Sisindiran

9
SISINDIRA N KONSEP RARAKITAN PAPARIKA N WAWANGSALAN Created by: Adejuve

Transcript of Sisindiran

Page 1: Sisindiran

SISINDIRAN

KONSEP

RARAKITAN

PAPARIKAN

WAWANGSALAN

Created by: Adejuve

Page 2: Sisindiran

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut

sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan

dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi)

MENU

Page 3: Sisindiran

• Aya listrik di masigitcaangna ka pabrik KinaAya istri jangkung aliténdahna kabina-bina

MENU

Page 4: Sisindiran

• Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang.

MENUCONTO

Page 5: Sisindiran

RARAKITAN  Sapanjang jalan Soréang,moal weléh diaspalan.Sapanjang tacan kasorang,moal weléh diakalan. Majar manéh cengkéh konéngkulit peuteuy dina nyiruMajar manéh lengkéh konéngkulit beuteung mani nambru MENU

Page 6: Sisindiran

• Rarakitan téh nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eusi.

MENUCONTO

Page 7: Sisindiran

PAPARIKANMeuncit meri dina rakitboboko wadah bakatulLain nyeri ku panyakitkabogoh direbut batur

Saninten buah sanintendibantun ka parapatanHapunten abdi hapuntentangtos seueur kalepatan

MENU

Page 8: Sisindiran

• Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang.

MENUCONTO

Page 9: Sisindiran

WAWANGSALANBéas ditutuan deuiiraha atuh patepung   Dudukuy panjang gagangnapikir bati ngalanglayung  

TIPUNG

PAYUNG

MENU