Text MC Isra Iraj Sunda.docx

5
Ibu-ibu disuhunkeun perhatosanana, kumargi acara bade dikawitan. Mangga urang acara dikawitan. Assalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh Anu dipihormat, ibu ketua majelis talim, ibu Hajah Bana. Anu dipihormat ibu ketua penyelenggara sarengrenganna. Anu dipihormat, bapak ustadz Haji Eno Sumarno. S.Pdi, anu kawitna ti caracas ayeuna linggih di mandirancan. Alhamdulillah parantos hadir. Oge anu dipihormat, para tamu undangan anu sami- sami hadir. Langkung ti payun pribados ngahaturkeun rebu nuhun tina kasumpinganana, mugi lengkah urang dicatet ku 1

description

Panduan MC untuk acara Isra Miraj

Transcript of Text MC Isra Iraj Sunda.docx

Page 1: Text MC Isra Iraj Sunda.docx

Ibu-ibu disuhunkeun perhatosanana, kumargi acara bade dikawitan.

Mangga urang acara dikawitan.

Assalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh

Anu dipihormat, ibu ketua majelis talim, ibu Hajah Bana.

Anu dipihormat ibu ketua penyelenggara sarengrenganna.

Anu dipihormat, bapak ustadz Haji Eno Sumarno. S.Pdi, anu kawitna ti

caracas ayeuna linggih di mandirancan. Alhamdulillah parantos hadir.

Oge anu dipihormat, para tamu undangan anu sami-sami hadir.

Langkung ti payun pribados ngahaturkeun rebu nuhun tina kasumpinganana,

mugi lengkah urang dicatet ku Allah subhanawataala janten amal kasaean.

Aamiin ya robal alamin.

Ti payun puji sinareung sukur urang sanggakeun ka Gusti Anu Mahasuci,

rehna dina dangeut ieu urang tiasa patepung rawung dina raraga mieling Isra

Miraj Nabi Agung Nabi Muhammad SAW.

Salajeungna salawat miwah salam mugi senantiasa dilimpahkeun ka

jungjungan urang Nabi Agung Nabi Muhammad SAW. Ka para kulawargina, ka

para sahabatna, ka urang salaku umatna anu taat kanu ajaran-ajaran mantena

hingga akhir jaman.

Mugi-mugi dina acara mieling Isra Miraj ieu, kenging ridho ti Gusti Anu

Maha Suci, tur janten wasilah lungsurna taufik hidayah katut inayah ka urang

sadaya, aamiin ya robal alamin.

1

Page 2: Text MC Isra Iraj Sunda.docx

Salajeungna hatur uninga, acara anu bade di pedar nyaeta:

1. Bubuka 2. Hadorot 3. Kalam illahi 4. Sambutan

5. Urayan hikmah Isra Miraj 6. Penutup.

Sumangga urang sami-sami bika acara ieu ku maos bismillah.

Bismillahirohmanirohim. Hatur nuhun.

Mugi-mugi ku aosan bismillah ieu, urang sadaya dipaparin kalancaran,

Aamiin ya orbal alamin.

Lajeng acara nu kadua nyaeta hadorot anu bade disanggakeun ku ibu Mae.

Waktos sareng tempat disumanggakeun.

Hatur nuhun ka ibu Mae anu parantos maos hadorot, mugi-mugi almarhum

almarhumah anu aya di alam barjah kenging rohmat magfiroh Allah SWT.

Aamiin ya robal alamin.

Salajeungna acara nu katilu kalam ilahi, anu bade disanggakeun ku ibu Aan,

diteuraskeun ku sari tilawah anu bade disanggakeun ku Ibu Tuti, Waktos sereung

tempat disumanggakeun.

Hatur nuhun ka ibu Aan sareung ibu Tuti anu parantos maos kalam ilahi,

mugi-mugi anu maosna oge anu sami-sami ngadangukeunnana kenging amal

kasaean, aamiin ya robbal alamin...

Salajengna acara anu kaopat, sambutan ketua penyelenggara, anu bade

disanggakeun ku ibu Hajah Juju. Waktos sareung tempat disumanggakeun.

Hatur nuhur ka ibu Hajah Juju anu parantos masihan sambutanna. Mugi

acara Isra Miraj ieu tiasa ngarakeutkeun tali silaturahim diantawis urang sadaya,

Aamiin ya robal alamin.

Salajeungna diteraskeun acara anu kalima, nyaeta uraian Isra Miraj, kalayan

sakantenan dipungkas ku doa, anu bade disanggakeun ku pangersa bapak ustadz

Haji Eno Sumarno, S.Pdi. waktos sareung tempat disumanggakeun.

2

Page 3: Text MC Isra Iraj Sunda.docx

Alhamdulillahi robbilalamin, acara parantos dipedar ti ngawitan dugi ka

akhir. Mugi-mugi urang sadaya tiasa metik hikmahna anu parantos didugikeun ku

bapak ustadz. Kukituna, urang mugi tiasa ningkatkeun kaimanan sareung

katakwaan urang ka Allah subhanawataala, Aamiin ya robal alamin.

Salajengna mangga urang sami-sami pungkas acara ieu kumaos hamdallah.

Alhamdulillahi robbil alamin.

Teu hilap pribados salaku pangjajap acara nuhunkeun dihampunteun bilih

aya kalepatan.

Dipungkas ku wabilahitaufik walhidayah.

Assalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh.

3