpangna pikeun anu sapopoéna ngumbara di kota-kota gedé. Pakéan sing sarwa anyar, dahareun sagala aya, kandaraan méwah, ngecét imah, jeung sajabana, salawasna jadi bagéan tina ngarayakeun lebaran pikeun sawatara jalma. Malah keur ngahontal éta kaméwahan téh aya kalana maksakeun. Contona nginjeum duit ka réntenir atawa ngagadékeun pakakas imah keur sakadar ngaréntal kandaraan. Pokona mah rupaning cara dilakonan sangkan lebaran bisa ginding, pikeun némbongkeun kasuksésanna ngumbara di kota gedé. Matéri beuki weweg jadi barométer keur ngukur darajat manusia. Naha kiwari masarakat téh beuki réa nu materialistis? Apan di payuneun Gusti Nu Maha Agung mah, jalma anu pangmulya-mulyana téh lain jalma beunghar, lain pajabat, lain ménak, tapi jalma anu taqwa.

11

Garut Baheula: Objek Wisata Jaman Baheula

Bung Karno kantos ngelingan supados urang teu hilap atanapi ngahilapkeun kana sajarah bangsana. Pangharepan ieu seringna mah kaluli-luli. Kaseuseueurannana, utamina nu aranom, kirang uninga kana sajarah budaya karuhunna. Hal kitu teh jalaran bewara ngeunaan sajarah nu ngungkabkeun budaya, sosial, politik sareng sajabina kirang pisan didugikeun ka maranehna para nonoman. Atanapi tiasa janten wae kaula muda jaman kiwari kirang malire kana sajarah karuhunna.

Diantawisna, ngeunaan sajarah sinareng kahirupan jaman baheula, kalebet kasuksesan atanapi kamajengannana dina rupi-rupi widang. Kalebet hal-hal nu aya patalina sareng kapariwisataan.  Sapertosna wae, kabupaten Garut, geuningan kantos di jaman baheula mah ngagaduhan pamor sinareng posisi nu kalintang moyanna ka mancanagara di Eropah.

Pribados kantos mukaan sababaraha bacaan ngeunaan kabupaten Garut. Aya sababaraha hal penting nu ngahaja ku pribados dikutip anu sakintenna cocok sareng ieu judul artikel. Hasil kokoreh pribados tadi, nya kapidangkeun ringkesanana dina ieu artikel, utamina ngeunaan objek sareng kagiatan wisata jaman baheula atanapi dina pajamanan Garut Tempo Dulu.

Jaman walanda kapungkur, aya hiji ungkapan kakaguman utamina ti para turist jaman baheula dina awal abad ka 20, nyeta mooi Garut. Ieu ungkapan kakaguman teh sami sareng ungkapan mooi Indie. Mooi Garut hartosna Garut nu elok. Ieu pujian di jaman kolonial Walanda teh taya sanes ekspressi kakaguman marantenna urang asing utamina para turis Eropah, rehna Garut teh geuning pinuh ku pamandangan alam nu kalintang arendahna.

Sohorna Garut waktos harita, sanes bae jalaran ku kasuburan taneuhna wungkul, nanging oge ku kaendahan panorama alamna, matak pikabetaheun. Seueur urang Eropah nu kumecrek kapincut sareng kataji, maruji kana kaendahan kota Garut sareng sabudereunnana. Dugi ka Garut kenging julukan Swiss van Yava. Satingkat sareng julukan kanggo kota Bandung kapungkur nu kasebat Parijs van Java.

Seueurna wisatawan nu pelesiran ka daerah Garut, ngawitan katingal dina awal abad ka 20. Seueur pisan urang Eropah utamina urang Walanda nu waktos harita nuju ngajajah Indonesia, ngahajakeun ngadongdon ka daerah Garut, saatosna pelesiran ka kota Bandung alias Parijs va Java. Seueurna para wisatawan teh sakawitna mah diluluguan ku ayana paguyuban di kota Bandung nu disebat Bandung Vooruit, hiji paguyuban nu kalintang gandrung sinareng kasengsremna ku kagiatan pariwisata di kota Bandung.  

Seueur jargon-jargon nu diciptakeun sareng sumebar kamana mendi mancanagara ku alpukahna ieu paguyuban. Sapertosna bae Bandung disebat salaku Parijs van Java nu hartosna Parisna Jawa. Alatan eta, seueur wisatawan asing nu katarik nyumpingan Bandung, hoyong nyakseni kana sagala kamonesan sinareng kaendahan alam kota Bandung. Pating hingar-bingarna bewara kapariwisataan ieu, nya sumebar ka daerah Garut. Sanes bae alatan teu patos jauh jarakna ti kota Bandung, nanging oge tos pada aruninga rehna Garut teh ngagaduhan daya tarik kaendahan panorama nu langkung pinunjul batan kota Bandung.

12

Sanaos waktos harita mah ngarupikeun kota alit, nanging Garut kagungan daya tarik sanesna sababaraha objek wisata sapertos: Situ Bagendit, Cipanas, Ngamplang, sareng kawah Papandayan. Oge kaayaan kota Garut kalintang raresikna. Di unggal simpangan jalan teu weleh aya patamanan endah pikeun pangistirahatan para wisatawan. Jalan-jalan di kota kalintang bersihna tandaning aya upaya piaraan nu saestu. Waktos harita nu jumeneng bupatina teh  nyaeta Adipati Soeria Karta Legawa nu nyepeng kalungguhan ti tahun 1915 dugi ka 1929. Mantenna teh taya sanes putuna Panghulu Garut, R.H. Moehammad Moesa.

Ti waktos harita pisan kota Garut kasohorna ka mancanagara ampir ka sabeulaheun dunya. Dugi ka kenging julukan Swiss van Java, atanapi Swisna Jawa. Malihan aya pamadegan, tacan sampurna pelesirannana saupami turis nu sumping ka kota Bandung henteu dilajengkeun ka kota Garut. Ku alpukahna paguyuban Bandung Vooruit, Garut dijantenkeun daerah kunjungan nu ngarupikeun paket wisata kanu bade arangkat ka kota Bandung, otomatis kedah teras dilajengkeun ka kota Garut.

Ku alatan eta, dina waktos harita di kota Garut oge disaluareun kota, lajeng diadegkeun sababaraha hotel wisata mewah kelas hiji nu baris nampi para wisatawan. Diantawisna nu kasohor waktos harita nyaeta Hotel Papandayan, Villa Dolce, Belvedere, sareng Hotel Van Hengel. Disaluareun kota Garut aya Hotel Sanatorium Ngamplang, Hotel Bagendit, sareng Hotel Villa Pauline di Cisurupan.

Sajabina pelesiran di tempat-tempat wisata, para turis tiasa oge mendakan hiburan nu rada nangtang sapertos moro sasatoan di leuweung nu hara-haraeun katarajang manusa alias masih leuweung geledegan. Sasatoan nu tiasa di buru diantawisna bae aya bagong, banteng, uncal, oge maung sareng buaya. Hal-hal eta pisan nu ngajantenkeun Garut langkung sohor sinareng tiasa ngirut para wisatawan. Nu mawi ti ngawitan harita pisan kota Garut katelah Garut Pangirutan.

Babasan eta teh sanes wungkul basa basi namung leres-leres kota Garut ngagaduhan pamikat atanapi daya tarik pikeun para inohong ti Eropah. Sapertos Charlie Chaplin artis film nu sohor ti Hollywood nu waktos harita kamashur pisan, mantenna ngahaja sumping ka Garut dina tahun 1928.

Waktos harita, kota Garut tos nincak dina masa kaemasan, jalaran seueur pisan didarongkapan ku para turis luar nagri. Garut dijantenkeun hiji tempat pikeun gempungan para inohong dunya. Suasana kitu kantos diabadikeun ku S. Ahmad Abdullah Assegaf dina buku novelna nu kasohor Fatat Garut (Mojang Garut) nu kantos terbit dina tahun 1929 diserat dina basa Arab.

Kiwari, sesebatan Mooi Garut mung kantun waasna. Di jaman revolusi, Garut kantos ngalaman kahancuran, kalebet objek-obek wisatana. Tos seueur pisan upaya reka perdaya nu kantos diusahakeun kanggo mulangkeun deui pamor kota Garut salaku kota Wisata nu kungsi sohor di saantero dunya. Nanging bawiraos kitu, kajayaan Garut salaku pangirutan para wisatawan, dugi ka kiwari tacan ngawujud. Garut Tempo Dulu masih tebih tina harepan, malahan mung saukur panineungan.

13

Gék Breng jeung Longsér

Ngahirupkeun seni Sunda anu geus paeh, leuwih bangga batan ngahirupkeun seni Sunda anu keur sakarat (hirup keneh, tapi ampir leungit). Dina harti, batan nyuckcruk anu geus puguh paeh mah, kawasna leuwih hade mending ngamekarkeun seni Sunda anu aya keneh di kieuna. Kitu ceuk salah sahiji tokoh seniman Sunda, anu embungeun disebutkeun ngaranana. Nu eces mah anjeunna ngarepkeun sangkan para inohong jeung elit Sunda leuwih titen kana kasenian-kasenian Sunda anu nepi ka kiwari dipikawanoh ku masarakat. Saperti kasenian Longser, Ronggeng Gunung, Tarawangsa, Sandiwara Sunda, Gek-breng, jeung sajabana.

Nyaritakeun perkara kasenian Gek-breng, ti Sukabumi, ras inget kana pintonan Gek-breng Cinta Pusaka II, basa tanggal 18 September 2001 ditanggap ku Disbudpar Jabar jeung Kelompok Teater ‘98, di STSI Bandung. Luyu jeung basa kiratana, Gek- breng anu hartina kurang leuwih ‘ari gek, tuluy breng’. Nyaan bae, barang der dimimitian, ana beledag, dar-der-dor, sora pepetasan di sakuriling arena. Ceuk pupuhan, unggal Gek-breng rek dimimitian, memang sok diayakeun heula ‘pesta pepetasan’. Surprise ti dituna mah. Tapi ari prak-prakanna satuluyna mah, teu pati beda jeung longser. Unsur tarian buhun, penca silat, tunil, nyarayuda, sarua meh sarupa jeung pintonan longser. Pon kitu deui wanda gamelanna oge, kayaning; kendang, saron, panerus, goong, rebab, jeung kecrek.

Nurutkeun sajarahna, Gek-Breng diadegkeun ku Bapa Adig jeung Bapa Pa’i dina taun 1918. Cenah mah ladang guguru ti Abah Emod, anu kakoncara make sandiasma Abah Soang tea. Abah Soang dipikawanoh minangka salah sahiji praktisi Longser ti Kampung Situ Gantang Ranji Sukabumi. Lumbrah pisan upama wanda Gek-breng, teu pati jauh jeung longser. Sanajan memang pupuhu Cinta Pusaka II teu narima, upama Gek-breng disauakeung jeung longser. Gekbreng nyaeta gekbreng, longser oge nya longser, kitu pokna.

Kiwari, kasenian Gek-breng geus turun ka generasi katilu tilu. Dingarananna Gek-breng Putra Cinta Pusaka II. ” Omat, lain putra cangkokan.” Kitu cenah, basa diajakan ngawangkong, samemeh maen dimimitian. Ukur aya hiji-hijina kasenian Gek-breng anu asli. Kalayan baris diteruskeun ku generasi (kulawarga) saterusna. Nu eces mah satungtung ahli warisna masih keneh sanggup ngalestarikeunana, seni Gek-breng (siga) anu teu meunang digarap ku batur.

Kungsi sakali mangsa, Anis Djatisunda saparakanca, ngagarap seni Gek-breng dina kreasi anyar. Barang der dipintonkeun, kumaha tanggapanana? Anis Djatisunda dianggap ngaruksak seni Gek-breng. Malah disebutna oge ‘Gek-breng ilegal’. Naha bener Anis saparakanca ngaruksak kasenian Gek-breng, atawa Putra Cinta Pusaka II anu embung kasaingan ku nonoman sejenna?

Pikeun babandinganana, wang longok bae Longser Panca Warna (warisan Ateng Japar), anu kiwari dituluykeun ku ahli warisna. Nurutkeun Warsa S Japar, anu jadi panerus tapak lacak Ateng Japar, upama aya nonoman Sunda anu ngagarap longser teh, banget ngarasa bungah. Sabab mangrupa hiji tanda, mun yen seni

14

Longser loba anu mikaheman. Atuh sacara langsung, seni longser bakal kapiara tur kalestarikeun. Ceuk Warsa keneh, ku daekna oge, ngamumule seni longser, para nonoman Sunda teh kudu dibere ajen pisan. Sakumaha mangsa kiwari keur nerekabna budaya deungeun anu kurang ‘ngadidik’, kacida hadena para nonoman ngora anu masih keneh titen kana seniebudaya tungkusan karuhun Sunda.

Kamekaran seni longser memang matak reug-reug. Di sababaraha daerah Jawa Barat, dug-deg anu nyieun grup longser. Anu matak katajina, unggal grup longser geus mimiti nembongkeun ciri has jeung gayana sewang-sewangan. Contona bae anu aya di Bandung, Ringkang Gumiwang, Caraka Sundanologi, K-282, Antar Pulau, Citra Resmi, Damar Bumi Citraloka, Longser Gaul, jeung sajabana. Kaasup sababaraha grup teater oge, aya anu milu ngagarap longser, saperti teater Polos (Tasik Malaya), atawa B’Mo Teater Club (Bandung).

Kumaha pangaruhna keur Panca Warna? Panca Warna beuki eksis tur leuwih dipikawoh ku balarea. Ciri has jeung pamikatna anu kuat, tetep bisa diandelkeun, kalayan moal dipiboga ku grup-grup longser sejenna. Kawasna Panca warna henteu ngarasa hariwang, alatan sieun kasaingan ku grup longser anu ayeuna beuki ceuyah. Keasina rupa-rupa, nyaluyukeun jeung kamekaran jaman. Warsa S Japar justru ngarasa sugema anu taya papadana. Kilang kitu, Saini KM (dina saresehan longser) tetep mepelingan, sangkan para praktisi longser henteu jauh teuing lumpat tina ugeran tradisi Ki Sunda. Warisan karuhun Sunda kudu dibere ajen. Tong sakahayang atawa sakarep teuing, dina ngumbar kreativitas anu mabur teuing ka alak paul.

15

Eutik Mukhtar, “Bintang Gerilya” ti Tatar Sunda

OPAT maéstro seni ti Jawa Barat baris dilélér Anugrah Budaya ti Pamaréntah Pusat. Opatanana ogé baris nampa honorarium transper élmu anu gedéna sajuta saban bulan. Tina opat urang téh, dua di antarana seniman Pantura, sarta dua deui ti Bandung. Seniman ti Pantura nyaéta Taham (dalang ti Indramayu) jeung Mimi Rasinah (maéstro tari topéng ti Indramayu). Demi seniman ti Bandung nyaéta Eutik Mukhtar jeung Tan Déséng. Lengkepna mah anu baris dilélér pangajén téh 31 urang, nyaéta para maéstro seni tradisi sa-Indonésia.

Kuring kungsi ngusulkeun ngaran Eutik Mukhtar sangkan dilélér Anugrah Budaya Kota Bandung, dina acara jumpa pers panitia Anugrah Budaya Kota Bandung I di kantor redaksi Galura. Tapi dina acara Anugrah Budaya Kota Bandung II, ngaran Eutik Mukhtar henteu (tacan) kapilih minangka tokoh anu dilélér éta anugrah. Ayeuna Eutik Mukhtar dilélér Anugrah Budaya ti Pamaréntah Pusat, nya tangtu baé sacara pribadi kalintang ngarasa sugema.

Sateuacan Eutik Mukhtar ngantunkeun (21 Agustus 2007, jam 17.30 WIB), kuring kungsi nepungan Eutik ka ka palinggihanana, di Gang Laksana VI No. 269/125. A, RT. 04, RW. 03, Cicadas, Bandung. Tujuanna mah silaturahmi baé, bari hayang ngawangkong jeung tokoh anu sababaraha judul lagu ciptaanana dipikalandep ku kuring.

Iwal ti kakoncara minangka juru rebab, Eutik ogé kaitung suksés nyiptakeun leuwih ti saratus lagu. Karya-karyana sumebar tur dipikalandep ku masarakat, pangpangna mangsa taun 60-an nepi ka taun 70-an. Malah nepi ka kiwari ogé, karya-karyana masih kénéh dipikawanoh tur dipikalandep ku balaréa. Lain saukur jadi seniman, da Eutik ogé milu berjoang di médan perang nanjeurkeun kamerdékaan, basa ngagabung jeung Tentara Nasional Indonésia (TNI).

Basa harita dianjangan, sanajan yuswana tos 78 taun, tapi masih kénéh katingali jagjag, kalayan tiasa ngawangkong nyambung. Eutik calik dina korsi, disarengan ku Ai Martini, putrana anu kadua. Derekdek, Eutik ngadadarkeun lalampahanana jaman keur budak tug nepi ka neuleuman dunya kasenian. Ngadongéng lalakon pinuh sumanget, kaasup nyarioskeun jaman perang sagala.

Ti umur tujuh taun, Eutik geus mikalandep kasenian Sunda, pangpangna mah resepna téh kana lalajo wayang golék. Tapi teu cara karéréaan anu lalajo wayang golék séjén, da Eutik mah anu dipencrong tur dilenyepan téh kalah juru rebab, lain wayangna. Harita Eutik enyaan kataji ku juru rebabna. Biasana wayang golék anu dilalajoan téh dalangna Mama Takrim.

Eutik Muchtar lahir di Désa Cinunuk (baheula mah kaasup Kacamatan Ujungberung, Kabupatén Bandung), 21 Désémber 1928. Eutik mémang lahir di lingkungan seniman. Malah upama ahirna Eutik jadi juru rebab, bisa disebutkeun keuna kana paribasa téng manuk téng anak merak kukuncungan. Pangna kitu, apan ramana Eutik téh sasatna juru rebab, taya lian Suryadinata. Malah lanceukna Eutik ogé, Iyos Suharnas, kapeto jadi juru kacapi tur mahér ngahaleuang lagu-lagu tradisi.

Eutik mimiti diajar ngarebab. Tapi ku lantaran harita mah masih sarwa werit kénéh, diajarna téh henteu langsung ku rebab asli, da bisi ngaruksak. Kunaon atuh? Lebah dieu kréatifna seniman baheula téh, saperti Eutik, anu diajar ngarebab ku

16

kaléng biskuit . Éta kaléng biskuit téh dibentuk nepi ka jadi rebab, kalayan maké tali rami tina tangkal haramay (Haramay téh ngaran sarupaning tutuwuhan anu kulitna beunang dijieun tali). Sanajan basajan, tapi justru kaseukeutan Eutik dina ngatur sora rebab leuwih kalatih. Tug nepi ka ahirna Eutik katelah jadi juru rebab, anu dipikawanoh ku balaréa, ditaréangan ku dalang, dipaluruh ku sindén, rék diajakan manggung.

Sakumaha anu dicaritakeun saméméhna, Eutik lahir dina mangsa Indonésia masih kénéh dijajah. Malah dina umur mangkat rumaja (taun 1945), Eutik milih ngagabung jeung pasukan TNI, kalayan pancénna nyerang Belanda dina mangsa peuting. Basa pasukan TNI ti Subang hijrah ka Jawa, Eutik ogé milu ngagabung. Eutik ngagabung jeung batalyon Garuda Hitam, kalayan berjoang ngalawan penjajah. Taun 1948, kakara mulang deui ka Bandung. Satuluyna Eutik masih kénéh milu berjoang mertahankeun kamerdékaan.

Tanggal 10 Novémber 1949, dina hari Pahlawan, para pejoang kamerdékaan dilélér pangajén “Bintang Gerilya” ku pamaréntah, anu lumangsung di Buahdua, Sumedang, Jawa Barat. Eutik ogé kaasup salahsahiji anu dilélér anugrah “Bintang Geilya”.

Dina taun 1951, Eutik milih pangsiun tina tentara. Eutik hayang neuleuman dunya kasenian leuwih daria. Tétéla, Eutik mémang kréatif. Lagu munggaran anu diciptakeun ku Eutik, langsung dipikalandep ku balaréa, taya lian lagu anu judulna: “Bintang Gerilya”, dihaleuangkeun ku sindén kakoncara jaman harita, Upit Sarimanah.. Teu kudu hamham deui perkara jiwa laguna, da puguh Eutik sasat ngalaman jadi tentara, kaasup perang ku cara taktik gerilya, kabuktianana Eutik dilélér tanda jasa “Bintang Gerilya”.

Sanggeus lagu munggaran dipikalandep ku balaréa, Eutik beuki produktif nyiptakeun lagu. Di antarana: “Bencana Alam”, “Dara Ayu”, “Cageur Bageur”, “Leungiteun Kakasih”, “Mapay Laratan”, “Mawar Lumayung”, “Nyieun Pucuk ti Girang”, “Taman Priyangan”, “Amanat Bersatu”, “Nganteur Katineung”, “Sari Kancana”, “Pahatu Lalis”, jsté.

Ku lantaran mahér nyiptakeun lagu, otomatis Eutik kudu ngalatihkeun laguna ka juru kawih atawa sindén. Sacara langsung Eutik ngajarkeun lagu ciptaanana, boh ngaliwatan sora rebab atawa langsung dicontoan ku sora vokal Eutik. Tapi ari mindengna mah maké metodeu sora rebab. Puguh baé lagu-lagu Eutik geus nganteurkeun sawatara sindén pikeun ngahontal ka puncak kasuksésan. Sebut baé misalna sindén Aan Darwati (Kadipatén), Cucun Cunayah (Saubang), Iyar Wiarsih (Bandung), Imik Suarsih (Bandung), Dédéh Winingsih (Karawang), jsté.

Eutik kungsi jadi pengawas siaran RRI (Radio Républik Indonésia) Bandung, kalayan digajih 25 pérak/ bulan. “Harita téh kungsi aya larangan teu meunang nyieun lagu anu témana pulitik…” kitu saur Eutik anu harita geus boga grup sorangan, kalayan dingaranan “Puspa Warna”. Eutik ngadahup ka Qoni’ah, kalayan dipaparin anugrah 11 urang putra, antarana: Tarmo, Ai Martini, Nani, Adé Hamida, Caca Karwata, Euis Hartini, Ayi Rohaéti, Sutana, Tina Kartina, Ani Sumarni, jeung Agus Hartono.

Pandi Upandi ngahontal gelar magister di Programm Pasca Sarjana Institut Seni Indonésia (ISI) Yogyakarta (2004), ngajukeun tésis anu judulna “Kawih Kepesindénan Karya Eutik Muchtar, kajian Struktur dan Fungsi”.

17

Nurutkeun Pandi Upandi, karya-karya Eutik Muchtar henteu leupas tina laras dina karawitan Sunda, nyaéta saléndro, pélog, degung, jeung madenda. Demi iringanana ngagunakeun gamelan saléndro. Umumna lagu-lagu karya Eutik diwengku ku embat dua wilet, sarta aya sababaraha lagu anu mibanda embat opat wilet. Lagu-lagu kawih kepesindénan karya Eutik, umumna dipidangkeun dina wanda kiliningan, nyaéta lagu anu dihaleuangkeun ku sindén sarta dipirig ku gamelan saléndro (Gamelan saléndro bisa digunakeun keur mirig lagu-lagu anu mibanda laras saléndro, degung, madenda, jeung mataraman.. Jumlah laguna kira-kira 200 lagu (ka “SB” mah Eutik nyaritakeun kungsi nyiptakeun 110 lagu, red).

Masih kénéh nurutkeun Pandi Upandi, téma lagu karya Eutik Muchtar umumna ngeunaan kahirupan jalma déwasa anu keur meujeuhna nyorang rumah tangga, saperti pagétréngan antara salaki jeung pamajikan. Kilang kitu, diarahkeun sangkan tingtrim deui, minangka pesen moralna. Atawa kedal haté hiji wanoja anu keur dilimpudan rasa asih ka jajaka.

Aya ogé téma ngeunaan kaéndahan alam ciptaan Gusti Nu Maha Suci, ngajak masarakat pikeun ngalenyepan kaagungan Nu Maha Kawasa, tur ka dituna ngajak sukuran dipaparin kaéndahan alam. Téma séjénna nyaéta kritik sosial, saperti dina lagu “:Gegeringan” (api-api gering). .

Boh Pandi Upandi atawa Ai Martini (putra Eutik ), nyawang kacida pentingna aya dokuméntasi lagu-lagu karya Eutik Muchtar, mangrupa notasi jeung rumpaka anu kiwari masih patulayah. Lagu-lagu Eutik perelu dipiara tur dilestarikeun, boh ngaliwatan radio, télévisi, rékaman vidéo, rékaman kasét, tug nepi ka jadi bahan ajar di sakola-sakola kasenian, saperti SMKI, STSI, ISI, jsté. Ai Martini geus ngararancang pikeun ngawangun musieum Eutik Muchtar. “Mugi baé sagala rupina tiasa lungsur-langsar, kalayan teu hilap nuhunkeun pidu’a ka sadaya masarakat, hususna anu micinta kasenian Sunda,” kitu saur Ai.

Eutik jeung Ai ogé teu hilap ngahaturkeun nuhun ka pamaréntah, lembaga, sareng individu anu salami ieu masih ageung paniténna ka Eutik. Saperti YPK (Yayasan Pusat Kebudayaan) anu kantos ngalélér piagam pangajén sareng artos anu ageungna Rp 2.500.000,- ti Drs. H. Uu Rukmana jeung Wali Kota Bandung, H. Dada Rosada. Malah lain baé Eutik Muchtar, anu harita dilélér ku YPK, tapi sawatara seniman séjénna ogé kénging anugrah anu sami, saperti Elan Surawisastra, Imik Suwarsih, Iyar Wiyarsih, Aki Ahung, Ki Umbara, Edeng, Endang Suryana, Mang Maskar, Anang Permana, jeung H. Wigandi.

18

Peradaban Sunda

Héraklitos, salah sahiji pilusuf Yunani, boga pakem ngeunaan hirup jeung

kahirupan anu katelah pantha rhéi. “Ari kahirupan téh jiga ngagolontorna cai,” kitu

ceuk manéhna. “Saha waé jalmana, moal manggihan cai di tempat katut dina waktu

anu sarua dua kali.” Ku lantaran kitu, kaayaan hirup  ayeuna ogé teu bisa disaruakeun

jeung baheula. Kiwari teu bisa dipaksakeun kudu sarua jeung poé isukan atawa jaga.

Di dieu bakal ngadatangkeun hiji pananya, naha maké kudu aya istilah ngamumulé

budaya karuhun sagala rupa atuh?

Bawirasa, sabenerna mah anu dimaksud ngamumulé téh da lain mibanda harti

ngagugulung status quo. Aya hadéna upama kecap ngamumulé, bisa ogé pikeun

ngigelan kamekaran jaman. Carék paribasa ‘kudu ngindung ka waktu, ngabapa ka

jaman’. Jadi ngamumulé téh ngandung harti nyokotan ajén-inajén tina warisan

karuhun, tuluy diluyukeun jeung kaayaan kiwari. Lain harti kudu balik deui ka jaman

baheula. Malah upama perkara ieu bisa dipigawé, tangtuna ogé bakal aya ajén anyar

minangka “kolaborasi budaya”. Saterusna kana tangtu kabudayaan téh baris mekar tur

dinamis. Apan teu sauetik warisan kolot urang anu bisa diala “ruh-na” turta

diluyukeun jeung kaayaan jaman kiwari. Asana mah ku cara kieu, kabudayaan Sunda

bakal leuwih kawéntar, tur jauhna bisa jadi ageman kahirupan sapopoé.

Sajaba ti éta, ‘kolaborasi budaya’ anu baris dipigawé bakal ngaronjatkeun

harkat martabat kabudayaan urang Sunda sorangan. Pangpangna mah moal nepi ka

jati kasilih ku junti. Sawatara waktu katukang (22-25 Agustus 2001), kungsi aya hajat

rongkah anu dijudulan ‘Konferensi Internasional Budaya Sunda’ (KIBS). Udaganana

taya lian pikeun nyawalakeun sagala tarékah anu kudu diihtiaran, dina raraga

ngaronjatkeun ajén inajén budaya Sunda. Nurutkeun béja, teu saeutik waragad anu

dikaluarkeun pikeun ngawujudkeun KIBS téh. Malah teu saeutik, para inohong anu

ngaluuhan éta hajat ‘rongkah’. Tapi hanjakal, tepi ka ayeuna, lajuning laku tina acara

KIBS téh tacan katingali kalayan natrat. Aya sari-sari keuna pisan kana paribasa

‘geledug…ces’. Dina unggal ngararancang kagiatan, katara semu anu ngabuntut

bangkong. Mémang éta ogé aya diantara kagiatan anu bisa dilaksanakeun. Upamana

baé kuayana medal Lalayang Giri Mukti (medal sakali dina sabulan). Tapi upama

ditilik tina kacamata ‘ékonomi’ asana teu sabanding jeung gedéna waragad nu

dikaluarkeun atawa aweuhan tina KIBS.

19

Aya deui kagiatan minangka tuturus KIBS téh,  nyaéta ku diadegkeun dua

lembaga anu masa visi jeung misi kasundaan, Pusat Studi Sunda jeung Akademi Jawa

Barat. Duanana ngahaja diadegkeun, keur ngamumulé sarta ngaronjatkeun

kebudayaan jeung peradaban Sunda. Sakumaha anu kungsi dipedar dina Manglé

sawatara waktu kaliwat, éta dua organisasi téh tugasna néangan sagala tarékah anu

dianggap perelu pikeun ngaronjatkeun ‘peradaban’ Sunda.  Nya kitu deui, gening

lakuning gawé éta dua lembaga téh tacan aya hawar-hawarna. Duka kétah upama

masih kénéh ngararancang mah.

Kulantarana kitu, kuring rék milu ngaréwong, ku jalan ngasongkeun

pamadegan. Najan ngaréwong, mugia teu saukur jadi dogdog pangréwong. Malah

sugan jeung sugan, pamadegan kuring téh bisa dipiroséa tur meunang tanggapan anu

positif. Kurang leuwih kieu; Lakuning gawé éta dua lembaga jigana hadé lamun

dipuseurkeun kana tilu bag-bagan pokok kahirupan: étika, élmu, jeung téknologi.  Ari

sababna, éta tilu widang téh bisa disebutkeun tutunggulna paradaban. Hartina, maju-

mundurna paradaban téh gumantung kana maju-mundurna tilu widang éta. Lamun

urang bisa ngaronjatkeun tilu widang éta dina kahirupan sapopoé, tinangtu paradaban

urang ogé bakal milu ngaronjat. Nya, dina palebah dieu “kolaborasi budaya” teh

dipigawé.

Kabéh ogé meureun geus pada apal. Ari ngahurip-hirupkeun hiji peradaban

téh lain pagawean énténg-énténg, anu cukup ku nyeungceurikan warisan luluhur anu

kiwari kurang dibéré pangajén bari ngeléléwé -malah ngajejeléh-tradisi anyar nu

datangna ti deungun-deungeun. Asa moal maju-maju kebudayaan Sunda,  pon kitu

deui ku cara kitu mah. Komo deui, bari jeung ditambahan ku kahayang ngahirup-

huripkeun peradaban Sunda. Sabab, dina kecap paradaban téh aya lolongkrang

pamikiran anu ngawajibkeun saha waé nu icikibung di jerona, geura narangan éangan

tarékah pikeun ngaronjatkeun harkat jeung martabat kamanusaan. Ecésna mah,

kumaha carana sangkan hirup manusa téh beuki sagala gampang.

Kulantaran kitu, hayu hurang ngamimitian nalungtik kaayaan urang, kaayaan

deunguen-deungeun, tuluy di lelempeng. Mana anu saruana, anu pimaslahateun

pikeun  kahirupan manusa jeung kamanusaan jaganing pagéto. Tuluyna deui, naon

waé nu kapanggih didiskusikeun maké basa Sunda. Apan basa Sunda téh hayang jadi

basa élmu pangaweruh, lin?

20

Nyawang Kamekaran Seni Sunda

PUGUH baé ngaranjugna mah, basa sakali mangsa paguneman sareng Tatang Benyamin Koswara (TBK) ngeunaan seni calung. Numutkeun TBK, seni calung téh kiwari tos diaku tur dipaténkeun hak ciptana ku urang Malaysia. Baruk? Apan sakitu écésna, seni calung téh minangka salah sahiji kasenian tradisional Sunda.

Mangkaning keur kuring sakuringeun mah, ngalenyepan seni calung téh geus jadi kalangenan sapopoé. Teu kudu ham-ham deui, yén Darso ogé mibanda jasa nu kalintang gedéna, dina raraga ngawanohkeun tur ngamekarkeun seni calung dina mangsa kiwari. Seni calung bisa dipikawanoh (deui) jeung dipikaresep ku balaréa, kaasup ditarima ku “cepil” generasi ngora.

Kilang kitu, bet asa ngangres, ari kanyataanana diaku ku urang deungeun mah. Keur naon aya Saung Angklung Mang Udjo? Naon reueusna deuih, Ékik Barkah “dilélér kalungguhan” minangka bapa calung? Upama téa mah kanyataanana siga kitu, bet asa ku harianeun. Mana horéng, iwal ti boga pangaresep kana ngaranjah tur ngarebut sababaraha wewengkon di lemah cai téh, maranéhna ogé ngadodoho kabeungharan seni budaya lemah cai, hususna nu nyampak di Tatar Sunda.

Sanajan sabagéan urang Malaysia mibanda watek tukang “ngaku-ngaku”, tapi lain hartina nyakompét-daunkeun sakur urang Malaysia. Kuring kaasup anu kacida henteu panuju, upama bangsa Indonésia kudu patelak jeung urang Malaysia –boh tina urusan parebut Blok Ambalat, komo deui perkara parebut seni calung. Pang kitu, urang Malaysia téh sasatna tatangga urang anu geus henteu asa jeung henteu jiga deui. Na’udzubillahimindalik, muga salawasna palagan téh ulah nepi ka kajadian, boh jeung Malaysia atawa jeung urang mana waé. Apan urang Sunda mah, mibanda falsapah silih-asah, silih-asih, silih-asuh.

Lian ti éta, upama nepi ka der kajadian palagan nu rohaka, tangtu wisatawan ti mancanagara nu boga niat rék nyeuseup hawa seger lemah cai téh, bakal ngararengkog deui, malah kamungkinan gedé ngabolaykeun rarancangna. Atuh puguh, dijamin dévisa tina widang pariwisata téh bakal nyirorot.

Palagan mémang henteu perelu kajadian. Kilang kitu, lalakon Blok Ambalat jeung seni calung téh, kudu jadi bahan pikiran saréréa. Kuring moal ngajak nyalahkeun batur, da hésé ngaropéa tur ngabebenah ari batur mah. Mending kénéh ngotéktak kahéngkéran “diri sorangan”, ngarah teu pati bangga ngoméanana. Blok Ambalat jeung Seni Calung, ukur jadi babandingan, sangkan urang leuwih daria ngarawat-ngaruwat, miara, ngamumulé, tur ngamekarkeun “banda sorangan”.

Kataji ku catetan budaya H. Usép Romli HM, anu judulna “Ganyang Malaysia” (Galura, No. 51/ Maret 2005); “Blok Ambalat anu dipertahankeun bébéakan téh, ukur sarébu atawa duarébu héktar, bari kandungan énérji mineralna kudu diéksploitas kalawan modal kacida badagna, sarta posisina masih dipadungdengkeun. Ari nu geus puguh, leuweung Sumatra, Kalimantan, Papua, Maluku, nu aya di jero nagara, béak dituaran ku cara ‘ilegal loging’. Unggal taun nagara dirugikeun Rp 40 Trilyun (dua kali lipet subsidi BBM), unggal taun leuweung ngaheureutan 4 juta héktar, diarantep. Dipapaharékeun. Teu dibeledig ku kapal perang, ku pesawat tempur, ku pasukan samagréng ”

Ku ayana kitu, hadé pisan upama kiwari “muhasabah” dina sagala rupa, kaasup seni budaya tutungkusan karuhun Sunda. Keun perkara calung, nu geus puguh diaku ku urang deungeun. Anu leuwih penting mah, mikiran nu geus puguh aya kénéh “di jero nagara”. Mending maluruh seni budaya séjén, nu kiwari kahirupanana pikaketireun; hirup henteu neut, paéh henteu hos. Padahal, upama dilenyepan kalawan daria, pangna ti suklakna-ti siklukna “katarik ati kapentang asmara” ku seni budaya Sunda téh, tangtuna ogé hiji totondén mun yén “banda urang” téh mibanda

21

kaunggulan; salah sahijina ngandung ajén pangirut dina widang pariwisata (wisata musik).

Nu kumaha atuh ari musik has Sunda, anu pipanteseun tur boga “daya jual” dina widang kapariwisataan? Naha widang musik anu kamari ieu para praktisina dilélér “Jabar Music Award 2005”? Bisa jadi. Tapi panata calagarana, Sekolah Tinggi Musik Bandung (STMB), katara henteu pati titén kana widang musik buhun, da (geuning) teu aya pangajén keur nu ngawakilan praktisi musik katégori musik buhun. Kapaksa ngananaha, da bongan ngagunakeun kecap “Jabar” tur ngalibetkeun Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Jabar (Disbudpar) Jabar.

Lebah dieu, sakurang-kurangna Disbudpar nu kudu boga inisiatip méré pamanggih ka pihak panata calagara, saha jeung nu kumaha, anu pantes dilélér “Jabar Music Award 2005”? Pamohalan Disbudpar teu gaduh data kasenian di Tatar Sunda, da puguh salian ti beunghar alamna, di Tatar Sunda téh beunghar pisan ku rupaning seni budayana. Contona seni terebang pusaka (tanjung kerta, Sumedang), seni gemyung (Panjalu, Ciamis), seni badéng (Garut), Gék-breng (Sukabumi), jeung réa-réa deui.

Seni buhun mibanda karakter nyunda jeung réligius, kalalawan aya ajén history nu perelu dilenyepan. Saperti Seni Badéng; kolaburasi seni calung jeung seni dog-dog lonjor. Gumelarna Seni badéng raket patalina jeung lalampahan para sepuh kapungkur, dina enggoning nyebarkeun agama Islam. Numutkeun Yaya Sukarya (70), praktisi Seni Badéng ti wewengkon Désa Sanding, Seni Badéng téh minangka média pikeun ngaréalisasikeun program sunatan (aya ogé nu nyebat sundatan) dina ajaran Islam.

Teu anéh upama rumpaka anu dihaleuangkeunana ogé, loba nyutat diksi Arab (Islam), saperti Yati Ulaillah atawa sholawatan. Sebut wé yén musik dina konték agama (Islam), mibanda ajén ritual; nyaéta minangka média pikeun da’wah (syi’ar) agama Islam. Teu anéh upama seueur rumpaka lagu, kénging nyutat tina kitab kaagamaan, saperti kitab puisi Barzanzi, karangan Syeh Ja’far bin Hasan al-Barjanzi, anu diracik deui dumasar kana cara nyurahanana séwang-séwangan.

Méh sakur widang kasenian buhun, bisa dikatégorikeun kana seni réligius (Islam). Raketna Sunda jeung Islam, bisa kapaluruh dina pintonan seni-seni buhun. Numatak lembaga Paguyuban Pasundan ogé, mibanda komitmen pikeun némbongkeun ciri has Sunda jeung ngagungkeun Agama Islam. Tangtuna sepuh urang ogé tos pada terang, yén pintonan musik ditilik tina kajian filsafat Islam, mibanda ma’na religius, hususnya dina aktivitas ritual. Agama jeung Seni –boh seni musik, téater, rupa, atawa tari—gumelarna ti “hiji tempat” nu sarupa. Seni téh minangka éksprési dina ngalokanan paréntah agama (ibadah). Pajar musik anu idéntik jeung hiburan, éta ogé henteu salah. Tapi ma’na hiburan di dieu, nu katingalina rada ngaléor téh. Musik sok sakompét-daukeun jeung “hura-hura”. Padahal hiburan dina ma’na Islami (religius) nyaéta prosés nyaangan batin pikeun nuju kana ketenangan. Nyaangan batin pikeun nuju kana jalan anu dipikarido ku Anjeunna.

Seni budaya Sunda nu didadarkeun téh, kacida pantesna diasongkeun ka para wisatawan mancanegara. Hartina, bangsa urang, henteu sakadar ngudag kauntungan matéri wungkul, tapi leuwihna ti éta bisa némbongkeun jati diri Ki Sunda nu luhur ajénna. Satemenna kauntungan moril, bakal leuwih nyugemakeun batan kauntungan matéri. Turug-turug upama tinimbanganana matéri, gumantung pisan ka nu ngokolakeunana; saha jeung kumaha?

Hadéna mah pasrahkeun baé ka nu ahlina, henteu kudu maksakeun karep, bisi siga kasus “Ranggeuyan Kadeudeuh”. Pikeun babandinganna mah, hayu urang tengetan olahraga panco, anu sok disiarkeun ku salah sahiji tivi swasta. Mana horéng, pintonan panco ogé, ari diracik kalawan daria tur profésional mah, teu burung dipikaresep ku balaréa tur bisa ngaraéh sponsor nu lain lumayan.

22

Iwal ti henteu miroséa kana seni buhun, “Jabar Music Award 2005” ogé siga nu “anti Malaysia”. Buktina, widang nasyid mah, henteu dipaparin pangajén. Padahal di Jawa Barat téh, henteu saeutik masarakat nu mikaresep kana nasyid. Basa Aa Gym ngaracik lagu “Jagalah Hati”, hasilna éstuning matak nyugemakeun; populér tur dibagéakeun ku balaréa. Pédah éta karéréaan nasyid ngiblat ka Malaysia, naon bédana jeung musik pop atawa rock, anu ngiblat ka barat? Ku ayana kitu, dina lebah dieu mah, teu pati écés visi jeung misi “Jabar Music Award 2005” téh. Katingalina mah tujuan utamana ukur rék promosi STMB.

Keun perkara STMB, da henteu pati boga tanggung-jawab dina mikiran dunya kapariwisataan. Ku hidengna méré pangajén ka sabagéan praktisi musik ogé, geus nandakeun rasa katineung tur katitén kana kalumangsungan seni musik di Jawa Barat. Nu kudu meres uteuk mah, tangtuna ogé Disbudpar Jabar. Pilakadar mikiran sababaraha persén, tina 17 persén poténsi wisata (83 persénna mah, da tos écés nyampak dina kabeungharan alam). Hartina, naon rupa widang kasenian, hususna seni musik, tangtuna ogé kudu nu “deuheus” ka alam. Alam Tatar Sunda, nyekrupna ogé jeung musik Sunda. Alam réligius, nyekrupna ogé jeung musik réligius. Konsép KH. Hasan Mustafa ngeunaan Sunda-Islam, Islam-Sunda, bisa dijieun pamiangan keur nangtukeun widang seni musik, nu loyog “ngawakilan” pribadi urang Sunda.

Ras émut, basa sakali mangsa ngawangkong rinéh ngeunaan seni musik sareng Nano. S, Pupuhu Yayasan Gentra Madya. Saur Nano, masarakat Sunda mah langkung mikaresep musik nu ngandung rumpaka, batan instruméntal. Dina harti, rumpaka lagu mibanda peran penting pikeun nangtukeun kasuksésan hiji racikan musik (tapi lain hartina pirigan musik henteu penting). Sebut baé, haleuangna; galindengna.

Ana kitu mah, Disbudpar perelu ngotéktak (deui) rupaning lagu nu écés ngandung pesen moral jeung kaagaamaan. Pang kitu, anu bisa ngalahirkeun kasenian téh, jol-na lain baé ti Gedong Kasenian atawa ti sakola kasenian. Hayu urang nganjang ka pasantrén tradisional di Tatar Sunda. Para ajengan atawa santri ogé, teu saeutik nu ngalahirkeun karya seni. Contona mah dina ngeusian selang waktu antara adzan jeung iqomat, aya di antara para santri anu sok ngagalindengkeun lagu-lagu pupujian basa Sunda, kalayan eusina pepek ku pesen kaagamaan. Demi éta pupujian téh, upama ditilik tina élmu tangga nada, aya nu bisa dikatégorikeun kana salendro, pélog, madenda (nyorog), jeung sajabana.

Puluhan, boa ratusan rumpaka pupujian lahir ku ayana kréativitas lingkungan pasantrén tradisional. Malah di lembur kuring ogé (Kampung Simpar, Désa Panjalu, Kabupatén Ciamis), najan lain lingkungan pasantrén, lagu-lagu pupujian téh geus ngabudaya. Kuring, nepi ka kiwari, sok ngadadak sono, hayang ngagalindengkeun rumpaka lagu pupujian:

Éling-éling umat muslimin-muslimahHayu urang berjama’ah solat lohor (bisa ogé asar, magrib, isa, subuh)

Éstu kawajiban urang keur di dunyaKanggo pibekeleun urang jaga di akhérat…

23