Soal US bahasa Sunda 2013

9
NASKAH SOAL PRA – US KELAS VI Tahun Pelajaran 2012 / 2013 Mundinglaya Dikusumah Kacarioskeun di Nagara Pajajaran. Nagara nu sugih mukti. Rajana katelah Prabu Siliwangi. Raja Pajajaran nu adil palamarta. Prabu Siliwangi kagungan putra anu pohara kasépna, jenenganana Mundinglaya Dikusumah. Ti aalit kénéh tos dijodokeun ka Déwi Asri. Déwi Asri téh putrana Nyi Gambir Wangi ti Nagara Muara Bérés. Déwi Asri kakoncara kugeulisanana sarta nyaah ka sasama. Mundinglaya Dikusumah ti aalit kénéh dirorok ku Prabu Guru Gantangan, urang Nagara Kuta Barang. Pasipatan Mundinglaya mah parantos katingal, jabi ti rupi kasép téh, gagah deui. Ku margi kitu, Prabu Guru Gantangan ngaraos salempang. Sieun kakawasaanana direbut ku Mundinglaya. Antukna Mundinglaya Dikusuma diterebkeun ku Prabu Guru Gantangan ka Leuwi Sipatahunan. Hiji wengi Déwi Padmawati, ibuna Mundinglaya, ngimpén kénging lalayang Salaka Domas ti Jabaning Langit. Ari éta lalayangan téh kagungan Guriang Tujuh. Mangpaatna tina éta lalayangan téh, tiasa dianggo numbal nagara Pajajaran tina segala Katunggaraan. Éta impénan téh didugikeun ka Prabu Siliwangi. Sabada ngadangu kitu, Prabu Siliwangi énggal maréntahkeun ponggawana supados nyandak Lalayang Salaka Domas nu kaimpénkeun ku Déwi Padmawati téa. Namung para patuh sareng sadayana ponggawa raja teu aya nu sanggemeun ngalawan ka Guriyang Tujuh. Atuh Prabu Siliwangi bendueun pisan. Ahirna Déwi Padmawati ketempuhan kedah nyandak éta lalayang ka Jabaning Langit. Anjeunna angkat seja nepangan putrana, nyaéta Mundinglaya Dikusumah di Nagara Kuta Barang.

Transcript of Soal US bahasa Sunda 2013

Page 1: Soal US bahasa Sunda 2013

NASKAH SOAL PRA – US KELAS VI

Tahun Pelajaran 2012 / 2013

Mundinglaya Dikusumah

Kacarioskeun di Nagara Pajajaran. Nagara nu sugih mukti. Rajana katelah Prabu

Siliwangi. Raja Pajajaran nu adil palamarta.

Prabu Siliwangi kagungan putra anu pohara kasépna, jenenganana Mundinglaya

Dikusumah. Ti aalit kénéh tos dijodokeun ka Déwi Asri. Déwi Asri téh putrana Nyi Gambir

Wangi ti Nagara Muara Bérés. Déwi Asri kakoncara kugeulisanana sarta nyaah ka sasama.

Mundinglaya Dikusumah ti aalit kénéh dirorok ku Prabu Guru Gantangan, urang Nagara

Kuta Barang. Pasipatan Mundinglaya mah parantos katingal, jabi ti rupi kasép téh, gagah deui.

Ku margi kitu, Prabu Guru Gantangan ngaraos salempang. Sieun kakawasaanana direbut ku

Mundinglaya. Antukna Mundinglaya Dikusuma diterebkeun ku Prabu Guru Gantangan ka Leuwi

Sipatahunan.

Hiji wengi Déwi Padmawati, ibuna Mundinglaya, ngimpén kénging lalayang Salaka

Domas ti Jabaning Langit. Ari éta lalayangan téh kagungan Guriang Tujuh. Mangpaatna tina éta

lalayangan téh, tiasa dianggo numbal nagara Pajajaran tina segala Katunggaraan. Éta impénan téh

didugikeun ka Prabu Siliwangi.

Sabada ngadangu kitu, Prabu Siliwangi énggal maréntahkeun ponggawana supados

nyandak Lalayang Salaka Domas nu kaimpénkeun ku Déwi Padmawati téa. Namung para patuh

sareng sadayana ponggawa raja teu aya nu sanggemeun ngalawan ka Guriyang Tujuh. Atuh

Prabu Siliwangi bendueun pisan. Ahirna Déwi Padmawati ketempuhan kedah nyandak éta

lalayang ka Jabaning Langit. Anjeunna angkat seja nepangan putrana, nyaéta Mundinglaya

Dikusumah di Nagara Kuta Barang.

Sadugina ka Nagara Kuta Barang, kasampak Mundinglaya aya di penjara beusi jero leuwi

Sipatahunan. Énggal wé Munidinglaya téh dibébaskeun. Salajengna Mundinglaya angkat ka

Jabaning Langit seja ngelaksanakeun pamundut nu janten ramana, nyandak Lalayang Salaka

Domas téa. Angkatna di sarengan ku gelap Nyawang sareng Kidang Pananjung. Dua ponggawa

Pajajaran nu sakti teu aya tandinganana.

Di Jabaning Langit, Mundinglaya perang sareng Yaksa Mayuta, Jongrang Kalapitung,

katut Guriyang Tujuh. Éta buta-buta téh sedayana taluk ka Mundinglaya. Samulihna ti Jabaning

Langit, Mundinglya énggal nepangan ramana di nagara Pajajaran. Lalayang Salaka Domas téa

disanggahkeun ka Prabu Siliwangi. Ramana kacida bingaheunana.

Salajengna, Mundinglaya tikahkeun ka Déwi Asri. Sabada nikah, Mundinglaya

Dikusumah diistrénan janten raja di Pajajaran, ngagentos ramana Prabu Siliwangi.

Page 2: Soal US bahasa Sunda 2013

I. Cakraan ( x ) dina aksara a, b, c atanapi d dina jawaban nu pangbenerna !

1. Judul bacaan tiluhur nyaéta . . .

a. Raja Pajajaran c. Mundinglaya Dikusumah

b. Prabu Siliwangi d. Déwi Patmawati

2. Saha Prabu Siliwangi téh . . .

a. Raja Pajajaran c. Raja Muara Beres

b. Raja Singosari d. Raja Kediri

3. Jenenganana garwa Prabu Siliwangi nyaéta . . .

a. Déwi Padmawati c. Déwi Banowati

b. Déwi Sri d. Nyi Gambir Wangi

4. Kalimah utama dina paragraph ka opat nyaéta . . .

a. Ari éta lalayangan téh Kagungan Guriang Tujuh

b. Hiji wengi Déwi Padmawati, ibuna Mundinglaya, ngimpen kénging Lalayangan Salaka

Domas ti Jabaning Langit

c. Éta impénan téh didugikeun ka Prabu Siliwangi

d. Mangpaatna tina éta Lalayangan téh, tiasa dianggo tumbal nagara Pajajaran

5. Rék naon Mundinglaya ka Muara Beres . . .

a. Nyandak Lalayang Salaka Domas c. Perang sareng Guriang Tujuh

b. Nepangan Guru Gantangan d. Nepangan Déwi Asri calon garwana

6. Pek, anggeuskeun rarakitan di handap ieu !

Hampelas raraga jati

Palataran babalean

. . . . . . . . . . . . . . .

. . . . . . . . . . . . . . .

a. Ikhlas raga sareng Pati, ngabélaan kasaéan

b. Kamana néangan jangji, sakieu panas haténa

c. Kapan abdi ménta jangji, kunaon teu di pikiran

d. Saha éta murid kumis, leumpangna uendeuk-eundeukan

7. Anggeuskeun paribasa dihandap ieu !

Asa kagunturan madu, kaurugan . . .

a. Menyan putih c. Taneuh rugrug

b. Taneuh beureum d. Menyan ka manggung

8. Data : 1. Jalan wahidin 15 Cirebon

2. Islam

3. Rizky Aditya

4. SD

5. Cirebon, 25 Januari 1998

Daftar Riwayat HidupNama : . . . . .Tempat/tanggal lahir : . . . . .Pendidikan : . . . . .Agama : . . . . . Alamat : . . . . .

Page 3: Soal US bahasa Sunda 2013

Upami data di eusikeun kana daftar riwayat hidup anu marénah nyaéta . . . .

a. 2 – 4 – 5 – 3 – 1 c. 3 – 5 – 4 – 2 – 1

b. 3 – 2 – 4 – 1 – 5 d. 4 – 3 – 2 – 1 – 5

Pupuh Wirangrong

Duh ibu hapunten abdi

Rumaos kadalon-dalon

Disakola teu junun

Diajarna bari ulin

Tungtungna kénging wiwirang

Te nana ujian gagal

9. Pupuh diluhur ngabogaan watek . . .

a. Kadalon-dalon c. Meunang wiwirang

b. Sedih d. Kaget éling

10. Pupuh wiringrong diwangun ku . . .

a. 7 c. 6

b. 8 d. 5

11. Dinten ieu langit cangra, panon poé taya tédéng aling-aling hawa angkeub ti koro garing

halabhab pisan

Kecap sabalikna ( antonim ) dina kecap halabhab nyaéta . . .

a. Tedeng aling – aling c. Cangra

b. Hanaang d. Hareudang

12. Kusabab sok ngawurukan ngaji, kang Arip sok disebut . . .

a. Wali c. Kepala SD

b. Ustadz d. Nabi

13. Mana kalimah nu ieusina nasihat ?

a. “Cik ujang, Ema pangmeulikeun minyak saléter mah !”

b. “Urang hirup di dunia téh kudu akur jeung batur “

c. “Angga budak akuran ka batur”

d. “Budak éta mah musuhna mani loba”

14. Lamun te usaha moal aya dahareun atawa rezeki sarua hartina jeung paribasa . . .

a. Lodong kosong ngelentrung c. Kudu leuleus jeurjeur liat

tali

b. Puasa manggi lebaraan d. mun teu akal moal ngakel

15. Komat nyaéta pang ngajak supaya prak solat sebada adzan. Kecap saharti sinonim tina kecap

sabada nyaéta . . .

a. Seméméhna c. Sabalikna

b. Sateuacana d. Saparantosna

Page 4: Soal US bahasa Sunda 2013

16. Hadirin sadayana

Acara paturai tinen téh jadi panineungan kanggo abdi sareng réréncangan. Abdi moal tiasa

lulus sepertos ayeuna, upami teu di didik sareng diaping ku ibu iwah bapa guru sadyana.

Ku kituna abdi sadaya ngahaturkeun séwu nuhun kasadaya, muga – muga waé amal kasayan

ibu miwah bapa guru kenging ganjaran anu satimpal.

Saha nu buantara dina wacana diluhur téh !

a. Wakil Murid c. Kepala Sekola

b. Wakil Guru d. Para Siswa

17. Dina acara naon pantesna eta biantara téh di pedalkeun . . .

a. Tepung taun ibu / bapa guru c. Wali matussyafar

b. Paturai tineung siswa kelas VI d. syukuran nu di sunatan

18. Kacelik ka awan – awan . . . . ka jona pria

kecap rundayan anu marenah pikeun ngeusian titik di luhur nyaéta

a. Kalimpudan c. Kakoncara

b. Kahieuman d. Katutupan

19. Buah Semangka disebut buat kendi, sebab . . .

a. Bauna seungit c. Kandungan caina

b. Sikina bisa dijien kuaci d. koneng umyang

20.

Desekripsi gambar anu tepat nyaéta . . .

a. Abdi seueur manpaatna kanggo ngiuhan tina panas panon poé ngalindungan tina hujan

b. Abdi dianggo nyimbutan waktos nuju nirisan

c. Abdi sok digunakeun pikeun ngiyuhan waktoas panas morérét, sareng hujan

d. Abdi di damelna tina lawon kanggo nyegah lebet angin

II. Eusian titik-titik di handap ieu ku jawaban nu marenah

1. Kegiatan marhabanan, solawatan, dibaan dina bulan mulud pikeun miéling lahirna Nabi

Muhammad SAW istilahna . . .

2. Wanci panon poé mimiti némbongan watara tabuh 05.30 – 06.00 disebut wanci . . .

3. Tempat nyimpeun barang purbakala disebutna . . .

4. Kecap angpau, kincau bapao, lio, capcay

Kecap – kecap ieu tos ilahar digunakeun ku urang sunda, saleresna mah éta téh kecap

serepan tina basa . . .

Page 5: Soal US bahasa Sunda 2013

5. Dar der dor, brang bring brong, trang tring trung, kalebet kana kecap rajekan . . .

6. Kecap “geulis” upami di rarangkeunan kurarangkén tengah um janten . . .

7. Nok nani mani jiga careuh bulan diwedak téh kandel pisan.

kalimat diluhur ngagunakeun gaya basa . . .

8. “aduh, ieu téh ngaburuy waé”

Ngaburuy hartina ngandisuguhan . . .

9. Jalma tukang nyieun pakarang keris disebutna . . .

10. Anak kuda ngarana . . .

11. Indung mah tunggul rahayu, bapa tangkal . . .

12. Nujadi ucing kudu néangan nu nyumpud, nu pang heulana beunang dadi ucing.

Kaulinan ieu namina . . .

13. Kembang nu sok dianggo ngahias penganten nyaéta kembang . . .

14. Tauco ngandung protein, bahan dasar tauco téh tina . . .

15. “Assalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh”

Ibu miwah bapa guru sami rawuh, sepuh – sepuh murid anu sami hadir, reréncangan sadaya

nu saruka bungah

Contoh paragraph di luruhur ka asup kana bagian . . . . . . . . .biantara

III. Pigawe panitah di handap ieu !

1. Jieun kalimah pagawéan tina kecap lumpat !

2. Susun kalimah di handap ieu sangkan jadi paragraph nu bener !

1. Lalucu pisan komo nubuluna warna bodas mah ku bapa sareng ema mah, anak ucing

téh disebutna bilatung

2. Unggal enjing sok eong-eongan, mani reang tapi dak resep

3. Minggu kamari, kucing abdi anakan

4. Anakna aya tilu, aya nu buluna bodas, coklat jeung hideung

3. Naon hartina paribasa : “ teng manengteng anak merak kakuncungan “ ?

4. Jien kalimah langsung tina kalimah teu langsung di handap ieu !

“ neng Rina nyarita yen manéhna teu hoyong papanggih deui jeung Iwan”

5. Jelaskeun naon hartina babasan dihandap ieu !

“ Lesang kuras “

Page 6: Soal US bahasa Sunda 2013

Kunci Jawaban

I. 1. C

2. A

3. A

4. B

5. D

6. A

7. A

8. C

9. C

10. C

11. B

12. B

13. B

14. D

15. D

16. A

17. B

18. C

19. C

20. C

II. 1. Muludan

2. Meletek srengenge

3. Museum

4. Cina

5. Trilingga

6. Gumeulis

7. Lalandian, ( metafora)

8. Cai

9. Empu

10. Belo

11. Derajat

12. Ucing – ucingan

13. Melati

14. Kacang kedele

15. Bubuka

III. 1. Neng maya lumpat ka sakola mani balap pisan, sieun kaberangan

2. 3 – 4 – 1 – 2

3. Kalakuan kolot turun ka anak

4. Uing Rina nyarih, “ Kuring teu hayang papanggih deui jeung iwan ! “

5. Teu bisa nyesakeun rizki

Skor Nilai

I. Pilihan ganda : 1 x 20 = 20

II. Isian : 1 x 15 = 15

III. Essay : 3 x 5 = 15 Jumlah 50