sajak sunda

download sajak sunda

of 4

Transcript of sajak sunda

Sanggeus Kapalidkeun Angin : Sarah Brightman di hiji musieum leungeun anjeun robah jadi lilin beureum ngusap peteng nu sumerah ka cahaya nu nampanan kaguligah sakabh sarah sanggeus kapalidkeun angin ukur tiba ka muara nu saat walunganana implengan beuki jauh tina lambak pangbaga ngahunyud jadi sakadar catetan ladang nyungsi impian teu kasurahan ti hiji musieum maridang deui dalingding puisi tingtrim sanggeus peuting di luareun ieu sukma ukur jempling nu geus leungiteun sihirna 2006 Hiji Albeum : Joan Baez potrt-potrt burem hiji albeum lain jandla bukaeun mangsa kapahung sanggeus tineung ngajak lunta nikreuhan tarahal jalan nu terus nanjak bangun leungiteun pudunan haleuangkeun deui tapi lain lagu tamba najan mangabad kasimp bisa rubuh ku ngan sajentrng wirahma seuneu urang aya na pirunan sora nu mampuh meruhkeun hat nu mindeng sungkan tamada 2006 Cinema Paradisso dunya bakal terus robah, Alfrdo jiga saban adegan na sahunyud sluloid nu ngalangkangkeun rupa jeung sora sanggeus kasorot cahaya

lalakon hideung bodas nu bisa beueus ku lawas pias sanggeus sakolbat nyacas lir katineung na lening peuting mmh bala ku rupaning carita na po anyar nu masih knh tumiba hirup nu kudu ditaker ku kasurtian bakal tetep ngamalirkeun aworna ceuceub jeung hman dina moral carita nu salawasna robah na layar pannjo urang

Puisi Sunda: Sariak LayungFebruari 10, 2010 awan sundiawan Layung di beulah kulon geus nembongan Tandana srangenge geus waktuna nyalindung ditukangeun gunung Hawa sore beuki karasa Angin peuting geus ngadagoan Naha kuring bet inget ka wanci haneut moyan? Di lebah buruan aya kembang kanyaah anu keur meujeugna ligar Daunna hejo ngemploh matah betah mun ngiuhan Waktu panon peo geus manceran Eta kembang teh bet jadi leugit teu puguh juntrunganana Kuring ngan nyekel kembang kanyaah anu murag Dibawa diteundeun dina kantong katresna Ayeuna wanci geus sareupna Kuring moal bisa manggihan waktu beurang anu tadi Sariak layung pang nepikeun ieu tresna Panon poe pang nepungkeun deui beurang anu endah Angin peuting wayahna pang nepikeun ieu asih Ayeuna geus waktuna ngitung bekel Ayeuna geus waktuna mapagkeun alam peuting Ayeuna geus waktuna ngurus diri Diri anu lakomot ku polah anu teu guna Sajak ti Jalan ka Mana Ngmploh pucuk-pucuk enth Mulas lngkob jeung lamping nu keur gumiwang Sapanjang jalan rumangsang muru hibar gebur beurang

Hawar-hawar, kahariwang dilaungkeun kawih leuweung Sabot mipir jegir pasir jeung kaketir nangtang ringkang Lalaunan angin rintih ngusapan lengkah guligah Luak-lok ngitung tikungan Kalah krok balas nyawang pulas hat jeung langitna Balitungan antara was-was mun nyorang lelewang jungkrang Jeung panggupay ti palebah mumunggang gunung panungtung Padungdengan sabot mga katmbong beuki meuleukmeuk Samar-samar nyidem hujan jeung guludugBeuki jauh nyusud waktu Bet kasarung satengahing kahayang nu pasulabreng Antara ngajuringkang ka landeuhkeun, ka sisi talaga wening Atawa rk terus nyusul jangjang julang kumalayang nilar sayang Humandeuar ti tetelar ka tetelar nu horng teu matak kelar Kalah awor jeung geuneuk kelun halimun Ngalulungsar di totowang Mpnd rurungsing jantung nu gumuruh silantangan Sanggeus lawas ngaprak mangsa ngasruk tegal alimusa Beuki surti yn mumunggang panganggeusan ngancik dina sanubari Ngan kari ngaragap diri nu mindeng ngaberung mangprung Kari naker ieu ketak sammh bakeun hgak (Pangalngan, 07)

Sajak Satengahing Ringkang Hariring angin rumangsang Ka landeuhkeun, nebak rnghap saamparan pucuk enth Ngahiliwir ka talaga nu kasawang kapulas llnglang langit Lebah dinya kulit cai tingborlak ngariak-riakkeun wanci Bet kaambung dumalingding seungit jemplingSungkeman lemah kahman Nyambuang ti lamping wening nu katmbong semu ngnclong Aya kalbu langkung langgong tibatan kelewung gunung Langkung hurung manan talaga nu keur gumiwang Lalaunan ngajaulkeun lamunan ka alakpaulBut-bat jalan panineungan Ngagurat hhjo kebon nu nungtung di sukugunung Kelun haseup ti rarambu leuweung pineus lain tangara balai Ngan ukur gebur kakangen ngagupay mga kasumba Nu ngalayang ka jabaning langit bungurKapireng kawih kamelang Moalboa riring mojang pasisian nu keur migandrung sarakan Ngayunambing lamping rungsing dilntab ltah srangng Talaga beuki gumenclang dina pepeteng jajantung Mmh lunta muru lembur pangsingkurna (Cileunca, 07)

Di Sapanjang Jalan Sajak Cijapati kapiati, ngancik na acining wanci Sanggeus nilar kelun kota nu dihuru matapo Cunduk ka liliuh langit, ka lngkob lemah ngmplohna Saampar gambar kakelar digelar satatungtung teuteup Di sapanjang jalan angin ngahiliwir nepis wiringLapat-lapat, marakbak lembur di lebak Bet kasawang keur anteng namperkeun jempling Sabada gumuruh dayeuh dibendung tambakan gunung Ukur suling nu kapireng mirig kalbu humariring Di sapanjang jalan mga kumalayang muru layungNanging anjeun geuning suwung di lulurung Teu katmbong kumolbat mapag kangen di tanjakan Ngan gupay pucuk halimun ti kampung tungtung pudunan Nu kapireng ngajak reureuh satengahing lalampahan Di sapanjang jalan sor muru sisimpning peuting Meureun anjeun geus ngampih ka lembur bungur Terus ngempur kahieuman handeuleum leuweung katineung Barang ringkang kalah nyorang gelebug aweuhan mangsa Ukur bisa sumorang ka lamping nu geus kalarung Di sapanjang jalan layung muru gebur bulan kayas (Cijapati, 07)

Sajak Lawang Peuting Trijata, cuang lawungkeun paneuteup Ka lawangsaketeng peuting nu katembong nyangkeredong Sanggeus mipit gurat-gurit lambaran layung panungtung Rek labas maratkeun ketak, tuluy nyusud kingkilaban Nu kasawang tingbarasat lir suar panuduh lampah Trijata, cuang miang ngitung gunung Da geuning lempagan waktu terus ngabeledig ringkang Ti dayeuh nyedek ka kampung, milang reuma meunang lewang Kari mereketkeun geugeut, nyingraykeun sewu rurungsing Humariring mapag peteng sapanjang liliwung peutingTrijata, cuang narabas halimun Nu ngadingding mindingan lungkawing jungkrang Metik genclang cika-cika satengahing hiuk wanci niruk mongklng Sugan bulan rek kasampeur ngempur di mumunggang jempling Ngagulubur ngahibaran jalan panjang ka sagara