wirahma

65
Wirahma 1

Transcript of wirahma

Page 1: wirahma

Wirahma 1

Page 2: wirahma

Mimiti..Gunung Bromo..

Peuting ieu..langit keur meujeuhna ngempur hurung ku béntang anu baranang. Hiliwir angin, ngulisik dangdaunan. Teup areunteup, sajodo manuk tuluy silih udagan. Rus-ras pikiran kumalayang, ngajugjug layung nu datang saliwatan, sakolébat katénjo panona, kadangu sorana, karaos éndahna. Deuh..ieu haté mani geugeut kabina-bina ka anjeuna.

Saha atuh anjeuna téh? Anu datang sakolebatan? Kumawani pisan ngahudangkeun ka nu cicing nyorangan! Nyantelkeun kaasih, matak teu wasa malieurkeun ka nu séjén. Mun seug anjeun uninga, kuring ngantosan eunteupna haté anu jadi impénan sangkan hirup ngawirahma.

“Jang, geura kalebet kasep..tos wengi ieu téh.” Gorowok ema ti pawon.

“Muhun maa..sakedap deui ka lebet!” Hudang tina lamunan, kuring nyaho ieu téh bakal jadi harepan. Sugan kacumponan, teu bisa? urang lakonan!

***Kongkorongok sora hayam silih tembal,

panon poé ngagebray, maksa tunduh anu napel sangkan nyingkah, hoay..hoayy..nguliat pinuh ku pangedulan, katingali ema anu keur husu ngakeul sangu ngalieuk, buru-buru kuring nutupan sirah di harudung ku sarung.

Wirahma 2

Page 3: wirahma

Hudang..reup..,hudang..dék reup deui, rarécét sora manuk, curinghak panon teu bisa disarékeun. Ngarti, sapertina mah éta manuk téh teu satuju kana kahayang kuring!

“Hudang jang! Geuwat indit ka sawah..ituh bawang geus ngagupayan” Gorowok ema. Teuing bener teuing salah, dadanguan téh aya kembang anu ngagupayan, cenah. Kuring gurung gusuh buru-buru asup ka pawon, culang-cileung ningali kaluar kaca.

“Mana ema?? Saeuweuh-euweuh singning!” Masih kénéh puluhak-polohok ningali kaluar kaca da panasaran.

“Euweuh naon?”“Kembang nu ngagupayan?!”“Euleuh-euleuh..na éta téh ceuli atawa

jejewir katél?! Lain kembang kasep, BAWANG!!” Ema ngomong satarikna kana ceuli.

“Aww..mani tarik-tarik teuing ema, da ujang téh henteu bongé atuh..”

“Matakna, ceuk ema ogé geuwat geura téangan awéwé sujang!! Yeuh umur dua genep téh kuduna mah geus boga pamajikan silaing téh kasep.” Ema ngasongkeun kopi hideung anu haneut keneh.

“Heg..keun wé atuh ma da jodo mah moal kamana.” Sabari niup-niup cai kopi, lalaunan disuruput, dirasa-rasa nikmat pait jeung haneutna kamalir dina genggerong.

Wirahma 3

Page 4: wirahma

“Heueuh, moal kamana-mana éta gé..ngan angger wé mun teu di téangan mah moal kapanggih nepika iraha-iraha ogé.”

Hufhh..uhuk..uhukk..Haduhh..jeung kabesekan sagala ieu téh! Teu nyangka ema bisa ngomong saperti kitu, asa kasigeung kana haté. Mendingan ogé indit ka sawah, daripada tuluy ditatanyakeun ngeunaan pipamajikaneun mah. Kuring ogé nyadar, nyadar pisan..bener anu diomongkeun ku ema téh, yén umur kuring geus teu ngora deui, kuduna mah geus ngajalanan kumaha nu ngaranna rumah tangga téh, ngan hanjakal can aya awéwéna, kajaba ti éta aya hiji harepan anu matak jadi panghalang jang kuring, nyaéta can bisa nyumponan jangji, sabab kuring hayang indit ngahajikeun ema ka saudi, pamugi sing kalaksana. Aamiin...

***Panas mentrang-mentréng, ngaduruk kulit

anu geus hideung beuki hideung, iuh saung nangtayungan raga, ngahiliwir angin, saeutik-saeutik leungitkeun kesang nu manjur sakabeh awak.

“Asepp...aasseepppp....keur naon euy jam sakieu cicing disawah kénéh? Ku urang ditétéangan titatadi.” Ti kajauhan katingal Kang Wahyu ngagegeroan sabari lulumpatan nyampeurkeun ka saung.

Wirahma 4

Page 5: wirahma

“Ehh.. Kang Wahyu...keur kieu wé Kang.., aya naon kitu??” Ngaborényat saeutik, asa ku leuheung Kang Wahyu nyampeurkeun.

“Henteu nanaon Sep sabenerna mah, ngan aya piobroleun wéh saeutik..”

“Piobroleun ngeunaan naon kitu Kang? Mangga ayeuna wé atuh.”

“Kieu Sep, sabenerna mah kuring aya pangabutuh nyampeurkeun ka manéh téh.”

“Oh..manawi téh aya naon kitu Kang. Mangga atuh..aya peryogi naon? Sugan wéh abdi tiasa ngabantosan.”

“Kieu Sep, minggu kamari kuring ngadaftarkeun band ‘alakadarna’ dina acara parlombaan Pentas Seni Musik anu diayakeun na téh di Jawa, deukeut Gunung Bromo! Poé isukan mimiti inditna.Tapi, kuring téh bingung Sep.”

“Har..na bingung kunaon kitu Kang?? Resep atuh meureun nu aya ogé, sakantenan liburan.”

“Lain ku kituna Sep, kuring bingung sabab si Didi, gitarisna keur geuring, malahan mah ayeuna téh keur dirawat di rumah sakit! Kira-kira manéh bisa teu milu ka ditu? Ngagantikeun si Didi, kapan lumayan bisa meunang duit sabari liburan.”

“Aduhh, kumaha nyaa Kang? Pan kuring mah bisa nyekel gitar ogé ngan saukur jang ngagenjréng di sisi jalan..hehee..” Asa harayang seuri ieu téh, kuring anu ngan saukur tukang

Wirahma 5

Page 6: wirahma

ngamén, diajakan ngiluan lomba ‘band-bandan’, Haduhh..aya-aya waé jelema téh.

“Keun wé atuh Sep, nu penting mah manéh bisa maénkeun gitar pan? Iraha deui sok miluan nu kararieu? Jaba meunang duit deuih. Daék teu??”

“Aduhh..kumaha nyaa?? Teu raos ka Kang Didi na..bilih awon digentos ku abdi mah Kang.”

“Ih..keun baé atuh Sep, da dék ku saha deui salian ti manéh. Keun wé si Didi mah da pasti satuju-satuju waé.”

“Oh..kitu?! Muhun atuh Kang.”“Nyaa geus atuh sep, kuring balik heula

nyaa..rék ngabéjaan barudak anu séjéna.Omat ulah poho, kudu mawa salin jeung sagala rupa anu dibutuhkeun, sabab urang pasti saré diditu. Poé isukan ditungguan di terminal jam genepan, kadé ulah telat.” Kuring unggeuk seuri saeutik, Kang Wahyu nangtung, tuluy indit ninggalkeun sawah.

Aya-aya waé nya jelema téh! Pantesan atuh Kang Wahyu dadaékanan nyampeurkeun da geuning aya pangabutuhna.Ti iraha atuh aya budak nu beunghar daék nanya ka kuring? Kapan lamun panggih di jalan ogé tara nanya, komo lamun kuring keur ngamén mah, dina enyana saumuran ogé, siga na téh teu hayang wawuh wéh.

***

Wirahma 6

Page 7: wirahma

Bada sholat shubuh, diluar poék kénéh, tapi kuring geus siap rék indit ka terminal, sumanget pisan asa na téh, meureun sapédah bisa meunang duit sabari ulin! Hehehe.. Saméméh indit ngahaja kuring bébéja heula ka ema, ménta pidu’ana ka nu jadi indung hiji-hijina, sangkan bisa salamet nepika engké balik deui ka imah.

“Ema..ujang indit heula nyaa.. du’akeun sing salamet, jeung dilancarkeun dina sagala rupa urusan na..”

“Heg..ati-ati nya ujang kasep.. ku ema di du’akeun sing beubeunangan..aamiin..” Rada molohok sabenerna mah, naha ema apal kitu kana buruh bayaran kuring?? Tapi, da saha nu ngabéjaan?! Kuring kurang-kerung teu ngarti kana maksud omongan ema.

“Lain cicing! Aamiin kituh!!” Ema jol nyentak sabari ngadu’a.

“Eh..muhun..aamiin!!” Tibatan lieur mah, mending urang indit ayeuna wéh.

“Hayu atuh ma, Assalamu’alaikum!!” “Wa’alaikumsalam..” Sanajan ti kajauhan,

karasa pisan yén ema tuluy ningalikeun tonggong kuring anu beuki lila beuki jauh, les teu katingal deui.

Sapanjang jalan ti imah nepika terminal, ti terminal nepika kacamatan, tuluy ti kacamatan nepika tempat anu di tuju, taya lian anu jadi pikiran dina haté kuring, salian ti omongan ema

Wirahma 7

Page 8: wirahma

anu isuk-isuk tadi. ‘Sing beubeunangan..sing beubeunangan..jeung sing beubeunangan..’

Satepina di tempat anu di tuju, kuring karék ngarti naon anu jadi maksud tina omongan ema, lain ngenaan duit, tapi ngan saukur hiji, hayang buru-buru boga minantu! Teu ngeunah haté téh, saumpana ngomongkeun kawin. Da lain teu hayang, ngan meureun acan waktuna.

“Kunaon sep?? Ti tatadi disidik-sidik téh ngan saukur gigideg baé!”

“Eh..Kang Wahyu, teu kunanaon Kang, ieu wé nuju lalieur.”

“Lalieur ku naon atuh? Sok wéh obrolkeun, tong asa-asa ka kuring téh.” Kang Wahyu seuri semu ngaheureuyan

“Atuda..sesah, upami kedah disebatkeun mah Kang..” Kuring nyéréngéh.

“Nya keun atuh ai hésé mah, engké deui ogé bisa. Hayu kajero Sep, urang briefing heula, jang acara engké peuting méh lancar.”

“Mangga Kang, ti payun!” Kuring nuturkeun ti tukang. Kabeh personil band ‘alakadarna’ aya didinya, maranéhna pahibut, silih marebutkeun lagu naon anu rék dibawakeun. Iwal ti kuring, hiji-hijina jelema anu anteng cicing, ngan saukur merhatikeun kalakuan maranéhna sabari unggeuk-unggeuk satuju kana kaputusanana.

***Hulang-huleung, neuteup leuleub Gunung

Bromo nu aya di hareupeun panon, melenyun

Wirahma 8

Page 9: wirahma

udud, suruput kopi hideung, teu sadar yén digigireun téh geus aya hiji wanoja geulis nu keur sura-seuri, merhatikeun kalakuan kuring. Panasaran kana naon anu keur diperhatikeun, tungtungna jadi milu neuteup ka hareup, karék ngarti ayeuna mah, geuning anu jadi tongtonan téh pamandangan Gunung Bromo.

Kabawakeun ku suasana nu endah, tiis ogé tenang, éta wanoja ngamimitian muka obrolan.

“Éndah pisan nyaa kang, ningali pemandangan Gunung Bromo ti katebihan.” Malik, nyeh imut seuri.

Subhanallah..mahluk naon ieu téh?? Widadari kitu?! Meuni kacida geulis pisan, aduhh..éta seurina, meuni giung kitu siga madu.

“Aeh..muhun..muhun..leres pisan Neng.” Naha ieu téh ningali anu diuk gigireun mani asa reuwas kana jajantung, dug-dug serrr...teu paruguh.

“Tuh tingal Kang, komo keur mangsa bulan purnama sapertos ayeuna mah, meuni asa caang katembong na téh, resep nyaa” Sabari nunjuk ka lebah bulan purnama nu aya di saluhureun Gunung.

“Leres pisan Neng, kalintang endahna, komo bari diréncangan ku wanoja nu geulis sapertos Eneng mah.” Teu kaop ningal awéwé méncrang, biwir téh jol hayang wé ngagoda, mumuji kaendahana, diajar ngadodoho kana haté awéwé. Geus puguh ning ari panon mah,

Wirahma 9

Page 10: wirahma

langsung wéh méncrong neuteup leuleub ka lebah gigirna. Teu kireum-kireum sugan mah! Geuwat ah, kudu bisa malieurkeun paneuteup, sieun kanyahoan ku nu keur diteuteup, si roko dipareman tuluy nyuruput kopi hideung deui. Sedengkeun wanoja na ngan ukur ngeluk, imut seuri teu ngajawab nanaon.

“Dupi Neng téh, sami ngiringan acara lomba musik?” Muka deui obrolan sangkan teu tiiseun.

“Muhun Kang, abdi ngiringan kepanitiaanana. Upami akang? Salah sawios pesertana kitu?”

“Muhun, naha Neng terang? Katingal nya tina paromana? Abdi mah cocok jantén penyanyi.”

“Aduhh..akang meuni PD kitu?! Hehehee..” Katingal seurina anu ahkey-ahkeyan, duhh..éta raray imutna ngulisik kana haté.

Keur anteng, ngeunah-ngeunah seuseurian ngobrol jauh kaditu kadieu jeung wanoja saliwatan, torojol Kang Wahyu datang.

“Sepp..bantuan atuh, barudak bingung!” Pokna, ti tukangeun, kuring jeung wanoja éta langsung ngalieuk ka tukang. Siga nu reuwas, wanoja éta tuluy seuri sabari ngomong.

“Kang Wahyu..janten geuning ngiringan acara ieu téh?!”

“Muhun Neng, Alhamdulilah janten!”Kang Wahyu ngajawab sabari seuri sarua siga nu

Wirahma 10

Page 11: wirahma

reuwas, tuluy nyampeurkeun, diuk gigireun kuring.

“Ohh..muhun Alhamdulilah atuh. Kang Didi na mana? Tos damang ayeuna mah?!”

“Teu acan Neng, digentos heula Kang Didi na.”

“Oh..kitu, digentos ku saha Kang?!” Manéhna angger tuluy nanya ka Kang Wahyu. Digentos ku kuring Neng! Meuni asa hayang sapok-pokeun ngomong, teu ngeunah diuk di tengah-tengah tapi teu diajak ngobrol mah.

“Kapan ieu neng, gegentosna.Nu ti tadi ngobrol sareng Eneng.”

“Har…manawi téh sanés urang salembur?” Wanoja éta tuluy melong sabari seuri ka kuring. Kuring ngan ukur nyéréngéh, sabab saruana teu apal.

“Naha geuning teu apal kitu? Sugan téh ti tatadi geus wawanohan! Eh..geuning si horéng téh acan..hahaha..” Kang Wahyu nyengseurikeun, kuring gagaro buuk nu teu ateul sabari séséréngéhan.

“Nami abdi Nyai Neulis, nénéhan namah Neng Ai wéh” Pok na sabari ngasongkeun leungeun ka kuring.

“Abdi Asep..asep hungkul. Hehehee..”“Tah kitu atuh, wawanohan jeung urang

salembur téh!”Kang Wahyu seuri leutik.

Wirahma 11

Page 12: wirahma

“Hayu Sep ka jero, sakedeung deui urang tampil, ari laguna acan kapilih. Neng Ai badé ngiring?”

“Mangga-mangga Kang, abdi ogé bade ka ditu deui da, nuju seueur pidameleun.” Sabari nunjuk ka panggung.

“Oh..muhun atuh, ti payun Neng! Hayu Sep..”Kang Wahyu tuluy nangtung, kuring nuturkeun ti tukang. Geus sababaraha lengkah rék asup ka jero panginepan, teuing kunaon ieu sirah téh bet hayang ngalieuk waé ka tukang. Ari srog téh patepung teuteup jeung manéhna, kuring jol tungkul, culang cileung ka ditu kadieu, sedengkeung manéhna ngan saukur nyengseurikeun kalakuan kuring.Teu sangka, geuning Neng Ai téh masih kénéh ningalikeun kuring nu rék asup ka jero.Tungtungna mah papada éra, seuri sorangan.

***Ngalanglayang pikiran kuring, medarkeun

kabeh kalangkang diri nu aya di satukangeun, asa heueuh, asa henteu, na bener kitu nu bieu kalakonan téh? Atawa ngan saukur ngimpi bisa panggih jeung widadari sageulis Neng Ai? Sura-seuri pinuh ku kabungah kuring kasima ku geulisna Neng Ai.

Masih kénéh..nu pahibut milihan lagu teu eureun-eureun, naha dék ngiluan lomba téh bet bisa teu apal mana lagu nu dék ditampilkeun?

Wirahma 12

Page 13: wirahma

Asa ku anéh, abongnya band ‘alakadarna’ tina ngarana ogé.

“Sep, kumaha atuh ieu téh? Ceuk manéh lagu naon anu ngeunaheun jeung pas mun dibawakeun di dieu?”Kang Wahyu jol nanya.

“Lagu naon waé ogé, saleresna mah enakeun Kang!.Nanging upami ningal tina kaayaan tempat, ogé mun hayang ngamumulé kabudayaan sunda mah, atos wéh atuh nganggo lagu Doel Sumbang anu Gunung Bromo.”

Kabeh personil band ‘alakadarna’ naghuleung, euweuh nu ngomong hiji-hiji acan, siga gaang anu katincak! Rada-rada reuwas sabenerna mah, bisi kuring salah ngomong.Tapi geuning, jol ting sarurak. Siga nu karek manggihan harta karun, atoh meureun titatadi lieur-lieur mikiran lagu naon, ayeuna geus kapanggih jalan kaluarna.

Teu karasa, geus jam satengah sapuluh peuting, sakedeung deui acarana dimimitian. Sababaraha kali latihan heula, siap-siap jang tampil peuting ayeuna. Mimiti teu puguh rarasaan ieu téh, deg-degan na kabina-bina, beuteung muleus teu puguh-puguh. Ma’lum, karék mimiti kuring mah ngiluan acara musik siga kieu téh. Asa hayang buru-buru tampil, tuluy beres wéh bawaan na téh.

Keur mareujeuhna jelema pahibut, boh di tukangeun panggung, komo deui di

Wirahma 13

Page 14: wirahma

sahareupeunana mah. Jol kadangu sora tina sapéker.

“Dan inilah, mari kita sambut. Para Bujangga dari Sunda.. Band Alakadarna...!!”

Torojol kuring, Kang Wahyu, jeung personil anu laina naék ka luhur panggung, tuluy ngahaleangkeun lagu Doel Sumbang – Gunung Bromo.

♫♪Kungsi urang duaanSabelas rabiul awalMapay tangkal kabagjaanGunung Bromo tengah Jawa

Emut keur paduduaanCalik dina iuh pinusSempal guyon cumaritaNgabedah rasa katresna

Umbar kasonoUmbar kadeudeuhUmbar kanyaah urang duaan

Lenglang-lenglang langitnaBodas-bodas méganaBuleud-buleud bulanna

Kucap-kiceup béntangnaRampak héjona Gunung Bromo tengah Jawa..♫♪

Katingal ku kuring, Neng Ai aya di hareupeun panggung, neuteup kuring pinuh kageugeut, ngumbar kaasih dina sorot panona. Leungit kabéh rasa éra, teuing indit kamana rasa

Wirahma 14

Page 15: wirahma

hayang buru-buru anggeus téh, ayeuna nu aya ngan ukur hayang cicing ngajanteng di dieu, ngagenjreng gitar, ngahaleuang di hareupeun anjeuna.

***

Anjeun, Kuring.. Jembatan Gantung..

Dua..tilu..opat peuting geus kaliwat, ngan moal aya hiji-hijina peuting anu leuwih diinget salian ti peuting harita, basa kuring manggihan widadari anu ngarana téh Ai téa, Saeutik gedéna

Wirahma 15

Page 16: wirahma

rasa kabungbulengan aya na diri, unggal beurang euweuh deui anu jadi pikiran ngan saukur Neng Ai, datang peuting sarua baé, euweuh deui anu leuwih pantes jang diimpikeun salian ti Neng Ai, Neng Ai..jeung Neng Ai deui..anu geulisna kawanti-wanti, seurina imut kabina-bina..anu amis budi..teu kudu lila, ngan sapeuting ogé geus bisa napel, nerap pageuh, nancreb kana haté.

Hésé tur nyeri nahan rasa kasuka anu tuluy ngagolak gumuruh minuhan dada, kahayang mah bisa panggih deui jeung Neng Ai, ngan sapertina moal bisa! Meureun geus kuduna ngan saukur bisa panggih sakali-kalina, saumur hirup kuring panggih jeung widadari anu kantos diuk di gigireun. Neng Ai.

Panon poé geus ngaliwatan luhureun sirah, Kang Wahyu can ogé datang. Aya naon nya sabenerna bet ngajak panggih sagala? Kuring anteng nungguan, sabari ngalamun ka ditu ka dieu, diuk na korsi taman handapeun tangkal caringin, ngahaleuang. Teu sadar kabawa ku rasa nu tumuwuh dina jero dada, hayang pisan cumarita ka anjeuna nu jadi béntang salila sababaraha peuting kamari, Neng Ai. Hanjakal kuring ngan saukur bisa ngalamun, ngumbar kabungah sura-seuri sorangan.

“Duhh..ieu bujangga mani anteng kitu!”“Eh..Kang Wahyu..punten ngalamun,

manawi téh teu acan dongkap.” Teu nyadar,

Wirahma 16

Page 17: wirahma

Kang Wahyu geus aya di hareupeun kuring.Manéhna langsung diuk di gigireun.

“Sep..kuring ngahaja ngajak manéh panggih di dieu téh, sabab kuring hayang nganuhunkeun pisan. Ku ayana manéh, band kuring bisa meunangkeun lomba musik téa, sanajan lain kahiji gé tapi kuring jeung barudak anu séjéna kacida atoh pisan.” Kang Wahyu ngomong sabari sura-seuri.

“Ah..keun wé atuh Kang, kalem..abdi gé nganuhunkeun pisan ka Akang sareng anu séjéna. Ku ngiringan éta acara, abdi jantén gaduh pangalaman anyar.. Hehehe…” Kuring nyéréngéh.

“Biasa meureun Sep, nu kitu jang manéh mah! Oh..heueuh, ieu alhamdulilah aya rejeki jang manéh, hampura nya Sep ngan saeutik.” Pokna sabari ngasongkeun amplop

“Ih..nanaonan ieu téh Kang?! Kapan basa keur di ditu ogé geus dibéré, maénya ayeuna méré deui?!”Kuring ngaembung-embung narima amplop ti Kang Wahyu.

“Eh..tong kitu, sok-sok yeuh tarima. Mumpung aya rejeki, kuring gé nyaho manéh keur butuh, sok tarima, néangan mah hésé pan?”Kang Wahyu tuluy maksa, nepika tungtungna mah langsung di asupkeun kana saku jaket kuring.

“Aduhh..asa teu puguh ieu téh, hatur nuhun pisan atuh Kang. Engké upami kakirangan

Wirahma 17

Page 18: wirahma

pamaén deui mah, mangga tiasa ka abdi deui wé.”

“Heg, kalem wéh Sep. Insya Allah, engké mun kakurangan mah pasti ngahubungi deui da.Oh enya, geus sababaraha poé kamari, unggal kuring panggih jeung Neng Ai, pasti nananyakeun waé manéh.”

“Oh..emang aya naon kitu nya kang?”“Har..na sugan éta manéh, aya naon jeng

Neng Ai?”“Duka, teu aya nanaon da asana

mah!”Beungeut kuring kerung, tapi hate kuring seuri, atoh pisan ngadangu Neng Ai nanyakeun kuring téh.

“Ah..maénya euweuh nanaon? Teu percaya kuring mah.” Kang Wahyu malik sabari ngajak seuri,

“Aeh..muhun leres Kang, teu aya nanaon kuring jeung Neng Ai mah, kapan wawanohana ogé tos aya Akang sanés?” Kuring ngabela sorangan, nutupan rasa sangkan teu kanyahoan.

“Heueuh, nyaho kuring gé. Éta mah wawanohan formalna. Kapan ti saacana kuring milu ngobrol mah, geus ngobrol paduduaan lain? Sakitu seuseurian geuningan.”

“Ah henteu ogé? Sok aya-aya waé ahh.. Atuh upami nuju ngobrol teras seuseurian mah tos biasa panginten Kang!”

“Oh..kitu nya Sep, tapi ceuk kuring mah teu biasa éta téh. Aya nu béda tina cahaya panon

Wirahma 18

Page 19: wirahma

manéh upama keur ningali Neng Ai, Siga nu resseeepp pisan mun ningali na téh.”

Kuring seuri sabari melong ka Kang Wahyu, manéhna jol nyokot gitar dina lahunan kuring.

“Kuring nyaho Sep, kumaha rasana! Kieu-kieu ogé kuring pernah ngalaman.”Kitu deui pokna, sabari seuri leutik manéhna mener-menerkeun senar gitar nu teu pas.Lalaunan dipetikan hiji-hiji tuluy ngahaleuang.

♪♫ Arek mungkir euweuh alesan keur mungkir

Asep endag ku AiHésé bohong rumasa teubisa bohongAsep oléng ku Ai

Ayeuna sisiga nu kabedil ku jangjawokan

Kapanah ku kinasihanLieur ku AiKabedil ku jangjawokanKapanah ku kinasihanGelo ku Ai

Samar rasa samar polahTeu bisa dipangpaleurkeunTeu bisa dibebenjokeunNu aya dina lamunan beurang

peuting ukur AiRumasa teu bisa mungkirAsep oyag-oyagan ku AiRumasa teu bisa bohongAsep eundeuk-eundeukan ku Ai

Wirahma 19

Page 20: wirahma

Teu bisa mungkir jeung bohongNu aya dina hate Asep ngan ukur Ai...

♫♪

***

Layung nu ngempur, jadi palataran haseup anu silih paadu ti ditu ti dieu, kebul aya dimana-mana, ngahiji ilubiung jeung hawa panas nu kaluar tina gorengan. Dina pabaliutna kaayaan, sora mobil silih tembalan ngawirahma ngondang genjrengan haté nu nyantél dina gitar kuring.

“Assalamu’alaikum wr.wb. wilujeung sonten bapa-bapa, ibu-ibu, hapunten ngiring ngahaleuang sakedap, mugi-mugi tiasa ngahibur manah ibu-ibu, bapa-bapa sadaya salami di perjalanan.”

♫♪Teuing dimana, teuing irahaAsup na rasa, kana jero dadaUjug-ujug nyampak bari nyiksaKa édanan ku bébéakan

Mungkir teu bisa, haté rumasaBoga kacinta, gedé ka bina-binaPikir manteng ukur kadidinyaTeu irah heunteu dimana

Lamun ti beurang, pikiran kumalayang

Aya kameulang Aya rasa hariwangPeuting mun sare, ngan kaimpikeun

bae

Wirahma 20

Page 21: wirahma

Taya lian ngan ukur didinya,,, ♪♫

“Dicekapkeun waé sakitu ti sim kuring, mugi-mugi salamet dugi ka tujuan, dijagi barang-barangna, tong dugika aya nu ical atanapi anu kakantun. Hatur nuhun.. ibu.. bapak.. sadayana..” Ti hareup nepika tukang, kuring mapay unggal jelema nu aya dina jero beus, ngasongkeun wadah duit tina urut pamungkus permen, nyiar nu jadi impian jeung sangu sahuapeun beuteung.

“Hatur nuhun bu haji, hatur nuhun pa haji, hatur nuhun kang, hatur nuhun teh...” Kitu cara kuring nganuhunkeun ka unggal jelema anu daék ngabagi saeutik gedé rejeki manéhna jeung kuring. Keun baé teu di jawab ogé, nu penting mah kuring teu maksa ka maranéhna sangkan meré ka kuring.

“Sami-sami kang..hihihii..” Teu sasarina, aya nu ngajawab omongan kuring. Kadanguna téh, siga nu nahan seuri, sabari méré duit gopé. Ngahina kitu? Tapi, asa wawuh kana éta seuri téh. Sahanya? Kuring anu tadina tungkul waé, ku ngadengéna éta sora langsung tangah ningali saha nu méré duit.

“Astagfirullahaladzim, Neng Ai?!” Kaget kabina-bina, sumpah..teu nyangka éta Neng Ai, Kuring teu apal ayeuna kudu kumaha jeung kudu ngomong naon? Atoh pisan bisa panggih jeung Neng Ai deui. Duka teuing Neng Ai na mah, ngan

Wirahma 21

Page 22: wirahma

anu katingal téh aya seuri sumringah kaluar tina biwirna anu lencop.

Nuhun Gusti.. geuning teu kudu jangjian ogé, ari emang geus waktu jeung kuduna mah tungtungna kuring bisa dipanggihkeun deui jeung Neng Ai. Embung miceun kasempatan nu aya, poé ieu urang kudu bisa ngadeukeutan Neng Ai, mun bisa mah rék dituturkeun manéhna turun palebah mana-manana

***“Bade ka mana Kang?“ Neng Ai muka

obrolan sabari angger ngajigjig leumpang ka hareup, manéhna teu ngalieuk-lieuk ka tukang.

“Eh..manawi téh teu apal aya akang di pengker kitu? Hehe..” Reuwas kuring, teu nyangka rék kanyahoan, sugan téh teu apaleun wéh kitu manéhna téh lamun kuring nunuturkeun ti tukang

“Enyaa apal atuh Kang, da karaos panginten ku neng gé. Naha ari akang badé kamana kitu?” Angger ngajugjug, teu ngalieuk-lieuk. Kuring ogé nu tadina dék nyampeurkeun ngadak-ngadak teu wani. Tina cara ngomongna, Neng Ai asa judes, béda jeung basa keur di Gunung Bromo.

“Ah..moal kamana-mana, hoyong wé nuturkeun Neng Ai. Da duka kumaha atuh ieu haté akang téh bet asa aya lulutan, janten kahoyongna téh caket waé.” Kuring ngarayu, ngadodohoan kana haténa, sangkan henteu teuas karasana. Tapi, Neng Ai ngan saukur seuri

Wirahma 22

Page 23: wirahma

bari jol ngalieuk ka kuring, manéhna eureun henteu nuluykeun leumpang deui.

“Hoyong caket sareng Neng, Akang téh? Upami kitu mah kadieu atuh.” Manéhna seuri imut ngagelenyu, kuring nyampeurkeun lalaunan ngadeukeutan, dua lengkah deui dék ka gigireun manéhna, Neng Ai jol ngabedol leungeun kuring, dicekel pageuh ku manéhna, atoh rasana téh, kuring dibawa lumpat satarikna, duaan lulumpatan silih susul seuseurian, teu karasa nepi ka sisi wahangan, didinya aya jembatan gantung anu ngahubungkeun dua desa, tuluy Neng Ai ngajak diuk didinya, kuring teu wasa nolak, ngan saukur bisa nuturkeun.

“Kang, punten nyaa..janten diajak lulumpatan ku abdi..hehe..” Pokna sabari seuri.kuring ngan saukur bisa unggeuk sabari milu seuri. Manéhna malieurkeun panon tina titingalian kuring, ngeluk ningali kahandap, lebah wahangan, katingali aya bayangan kuring jeung manéhna, tuluy seuri deui. Kuring masih kénéh ngarasa eungap, huruhah-harehoh, teu puguh ngatur napas. Tapi, kuring rido, salila bisa lumpat jeung widadari sageulis Neng Ai mah

Sababaraha lila, euweuh kecap anu kaluar ti duaan, boh kuring ogé Neng Ai. Nu kadangu, ngan saukur sora percikan-percikan kamalirna cai di wahangan, Kuring neuteup pinuh kageugeut ka manéhna, anu masih kénéh anteng ningali bayangan nu timbul dina cai wahangan.

Wirahma 23

Page 24: wirahma

“Tos wareg Kang ningal abdi na?” Kitu pokna sabari ngalieuk ka kuring.

“Eh..manawi téh teu uninga kitu, nuju janten perhatosan akang téh?” Kuring ngajawab bari nyéréngéh.

“Nya terang atuh Kang, maénya wéh teu karaos? Tos lami Kang ngahaleuang?”

“Maksadna?”Kuring kerung teu ngarti.“Enya, ngahaleuang sapertos tadi dina

beus.”“Oh..maksad neng téh ngamén?” Manéhna

unggeuk sabari imut seuri,“Tos lami atuh éta mah Neng, nya sapertos

kieu katingalina akang mah, mung saukur tiasa ngahaleuang.Kanggo ngabantosan pun biang anu unggal dintena mihareup kana sababaraha kotak sawah panyesaan.” Rada ngeluk, kuring éra ditanya ngeunaan ngamén, pagawéan anu geus lila kuring lakonan, sanajan teu sabaraha gedé pangasilanana. Neng Ai seuri, melong ka diri kuring anu ngeluk, manéhna tuluy ngomong.

“Abdi resep kana suwanten Akang, pas pisan ngawirahma sareng gitarna. Tiasa, upami abdi nyobian metik senar-senar nu aya dina gitar akang?”

“Neng tiasa?!”Kuring cengkat, anéh ngadangukeun jawabanana. Karek ayeuna aya wanoja nu ngomong resep kana sora kuring, salian ti ema, indung kuring sorangan.

“Insya Allah..”Teges, manéhna ngajawab.

Wirahma 24

Page 25: wirahma

Kuring ngasongkeun gitar anu karék di kaluarkeun tina akodan. Neng Ai narima bari seuri, manéhna ngamimitian metik gitar, kalintang éndahna sora anu kaluar, ngoyagkeun sakabeh awak katut nu aya disabudeureunana, sora cai anu kamalir, angin anu ngahiliwir, kitu ogé manuk anu ting rarécét, saperti ngiringkeun haleuang manéhna.

♪♫Kang abdi kagodaAbdi kabandang ku diri engkangKang panutan atiNu lawas ilang datang nembongan

Kang atuh dimanaTaya wartosna batin nalangsaKang geura jol sumpingAbdi teu sabar lami ngantosan

Aduh..engkangNu kantos tepangBet kapicangcang kabayang-bayangTali hareupan urang duaan sing lana

mancarAduh engkangSiang wengi emut báeMun wengi sering kaimpiMun siang ngabarung sina

Duh aduh engkangIraha rek tepang deuiIraha dek sono deuiMun abdi kangen ka engkang

Engkang téh pucuk harepan,

Wirahma 25

Page 26: wirahma

Kembang impianNembus ka jantung katresna

kacinta… ♫♪

Sakedeung deui..langit jadi hideung, nutupan layung anu sému beureum siga kaéraan. Kuring masih kénéh anteng, anteng ningalikeun kaendahan, anteng ngararasakeun kanyamanan, anteng maturan widadari anu keur resep nyoo gitar di jembatan gantung luhureun wahangan Cikembang.

Tara ti biasana kuring saperti kieu, asa ngimpi bisa deukeut jeung manéhna, anu nyieun hate kuring teu geunah cicing, saumpama teu ningali manéhna.

“Naha Neng bet ngajak akang ka dieu? Sugan téh bieu mah alim kitu di tuturkeun ku akang téh?”

“Hoyong wé atuh Kang, kapan dina haté akang aya lulut anu nempel kanggo Neng sanés? Da dina lebet haté neng gé sami aya lulut anu hoyong caket waé sareng Akang.” Neng Ai ngajawabna nyantai, nyeh seuri imutna kaluar amis pisan.

Naha ngimpi naon kuring peuting tadi? Teu nyangka Neng Ai bisa ngajawab saperti kitu, béda pisan jeung nu mimiti papanggih, ayeuna mah asana téh leuwih wani.

Kuring seuri ngadangukeunana, ieu haté galécok pating gorowok. Teuing naon nu aya dina otak kuring ayeuna? Kacida bungangang

Wirahma 26

Page 27: wirahma

pisan rasana, hayang sapok-pokeun ngomong ka manéhna. Yén hate kuring téh geus teu bisa nahan rasa, sanajan karék dua kali panggih jeung ayeuna, tapi kacida mikanyaah, mikadeudeuh, geus puguh ning ari mikageugeut mah.

“Neng..?!” Kuring diajar ngawani-wani manéh.

“Kah..naon kang?” Manéhna malik, melong ka kuring, angger nyekel gitar sabari seuri, nancrebkeun rasa kana haté kuring beuki jero deui. Tapi, kuring? Teuing kamana éta kawani téh, biwir anu sasarina babari ngucap asa jol hésé ngomong, kabéh rasa anu dék dipaparkeun ka manéhna ka konci dina hate, teu bisa kabuka.

Kuring melong, neuteup leuleub, neuleuman kana jero panona, sugan kapanggih koncina! Lila..kuring lila… ngahuleung di hareupeun manéhna, angger éta konci teu kapanggih.

“Kang..Akang...kunaon?!” Manéhna gugupayan dihareupeun panon kuring. Kuring gigideug tuluy seuri sorangan.

“Tos sonten geuning Neng, hayu urang mulih.Teu nanaon upami Akang ngiring nganteurkeun?” Manéhna ngan saukur unggeuk sabari seuri.

Kuring ngarti, sapertina lain poé ayeuna. Tapi engké, mun kuring geus bisa manggihan konci kawani kuring nu aya dina panon manéhna.

***

Wirahma 27

Page 28: wirahma

Wirahma Kahirupan..

Geuning..nu mibanda loba warna téh lain ngan saukur katumbiri hungkul, tapi hirup kuring ogé. Komo sanggeus leuwih deukeut jeung manéhna mah, widadari anu turun di Gunung Bromo téa. Asana téh hirup kuring leuwih loba warnana tibatan katumbiri anu kaluar saanggeus hujan.

Hirup kuring ayeuna karasa béda, unggal poé sok aya widadari nu nuturkeun digigireun atawa di satukangeun. Lain kabogoh mah, komo deui pamajikan! Ngan saukur babaturan, kembang haté kuring, anu jad harepan dina implengan kuring salila ieu.

“Kengeng sabaraha Kang dinten ayeuna?” tanyana bari melong.

“Nyaa..lumayan lahh..cekap kanggo neraktir Neng ngabaso mah...hehehe..” Kuring nyéréngéh.

“Ohh..asiikkk..jantén badé ngajak abdi ngabaso akang téh?!” Manéhna surak pinuh ku kabungah, katingal tina panona, anu beuki atoh, beuki sipit siga nu peureum.

Wirahma 28

Page 29: wirahma

“Tapi aya saratna, Neng kedah ngiring ka bumi akang. Pun biang hoyong wanoh saurna sareng Neng Ai, janten engké ngabasona urang dibumi akang. Kumaha?! Kersa teu?” Manéhna unggeuk tuluy seuri.

Satepina di imah, kuring langsung ngageroan ema. Buru-buru hayang ningalikeun kembang haté kuring, widadari anu pang éndah-éndahna salian ti ema, indung kuring sorangan.

Teu disangka-sangka, ema kacida atohna ningali kuring mawa awéwé anu geulisna kabina-bina. Majarkeun téh, ‘teu kudu di ospek heula ieu mah! Geus tangtu langsung ditarima ku ema ogé’. Enyaa...puguh kuring ogé ngarti, kapan geus lila ema téh hayang boga minantu. Tapi hampura maa, Kuring can bisa ngabulkeun kahayang ema nu hiji ieu saacan jangji kuring nu mimiti kacumponan. Panceg dina galur, ti ditu na mah!

“Ema..nambut heula Neng Ai nyaa?! Hayu atuh Neng, urang ngabaso téa!” Kuring, motong obrolan Ema, sabari ngagusur Neng Ai.

“Ohh..muhun atuh Kang! Maa..punten dikantun heula.” Neng Ai geus satengah digusur ka luar imah. Tapi manéhna maksakeun salam heula

“Nyaa sok..ati-ati Neng!” Ema ningalikeun ti lawang panto sabari seuri, tuluy gugupay ka kuring ogé Neng Ai.

Wirahma 29

Page 30: wirahma

Kuring indit, sabari ngagandong gitar. Niat na mah, balik meuli baso rék ngamén deui, daripada kudu balik ka imah, yakin pasti bakal ditatanyakeun ngeunaan Neng Ai leuwih jauh deui ku Ema. Kuring can siap!

Teu jauh ti imah, aya kedai baso anu ceuk letah kuring mah rasa basona téh ngeunah pisan! Tuluy kuring ngajak Neng Ai ngabaso kadinya. Nepi di tempat éta, Kuring langsung pesen basona. Teu nyangka, geuning anu ngaladangan téh, babaturan kuring keur jaman sakola bareto.

“Eha...?!” Ceuk kuring semu nanya.“Ehh...Asep nyaaa? Kumaha damang?”

Kuring geus lila teu pernah panggih jeung manéhna, sakalina panggih langsung carita kaditu kadieu, nepika poho lamun kuring datang kadinya téh dék pesen baso. Sabot ngeunah-ngeunah ngobrol, jol kadangu sora anu ngingetan kuring.

“Ekheuummm.....!!” Neng Ai ngadehem satarikna, Astagfirullah..karék inget. Kuring ngalieuk ka Neng Ai, manéhna jamedud, manyun, sabari popolotot ka kuring. Laina sieun, kuring ngadon hayang seuri ningali kalakuan manéhna, paromana anu geulis, katingali siga budak leutik, lucu, imut pisan.

Embung ngalila-lila, kuring langsung pesen basona, tuluy nyampeurkeun ka tempat diuk Neng Ai, saméméh diuk kuring nyokot gitar nu

Wirahma 30

Page 31: wirahma

aya dina akodan, diuk, tuluy mimiti ngahaleang di hareupen manéhna.

♫♪ Ih naha bet kituTeu paruguh da mimitinaKapan urangWawuh gé karék mangkukna

Ukur babaturanTeu béda eujeung nu lianNaha atuh ujug-ujug timburuan

Popolotot ih meuni geuleuhBuad-baeud ih meuni geuleuhKabogoh gé lain meuni geuleuhHehey deudeuh ih meuni geuleuh

Popolotot ih meuni geuleuhBuad-baeud ih meuni geuleuhKabogoh gé lain meuni geuleuhHehey deudeuh ih meuni geuleuh

Sing tuh cing éraUlah sok timburu kudaJol téténggrah timburu ka jalu batur..

♪♫

Beungeutna semu beureum, siga nu kapanasan. Manéhna tungkul, sura-seuri kaéraan.

“Kunaon Neng? Siga nu nembéan waé ngupingkeun akang ngahaleuang?!” kuring nyéréngéh bari angger mélong ka manéhna.

Wirahma 31

Page 32: wirahma

“Ih..ari akang, heg tingali atuh di sakuriling!” Nyeh manéhna seuri imut kaéraan. Kuring ngahuleung sakeudeung, culang-cileung. Teu nyadar, ampir kabeh jelema nu aya di kedai éta ningali ka kuring ogé Neng Ai. Kuring nyéréngéh, nembongkeun huntu anu teu sakitu bodasna, tuluy kabeh pating sarurak sabari kaleprok. Kuring papelong-pelong jeung Neng Ai, paadu seuri nahan kaéra.

***

Beuki ka dieu, beuki ka rasa. Geus liwat ti lila, malahan mah geus jauh ngaliwatan kolotna. Konci kawani nu aya dina panon manéhna geus kapanggih, Kuring geus bisa muka haténa, anu geuning ngagebray éndah muka jang haté kuring. Kakalayangan haté kuring ka awang-awang. Teu sangka bisa sakitu téréhna, kuring jeung manéhna ngahiji dina rasa katresna.

Kamari ieu manéhna ngomong, keur butuh duit anu henteu saeutik. Teuing jang naon éta téh? Cenah mah, hayang meuli tiket nongton téater jang kolotna. Teu ngarti kuring mah, padahal kapan manéhna sorangan anu maéna téh. Tapi, nya meureun geus kudu kitu aturanana, paling henteu ogé mayar satengahna. Sabab didangu-dangu mah, ieu pamentasan teatér téh kaasup kana paméntasan seni anu gedé. Matak wajar, saumpamana pamaén

Wirahma 32

Page 33: wirahma

sorangan ogé kudu milu mayar tiket jang kulawargana nu hayang datang.

Rada aneh sabenerna mah, naha lain kolotna anu meuli sorangan? Tapi kamari Neng Ai ngomong hayang méré surprise ceunah jang kolotna. Inget kana tujuan alusna, nyieun kuring sura-seuri sorangan. Asa sumanget pisan ieu téh, boga niat na jero haté, rék ngabantuan manéhna ngumpulkeun duit jang meuli tiket teatér éta téa.

Saperti biasa.. balik ngabedug ti sawah kuring langsung indit ka terminal. Geus jam satengah lima ayeuna téh, asa ku anéh, biasana jam tiluan téh sok aya widadari nu turun tina jero beus. Nyaa..saha deui atuh salian ti Neng Ai téa. Tapi ayeuna? Geus jam sakieu can katémbong waé. Kuring diuk di shelter, teu daek cicing nunungguan manéhna, haté hariwang pinuh kamelang. Sapertina, kabiasaan kuring nunungguan manéhna, nu matak nyieun katugeunahan téh.

Tapi kuring bisa naon? Ukur cicing, nyumputkeun rasa éta, nungguan, sangkan bisa nyambut datangna kembang nu jadi kabungah! Neng Ai, widadari dina haté kuring.

“Sep..bener éta téh manéh?! Keur naon di dieu?” sora Kang Wahyu ngahudangkeun kuring tina panglamunan.

“Eh..Kang Wahyu geuning, Ahh..nuju kieu wé Kang, reureuh heula sakeudap. Dupi Akang badé kamana?”

Wirahma 33

Page 34: wirahma

“Ieu Sep, tadina mah rék manggihan jelema. Tapi geuning anu ditéang téh ngadon euweuh, teuing kamana?”

“Nuju milarian saha kitu Kang? Manawi abdi terang.”

“Ieu Sep, Neng..Aaa..” Pokna semu ditahan, sabari ningali kana beus nu rék eureun di hareupeun shelter, kuring ngahuleung panasaran, can bérés Kang Wahyu ngomong, katingali aya awéwé luncat kaluar tina panto beus sabari ngajingjing kantong beureum, di tukangna loba jelema nu paseseledek, paheula-heula kaluar ngaburu éta awéwé sabari gogorowokan.. “Copét....copét...cooo...peeeettttt!!!”

Kang Wahyu ngahuleung, kuring langsung lumpat, paudag-udag jeung nu séjéna, ngaburu awéwé copét téa. Teu kaudag, teuing lumpat kamana jelema éta, ditéang nepi ka tungtung gang anu sarempit ogé teu kapanggih-panggih.

Watir kuring ningalina, nu boga kantong ukur bisa nyeungceurikan kabeh barangna nu geus euweuh. Kuring jelema leutik, ngan saukur tukang ngabedug jeung pangamen jalanan. Tapi kalakuan kuring leuwih hadé ti batan copét éta, anu saliwatan mah katingal alus tina dangdananana. Dasar jelema, euweuh kaéra! Padahal awéwé manéhna téh.

***

Wirahma 34

Page 35: wirahma

“Geus lahh..ayeuna mah urang riungkeun wéh!” Kitu pokna sabari jug nangtung, Pa Edi kaliwat napsu ngadangukeun carita ti Kang Wahyu ngeunaan budak bungsu manéhna.

“Sabar..pak...mamah mah teu yakin éta téh bénér si Nyai.” Ceu Memey, istri Pa Edi ngilu nangtung, nuturkeun, tuluy ngusapan dada salakina sabari ngajak diuk deui.

”Lain si Nyai kumaha ari mamah? Kapan bieu ogé geus puguh, ceuk si Wahyu éta awéwé téh si Nyai..Nyai Neulis...si bungsu..budak kasayangan urang duaan! Bénér kitu lain Wahyu?”

“Ehh..muhun..muhun..leres pa..” Kang Wahyu ngajawab sabari dareuda.

“Tong waka su’udzan atuh pa..pan bisa waé Wahyu nu salah ningali. Bakat ku kabungbuleungan meureun inget waé ka si Nyai. Kapan geus lila teu panggih meureun.” Ceu Memey ngadelék ningali Kang Wahyu, manéhna tungkul sieun dipolototan.

“Ah..kumaha mamah wé, da angger mamah mah pasti mélaan si Nyai waé, sakumaha si Nyai salah ogé!”

“Har..naha ari bapa jadi nyalahkeun ka mamah? Kumaha bapa wé ahh..mamah mah lieur.” Ceu Memey pundung, indit ka pawon. Pa Edi tuluy tatanya deui ka Kang Wahyu, hayang mastikeun bénér atawa henteuna.

Wirahma 35

Page 36: wirahma

“Bener Wahyu, nu tadi ditingali ku manéh téh si Nyai?”

“Muhun, leres pa..maénya wé abdi leupat titingalian? Da puguh éta téh Neng Ai...Nyai Neulis putra bapa..abdi inget kénéh tadi enjing-enjing Neng Ai mangkatna nganggo acuk anu bodas.”

“Kapan loba meureun, nu maké baju bodas téh? Can tangtu éta si Nyai!”

“Nyaa..teu langkung bapa éta mah, badé percanten atanapi henteu ogé. Abdi mah ngan saukur ngawartosan hungkul.”

Karék ogé Pa Edi dék ngomong deui, torojol Neng Ai datang, saperti anu diomongkeun ku Kang Wahyu, manéhna make baju bodas. Pa Edi nangtung, molotot, teu percaya kana naon anu ditingali ku manéhna.

“Assalamu’alaikum..” Neng Ai mukakeun panto, asup ka jero, manéhna seuri imut tuluy nyampeurkeun ka bapana. Niat na mah rék sun tangan, salam ka nu ngarana jadi bapa, karék ogé rék nyokot leungeun bapana..Gaplok..!! langsung di cabok. Kang Wahyu molohok, teu percaya Pa Edi wani nyabok ka budak anu paling dipikanyaah ku manéhna.

“Kunaon ari bapa? Jol-jol nyabok!” Neng Ai reuwas jol dicabok, manéhna ngarumpuyuk, ceurik nahan kanyeri.

“Astagfirullohladzim...nanaonan ari bapa? Jeung nyabok si Nyai sagala!” Ceu Memey

Wirahma 36

Page 37: wirahma

lumpat ti dapur langsung muru ka Neng Ai. Pa Edi angger nangtung, teu maliré. Ceu Memey nangkeup pageuh ka Neng Ai, ngajak cengkat sangkan asup ka jero kamar.

“Rék kamana? Geus cicing di dieu, bapa rék nanya ka manéh!” Sentak Pa Edi

“Nanya naon atuh pa?! Teu katingal ku bapa ieu si Nyai kanyeunyeurian? Budak teu salah nanaon jol-jol di cabok!” Ceu Memey malik ambék ka salakina.

“Jempé sia, geus ayeuna diuk didinya!” Ceu Memey jeung Neng Ai diuk dina korsi gigireun Kang Wahyu.

“Jawab sing jujur! Naha bener manéh nyopét?” Tanya Pa Edi ka Neng Ai, Ceu Memey anu aya digigireunana milu melong. Katingal tina paromana, anu semu beureum, Neng Ai reuwas sakaligus rumasa kana kalakuanana, manéhna teu bisa ngabohong, ngan ukur tungkul, ngeluk, teu wasa ningali kolot-kolotna.

“Si Nyai, leutik-leutik geus diajar ngabaong ayeuna mah! Jang naon atuh nyopet sagala? Butuh duit ngomong ka bapa.” Pa Edi amuk-amukan.

“Neng téh..ha...” Can béres Neng Ai ngomong, geus kaburu di piheulaan ku Kang Wahyu.

“Lepat pergaulan panginten éta mah pa!” Kang Wahyu ngomong sajeplakna. Pa Edi

Wirahma 37

Page 38: wirahma

ngahuleung sabari melong ka manéhna, tuluy Kang Wahyu nuluykeun deui omonganana.

“Kapan ayeuna mah tos mindeng gaul sareng preman! Si Asep, tukang ngamen di terminal téa.” Asa dipapanas ku Kang Wahyu, Pa Edi jol langsung nyereng, ambék ka Neng Ai, nyalahkeun ka Ceu Memey.

“Tuh tingal mah..kalakuan budak bungsu manéh! Kieu yeuh..loba diantep téh, teu apal urang manéhna ulin jeung jelema siga kumaha? Dék diajar jadi preman meureun ayeuna mah, wawanianan nyopét barang batur! Geus lahh, tong wawuh deui jeung si Asep! Ngan saukur mawa pangaruh goréng budak éta mah.”

Neng Ai jol nangtung, ngaleupaskeun awak tina tangkeupan indungna, Manéhna ngomong semu dareuda.

“Sanes lepat Kang Asep ieu mah! Nyai nyopét, sabab Nyai hayang meuli waktu Bapa sareng Mamah kanggo Nyai..!!” Neng Ai malik, melong ka Kang Wahyu, sabari ngomong.

“Tong sok nuding-nuding ka batur, nu teu apal nanaon!” Neng Ai indit sabari ngadelék, Kang Wahyu ngahuleung, tungkul ngeluk éra.

Pa Edi jeung Ceu Memey papelong-pelong silih teuteup, maranéhna ngarasa salah, geus lila teu merhatikeun budak bungsuna. Komo ayeuna mah lanceuk-lanceukna geus pararindah, boga kulawarga sorangan-sorangan, tinggal Neng Ai

Wirahma 38

Page 39: wirahma

hiji-hijina, anu kuduna masih kénéh diperhatikeun ku maranéhna.

Tapi naon nu aya dina kanyataanana? Boro-boro merhatikeun, kolot sibuk ku urusana sorangan. Matak pantes, lamun Neng Ai rék diajar ngabaong ogé. Da sidik éta mah salah kolotna.

***

Geuning..

Tilu bulan...teuing kamana jung na widadari téh? Kembang haté kuring anu unggal poé di cebor ku kaasih ti diri kuring ayeuna ngaleungit, euweuh tapakna saeutik-eutik acan. Di datangan ka imahna, nu kaluar ngan saukur pembantuna. Dék nanyakeun ka kolotna, tapi euweuh nu daék manggihan kuring. Teu saperti biasana, malahan mah indungna ogé nyaéta Ceu Memey anu sasarina sok manggihan kuring

Wirahma 39

Page 40: wirahma

ayeuna mah geus teu daék manggihan kuring deui, teuing naon alesanana. Teuing naon salah kuring?

Ceunah...ceuk pembantuna mah, Neng Ai téh keur liburan, ka imah lanceuk-lanceukna anu geus karawin. Tapi naha bet lila-lila teuing? Aya naon anu sabenérna? Kuring teu ngarti. Naha bisa jadi kieu kuring jeung manéhna. Nepika hiji poé, ema ngasongkeun uleman. Katingali tina awakna leuleus tuluy indit abus ka kamar.

Lalaunan di buka, langit jol karasa leuwih poék teu saperti biasana, teuing ngan saukur rarasaan atawa bener-bener poék. Kitu ogé angin anu biasana ngahiliwir pinuh ku kasejukan ayeuna datang ngagelebug, tiis teu saperti biasana, tiis anu bener-bener asup kana jero haté.

Cuk-clak cai hujan turun maseuhan sakabeh awak, lir jarum laleutik anu nancreb nyerina nyeleukit kana ati, saperti nu ngarti kana kaayaan diri, cangcaya kana kanyataan anu nyieun ngapung luhur ngawang-ngawang, teu karasa lila, tuluy muragkeun kaendahan nu aya, Ampun Gusti nyerina anu karasa ku haté kuring bet kabina-bina,

Hulang-huleung teu paruguh, buka deui kertas uleman téh, clak cai panon anu geus lila ditatahan dijuru panon teu kabendung deui. Geuning kieu tungtung carita anu endah téh. Sabelas bulan seuseurian, sagalana karasa amis,

Wirahma 40

Page 41: wirahma

kareueut pisan dina ngajalananana. Tilu bulan satuluyna, kembang haté teuing kamana jug na, taya béja taya carita, nu aya sesek na dada. Poé ayeuna lima belas bulan kuring ngahiji jeung manéhna, tapi naon anu ku kuring tarima? Ngan saukur kanyeri katut peurih na ati.

Naha bener kitu éta téh? Kuring angger teu percaya. Tapi, dék teu percaya kumaha? da sidik aya buktina, malahan apal ti indung sorangan, maenya wéh ema tega ngabobodo kuring mah, komo nganyerikeun haté anak? Moal mungkin! Tuh katingal ku kuring gé, cimata nu ditahan di juru panon na, nyengceurikan kuring, anakna!.

Tapi naha Neng Ai kacida sakitu tégana? Aya naon anu sabenerna? Kuring teu nyaho nanaon, salian ti kudu narimakeun kana kanyataan. Sakumaha kuring embung papisah jeung Neng Ai ogé, da angger, teu wasa ari kudu maksakeun kahayang sorangan mah! Komo apan geus jelas dina ulemanana ogé, Neng Ai téh ninggalkeun kuring, kawin jeung lalaki lian...Kang Wahyu!

Rus-ras pikiran kumalayang, kaditu kadieu, inget kana waktu sababaraha bulan katukang, keur mangsa amis-amisna jeung Neng Ai, sumanget pisan digawé ka sawah jeung ngamén téh, niat néang harta banda sakur jang anjeuna, anu tumuwuh mekar ngajadi abadi, kembang dina haté kuring. Tapi geuning, ngadon siga kieu tungtungna. Kembang haté, widadari anu salila

Wirahma 41

Page 42: wirahma

ieu jadi panglamunan dina hareupan-hareupan kuring, ninggalkeun ku cara siga kieu, euweuh béja, euweuh carita, murangkeun haté kuring nu ngagantung teu pasti.

Teu kuat nahan kanyeri, kuring indit kaluar, lumpat satarikna, nyekel pageuh uleman ti Neng Ai, ngajugjug jalan ngungudag jembatan gantung nu moal lumpat kamana-mana. Kuring langsung ka tengah-tengah jembatan, tempat mimiti kuring ngadeukeutan manéhna, inget basa manéhna ngahaleuang sabari nyekel gitar kuring, emut kana seurina anu nyelekit, mancing kanyeri dina ati.

Kuring ngagoak satarikna, “Aaaaarrrrgggghh.......!!!!” sabari ngarames uleman ti manéhna, tuluy dialungkun ka wahangan. Teu kuat nahan kanyeri, cuk-clak cai tina bendungan panon kuring. Kahayang mah lain ngan saukur uleman nu palid téh, tapi sarua jeung rasa nu aya dina haté kuring.

***Di tempat lian, Neng Ai ngan saukur bisa

ngonci manéh di kamar sabari ceurik uerih-euriheun, teu wasa kana kaayaan anu matak moal bisa malikeun deui manéhna kana mangsa-mangsa endah anu geus diliwatan paduduaan jeung Asep. Salah.manéhna teu bisa ngalawan kana kahayang kolot! Ayeuna sangu geus jadi bubur, sakumaha diembung-embung ogé, kudu

Wirahma 42

Page 43: wirahma

bisa tumarima kana kanyataan anu geus dilakonan.

Keun wéh carita endah anu kamari mah, sabisa-bisana rék ditutup ku kanyeri haté anu keur meujeuhna ngakar na diri, meureun ku cara nu saperti kieu Neng Ai bisa meunangkeun kahayangna, perhatian ti dua kolotna! Ku cara ngabungahkeun heula kolot. Keun wéh Asep mah, tong nepika nyaho yén manéhna ti bareto geus dijodokeun jeung Kang Wahyu.

Kasep mah kasep, euweuh nu kurang saeutik-eutik acan, beunghar ogé geus puguh, ngan kalakuan goréngna anu moal bisa leungit. Tapi, sanajan diembung-embung ogé, Kang Wahyu téh jelema nu pernah aya dikahirupanana, saméméh ngalaman éndahna dunya jeung manéhna, Asep,

Hiji lalaki anu dirasa sarua, euweuh istimewana! Tapi naon buktina? Geuning anu leuwih hadé nanaona téh Asep. Sanajan ngan saukur tukang ngabedug jeung pangamen jalanan, tapi manéhna! Hiji-hijina lalaki anu bisa nyieun haté Neng Ai bungah, ku cara sederhana.

***Kuring teu datang, teu hayang datangna

ogé, paduli téh teuing, rék disebut siga nu teu wawuh, teu boga kaéra, atawa naon lah. Heg wéh, keun baé! Kuring geus teu hayang nyaho nanaon deui, Geus kagok kanyenyerian, nepika hésé mopohokeuna ogé.

Wirahma 43

Page 44: wirahma

Geus lah, diniatan mah rék mimiti mopohokeun ieu téh. Sanajan hésé, tapi lamun dileukeunan mah nanaon ogé pasti bisa lain? Kitu ogé kuring anu mimiti neang gawé ka ditu ka dieu, hayang hirup leuwih maju sabari méakeun waktu sangkan ngalir teu karasa. Susuganan, bisa mopohokeun manéhna. Dirasa-rasa mah tinggal saeutik deui! Aslina ayeuna mah, ngan kari saeutik deui, tinggal akar katresna ti Neng Ai anu nancreb kénéh na ati kuring téh!

Keur mangsa mopohokeun, manéhna, teu nyangka rék panggih jeung pembantu anu gawé di imahna téa. Teu hayang nanya sabénerna mah, geus teu hayang nyaho, paduli teuing ayeuna mah. Ngan manéhna anu walékwok cumarita, pajarkeun téh teu wasa cenah, ningali kaayaan Neng Ai anu kageugeuringan lantaran kudu narima kahayang kolotna, nyaéta kawin jeung Kang Wahyu téa.

Kaget kuring ngadanguna! Tapi, kuring ogé mikir, bisa jadi ieu ngan saukur carita bobohongan jieunan Neng Ai sangkan kuring henteu ngewa ka manéhna.Ahh..ayeuna mah geus teu hayang percaya deui kuring mah. komo mun bari jeung euweuh bukti mah. Maénya aya awéwé nu embung di kawin. Tapi, geuning tungtungna jadi kawin? Asa ku araranéh.

Kagok kanyenyerian dihianat ku manéhna, pangpangna mah naha jeung kudu ka jelema éta? Kang Wahyu! Pédah leuwih kasep? Atawa

Wirahma 44

Page 45: wirahma

pédah leuwih beunghar ti batan kuring?! Kapan éta babaturan kuring kénéh. Saumpama bener anu diomongkeun ku pembantuna, berarti aya dua jelema anu ngahianat ka kuring téh, lain ngan saukur Neng Ai hungkul, tapi Kang Wahyu ogé! Haduhh..hirup kuring, asa ku harayang seuri ieu téh! Sabari angger, haté mah karasa peurih.

Lieur ah..kuring indit deui ka terminal sabari ngakod gitar, masih kénéh maké papakéan urut ngalamar gawé ka ditu ka dieu. Abus kana jero beus, mimiti menerkeun senar gitar anu rada sumbang tuluy ngahaleuang. Sorangan ayeuna mah, euweuh deui widadari anu sok nunutur di tukangeun téh, geus puguh ning kembang haté anu biasana ngilu ngahaleuang di gigireun mah, ayeuna kari akarna hungkul nu masih kénéh nyesa na haté kuring nu pang jerona.

Geus lahh..urang haleuangkeun wéh kaasih kuring nu nyesa kénéh jang manéhna.

♪♫ Boga kabogoh, sekertaris gelisTilu bulan ngalegleg direkturBoga kabogok karyawati geulisTilu bulan ngalegleg menejerTah kitu lamun Hirup mabok dunya!

Boga kabogoh pramugari geulisTilu bulan ngalegleg pilotBoga kabogoh mahasiswi geulisTilu bulan ngalegleg rektorTah kitu lamun hirup mabok dunya.

Wirahma 45

Page 46: wirahma

Boga kabogoh biduan geulisTilu bulan ngalegleg produserBoga kabogoh parawan geulisTilu bulan ngalegleg dokterTah kitu lamun hirup mabok dunya

Cinta yang kuatCinta yang hebat Dikoroyok ku harta mahDikoroyok ku tahta mah Cinta téh nonggéng

Cinta yang kuatCinta yang hebat Dibibita ku harta mahDi bibita ku pangkat mah Cinta téh nonggéng

Cinta nu sajatiDimana anjeun?Cinta nu sajatiKamana anjeun?.. ♫♪

Mun bisa kuring ngomong, geus kedal rupa-rupa kasusah jeung kasenang nu manéhna bikeun ka kuring! Hayang nanya ka manéhna, Apal teu sakumaha panasna seuneu? Tah éta, anu keur kuring rasakeun ayeuna, saprak manéhna kawin jeung Kang Wahyu. Apal teu sakumaha seukeutna péso? Tah saperti kitu, rasa kuring anu masih kénéh ngagedur téh di nyenyeri, peurih asa dikuat-koét. Apal teu sakumaha jerona sumur? Tah sajero kitu haté kuring dinyenyeurikeun ku dua jalma anu dirasa

Wirahma 46

Page 47: wirahma

ngahianat kana diri téh. Apal nu kumaha ngaran na Karma? Keun dagoan wéh ku maranéh duaan!

Serr..bet asa hayang ngahaleuang deui, nyaritakeun kanyataan sangkan kabeh jelema apal kana rasa nyeri nu aya na haté. Lajeung kana lagu nu kadua, di khususkeun pisan kanggo Kang Wahyu, sareng caritaan pembantu manéhna anu teuing bener atawa henteuna.

♫♪ Bobogohan lima belas bulanJeung si Denok urang BanjaranRanda ngora hadé rupaAnak bungsu bandar gula

Salah naon atuh? Salah..salah..naon?

Dosa naon? dosa naon?Kurang naon? ari akang kurang

naon?Diputuskeun di tengah jalan

Hawar-hawar meunang béjaDijodokeun ku kolotnaJeung polisi lalu lintas Kang Wahyu urang Cicadas

Randa ngora hadé rupaSerab ku pangkat jeung bandaKa kuring ngadadak tégaIeu surat putus cinta.

Hanas kuring kuda-kadéBro-broan barang béréPangaboga ampir béak

Wirahma 47

Page 48: wirahma

Teu sangka rék ditalipak.. ♪♫Kuring ngararasakeun pisan, ieu haté

ngawirahma milu ngahaleuang dina unggal baitna, dina dua laguna..

***

Jol, datang deui..

Tilu taun geus kaliwat, amis paitna pangusahaan geus kajalanan. Harepan ngahajikeun ema ka saudi, sakeudeung deui jadi kanyataan. Kantun syukur kanu kawasa, sanajan kahayang leupas tina sosoranganan mah can kataékan, tapi kuring angger yakin, yén jodo mah moal kamana.

Sakapeung sok kapikir, kasadaran anu kuduna aya ti baheula téh, lain amarah nu ngagolak siga harita! Aya sesa nu nyentug na ati sanggeus apal yén bener éta téh lain kahayang manéhna! Ieu akar kembang kabagjaan, anu geus lila cicing ngakar na haté kuring teu bisa dipopohokeun kitu waé, henteu ari paéh mah, da angger aya dina jero ati, sanajan teu tuluy tumuwuh jiga baheula ogé namung, teu bisa diganti ku nu séjén, komo lamun kudu dicabut mah, teu bisa..teu wasa!

Sababaraha kali ema mawa awéwé ka imah, ti mimiti parawan jekékan, randa ngora, nepika nini-nini nu umurna kaliwat jauh ti kuring, malahan mah aya nu leuwih kolot ti ema, indung kuring sorangan! Embung ahh..milihna ogé, da

Wirahma 48

Page 49: wirahma

angger hayang na mah ngan ka nu hiji..Neng Ai! Siga nu euweuh pilihan lain deui. Sanajan ayeuna geus jadi milik batur, angger wéh harepan kuring ka manéhna teu bisa dileungitkeun kitu waé.

Jadi sok mindeng tatanya ka pembantu nu digawé di imahna téa, cenah mah, boro-boro layeut, ti mimiti kawin nepika ayeuna ogé Neng Ai teu pernah saré duaan jeung salakina alias Kang Wahyu téa, malahan mah ayeuna téh geus pipisahan cenah. Sabab, Kang Wahyu geus teu kuat hayang papisah, tilu taun kawin jeung Neng Ai, euweuh tapakna saeutik-eutik acan

Teuing atoh, teuing sedih, teuing bungah, teuing naon atuh ieu téh rasana? Nu pasti mah, harepan kuring anu geus lila kakubur dina jero dada ayeuna muka kaluar deui, siga taratai nu karék manggih panon poé, mékar éndah kabina-bina.

Neng Ai..ayeuna datang deui! Malik mihareup ka diri kuring anu baheula geus dinyenyeri. Kuring bisa, sarua malik miharep ka manéhna, tapi henteu leuwih, henteu siga sababaraha taun ka tukang! Sabab nu ngarana kanyeri mah angger aya kénéh, komo dina haté kuring anu sabenerna, can bisa ngahampura manéhna.

♪♫ Jol..anjeun datang deuiSanggeus sababaraha kaliNgahianat, nganyeyeriTorojol jol jol, anjeun datang deui

Wirahma 49

Page 50: wirahma

Jol, anjeun datang deui.Kuaneh naha kuring beut lengleHararese,nutup hateTorojol jol jol, anjeun datang deui

Kukuring ditutup ku anjeun dibukatutup buka rusak engselnaKukuring ditutup kuanjeun dibukaTutup buka leungit koncina

Kukuring ditutup kuanjen dibukaTutup buka lesot tulaknaKukuring ditutup kuanjen dibukaTungtung namah panto muka

salilana...♫♪

***

Mangsa bulan purnama, inget sababaraha taun ka tukang! Mimiti kuring panggih jeung manéhna, amis jeung pait ngajalanan hirup duaan. Kembang haté nu lila jadi impenan, ayeuna geus aya digigireun, teu kudu sieun direbut ku batur, yakin anjeuna nangkeup pageuh kana haté kuring.

Keun restu ti kolot mah, mun ku lantaran harta! Baheula kuring teu boga, manéhna aya. Ayeuna kuring aya, manéhna teu boga. Sina ngajadikeun pangajaran, yén nu ngaran na harta mah moal salilana jadi milik diri, bakal ledis di tuang ku umur ogé.

Hiji hal anu baheula kuring salah ngartikeun, sugan téh Neng Ai leuwih milih Kang

Wirahma 50

Page 51: wirahma

Wahyu ti batan kuring ku lantaran harta, pangkat, rupa ogé sagala rupana. Tapi geuning lain, Anjeuna ngan saukur hayang ngabagjakeun kolot, keun da ari haté mah moal ngabohong! Sanajan tilu taun di pisahkeun, geuning tungtungna mah ngan saukur hayang jeung kuring anu euweuh leuwihna ti Kang Wahyu, namung kuring yakin, kacinta mah moal sirna ku kalaip, moal pareum ku nénjo sagala kagoréngan.

♫♪ Bulan nu ngagantung di langit Batu Hiu,

Tinggal sapasi sesa purnama kamariUrang duaan anteng sosonoanSuka bungah sagala rasa dibedah.

Bulan nu ngagantung di langit Batu Hiu

Tinggal sapasi sesa purnama kamariIkrar janji sahirup samatiMoal hianat, insya allah moal pegat.

Dian ruang hate nu aya ukur salira Dina ruang haté pasti ngan ukur saliraBulan di langit batu hiu sesa purnama

kamariBulan sapeupeuting nyaksiNyepeng rusiah moal bet tos pasti

Bulan nu ngagantung di langit Batu Hiu

Tinggal sapasi sesa purnama kamariIkrar janji sahirup samati

Wirahma 51

Page 52: wirahma

Moal hianat, insya allah moal pegat.Dina ruang hate nu aya ukur salira Dina ruang haté pasti ngan ukur saliraBulan di langit batu hiu sesa purnama

kamariBulan sapeupeuting nyaksiNyepeng rusiah moal bet tos pasti.. ♪♫

Wirahma 52